A A A A A

Karakter Bagus: [Pantang]


2 Korintus 12:21
Inggis ari jol teh engke sim kuring ku Gusti Allah diparengkeun apes di hareupeun aranjeun, sieun meunang kasedih, bisi jelema-jelema anu bareto nyieun kadorakaan teh loba keneh anu tacan robah, masih rujit kalakuan, masih keneh sok rarucah jeung lalacur.

2 Timotius 2:22
Hidep ulah nurutkeun perbawa kangoraan. Hirup teh pake ibadah, percaya ka Allah, nyaahan, tiis pikiran, barengan dulur-dulur nu aralus hate, anu ngarepna pitulung ka Gusti.

Kisah Para Rasul 15:20
Mending ge urang suratan, anu eusina mepelingan yen teu kenging ngadahar kadaharan anu najis anu parantos disuguhkeun ka brahala, atanapi sato anu paeh bangkar, atanapi getihna, sareng teu kenging jinah.

Kolose 3:5
Ku sabab kitu aranjeun kudu maehkeun kahayang-kahayang jasmani anu datang ngarobeda, kayaning lacur, nyieun kaaeban, ngumbar birahi, kahayang-kahayang jahat, jeung sarakah (sabab sarakah teh sarua jeung nyembah brahala).

Ef 5:3
Ku sabab aranjeun teh umat Allah, geus tangtu bae kalakuan anu cabul, atawa anu aeb, atawa sarakah, teu pantes aya di aranjeun, kecapna ge ulah disebut-sebut acan.

Galatia 5:19
Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,

1 Korintus 6:18-19
[18] Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.[19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.

1 Korintus 7:2
Tapi ku sabab loba gogoda, leuwih hade kawin, boga pamajikan sorangan, awewe boga salaki sorangan.

1 Korintus 10:13
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

1 Petrus 2:11
Dulur-dulur! Kaula rek mepelingan. Aranjeun di dunya teh ibarat anu ngumbara! Ulah nurutkeun pangajak napsu, anu salawasna ngalawan kana budi rasa.

Ibrani 13:4
Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.

Yudas 1:7
Nya kitu deui halna urang Sadumu jeung Gomora jeung kota-kota anu dareukeut ka dinya. Eta oge cara malaikat-malaikat anu jarahat tea, jeung baroga kabiasaan sambung sahwat henteu wajar sarta kacida aebna. Maranehna manjing siksa seuneu langgeng, conto goreng pikeun ngelingan manusa.

Matius 5:8
Bagja jelema anu hatena mulus beresih, sabab bakal wawuh ka Allah!

Amsal 31:30
Rupa endah teu jadi andelan, kageulisan bisa leungit, tapi ari istri ajrih ka PANGERAN mah jadi pamujian.

Roma 12:1
Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener.

Roma 13:13
Tingkah laku masing luyu sakumaha pantesna hirup dina caangna beurang — ulah pepestaan bae, ulah mabok, ulah rucah, ulah aeb, ulah gelut, ulah dengki.

1 Tesalonika 4:3-4
[3] Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.[4] Salaki, ari ngagaulan pamajikan kudu suci pikiran make tatakrama anu pantes,

Galatia 5:19-21
[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,[20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,[21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.

Kejadian 39:7-10
[7] Lila-lila geureuha juraganana kapincut, ka Yusup rajeun melong, tungtungna waleh, saurna, ”Urang ngedeng jeung kami.”[8] Ku Yusup ditolak, saurna, ”Abdi ku juragan pameget parantos dipercanten ngurus gedong saeusina, anjeunna mah tara milu-milu uninga. Sagala kagunganana sina diurus ku abdi.[9] Sagala rupi di ieu gedong dikawasakeun ka abdi, teu aya anu diulahkeun, lintang ti ka juragan istri, geureuhana. Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah.”[10] Unggal-unggal poe eta istri teh ngagoda bae, tapi Yusup tagen teu kasasarkeun, pangajak juragan istri teu didangu.

French Martin 1744
Public Domain: French Martin 1744