A A A A A

Karakter Bagus: [Penerimaan]


1 Korintus 5:11-13
[11] Nu dimaksud teh ulah campur jeung jelema anu ngaku saiman tapi kalakuanana nirca, ingkar tina susila, atawa hawek, atawa nyembah ka arca, atawa tukang mitenah, atawa resep mabok, atawa bangsat. Diuk bareng dahar oge jeung jelema kitu mah ulah![12] Ngahukum jelema-jelema anu lain umat Kristus lain urusan sim kuring, Allah ku manten anu wenang. Tapi para anggota jamaah, lain kudu ku anggota jamaah deui diuruskeun hukumanana? Kapan ceuk Kitab Suci oge, ”Singkirkeun jelema doraka ti maraneh.”[13] Lamun aya urang Kristen cekcok jeung urang Kristen deui, naha make kudu diadukeun ka hakim anu lain umat Allah, lain sina diuruskeun ku sasama umat Allah?

1 Yohanes 1:9
Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.

1 Petrus 3:8-9
[8] Cindekna: Aranjeun kabeh sing sapaham saperasaan, silih pikaheman cara jeung dulur, silih hadean, silih elehan.[9] Jahat ulah dibales ku jahat, ambek ulah dibales ku ambek, anggur pangmentakeun berkah, da aranjeun oge disaur ku Allah teh supaya mareunang berkah-Na.

Yohanes 3:16
Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.

Amsal 13:20
Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur.

Roma 2:11
Unggal jelema ge dasar hukumna ku Allah disaruakeun.

Roma 5:8
Tapi Allah mah geus nembongkeun asih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.

Roma 8:31
Tina hal ieu kabeh, naon ucapkeuneun urang? Lamun Allah aya di pihak urang, saha nu bisa ngalawan ka urang?

Roma 14:1-2
[1] Jelema anu kurang panceg kayakinanana kudu dima’lum, pamadegan-pamadeganana ulah diutik-utik.[2] Jelema teh aya nu yakin yen sagala kadaharan meunang didahar, tapi aya oge anu ngan ngadahar sayur-sayuran, lantaran ngarasa kurang yakin.

Ibrani 10:24-25
[24] Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah.[25] Ulah bosen-bosen kumpulan, ulah cara anu lian. Sabalikna anggur sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.

Yohanes 6:35-37
[35] Saur Yesus, ”Eta roti anu matak hirup teh kapan ieu, Kami. Jalma anu datang ka Kami moal nyorang lapar deui, anu percaya ka Kami moal nyorang halabhab deui.[36] Tapi ceuk Kami oge, sanajan maraneh geus narenjo ka Kami moal palercaya.[37] Jelema anu ku Rama dipaparinkeun ka Kami, tangtu datang ka Kami sarta ku Kami moal datang ka ditolak,

Kolose 3:12-14
[12] Aranjeun teh umat Allah, ku Mantenna dipikaasih jeung dipilih dijadikeun kagungana-Na. Jadi kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.[13] Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura. Ngahampura teh wajib, sakumaha Gusti oge ngahampura ka aranjeun.[14] Seug ieu sipat-sipat teh tambahan deuih ku kanyaah, sabab kanyaah teh tali anu meungkeut sagala rupa jadi hiji beungkeutan anu sampurna.

Matius 5:38-42
[38] ”Aya deui timbalan: ʼMata bayar mata, huntu bayar huntu.ʼ[39] Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge.[40] Lamun aya jalma ngadukeun maraneh ka hakim sarta menta ganti rugi ku baju maraneh, bikeun bae jeung jubahna.[41] Lamun aya jalma ti hiji pasukan tentara maksa ka maraneh nitah mangmawakeun barangna sakilometer, turutkeun dua kilometer.[42] Nu barangpenta kudu dibere, nu hayangeun nginjeum kudu dibere nginjeum.”

Matius 25:34-40
[34] Raja bakal ngalahir kieu ka nu di tengeneuna-Na, ʼKa darieu aranjeun, anu diberkahan ku Rama Kami. Geura arasup ka Karajaan anu geus disadiakeun pikeun aranjeun, ti barang dunya gumelar.[35] Bareto waktu Kami lapar ku aranjeun dibere dahar, waktu halabhab dibere nginum, waktu keur jadi semah asing diaku dianjrekkeun,[36] waktu keur sataranjang dibere pakean, waktu keur gering dipulasara, waktu keur dipanjara dilongokan.ʼ[37] Jawab nu balener, ʼGusti, waktos Gusti lapar teh iraha abdi-abdi ngahaturanan tuang, atanapi waktos Gusti hanaang iraha abdi-abdi ngahaturanan ngaleueut?[38] Waktos Gusti jadi semah asing, iraha abdi-abdi nganjrekkeun?[39] Waktos Gusti teu diraksukan iraha abdi-abdi ngahaturanan raksukan? Waktos Gusti teu damang, waktos Gusti dipanjara, iraha abdi-abdi mulasara, iraha abdi-abdi ngalayad?ʼ[40] Waler-Na, ʼKieu saenyana ku Kami diterangkeun: Waktu aranjeun ngalampahkeun kitu ka salah sahiji dulur Kami anu panglaipna, eta sarua jeung ngalampahkeun kitu ka Kami!ʼ

Roma 15:1-7
[1] Urang anu panceg iman, kudu nulungan ka batur anu imanna kurang panceg, mantuan ngahampangkeun kabeubeurat hatena. Ulah hayang ngeunah sorangan bae,[2] jembarkeun hate dulur teh supaya imanna panceg deui.[3] Kristus oge henteu senang-senang nyalira, sakumaha ceuk Kitab Suci, ”Sagala panghina anu ditujukeun ka maraneh keunana ka Kami.”[4] Anu ditulis dina Kitab Suci teh kabeh oge maksudna ngajar urang, kudu sabar tawekal supaya urang ulah nepi ka pegat harepan. Kitu eusi pangajaranana ka urang.[5] Mugia ku pitulung Allah anu iasa nabahkeun jeung ngalilipur hate urang, aranjeun bisa sahate jeung pada dulur, nurutkeun conto ti Kristus Yesus,[6] supaya bisa ragem sasora enggoning muji ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus.[7] Kudu silih tarima jeung pada dulur, cara Kristus narima aranjeun, supaya matak mulya ka Allah.

Roma 14:10-19
[10] Ku sabab kitu aranjeun anu ngan ngadahar sayur-sayuran, ku naon nyalahkeun ka pada dulur? Sarta aranjeun anu yakin meunang ngadahar naon bae, ku naon moyok ka pada dulur? Urang kabeh bakal jogo di payuneun Allah pikeun diadilan.[11] Sabab ceuk ungel Kitab Suci, ”Satemenna,” pilahir Pangeran, ”ieu Kami Allah anu jumeneng, sakabeh jelema bakal sarujud ka Kami, jeung ngaraku yen Kami Allah.”[12] Ku hal eta urang teh kudu nyanggakeun tanggung jawab ka Allah tina kalakuan urang masing-masing.[13] Ku sabab kitu enggeus urang teh ulah silih cawad deui. Anggur sabalikna sing sabisa-bisa ulah nyieun lantaran dulur tikosewad labuh kana dosa.[14] Tina ngahiji jeung Gusti Yesus teh sim kuring meunang kayakinan, yen dasarna mah kadaharan teh teu aya anu najis. Tapi pikeun jelema anu nganggap aya sawatara kadaharan anu najis, tangtu bae pikeun manehna mah eta kadaharan teh jadi najis.[15] Lamun aranjeun nganyerikeun hate dulur tina sual kadaharan, kalakuan kitu teh nandakeun aranjeun geus taya kanyaah. Ulah ngaruksak hate dulur ku sual anu didahar ku aranjeun, da Kristus pupus teh kapan keur manehna oge![16] Hal anu ku aranjeun dianggap hade teh ulah matak jadi goreng kasebutna.[17] Di Karajaan Allah mah nu penting teh lain hal anu didahar jeung diinum, tapi nya eta bener lampah, hirup rukun, narimakeun reujeung suka sakur anu dipaparinkeun ku Roh Suci.[18] Anu ngawulana ka Kristus kieu, bakal kamanah ku Allah sarta diajenan ku pada jelema.[19] Ku sabab kitu anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu matak pirukuneun jeung anu baris bisa dipake silih tunjang pada batur.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society