A A A A A

Tuhan: [Tuhan (Waktu)]


1 Timotius 3:15
Tapi bisi bae elat, hidep geus nyaho tina ieu surat kudu kumaha lampah hirup di kalangan warga Allah, nya eta di gareja Allah anu jumeneng, anu jadi tihang jeung panyangga kayaktian.

Yohanes 6:54
Anu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami, bakal hirup langgeng, jeung dina Poe Kiamat ku Kami bakal dihudangkeun.

Yohanes 8:32
sarta bakal nyaraho ka Anu saestu, sarta ku Anu saestu maraneh bakal dibebaskeun.”

Yesaya 40:31
Tapi sing saha anu muntang ka PANGERAN sarta nyambat pitulung-Na, tangtu jagjag seger deui, lir galudra mentang jangjang, lumpat moal cape, leumpang moal mopo.

Habakuk 2:3
Kudu dicatetkeun, sabab pijadieunana moal waka ayeuna, can waktuna. Tapi waktuna geus tereh, sarta ieu anu ditembongkeun ka maneh pasti kajadian. Bisa jadi rada leuir. Tapi dago-dago bae, tangtu kajadian jeung moal ditunda-tunda.

Pengkhotbah 3:1
Sagala perkara di dunya aya waktuna. Naon bae anu kajadian di kolong langit boga dawuhna.

Mazmur 27:14
Sing percaya ka PANGERAN, masing teger, masing pangger, sing percaya ka PANGERAN!

Markus 6:3
Lain tukang kayu tea manehna teh, anak Mariam, dulurna Yakobus, Yusup, Yudas, jeung Simon? Dulur-dulur-Na nu awewe oge di darieu, lain?” Jadi di dinya mah Anjeunna ditolak.

Yohanes 12:48
Anu bakal ngahukumna ka sing saha anu nampik ka Kami jeung embungeun narima pilahir Kami mah, geus aya pihakimeunana; nya eta pilahir-pilahir Kami anu enggeus dilahirkeun ku Kami tea. Eta nu baris ngahakiman dina Poe Kiamat teh!

Yohanes 1:1
Ari nu disebut Pangandika teh geus jumeneng ti memeh ieu dunya dijadikeun; Pangandika sasarengan jeung Allah, Pangandika sarua jeung Allah.

Galatia 6:9
Jadi ulah bosen-bosen nyieun kahadean, supaya dina waktuna ngala, upama urang teu eleh ku kabosen, kabeh hasilna tangtu kaala.

Mazmur 31:15
Nanging abdi percaya ka Gusti, nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi.

Galatia 1:19
Jeung rasul-rasul sejenna mah teu kungsi tepung, salian ti jeung Yakobus saderek Gusti Yesus.

Maleakhi 1:11
Jalma-jalma saalam dunya ngahormat ka Kami. Di mana-mana jelema-jelema mareuleum dupa pikeun Kami, jeung marere kurban kasedep Kami. Kabeh ngahalormat ka Kami!

2 Petrus 3:8
Tapi dulur-dulur ulah poho, mungguh di Allah mah sapoe jeung sarebu taun ge taya bedana, sarua bae.

Mazmur 37:7
Masing sabar ngadago polah PANGERAN, ulah dengki mun nenjo batur mukti, sarta rarancang jahatna ngajadi.

Pengkhotbah 3:11
Sagala hal oge ku Mantenna enggeus diatur waktuna. Urang ku Mantenna dipaparin hate panasaran hayang nyaho kana perkara nu tacan datang. Ngan orokaya urangna jadi teu sugema, da teu dikersakeun timu kana sagala pangersa Mantenna.

Ratapan 3:25-26
[25] PANGERAN teh murah asih ka nu ngandel ka Mantenna.[26] Hade lamun urang sabar, nunggu wancina urang dijait ku Mantenna.

Kisah Para Rasul 1:7
Waler Yesus, ”Hal eta, poe jeung waktuna, Rama Kami anu kagungan hak nangtoskeun, maraneh ulah harayang nyaho.

Galatia 4:4
Sanggeus waktuna cunduk, Allah ngutus Putra-Na ka ieu dunya ku jalan dilahirkeun sakumaha urang ku indung, sarta hirup Anjeunna kaereh ku Hukum Agama,

Ef 5:16
Saban aya kasempetan gunakeun sing hade-hade, sabab ayeuna teh jaman goreng.

Yohanes 3:3-5
[3] Waler Yesus, ”Kaula rek ngabejakeun hal anu saenyana, nya eta: Saurang oge moal aya anu bisa asup ka Karajaan Allah, kajaba lamun dijurukeun deui.”[4] ”Piraku jalma anu geus dewasa bisa dijurukeun deui, kumaha petana?” ceuk Nikodemus. ”Na bisa asup deui kana rahim indungna tuluy dijurukeun deui?”[5] Waler Yesus, ”Kaula ngomongkeun nu saenyana, yen jelema anu dijurukeunana lain tina cai jeung Roh Allah, moal bisa asup ka Karajaan Allah, kitu saenyana.

Ibrani 12:14
Sing akur jeung pada batur, kudu dialajar hirup suci, sabab lamun teu kitu pamohalan bisa patenjo jeung Gusti.

Kejadian 1:1
Nalika Allah nyiptakeun jagat raya,

Ratapan 3:25
PANGERAN teh murah asih ka nu ngandel ka Mantenna.

Mazmur 145:15
Sakumna mahluk hirup ngarep-ngarep ka Gusti, sarta dina waktosna ku Gusti dipaparin tedaeun;

Pengkhotbah 8:6
Sagala rupa oge dilampahkeunana teh kudu ninggang dina mangsana, keuna kana carana. Orokaya urangna, kanyaho teh ngan saeutik pisan.

Roma 8:28
Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.

Amsal 3:5-6
[5] Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.[6] Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.

Ef 1:10
Eta rarancang, anu ku Allah baris dilaksanakeun dina waktuna teh nya eta: Sakumna mahluk, saniskara nu di sawarga jeung nu di bumi, baris dihijikeun jeung Kristus, sarta Kristus anu jadi kapalana.

Yohanes 16:13
Tapi engke, lamun Roh tea geus sumping, maraneh bakal ditungtun sangkan nyaraho kana sagala hal anu saestu, sabab Anjeunna bakal nganyatakeun hal Allah anu saestu-estuna. Anu bakal disaurkeun ku Anjeunna lain pilahir-Na ku anjeun; anu bakal disaurkeuna-Na teh hal-hal anu geus kadangu ku Anjeunna bae, sarta maraneh ku Anjeunna bakal dibere nyaho naon-naon anu baris kajadian engke.

Galatia 4:19
Anaking! Sapanjang sipat-sipat Kristus tacan jadi sipat-sipat aranjeun, sim kuring kacida ngarasa paurna, mani asa nyeri cara nyeri awewe nu ngajuru.

Matius 16:18
Ku sabab eta, Petrus, Kami ngabejaan: maneh teh batu karang. Dina eta batu karang Kami bakal ngadegkeun gareja Kami anu moal eleh ku naon-naon, ku maot ge moal eleh.

Matius 18:15-18
[15] ”Dulur anu boga dosa ka maraneh kudu dipepelingan, tapi paduduaan bae. Mun daekeun narima salah, maneh untung bisa ngahiji deui jeung dulur.[16] Tapi upama embungeun ngadenge pepeling maraneh, kudu mawa batur saurang atawa duaan, sabab ceuk Kitab Suci, ʼPikeun netelakeun yen anu dituding teh enya salah, kudu kasaksian ku duaan atawa tiluan.ʼ[17] Lamun geus kitu neugtreug keneh, beberkeun perkarana ka sajamaah. Upama ku sajamaah ge teu mental, anggap eta dulur teh deungeun-deungeun anu teu nganyahokeun ka Allah, atawa anggap bae tukang mulung pajeg.[18] Jeung Kami ngabejaan, naon bae anu ku maraneh di dunya ditolak, di sawarga ge bakal ditolak. Anu ku maraneh ditarima di dunya, di sawarga ge bakal ditarima.

Ef 1:22-23
[22] Saniskara ku Allah ditalukkeun ka Kristus anu jadi sirah gareja, jadi Gustina saniskara.[23] Jadi gareja teh salirana Kristus anu mepekan kasampurnaana-Na, ari kasampurnaan Anjeunna nyampurnakeun saniskara.

Ef 5:23
Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun.

Kisah Para Rasul 4:32
Pakumpulan anu palercaya teh estu saniat sapikir, sabanda saboga. Harta bandana sorangan ge teu diaku bogana pribadi, sagala pangabogana dipake keur kapentingan babarengan.

1 Korintus 1:10
Kalawan jenengan Gusti urang Yesus Kristus sim kuring meredih, aranjeun sing saluyu samupakat, ulah nepi ka pagetreng. Sing raket ngahiji, sahate jeung sapikir.

Yohanes 14:6
Waler Gusti ka Tomas, ”Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.”

Yohanes 14:6-28
[6] Waler Gusti ka Tomas, ”Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.”[7] ”Ayeuna,” saur-Na ka sarerea, ”maraneh geus nyaraho ka Kami, ka Rama oge tangtu nyaraho. Malah ti ayeuna keneh oge geus nyaraho ka Mantenna teh, geus narenjo.”[8] ”Gusti,” ceuk Pilipus, ”tingalikeun Rama teh ka abdi-abdi, supados abdi-abdi teu panasaran.”[9] Waler Yesus, ”Geus sakitu lilana Kami reureujeungan jeung maneh, piraku maneh can wawuh keneh bae ka Kami, Pilipus? Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama, ku naon ceuk maneh bieu ’Tingalikeun Rama teh ka abdi-abdi’?[10] Na teu percaya maneh, Pilipus, yen Kami jadi hiji jeung Rama, sarta Rama jadi hiji jeung Kami.” Geus kitu saur-Na deui ka sarerea, ”Omongan anu ku Kami diucapkeun ka maraneh teh lain omongan Kami sorangan, kedalna teh ku pangersa Rama anu ngahiji di diri Kami.[11] Sing percaya, Kami teh jadi hiji jeung Rama, Rama jadi hiji jeung Kami. Lamun teu percaya kana eta hal, sahenteuna sing percaya kana hal-hal anu dipigawe ku Kami.[12] Satemenna ceuk Kami: Sing saha anu percaya ka Kami, bakal ngalampahkeun sakur anu dipigawe ku Kami, malah bakal ngalampahkeun anu leuwih ti kitu, sabab ayeuna Kami tereh mulang ka Rama.[13] Jeung naon bae anu disuhunkeun ku maraneh make ngaran Kami, tangtu ku Kami dikabul, supaya ku jalan Kami kaagungan Rama jadi nyata katembong.[14] Lamun maraneh nyuhunkeun ka Kami nyebut ngaran Kami, ku Kami tangtu dikabul.”[15] ”Upama maraneh nyaraah ka Kami geus tangtu narurut kana parentah-parentah Kami.[16] Kami rek nyuhunkeun ka Rama, sarta Rama bakal maparin ka maraneh hiji Panulung sejen, anu bakal nyarengan ka maraneh salalawasna.[17] Eta Panulung teh nya eta Roh Allah, anu bakal nganyatakeun hal Allah nurutkeun anu saestuna. Eta Roh ku dunya mah moal katarima, sabab dunya mah ka eta teh teu nenjoeun, teu nyahoeun. Ari maraneh mah nyaraho, sabab Anjeunna aya di maraneh, ngancik di diri maraneh.[18] Sanggeus Kami indit, maraneh moal diantep nyorangan; tur Kami bakal datang deui ka maraneh.[19] Pikeun saheulaanan mah dunya teh moal nenjo deui Kami, tapi maraneh mah bakal narenjo; jeung ku sabab Kami teh hirup, maraneh oge bakal hirup.[20] Lamun poena geus datang, maraneh bakal nyaraho yen Kami jadi hiji jeung Rama, maraneh jadi hiji jeung Kami, Kami oge jadi hiji jeung maraneh.[21] Sing saha anu narima jeung ngalampahkeun parentah-parentah Kami, eta tandaning nyaah ka Kami. Sing saha anu nyaah ka Kami, bakal dipikaasih ku Rama; Kami oge tangtu bakal mikaasih jeung bakal nganyatakeun diri ka manehna.”[22] ”Gusti,” piunjuk Yudas (lain Yudas Iskariot), ”ku naon margina ka abdi-abdi mah Gusti kersa nganyatakeun salira, dupi ka dunya mah henteu?”[23] Waler Yesus ka Yudas, ”Sabab anu mikanyaah ka Kami jeung nurut kana piwuruk Kami mah bakal dipikaasih ku Rama Kami, jadi Rama Kami jeung Kami bakal sumping terus linggih di manehna.[24] Anu henteu nyaaheun ka Kami mah geus tangtu embungeun nurut kana pangajaran Kami. Pangajaran anu ku Kami diwurukkeun ka maraneh teh lain ti Kami, tapi ti Rama anu ngutus Kami.[25] Hal ieu ku Kami diomongkeun ayeuna, meungpeung Kami aya keneh jeung maraneh.[26] Panulung tea, nya eta Roh Suci beunang nyuhunkeun Kami ka Rama, ka maraneh bakal ngawurukkeun sagala perkara, jeung ngingetan supaya maraneh aringet kana sagala hal anu ku Kami geus diwurukkeun.[27] Maraneh ku Kami rek ditinggalan kakertaan, kakertaan Kami pribadi, anu beda tina kakertaan asal ti dunya. Ulah honcewang, ulah baringung, ulah rarisi.[28] Ceuk Kami tadi, ’Kami rek indit, tapi bakal datang deui ka maraneh.’ Lamun maraneh nyaraah ka Kami, malah bakal barungah Kami rek mulang ka Rama teh, sabab Rama mah leuwih agung ti batan Kami.

Mazmur 37:7-9
[7] Masing sabar ngadago polah PANGERAN, ulah dengki mun nenjo batur mukti, sarta rarancang jahatna ngajadi.[8] Ulah ambek atawa panas hate, sabab ngan matak susah bae.[9] Nu muntang ka PANGERAN baris ngamilik tanah, sabalikna nu jarahat tangtu ku Mantenna ditundung.

Mazmur 49:1
Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society