A A A A A

Tuhan: [Berkat Keuangan]


1 Samuel 2:7
PANGERAN nu ngamiskinkeun jeung ngabeungharkeun. PANGERAN anu ngapeskeun, PANGERAN nu ngajayakeun.

2 Korintus 8:9
Aranjeun geus terang kumaha murah asihna Gusti urang Yesus Kristus. Anjeunna teh sugih, tapi iklas hirup miskin, supaya kasugihan Anjeunna ngabeungharkeun aranjeun.

3 Yohanes 1:2
Mugi anjeun aya dina kawilujengan, lulus mulus dina sagala perkawis, saperti mulusna kaayaan batin anjeun anu parantos kanyahoan ku sim kuring.

Pengkhotbah 9:10
Naon anu dipigawe, pigawe enya-enya, da ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter. Pasti kasorang eta teh engke.

Galatia 6:9
Jadi ulah bosen-bosen nyieun kahadean, supaya dina waktuna ngala, upama urang teu eleh ku kabosen, kabeh hasilna tangtu kaala.

Kejadian 13:2
Abram kacida beungharna, loba dombana, embena, sapina, kitu deui emas jeung perakna.

Hosea 4:6
Maraneh imam-imam, geus teu ngaraku ka Kami, geus nolak Kami, miceun pangajaran Kami, ngajadikeun umat Kami cilaka lantaran maranehna ge jadi teu ngaraku ka Kami. Ku sabab kitu maraneh ge ku Kami rek ditolak, sarta anak-anak maraneh moal diaku yen jadi imam-imam Kami.

Yakobus 5:12
Jeung kahade dulur-dulur, ari ngaenyakeun atawa ngahenteukeun ulah bari susumpahan. Ulah nyebut demi langit, atawa demi bumi, atawa demi naon bae. Sebutkeun bae ”Enya” lamun enya, ”Henteu” lamun henteu, supaya ulah dibenduan ku Allah.

Yohanes 6:12
Beres dalaharna, Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Kumpulkeun sesana, ulah aya anu kapiceun.”

Lukas 6:38
Ka batur sing daek mere, supaya Allah ge kersaeun maparinan maraneh, tur maparin-Na teh sapinuhna takeran, diborolokeun sabisana maraneh nyangga. Ukuran maraneh ka batur, ku Allah bakal dianggo ngukur maraneh.”

Lukas 12:34
Sabab tibelatna hate teh ka tempat harta.”

Amsal 10:22
Berkah PANGERAN nu ngabeungharkeun teh, ari saukur getol mah moal matak nambahan beunghar.

Amsal 11:14
Bangsa bakal runtuh lamun taya anu mingpin, sabalikna bisa kuat lamun loba juru nasehatna.

Amsal 19:17
Barang bere ka nu miskin ibarat nginjeumkeun ka PANGERAN. Mantenna nu baris ngabalesna.

Amsal 21:17
Resep mewah, beuki mabok, dahar royal bae, matak moal beunghar-beunghar.

Amsal 22:9
Kudu berehan, kudu daek mere dahar ka nu kokoro, tangtu baris meunang berkah.

Amsal 28:22-27
[22] Jalma sarakah mah hayang buru-buru beungharna bae, teu nyahoeun yen dirina baris malarat.[23] Terus bae elingan jelema teh, lila-lila ge narima, ti batan dialem-alem.[24] Majarkeun teh maling ti kolot mah teu naon-naon. Padahal taya bedana ti bangsat.[25] Mentingkeun diri sorangan teh matak pikasusaheun. Kaayaan maneh bakal jadi pohara leuwih hadena upama maneh percaya ka PANGERAN.[26] Nurut kana pikiran sorangan bae teh kalangsu. Mun hayang mulus rahayu, piwulang nu palinter teh gugu.[27] Mere ka nu kakurangan, maneh moal kakurangan. Lamun maneh pura-pura teu nenjo ka nu balangsak, tangtu pada nyarumpahan.

Mazmur 24:1
Jabur Daud. Bumi katut saeusina, alam katut nu nyicinganana, kabeh kagungan PANGERAN.

Matius 6:33
Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.

Matius 23:23
Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Ari mere perpuluhan ka Allah mani nepi ka bungbu-bungbu kayaning pala, jinten jeung katuncar. Tapi anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea. Lakonan heula anu ieu, tapi ulah ngalalaworakeun anu sejenna.

Matius 25:21
Ceuk dununganana, ʼAlus, maneh jalma hade, gumati. Maneh geus bisa dipercaya nyekel anu leuleutikan, ku kami rek dipercaya nyekel leuwih gede. Ayeuna urang suka-suka jeung kami!ʼ

Roma 13:8
Ka saha bae oge ulah boga hutang salian ti hutang kanyaah ka pada batur. Sabab nyaah ka batur teh nedunan Hukum Musa.

Amsal 3:9-10
[9] Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena.[10] Engke leuit hidep buncir, cianggur ceuyah, ngaleuya mo kawadahan.

Mazmur 121:1-2
[1] Lagu paranti jarah. Kaula mencrong gunung-gunung; ti mana baris datangna pitulung kaula?[2] Pitulung ka kaula datangna ti PANGERAN, nu ngadamel langit jeung bumi.

Markus 11:22-23
[22] Waler Yesus, ”Nu matak kudu percaya ka Allah.[23] Kami ngabejaan: Saha bae ge bisa nitah ka ieu pasir sina ngajungjung terus ngunclungkeun maneh ka laut, tangtu kajadian. Tapi ulah cangcaya, kudu percaya enya-enya dina hate yen omonganana bakal kajadian.

Kejadian 1:26-27
[26] Allah ngandika, ”Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang. Urang sina murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan, boh sato piaraanana, boh sato leuweungna, nu galede, nu laleutik.”[27] Lajeng Allah ngadamel bangsa manusa nyeples Mantenna. Ngadamelna lalaki jeung awewe.

2 Korintus 9:6-8
[6] Sing aringet, nu melak binih ngan saeutik, beubeunanganana ge bakal saeutik, anu melak binihna loba, beubeunanganana oge bakal loba.[7] Ku sabab kitu mere teh kudu cop jeung hate, ulah owel atawa asa dipaksa. Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.[8] Allah teh kawasa maparin leuwih tina kaperluan aranjeun, sangkan saniskara kaperluan aranjeun salawasna cukup, nepi ka bisa laluasa keur nyieun kahadean.

Lukas 14:28-30
[28] Upamana, ti maraneh aya anu boga maksud nyieun munara, tangtu diuk heula ngitung-ngitung piwaragadeunana, hayangeun nyaho naha duitna teh picukupeun atawa moal dipake nganggeuskeun pagaweanana.[29] Sabab lamun duitna teu cukup, munarana moal anggeus, semet bisa masangkeun pademenna. Lamun nepi ka kitu tangtu pada nyaleungseurikeun jeung ngaromongkeun,[30] ʼIeu jelema ngadegkeun teh ngan bisa ngamimitian teu bisa nganggeuskeun!ʼ

Lukas 6:34-36
[34] Jeung lamun daek mere nginjeum ngan ka nu pibisaeun mulangkeun bae mah naon jasa maraneh? Jelema dosa ge ari nginjeumkeun ka jelema dosa deui teh bari ngarep-ngarep pulang sajinisna![35] Ulah kitu! Ka musuh kudu nyaah, kudu daek mere kahadean ka maranehna; ari mere nginjeum ulah bari ngarep-ngarep pulang deui. Lamun barisa kitu, gede piganjaraneun maraneh, tur bakal pijadieun putra-putra Allah Nu Maha Agung. Sabab Mantenna mah ka nu teu boga panarima jeung ka nu jahat oge tetep bae sae manah.[36] Kudu boga sipat welas, sabab Rama maraneh oge sipat welas.”

Yakobus 5:1-3
[1] Ari aranjeun, anu baleunghar, kudu nyeungceurikan diri lantaran bakal balangsak.[2] Kabeungharan aranjeun geus buruk, papakean geus rarenyah ku geget,[3] emas perak geus tarai hiangan, tai hiangna bakal jadi saksi perkara aranjeun, bakal ngahakan daging aranjeun nepi ka beak kawas ku seuneu. Geus ahir jaman kieu numpuk-numpuk bae kabeungharan.

Kejadian 12:1-20
[1] Ngandika PANGERAN ka Abram, ”Maneh kudu pindah. Lemah cai, baraya-baraya, eusi imah bapa, tinggalkeun. Jugjug hiji nagara anu engke rek dituduhkeun ku Kami.[2] Maneh rek dibere turunan loba, anu pijadieun bangsa gede. Kami seja mere berkah ka maneh, sarta ngaran maneh ku Kami seja dijieun kamashur, nepi ka maneh pijadieun berkah.[3] Kami baris ngaberkahan ka anu ngaberkahan ka maneh. Baris nyapa ka anu nyapa ka maneh. Kabeh bangsa ku Kami baris diberkahan, ku jalan maneh.”[4] Nincak kana yuswa tujuh puluh lima taun, Abram mimiti kaluar ti tanah Haran, tumut kana timbalan PANGERAN. Elut ngiring.[5] Jadi anu dicandak teh Sarai geureuhana, Elut suanna, sagala harta bandana, kitu deui badega-badega asal urang tanah Haran, tuluy miang seja ka tanah Kanaan. Sanggeus sumping ka tanah Kanaan,[6] Abram ngideran eta tanah nepi ka hiji tangkal karamat di More, hiji tempat karamat di wewengkon Sekem. (Harita mah urang Kanaan teh araya keneh di eta tanah.)[7] Lajeng PANGERAN nembongan ka Abram sarta ngandika ka anjeunna, ”Tah ieu nagara anu ku Kami arek dibikeun pikeun turunan maneh teh.” Deg di dinya Abram ngadamel altar haturan PANGERAN anu geus nembongan ka anjeunna.[8] Geus kitu anjeunna ngalih ka beulah kidul ka tanah pagunungan wetaneun kota Betel sarta masang tenda antara Betel di beulah kulon, jeung kota Ai di beulah wetan. Di dinya oge anjeunna ngadamel altar sarta ngabakti ka PANGERAN.[9] Ti dinya anjeunna ulah-alih bae, majeng ka Kanaan beulah kidul.[10] Tapi Kanaan pareng katarajang paceklik teu kira-kira, nepi ka Abram terus ka nu leuwih kidul deui, ka Mesir, seja cicing di dinya saheulaanan.[11] Barang arek lebet ka wates Mesir, pok sasauran ka Sarai geureuhana, ”Nyai teh geulis.[12] Ana engke urang Mesir narenjo, tangtu ceuk maranehanana teh euleuh itu pamajikanana. Tangtu Akang teh dipaehan ari Nyai mah moal.[13] Bejakeun bae yen Nyai adi Akang. Mun dibejakeun kitu mah Akang tangtu salamet, jeung diaku hade-hade ku maranehanana, da mandang ka Nyai.”[14] Sanggeus anjeunna aya di jero wates Mesir, geureuhana ku urang dinya digeulis-geulis.[15] Aya sawatara ponggawa karaton anu narenjoeun kageulisanana, seug arunjukan ka raja yen aya istri geulisna kawanti-wanti. Tuluy Sarai diboyong ka karaton.[16] Abram ku raja diangken darehdeh ku karana Sarai, jeung dipaparin ganjaran, domba jeung embe, sapi, kalde, badega-badega, jeung onta.[17] Tapi raja nyandak Sarai teh ku PANGERAN diterapan panyawat pikapaureun pisan, urang karaton salianna oge nya kitu deui.[18] Seug raja ngutus ponggawa ka Abram. Kieu dawuhanana, ”Ku naon maneh kitu peta ka kami? Ku naon henteu terus terang yen ieu teh bojo maneh?[19] Ku naon diaku yen adi, nepi ka ku kami dipigarwa? Heh ieu pamajikan maneh tarima, tuluy ingkah!”[20] Raja marentah ka ponggawa, seug Abram digiring kaluar ti eta nagara, jeung geureuhana katut sagala kagunganana.

Matius 6:1-34
[1] ”Dina ngalakonan anu diwajibkeun ku agama, kade ulah nyiri-nyirikeun maneh. Sabab lamun kitu maraneh moal meunang ganjaran naon-naon ti Rama maraneh nu di sawarga.[2] Mere sidekah ka nu miskin ulah ditembong-tembong ka batur. Ulah cara anu marunapek sok karitu di tempat ngabakti atawa di jalan, hayang katangar balabah ngarah dipuji. Tah eta ganjaran maranehna mah, sakitu-kituna.[3] Jadi ari nulung ka nu miskin teh sing rikip, batur anu dalit ge ulah nyahoeun.[4] Ulah hayang kanyahoan ku batur. Sabab najan rikip ge pitulung maraneh teh ku Rama nu di sawarga mah kauninga, sarta Mantenna baris ngaganjar.”[5] ”Ari neneda ulah cara jalma tukang pura-pura! Maranehna ngadoana teh resep ngabedega di tempat babakti atawa di pepengkolan, ngarah katembong ku batur. Tah eta ganjaran maranehna mah, sakitu-kituna.[6] Maraneh mah mun rek neneda kudu di kamar, pantona rekepkeun, tujukeun paneda ka Rama maraneh nu teu katenjo. Sanajan dilampahkeun di tempat rikip ge ku Mantenna kauninga sarta tangtu diganjar.[7] Teu kudu panjang loba ucap nu teu perlu kawas lain umat Allah. Panyanana lamun sembahyangna panjang tangtu dimakbul.[8] Maraneh mah ulah kitu. Samemeh diunjukkeun ge Rama maraneh mah geus uningaeun naon anu rek dipenta ku maraneh.[9] Jadi kieu bae unjukan teh: ʼNun Ama di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun.[10] Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga.[11] Mugi abdi dinten ieu dipaparin tedaeun nu picekapeun.[12] Sareng hapunten kalelepatan abdi, sakumaha abdi oge parantos ngahapunten ka nu gaduh kalelepatan ka abdi.[13] Mugi abdi ulah diterapan cocoba anu abot, sawangsulna mugi di salametkeun ti panggoda Iblis. [Wirehi nya Ama nu jumeneng Raja, kawasa sareng mulya, salalanggengna. Amin.]ʼ[14] Lamun maraneh ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama di sawarga tangtu dihampura.[15] Lamun maraneh henteu ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama nu di sawarga moal dihampura.”[16] ”Jeung ari keur puasa ulah nyaleuy-nyaleuy beungeut kawas anu marunapek, paruasana teh nyiri-nyirikeun maneh ngarah kanyahoan puasa. Nya anu jadi ganjaranana oge eta, sakitu-kituna.[17] Maraneh mah ari keur puasa anggur kudu sibeungeut, buuk sisiran sing luis,[18] ngarah ulah kaciri ku batur yen keur puasa, sina kauninga ku Rama maraneh bae wungkul nu teu katenjo. Mantenna tangtu ngaganjar, da uningaeun sanajan puasana ngaririkip maneh oge.”[19] ”Di dunya ulah numpuk-numpuk harta banda keur sorangan. Barang dunya mah bisa ruksak ku rinyuh jeung taihiang, atawa beak dibongkar bangsat.[20] Kudu ngumpulkeun teh harta pikeun maneh di sawarga, anu moal dihakan rinyuh, moal taihiangan, moal aya nu ngabangsat.[21] Sabab di mana bae ayana harta maneh nya di dinya nempelna hate maneh.”[22] ”Panon teh minangka lampu awak. Lamun panon cekas, sakujur awak ngempray caang,[23] tapi lamun panon surem, sakujur awak tangtu poek. Jadi lamun lampu awak teh poek, tada teuing poekna awak teh!”[24] ”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.[25] Nu matak Kami ngingetan, hirup teh ulah salempang sieun teu manggih dahareun atawa inumeun, ulah salempang awak teu kabajuan. Hirup teh lain leuwih ti batan dahareun, awak leuwih penting ti batan papakean?[26] Awaskeun tuh manuk anu keur hihiberan. Tara pepelakan, tara dibuat, tara nyimpen, geuning ku Rama maraneh nu di sawarga diurus! Maraneh teh lain leuwih luhur pangaji ti batan manuk?[27] Na bisa maraneh manjangkeun umur saeutik mah ku kasalempang?[28] Jeung naha kudu salempang sieun teu make? Tenjo tuh! Kembang bakung anu jaradi sorangan di tegal: teu digarawe, teu nyarieun pakean.[29] Tapi sanajan kitu, Raja Suleman anu sakitu beungharna ge panganggona henteu sakitu alusna kawas eta kekembangan.[30] Jukut di tegal, anu poe ieu jadi poe isukna geus diduruk, ku Allah didangdanan mani alus. Atuh komo deui maraneh, moal teu dipaparin pakean! Ulah sok kurang percaya![31] Ulah salempang, jeung ulah humandeuar, ʼKumaha lamun teu manggih dahareun atawa inumeun!ʼ Atawa, ʼKumaha lamun nepi ka teu boga baju-baju acan!ʼ ([32] Humandeuar teh kabiasaan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah.) Rama maraneh nu di sawarga uningaeun yen maraneh perlu dahar, perlu nginum, perlu make.[33] Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.[34] Jadi ulah salempang kumaha isukan. Kasusah mah poe ieu ge loba, ulah ditambah deui ku mikiran poe isuk.”

Ulangan 28:1-68
[1] ”Lamun maraneh nurut ka PANGERAN Allah maraneh, sarta tigin kana sagala timbalana-Na anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu, maraneh ku Mantenna bakal dijadikeun hiji bangsa anu punjul ti sakabeh bangsa saalam dunya.[2] Sing nurut ka PANGERAN Allah maraneh. Lamun kitu ieu berkah-berkah tan wande katarima:[3] PANGERAN bakal ngaberkahan nagara jeung lahan-lahan maraneh.[4] PANGERAN bakal ngaberkahan maraneh, reuay anak, mukti tani, gereyek domba jeung sapi.[5] PANGERAN bakal ngaberkahan panen gandum maraneh, kitu deui dahareun anu ku maraneh dijieun tina gandum.[6] PANGERAN bakal ngaberkahan sagala usaha maraneh.[7] PANGERAN bakal ngelehkeun musuh-musuh maraneh anu narajang. Maranehna narajangna mah diatur rapih, tapi tuluy jadi paburisat kalalabur.[8] PANGERAN Allah maraneh bakal ngaberkahan usaha maraneh, sarta ngeusian leuit-leuit maraneh ku gandum. Mantenna bakal ngaberkahan ka maraneh di tanah anu dipaparinkeun ku Mantenna ka maraneh.[9] Lamun maraneh nurut ka PANGERAN Allah maraneh, ngalakonan sagala pangandika-Na, tangtu dijadikeun umat-Na, sakumaha anu ku Mantenna geus diandikakeun.[10] Saeusi jagat bakal nyarahoeun yen maraneh ku PANGERAN geus dipilih jadi umat-Na, nepi ka maraneh pada mikagimir.[11] Ku berkah PANGERAN, maraneh bakal reuay anak, gereyek ingon-ingon, tani mucekil, di tanah anu ku Mantenna geus diikrarkeun ka karuhun ajang maraneh.[12] Dina musimna, Mantenna bakal ngirim hujan ti gudang kagungana-Na di langit jeung ngaberkahan sagala usaha maraneh, datang ka maraneh teu kudu nguyang, sabalikna loba bangsa anu bakal datang ka maraneh ngarinjeum.[13] Maraneh ku PANGERAN Allah maraneh bakal dijieun pamingpin sagala bangsa, minangka sirah, lain buntut. Maraneh tan wande nanjung saumur-umur, pamohalan bakal gagal. Kitu soteh lamun nurut kana sagala perkara anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu.[14] Pacuan ingkar ti eta, jeung pacuan nyembah ngabakti ka allah-allah sejen.”[15] ”Lamun baha ka PANGERAN Allah maraneh, teu saregep kana timbalan-timbalana-Na anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu, tan wande ieu balakurna anu bakal katarima:[16] PANGERAN bakal nyapa kota-kota jeung lahan-lahan maraneh.[17] PANGERAN bakal nyapa pelak gandum maraneh, kitu deui dahareun anu bakal diolah tina eta.[18] PANGERAN bakal nyapa, maraneh hamo boga anak loba, tani hamo bisa mukti, ingon-ingon hamo bisa loba.[19] PANGERAN bakal nyapa sagala usaha maraneh.[20] Lamun goreng kalakuan jeung ingkar ti PANGERAN, ku Mantenna bakal digirijig ku balahi, sina pakucrut, sagala usaha moal laksana, gancang tumpes sarerea.[21] Engke di tanah anu keur dijugjug, ku Mantenna bakal diturugtug ku pagebug, panyakit bagilir-gilir, datang ka hamo aya nu nyesa.[22] Tangtu nandangan siksa PANGERAN, katerap kasakit nular, bareuh bungkul, muriang. Tanah ngahgar ku panas katiga katambah ku angin panas, pepelakan beak ruksak. Balahi mo indit-indit, datang ka maraneh paraeh kabeh.[23] Hujan hamo datang-datang, taneuh teuas ngabaketrak.[24] Tinimbang nurunkeun hujan, PANGERAN kalah ka ngadatangkeun angin lebu campur keusik, datang ka maraneh tumpur.[25] Maraneh ku PANGERAN bakal diserenkeun ka musuh. Maraneh ngarurug musuh, inditna beres diatur, tapi enggeusna katawuran, kalabur paburisat. Narenjo nasib maraneh kitu, kabeh bangsa di dunya ngarasa rempan sieun jadi kitu.[26] Ana maraneh geus pararaeh, rob bangsa manuk jeung sasatoan anu bareuki daging ngahakanan bangke-bangke maraneh, samemena taya nu ngagebah-gebah.[27] Maraneh ku PANGERAN bakal digebug pinuh ku bisul saperti urang Mesir bareto. Awak raca saluluar, tapak ngautan, barudug, euweuh piubareunana.[28] Bakal disina garelo, lalolong, pinuh ku kajuwet.[29] Ti beurang susur-sasar kawas nu lolong, teu nyaho jalan. Usaha kitu usaha kieu weleh teu aya hasilna, turug-turug pada ngagencet, pada ngarampogan, taya anu daekeun nulungan.[30] Babakalan, pipamajikaneun jadina dikawin ku batur. Nyieun imah, batur nu ngeusianana. Melak anggur, sorangan mah moal ngadahar.[31] Sapi dipeuncitan ku nu sejen, katenjo ku panon molotot, ngadahar dagingna mah hamo. Kalde ditungtun ku batur, maraneh bati neuleukeun, pamohalan pulang deui. Domba ku batur diserenkeun ka musuh, taya nu bisa ngahalang-halang.[32] Anak nu lalaki nu awewe dijual ka batur hareupeun panon sorangan, jaradi budak beulian. Panon celong balas melong ka nu kosong, tibelat ka anak anu hamo mulang-mulang.[33] Pepelakan, beunang luut-leet kesang, beak diranjah ku bangsa lian, sarta minangka panarimana maraneh digencet dikaniaya.[34] Ku banget-bangetna nandang sangsara, jadi laleungit ingetan.[35] Maraneh ku PANGERAN digebug, ti semet embun-embunan nepi ka dampal suku, baranang pinuh ku cenang, pingping raca, nyeri peurih karasana, taya piubareunana.[36] Maraneh katut raja ku PANGERAN bakal dibuang ka hiji nagara, anu maraneh tacan nyaho-nyaho acan, karuhun pon kitu keneh can nyarahoeun. Tur di ditu kudu nyarembah ka allah tina kayu tina batu.[37] Rahayat unggal nagara tempat maraneh dibuang jeung dipabalencarkeun ku PANGERAN, narenjo maraneh kitu teh tingraranjug jeung ngera-ngera.[38] Ana tebar kajeun sakumaha lobana nu kapetik ngan saeutik, beakeun manten ku simeut.[39] Maraneh bakal ngebon anggur, tapi moal ngala anggurna atawa nginum cianggurna, sabab tangkal-tangkalna beak dihakanan ku bilatung.[40] Tangkal jetun, najan di satanah maraneh jaradi di mana-mana tapi minyakna moal kaarah, buahna kaburu maruragan pareot.[41] Sanajan baroga anak lalaki awewe, ahir-ahir arareuweuh, dibarawa ka nu anggang, jaradi tawanan perang.[42] Pepelakan, tatangkalan, ruksak digalaksak ku hama.[43] Anu ngalumbara di maraneh beuki lila beuki kuat, sabalikna maraneh mah beuki lila beuki hengker.[44] Semah-semah jadi kuat ngarinjeumkeun ka maraneh, maraneh mah bororaah nginjeumkeun. Tungtungna semah-semah teh ka maraneh laluasa kumawasa.[45] Eta sagala kacilakaan teh baris keuna ka maraneh jeung baris terus ngaganggu nepi ka maraneh binasa, lantaran maraneh henteu tigin ka PANGERAN Allah maraneh, jeung henteu ngajalankeun hukum-hukum anu dipaparinkeun ku Mantenna.[46] Kitu bakalna hukuman ti Allah anu bakal tumerap salalawasna ka maraneh, pon kitu deui ka anak incu.[47] Maraneh ku PANGERAN geus diberkahan dina sagala rupa hal, tapi maraneh arembung ngabdi reujeung suka hate ka Mantenna.[48] Ku sabab kitu maraneh kudu ngawula ka musuh, anu engke bakal didatangkeun ku PANGERAN. Maraneh bakal kalaparan, bakal nandangan halabhab, tararanjang teu boga naon-naon. Ku PANGERAN bakal disiksa teu kira-kira nepi ka tumpes.[49] Ku PANGERAN bakal disina ditarajang ku hiji bangsa ti tungtung jagat, anu basana ku maraneh teu kaharti. Eta bangsa bakal nyamber lir galudra,[50] telenges taya rasrasan, ka nu kolot ka nu ngora moal aya karunyana.[51] Pepelakan maraneh kitu deui ingon-ingon, kabeh dikawasaan ku musuh keur dahareun maranehna, nepi ka maraneh paraeh langlayeuseun. Gandum, anggur, minyak jetun, sapi, domba, ku musuh moal aya anu dikarikeun. Maraneh tangtu paraeh.[52] Kota-kota di tanah anu ayeuna geus rek diserenkeun ku PANGERAN Allah maraneh, bakal gempur. Kuta-kutana anu luhur tur ditohagakeun sarta dipake andelan, kabeh runtuh.[53] Maraneh moal maranggih dahareun, lantaran kota-kota ditingker musuh. Awahing ku taya pisan dahareun, tungtungna anak oge paparin ti PANGERAN Allah maraneh, dihakan.[54] Golongan ningrat ge ku sabab sarua ditingker musuh, sarua kabalangsakna. Sakumaha lemes budina ge mo burung nepi ka ngahakan anak da teu manggih deui dahareun. Malah nepi ka embung kasoro; ka dulur, ka pamajikan kameumeut, ka anak nu can kahakan, kuat teu mere.[55] ***[56] Pon kitu keneh ningrat-ningrat wanitana, anu tuman tara nincak-nincak acan kana taneuh bawaning ku beunghar, sarua kabalangsakna lantaran dikepung musuh. Tungtungna da teu manggih deui dahareun, teu kalis ku lemes budi, orokna anu kakara borojol katut jeung balina pisan didahar. Ka salaki, kajeun sakumaha geugeutna, kitu deui ka barudakna, boro-boro mere, ngadaharna ge susulumputan.[57] ***[58] Lamun maraneh ingkar tina sagala papakon anu aya dina ieu buku, teu ngupama kana pajenengan PANGERAN Allah maraneh anu luhung jeung pikahelokeun,[59] maraneh saanak incu ku Mantenna bakal disiksa ku rupa-rupa kasakit anu moal mental ku ubar; ku rupa-rupa kasakit tepa anu teu bisa dicegah.[60] Panyakit-panyakit pikasieuneun anu ku maraneh kasaksian di Mesir, baris narajang ka maraneh, sarta maraneh moal bisa cageur.[61] Ditambah deui ku rupa-rupa kasakit jeung rupa-rupa pagebug anu tacan kasebut dina ieu buku Hukum jeung pikukuh-pikukuh Allah. Maraneh tan wande tumpur.[62] Sanajan maraneh geus jadi mangpirang-pirang saperti bentang di langit oge mo burung beak. Nu harirup kari saeutik, lantaran geus ingkar ti PANGERAN Allah maraneh.[63] Sakumaha bareto PANGERAN ka maraneh maparin kamuktian jeung ngalobakeun bilangan maraneh kalawan gumbira manah, nya kitu keneh halna, kalawan gumbira manah Mantenna bakal ngabasmi, ngaburak-barik maraneh. Maraneh baris dirabut ti tanah anu ayeuna rek diancikan.[64] Ku PANGERAN bakal dipabalencarkeun ka bangsa-bangsa ti tungtung jagat ka tungtung jagat. Di ditu kudu kumawula ka allah-allah tina kayu tina batu, anu iraha teh teuing tadi-tadina ku maraneh disarembah, pon kitu ku karuhun.[65] Di mana-mana maraneh teh moal manggih kaluginaan, moal boga tempat akuan. Ku PANGERAN bakal disiksa, dirungrung ku rasa mangpaung, pondok pikir pegat harepan.[66] Hirup dikikintil ku balahi, beurang peuting gegebegan sieun jol sieun jol malakal-maot.[67] Hate teu kendat lumenyap ku sagala tetenjoan. Bray beurang hayang geura-geura peuting, reup peuting hayang geura-geura beurang.[68] Maraneh ku PANGERAN bakal diiangkeun, dipiceun deui ka Mesir, teu kalis ku geus ngandika yen hamo malikkeun deui maraneh ka ditu. Di ditu maraneh bakal nawar-nawarkeun maneh ngajual badan ka musuh, keun bae jadi abid ge, tapi saurang ge taya anu daekeun meuli.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society