A A A A A

Tuhan: [Kutukan]


Imamat 20:9
Ti dinya PANGERAN nurunkeun pikukuh-Na, ”Sing saha anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan, sabab manjing hukum paeh.

Ulangan 28:15
”Lamun baha ka PANGERAN Allah maraneh, teu saregep kana timbalan-timbalana-Na anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu, tan wande ieu balakurna anu bakal katarima:

Keluaran 21:17
Anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan.

Yeremia 15:10
Diri abdi kacida apesna! Kanggo naon pun biang ngajurukeun abdi ka dunya? Di ieu tanah, abdi dugi ka kedah cekcok sareng pacental-cental sareng unggal jalmi. Abdi tara ngahutangkeun artos, ngahutang ge tara, nanging pada nyumpahan ku unggal jalmi.

Galatia 3:13
Tapi urang mah geus leupas tina ancaman jeung panyapa eta Hukum Agama. Geus dileupaskeun ku Kristus. Nya Anjeunna anu nandangan panyapana, jadi gaganti urang. Hal eta kieu diungelkeunana dina Kitab Suci, ”Anu dihukum gantung dina tihang kai, jelema anu disapa ku Allah.”

Keluaran 34:7
Teguh kana jangji ka rebuan turunan, satia ngahampura dosa jeung kadorakaan. Parandene kitu moal teu ngahukum ka anak incu jelema-jelema anu marigawe dosa, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.”

Lukas 6:28
Kudu ngaberkahan ka nu nyumpahan, kudu mangnedakeun ka nu neungteuinganan.

Bilangan 14:18
’Kami teh PANGERAN, jembar panalar, jembar asih, satuhu, jembar hampura ka nu baroga dosa jeung ka anu sok ngalawan. Tapi nu salah mah moal teu dihukum, boh kaom bapa, boh anak incuna, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.’

Kejadian 3:17
Timbalana-Na ka lalaki, ”Maneh geus kabawakeun ku pamajikan ngadahar buah anu ku Kami dilarang. Ku sabab eta, ieu bumi baris keuna ku panyapa. Mun hayang kaala hasilna geusan dahareun maneh sacukupna, maneh saumur-umur kudu digawe tisusut-tidungdung.

Amsal 26:2
Panyapa nu salah larap moal teurak, ibarat manuk galabar-geleber teu manggih keur eunteup.

Ulangan 5:9
Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka nu karitu. Karana Kami, PANGERAN Allah maraneh, embung disaruakeun jeung naon bae. Kami tangtu nyiksa ka anu mikageuleuh ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.

Galatia 5:1
Urang geus bebas, merdeka, geus dibebaskeun ku Kristus! Sing tetep jadi jelema bebas, ulah daraek dibudakkeun deui.

Keluaran 20:5
Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kami moal aya hampura ka sakur anu ngalawan. Kami bakal nyiksa ka sakur anu mikagiruk ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.

2 Korintus 5:17
Jalma anu geus satunggal jeung Kristus, geus jadi manusa anyar, manusa heubeulna geus sirna, kari anu anyarna.

1 Yohanes 4:4
Tapi anaking, maraneh mah cangkingan Allah. Maraneh geus bisa ngelehkeun nabi-nabi palsu, sabab Roh anu aya di aranjeun leuwih punjul ti batan roh anu asal ti dunya.

2 Samuel 16:5-8
[5] Sanggeus sumping ka Bahurim, Raja Daud dipegat ti kajauhan ku Simei bin Gera, hiji ahli Saul. Simei nyumpahan[6] bari ngabaledogan ku batu ka Daud jeung pangiringna, teu tolih ka para gegeden jeung pangawal anu ngaping.[7] Nyumpahanana, ”Jor geura kabur! Si tukang maehan! Si jahat![8] Bareto maneh ngarebut karajaan Saul. Sakitu lobana ahli-ahli Saul anu dipaehan ku maneh. Ayeuna tibalik, maneh dihukum ku Allah. Karajaan maneh ayeuna ku PANGERAN diselehkeun ka Absalom, anak maneh sorangan. Sukur pisan maneh cilaka, sukur! Si tukang maehan!”

Ulangan 21:23
eta mayit ulah diantep di dinya sapeupeuting, kudu diruang poe eta keneh. Sabab mayit anu diantep dina panggantungan teh matak ngadatangkeun panyapa Allah kana tanah. Nu matak kudu terus dikubur supaya tanah anu engke rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh teh ulah nepi ka jadi najis.”

Keluaran 20:5-6
[5] Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kami moal aya hampura ka sakur anu ngalawan. Kami bakal nyiksa ka sakur anu mikagiruk ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.[6] Sabalikna bakal mikaasih ka rebuan turunan, ka sakur anu mikanyaah ka Kami sarta ngestokeun hukum-hukum Kami.

1 Samuel 17:43
Gorowok ngomong ka Daud, ”Jang naon eta iteuk teh? Na kami teh anjing?” Geus kitu tuluy nyapa ka Daud bari nyambat ka batarana,

Yehezkiel 18:20
Nu kudu paeh mah nu boga dosana. Anak moal bisa nanggung dosa bapa, bapa moal bisa nanggung dosa anak. Mana nu hade meunang ganjaran, mana nu jahat meunang siksaan tina kajahatanana.

Yeremia 31:29-30
[29] Dina mangsa eta, moal aya nu ngucapkeun babasan: ’Bapa nu ngadahar buah haseum, anak nu ngarasa linu.’[30] Sabab, saha nu ngadahar buah ngora, nya manehna nu linu huntuna. Saha anu boga dosa, nya manehna anu keuna ku balukarna.”

Keluaran 20:6
Sabalikna bakal mikaasih ka rebuan turunan, ka sakur anu mikanyaah ka Kami sarta ngestokeun hukum-hukum Kami.

Ulangan 18:10-12
[10] Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe,[11] atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh.[12] PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu. Eta sababna bangsa-bangsa itu ku Mantenna diusir, disingkahkeun ti hareupeun maraneh.

Roma 8:37-39
[37] Moal, moal bisaeun! Eta kabeh malah geus eleh, urang geus unggul ku pitulung Anjeunna anu welas asih ka urang![38] Sim kuring estu yakin, pamohalan aya anu bisa megatkeun kaasih Anjeunna ka urang: Pati, hirup, malaikat-malaikat, pangawasa-pangawasa langit lianna, ancaman jaman nu ayeuna, nu engke,[39] nu di langit, nu di bumi — cindekna sagala ciciptan moal aya anu bisa megatkeun asihna Allah ka urang, sakumaha anu geus diterapkeun ka urang ku jalan Kristus Yesus Gusti urang.

1 Petrus 5:8-9
[8] Sing caringcing taki-taki, sabab Iblis musuh aranjeun keur guar-gaur kawas singa, kukulayaban neangan leglegeun.[9] Lawan, sing teguh iman. Inget, nu sejen oge anu sakapercayaan jeung aranjeun di sakuliah dunya sarua nandangan sangsara kitu.

Kejadian 3:17-19
[17] Timbalana-Na ka lalaki, ”Maneh geus kabawakeun ku pamajikan ngadahar buah anu ku Kami dilarang. Ku sabab eta, ieu bumi baris keuna ku panyapa. Mun hayang kaala hasilna geusan dahareun maneh sacukupna, maneh saumur-umur kudu digawe tisusut-tidungdung.[18] Sabab tanah teh baris ngabijilkeun jujukutan, hama jeung bangsa cucuk, nepi ka maneh kapaksa kudu ngadaharan tutuwuhan leuweung.[19] Maneh kudu luut-leet kesang heula sangkan bumi bisa mere hasil. Kitu bae sapapanjangna, nepi ka maneh mulang deui kana taneuh, asal maneh tea. Ku sabab maneh dijieun teh tina taneuh, nya kudu balik deui ngajadi taneuh.”

Kejadian 4:10-12
[10] Dawuhan PANGERAN, ”Na maneh teh jahat-jahat teuing? Getih adi maneh sasambat ka Kami di jero taneuh, semu menta dipangmaleskeun.[11] Maneh ayeuna katulah, hamo deui bisa ngolah taneuh. Sabab taneuh geus kaserepan ku getih adi maneh. Barang adi maneh dipaehan, taneuh teh lir nyalawakkeun sungut, geusan narima adi maneh.[12] Ana maneh nyoba pulak-pelak, taneuh teh moal mere hasil. Maneh baris uprak-apruk, moal boga enggon nyiruruk.”

Kejadian 9:18-27
[18] Putra-putra Enoh anu kaluar ti kapal, nya eta: Sem, Ham jeung Yapet. (Ari Ham teh karuhun urang Kanaan.)[19] Ieu putra nu tiluan, jadi karuhun sakabeh manusa sajagat.[20] Enoh teh tukang tani. Nya anjeunna jelema anu pangmimitina melak anggur.[21] Sabada ngaleueut anggur, anjeunna mabok, seug ngalaanan anggoan terus ngagoledag di jero tenda bari purucul.[22] Ari Ham, karuhun urang Kanaan tea, ningali rama purucul kitu teh anggur wawartos ka dua saderekna.[23] Sem jeung Yapet nyandak kampuh, kampuhna dicepeng dikapungkurkeun. Geus kitu lalebet ka jero tenda, angkatna mundur, rup ramana dikampuhan bari mungkur ngalieuskeun raray, sangkan teu ningali kana kaayaan rama anu purucul.[24] Barang Enoh geus emut tur uninga kana kalakuan putra nu panganomna kitu ka anjeunna,[25] pok ngalahir, ”Si Kanaan sing katulah! Dirina baris jadi badega dulur-dulurna.[26] Puji PANGERAN Allahna Sem! Si Kanaan baris jadi badega Sem.[27] Mugia Allah nambihan berekah ka Yapet, kalayan ngalegaan panganjrekanana. Mugia turunan Yapet runtut-raut jeung turunan Sem! Si Kanaan baris jadi badega Yapet.”

1 Raja 2:32-46
[32] PANGERAN anu ngabales dosana maehan, anu dilampahkeunana kalawan Ama kami Daud teu uningaeun. Yoab geus maehan dua jelema anu henteu salah naon-naon tur leuwih hade ti batan dirina sorangan: Abner bin Ner panglima perang Israil, jeung Amasa bin Yeter panglima perang Yuda.[33] Patina eta dua panglima kudu tumerap ka Yoab saanak incu. Mugia sakur putra putu Daud anu nyalikan tahtana sing ginanjar rahmat PANGERAN sapapanjangna.”[34] Ti dinya Benaya indit ka Kemah Tepangan PANGERAN, sarta Yoab ku anjeunna dipaehan di dinya, tuluy dimakamkeun di bumina, di luar kota.[35] Ari Benaya ku Suleman diangkat jadi panglima gaganti Yoab, Sadok diangkat jadi imam gaganti Abyatar.[36] Geus kitu raja miwarang ngala Simei. Dawuhan raja ka Simei, ”Maneh kudu cicing di dieu di Yerusalem, pek nyieun imah. Ati-ati, teu meunang kaluar-luar ti kota.[37] Lamun kaluar nepi ka meuntas Walungan Kidron, tangtu dipaehan, salah maneh sorangan.”[38] ”Timbalan katampi, sumeja diestokeun,” walon Simei. Ti harita Simei matuh di Yerusalem.[39] Pareng dina hiji mangsa sanggeus meunang tilu taun, badega Simei minggat duaan, minggatna ka Akis bin Maaka raja di Gat. Sanggeus meunang laratan yen badegana maringgat ka ditu,[40] Simei nyelaan kalde, bral indit ka Raja Akis rek nyokot badegana. Geus kitu mulang deui, badegana kabawa.[41] Sanggeus eta kalakuan Simei kauninga ku Raja Suleman,[42] raja miwarang nyaur Simei, tuluy ngalahir kieu, ”Maneh ku kami geus dilarang demi PANGERAN, teu meunang kaluar ti Yerusalem. Samangsa-mangsa kaluar tangtu dipaehan. Lain maneh teh geus satuju rek ngestokeun?[43] Ku naon ingkar tina eta jangji jeung ngalanggar larangan kami?[44] Maneh nyaho sorangan kumaha kasalahan maneh ka rama kami Daud. Eta kalakuan maneh masing dihukum ku PANGERAN.[45] Muga kami dirahmat ku Mantenna, karajaan Daud masing aman santosa sapapanjangna.”[46] Ti dinya raja nimbalan ka Benaya. Gancangna Simei geus dipaehan. Karajaan Suleman beuki reugreug.

Ayub 2:9
Ku garwana diweweleh, ”Bade satuhu keneh bae ka Allah teh? Geura sumpahan Allah teh, terus pek pupus!”

Ayub 19:17
Pamajikan nepi ka mengek irung, baueun ku ambekan kuring. Dulur-dulur pet ku hinis arembungeun deukeut-deukeut acan.

Ayub 1:10
Pan ku Anjeun sakitu dipukpruk-pukprukna sakulawarga, sagala pangabogana dijaga-jaga. Sagala pagaweanana diberkahan, tur dibere ingon-ingon sakitu reana, mani matak heurin sanagara.

Ef 6:10-17
[10] Ahirna, dina ngahiji jeung Gusti teh upayakeun diri supaya kuat, tegesna supaya dikuatkeun ku kakawasaan Anjeunna.[11] Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.[12] Sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek.[13] Ku sabab kitu ayeuna keneh pake pakarang perang ti Allah, supaya ana geus datang mangsa nu jahat aranjeun tagen nadah panarajang musuh, sarta supaya sanggeus tarung nepi ka ahirna aranjeun masih gagah.[14] Sing sayaga. Gunakeun kasatiaan ka Allah minangka sabuk nu mageuhan cangkeng, jeung kaiklasan hate minangka baju kerena,[15] sarta jeung kadaek kana ngamashurkeun Injil Kasalametan anu mere kabagjaan jadi minangka sapatuna.[16] Tiap-tiap waktu gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna. Ku nyangking eta kapercayaan, aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat.[17] Tarima kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna, sarta sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna.

Matius 5:22
Ayeuna ceuk Kami, anu ngambek ka batur kudu dihukum. Nyarekan nyebut ʼSi Belegugʼ kudu dibawa ka Majelis Agama. Nyarekan nyebut ʼSi Burungʼ manjing siksa seuneu naraka.

Roma 3:23
kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun.

Roma 6:23
Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.

Kejadian 9:25
pok ngalahir, ”Si Kanaan sing katulah! Dirina baris jadi badega dulur-dulurna.

Mazmur 104:9
Gusti matok wawatesanana, anu ku eta hamo tiasa diliwatan, supados eta teh henteu ngaliputan bumi deui.

Kejadian 6:12
Dunya teh ku Allah diteuteup, tetela geus ruksak, kawantu kalakuan jelema-jelemana geus raruksak kabeh.

Kejadian 7:20
tapi masih naek keneh bae, nepi ka tujuh meter luhurna ti puncak-puncak gunung.

Kejadian 8:5-9
[5] Cai surud terus, sarta dina tanggal hiji bulan kasapuluh, puncak-puncak gunung mimiti tarembong.[6] Opat puluh poe ti harita, Enoh mukakeun jandela,[7] pur ngaleupaskeun manuk gagak. Gagak teh teu balik deui, terus bae ngalayang kukurilingan nepi ka saatna cai.[8] Sabot kitu, pur deui Enoh ngaleupaskeun japati, seja naksir cai geus orot atawa acan.[9] Tapi ku sabab bumi kakeueum keneh, eta japati teu manggih pieunteupeun. Kalayang balik deui ka kapal, ku Enoh ditewak.

Kejadian 9:11
Kieu ikrar perjangjian Kami ka maraneh: Kami jangji, moal deui-deui sakabeh mahluk anu nyawaan ku Kami dibasmi ku caah; moal aya deui caah gede anu ngaruksak jagat.

Roma 12:14
Jelema anu neungteuinganan ulah disumpahan, malah kudu dipangnedakeun ka Allah mugia sing diberkahan. Enya, kudu kitu!

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society