A A A A A

Tuhan: [Perintah]


Markus 10:19
Hidep tangtu nyaho parentah-parentah anu kieu: Ulah maehan; ulah ngaranyed; ulah maling; ulah jadi saksi bohong; ulah nipu; sing hormat ka indung bapa.”

Lukas 18:20
Anjeun terang kana timbalan-timbalan anu kieu: ʼManeh ulah jinah; maneh ulah maehan; maneh ulah maling; maneh ulah nuduh teu karana nyata; sing hormat ka bapa jeung ka indung.ʼ ”

Matius 22:34-40
[34] Barang urang Parisi meunang beja yen Yesus geus ngabungkem urang Saduki, tuluy bareng ngadatangan ka Anjeunna.[35] Nu saurang guru agama Yahudi, nyual ka Anjeunna rek ngadoja,[36] pokna, ”Guru, parentah nu mana dina Hukum Agama anu pangutamana?”[37] Waler-Na, ” ʼMasing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.ʼ[38] Ieu parentah anu pangutamana jeung pangpentingna.[39] Nu kadua sarua pentingna, nya eta: ʼMasing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.ʼ[40] Sakabeh eusi Hukum Musa jeung pangajaran nabi-nabi lianna, gumantungna ka ieu dua parentah.”

Roma 13:9
Parentah-parentah anu ungelna, ”Maneh ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah bogoh ka barang batur,” kitu deui parentah-parentah sejen salengkepna, diringkeskeun jadi hiji parentah anu ungelna, ”Maneh kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”

Matius 19:16-19
[16] Dina hiji poe aya budak ngora datang ka Yesus. ”Pa Guru,” carekna, ”lampah kumaha anu sae, anu kedah dilakonan ku abdi supados tiasa kenging hirup langgeng?”[17] Waler-Na, ”Ku naon nanyakeun mana nu hade? Nu hade mah ngan Hiji. Ari hayang bisa meunangkeun hirup mah lampahkeun bae parentah-parentah Allah.”[18] ”Parentah anu mana?” carekna deui. Waler Yesus, ”Ulah maehan, ulah ngaranyed, ulah maling, ulah jadi saksi palsu,[19] sing hormat ka indung bapa, jeung kudu nyaah ka batur cara ka diri sorangan.”

Matius 22:36-40
[36] pokna, ”Guru, parentah nu mana dina Hukum Agama anu pangutamana?”[37] Waler-Na, ” ʼMasing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.ʼ[38] Ieu parentah anu pangutamana jeung pangpentingna.[39] Nu kadua sarua pentingna, nya eta: ʼMasing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.ʼ[40] Sakabeh eusi Hukum Musa jeung pangajaran nabi-nabi lianna, gumantungna ka ieu dua parentah.”

Matius 10:17-22
[17] Sing caringcing, sabab aya nu baroga niat nangkep maraneh, nyerenkeun maraneh ka pangadilan. Maraneh bakal disiksa di imah-imah ibadah.[18] Maraneh bakal dipariksa ku nu karawasa jeung ku raja-raja, pedah anut ka Kami. Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh mere pertelaan hal Kami ka maranehna jeung ka jelema-jelema anu teu nyarahoeun ka Allah.[19] Lamun dipariksa teu kudu bingung kumaha kudu ngomong atawa kumaha kudu nyarita. Geus dina waktuna mah maraneh bakal dibere nyaho kudu ngomong naon.[20] Sabab anu cacatur engke teh saenyana lain maraneh, tapi Roh Rama maraneh. Maraneh anu ngedalkeunana.[21] Engke teh dulur bakal nyerenkeun dulurna keneh sina dipaehan, kitu keneh bapa ka anak; anak bakal ngalawan ka bapa, nyerenkeun bapana sina dipaehan.[22] Maraneh bakal dipikageuleuh ku unggal jelema lantaran anut ka Kami. Tapi sing saha anu tagen nepi ka ahir bakal disalametkeun.

Roma 13:8-14
[8] Ka saha bae oge ulah boga hutang salian ti hutang kanyaah ka pada batur. Sabab nyaah ka batur teh nedunan Hukum Musa.[9] Parentah-parentah anu ungelna, ”Maneh ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah bogoh ka barang batur,” kitu deui parentah-parentah sejen salengkepna, diringkeskeun jadi hiji parentah anu ungelna, ”Maneh kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”[10] Lamun aya rasa kanyaah ka batur, tangtu moal jahat ka batur. Ku sabab kitu, nyaah ka batur teh nedunan sakabeh parentah Hukum Agama.[11] Pek eta lalampahkeun kitu, da aranjeun ge tangtu ngarti, ayeuna teh geus waktuna kudu nyaring. Sabab kana waktu urang disalametkeun teh ayeuna mah geus leuwih deukeut ti batan bareto samemeh urang percaya.[12] Peuting geus tereh nyingkir, beurang geus tereh datang. Eureunan sagala hal anu sok dipigawe waktu poek, geura dangdan pakarang geusan nyanghareupan caang.[13] Tingkah laku masing luyu sakumaha pantesna hirup dina caangna beurang — ulah pepestaan bae, ulah mabok, ulah rucah, ulah aeb, ulah gelut, ulah dengki.[14] Cekel pakarang ti Gusti Yesus Kristus, ulah ngumbar pidosaeun ngalajur napsu.

Markus 12:28-34
[28] Aya hiji guru agama milu ngadengekeun eta sual jawab. Ceuk anggapanana waleran Yesus ka urang Saduki teh keuna pisan. Pok manehna nanya kieu, ”Dupi parentah anu pangutamana, anu mana?”[29] Waler Yesus, ”Ieu anu pangutamana: ’Darengekeun, eh Israil! Pangeran Allah urang teh Pangeran anu tunggal.[30] Masing nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, terus jeung budi akal, sarta sing sakuat-kuat.’[31] Parentah pangutamana anu kadua: ’Kudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.’ Taya deui parentah anu pangutamana salian ti ieu dua parentah.”[32] Ceuk eta guru agama ka Anjeunna, ”Sae pisan Pa Guru! Leres saur Pa Guru, Allah teh ngan Pangeran. Allah teh ngan Mantenna, teu aya deui.[33] Leres, nyaah ka Allah teh kedah terus sareng hate, terus sareng budi akal, sarta sing sakuat-kuat. Jabi ti kitu kedah nyaah ka batur sapertos ka diri sorangan. Ngajalankeun ieu dua parentah langkung utami ti batan nyanggakeun kurban ka Allah, boh kurban sato boh kurban naon bae.”[34] Jawabanana ku Yesus dianggap kacida bijaksanana, nu matak saur-Na ka manehna, ”Anjeun teu jauh ti Karajaan Allah.” Ti semet harita teu aya deui anu wani nyual ka Anjeunna.

Keluaran 34:28
Ari Musa ayana di PANGERAN teh opat puluh poe opat puluh peuting, teu tuang teu leueut. Saungeling perjangjian, nya eta Sapuluh Timbalan, ku anjeunna diseratkeun.

Ulangan 4:13
Mantenna nimbalan ka maraneh, sangkan maraneh nyekel kana perjangjian Mantenna, nya eta ngalampahkeun Sapuluh Timbalan anu ku Mantenna diseratkeun dina dua papan batu.

Ulangan 10:4
PANGERAN nyeratkeun deui timbalan-timbalan anu diserat dina papan batu anu ti heula, nya eta Sapuluh Timbalan anu diandikakeun ti jero seuneu, basa maraneh kumpul di suku eta gunung tea. Geus kitu eta papan batu teh diserenkeun ka Bapa,

Ulangan 5:7-22
[7] Maraneh ulah ngabakti ka aallahan, kudu ngabakti ka Kami.[8] Maraneh ulah nyieun sesembahan rupa naon bae ti nu aya di langit atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi.[9] Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka nu karitu. Karana Kami, PANGERAN Allah maraneh, embung disaruakeun jeung naon bae. Kami tangtu nyiksa ka anu mikageuleuh ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.[10] Sabalikna deui, Kami mikaheman nepi ka rebuan turunan, ka sakur anu nyaah ka Kami sarta ngestukeun timbalan Kami.[11] Ulah nyebut jenengan Kami dipake teu puguh, karana Kami PANGERAN Allah maraneh, moal teu nyiksa ka sakur anu sambarangan nyebut jenengan Kami.[12] Masing gumati kana poe Sabat, kudu disucikeun salalawasna sakumaha anu diparentahkeun ku Kami, PANGERAN Allah maraneh.[13] Genep poe pikeun maraneh migawe sagala pagawean,[14] ari poe nu katujuh poe reureuh, kudu dipake ngabakti ka Kami. Dina poe eta teu meunang aya anu digawe, boh maraneh, boh anak, boh badega, boh sasatoan, kitu deui sakur anu ngumbara di tanah maraneh. Badega-badega oge kudu sina reureuh sakumaha maraneh.[15] Sing aringet, maraneh oge bareto jadi badega di Mesir, nepi ka Kami PANGERAN Allah maraneh metakeun pangawasa jeung kadigjayaan anu taya bandingna, ngajait maraneh. Kitu sababna maraneh ku Kami ditimbalan ngestokeun kana poe Sabat.[16] Kudu masing hormat ka bapa jeung ka indung, sakumaha anu diparentahkeun ku Kami, PANGERAN Allah maraneh, supaya maraneh jamuga jeung panjang umur di tanah anu bakal dipaparinkeun ku Kami.[17] Maraneh ulah maehan.[18] Maraneh ulah ngaranyed.[19] Maraneh ulah maling.[20] Maraneh ulah jadi saksi palsu.[21] Maraneh ulah bogoh ka pamajikan batur, ulah mikahayang imahna, tanahna, badega-badegana, sapina, kaldena, atawa naon bae pangaboga batur.’[22] Kitu ungelna eta pikukuh-pikukuh ti PANGERAN anu ditimbalkeun ka maraneh basa maraneh karumpul di eta gunung. Kalawan gentra anu ngageleger ti jero seuneu jeung tina mega anu kandel, nya pikukuh-pikukuh ieu anu ku Mantenna diandikakeun teh, lain nu sejen. Geus kitu ieu pikukuh-pikukuh teh ku Mantenna diseratkeun dina dua papan batu, tuluy diserenkeun ka Bapa.”

Ulangan 6:21
jawab kieu, ’Urang tadina jadi badega raja Mesir, tapi ku kakawasaan PANGERAN anu araheng, urang dijait ti ditu.

Ulangan 10:1-5
[1] ”PANGERAN ngadawuh ka Bapa, ’Maneh kudu nyieun deui papan batu dua siki kawas anu ti heula, tuluy nyieun peti keur wadahna. Lamun enggeus maneh kudu ka Kami ka puncak gunung.[2] Tulisan Kami anu dina papan batu anu geus ruksak ku maneh ku Kami rek dituliskeun deui dina eta, tuluy petian ku maneh.’[3] Seug Bapa nyieun peti tina kayu akasia, jeung nyieun dua papan batu kawas anu ti heula, tuluy dibawa unggah ka gunung.[4] PANGERAN nyeratkeun deui timbalan-timbalan anu diserat dina papan batu anu ti heula, nya eta Sapuluh Timbalan anu diandikakeun ti jero seuneu, basa maraneh kumpul di suku eta gunung tea. Geus kitu eta papan batu teh diserenkeun ka Bapa,[5] tuluy Bapa turun. Eta papan batu ku Bapa diasupkeun kana peti sakumaha dipiwarangna ku PANGERAN, nya eta dina peti anu dijieun ku Bapa. Ti harita tetep disimpen di dinya.” (

Keluaran 20:1-17
[1] Ti dinya Allah nimbalan, kieu timbalana-Na,[2] ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir tempat maraneh dibudakkeun.[3] Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami.[4] Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi.[5] Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kami moal aya hampura ka sakur anu ngalawan. Kami bakal nyiksa ka sakur anu mikagiruk ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.[6] Sabalikna bakal mikaasih ka rebuan turunan, ka sakur anu mikanyaah ka Kami sarta ngestokeun hukum-hukum Kami.[7] Ulah nyebut jenengan Kami geusan teu puguh, sabab Kami, PANGERAN Allah maraneh, moal henteu nyiksa ka sakur anu nyumahkeun jenengan Kami.[8] Masing gumati kana poe Sabat, kudu disucikeun salalawasna.[9] Aya genep poe pikeun maraneh barang gawe,[10] ari poe nu katujuh eta teh poe reureuh, poe kagungan Kami. Dina poe eta ulah aya anu digawe, boh maraneh, boh anak, boh badega, boh sato, nya kitu keneh jalma asing anu ngadon hirup di nagri maraneh.[11] Di jero genep poe Kami PANGERAN ngadamel bumi, langit, laut, jeung saniskara eusina. Dina poe nu katujuh Kami reureuh. Ku sabab kitu poe Sabat diberkahan jeung disucikeun ku Kami, PANGERAN.[12] Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami.[13] Ulah maehan.[14] Ulah ngaranyed.[15] Ulah maling.[16] Ulah jadi saksi palsu.[17] Ulah mikahayang imah batur; ulah mikahayang pamajikan batur, atawa mikahayang badegana, sapina, kaldena, atawa naon bae sakur nu jadi milik batur.”

Keluaran 24:12
PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Hiap ka Kami, ka puncak. Sabot maneh di dieu ku Kami rek diserenan dua papan batu anu ditulisan ku pikukuh-pikukuh, anu kudu ditarurut ku urang Israil, beunang Kami nuliskeun.”

Keluaran 34:10-29
[10] PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Ayeuna Kami rek ngayakeun perjangjian pikeun urang Israil. Kami rek ngadamel mujijat-mujijat di hareupeun maranehna, kaahengan-kaahengan anu di mana-mana ge tacan katarenjo ku bangsa-bangsa di sakuliah jagat. Eta jelema-jelema teh rek dibere nenjo mujijat-mujijat anu araheng dadamelan Kami, PANGERAN, sabab Kami rek ngayakeun perkara-perkara anu pikahelokeun kabina-bina.[11] Estokeun pikukuh-pikukuh ti Kami, anu poe ieu rek diserenkeun ka maneh. Dina waktu maneh geus prung ngarurug ka ditu, Kami rek nyingkahkeun urang Emor, urang Kanaan, urang Het, urang Pares, urang Hiwi, jeung urang Yebus.[12] Poma, ulah ngayakeun perjangjian naon-naon jeung pribumi eta tanah anu bakal diasupan ku maneh, bisi jadi pangjiret anu nyilakakeun.[13] Anggur bongkaran altar-altarna, burak-barik pilar-pilar brahalana, kitu deui lambang-lambang Dewi Asera, tuaran.[14] Pacuan ngabakti ka aallahan batur anu mana bae. Sabab Kami PANGERAN, moal nyabaran ka nu nandingan.[15] Anu matak teu meunang nyieun perjangjian jeung bangsa-bangsa eta nagara teh, bisi diondang diajak ngabakti jeung ngurban ka brahala-brahalana, bisi kagoda milu ngadahar kurban anu disuguhkeun ka aallahan-aallahanana.[16] Jeung supaya anak maraneh ulah nepi ka baroga pamajikan ka awewe eta bangsa, heug engke kabawa nyembah ka brahalana, murtad ti Kami.[17] Ulah nyitak aallahan, ulah nyembah ka nu kitu.[18] Kudu nekanan Pesta Roti Teu Make Ragi sakumaha timbalan Kami tea. Dina eta pesta maraneh kudu dalahar roti anu teu make ragi, tujuh poe lilana. Ari waktuna nya eta dina bulan Abib, sabab dina bulan Abib maraneh budal ti Mesir.[19] Sakabeh cikal lalaki jeung cikal jalu sato piaraan, kagungan Kami.[20] Tapi cikal kalde mah kudu ditebus, diganti ku anak domba dikurbankeun. Lamun teu ditebus kudu ditekuk. Anak cikal anu lalaki kabeh kudu ditebus. Jeung ari ngadareuheus ka Kami teu meunang lengoh, kudu mere pangabakti.[21] Pikeun barang gawe, maraneh boga waktu genep poe. Dina poe nu katujuh, sanajan keur usum ngawuluku atawa usum dibuat, teu meunang digarawe.[22] Kudu nekanan Pesta Panen, waktuna dina ngamimitian panen gandum. Kudu nekanan Pesta Saung, waktuna dina usum mupu bubuahan.[23] Tilu kali dina sataun sakabeh lalaki kudu daratang ngabakti ka Kami, PANGERAN, Allah Israil.[24] Sanggeus Kami nyingkahkeun bangsa-bangsa tea engke, jeung geus ngalegakeun wewengkon tanah maraneh, sapanjang maraneh keur nekanan eta pesta anu tilu rupa, moal aya musuh anu wanieun ngarurug ka nagara maraneh.[25] Waktu ngurbankeun sato ka Kami, ulah nyuguhkeun roti anu make ragi. Sato peuncitan anu dikurbankeun dina Pesta Paska, dagingna teu meunang disesakeun nepi ka isukna.[26] Unggal-unggal taun, ka gedong panglinggihan Kami kudu marawa hasil panen gandum anu diala pangheulana. Ngulub daging anak domba atawa anak embe, teu meunang ku cisusu indungna.”[27] PANGERAN nimbalan deui ka Musa, ”Tuliskeun eta timbalan-timbalan anu bieu teh, sabab eta timbalan-timbalan teh jadi dasar perjangjian anu ku Kami rek dipidamel ka maneh jeung ka urang Israil.”[28] Ari Musa ayana di PANGERAN teh opat puluh poe opat puluh peuting, teu tuang teu leueut. Saungeling perjangjian, nya eta Sapuluh Timbalan, ku anjeunna diseratkeun.[29] Geus kitu Musa lungsur ti Gunung Sinai nyandak papan batu Sapuluh Timbalan tea. Jeung ku sabab geus sasauran jeung Allah, rarayna mani moncorong. Tapi anjeunna mah henteu ngaraoseun.

Ulangan 6:4-9
[4] Kanyahokeun eh urang Israil! Nya PANGERAN, ngan PANGERAN, anu jadi Allah urang teh.[5] Masing nyaah ka PANGERAN Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta sing sakuat-kuat.[6] Sakur anu diwurukkeun ku Bapa poe ieu ulah dipopohokeun.[7] Ajarkeun ka anak. Ucapkeun tong weleh, keur di imah, keur di mana-mana, keur ngaso, keur digawe.[8] Cangreudkeun dina leungeun, sangsangkeun dina tarang, supaya terus inget.[9] Tuliskeun dina tihang panto jeung di gapura-gapura.”

Keluaran 20:2-17
[2] ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir tempat maraneh dibudakkeun.[3] Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami.[4] Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi.[5] Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kami moal aya hampura ka sakur anu ngalawan. Kami bakal nyiksa ka sakur anu mikagiruk ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.[6] Sabalikna bakal mikaasih ka rebuan turunan, ka sakur anu mikanyaah ka Kami sarta ngestokeun hukum-hukum Kami.[7] Ulah nyebut jenengan Kami geusan teu puguh, sabab Kami, PANGERAN Allah maraneh, moal henteu nyiksa ka sakur anu nyumahkeun jenengan Kami.[8] Masing gumati kana poe Sabat, kudu disucikeun salalawasna.[9] Aya genep poe pikeun maraneh barang gawe,[10] ari poe nu katujuh eta teh poe reureuh, poe kagungan Kami. Dina poe eta ulah aya anu digawe, boh maraneh, boh anak, boh badega, boh sato, nya kitu keneh jalma asing anu ngadon hirup di nagri maraneh.[11] Di jero genep poe Kami PANGERAN ngadamel bumi, langit, laut, jeung saniskara eusina. Dina poe nu katujuh Kami reureuh. Ku sabab kitu poe Sabat diberkahan jeung disucikeun ku Kami, PANGERAN.[12] Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami.[13] Ulah maehan.[14] Ulah ngaranyed.[15] Ulah maling.[16] Ulah jadi saksi palsu.[17] Ulah mikahayang imah batur; ulah mikahayang pamajikan batur, atawa mikahayang badegana, sapina, kaldena, atawa naon bae sakur nu jadi milik batur.”

Keluaran 31:18
Sanggeus ngadawuh ka Musa di Gunung Sinai, Allah ka Musa maparinkeun dua papan batu tea, anu dieusi ku papakon-papakon kenging nyeratkeun Allah ku manten.

Yohanes 14:15
”Upama maraneh nyaraah ka Kami geus tangtu narurut kana parentah-parentah Kami.

Matius 19:18
”Parentah anu mana?” carekna deui. Waler Yesus, ”Ulah maehan, ulah ngaranyed, ulah maling, ulah jadi saksi palsu,

Yohanes 15:10
Lamun narurut kana parentah Kami tangtu tetep ku Kami dipikanyaah, sakumaha Kami tetep dipikaasih ku Rama lantaran nurut kana timbalana-Na.

Matius 5:17
”Ulah nyangka yen Kami datang teh rek ngeuweuhkeun Hukum Musa jeung pangajaran nabi-nabi. Pang Kami datang teh malah rek ngalaksanakeun eta, jeung rek nuduhkeun hartina nu saenyana.

Keluaran 32:15
Musa lungsur ti gunung, nyandak dua papan batu anu dua beulahanana bulak-balik geus ditulisan papakon-papakon.

Yohanes 15:12-17
[12] Kieu parentah Kami teh: Maraneh sing silih pikanyaah, saperti Kami nyaah ka maraneh.[13] Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.[14] Maraneh teh sobat-sobat Kami lamun ngalakonan ieu parentah Kami.[15] Maraneh ku Kami moal disebut deui abdi-abdi, sabab nu jadi abdi mah henteu nyahoeun ka anu keur dipigawe ku dununganana. Sabalikna, maraneh ku Kami disebut sobat, lantaran geus dibarere nyaho sagala perkara anu ku Rama didawuhkeun ka Kami.[16] Lain maraneh anu marilih Kami, Kami anu milih maraneh, sangkan maraneh lalumaku hirup leubeut ku buah kanyaah, buah-buah anu awet jeung tahan. Masih maraneh rek nyuhunkeun naon bae anu disuhunkeunana nyebut ngaran Kami, ku Rama tan wande dikabul.[17] Kitu sababna nu matak parentah Kami teh: Sing silih pikanyaah.”

Keluaran 32:16
Anu ngadamel eta papan batu jeung anu ngukur papakon-papakonna PANGERAN ku manten.

Keluaran 34:27
PANGERAN nimbalan deui ka Musa, ”Tuliskeun eta timbalan-timbalan anu bieu teh, sabab eta timbalan-timbalan teh jadi dasar perjangjian anu ku Kami rek dipidamel ka maneh jeung ka urang Israil.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society