A A A A A

Tuhan: [Virus / Penyakit]


Yesaya 26:20
Eh umat, arasup heula maraneh ka jero imah, panto tulakan. Nyarumput heula sakeudeung, bari ngadago lelerna bendu Allah.

Yeremia 25:32-33
[32] Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, hiji bahla jeung angin ribut anu ngahiji ti saban tungtung jagat, bakal mapay narajang ka bangsa-bangsa.[33] Dina poe eta, bangke-bangke jalma anu dibasmi ku PANGERAN nyebar ti tungtung bumi nepi ka tungtungna deui. Moal aya anu nyeungceurikan, moal aya nu ngumpulkeun sumawonna nu ngaruang, diantep patutumpuk jadi gemuk taneuh.

2 Tawarikh 7:13-14
[13] Lamun Kami teu nurunkeun hujan, atawa ngadatangkeun hama simeut ngaruksak pepelakan, atawa ngadatangkeun pagebug ka umat Kami,[14] upama maranehna sasambat ka Kami sarta tarobat tina lampah dorakana, ku Kami tangtu didangu ti sawarga, dosana dihampura, tanahna disina cukul deui.

Wahyu 6:3-8
[3] Anak Domba muka segel anu kadua. Mahluk hirup anu kadua ngucap, ”Hiap!”[4] Kaula nenjo hiji kuda beureum. Nu tumpakna diserenan pedang gede jeung dibere kawasa ngayakeun peperangan di bumi supaya manusa silih paehan.[5] Anak Domba muka segel nu katilu. Mahluk hirup nu katilu ngucap, ”Hiap!” Kaula nenjo hiji kuda hideung. Nu tumpakna nyekel taraju sapasang.[6] Ti lebah mahluk hirup anu opat tea bijil soara, pokna, ”Gandum saliter keur upah sapoe, hanjeli tilu liter keur upah sapoe. Tapi tangkal jetun jeung kebon anggur ulah diruksak!”[7] Anak Domba muka segel nu kaopat. Mahluk hirup nu katilu ngucap, ”Hiap!”[8] Kaula nenjo hiji kuda warna pias. Anu tumpakna dingaranan Paeh, dibarengan ku Alam Paeh anu nuturkeun deukeut pisan ti tukangeunana; duanana diserenan kawasa pikeun maehan manusa saparapat dunya ku perang, ku kalaparan, ku pagebug jeung ku sato-sato galak.

1 Samuel 5:6
Urang Asdod ku PANGERAN dihukum jeung diguyurkeun. Urang dinya jeung sakurilingeunana digebug ku kasakit bungkul.

2 Korintus 4:7
Sim kuring sabatur-batur anu jadi wadah eta harta ti sawarga ngan saibarat pot taneuh, ari kawasa nu maha agung mah Allah nu nyangking, lain sim kuring.

Keluaran 20:3
Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami.

Yakobus 4:10
Rendahkeun diri di payuneun Pangeran, tan wande ku Mantenna dicengkatkeun.

Matius 6:24
”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.

Filipi 4:6
Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.

Mazmur 103:2-3
[2] Mulyakeun PANGERAN, he nyawa, jeung ulah poho, kumaha saena Mantenna.[3] Mantenna ngahampura sakabeh dosa kaula, nyageurkeun sagala panyakit kaula.

Bilangan 11:31-33
[31] Gelebug aya angin ti PANGERAN, mawa manuk puyuh ti laut, haliberna harandap pisan, teu sameter-meter acan tina taneuh, tuluy tarurun ka pasanggrahan, nakleuk sakuriling bungking nepi ka sababaraha kilometer jauhna.[32] Sapoe eta nepi ka sapeupeuting, nepi ka isukna deui jelema-jelema narewakan puyuh. Beubeunangan saurangna paling saeutik sarebu kilogram. Dagingna diparoe sakuriling pasanggrahan.[33] Tacan beak eta daging didalahar, PANGERAN bendu, seug narajangkeun pagebug ngabasmi ka maranehna.

Keluaran 9:8-11
[8] Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa jeung Harun, ”Maraneh kudu ngarawu lebu sacanggeum ti pameuleuman. Awurkeun ku Musa ka awang-awang hareupeun raja.[9] Eta lebu bakal terus nyebar ka sakuliah tanah Mesir, di mana-mana bakal nyebarkeun kasakit bisul sarta barucat, tumerap ka jelema jeung ka sasatoan.”[10] Prak aranjeunna ngarawu lebu terus dicandak ka raja, tuluy ku Musa diawurkeun ka awang-awang. Jalma-jalma jeung sasatoan katerap ku kasakit bisul saluar awak, barucat.[11] Tukang-tukang sihir teu karuateun nagenan Musa, sabab maranehna oge katerap ku eta kasakit, teu beda ti urang Mesir sejenna.

Yakobus 1:2-6
[2] Dulur-dulur, upama aranjeun meunang rupa-rupa gogoda, anggap eta saperti meunang rahmat bae,[3] sabab aranjeun tarerang, yen lamun aranjeun tetep palercaya ka Gusti dina sajeroning nandangan cocoba, aranjeun bakal leuwih tabah sarta mantep dina iman.[4] Sing tetep mantepna, ulah boboleh teu payaan, supaya jadi jelema pasagi dina sagala hal taya kakuranganana.[5] Tapi lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan, da Allah mah sipat murah jeung welas asih.[6] Ngan nyuhunkeunana kudu jeung percaya, ulah mangmang. Sabab anu mangmang mah saibarat ombak laut beunang disurung diombang-ambing ku angin.

Wahyu 9:15-19
[15] Seug eta opat malaikat teh dileupaskeun. Eta opat malaikat geus dicalonkeun pikeun maehan sapertilu umat manusa. Jamna, poena, bulanna jeung taunna geus ditangtukeun.[16] Tuluy kaula dibejaan yen aya balad pasukan kuda lobana dua ratus juta urang.[17] Dina ieu tetenjoan kaula nenjo eta pasukan tarumpak kuda, dibaraju kere warnana beureum ngagebur, biru langit kawas warna batu nilem, jeung koneng walirang. Ari kudana huluna siga hulu singa, bangusna nyebrotkeun seuneu, haseup, jeung walirang.[18] Sapertilu umat manusa paraeh ku seuneu, ku haseup, jeung ku walirang, tilu rupa balahi anu nyebrot tina bangus-bangus kuda tea.[19] Kasaktian eta kuda-kuda teh dina bangusna, jeung dina buntutna. Bangun buntutna kawas oray jeung haruluan, dipake nyiksa manusa.

Markus 13:32-37
[32] ”Tapi iraha poena, iraha jamna, jelema taya nu nyaho, para malaikat henteu, Putra Manusa ge henteu. Ngan Rama anu uninga.[33] Ku sabab maraneh teu nyaho piwaktueunana, sing waspada, sing peryatna.[34] Piwaktueunana teh ibarat kieu: Aya hiji jelema indit nyaba, lunta ti imahna. Memeh indit metakeun heula bujang-bujangna kana pagaweanana masing-masing, kitu deui tukang jaga panto diparentah supaya ulah kendat-kendat ngajaga.[35] Maraneh moal nyaho iraha pibalikeunana eta dunungan, boa pabuburit, boa tengah peuting, boa subuh, boa isuk-isuk, anu matak kudu tetep caringcing.[36] Lamun eta juragan ujug-ujug datang, maraneh ulah kasampak keur harees.[37] Ku sabab kitu Kami ngingetan ka maraneh teh keur sarerea: Sing caringcing!”

Mazmur 91:2-14
[2] bisa unjukan ka Mantenna, ”Gusti teh benteng panyalindungan abdi, Allah pangharepan abdi.”[3] Mantenna baris ngajaga anjeun tina bahya nu teu tembong, tina panyakit anu mateni.[4] Mantenna baris mindingan anjeun ku jangjang-Na, anjeun baris aman dina pangraksa-Na, baris dijaga jeung ditangtayungan ku kasatiaana-Na.[5] Ti peuting teu kudu mingsir sieun balahi, ti beurang teu kudu rempan ku bahaya ngadadak.[6] Teu kudu risi ku panyakit nu datangna waktu poek, teu kudu rentag ku ajal anu narajang waktu caang beurang.[7] Najan sarebu anu rebah di gigireun, sapuluh rebu di sakurilingeun, anjeun mah moal kieu-kieu.[8] Ku anjeun bakal katingal, kumaha siksaanana jelema jahat.[9] Sabab nya PANGERAN nu ku anjeun dijieun panyalindungan, nya Nu Maha Agung nu ku anjeun dipake panyaluuhan.[10] Anu matak, bahya moal aya anu datang, kaniaya moal aya nu nyampeurkeun ka eusi imah anjeun.[11] Allah baris nempatkeun malaikat-malaikat-Na, ngajaga anjeun sanajan aya di mana.[12] Ku eta anjeun teh ditaranggeuy, sangkan suku anjeun teu ngagasruk kana batu.[13] Singa galak jeung oray matih ge ku anjeun baris bisa ditincakan.[14] Allah ngandika, ”Jalma nu nyaah ka Kami tangtu ku Kami disina salamet. Anu ngaku yen Kami teh PANGERAN tangtu ku Kami ditangtayungan.

Lukas 21:5-38
[5] Murid-murid Yesus sawareh keur ngaromongkeun eta Bait Allah anu sakitu endahna, dipapaes ku batu-batu perhiasan jeung barang-barang pangbakti ka Allah anu kacida aralusna. Yesus ngalahir,[6] ”Eta kabeh, anu ayeuna katarenjo ku maraneh, engke mah aya mangsana diruntuhkeun, nepi ka batu-batuna moal aya anu angger nyusun, kabeh bakal diburubutkeun kana taneuh.”[7] Murid-murid naranyakeun, ”Iraha bakal kajadianana, Pa Guru? Sareng upami mangsana parantos dongkap bakal aya kajadian naon?”[8] Waler Yesus, ”Maraneh masing waspada, ulah beunang kasasabkeun. Loba jelema anu engke bakal make ngaran Kami, ngaku-ngaku, ʼIeu Kami, Anjeunna tea!ʼ jeung ʼNya ayeuna waktuna!ʼ Ulah digugu.[9] Lamun maraneh ngadarenge peperangan jeung huru-hara, ulah reuwas-reuwas. Eta kabeh pasti bakal kajadian samemeh eta waktu datang, tapi eta lain tanda yen geus tereh panungtungan.”[10] Saur-Na deui, ”Bakal aya jaman, bangsa ieu merangan bangsa itu, nagara ieu merangan nagara itu.[11] Bakal sering aya lini kacida galedena, bahla kalaparan, jeung pagebug di mana-mana, di langit bakal tembong galagat-galagat aneh jeung pikasieuneun.[12] Tapi memeh eta kajadian, maraneh bakal ditangkep jeung dikaniaya, dipariksa di imah-imah ibadah terus dipanjara, dijagragkeun ka raja-raja jeung ka para pangereh ku karana Kami.[13] Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh pikeun nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah.[14] Tekadkeun dina hate ti samemehna, yen maraneh moal rek salempang ku piomongeun pikeun ngabela diri,[15] sabab ku Kami bakal dibere piomongeun supaya maraneh perceka jeung bijaksana, nepi ka omongan maraneh moal aya anu bisa ngalawan atawa ngabantah.[16] Maraneh bakal diserenkeun ku kolot sorangan, ku dulur sorangan, ku baraya sorangan, ku babaturan sorangan, malah maraneh sawareh bakal diparaehan.[17] Maraneh bakal pada mikageuleuh ku karana Kami.[18] Tapi maraneh najan buuk salambar oge moal aya nu murag.[19] Lamun maraneh tabah tangtu baris rahayu.”[20] ”Lamun maraneh nenjo Yerusalem dikepung ku musuh, maraneh kudu nyaraho eta kota geus tereh rugrug.[21] Jelema-jelema nu araya di Yudea kudu kalabur ka pasir-pasir, nu araya di jero kota kudu kalaluar ti kota, nu araya di pasisian ulah arasup ka kota.[22] Sabab eta teh galagat datangna ʼPoe-poe Hukumanʼ, ngalaksanakeun sakur anu geus kaungel dina Kitab Suci.[23] Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna! Ieu tanah bakal katarajang ku kasukeran anu kacida bangetna, jelema-jelemana bakal nandangan hukuman ti Allah.[24] Aya anu diparaehan ku pedang, aya anu diboyong sarta dipanjara di nagri-nagri sejen. Yerusalem bakal diidek-idek ku jelema-jelema anu anutna lain ka Allah, nepi ka waktu pikeun maranehna anu ditangtukeun ku Pangeran beak.”[25] ”Bakal tembong galagat-galagat aneh dina panonpoe, dina bulan, jeung dina bentang-bentang. Bangsa-bangsa di satonggong bumi pinuh ku kasieun jeung samar polah ku kaayaan laut anu ngamuk tingjalegur jeung caina naek.[26] Jelema-jelema kalabur pangacianana awahing ku sieun ku anu bakal tumiba ka ieu bumi, sabab kakuatan-kakuatan langit genjlong, jalanna nyarimpang.[27] Geus kitu breh Putra Manusa tembong, sumping dina mega, kacida kawasa-Na, kacida mulya-Na.[28] Lamun hal-hal eta geus mimiti kajadian, ajegkeun awak, tanggahkeun sirah, sabab maraneh geus tereh disalametkeun.”[29] Geus kitu Anjeunna nyarioskeun ieu misil: ”Tenget-tenget tangkal kondang atawa tatangkalan lianna.[30] Lamun geus mimiti sarirungan, eta ciciren geus deukeut usum panas.[31] Kitu keneh lamun maraneh geus narenjo kajadian-kajadian tea, eta ciciren yen Karajaan Allah geus tereh ngadeg.[32] Maraneh perlu nyaraho, ieu sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu ayeuna harirup paraeh kabeh.[33] Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal datang ka musna.”[34] ”Jaga diri! Ulah beuki teuing pepestaan jeung nginum-nginum atawa mikiran teuing kipayah, bisi ujug-ujug kagubed ku eta Poe,[35] anu lir pangringkus. Sabab eta Poe teh bakal narajang ka sakumna manusa di sakuliah bumi.[36] Kudu sayaga jeung ulah tinggal ti neneda, malar kuat nandangan kajadian-kajadianana, malar lulus nepi ka bisa ngadeuheus ka payuneun Putra Manusa.”[37] Yesus ngawulangna di Bait Allah teh saban pabeubeurang. Ari geus burit Anjeunna kaluar sarta ngawengi di Gunung Jetun.[38] Unggal isuk jelema-jelema karumpul deui di Bait Allah rek ngadarengekeun piwulang-Na.

Matius 24:1-35
[1] Waktu Yesus angkat ngantunkeun Bait Allah, murid-murid-Na nyalampeurkeun, terus nunjuk ka eta Bait supaya Anjeunna ningali adegan-adeganana.[2] ”Enya, eta kabeh ayeuna ku maraneh katenjo,” saur Yesus. ”Kami ngabejaan, engke mah sahiji ge batuna moal aya anu tetep nyusun dina tempatna ayeuna, bakal dirugrugkeun.”[3] Yesus ngareureuh di Gunung Jetun. Murid-murid nyalampeurkeun teu jeung sasaha deui. Tuluy miunjuk, ”Mugi diwartoskeun, anu tadi disaurkeun teh iraha pijadieunana? Kitu deui perkawis pisumpingeun Bapa engke sareng ahir jaman, kumaha galagatna?”[4] Waler Yesus, ”Maraneh sing iyatna ulah beunang kaperdaya.[5] Sabab engke bakal loba anu ngaku-ngaku, ʼKami Kristus, Jurusalamet!ʼ Loba nu bakal katipu.[6] Maraneh bakal ngadenge dur-derna perang di nu deukeut, ngadenge beja-beja perang di nu jarauh, tapi ulah sarieun. Pasti eta teh baris kajadian, tapi lain hartina geus kiamat.[7] Bangsa-bangsa silih perangan, nagara-nagara silih tarajang. Bala kalaparan jeung lini di mana-mana.[8] Eta kabeh kajadian kakarek ngamimitianana ibarat mimiti nyalingitna kanyeri anu rek ngajuru.[9] Geus kitu maraneh bakal ditangkep, diserenkeun sangkan disiksa, dipaehan. Bakal dipikageuleuh ku unggal jelema dumeh anut ka Kami.[10] Jaman eta bakal loba anu murtad, silih hianat, silih pikageuleuh.[11] Nabi-nabi palsu barijil, loba anu bakal kasasarkeun.[12] Ku nerekab-nerekabna kajahatan, jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna.[13] Tapi sing saha anu tabah nepi ka panungtungan bakal dirahayukeun.[14] Geus kitu ieu Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat.”[15] ”Maraneh bakal nenjo ʼSi Pikasieuneunʼ anu baheula diucapkeun ku Nabi Daniel tea ngajega di tempat suci.” (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartoseunana!)[16] ”Lamun eta mangsa enggeus datang, nu araya di Yudea kudu lalumpat ka pagunungan.[17] Nu keur aya di suhunan imah ulah nyokot nanaon heula ti jero imah.[18] Nu keur aya di tegal ulah balik heula nyokot jubah.[19] Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna![20] Kudu neneda ka Allah, muga-muga waktu maraneh kabur teh ulah ninggang dina usum hujan atawa keur poe Sabat![21] Sabab eta mangsa cilaka teh ngabalangsakkeunana leuwih-leuwih ti jaman nu enggeus-enggeus ti barang dunya gumelar nepi ka ayeuna, tur moal aya deui anu saperti kitu.[22] Tapi eta mangsa teh ku Allah disinggetkeun waktuna. Sabab lamun henteu, saurang ge moal aya nu salamet. Allah nyinggetkeun eta mangsa teh lantaran ngaraskeun ka umat pilihana-Na.[23] Lamun harita aya anu nyebut, ʼTah ieu Kristus!ʼ atawa, ʼTuh itu Kristus!ʼ ulah percaya.[24] Sabab bakal loba Kristus palsu jeung nabi-nabi palsu; maranehna bakal nyarieun kaahengan jeung kaajaiban pikeun nipu, lamun bisa mah ka umat pilihan Allah oge.[25] Maraneh ku Kami geus dibejaan ti ayeuna, supaya iyatna.[26] Atawa lamun aya nu ngomong, ʼTuh! Di ditu Kristus teh di gurun keusik!ʼ — maraneh ulah ka ditu. Atawa lamun ceuk maranehna, ʼTah, ieu di dieu Kristus teh keur nyumput!ʼ — ulah percaya.[27] Putra Manusa mah pisumpingeuna-Na lir kilat meuntasan langit ngabaranyay ti wetan ka kulon.[28] Di mana aya bangke, manuk bangke ngarubung di dinya.”[29] ”Moal lila ti sabada kabalangsakan mangsa eta, panonpoe bakal poek, bulan henteu cahayaan, bentang-bentang ragragan ti langit, kakuatan-kakuatan langit malengpar tina jalanna.[30] Geus kitu tembong di langit tanda Putra Manusa. Barang narenjo Putra Manusa sumping nitih mega di langit tur kawasa jeung kacida agungna, jelema-jelema bakal ear sasambat.[31] Tarompet gede bakal disadakeun, sarta Putra Manusa bakal ngutus para malaikat-Na ka opat madhab bumi, ngumpulkeun umat pilihan Anjeunna ti sakuliah jagat, ti tungtung nepi ka tungtung.”[32] ”Tenjo tangkal kondang, aya papatahna. Lamun regang-regangna geus ngahejoan, ngaleuleusan jeung sarirungan, eta tandana geus tereh usum panas.[33] Nya kitu, lamun hal-hal anu bieu disebut geus kajadian, eta tandana yen geus tereh panungtungan, geus mimiti ahir jaman.[34] Inget, eta sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu harirup ayeuna paraeh kabeh.[35] Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal musna.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society