A A A A A

Tuhan: [Cinta tanpa syarat]


1 Yohanes 4:16-18
[16] Bapa mah nya nyaho nya percaya Allah mikaasih ka urang teh. Allah teh sipat asih. Jadi sing saha anu nyaahan, hirupna ngahiji jeung Allah, Allah oge ngahiji dina hirupna.[17] Sipat asih anu aya di diri urang bakal jadi sampurna, nepi ka urang engke teger ngadeuheus dina Poe Hukuman. Jeung tangtu urang mah teger, lantaran hirup urang di ieu dunya geus nulad ka Kristus.[18] Moal aya kasieun ari kaancikan ku asih mah. Sabab asih anu sampurna teh ngusir sagala rasa kasieun. Anu boga keneh rasa kasieun tandaning sipat asihna tacan sampurna, jadi masih bakal keuna ku hukuman.

1 Petrus 4:8
Pangpangna pisan kudu enya-enya silih pikanyaah, sabab ku silih pikanyaah mah bisa silih hampura.

Kolose 3:14
Seug ieu sipat-sipat teh tambahan deuih ku kanyaah, sabab kanyaah teh tali anu meungkeut sagala rupa jadi hiji beungkeutan anu sampurna.

Ef 2:8
Aranjeun oge pang salamet teh ku karana sih kurnia Allah lantaran percaya ka Yesus, nugraha ti Allah, lain beunang ihtiar sorangan. Moal aya jelema anu salamet ku ihtiarna sorangan, jadi ulah nyombong ku hal eta.

Ef 5:25
Salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Kristus mikaasih ka gareja nepi ka ngurbankeun nyawa-Na pikeun gareja.

Yeremia 31:3
ti nu jauh ge Kami nembongan ka maranehna. Eh urang Israil, salawasna ge Kami nyaah ka maraneh teh, nu matak ngan deudeuh bae.

Yohanes 3:16
Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.

1 Korintus 13:7
tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna.

1 Korintus 13:13
Tinggal tilu rupa anu bakal tetep aya nya eta iman, pangharepan, jeung kanyaahan. Anu pangutamana ti ieu anu tilu nya eta kanyaahan.

1 Yohanes 3:1
Coba lenyepkeun, kumaha asihna Rama ka urang! Kacida mikaasihna teh, nepi ka urang disebat putra-putra-Na, putra-putra Allah. Kaayaan urang kieu teh dunya mah teu nyahoeun, da teu wawuheun ka Allah.

1 Yohanes 3:16
Urang terang naon ari kanyaahan, lantaran geus aya anu ngabuktikeun, nya eta: Kristus geus ngorbankeun nyawa-Na, pupus nalangan urang. Hirup urang oge kudu dipake ngabelaan dulur-dulur!

1 Yohanes 4:8
Anu henteu boga sipat asih teu terang ka Allah, sabab Allah teh sipat asih.

Yohanes 14:21
Sing saha anu narima jeung ngalampahkeun parentah-parentah Kami, eta tandaning nyaah ka Kami. Sing saha anu nyaah ka Kami, bakal dipikaasih ku Rama; Kami oge tangtu bakal mikaasih jeung bakal nganyatakeun diri ka manehna.”

Yohanes 15:12-13
[12] Kieu parentah Kami teh: Maraneh sing silih pikanyaah, saperti Kami nyaah ka maraneh.[13] Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.

Lukas ৬:২৭
”Ka maraneh, anu ayeuna ngadarengekeun piwuruk Kami, Kami meupeujeuhan: Kudu nyaah ka musuh, kudu nyieun kahadean ka nu mikageuleuh.

Amsal ১০:১২
Kaceuceub teh ngahudang picekcokeun, ari kanyaah mah hampuraan kana sagala kasalahan.

Amsal ১৭:১৭
Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?

Roma ৩:২৩
kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun.

Roma 5:5-8
[5] Eta pangharepan moal matak kaduhung, sabab hate urang geus dieusian ku rasa asih Allah, nya eta Roh Suci, kurnia Allah ka urang.[6] Sajeroning urang keur teu bisa walakaya keneh, dina waktu anu geus ditangtukeun ku Allah, Yesus pupus jadi gaganti urang, jelema anu doraka.[7] Jelema mah beurat kudu maot pikeun nu adil oge, kajaba sugan pikeun jelema anu kacida hadena.[8] Tapi Allah mah geus nembongkeun asih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.

Roma ৮:৩৫
Jadi, saha anu bisa megatkeun asihna Kristus ka urang? Naha kabalangsakan, atawa panganiayaan, atawa kalaparan, atawa kamalaratan, atawa bahya, atawa maot, bisaeun megatkeun?

Roma 12:9-10
[9] Tembongkeun kanyaah reujeung iklas. Musuhan kagorengan, genggem naon anu hade.[10] Sing silih raketan, silih pidulur, jeung silih ajenan.

Titus 3:4-5
[4] Geus kitu datang kasaean jeung asihing Allah Jurusalamet urang,[5] urang teh dijait disalametkeun. Tapi disalametkeun ge lain ku sabab urang geus migawe anu hade, tapi ngan ku perbawa sih piwelas-Na, anu dilaksanakeunana ku Roh Suci. Rereged diri urang teh ku Roh Suci dikumbah beresih, nepi ka hirup urang jadi anyar.

1 Yohanes ৪:৯-১০
[৯] Allah geus ngabuktikeun sipat asih-Na, ku ngutus Putra tunggal-Na ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang meunangkeun hirup.[১০] Sipat asih-Na teh buktina lain urang anu nyaah ka Mantenna, tapi Mantenna anu asih ka urang, nepi ka ngutus Putra-Na, sabab ngan ku jalan kitu Mantenna iasa ngahapunten dosa urang.

Yohanes 13:34-35
[34] Ayeuna maraneh ku Kami dibere hiji parentah anyar, nya eta: Masing silih pikanyaah. Sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah sabatur-batur.[35] Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.”

1 Korintus ১৩:৪-৭
[৪] Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.[৫] Sipatna kanyaah teh tara goreng tata, tara mentingkeun maneh, tara ngajengkelkeun batur, tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur.[৬] Sipatna kanyaah teh teu resepeun kana hal nu jahat, resepeunana kana hal anu bener,[৭] tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna.

Matius 5:43-48
[43] ”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼKudu nyaah ka pada batur. Musuh kudu dipikageuleuh.ʼ[44] Ayeuna ceuk Kami, ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun,[45] supaya maraneh diangken putra ku Rama nu di sawarga. Mantenna mah ka nu jahat, ka nu bageur, ka nu bener, ka nu teu bener, sarua bae maparin hujan maparin panas.[46] Ari nyaah ngan ka nu mikanyaah bae mah atuh lampah maraneh teh naon anu pantes dibales ku Pangeran? Nyaah ka nu nyaaheun mah tukang mulung pajeg oge osok.[47] Daek someah ka babaturan wungkul mah naon luar biasana? Nu teu nyarahoeun ka Allah ge semet kitu mah geus biasa.[48] Maraneh mah kudu sing sampurna, sakumaha Rama maraneh nu di sawarga sampurna.”

1 Korintus 1:1-13
[1] Surat sim kuring Paulus, anu geus disaur ku pangersa Allah, dijadikeun rasulna Kristus Yesus.[2] Kahatur jamaah Allah di Korinta, ka sakur anu geus disaur dijadikeun umat suci Allah, geus jadi kagungana-Na ku jalan ngahiji jeung Kristus Yesus, babarengan jeung anu di mana-mana anu nyarembah ka Kristus Yesus Gusti urang, Gusti maranehanana oge.[3] Sim kuring, jeung oge Sostenes, ngadoakeun mugia Allah Rama urang, jeung Gusti Yesus Kristus maparin rahmat salamet ka aranjeun.[4] Sim kuring teu pegat-pegat muji sukur ka Allah ku hal aranjeun, anu geus mareunang rahmat Allah ku jalan ngahiji jeung Kristus Yesus.[5] Sabab ku jalan kitu aranjeun jadi beunghar ku sagala rupa, tur perceka sarta rebo ku kanyaho.[6] Eta tandana warta hal Kristus teh geus nyerep enya-enya ka aranjeun,[7] nepi ka teu aya hiji berkah anu leupas ti aranjeun sajeroning ngadago-dago Gusti urang Yesus Kristus ebreh sumping.[8] Anjeunna tangtu mengkuhkeun iman aranjeun nepi ka ahir, supaya di mana Poe sumpingna cunduk, aranjeun teu aya cawadeunana.[9] Allah anu nuyun aranjeun ngahiji jeung Yesus Kristus Putra-Na teh bisa ku aranjeun diandel.[10] Kalawan jenengan Gusti urang Yesus Kristus sim kuring meredih, aranjeun sing saluyu samupakat, ulah nepi ka pagetreng. Sing raket ngahiji, sahate jeung sapikir.[11] Sim kuring terang ti sawatara urang kulawarga Kloë yen tetela pisan, aranjeun teh keur pagetreng.[12] Maksud sim kuring, aranjeun masing-masing beda pamadegan. Ceuk nu saurang, ”Kuring biluk ka Paulus”; ceuk nu saurang deui, ”Kuring biluk ka Apolos”; ceuk nu sejen, ”Kuring biluk ka Petrus”; ceuk nu sejen deui, ”Kuring biluk ka Kristus.”[13] Kristus nepi ka dibagi-bagi! Naha Paulus kitu anu pupus disalib gaganti aranjeun teh? Aranjeun dibaptis teh naha supaya jadi murid-murid Paulus?

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society