A A A A A

Tuhan: [Waktu]


2 Korintus 6:2
Timbalan Allah kieu: ”Sanggeus nitih kana wancina Kami kudu ngurniaan ka maneh, Kami terus ngamakbul panyambat maneh. Sanggeus datang poena Kami kudu nyalametkeun ka maneh, Kami terus nulungan ka maneh.” Dulur-dulur! Nya ayeuna wancina pikeun narima eta sih kurnia Allah teh. Nya ayeuna poena pikeun disalametkeun teh!

1 Yohanes ૨:૧૭
Dunya ieu jeung sagala eusina anu dicileuk ku manusa teh ayeuna keur maju kana euweuh, tereh leungit; sabalikna anu ngalampahkeun pangersa Allah mah bakal hirup salalanggengna.

Pengkhotbah 3:11
Sagala hal oge ku Mantenna enggeus diatur waktuna. Urang ku Mantenna dipaparin hate panasaran hayang nyaho kana perkara nu tacan datang. Ngan orokaya urangna jadi teu sugema, da teu dikersakeun timu kana sagala pangersa Mantenna.

Yeremia 29:11
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.

Yohanes 3:16
Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.

Yohanes 9:4
Meungpeung beurang keneh urang kudu ngalampahkeun gawe ti Mantenna, anu ngutus Kami. Ti peuting mah moal aya nu bisa baranggawe.

Amsal 16:9
Manusa anu boga angen-angen, Allah anu memener lengkahna.

Amsal 21:5
Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil. Bari gurunggusuh mah beubeunanganana moal sabaraha.

Amsal 27:1
Ulah sok agul ku poe isuk, da moal nyaho ka nu baris kajadian isukan teh.

Mazmur 31:15
Nanging abdi percaya ka Gusti, nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi.

Mazmur 90:12
Elingkeun abdi sadaya yen hirup teh kacida pondokna, supados jadi jalmi wijaksana.

Roma 13:11
Pek eta lalampahkeun kitu, da aranjeun ge tangtu ngarti, ayeuna teh geus waktuna kudu nyaring. Sabab kana waktu urang disalametkeun teh ayeuna mah geus leuwih deukeut ti batan bareto samemeh urang percaya.

Ester 4:14
Sanajan upamina, dina kaayaan sakieu bahayana Nyai raos-raos bae, pitulung mah moal teu dongkap ti langit. Bangsa Yahudi tangtos katulungan, sawangsulna Nyai mah baris tiwas, kitu deui wargi-wargi ti rama baris mendak poe panungtungan. Ngan ceuk emutan, boa nu matak Nyai nepi ka jadi Ratu oge nya keur jadi cukang pisalameteun tina bahaya kawas ayeuna!”

Markus 13:32-33
[32] ”Tapi iraha poena, iraha jamna, jelema taya nu nyaho, para malaikat henteu, Putra Manusa ge henteu. Ngan Rama anu uninga.[33] Ku sabab maraneh teu nyaho piwaktueunana, sing waspada, sing peryatna.

2 Petrus 3:8-9
[8] Tapi dulur-dulur ulah poho, mungguh di Allah mah sapoe jeung sarebu taun ge taya bedana, sarua bae.[9] Jeung deui Pangeran mah tara ngaengke-engke jangji cara ceuk panyangka sawareh jelema. Nu saenyana mah Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.

Kolose 4:5-6
[5] Nyanghareupan jelema-jelema anu teu sakapercayaan, tiap kasempetan gunakeun sing bijaksana.[6] Kecapna sing merenah, kalimatna sing ngeunah, sing matak mikat, tapi sing bisa mere jawaban anu layak ka nu nyual.

Ef 5:15-17
[15] Ku sabab eta hirup teh kudu make temah wadi. Ulah cara anu burung, kudu cara anu pinter.[16] Saban aya kasempetan gunakeun sing hade-hade, sabab ayeuna teh jaman goreng.[17] Nu matak ulah bodo, sing awas kana pangersa Gusti.

1 Tesalonika 5:1-3
[1] Sim kuring moal nyaritakeun iraha eta kajadian teh piwaktueunana.[2] Aranjeun sorangan geus terang yen Poe sumpingna Gusti teh taya nu nyaho, cara paling ti peuting.[3] Waktu ceuk jalma-jalma, ”Kaayaan tenang, aman,” kacilakaan ujug-ujug datang narajang ka maranehna! Datangna bakal ngadadak kawas kusialna kanyeri awewe nu rek ngajuru.

Amsal 6:6-8
[6] Jalma kedul kudu nengetan petana sireum.[7] Euweuh nu ngapalaan, euweuh nu ngatur, euweuh nu marentah,[8] tapi sakitu rarajinna; dina usum halodo rajin ngarumpulkeun hakaneun, keur bekelna dina usum hujan.

Yakobus 4:13-17
[13] Eh dulur-dulur anu sok ngomong, ”Ayeuna atawa isukan kuring rek nyaba ka anu sataun mah, rek ngadon usaha nyiar duit,” reungeukeun sim kuring.[14] Na anjeun uninga hirup anjeun isukan bakal kumaha? Anjeun teh ibarat sagumpel haseup, tembong sakeudeung les leungit.[15] Kuduna kieu anjeun ngomong teh, ”Lamun diparengkeun ku Pangeran jeung sugan aya umur, rek ka anu atawa rek anu.”[16] Ari anjeun bet ujub jeung suaban. Salah ujub kitu teh.[17] Ku sabab kitu, saha-saha anu nyaho ka nu hade, anu wajib dilampahkeun tapi henteu dilampahkeun, eta teh dosa.

Pengkhotbah 3:1-8
[1] Sagala perkara di dunya aya waktuna. Naon bae anu kajadian di kolong langit boga dawuhna.[2] Aya waktuna lahir, aya waktuna maot. Aya waktuna melak, aya waktuna ngala.[3] Aya waktuna mergasa, aya waktuna nyageurkeun. Aya waktuna ngaruag, aya waktuna ngadegkeun.[4] Aya waktuna susah, aya waktuna bungah. Aya waktuna nguyung, aya waktuna igel-igelan.[5] Aya waktuna mikacinta, aya waktuna henteu mikacinta. Aya waktuna ngarangkul, aya waktuna henteu ngarangkul.[6] Aya waktuna papanggihan, aya waktuna kauculan. Aya waktuna nyimpen, aya waktuna miceun.[7] Aya waktuna ngabedahan, aya waktuna ngaput. Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.[8] Aya waktuna mikanyaah, aya waktuna mikangewa. Aya waktuna perang, aya waktuna kerta.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society