A A A A A

Tuhan: [Rencana]


Amsal 19:21
Manusa ngareka itu jeung ieu, ari jadi henteuna mah kumaha kersa PANGERAN.

Yeremia 29:11
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.

Amsal 15:22
Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud. Mun teu kitu bororaah.

Mazmur 33:11
Ari tarekah PANGERAN mah tetep langgeng, tujuana-Na tetep sapanjang jaman.

Amsal 16:3
Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus.

Amsal 21:5
Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil. Bari gurunggusuh mah beubeunanganana moal sabaraha.

Mazmur 20:4
Mugia Mantenna kersa nampi sadaya pangbakti anjeun, mugia sadaya kurban anjeun ka Mantenna kalandep.

Mazmur 33:10
PANGERAN ngagagalkeun tarekah bangsa-bangsa, pakarepan maranehna kabeh jadi gaplah.

Lukas 14:28
Upamana, ti maraneh aya anu boga maksud nyieun munara, tangtu diuk heula ngitung-ngitung piwaragadeunana, hayangeun nyaho naha duitna teh picukupeun atawa moal dipake nganggeuskeun pagaweanana.

Amsal 16:9
Manusa anu boga angen-angen, Allah anu memener lengkahna.

Roma 8:28
Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.

Filipi 1:6
Ku hal eta sim kuring yakin ieu pagawean anu diawitan ku Allah teh bakal tumuluy jeung bisa anggeus dina poean Gusti sumping.

Yesaya 14:26-27
[26] Kitu pangersa Kami anu bakal tumiba ka alam dunya. Leungeun Kami geus ngangkang rek ngahukum bangsa-bangsa.”[27] PANGERAN Nu Maha Kawasa geus mastikeun kitu. Panangana-Na geus sadia baris ngahukum, moal aya nu bisa ngahalang-halang.

Yohanes 6:44
Memang moal aya anu bisa datang ka Kami lamun henteu ditarik ku Rama ku manten. Jeung sakur anu datang ka Kami, tangtu ku Kami bakal dihirupkeun dina Poe Kiamat.

Mazmur 143:8
Geuing abdi unggal enjing, sangkan emut kana satia asih Gusti, margi nya ka Gusti abdi percaya. Paneda abdi mumbulna ka Gusti, tuduhkeun jalan anu ku abdi kedah ditempuh.

Amsal 23:4
Ulah nyusahkeun diri tipoporose hayang beunghar.

Mazmur 90:12
Elingkeun abdi sadaya yen hirup teh kacida pondokna, supados jadi jalmi wijaksana.

Mazmur 3:31-32
[31] Gusti ngaberkahan sakur anu narurut, nun PANGERAN; piwelas Gusti ibarat kepeng keur maranehna.[32] Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Nurutkeun lagu nu kadalapan. Jabur Daud.

Yesaya 46:3-11
[3] Eh turunan Yakub sesa-sesa umat Kami, darengekeun: Maraneh teh ku Kami geus diurus ti barang brol dijurukeun.[4] Kami, Allah maraneh bakal terus ngurus, nepi ka maraneh karolot, haruisan. Kami anu ngajadikeun, Kami anu ngurus. Maraneh tangtu ditulungan, disalametkeun.[5] Rek disaruakeun jeung saha Kami ku maraneh? Naha aya anu sarua jeung Kami?[6] Jalma-jalma maruka pepeten, ngaluarkeun emas, nimbang perak dina taraju, tuluy muruhkeun ka kamasan menta dipangnyieunkeun arca, tuluy eta arca teh disembah.[7] Eta arca dipangku dipunggu, tuluy ditagenkeun dina tempatna. Cameubleu bae di dinya, teu bisaeun pindah. Dipentaan tulung teh ngabigeu bae, boro-boro bisa nyalametkeun tina bahaya.[8] Aringetkeun eh nu daroraka! Jeung sing areling kana dadamelan Kami.[9] Sing areling kana kajadian baheula. Kudu ngaraku yen Allah teh ngan Kami. Euweuh nu saperti Kami.[10] Sakur anu enggeus kajadian, ku Kami geus diwejangkeun ti samemehna, didawuhkeunana geus ti baheulana keneh. Kami geus ngadawuh yen pangersa Kami moal mencog, yen sakur anu ku Kami geus dikudukeun, moal teu dibuktikeun.[11] Kami geus nyaur hiji jelema ti tatar wetan, lampahna gancang lir dadali anu nyirorot, baris ngalaksanakeun pangersa Kami. Ku Kami geus ditimbalkeun. Tangtu kajadian.

Yohanes 1:12-13
[12] Tapi loba oge anu narima jeung palercaya ka Anjeunna teh; jelema-jelema anu kitu ku Anjeunna dipaparin hak jadi putra-putra Allah.[13] Jadina putra-putra Allah teh lain ku cara anu lumrah di manusa, lain ku cara anu yuga ti bapa sipat manusa; Rama maranehna teh Allah ku manten.

Wahyu 17:8
Bareto eta sato teh hirup, ayeuna geus henteu hirup. Moal lila deui bakal bijil ti jero guha kereman, tapi bakal dibinasakeun. Jelema-jelema di bumi, anu memeh aya dunya ngaranna teu dicatet dina kitab jalma-jalma nu harirup, kabeh bakal mikahelok ka eta sato, da eta sato nu bareto hirup ayeuna geus henteu teh engke bakal aya deui.

Amos 3:7
PANGERAN Nu Maha Agung moal waka midamel naon-naon samemeh ngawahyukeun heula rarancang Mantenna ka para abdi-Na, nya eta nabi-nabi.

Yakobus 4:1-17
[1] Tina naon asalna lamun di aranjeun aya pacogregan nepi ka sok garelut? Tina gedena hawa napsu aranjeun hayang meunangkeun kasenangan dunya, anu teu eureun-eureun nyundutan hate aranjeun.[2] Aranjeun aya kahayang, tapi teu katedunan tuluy bae hayang maehan. Aranjeun sarumanget pisan neangan nu dipikahayang, tapi teu kasorang bae, tuluy jadi parasea nepi ka garelut. Padahal pangna aranjeun teu baroga nanaon teh, lantaran aranjeun teu nyaruhunkeun ka Allah.[3] Rajeun nyuhunkeun, teu dikabulkeun, da salah patekadanana; anu disuhunkeun ku aranjeun teh, ngan ukur pikeun nyenangkeun diri sorangan.[4] Aranjeun teu saratia! Na teu aruninga yen sosobatan jeung dunya teh sasat ngamusuh ka Allah? Sing saha anu hayang sosobatan jeung dunya, eta tandaning geus musuh jeung Allah.[5] Ulah dikira tanpa alesan Kitab Suci nyebutkeun, ”Di jero diri urang Allah nempatkeun roh anu keras kahayangna.”[6] Tapi rahmat Allah anu dipaparinkeun ka urang leuwih kuat ti batan kahayang eta roh urang. Eta sababna Kitab Suci nyebutkeun oge, ”Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka anu rendah hate.”[7] Ku sabab kitu masing sumerah ka Allah. Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun.[8] Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui. Beresihan leungeun, eh jalma-jalma dosa! Herangkeun hate, eh aranjeun anu marunapek![9] Kudu ngarasa kaduhung, ceurik, midangdam, seuri ganti ku ceurik, rasa suka ganti ku rasa duka.[10] Rendahkeun diri di payuneun Pangeran, tan wande ku Mantenna dicengkatkeun.[11] Aranjeun ulah sok silih cawad jeung papada batur. Anu nyawad jeung nyalahkeun ka batur sakapercayaan, eta nyawad kana Hukum Allah. Lamun geus nyawad kana Hukum Allah, tandaning geus henteu nurut kana Hukum Allah, malah nyalahkeun.[12] Padahal ngan Allah bae anu kawasa ngadamel eta Hukum teh, jeung anu kawasa ngahukum. Ngan Mantenna nyalira anu kawasa nyalametkeun, jeung anu kawasa ngaruksak. Saha aranjeun teh, bet ngahukuman ka batur?[13] Eh dulur-dulur anu sok ngomong, ”Ayeuna atawa isukan kuring rek nyaba ka anu sataun mah, rek ngadon usaha nyiar duit,” reungeukeun sim kuring.[14] Na anjeun uninga hirup anjeun isukan bakal kumaha? Anjeun teh ibarat sagumpel haseup, tembong sakeudeung les leungit.[15] Kuduna kieu anjeun ngomong teh, ”Lamun diparengkeun ku Pangeran jeung sugan aya umur, rek ka anu atawa rek anu.”[16] Ari anjeun bet ujub jeung suaban. Salah ujub kitu teh.[17] Ku sabab kitu, saha-saha anu nyaho ka nu hade, anu wajib dilampahkeun tapi henteu dilampahkeun, eta teh dosa.

Amsal 3:5-6
[5] Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.[6] Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.

2 Petrus 3:9
Jeung deui Pangeran mah tara ngaengke-engke jangji cara ceuk panyangka sawareh jelema. Nu saenyana mah Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.

1 Timotius 2:4
anu mikahoyong supaya manusa teh kabeh salamet sarta daraek narima ka nu sayakti,

Kejadian 1:26
Allah ngandika, ”Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang. Urang sina murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan, boh sato piaraanana, boh sato leuweungna, nu galede, nu laleutik.”

Matius 28:18-20
[18] Yesus nyaketan ka maranehna, lajeng sasauran kieu, ”Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.[19] Ku sabab eta datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, baptis kalawan pajenengan Rama, Putra, jeung Roh Suci.[20] Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh. Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman.”

Amsal 6:6-8
[6] Jalma kedul kudu nengetan petana sireum.[7] Euweuh nu ngapalaan, euweuh nu ngatur, euweuh nu marentah,[8] tapi sakitu rarajinna; dina usum halodo rajin ngarumpulkeun hakaneun, keur bekelna dina usum hujan.

Yeremia 1:5
”Maneh, ti memeh ku Kami dihirupkeun, ku Kami geus kapilih, geus ditangtukeun ti memeh dijurukeun keur pinabieun bangsa-bangsa.”

Ef 1:4
Malah ti memeh dunya gumelar, urang geus dipilih baris dijadikeun milik kagungan Mantenna ku disatunggalkeun jeung Kristus, supaya suci jeung mulus di payuneuna-Na. Ku karana asih-Na,

Ibrani 4:3
Sabalikna ku urang mah reureuh anu dijangjikeun ku Allah teh bakal kasorang, sabab urang mah percaya. Ieu cocog jeung dawuhan Allah anu kieu tea, ”Awahing ku bendu Kami sumpah: ʼMaranehna moal jadi diasupkeun ka tanah anu ku Kami dijangjikeun teh, ku Kami moal dibere reureuh!ʼ ” Kitu dawuhana-Na, sanajan padamelana-Na mah geus rengse ti barang Mantenna ngajadikeun alam dunya.

Roma 3:10-18
[10] Sakumaha ungel Kitab Suci, ”Saurang ge taya nu bener,[11] saurang ge taya nu bijaksana, taya pisan nu nyembah ka Allah.[12] Kabeh geus jarauh ti Allah, kabeh geus salasar; taya nu hade lampahna, teu saurang-urang acan![13] Omonganana pinuh ku tipu daya ngandung bahla, nu luncat tina letahna bohong jeung jahat, biwirna murakeun pibahlaeun lir peurah oray.[14] Omonganana wungkul nyumpahan.[15] Gampang teuteunggeul, gampang maehan.[16] Ka mana bae inditna ngan nimbulkeun karuksakan.[17] Geus teu nyarahoeun kana jalan karahayuan,[18] jeung teu dialajar hormat ka Allah.”

Yesaya 55:10-11
[10] Saperti ibun jeung hujan turun ti langit, maseuhan bumi, nuwuhkeun pepelakan, ngabijilkeun bibinihan jeung dahareun,[11] nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami, ku eta tangtu dilaksanakeun.

Yesaya 9:6-7
[6] Keur pimangpaʼateun urang geus medal hiji murangkalih! Hiji putra pameget, anu bakal mingpin urang. Anjeunna bakal disebut ”Panarosan Ajaib”, ”Allah Perkosa”, ”Rama Langgeng”, ”Raja Kerta”.[7] Kakawasaanana moal aya tungtungna. Karajaanana bakal aman sapapanjangna. Marentahna bakal sakumaha Raja Daud. Kakawasaanana napak dina bener jeung adil, ti ayeuna nepi ka ahir jaman. Kitu dipastikeunana ku PANGERAN Nu Maha Kawasa.

Ulangan 29:29
Aya keneh perkara-perkara anu ku PANGERAN Allah maraneh dirasiahkeun. Tapi ieu Hukum Mantenna anu enggeus dinyatakeun ka urang, ku urang jeung ku turunan urang kudu diestokeun salalawasna.”

Roma 9:22-24
[22] Anu dipidamel ku Allah oge kitu. Mantenna kagungan pangersa nembongkeun bebendu jeung kakawasaana-Na. Tapi Mantenna kersa nyabaran, kacida sabar-Na ka anu geus tangtu bakal cilaka lamun ku Mantenna dibenduan teh.[23] Pangersa-Na teh rek ngebrehkeun kamulyaana-Na anu tanpa watesna, bakal dikucurkeun ka urang anu ku Mantenna dipikawelas, anu ku Mantenna geus ditangtukeun bakal dipaparin kabagjaan.[24] Urang, anu ku Mantenna geus disalaur teh lain ngan anu ti urang Yahudi bae, tapi oge ti bangsa-bangsa sejenna.

1 Petrus 2:9-10
[9] Ari aranjeun mah bangsa anu geus kapilih, jadi imam Raja, jadi bangsa suci, anu dipilih jadi umat Allah purah nguarkeun padamelan-padamelan Allah anu araheng, anu geus nyaur ka aranjeun ti tempat anu poek, didatangkeun ka tempat Mantenna anu caang gilang-gumilang.[10] Tadina aranjeun teh lain umat Allah, tapi ayeuna mah jadi umat-Na. Tadina teu terang-terang yen Allah teh sipat kurnia, tapi ayeuna geus mareunang sih kurnia-Na.

Roma 8:18-25
[18] Dina kayakinan sim kuring, kasangsaraan anu kasorang ku urang ayeuna, lamun dibandingkeun jeung sagala kamulyaan anu bakal diebrehkeun ka urang mah taya pisan hartina.[19] Saalam dunya kacida ngarep-ngarepna kana wancina Allah ngebrehkeun kamulyaan putra-putra-Na.[20] Sabab dunya jadi ruksak teh lain kahayangna sorangan, tapi geus kitu kersana Allah. Najan kitu aya keneh anu jadi pangharepan, nya eta:[21] Hiji waktu dunya teh bakal dileupaskeun tina genggeman anu ngaruksakna, bakal nampa kamerdekaan anu agung babarengan jeung putra-putra Allah.[22] Urang terang, nepi ka wanci ieu saalam dunya humarurung ku kanyeri lir nyerina awewe nu ngajuru.[23] Anu humarurung kitu teh lain dunya bae, urang oge, anu geus nampa Roh Allah (kurnia Allah anu katampa pangheulana), humaregung sajeroning batin, ngarep-ngarep sangkan diri urang sakujur gancang-gancang dibebaskeun ku Allah sarta dijadikeun putra-putra-Na.[24] Sabab pang urang bisa disalametkeun teh ku lantaran nyekel pangharepan. Tapi lamun anu diarep-arep geus breh mah, lain ge pangharepan deui. Da saha atuh anu ngarep-ngarep keneh anu geus breh?[25] Urang henteu weleh ngarep-ngarep lantaran anu diarep-arep tacan breh.

Keluaran 20:1-17
[1] Ti dinya Allah nimbalan, kieu timbalana-Na,[2] ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir tempat maraneh dibudakkeun.[3] Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami.[4] Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi.[5] Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kami moal aya hampura ka sakur anu ngalawan. Kami bakal nyiksa ka sakur anu mikagiruk ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.[6] Sabalikna bakal mikaasih ka rebuan turunan, ka sakur anu mikanyaah ka Kami sarta ngestokeun hukum-hukum Kami.[7] Ulah nyebut jenengan Kami geusan teu puguh, sabab Kami, PANGERAN Allah maraneh, moal henteu nyiksa ka sakur anu nyumahkeun jenengan Kami.[8] Masing gumati kana poe Sabat, kudu disucikeun salalawasna.[9] Aya genep poe pikeun maraneh barang gawe,[10] ari poe nu katujuh eta teh poe reureuh, poe kagungan Kami. Dina poe eta ulah aya anu digawe, boh maraneh, boh anak, boh badega, boh sato, nya kitu keneh jalma asing anu ngadon hirup di nagri maraneh.[11] Di jero genep poe Kami PANGERAN ngadamel bumi, langit, laut, jeung saniskara eusina. Dina poe nu katujuh Kami reureuh. Ku sabab kitu poe Sabat diberkahan jeung disucikeun ku Kami, PANGERAN.[12] Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami.[13] Ulah maehan.[14] Ulah ngaranyed.[15] Ulah maling.[16] Ulah jadi saksi palsu.[17] Ulah mikahayang imah batur; ulah mikahayang pamajikan batur, atawa mikahayang badegana, sapina, kaldena, atawa naon bae sakur nu jadi milik batur.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society