A A A A A

Tuhan: [Persembahan untuk Tuhan]


1 Tawarikh 29:9
Jalma-jalma nyarumbangna ka PANGERAN reujeung sukana sarta kacida barungaheunana, dumeh barang-barang anu disumbangkeun teh nepi ka sakitu lobana. Komo Raja Daud mah liwat saking ngaraos bagjana teh.

2 Korintus 9:7
Ku sabab kitu mere teh kudu cop jeung hate, ulah owel atawa asa dipaksa. Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.

Kisah Para Rasul 20:35
Dina sagala hal kaula nyontoan ka aranjeun yen kudu getol baranggawe, jeung kudu nalang ka nu walurat, ngingetkeun pilahir Gusti Yesus anu kieu, ʼLeuwih bagja mere ti batan nampa.ʼ ”

Ulangan 16:17
sakumaha bae kadugana nurutkeun gedena rejeki anu katarima ku maraneh ti PANGERAN Allah maraneh.”

Ibrani 13:15-16
[15] Jadi urang ku jalan Yesus salawasna kudu muji ka Allah, minangka kurban urang, nya eta lisan biwir anu ngaku yen Mantenna teh Pangeran.[16] Ulah poho kana nyieun kahadean jeung silih pikanyaah. Lampah kitu teh kurban-kurban anu kacida sapukna jeung manah Allah.

Lukas 6:38
Ka batur sing daek mere, supaya Allah ge kersaeun maparinan maraneh, tur maparin-Na teh sapinuhna takeran, diborolokeun sabisana maraneh nyangga. Ukuran maraneh ka batur, ku Allah bakal dianggo ngukur maraneh.”

Lukas 16:10
Jelema anu satia dina urusan-urusan leutik, bakal satia dina urusan-urusan gede; jelema anu teu jujur dina urusan-urusan leutik, moal jujur dina urusan-urusan gede.

Maleakhi 3:10
Serenkeun sing gembleng perpuluhan maraneh ka Bait Kami, supaya di dinya teu kurang-kurang bahan dahareun. Pek Kami uji, engke maraneh narenjo Kami mukakeun jandela-jandela sawarga, ngahujanan maraneh ku sagala rupa anu mangpaʼat.

Matius 23:23
Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Ari mere perpuluhan ka Allah mani nepi ka bungbu-bungbu kayaning pala, jinten jeung katuncar. Tapi anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea. Lakonan heula anu ieu, tapi ulah ngalalaworakeun anu sejenna.

Amsal 11:24
Aya jalma anu bisa samemena make duitna, tapi kalah ka beuki beunghar. Ari nu pohara cecelna kalah ka tambah kokoro.

Amsal 28:27
Mere ka nu kakurangan, maneh moal kakurangan. Lamun maneh pura-pura teu nenjo ka nu balangsak, tangtu pada nyarumpahan.

Mazmur 4:5
Sing ngadegdeg sieun, ulah nyieun deui dosa! Pek hal eta lalenyepan ari keur sepi sorangan di enggon.

Roma 12:1
Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener.

Amsal 3:9-10
[9] Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena.[10] Engke leuit hidep buncir, cianggur ceuyah, ngaleuya mo kawadahan.

Lukas 12:33-34
[33] Jualan bae babandaan mah kabeh, duitna sidekahkeun ka nu mariskin. Tuluy kudu boga pepeten anu awet, paranti nyimpen harta anu aya di sawarga. Eta harta moal aya sudana, moal bisa aya nu maling, jeung moal dihakan ku rinyuh.[34] Sabab tibelatna hate teh ka tempat harta.”

Matius 6:19-21
[19] ”Di dunya ulah numpuk-numpuk harta banda keur sorangan. Barang dunya mah bisa ruksak ku rinyuh jeung taihiang, atawa beak dibongkar bangsat.[20] Kudu ngumpulkeun teh harta pikeun maneh di sawarga, anu moal dihakan rinyuh, moal taihiangan, moal aya nu ngabangsat.[21] Sabab di mana bae ayana harta maneh nya di dinya nempelna hate maneh.”

Matius 6:31-33
[31] Ulah salempang, jeung ulah humandeuar, ʼKumaha lamun teu manggih dahareun atawa inumeun!ʼ Atawa, ʼKumaha lamun nepi ka teu boga baju-baju acan!ʼ ([32] Humandeuar teh kabiasaan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah.) Rama maraneh nu di sawarga uningaeun yen maraneh perlu dahar, perlu nginum, perlu make.[33] Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.

Mazmur 96:7-9
[7] Puji PANGERAN, he umat sajagat, puji kaagungan jeung kapunjulana-Na.[8] Puji kaagungan jenengan PANGERAN. Sanggakeun pangbakti, geura arasup ka Bait-Na.[9] Tarungkul lamun Mantenna geus nembongan, sajagat kabeh sing ngadegdeg di payuneuna-Na.

Markus 12:41-44
[41] Waktu Yesus calik deukeut peti derma di Bait Allah, Anjeunna ningalikeun anu ngarasupkeun duit kana eta peti. Loba anu baleunghar marerena teh galede.[42] Tuluy aya hiji randa miskin ngasupkeun dua uang tambaga, duit receh anu pangajina panghandapna.[43] Yesus nyaur murid-murid-Na tuluy sasauran, ”Randa anu bieu dermana panggedena ti batur.[44] Sabab nu sejen mah dermana lantaran duitna leuwih, ari randa nu bieu mah sanajan kacida miskinna, merena teh sakabeh kabogana, pikeun kaperluan hirupna teh diasupkeun kabeh kana ieu peti.”

Lukas 21:1-4
[1] Di Bait Allah Yesus ningali jelema-jelema anu baleunghar keur ngarasupkeun duit kana kotak derma.[2] Katingalieun oge aya hiji randa anu kacida miskinna, ngasupkeun duit tambaga dua gebleg.[3] Anjeunna ngalahir, ”Ceuk Kami, dermana eta randa miskin leuwih gede ti batan nu sejen.[4] Sabab nu sejen mah dermana lantaran duitna leuwih, ari eta randa mah mikeun sakabeh balanja hirupna.”

Maleakhi 3:8-12
[8] Kami arek nanya: Naha pantes jelema ngarinah ka Allah? Tangtu teu pantes. Tapi maraneh geus ngarinah ka Kami. Ceuk maraneh, ʼNgarinah dina naon?ʼ Dina mayar perpuluhan jeung dina mere pangbakti.[9] Maraneh kabeh aya dina panyapa, lantaran sakumna bangsa maraneh geus ngarinah ka Kami.[10] Serenkeun sing gembleng perpuluhan maraneh ka Bait Kami, supaya di dinya teu kurang-kurang bahan dahareun. Pek Kami uji, engke maraneh narenjo Kami mukakeun jandela-jandela sawarga, ngahujanan maraneh ku sagala rupa anu mangpaʼat.[11] Pepelakan maraneh ku Kami moal dibikeun diruksak ku hama, pelak anggur baris meuhpeuy baruahan.[12] Maraneh tan wande disarebut bagja ku jelema-jelema sagala bangsa, sabab nagri maraneh tempat nu hade keur tempat hirup.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society