A A A A A

Tuhan: [Saya tidak akan pernah meninggalkanmu]

1 Tawarikh 28:20
Ngalahir deui Raja Daud ka Suleman putrana, ”Sing pangger, sing junun. Geura prung pigawe, ulah digontot-gontot. GUSTI Allah anu ku Ama dikaulaan tan wande nyarengan ka hidep. Mantenna hamo nilarkeun, tangtu moal petot nyarengan nepi ka rengse sagala pagawean nyieun tempat pikeun ngabakti di eta Bait Allah kagungana-Na.

1 Korintus 10:13
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

1 Raja 8:57
Mugia PANGERAN Allah urang nyarengan sakumaha geus nyarengan ka karuhun urang, henteu ngantunkeun.

1 Petrus 5:7
Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.

2 Timotius 1:7
Sabab Roh ti Allah ka urang teh lain nungtun kana jejerih, malah Roh-Na teh matak kuat hate, matak nyaahan, matak bisa ngadalian diri.

Ulangan 4:31
Mantenna ge moal nilarkeun deui, moal nyiksa deui, da Mantenna teh Allah anu sipat welas. Sarta Mantenna moal lali kana perjangjiana-Na anu diikrarkeun ka karuhun maraneh.

Ulangan 31:6-8
[6] Sing galede hate, sing warani! Ulah sieun ku maranehna, sabab PANGERAN Allah maraneh ku manten anu baris nulungan ka maraneh. Mantenna moal nguciwakeun maraneh, sarta moal nilarkeun.”[7] Geus kitu Musa nyaur Yosua. Tuluy kieu lahiranana ka Yosua di hareupeun sakumna bangsa Israil, ”Hidep masing gede hate, masing wani, Yosua! Nya hidep anu baris mingpin ieu bangsa pikeun nempatan nagri anu ku PANGERAN dijangjikeun ka karuhun maranehna.[8] PANGERAN ku manten anu baris nuyun jeung nulungan ka hidep. Mantenna moal nguciwakeun hidep, sarta moal ngantunkeun. Ku sabab kitu ulah sieun, ulah salempang.”

Kejadian 28:15
Satemenna, Kami seja nyarengan ka maneh. Ka mana bae nya indit, ku Kami tangtu diraksa, sarta baris dibalikkeun deui ka ieu tanah. Maneh moal ditinggalkeun, nepi ka laksana saomong Kami ayeuna.”

Ibrani 4:16
Ku sabab eta hayu urang ngadeuheus bari reugreug hate ka Allah anu sipat kurnia. Mantenna tangtu mikawelas jeung maparin rahmat pitulung samangsa urang perlu ku pitulung Mantenna.

Ibrani 13:4-6
[4] Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.[5] Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya. Sabab dawuhan Allah, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.”[6] Ku sabab kitu urang werat ngucap kieu, ”Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang. Rek bisa naon manusa ka diri kuring?”

Yosua 1:5-9
[5] Yosua, saumur-umur ge ka maneh hamo aya nu kuat. Kami rek ngaping ka maneh sakumaha ka Musa. Sapapanjangna moal ninggalkeun.[6] Sing teteg, sing yakin, karana saupama ieu umat Kami geus maratuh di eta tanah nu ku Kami geus dijangjikeun ka karuhun-karuhunna, nya maneh anu baris jadi pamingpinna.[7] Ku sabab eta sing teteg, sing yakin; jeung masing satia ka sakabeh Hukum anu dibikeun ka maneh ku Musa, abdi Kami tea. Sarupa ge ulah aya nu dilalaworakeun, tan wande maneh baris hasil ngajugjug ka mana bae oge.[8] Karepkeun yen maneh rek maca eta kitab Hukum salawasna dina ngajalankeun ibadah. Ulik beurang peuting, tiginkeun sakumaha anu ditulis di dinya. Upama kitu hirup maneh tan wande senang sarta hasil.[9] Sing inget timbalan Kami ka maneh, masing teteg sarta yakin! Ulah sieun atawa leutik hate, sabab Kami, PANGERAN Allah maneh ka mana-mana oge tan wande nyarengan.”

Mikha 7:8
Taya alesan pikeun musuh-musuh urang ngarasa senang ku kaayaan urang. Urang geus tijuralit, tapi bakal hudang deui. Ayeuna urang nandangan poek, tapi bakal dipaparin caang deui ku PANGERAN.

Matius 28:20
Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh. Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman.”

Mazmur 55:22
Ucap-ucapanana memang sareh, tapi hatena pinuh ku kangewa; omonganana laleucir ibarat minyak, tapi seukeut matak raheut kawas pedang.

Mazmur 94:14
PANGERAN moal ngabodokeun umat-Na, pamohalan nilarkeun sakur nu jadi kagungana-Na.

Wahyu 3:10
Ku sabab maneh tagen jeung tigin kana parentah Kami, Kami ge rek ngajaga ka maneh, supaya maneh luput tina kasukeran anu bakal narajang ka alam dunya pikeun nguji kapengkuhan manusa.

Roma 8:28
Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.

Filipi 4:6-7
[6] Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.[7] Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.

Mazmur 73:23-26
[23] Mung saena abdi tetep montel ka Gusti, sarta leungeun abdi ku Gusti dicepeng.[24] Ku Gusti ditungtun dinasehatan sangkan ahirna tiasa ditampi kalayan hormat.[25] Saha deui kagaduh abdi di sawarga, kajabi Gusti? Di dunya ge hoyong naon deui, da parantos gaduh Gusti.[26] Najan jiwa raga abdi lemah, nanging Allah anu jadi kakiatan abdi. Anu dipikabutuh ku abdi salalamina mung Gusti.

Yesaya 41:10-13
[10] Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.[11] Sakur anu ambek ka maneh bakal ngarasa kumaha erana nu eleh. Anu narajang ka maneh tangtu paraeh.[12] Maraneh bakal neangan jalma-jalma anu geus ngamusuhan ka maraneh, tapi moal kapanggih. Jalma-jalma anu merangan ka maraneh, ayeuna geus binasa, leungit ti alam dunya.[13] Kami teh PANGERAN, Allah maneh, anu nguatkeun leungeun katuhu maneh. Timbalan Kami, ʼUlah sieun, maneh ku Kami rek dibantu.ʼ ”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society