A A A A A

Gereja: [Pendeta]


2 Timotius 4:2
kudu ngawurukkeun eta wawaran ti Allah. Jalma-jalma kudu didesek sina ngadarengekeun, rek daekeun rek henteu. Yakinkeun ka maranehna, tegor kasalahanana, bere sumanget, wurukan kalawan sabar.

Kisah Para Rasul 20:28
Ku sabab kitu jaga diri ati-ati, jaga sakumna jamaah reh aranjeun ku Roh Suci geus dijieun pangurus jamaah Allah, anu diadegkeunana ku nyawa Putra-Na.

Ibrani 13:17
Ka nu jaradi pamingpin kudu narurut, jalankeun sagala aturanana. Aranjeunna teu kendat-kendat nalingakeun kasalametan jiwa aranjeun, tur sagala kawajibanana teh aya tanggung jawabna ka Allah. Tarurut, supaya ngajalankeun kawajibanana teh reujeung janglar hate, sabab ari jeung bari nguluwut mah tangtu moal bisaeun nulung ka aranjeun.

Yakobus 3:1
Dulur-dulur, ulah harayang jadi guru sarerea. Pan aruninga, guru mah ari geus disalahkeun teh mani pohara, disalahkeunana teh leuwih-leuwih ti nu sejen.

Yeremia 3:15
Rek dibere pangereh-pangereh anu saregep ka Kami, anu bakal ngatur maraneh kalawan lantip bijaksana.

Amsal 23:27
Awewe palacuran, awewe serong, ibarat senteg nu matak bahla.

Ef 4:11-12
[11] Anu ”maparin kurnia-kurnia ka manusa” teh nya Anjeunna. Manusa teh aya anu dipaparin kurnia pikeun jadi rasul, aya nu pikeun jadi nabi, aya nu pikeun jadi juru uar Injil, aya nu pikeun jadi pamingpin jamaah, aya nu pikeun jadi guru jamaah.[12] Ku midamel kitu Anjeunna teh nyampurnakeun umat Allah pikeun mangku tugas ti Mantenna, sina ngadeg jadi salira Kristus,

1 Petrus 5:1-4
[1] Ka para kokolot jamaah sim kuring arek meredih, da sim kuring oge sarua jadi kokolot jamaah, jeung jadi saksi tina kasangsaraan Kristus, jeung bakal milu mulya lamun Anjeunna geus nganyatakeun salira.[2] Sim kuring menta supaya aranjeun jadi lir pangangon anu kudu ngangon domba-domba Allah, ngasuh jamaah anu dipercayakeun ka aranjeun. Jamaah urus sing enya-enya, sing iklas sakumaha anu dipikahoyong ku Allah, ulah jeung aral subaha. Kudu kajurung ku enya-enya hayang ngurus, lain ku karana mandang gajih.[3] Ka anu diurus ulah jadi anu kawasa, anggur kudu jadi tuladan.[4] Engke di mana Gusti Pangangon Agung sumping, aranjeun bakal narima makuta anu kamulyaanana moal susut moal aya sudana.

Titus 1:5-9
[5] Hidep ku bapa ditinggalkeun di Kreta, kudu nganggeuskeun sakur anu kudu dipigawe, jeung kudu ngangkat tua-tua jamaah di unggal kota. Gumatikeun ieu sarat-saratna. Nu kudu diangkat teh nya eta:[6] jalma nu taya celana; anu bojona ngan hiji; anu anak-anakna palercaya ka Kristus, henteu baragajul atawa bangkawarah.[7] Ku sabab tua-tua teh pamingpin jamaah anu nguruskeun padamelan Allah, tangtu ulah aya codekana, ulah gumede, ulah barangasan, ulah pamabokan, ulah bengis, ulah mata duiteun.[8] Kudu someah ka semah, resep migawe nu hade. Kudu bisa nahan diri, jujur, suci, taʼat kana aturan.[9] Tuhu kana warta amanat Allah anu wajib dipercaya, nurutkeun pangajaran anu geus katarima ku dirina. Lamun kitu tangtu bakal bisa nganasehatan ka batur ku eta pangajaran anu sayakti, jeung bisa nuduhkeun kasalahan batur anu ingkar tina eta pangajaran.

Yehezkiel 34:1-10
[1] PANGERAN nimbalan ka kaula.[2] Timbalana-Na, ”Eh anak manusa, carekan para kawasa Israil. Maneh kudu ngaramal, sarta bejakeun ieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ka maranehanana: Cilaka maraneh, eh para kawasa anu ngangon Israil! Maraneh ngan ngarurus diri sorangan bae, ari domba-domba angonan henteu diarurus.[3] Susuna diarinum, buluna dijarieun papakean, domba anu pangalusna dipareuncit dagingna diharakan, digetenan mah henteu.[4] Anu lalemahna tara dititenan, anu gareringna tara dialubaran, anu taratu tara dibeberan, anu ngalantrah tara diteang digiring balik, anu sararasab tara ditareangan. Kalakuan maraneh ka eta domba-domba kacida tarelengesna.[5] Ku lantaran euweuh nu ngurus, domba teh jadi bacacar ka mana-mana, geus bae ditekukan diharakan ku sato-sato galak.[6] Domba Kami jadi abur-aburan ka pasir-pasir, ka luhur-luhur gunung. Paburencay ka sajagat, euweuh nu neangan, euweuh anu niat-niat acan neangan.[7] Eh tukang-tukang ngangon, dengekeun ieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.[8] Demi Kami teh Allah anu jumeneng, maraneh leuwih hade narurut ka Kami. Domba Kami nepi ka ditekukan diharakan ku sato-sato galak lantaran euweuh nu ngangon. Anu ngarangonna euweuh anu pangangguran neangan eta domba-domba. Lain ngarurus domba, ngan ngarurus dirina bae.[9] Ku sabab kitu eh tukang-tukang ngangon, darengekeun.[10] Kami, PANGERAN Nu Maha Agung nerangkeun, yen Kami ngamusuh ka maraneh. Domba-domba teh rek dicokot ti maraneh, moal dibikeun diangon deui ku maraneh. Kalakuan maraneh ngarurus diri sorangan bae ku Kami moal diantep. Domba Kami rek dicokot, dicabut ti maraneh, dagingna moal dibikeun diharakan ku maraneh.”

1 Timotius 3:1-13
[1] Aya anu nyebutkeun, ”Jelema anu hayang jadi pamingpin jamaah mah malar kana gawe mulya.” Enya eta teh.[2] Sabab jadi pamingpin jamaah mah kudu ulah aya kuciwa. Pamajikan teu meunang leuwih ti hiji. Kudu wijaksana, kudu bisa nahan diri, kudu rapih, kudu someah ka semah, kudu bisa ngawuruk,[3] lain pamabokan, ulah bengis, kudu darehdeh, resep badami jeung ulah piduit.[4] Kudu bisa ngatur kulawarga sorangan, ku anak kudu katurut jeung dipikaajrih.[5] Sabab lamun ka kulawarga sorangan geus teu bisa ngatur, kumaha rek bisa ngatur jamaah Allah?[6] Kudu geus lila deuih asupna agama, supaya ulah jadi gumede tuluy tigubrag, saperti Iblis.[7] Jeung kudu hade kasebutkeunana ku nu di luar jamaah, supaya ulah jadi cela anu ahirna beunang kajiret ku Iblis.[8] Nya kitu keneh anu jaradi juruladen jamaah, kudu hade ahlak, kudu satarabasna, ulah beuki nginum, ulah mata duiteun,[9] kudu ngaku ku budi rasa anu beresih yen agamana teh nyata benerna.[10] Anu matak kudu diuji heula tabeatna, lamun lulus kakara jenengkeun.[11] Pamajikanana oge kudu hade tabeat, lain tukang ngupat, peryoga, jujur dina sagala perkara.[12] Juru laden jamaah mah pamajikanana kudu hiji bae, jeung kudu bisa ngawarah anak jeung ngatur kulawargana.[13] Juru laden anu hade gawe tangtu bakal diajenan, matak laluasa nyarita perkara kapercayaan ka Kristus Yesus.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society