A A A A A

Gereja: [Roh Kudus]


Hakim 3:10-14
[10] Otniel diauban ku Roh PANGERAN, tuluy jadi pamingpin Israil. Raja Mesopotami ku anjeunna eleh diperangan.[11] Geus kitu tanah eta jadi kerta, opat puluh taun lilana. Ti dinya Otniel pupus.[12] Urang Israil doraka deui ka PANGERAN. Ku hal eta PANGERAN ngersakeun Raja Eglon ti Moab jadi leuwih kuat ti batan Israil.[13] Raja Eglon ngahiji jeung urang Amon jeung urang Amalek, ngelehkeun Israil, ngarampas kota Yeriho, kota tangkal korma tea.[14] Urang Israil tuluy dijajah nepi ka dalapan belas taun.

Matius 12:31-33
[31] Ku sabab eta Kaula mere terang, jelema anu nyieun dosa jeung anu omonganana jahat bisa dihampura. Tapi anu ngagogoreng Roh Suci mah teu bisa dihampura.[32] Anu omonganana ngalawan ka Anak Manusa bisa dihampura, tapi anu omonganana ngalawan ka Roh Suci mah dunya aherat moal dihampura!”[33] ”Lamun hayang buah anu alus kudu boga tangkalna anu mulus. Tangkal anu kuru mah buahna moal alus. Tangkal naon tangkal naon bisa kanyahoan tina buahna.

Lukas 24:45-49
[45] Ti dinya Anjeunna mukakeun pikiran maranehanana supaya ngalarti kana Kitab Suci.[46] Saur-Na deui, ”Geus dituliskeun kieu: Kristus kudu disangsara jeung kudu gugah deui tina pupusna tilu poe ti sanggeusna.[47] Jeung kalawan jenengan Anjeunna warta hal pertobat jeung panghampura dosa kudu diuarkeun ka sagala bangsa, mimiti ti Yerusalem.[48] Maraneh saksina tina eta sagala kajadian.[49] Kami pribadi ka maraneh bakal maparin hal anu geus dijangjikeun ku Rama Kami. Tapi memeh eta maraneh kudu ngadago heula di Yerusalem, nepi ka mangsa maraneh geus diliputan ku kakawasaan ti sawarga.”

Yohanes 3:6-8
[6] Manusa teh sacara jasmani lahir ti kolotna anu sipat jalma, tapi sacara rohani mah dijurukeunana ti Roh Allah.[7] Anjeun ulah heran carek Kaula tadi kabeh jalma kudu dijurukeun deui.[8] Angin niup ka mana karepna, anjeun ngadenge sorana, tapi teu nyaho ti mana mimitina jeung ka mana tuluyna. Jalma anu dijurukeun ti Roh Allah teh saperti kitu.”

Roma 8:2-6
[2] sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa jeung maot ku Roh Allah, nya eta anu ngalantarankeun urang ngahiji jeung Kristus Yesus.[3] Anu henteu bisa dilakonan ku Hukum Agama lantaran manusa mah sipat lemah, dilaksanakeun ku Allah. Mantenna geus ngelehkeun dosa anu aya dina tabeat manusa, ku jalan ngutus Putra-Na ku manten, anu sumping-Na nganggo kaayaan anu sarua jeung kaayaan manusa anu dosa, pikeun ngaleungitkeun dosa.[4] Allah ngajalankeun kitu teh supaya pangersa-Na anu dinyatakeun dina Hukum Agama tea bisa dilakonan ku urang, anu hirup nurutkeun pituduh Roh Allah, lain nurutkeun tabeat sorangan.[5] Anu hirupna nurutkeun tabeat sorangan, anu dipikiranana oge dipangaruhan ku tabeatna sorangan. Sabalikna anu hirupna nurutkeun Roh Allah, anu dipikiranana oge hal-hal anu jadi pangersa Roh Allah.[6] Pikiran anu dipurba ku tabeat sorangan nungtun kana maot; pikiran anu ditungtun ku Roh Allah nungtun kana hirup jeung kanugrahaan.

2 Korintus 5:16-18
[16] Ku sabab kitu urang ari ngukur jelema teh ulah mandang harkat darajatna. Memang sim kuring oge asalna mah mandang Kristus teh nurutkeun ukuran manusa, tapi ayeuna mah geus henteu kitu.[17] Jalma anu geus satunggal jeung Kristus, geus jadi manusa anyar, manusa heubeulna geus sirna, kari anu anyarna.[18] Eta kabeh kitu dipidamelna ku Allah. Mantenna ku jalan Kristus kersa dalit jeung urang, henteu ngamusuh deui, sarta sim kuring ku Mantenna ditimbalan ngajak ka nu sejen supaya nu sejen-sejen oge dalit jeung Mantenna.

1 Tawarikh 12:18-20
[18] Roh Allah tumerap ka Amasai, salah saurang ti eta pasukan anu engkena ngapalaan ”Si Tilu Puluh”, seug Amasai ngagero, pokna, ”Nun Daud putra Isai, kuring sadaya kagungan anjeun! Mugia anjeun katut anu ngabarantu lulus mulus! Allah anu ngaping anjeun!” Eta pasukan ku Daud dibageakeun, seug dijaradikeun opsir baladna.[19] Ti kaom Menase ge aya prajurit-prajurit anu mareuntas ka pihak Daud, waktu anjeunna ngiring ka urang Pelisti anu rek ngarurug ka Raja Saul. Tapi Daud mah lain rek mantuan perang ka urang Pelisti, katurug-turug raja-raja Pelisti arembungeun kapiluan, dumeh sarieuneun bisi anjeunna belot ka Saul urut gustina, anu matak Daud mah disina mulih deui ka Siklag.[20] Prajurit-prajurit kaom Menase anu bariluk ka Daud, anu daratangna waktu anjeunna keur satengahing mulih ka Siklag, nya eta: Adna, Yosabad, Yediael, Mikael, Yosabad, Elihu, jeung Siletai. Di kaom Menase maranehna masing-masing ngabawah sarebu prajurit.

Mazmur 52:1-3
[1] Pikeun pamingpin biduan. Lagu atikan karangan Daud,[2] waktu Doeg, urang Edom, pupulih ka Saul yen Daud kungsi sumping ka Abimelek.[3] He jalma gagah, ku naon nyombongkeun kajahatan sorangan? Allah teh satia salalanggengna.

Mikha 3:8-10
[8] Kaula mah ku PANGERAN dieusian roh jeung kakawasaan Mantenna, dipaparin pikiran anu mulus perkara kaadilan, dipaparin kawani geusan nembrakkeun ka urang Israil naon nu jadi dosana.[9] Eh para pangawasa Israil, anu ijid kana kaadilan, anu sok nyalahkeun nu bener, raregepkeun![10] Maraneh ngadegkeun Yerusalem, kota Allah, pademenna tina rajapati jeung kateuadilan.

Kisah Para Rasul 2:1-5
[1] Dina poe Pentakosta, umat anu palercaya teh karumpul di hiji tempat.[2] Dumadakan ti langit aya anu ngaguruh sada angin gede, tuluy minuhan saeusi imah anu keur dicaralikan.[3] Breh katembong ku aranjeunna aya anu tingsuliwer hurung saperti seuneu, bangunna siga letah-letah, areunteup ka sakur anu araya di dinya.[4] Harita keneh aranjeunna geus kacalikan ku Roh Suci, tuluy salasauran ku basa-basa sejen, nurutkeun gerak ti Roh Suci tea.[5] Harita di Yerusalem loba urang Yahudi asal ti rupa-rupa nagara sakuliah dunya, jalma-jalma ibadah.

Lukas 24:45-47
[45] Ti dinya Anjeunna mukakeun pikiran maranehanana supaya ngalarti kana Kitab Suci.[46] Saur-Na deui, ”Geus dituliskeun kieu: Kristus kudu disangsara jeung kudu gugah deui tina pupusna tilu poe ti sanggeusna.[47] Jeung kalawan jenengan Anjeunna warta hal pertobat jeung panghampura dosa kudu diuarkeun ka sagala bangsa, mimiti ti Yerusalem.

1 Yohanes 2:19-27
[19] Maranehna asal ti urang keneh, ngan geus kalaluar kawantu bareto arasupna ka urang oge henteu niat saenyana. Mun rek saenyana ge tangtu tetep ngahiji jeung urang. Ayeuna geus naringgalkeun, jadi sidik kabehanana oge henteu kaasup ka urang.[20] Tapi aranjeun geus diterapan Roh Suci ku Kristus, jadi geus tarerang anu mana anu bener kayaktian ti Allah.[21] Jadi bapa nulis ieu teh lain ku sabab maraneh can nyaraho kana eta kayaktian, malah ku sabab geus nyaraho kana hal eta, geus nyaraho oge yen anu bener mah moal ngabohong.[22] Nu mana atuh anu ngabohong teh? Geus tangtu anu nyebutkeun Yesus lain Kristus. Eta teh Musuh Kristus, sabab teu ngaku ka anu jadi Rama jeung ka anu jadi Putra.[23] Anu teu ngaku ka Putra-Na, eta teu ngaku ka Rama-Na. Anu ngaku ka Putra-Na, eta ngaku ka Rama-Na.[24] Ku sabab kitu sing pageuh percaya kana wawaran anu pangheulana. Lamun geus pageuh kana eta, salilana bakal ngahiji jeung Putra jeung Rama.[25] Ganjaranana sakumaha anu dijangjikeun ka maraneh ku Kristus, nya eta hirup langgeng.[26] Bapa nulis ieu teh ngabejaan yen aya anu rek nyasabkeun ka maraneh.[27] Sukur maraneh geus diterapan Roh Anjeunna. Satungtung Roh-Na aya dina hate maraneh, maraneh teu perlu diajar deui ku nu sejen, sabab Roh Anjeunna anu bakal ngawulangkeun sagala rupa kanyaho anu sayakti moal ngajarkeun anu bohong. Turut piwulang-Na, jeung sing tetep dina kasatunggalan jeung Kristus.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society