A A A A A

Gereja: [Guru Palsu]


Yehezkiel 13:9
Maraneh, tukang-tukang nujum purah ngarang pelengan palsu, purah nyieun ramalan-ramalan anu nyasabkeun, ku Kami arek dihukum. Ana umat Kami kumpul baradami, maraneh mah moal kabawa. Ngaran maraneh moal katulis dina daptar warga Israil. Jeung pamohalan maraneh bisa baralik deui ka lemah cai. Mun geus kitu kakara maraneh bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN Nu Maha Agung.

Yeremia 23:16
PANGERAN Nu Maha Kawasa nimbalan ka urang Yerusalem, ”Maraneh ulah rek ngadenge kana piwejang eta nabi-nabi. Piwejangna mah garenah, tapi palsu. Anu diwejangkeunana teh hasil rekaanana sorangan, lain pangandika Kami.

Lukas 6:26
Cilaka maraneh lamun jelema-jelema pada maruji ka maraneh, sabab eta anu maruji teh teu beda ti karuhunna anu maruji ka nabi-nabi palsu.”

Matius 24:24
Sabab bakal loba Kristus palsu jeung nabi-nabi palsu; maranehna bakal nyarieun kaahengan jeung kaajaiban pikeun nipu, lamun bisa mah ka umat pilihan Allah oge.

Matius 16:11-12
[11] Ku naon nepi ka teu ngalarti yen Kami tadi lain ngomongkeun roti? Pan ceuk Kami oge: Kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung urang Saduki.”[12] Geus dikitukeun mah kakara murid-murid teh ngarti, yen Anjeunna mepelingan kitu teh lain kudu ati-ati ku ragi anu sok dipake nyieun roti, tapi ku pangajaran urang Parisi jeung urang Saduki.

2 Timotius 4:3-4
[3] Sabab engke bakal aya mangsa jalma-jalma arembung ngadenge deui piwuruk hade, kalah ka sakama-kama, kalah ka ngadatangkeun guru-guru anu omonganana genah ngagaroan liang ceuli.[4] Tinimbang ngadenge kana piwuruk anu sayakti, kalah ka mikaresep kana dongeng-dongeng pamohalan.

2 Timotius 4:3-4
[3] Sabab engke bakal aya mangsa jalma-jalma arembung ngadenge deui piwuruk hade, kalah ka sakama-kama, kalah ka ngadatangkeun guru-guru anu omonganana genah ngagaroan liang ceuli.[4] Tinimbang ngadenge kana piwuruk anu sayakti, kalah ka mikaresep kana dongeng-dongeng pamohalan.

Kisah Para Rasul 20:28-30
[28] Ku sabab kitu jaga diri ati-ati, jaga sakumna jamaah reh aranjeun ku Roh Suci geus dijieun pangurus jamaah Allah, anu diadegkeunana ku nyawa Putra-Na.[29] Geus kaerong, engke sanggeus ku sim kuring ditinggalkeun, aranjeun bakal kadatangan ajag-ajag anu moal aya karunyana ka jamaah.[30] Malah ti aranjeun keneh bakal aya anu ngaliarkeun pangajaran bohong, dipake ngawujuk anu geus palercaya.

2 Petrus 3:14-18
[14] Ku sabab kitu dulur-dulur, sabot ngadago eta Poe teh kudu sakuat-kuat hirup beresih taya cawadeunana di payuneun Allah, sarta sing rumaket ngabdi ka Mantenna.[15] Kasabaran Pangeran teh saenyana maparin tempo supaya aranjeun salamet sakumaha saur Paulus dulur sim kuring dina suratna ka aranjeun. Paulus nyaurkeun kitu teh ku karana hikmah ti Allah.[16] Unggal nyuratan anjeunna tara luput nyaurkeun eta hal. Dina surat-suratna teh aya sababaraha hal anu hese kahartina. Nu sambewara jeung imanna loncer mah ngahartikeunana teh mengkol, da bagian-bagian sejenna deui tina Kitab Suci oge sok dipengkolkeun, matak niwaskeun sorangan.[17] Ari aranjeun mah tangtu ngarti, dulur-dulur! Sing waspada bae, ulah kasasabkeun ku jelema-jelema anu ingkar tina parentah-parentah Allah, bisi cilaka.[18] Sing terus mekar dina sih kurnia jeung pangarti kana hal Gusti jeung Jurusalamet urang Yesus Kristus. Sanggakeun puji ka Anjeunna, ayeuna, salalanggengna! Amin.

1 Yohanes 4:1-6
[1] Dulur-dulur! Ulah percaya ka sambarang jelema anu majarkeun meunang Roh ti Allah. Coba heula enya lainna roh dina dirina teh Roh ti Allah, sabab ayeuna loba nabi palsu, riab ka mana-mana.[2] Nganyahokeunana kieu: Lamun ngaenyakeun yen Yesus Kristus sumping-Na ngajirim manusa, enya meunang Roh ti Allah.[3] Lamun ngalainkeun, roh dina dirina teh lain Roh ti Allah, tapi roh ti musuh Kristus anu memang bakal datang sakumaha anu geus kadarenge bareto ku aranjeun. Ayeuna eta musuh teh geus aya di ieu dunya.[4] Tapi anaking, maraneh mah cangkingan Allah. Maraneh geus bisa ngelehkeun nabi-nabi palsu, sabab Roh anu aya di aranjeun leuwih punjul ti batan roh anu asal ti dunya.[5] Ku sabab eta nabi-nabi palsu teh asal ti dunya, anu diomongkeunana oge urusan kadunyaan, tangtu bae ku urang dunya ditarurut.[6] Ari urang mah ti Allah. Sing saha anu terang ka Allah, tangtu daekeun sakayakinan jeung urang. Anu arembungeun mah lain cangkingan Allah. Kitu ngabedakeunana antara Roh kayaktian jeung roh anu nyasabkeun.

Matius 7:15-20
[15] ”Sing awas ka nabi-nabi palsu! Datangna ka maraneh make ulat domba, tapi hatena mah hate ajag.[16] Maraneh baris nyaho ka maranehna tina tingkah lakuna. Rungkun cucuk moal buahan anggur, tangkal cucuk moal buahan kondang.[17] Tangkal alus buahanana tangtu alus, tangkal goreng buahanana tangtu goreng.[18] Mun tangkalna sehat buahanana moal goreng, mun tangkalna goreng buahanana moal alus.[19] Tangkal nu goreng buahanana tangtu dituar tuluy dialungkeun kana seuneu.[20] Jadi nyirikeun nabi-nabi palsu teh tina tingkah lakuna.”

2 Petrus 1:12-21
[12] Ku sabab kitu, sanajan aranjeun geus terang kana eta hal anu sayakti, tur geus mantep ngadeg dina eta, sim kuring moal weleh ngingetan.[13] Satungtung aya keneh umur mah tetep ngarasa wajib ngageuing supaya aranjeun tetep pengkuh kana eta.[14] Sabab sim kuring geus dibere terang eces pisan ku Gusti urang Yesus Kristus yen sim kuring bakal tereh ninggalkeun ieu dunya,[15] nu matak sabisa-bisa rek ihtiar heula sangkan aranjeun pengkuh kana eta hal, sanajan engke sim kuring geus teu aya di dunya.[16] Kamulyaan Gusti urang Yesus Kristus anu dicaritakeun ku sim kuring teh lain asal tina carita-carita beunang nganggit, sabab kasaksian pisan ku sorangan kamulyaana-Na teh.[17] Waktu Anjeunna ku Allah Rama diterapan kamulyaan jeung kaagungan di gunung nu suci tea, sim kuring jeung batur duaan keur reureujeungan jeung Anjeunna, sarta kadenge ku ceuli sorangan gentra Anu Maha Mulya ti sawarga, ngadawuhkeun salira Anjeunna, ungelna, ”Ieu teh putra kakasih Kami, anu dipisuka ku Kami!”[18] ***[19] Sanggeus nyaksian kitu, sim kuring beuki percaya bae kana dawuhan Allah anu diwartakeun ku nabi-nabi teh. Aranjeun oge kudu kitu, sabab eta anu diwartakeunana teh ibarat lampu anu ngagenclang di nu poek nepi ka bray beurang, ibarat cahya bentang isuk anu moncorong di jero hate aranjeun.[20] Tapi sanajan kitu aranjeun kudu terang, jelema mah moal aya saurang-urang acan anu ngarti sorangan kana eusi piwejang dina Kitab Suci.[21] Jeung jelema mah moal aya anu bisa sorangan ngawartakeun dawuhan Allah perkara nu bakal pijadieun engke. Nabi-nabi oge ngawejangkeunana teh estu ku karana pangersa Roh Suci.

Titus 1:6-16
[6] jalma nu taya celana; anu bojona ngan hiji; anu anak-anakna palercaya ka Kristus, henteu baragajul atawa bangkawarah.[7] Ku sabab tua-tua teh pamingpin jamaah anu nguruskeun padamelan Allah, tangtu ulah aya codekana, ulah gumede, ulah barangasan, ulah pamabokan, ulah bengis, ulah mata duiteun.[8] Kudu someah ka semah, resep migawe nu hade. Kudu bisa nahan diri, jujur, suci, taʼat kana aturan.[9] Tuhu kana warta amanat Allah anu wajib dipercaya, nurutkeun pangajaran anu geus katarima ku dirina. Lamun kitu tangtu bakal bisa nganasehatan ka batur ku eta pangajaran anu sayakti, jeung bisa nuduhkeun kasalahan batur anu ingkar tina eta pangajaran.[10] Sabab loba jelema anu sok barontak, babakuna anu parindah ti agama Yahudi, nyebarkeun omongan panipuan anu taya eusina, nyasabkeun ka nu sejen.[11] Omonganana ku hidep kudu dibungkem, sabab ngaliarkeun pangajaran teu uni, ngabarubahkeun jalma-jalma katut sakulawargana masing-masing, bari nyiar kauntungan pribadi nu teu pantes.[12] Samalah kungsi aya hiji nabi, urang Kreta keneh, nyarita kieu: ”Urang Kreta mah sapapanjangna barohong bae, jeung rarakus saperti sato galak, turug-turug ngaredul!” Da saenyana atuh! Nu matak ku hidep kudu diweweleh, sina sehat deui imanna,[13] ***[14] sina ulah nganut deui dongeng-dongeng Yahudi jeung papakon anu diayakeun ku jelema-jelema anu ngalawan kana piwulang anu bener nu asalna ti Allah.[15] Di jelema anu suci mah sagala rupa oge suci. Sabalikna di jelema anu pikiranana kotor jeung teu percaya ka Allah mah moal aya sipat suci, lantaran pikiran jeung batinna oge geus kotor![16] Ari ngakuna mah nyaho ka Allah, ari kalakuanana ingkar ti Allah, pinuh ku kangewa, tukang baha, pamohalan bisa migawe nu hade.

2 Petrus 2:1-22
[1] Baheula umat Allah kadatangan nabi-nabi palsu. Ayeuna nya kitu keneh, aranjeun bakal kadatangan guru-guru palsu, ngasupkeun pangajaran anu teu bener sarta nyilakakeun. Maranehna bakal ngangles ka Guru anu nyalametkeun maranehna. Ku hal eta saenyana maranehna nyieun picilakaeun sorangan, anu bakal ujug-ujug narajang ka maranehna.[2] Parandene kitu, loba anu bakal nurutan kalakuanana anu ingkar, nepi ka loba anu bakal ngagogoreng Jalan Bener, jalan ti Allah.[3] Kajurung ku sipatna anu rakus, eta guru-guru palsu teh ngajarkeun carita-carita beunangna nganggit, ngarah piuntungeun. Tapi Hakim anu bakal ngahukum maranehna geus lila sadia. Anu bakal ngabasmina geus nunggu-nunggu.[4] Allah henteu ngantep malaikat-malaikat anu baha, kabeh disuntrungkeun ka naraka, dirante di tempat nu poek, ngadago Poe Hukuman.[5] Allah henteu ngantep dunya purba tempat manusa migawe kajahatan, dibasmi ku caah dunya; anu dirahayukeun ngan Enoh jeung tujuh urang deui, sabab Enoh sok ngelingan ka eta nu daroraka.[6] Allah ngahukum nagri Sadumu jeung Gomora, eta nagri dibasmi ku seuneu, dijadikeun conto yen kitu pijadieunana anu jarahat mah.[7] Allah ngarahayukeun Elut ti eta nagri, sabab Elut ibadah, ngerik ningali kadorakaan urang dinya.[8] Anjeunna nu hade, cicing di eta nagri teh unggal-unggal poe manahna kasiksa ningali jeung ngadangu kalakuan jahat urang dinya.[9] Tah kitu, Pangeran teh uninga ka jelema anu nurut ka Mantenna, anu kudu disalametkeun tina sagala gogoda; uninga ka jelema doraka, anu kudu dihukum jeung dikerem ngadago Poe Hukuman,[10] hususna jelema-jelema anu ngalajur hawa napsu jeung nyela kana kakawasaan Allah. Ari guru-guru palsu tea kacida kumawanina jeung karumakina, nepi ka teu sieun-sieuneun lancang ngahina ka mahluk-mahluk mulya di sawarga.[11] Cacakan para malaikat ge anu leuwih unggul jeung bedas ti batan maranehna, nyeuseulna ka eta mahluk-mahluk mulya teh henteu nganggo kecap anu ngahina di payuneun Pangeran.[12] Eta guru-guru palsu teh teu beda ti sato galak, boroeun jeung paehaneun, lampahna kumaha ceuk nalurina, teu jeung pikiran, nepi ka wani nyela kana hal-hal anu tacan katepi ku uteukna. Maranehna tangtu ditumpes kawas sato-sato galak,[13] bakal dibales sangsara lantaran geus nyieun pisangsaraeun batur. Karesepna nganteur napsu badani, kajeun ti beurang. Dina dahar ngariung hajat aranjeun, sakahayangna dianteur turug-turug sok ngalicikan, matak era jeung cela.[14] Ari matana teu weleh ngulincer neangan awewe bangor, kana dosa teh resepna teu aya seubeuhna, jeung jadi tukang ngagendam ka nu lembek iman. Hatena sina tutur kana sarakah, jalma-jalma bangkawarah![15] Maranehna geus kasasar, naringgalkeun jalan anu bener saperti Balhum bin Beor baheula. Geuning Balhum nepi ka daek migawe nu matak dosa da kabita ku buruhan,[16] anu matak eta nabi teh diseuseul. Kalde tutumpakanana ngadak-ngadak bisa ngomong cara jelema, mapalangan kana niat gelona.[17] Eta guru-guru palsu teh kawas cinyusu nu geus saat, kawas mega anu katebak ku angin gede. Pitempateunana ku Allah geus ditangtukeun, nya eta di nu poek mongkleng.[18] Mun pidato kalah ka agul, padahal eusina gejul. Kalakuanana anu aeb dipake mikat jelema-jelema anu kakara eungkeut-eungkeut leupas tina pangaruh jelema-jelema anu tabeatna jarahat.[19] Maranehna ngajangjikeun kamerdekaan, padahal dirina sorangan jaradi budak hawa napsuna nu matak cilaka, sabab nu eleh mah kapan kudu ngawula ka anu ngelehkeunana.[20] Lamun jelema geus leupas tina pangaruh perbawa dunya anu ngaruksak lantaran geus wanoh ka Gusti, Jurusalamet urang Yesus Kristus, heug kapuket deui ku eta nepi ka eleh, kaayaanana leuwih cilaka ti batan tadina.[21] Jalma kitu mah mending oge teu nyaho pisan kana jalan nu bener ti Allah, ti batan nyaho tapi ingkar tina parentah suci anu diparentahkeun ku Allah.[22] Jalma kitu ninggang kana paribasa, ”Anjing malikan deui utahna, bagong geus dimandian guyang deui dina leutak.”

Matius 23:1-29
[1] Yesus terus nyarios ka jalma rea jeung ka murid-murid.[2] ”Guru-guru agama Yahudi jeung urang Parisi baroga kawasa napsirkeun Hukum Musa.[3] Sagala parentahna anu tumali jeung eta kudu diturut. Tapi ku sabab maranehna sorangan henteu nurut kana eta aturan, kalakuanana mah ulah ditiru.[4] Ka batur ngawajibkeun ngalakonan anu sakitu beuratna, ari maranehna teu ngutekkeun curuk-curuk acan ngabantu batur anu ngalakonan eta kawajiban.[5] Ngalampahkeun naon bae maranehna mah salawasna ngan hayang kaciri ku batur. Tenjo pameungkeut tarang jeung leungeunna anu ditulisan ku ayat-ayat Kitab Suci, sakitu rarubakna! Tenjo rarawis jubahna, sakitu paranjangna![6] Dina pesta-pesta, tempatna milih anu pangeunahna. Di imah-imah ibadah korsina pangaralusna.[7] Karesepna lamun pada ngabageakeun jeung pada ngajenan di pasar-pasar, jeung hayang disarebut ʼAma Guruʼ.[8] Maraneh mah tong daek disebut ʼAma Guruʼ, da Guru maraneh ngan hiji sarta maraneh teh sadulur.[9] Jeung ulah nga-Ama-keun ka sasama jalma di dunya, sabab Rama maraneh mah ngan hiji, di sawarga.[10] Ulah daek disebut ʼPamingpinʼ, sabab nu jadi pamingpin teh ngan hiji nya eta Kristus, Jurusalamet.[11] Anu pangpunjulna di maraneh, kudu purun kumawula ka sarerea.[12] Anu ngaluhurkeun maneh tangtu dikahandapkeun, sabalikna anu ngahandapkeun maneh bakal dikaluhurkeun.”[13] ”Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun meundeutan lawang Karajaan Sawarga, sorangan embung asup, nu harayang asup dihalang-halang! [[14] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun macikeuh randa-randa, ngarampas imahna, bari pura-pura mangdoakeun panjang naker sangkan teu kaciri jahat. Hukuman aranjeun engke kacida beuratna!][15] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun meuntas laut ngambah darat, neangan anu daekeun asup kana agama aranjeun saurang-urangeun. Ari geus meunang bet dijadikeun calon eusi naraka, jadi jahat leuwih ti batan aranjeun.[16] Cilaka engke aranjeun, pamingpin-pamingpin lalolong! Ceuk pangajaran aranjeun, ʼJelema anu sumpah demi Bait Allah henteu kabeungkeut ku sumpahna, tapi anu sumpah demi emas eusi Bait Allah mah kabeungkeut.ʼ[17] Aranjeun nya barodo nya lalolong! Mana anu leuwih penting, emasna atawa Bait Allah, anu ngalantarankeun eta emas jadi suci?[18] Jeung ceuk pangajaran aranjeun, ʼJelema anu sumpah demi altar, henteu kabeungkeut ku sumpahna, tapi anu sumpah demi pangbakti dina altar mah kabeungkeut.ʼ[19] Pohara lolongna aranjeun teh! Cik mana anu leuwih penting, pangbaktina atawa altarna anu nyucikeun eta pangbakti?[20] Jadi sumpah demi altar teh nya demi altarna nya demi pangbaktina anu geus aya dina altar.[21] Sumpah demi Bait Allah, nya demi Baitna nya demi Allah anu linggih di eta Bait.[22] Sumpah demi sawarga, nya demi singgasana Allah nya demi Allah anu linggih dina eta singgasana.[23] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Ari mere perpuluhan ka Allah mani nepi ka bungbu-bungbu kayaning pala, jinten jeung katuncar. Tapi anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea. Lakonan heula anu ieu, tapi ulah ngalalaworakeun anu sejenna.[24] Aranjeun pamingpin anu lalolong! Laleur dina inumeun disaring, ari onta diteureuy buleud![25] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Cangkir jeung piring luarna diberesihan, ari jerona kotor pinuh ku daki paksa-pirusa jeung ku beubeunangan tina kasarakahan.[26] Eh nu lalolong, urang Parisi! Jerona heula beresihan cangkir teh, kakara luarna.[27] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun ibarat kuburan dikapur bodas, ti luarna siga alus, ari eusina tulang-taleng jeung mayit buruk.[28] Aranjeun oge kitu; ti luar katembongna ku jalma rea mah hade, padahal di jerona pinuh ku kapalsuan jeung dosa.”[29] ”Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun ngalus-ngalus makam para nabi, ngahias tugu-tugu katineung ka jelema-jelema anu keur hirupna harade lampah,

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society