A A A A A

Gereja: [Penganiayaan Gereja]


Kisah Para Rasul 8:1
Saulus kacida panujueunana kana eta rajapati teh. Poe eta keneh gareja di Yerusalem mimiti dikaniaya bengis pisan. Anu palercaya ka Yesus jadi paburencay ka sakuliah Yudea jeung Samaria, ngan rasul-rasul anu kumpul keneh teh.

Matius 5:44
Ayeuna ceuk Kami, ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun,

2 Timotius 3:12
Da kitu ari anu merih kana hirup ibadah jeung hayang ngahiji ka Yesus Kristus mah, kabeh ge bakal nandangan panganiayaan.

Yohanes 15:20
Kami geus ngabejaan ka maraneh, ’Euweuh badega anu leuwih luhur ti dununganana.’ Lamun maranehna ka Kami nganiaya, ka maraneh oge tangtu nganiaya; lamun maranehna narurut kana piwuruk Kami, ka maraneh oge tangtu narurut.

Wahyu 2:10
Ulah sieun ku kasangsaraan anu bakal kasorang. Dengekeun! Maraneh bakal digoda ku Iblis, maraneh sawareh rek dijeblos-jebloskeun ka panjara. Eta kasangsaraan lilana sapuluh poe. Sing tetep satia ka Kami sanajan kudu nepi ka ajal, tan wande ku Kami diganjar hirup anu sajati.

Roma 8:35
Jadi, saha anu bisa megatkeun asihna Kristus ka urang? Naha kabalangsakan, atawa panganiayaan, atawa kalaparan, atawa kamalaratan, atawa bahya, atawa maot, bisaeun megatkeun?

Matius 5:11
Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami.

Roma 12:14
Jelema anu neungteuinganan ulah disumpahan, malah kudu dipangnedakeun ka Allah mugia sing diberkahan. Enya, kudu kitu!

Yohanes 5:16
Ku sabab kitu Yesus ku para gegeden teh mimiti disusahkeun lantaran nyageurkeun dina poe Sabat.

Matius 5:10-12
[10] Bagja jelema anu dikaniaya ku sabab ngalakonan pangersa Allah, Karajaan Sawarga teh eukeurna![11] Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami.[12] Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga. Nabi-nabi anu hirup beh ditueun maraneh oge dikaniaya teh kitu.”

2 Korintus 12:10
Demi Kristus, sim kuring mah lembek kajeun, dihina kajeun, sangsara kajeun, dikaniaya kajeun, nandangan suker kajeun. Puguh ari keur lembek sim kuring mah jadi bedas teh.

Kisah Para Rasul 13:50
Tapi jelema-jelema urang Yahudi tea ngangsonan ka para gegeden kota jeung ka wanita-wanita priyayi anu aribadah ka Allah, jeung mimiti nyarusahkeun ka Paulus jeung Barnabas, sarta tungtungna aranjeunna diusir ti wewengkon maranehna.

Kisah Para Rasul 7:52
Naha aya nabi anu nepi ka henteu dikaniaya ku karuhun aranjeun? Baheula karuhun aranjeun maehan sakur utusan Allah anu ngembarkeun pisumpingeunana Abdining Allah nu estu. Kiwari, aranjeun ngahianat sareng maehan ka eta Abdining Allah.

Markus 4:17
tapi gancang leungit deui sabab nyerepna teu sakumaha. Barang disusahkeun ku batur dumeh percaya kana eta amanat tuluy bae murtad.

Galatia 4:29
Jaman harita, anak anu dilahirkeunana sakumaha ilaharna teh nganiaya ka anu dilahirkeunana ku karana pangersa Roh Allah. Jaman ayeuna oge kawas kitu.

Markus 10:30
dina jaman ieu bakal meunang gantina leuwih loba. Manehna bakal narima saratus kalieun: imah, dulur lalaki, dulur awewe, indung, anak, pakaya, nya kitu deui panganiayaan, sarta dina jaman nu bakal datang bakal narima hirup anu langgeng.

Matius 13:21
tapi henteu tahan lila sabab henteu sakumaha nyerepna kana hate nu narima. Sanggeus ngarasa yen nyekel eta amanat teh jadi diteungteuinganan ku sasama hirup, tuluy bae murtad.

Kisah Para Rasul 22:4
Sarta tadina purah nganiaya anu nyarekel eta agama anyar sina paraeh. Lalaki, awewe, diseredan ka pangbuian.

Matius 5:10
Bagja jelema anu dikaniaya ku sabab ngalakonan pangersa Allah, Karajaan Sawarga teh eukeurna!

Galatia 6:12
Jelema-jelema anu mamaksa aranjeun disunat teh ngan ngagedekeun sual-sual lahir. Pamalarna taya lian, sangkan ulah nepi ka milu dikakaya ku urang Yahudi tina sabab salib Kristus.

Lukas 21:12
Tapi memeh eta kajadian, maraneh bakal ditangkep jeung dikaniaya, dipariksa di imah-imah ibadah terus dipanjara, dijagragkeun ka raja-raja jeung ka para pangereh ku karana Kami.

Markus 10:29-30
[29] ”Bener!” waler-Na. ”Jeung saha- saha anu iklas ninggalkeun rumah tanggana atawa ninggalkeun dulurna nu lalaki, nu awewe, atawa ninggalkeun indung atawa bapa atawa anak atawa pakaya lantaran beurat ka Kami jeung kana Injil Kasalametan ti Allah,[30] dina jaman ieu bakal meunang gantina leuwih loba. Manehna bakal narima saratus kalieun: imah, dulur lalaki, dulur awewe, indung, anak, pakaya, nya kitu deui panganiayaan, sarta dina jaman nu bakal datang bakal narima hirup anu langgeng.

Roma 8:35-37
[35] Jadi, saha anu bisa megatkeun asihna Kristus ka urang? Naha kabalangsakan, atawa panganiayaan, atawa kalaparan, atawa kamalaratan, atawa bahya, atawa maot, bisaeun megatkeun?[36] Hal eta dina Kitab Suci kaungel kieu, ”Ku karana Gusti, abdi-abdi salamina aya dina bahya pati, dijieun sapertos ka domba peunciteun.”[37] Moal, moal bisaeun! Eta kabeh malah geus eleh, urang geus unggul ku pitulung Anjeunna anu welas asih ka urang!

Kisah Para Rasul 11:19-21
[19] Para panganut Yesus anu diudag-udag basa Stepanus dipaehan tea, papencarna aya anu nepi ka Penesia, Siprus, jeung Antioki. Di ditu tetep nguarkeun pangandika Allah ka urang Yahudi deui.[20] Tapi aya anu asalna ti Siprus jeung Kirena daratang ka Antioki nguarkeun Injil Kasalametan hal Gusti Yesus ka nu lain urang Yahudi,[21] tur disarengan ku kakawasaan Gusti, nepi ka loba pisan anu tuluy palercaya, aranut ka Anjeunna.

Kisah Para Rasul 9:4-5
[4] nepi ka tibeubeut kana taneuh, tuluy aya soara anu ngalahir ka anjeunna, ”Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami?”[5] ”Saha Juragan teh?” saur Saulus. Waler anu nyoara, ”Kami teh Yesus, anu dikaniaya ku maneh.

Galatia 5:11
Sabalikna, lamun sim kuring ngajar yen sunat teh perlu, ku naon terus dimusuhan? Lamun bener sim kuring ngajar kitu, meureun ngawawarkeun hal salib Kristus teh moal hese.

Matius 10:23
Upama maraneh dikaniaya di hiji kota, kudu nyingkir ka tempat sejen. Sing percaya ka Kami: Memeh kota-kota Israil kaider kabeh ku maraneh, Putra Manusa geus datang manten.

Matius 5:12
Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga. Nabi-nabi anu hirup beh ditueun maraneh oge dikaniaya teh kitu.”

1 Timotius 1:13
Padahal bareto bapa ka Anjeunna teh ngagogoreng, nganiaya jeung moyok. Sukur, bapa ku Allah dipikawelas, kawantu harita mah bapa tacan percaya jeung tacan nyaho yen peta bapa kitu teh salah.

Matius 5:11-12
[11] Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami.[12] Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga. Nabi-nabi anu hirup beh ditueun maraneh oge dikaniaya teh kitu.”

Lukas 11:49
Paingan aya sabda Kawijaksanaan Allah kieu, ʼKami rek ngirimkeun nabi-nabi jeung utusan-utusan, sawareh bakal diparaehan, sawareh deui bakal dikaniaya.ʼ

1 Tesalonika 3:3-4
[3] ulah nepi ka ingkar lantaran teu kuat dikaniaya. Aranjeun terang, eta panganiayaan teh jadi bagian tina pangersa Allah ka urang.[4] Yen urang bakal dikaniaya teh ti samemehna keneh ku sim kuring geus diomongkeun ka aranjeun bareto waktu sim kuring keur di dieu keneh. Ayeuna enya kajadian.

Ibrani 11:36-38
[36] Aya anu dihihina, dirangketan ku cameti, dibarogod ku rante tuluy diasupkeun ka panjara.[37] Aya anu dibaledogan ku batu nepi ka tiwas, aya anu awakna dibeulah dua ku ragaji, aya anu diteukteuk ku pedang. Aya anu kajeun teuing utrak-atrok jeung marake kulit domba atawa kulit embe, balangsak, dikaniaya, diteungteuinganan.[38] Dunya ieu henteu layak keur aranjeunna! Kawas kaum pangungsi, kadungsang-dungsang di gurun keusik, di pasir-pasir, hirupna di guha-guha atawa dina gorowong-gorowong taneuh.

Yohanes 15:20-21
[20] Kami geus ngabejaan ka maraneh, ’Euweuh badega anu leuwih luhur ti dununganana.’ Lamun maranehna ka Kami nganiaya, ka maraneh oge tangtu nganiaya; lamun maranehna narurut kana piwuruk Kami, ka maraneh oge tangtu narurut.[21] Nu matak karitu ka maraneh teh lantaran maraneh mah anu Kami, jeung maranehna henteu nyarahoeun ka anu ngutus Kami.

Matius 10:21-23
[21] Engke teh dulur bakal nyerenkeun dulurna keneh sina dipaehan, kitu keneh bapa ka anak; anak bakal ngalawan ka bapa, nyerenkeun bapana sina dipaehan.[22] Maraneh bakal dipikageuleuh ku unggal jelema lantaran anut ka Kami. Tapi sing saha anu tagen nepi ka ahir bakal disalametkeun.[23] Upama maraneh dikaniaya di hiji kota, kudu nyingkir ka tempat sejen. Sing percaya ka Kami: Memeh kota-kota Israil kaider kabeh ku maraneh, Putra Manusa geus datang manten.

Matius 24:8-10
[8] Eta kabeh kajadian kakarek ngamimitianana ibarat mimiti nyalingitna kanyeri anu rek ngajuru.[9] Geus kitu maraneh bakal ditangkep, diserenkeun sangkan disiksa, dipaehan. Bakal dipikageuleuh ku unggal jelema dumeh anut ka Kami.[10] Jaman eta bakal loba anu murtad, silih hianat, silih pikageuleuh.

Lukas 21:12-19
[12] Tapi memeh eta kajadian, maraneh bakal ditangkep jeung dikaniaya, dipariksa di imah-imah ibadah terus dipanjara, dijagragkeun ka raja-raja jeung ka para pangereh ku karana Kami.[13] Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh pikeun nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah.[14] Tekadkeun dina hate ti samemehna, yen maraneh moal rek salempang ku piomongeun pikeun ngabela diri,[15] sabab ku Kami bakal dibere piomongeun supaya maraneh perceka jeung bijaksana, nepi ka omongan maraneh moal aya anu bisa ngalawan atawa ngabantah.[16] Maraneh bakal diserenkeun ku kolot sorangan, ku dulur sorangan, ku baraya sorangan, ku babaturan sorangan, malah maraneh sawareh bakal diparaehan.[17] Maraneh bakal pada mikageuleuh ku karana Kami.[18] Tapi maraneh najan buuk salambar oge moal aya nu murag.[19] Lamun maraneh tabah tangtu baris rahayu.”

1 Korintus 4:8-13
[8] Kutan aranjeun geus taya kakurang, geus baleunghar, geus jaradi raja? Rasul-rasul mah boro-boro. Muga-muga sing enya aranjeun jaradi raja, supaya rasul-rasul oge jaradi raja cara aranjeun.[9] Sabab karasana ku sim kuring, rasul-rasul mah ku Allah diteundeun di nu panghinana, kawas nu rek dihukum paeh hareupeun jalma rea, jadi tongtoneun manusa sajagat jeung para malaikat.[10] Ku karana Kristus, rasul-rasul mah jelema-jelema barodo, teu cara aranjeun anu ngahiji jeung Kristus palinter! Rasul-rasul lalemah, aranjeun mah garagah. Rasul-rasul dicela, aranjeun mah dipuja-puja. Rasul-rasul dihinakeun, aranjeun mah diagungkeun![11] Tepi ka waktu ieu ge rasul-rasul mah kalaparan, kahanaangan, barangpake rubag-rabig, utrak-atrok teu boga tempat;[12] awak asa pasiksak ku gawe beurat. Ka nu nyumpahan, rasul-rasul ngabales ku ngaberkahan; dikaniaya, rasul-rasul mah bati pasrah;[13] dipoyokan, rasul-rasul mah kudu angger amis budi. Rasul-rasul mah nepi ka ayeuna ge teu leuwih ti runtah anu ngabalaan jagat, barang piceuneun!

Ibrani 10:32-34
[32] Sing aringet kana kaayaan aranjeun bareto. Harita, sanggeus aranjeun dicaangan ku caang ti Allah sanajan sering ngalakonan kasangsaraan teu burung tarabah.[33] Kadang kala aranjeun dihihina jeung diteungteuinganan di hareupeun jalma rea, aya kalana deui aranjeun milu ngarasa prihatin ka batur anu oge dikitu-kitu,[34] milu ngarasa sangsarana jelema-jelema anu dipanjara. Jeung waktu sagala pangaboga aranjeun aya anu ngarampas, aranjeun teu ngarasa owel lantaran ngarasa boga keneh hal anu leuwih gede pangajina, anu bakal kapiboga salalanggengna.

Ibrani 11:33-38
[33] Ku karana percaya, aranjeunna geus bisa ngelehkeun karajaan-karajaan. Aranjeunna ngajalankeun hal anu bener, anu matak nampa hal anu dijangjikeun ku Allah. Aranjeunna ngonci sungut singa,[34] mareumkeun seuneu anu keur ngamuk, luput tina kasambut ku pedang musuh. Aranjeunna lemah tapi jadi kuat, perangna garagah, mampuh ngagempur musuh nepi ka musuhna eleh.[35] Ku karana percaya, wanita-wanita barisa papanggih deui jeung sanak kulawargana anu sasatna geus tariwas. Aya anu milih kajeun pejah disasaak, nolak dibebaskeun, lantaran ngaharep dihirupkeun deui engke, kana kahirupan anu leuwih pikasenangeun.[36] Aya anu dihihina, dirangketan ku cameti, dibarogod ku rante tuluy diasupkeun ka panjara.[37] Aya anu dibaledogan ku batu nepi ka tiwas, aya anu awakna dibeulah dua ku ragaji, aya anu diteukteuk ku pedang. Aya anu kajeun teuing utrak-atrok jeung marake kulit domba atawa kulit embe, balangsak, dikaniaya, diteungteuinganan.[38] Dunya ieu henteu layak keur aranjeunna! Kawas kaum pangungsi, kadungsang-dungsang di gurun keusik, di pasir-pasir, hirupna di guha-guha atawa dina gorowong-gorowong taneuh.

Kisah Para Rasul 12:1-19
[1] Dina jaman eta keneh, Raja Herodes mimiti ngayakeun talajak keras ka sawatara anggota jamaah.[2] Yakobus rakana Yohanes ku anjeunna dipaehan ku pedang.[3] Ngaraos yen anjeunna kitu teh dipikaresep ku urang Yahudi, tuluy deui nangkep Petrus. (Kajadianana waktu keur Pesta Roti Teu Diragian.)[4] Sanggeus ditangkep Petrus diasupkeun ka pangbuian, dipiwarang dijaga ku opat regu serdadu, sareguna opat-opat. Maksad Herodes, sabada Pesta Paska Petrus rek dipariksa ku anjeunna di hareupeun umum.[5] Sabot Petrus ditahan di pangbuian, para anggota jamaah teu eureun-eureun sasambat ka Allah mangnedakeun anjeunna.[6] Piisukaneun dipariksa ku Herodes di hareupeun umum, peutingna Petrus kulemna dihapit ku dua serdadu jeung dibarogod ku dua rante. Panto panjarana dijaraga.[7] Ujug-ujug jleg bae aya malaikat Pangeran ngadeg, kamar anjeunna ditahan mani hibar ku cahayana. Eta malaikat ngaguyah-guyah ngagugahkeun Petrus, saurna, ”Geuwat hudang!” Harita keneh rante barogod panangan Petrus lesot.[8] Malaikat ngalahir deui, ”Kencengkeun sabuk, pake tarumpah.” Petrus ngencengan sabuk, tarumpahna dianggo. Malaikat ngalahir deui, ”Harudumkeun jubah, hayu tuturkeun kami.”[9] Petrus nuturkeun, kaluar ti jero panjara bari asa samar, eta teh naha malaikat saenyana atawa ngan titingalian bae.[10] Pos jaga kahiji jeung kadua geus kaliwat, jol ka panto beusi lawang kaluar. Bray pantona muka sorangan, Petrus jeung malaikat kaluar. Sanggeus nepi ka tungtung jalan les malaikat teh ngantunkeun.[11] Petrus teu samar deui kana eta kajadian, terus ngagereyem, ”Ayeuna aing yakin ieu teh saenyana. Gusti ngutus malaikat-Na nyalametkeun aing tina genggeman Herodes jeung tina maksud jahatna urang Yahudi.”[12] Sanggeus ngamanah-manah tuluy anjeunna ngajugjug ka bumi Maria, ibuna Yohanes anu katelah Markus. Di dinya keur loba jelema anu neneda.[13] Petrus ngetrokan panto. Hiji gandek awewe ngaran Rode nyampeurkeun rek mangmukakeun.[14] Manehna ujug-ujug wawuheun kana soanten Petrus. Bakating ku atoh lain buru-buru muka panto, tapi kalah ka lumpat balik deui hariweusweus yen anu keketrok teh Petrus.[15] Ceuk nu sejen, ”Boa maneh gundam!” Rode keukeuh ngaenyakeun, tapi dijarawab, ”Meureun eta mah malaikatna.”[16] Petrus haben bae keketrok. Tungtungna panto dibuka. Ari bray, maranehna kacida karageteunana.[17] Ku Petrus diisarahan supaya jarempe, ti dinya anjeunna nerangkeun hal anjeunna dikaluarkeun ku Gusti ti jero panjara. ”Pangbejakeun bae ka Yakobus jeung ka nu sejen,” saurna ka maranehna. Geus kitu angkat ti dinya ka tempat sejen.[18] Sanggeus bray isuk, serdadu-serdadu anu ngajaraga gehger, baringungeun aya kajadian naon ka Petrus.[19] Herodes nimbalan supaya Petrus disaksrak, tapi lebeng teu kapanggih. Ku sabab kitu serdadu-serdadu jaga teh ku anjeunna dipariksa terus diparaehan. Geus kitu Herodes angkat ti Yudea, ngadon calik di Kesarea rada lila.

Kisah Para Rasul 9:1-14
[1] Saulus ngentab-ngentab keneh napsuna hayang maehan para panganut Gusti Yesus nepi ka tumpur. Tuluy ngadeuheus ka Imam Agung,[2] mundut surat kawasa tembongkeuneun ka para pamingpin imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, supaya diidinan nangkepan sakur jelema anu percaya ka Yesus, anu kapanggih di Damsik, rek terus dibawa ka Yerusalem.[3] Barang geus deukeut ka Damsik, Saulus ngadak-ngadak katojo ku hiji cahaya ti langit,[4] nepi ka tibeubeut kana taneuh, tuluy aya soara anu ngalahir ka anjeunna, ”Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami?”[5] ”Saha Juragan teh?” saur Saulus. Waler anu nyoara, ”Kami teh Yesus, anu dikaniaya ku maneh.[6] Ayeuna geura hudang, tuluykeun ka Damsik, engke di ditu maneh bakal dibejaan naon anu kudu dipilampah ku maneh.”[7] Rerencangan saperjalananana areureun, pungak-pinguk, rareuwaseun nepi ka teu barisaeun ngomong-ngomong acan ngadenge soara teu tembong jirimna.[8] Saul hudang tina taneuh tuluy beunta, tapi teu iasaeun ningali naon-naon. Ku rerencanganana ditungtun ka jero kota Damsik.[9] Meunang tilu poe teu ningalina, sajeroning kitu anjeunna teu tuang teu leueut.[10] Di Damsik aya hiji panganut Yesus, jenenganana Ananias, meunang dawuhan Gusti dina hiji tetenjoan. ”Ananias!” dawuhan Gusti. ”Nun, Gusti!” wangsulna.[11] Dawuhan Gusti, ”Ayeuna maneh kudu indit ka imah Yudas di Jalan Lempeng, tanyakeun jelema anu ngaran Saulus urang Tarsus. Eta jelema ayeuna keur neneda.[12] Dina tetenjoanana manehna nenjo jelema ngaran Ananias datang numpangkeun leungeun ka dirina supaya bisa deui nenjo.”[13] Waler Ananias, ”Gusti, eta jalmi teh seueur kawartoskeunana yen kalintang jahatna ka umat Gusti di Yerusalem.[14] Nu mawi ka Damsik oge bade nangkepan umat Gusti, malah ngabantun serat kawasa ti imam-imam kapala.”

Galatia 1:13
Aranjeun tangtu geus meunang carita hal kahirupan sim kuring waktu nyekel keneh agama Yahudi, kumaha telengesna sim kuring ka jamaah Allah, enyaan hayang ngabasmi teh.

Wahyu 2:8-10
[8] ”Tulis pikeun malaikat jamaah di Semirna: Ieu amanat ti Nu Awal jeung Nu Panutup, nu geus nyorang ajal jeung nu geus hirup deui.[9] Kami nyaho kalaraan maneh. Kami nyaho maneh teh miskin tapi saenyana beunghar! Kami nyaho maneh digogoreng ku jelema-jelema anu ngaku urang Yahudi padahal lain, saenyana mah umatna Iblis![10] Ulah sieun ku kasangsaraan anu bakal kasorang. Dengekeun! Maraneh bakal digoda ku Iblis, maraneh sawareh rek dijeblos-jebloskeun ka panjara. Eta kasangsaraan lilana sapuluh poe. Sing tetep satia ka Kami sanajan kudu nepi ka ajal, tan wande ku Kami diganjar hirup anu sajati.

Kisah Para Rasul 26:9-11
[9] Jisim abdi oge tadina mah ngaraos wajib metakeun sagala tarekah, numpes kajadian anu dilantarankeun ku Yesus urang Nasaret.[10] Sareng nya kitu pisan anu ku jisim abdi dijalankeun di Yerusalem. Jisim abdi kenging kawasa ti para imam kapala, nyeredan umat Allah ka pangberokan. Upami hukuman maranehna ditangtoskeun hukuman paeh, jisim abdi kalintang rujukna.[11] Jisim abdi sering nyiksa nu karitu di imah-imah ibadah, dipaksa sina malungkir tina kapercayaanana. Kabengisan jisim abdi ka nu karitu taya papadana, anu araya di nagri sanes oge diberik dikaniaya.”

1 Korintus 4:12
awak asa pasiksak ku gawe beurat. Ka nu nyumpahan, rasul-rasul ngabales ku ngaberkahan; dikaniaya, rasul-rasul mah bati pasrah;

Kisah Para Rasul 12:1
Dina jaman eta keneh, Raja Herodes mimiti ngayakeun talajak keras ka sawatara anggota jamaah.

Filipi 3:6
ceuceub ka nu aranut ka Kristus nepi ka nganiayana. Dina nekanan parentah-parentah Hukum Agama, sim kuring taya kakuranganana.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society