A A A A A

Gereja: [Peran Wanita]


Galatia 3:28
Ku lantaran kitu, boh urang Yahudi, boh nu lain Yahudi, boh jelema merdeka, boh jelema kumawula, boh awewe, boh lalaki, geus henteu dibeda-beda, geus ngajadi hiji dina katunggalan jeung Kristus Yesus.

1 Timotius 2:9-15
[9] Mun awewe, kudu hade pake, kudu pantes jeung merenah, sing sameujeuhna ulah kaleuleuwihi, buuk tong dimodel-model, pakean tong nu mararahal, awak ulah reuceum ku perhiasan emas atawa mutiara.[10] Anggur dangdanan ku kaampuhan, sakumaha pipanteseunana awewe nu ibadah ka Allah.[11] Awewe mah kudu lungguh andalemi,[12] ka salaki ulah kumawani, ulah marentah atawa mamatahan.[13] Sabab anu dipidamel ku Allah teh Adam heula, kakara Hawa.[14] Tapi anu kawujuk jeung ngarempak larangan Allah teh Hawa, lain Adam.[15] Tapi awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun. Kitu ge kudu reujeung pengkuh kana ibadah, boga kanyaah, beresih lampah, basajan pamolah.

1 Timotius 2:12
ka salaki ulah kumawani, ulah marentah atawa mamatahan.

Kejadian 3:16
Ti dinya Mantenna nimbalan ka awewe tea, ”Kanyeri maneh ku Kami rek ditambahan sajeroning eukeur kakandungan, kitu keneh kanyeri dina waktu ngajuru. Sanajan kitu maneh mo weleh cumantel ka salaki, sanajan kudu tetep kumawula ka dinya.”

1 Korintus 11:3
Tapi aya keneh anu aranjeun perlu terang, nya eta: Kristus teh sirah sakabeh lalaki; salaki sirah pamajikan; Allah mastaka Kristus.

Lukas 8:1-3
[1] Teu lila ti harita Yesus angkat nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Murid-murid-Na teu tinggal,[2] kitu deui wanita-wanita anu geus dicalageurkeun tina kasakitna jeung tina kasurupan ku roh jahat, nya eta: Maria (anu katelah Magdalena) anu cageur tina kasurupan ku tujuh roh jahat;[3] Yohana, bojo Kusa pajabat karaton Herodes; Susanna, jeung loba deui wanita-wanita sejen. Ieu wanita-wanita geus ngabarantu ka Yesus jeung murid-murid-Na ku pangabogana masing-masing.

Kejadian 2:18
GUSTI Allah ngandika, ”Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan.”

Ef 5:22-33
[22] Pamajikan kudu tunduk ka salaki cara ka Kristus.[23] Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun.[24] Eta sababna dina sagala hal pamajikan teh kudu tunduk ka salaki, sakumaha gareja tunduk ka Kristus.[25] Salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Kristus mikaasih ka gareja nepi ka ngurbankeun nyawa-Na pikeun gareja.[26] Kristus midamel kitu teh sangkan iasa ngaberesihan gareja ku piwulang-Na jeung ku jalan pangbaptis, supaya bisa dibaktikeun ka Allah.[27] Ku jalan kitu, gareja teh ku Kristus disina ngadeg di payuneuna-Na reujeung sagala kaagunganana, nya eta: murni, taya salahna, taya cedana, taya kusut-kerejutna atawa kateusampurnaan lianna.[28] Nya kitu salaki teh kudu nyaah ka pamajikan, kawas nyaah ka dirina keneh. ([29] Da moal aya jelema anu teu nyaah kana awakna sorangan, awakna teh dimemenan, diurus dipulasara, cara Kristus ka gareja;[30] sabab urang teh anggahota salira Anjeunna.)[31] Ceuk Kitab Suci, ”Ku sabab kitu lalaki teh bakal ninggalkeun indung bapana, terus ngahiji jeung pamajikanana, sarta duanana bakal jadi hiji.”[32] Ieu ayat teh ngandung harti anu jero, anu ku sim kuring dipakaitkeun jeung hal satunggalna Kristus jeung gareja.[33] Jeung aranjeun oge eta ayat teh aya pakaitna, nya eta: Unggal salaki kudu nyaah ka pamajikan saperti ka awak sorangan, unggal pamajikan kudu hormat ka salaki.

1 Timotius 2:11-15
[11] Awewe mah kudu lungguh andalemi,[12] ka salaki ulah kumawani, ulah marentah atawa mamatahan.[13] Sabab anu dipidamel ku Allah teh Adam heula, kakara Hawa.[14] Tapi anu kawujuk jeung ngarempak larangan Allah teh Hawa, lain Adam.[15] Tapi awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun. Kitu ge kudu reujeung pengkuh kana ibadah, boga kanyaah, beresih lampah, basajan pamolah.

Lukas 10:38-42
[38] Yesus katut murid-murid angkat deui. Barang sumping ka hiji desa, Anjeunna dihaturanan linggih ku hiji wanita ngaran Marta.[39] Marta boga dulur awewe hiji ngaranna Maria, anu terus emok deukeut dampal sampean Gusti, ngaregepkeun cariosana-Na.[40] Ari Marta pakepuk sorangan keur nyayagikeun. Tungtungna marek unjukan, ”Gusti, eta pun dulur ngeunah-ngeunah, abdi diantep pakepuk digawe sorangan bae. Piwarang mantuan atuh!”[41] Ku Gusti diwaler, ”Marta, Marta! Hidep ngariripuh maneh mikiran itu mikiran ieu.[42] Ngan sarupa anu penting teh. Maria geus milih anu bener, sarta eta moal aya anu nyokot deui.”

Titus 2:3-5
[3] Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,[4] ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak,[5] kudu bisa mawa diri, hirup kudu beresih, kudu jaradi ibu rumah tangga anu hade, ngesto ka salaki, supaya ulah aya anu nepi ka ngagogoreng warta ti Allah tea.

1 Korintus 11:2-16
[2] Nuhun aranjeun aringet ka sim kuring sarta tigin kana pangajaran sim kuring.[3] Tapi aya keneh anu aranjeun perlu terang, nya eta: Kristus teh sirah sakabeh lalaki; salaki sirah pamajikan; Allah mastaka Kristus.[4] Dina kumpulan ibadah, lalaki anu sembahyang atawa ngumumkeun amanat Allah make tutup sirah, eta ngahina ka Kristus.[5] Sabalikna awewe dina kumpulan ibadah, lamun sembahyang atawa ngumumkeun amanat Allah henteu make tutup sirah, eta ngahina ka salaki, taya bedana ti awewe anu digundulan.[6] Sabab lamun awewe henteu daek make tiung leuwih hade ngagunting buukna. Tapi awewe mah kapan hina lamun sirahna dicukur atawa buukna digunting teh, anu matak kudu make tiung.[7] Lalaki teu perlu make tutup sirah, sabab lalaki teh gambar Allah katut kaagungana-Na. Ari awewe gambar kamulyaan lalaki,[8] sabab lain lalaki anu dijadikeun ti awewe, tapi awewe anu dijadikeun ti lalaki.[9] Lalaki dijadikeunana lain pikeun awewe, tapi awewe anu dijadikeunana pikeun lalaki.[10] Ku sabab kitu awewe kudu make tiung sirah, pikeun nyirikeun aya dina bawahan kakawasaan salakina, jeung tanda mandang ka para malaikat.[11] Tapi sanajan kitu ge pikeun urang mah anu hirup di Gusti, awewe henteu lesot ti lalaki, lalaki henteu lesot ti awewe.[12] Sabab sanajan awewe dijadikeun ti lalaki, tapi lalaki oge dijurukeun ku awewe, sarta pang aya saniskara teh Allah anu ngajadikeunana.[13] Pek ku aranjeun rarasakeun, naha pantes dina pakumpulan, awewe sembahyang ka Allah teu make tiung sirah?[14] Alam sorangan netelakeun yen buuk panjang pikeun lalaki mah teu pantes.[15] Sabalikna pikeun awewe mah malah jadi kaendahan. Buukna nu panjang teh kapan pikeun nutup sirahna.[16] Upama aya anu ngabantah kana hal ieu, jawabanana kieu: Urang mah, kitu deui jamaah Allah, teu boga adat sejen salian ti eta.

Kisah Para Rasul 18:26
Apolos mimiti ngajar di tempat ibadah, kacida wanina. Barang halna kadenge ku Priskila jeung Akwila tuluy diaraku dibawa ka imahna. Di dinya kanyahona kana perkara rancangan Allah enggoning nyalametkeun manusa ku jalan Gusti Yesus ditambah.

1 Korintus 14:33-35
[33] sabab Allah teh resepeun kana kaberesan, teu resepeun ka nu kusut. Sakumaha kabiasaan di sakabeh jamaah Allah,[34] wanita di jero pajemuhan kudu repeh. Wanita teu meunang nyoara; kitu nurutkeun Hukum urang Yahudi, wanita teu meunang pipilueun.[35] Lamun aya tanyakeuneun lantaran hayang nyaho, tanyakeun ka salaki bae lamun geus aya deui di imah. Hina wanita mah nyarita di jero pajemuhan teh.

1 Timotius 2:11
Awewe mah kudu lungguh andalemi,

Ef 5:22-24
[22] Pamajikan kudu tunduk ka salaki cara ka Kristus.[23] Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun.[24] Eta sababna dina sagala hal pamajikan teh kudu tunduk ka salaki, sakumaha gareja tunduk ka Kristus.

Roma 16:1
Sim kuring nitipkeun Pebe, dulur urang awewe anu ngabantu pagawean jamaah Kengkrea.

Titus 2:4-5
[4] ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak,[5] kudu bisa mawa diri, hirup kudu beresih, kudu jaradi ibu rumah tangga anu hade, ngesto ka salaki, supaya ulah aya anu nepi ka ngagogoreng warta ti Allah tea.

Ef 5:22
Pamajikan kudu tunduk ka salaki cara ka Kristus.

1 Timotius 5:14
Nu matak randa-randa ngora mah mending karawin deui bae sina baroga anak, sina ngurus rumah tangga, sangkan lawan urang teu manggih bahan omongkeuneun pikeun ngagogoreng.

Matius ۲۷:۵۵-۵۶
[۵۵] Di dinya loba oge awewe anu biasa sok ngiring jeung ngalalayanan ka Yesus ti Galilea keneh, ngarawaskeun ti kajauhan.[۵۶] Di antarana nya eta Maria Magdalena, Maria ibuna Yakobus jeung Yusup, jeung bojona Sebedeus.

1 Korintus 14:34-35
[34] wanita di jero pajemuhan kudu repeh. Wanita teu meunang nyoara; kitu nurutkeun Hukum urang Yahudi, wanita teu meunang pipilueun.[35] Lamun aya tanyakeuneun lantaran hayang nyaho, tanyakeun ka salaki bae lamun geus aya deui di imah. Hina wanita mah nyarita di jero pajemuhan teh.

Hakim 4:4
Harita anu ngurus urang Israil teh hiji nabi istri jenengan Debora, istrina Lapidot.

Roma ۱۶:۷
Salam ka Andronikus jeung Yunias, sabangsa jeung sim kuring sarta bareng milu dibui. Ku rasul-rasul mah duanana oge geus teu dipikabireuk, arasup Kristenna heulaeun sim kuring.

Ef 5:21
Reujeung batur kudu patunduk-tunduk, cirining ajrih ka Kristus.

Titus 2:1
Ari hidep mah ngajar teh sing cocog jeung asas pangajaran anu bener.

1 Korintus 11:7
Lalaki teu perlu make tutup sirah, sabab lalaki teh gambar Allah katut kaagungana-Na. Ari awewe gambar kamulyaan lalaki,

Amsal 31:10-31
[10] Wanita binangkit keur pibojoeun teh langka, bangga meunangkeunana. Bojo kitu pangajina ngungkulan batu permata.[11] Salakina bisa numplekkeun kapercayaan ka manehna, nu matak salakina babari meunang rejeki.[12] Ka salaki sumujud saumur hirup, moal nganyenyeri.[13] Tara daek reureuh, ngagintir kapas atawa bulu domba, nyieun pakean.[14] Ngadatangkeun rejeki, ibarat kapal sudagar ti tempat jauh.[15] Subuh-subuh geus kerah-kerih, nyadiakeun dahareun keur sakulawarga, bari metakeun badega-badega awewe kana gawe.[16] Ana hayang lahan geuwat bae meuli, tuluy dikebonan dipelakan anggur, binihna beunang meuli ku duit ladang beubeunangan digawena.[17] Digawena rajin, taya kacape nepi ka anggeus.[18] Kana barang bubuatanana bisa ngahargakeunana, dipigawena nepi ka peuting.[19] Papakeanana nyieun sorangan, ti nganteh nepi ka ninunna pisan.[20] Ka nu walurat balabah, ka nu kekere resep mere.[21] Ku usum tiris teu inggis, kawantu baju haneut keur anak jeung salaki geus sadia.[22] Tilam kasur ge nyieunan. Barang pakena tina lawon lenen wungu anu lemes.[23] Salakina jadi kawentar, jadi salah saurang warga kota anu penting.[24] Sajaba ti keur pakeeun, eukeur jualeun ge nyieunan, boh papakean boh angkin.[25] Awakna jagjag waringkas. Dirina kaajen, tur teu salempang ku pikahareupeun.[26] Ngomongna lemah lembut, ucapanana bijaksana.[27] Salilana resep kana digawe, sagala kaperluan kulawargana ditalingakeun.[28] Ku anakna dihormat, ku salakina dipuji.[29] Ceuk salakina, ”Istri hade keur pibojoeun teh rea. Tapi Euis mah pangutamana.”[30] Rupa endah teu jadi andelan, kageulisan bisa leungit, tapi ari istri ajrih ka PANGERAN mah jadi pamujian.[31] Sagala lampah katut pagaweanana wajib dihargaan. Manehna layak dihormat ku sarerea.

1 Timotius 2:13-14
[13] Sabab anu dipidamel ku Allah teh Adam heula, kakara Hawa.[14] Tapi anu kawujuk jeung ngarempak larangan Allah teh Hawa, lain Adam.

1 Timotius 3:2
Sabab jadi pamingpin jamaah mah kudu ulah aya kuciwa. Pamajikan teu meunang leuwih ti hiji. Kudu wijaksana, kudu bisa nahan diri, kudu rapih, kudu someah ka semah, kudu bisa ngawuruk,

1 Timotius 3:11
Pamajikanana oge kudu hade tabeat, lain tukang ngupat, peryoga, jujur dina sagala perkara.

Kejadian 1:27
Lajeng Allah ngadamel bangsa manusa nyeples Mantenna. Ngadamelna lalaki jeung awewe.

Ef 5:23
Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun.

Titus 2:3
Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,

1 Petrus 3:7
Sabalikna deui aranjeun nu jadi salaki, kudu bageur ka pamajikan, kudu daek ngaraskeun, kawantu awewe teh kaom lemah. Ajenan, da pamajikan jeung aranjeun teh samilik reujeung, bakal dipaparin kanugrahaan hirup anu sajati ti Allah. Tah kudu kitu, supaya ari aranjeun neneda ka Allah ulah aya anu matak jadi halangan.

Kolose 3:18-19
[18] Para wanita anu rumah tangga sing ngesto ka salaki. Eta kawajiban umat Kristus.[19] Salaki-salaki sing nyaraah ka pamajikan, ulah kasar.

Kejadian 1:26-28
[26] Allah ngandika, ”Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang. Urang sina murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan, boh sato piaraanana, boh sato leuweungna, nu galede, nu laleutik.”[27] Lajeng Allah ngadamel bangsa manusa nyeples Mantenna. Ngadamelna lalaki jeung awewe.[28] Geus kitu diberkahan, timbalana-Na, ”Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta. Maneh ku Kami dikawasakeun murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk, kitu deui ka bangsa sasatoan leuweung.

1 Petrus 3:1-7
[1] Ari aranjeun, istri-istri, kudu ngesto ka salaki. Malakmandar lamun salaki tacan percaya ka Gusti bisa kabawa percaya, ari aranjeun ngesto mah. Teu kudu diajak-ajak deui,[2] da geus katarik ku kasujudan aranjeun.[3] Tembong geulis teh ulah ngan ku dangdanan lahir bae saperti upamana ku model buuk, ku emas-emasan, ku papakean.[4] Lemes budi, titih rintih, lemah lembut, eta kageulisan sajati, anu moal luntur ku umur, tur kageulisan anu eta anu dipandang utama ku Allah teh.[5] Istri-istri jaman baheula anu aribadah sumerah ka Allah, ngageulisna teh ku ngesto ka salakina.[6] Contona Sarah; anjeunna kacida ngestona ka Ibrahim, ngabasakeunana oge ka carogena teh dunungan. Ayeuna aranjeun jadi putra-putra Sarah, lamun alus hate jeung henteu jejerih.[7] Sabalikna deui aranjeun nu jadi salaki, kudu bageur ka pamajikan, kudu daek ngaraskeun, kawantu awewe teh kaom lemah. Ajenan, da pamajikan jeung aranjeun teh samilik reujeung, bakal dipaparin kanugrahaan hirup anu sajati ti Allah. Tah kudu kitu, supaya ari aranjeun neneda ka Allah ulah aya anu matak jadi halangan.

Amsal 12:4
Pamajikan bageur matak reueus matak bungah salaki. Pamajikan nu ngerakeun mah ibarat panyakit dina tulang-tulangna.

1 Korintus 14:34
wanita di jero pajemuhan kudu repeh. Wanita teu meunang nyoara; kitu nurutkeun Hukum urang Yahudi, wanita teu meunang pipilueun.

Kolose 4:15
Pangnepikeun salam sim kuring ka dulur-dulur sakapercayaan di Laodikea, kitu deui ka saderek Nimpa jeung dulur-dulur anu sok karumpulan di imahna.

Filipi 4:2-3
[2] Nyi Eodia jeung Nyi Sintika, bapa meredih, sing alakur dina sakapercayaan ka Gusti, sing silih pidulur.[3] Kitu deui ka anjeun, kanca sim kuring anu satia, sim kuring menta supaya anjeun ngabantu ka ieu dua wanita, anu geus banting tulang jeung sim kuring ngamashurkeun Injil Kasalametan, cara Klemen jeung batur-batur sim kuring anu lianna, anu ngaran-ngaranna aya di Allah, dina Kitab Kahirupan.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society