A A A A A

Gereja: [Menyembah]


2 Tawarikh १६:२३-३१
[२३] Maranehna ngideran sakuliah karajaan Yuda, mawa buku Hukum PANGERAN, ngawuruk rahayat.[२४] Karajaan-karajaan di sakurilingna ku PANGERAN disina sarieuneun ka Raja Yosapat, taya anu wanieun merangan.[२५] Urang Pelisti mah sawareh aya anu mawakeun perak kacida lobana jeung rupa-rupa deui pangbakti ka Yosapat. Jeung aya sababaraha urang Arab anu mere domba 7.700 siki jeung embe 7.700 siki.[२६] Yosapat beuki lila beuki punjul bae. Di sakuliah karajaan Yuda anjeunna ngadamel benteng-benteng jeung tempat-tempat[२७] panyimpenan bekel kacida lobana. Di Yerusalem anjeunna nempatkeun perwira-perwira penting,[२८] diatur nurutkeun ahli karuhunna masing-masing. Panglima anu nyangking pasukan ti ahli karuhun Yuda nya eta Adna, ngabawah 300.000 prajurit.[२९] Sahandapeunana, nu kadua, nya eta Yohanan, ngabawah 280.000 prajurit;[३०] nu katilu nya eta Amasia bin Sikri, ngabawah 200.000 prajurit. (Amasia kalawan sukana pribadi kumawula ka PANGERAN.)[३१] Panglima ti pasukan ahli karuhun Binyamin nya eta Elyada, satria gagah, ngabawah 200.000 prajurit anu pakarangna kepeng jeung jamparing.

Daniel 2:20
”Maha bijaksana Allah, maha kawasa. Puji sapapanjangna.

Ulangan 10:21
Sanggakeun puji ka Mantenna, da Mantenna teh Allah maraneh, tur ku maraneh ge enggeus kasaksi naon-naon dadamelana-Na anu aragung jeung araheng, pikeun maraneh.

Yeremia 20:13
Geura maruji ka PANGERAN! Mulyakeun PANGERAN! Mantenna nulungan nu dikaniaya ku jalma-jalma anu jarahat.

Mazmur ७५:१
Pikeun pamingpin biduan. Cara lagu: Ulah ngabasmi. Jabur Asap. Lagu.

Keluaran 20:2-6
[2] ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir tempat maraneh dibudakkeun.[3] Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami.[4] Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi.[5] Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kami moal aya hampura ka sakur anu ngalawan. Kami bakal nyiksa ka sakur anu mikagiruk ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.[6] Sabalikna bakal mikaasih ka rebuan turunan, ka sakur anu mikanyaah ka Kami sarta ngestokeun hukum-hukum Kami.

Yohanes 4:21-24
[21] Waler Yesus, ”Nyai sing percaya ka Kami, ka hareup mah ngabakti ka Allah Rama teh lain di gunung ieu, jeung lain di Yerusalem.[22] Urang Samaria saenyana teu nyaraho ka anu disembahna. Urang Yahudi mah nyarahoeun saha anu disembahna teh, sabab pisalameteun teh datangna ti urang Yahudi.[23] Mangsa ka hareup mah, malah ayeuna ge geus mimiti, ku kakawasaan Roh Allah jalma-jalma bakal nyarembah ka Allah Rama teh bari nyaraho enya ka Mantenna, bakal sapagodos jeung pangersa-Na.[24] Allah teh Roh, anu matak ngan ku lantaran kakawasaan Roh bae jalma-jalma pibisaeunana ngabakti ka Allah Rama bari nyaraho enya ka Mantenna teh.”

Mazmur 99:1-9
[1] PANGERAN teh Raja, bangsa-bangsa gumeter. Mantenna linggih dina tahta, luhureun mukarabin, bumi inggeung.[2] PANGERAN kawasa di Sion, estu pinunjul, murba ka bangsa-bangsa sakumna.[3] Bangsa-bangsa bakal maruji kaagungan jeung kadaulatan jenengana-Na. Suci Mantenna teh![4] Nun Raja kawasa, Gusti teh tigin kana kaadilan, Gusti parantos ngukuhkeun hukum di Israil, parantos ngajalankeun kaadilan sareng katemenan.[5] Agungkeun PANGERAN, Allah urang, geura sembah sujud hareupeun tahta-Na! Suci Mantenna teh![6] Musa jeung Harun kaasup imam-imam Mantenna, Samuel kaasup anu nyambat ka Mantenna; aranjeunna sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna diwaler.[7] Mantenna ngandika ka aranjeunna tina tihang mega; aranjeunna taʼat kana hukum jeung timbalan-timbalana-Na.[8] Nun PANGERAN, Allah abdi sadaya, Gusti ngawaler panyambat umat. Sanaos ku karana dosana maranehna dihukum, nanging Gusti nganyatakeun yen Gusti teh Allah nu jembar hampura.[9] Puji PANGERAN, Allah urang, bakti Mantenna, di Gunung-Na anu suci. PANGERAN teh Allah urang anu suci.

Ulangan 29:18
Pacuan ti anu karumpul di dieu aya jelema, warga, kaom, lalaki atawa awewe, anu rek ingkar ti PANGERAN hayang nyembah ka allah-allah maranehna, sabab matak jadi mamala, cara akar anu jadi tangkal anu pait jeung ngandung racun.

Roma 12:1-2
[1] Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener.[2] Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.

1 Samuel 15:22
Waler Samuel, ”Na PANGERAN teh langkung gegel kana kurban sareng sasajen ti batan kana kagumatian? Tumut kana timbalana-Na langkung utami ti batan ngahaturkeun domba anu sae.

Wahyu 4:8-11
[8] Opatanana baroga jangjang genep-genep anu luar jerona katutup ku mata. Beurang peuting eta opat mahluk hirup teh teu eureun-eureun mumuji: ”Suci-suci, suci Gusti Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna.”[9] Kitu pupujianana, ngamulyakeun, ngahormat, jeung muji sukur ka nu linggih dina tahta, anu jumeneng salalanggengna.[10] Waktu eta opat mahluk hirup maruji, sepuh-sepuh anu dua puluh opat teh bruk nyaruuh ka hadirat anu linggih dina tahta, ngabakti ka anu jumeneng salalanggengna, ari makuta-makutana digolosorkeun ka hareupeun tahta, tuluy nyembahkeun piunjuk:[11] ”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.”

Yesaya 29:13
Dawuhan Pangeran, ”Ieu bangsa majar ngaku ka Kami teh ngan semet biwir, teu terus jeung hatena. Agamana taya lian ti aturan- aturan jeung tali paranti beunang nyieun jalma. Eta bae anu diarapalkeunana teh.

Mazmur 29:1-11
[1] Jabur Daud. He mahluk-mahluk sawarga, agungkeun PANGERAN, agungkeun kamulyaan jeung kakawasaana-Na.[2] Mulyakeun jenengana-Na nu agung, kudu marendek di payuneun Nu Maha Suci, lamun Anjeunna sumping.[3] Gentra PANGERAN kadenge di lautan, Allah nu langkung mulya gentra-Na gumuruh, soanten-Na handaruan minuhan sagara.[4] Gentra PANGERAN kadenge, pinuh ku pangawasa, pinuh ku wibawa.[5] Gentra PANGERAN ngaruntuhkeun tangkal-tangkal kiputri, malah ngarungkadkeun kiputri Libanon.[6] Gunung Libanon ku Mantenna nepi ka ngajret siga anak sapi, Gunung Hermon ngajaul lir anak banteng.[7] Gentra PANGERAN ngabijilkeun kilat anu nyamber,[8] soanten-Na ngoyagkeun gurun keusik, ngendagkeun gurun Kades.[9] Gentra PANGERAN ngoyagkeun tangkal-tangkal kiara, dangdaunan murubut, tangkalna mani purutul, tapi nu araya di Bait Allah mah ngagero, ”Mulyakeun Allah!”[10] PANGERAN murba ka sakabeh cai jero, jumeneng raja salalanggengna.[11] PANGERAN maparin kakuatan ka umat-Na, maparin berkah kasantosaan.

Ibrani 12:28-29
[28] Ku sabab eta urang kudu muji sukur, lantaran anu katarima ku urang mah hiji karajaan anu moal bisa digenjlongkeun. Puji sukur ka Allah, jeung hayu urang ngabakti ka Mantenna reujeung hormat sarta ajrih, sing matak suka kana manah-Na,[29] sabab Allah urang teh lir seuneu anu ngabasmi.

Nehemia 9:5-6
[5] Yesua, Kadmiel, Bani, Hasabneya, Serebya, Hodia, Sebanya jeung Petahya, urang Lewi, ngayakeun uaran nyambat sembahyang, kieu nyambatna, ”Geura narangtung, puji PANGERAN Allah panutan; mulyakeun salalanggengna. Puji jenengana-Na nu mulya, ku saban jalma, najan puji ti manusa kurang hargana.”[6] Breng urang Israil ngunjukkeun paneda, kieu, ”Nun PANGERAN, mung Gusti anu jumeneng PANGERAN. Gusti nu ngadamel sakuliah antariksa, nu ngadamel bentang-bentang, Gusti ngadamel daratan, lautan saeusina, ngahirupan saniskara. Sadaya kakuatan langit ka Gusti sujud sumembah.

Mazmur 86:9-10
[9] Bangsa-bangsa sadayana, kenging Gusti ngagelarkeun, tangtos darongkap, dareku di payuneun, bakal maruji kaagungan Gusti.[10] Rehing Gusti teh agung, kawasa ngadamel mujijat, mung Gusti nyalira Allah teh.

2 Raja 17:38-39
[38] Jeung poma, sarat perjangjian Kami ku maraneh ulah dilalaworakeun.[39] Masing sumujud ka Kami, PANGERAN Allah maraneh. Lamun kitu, tangtu maraneh ku Kami diluputkeun ti sakabeh musuh.”

Mazmur 100:1-5
[1] Jabur waktu nyanggakeun kurban panarima. Nyanyi ka PANGERAN, he sakuliah jagat![2] Sembah PANGERAN bari jeung suka, deuheusan, bari nyanggakeun lagu gumbira.[3] Embarkeun yen PANGERAN teh Allah. Mantenna geus ngadamel diri urang, urang teh kagungana-Na, urang umat-Na, domba-domba Mantenna.[4] Geura arasup ka lawang Bait Allah bari ngucap sukur, geura arasup ka buruana-Na bari maruji. Ucapkeun sukur ka Mantenna, puji Mantenna.[5] PANGERAN teh sae manah, asihna langgeng, satia-Na sapapanjangna.

Daniel 3:16-18
[16] Sadrah, Mesah jeung Abednego ngawangsul, ”Dawuh Gusti, abdi-abdi moal ngabela diri.[17] Upami Allah anu dibakti ku abdi-abdi iasaeun ngaleupaskeun abdi-abdi tina eta pameuleuman anu ngagegedur, kitu deui tina kakawasaan dampal Gusti, kantenan kersaeun.[18] Nanging dina teu kersaeuna-Na, Kangjeng Raja mugia uninga, abdi-abdi tetep moal nyembah ka dewa Kangjeng Raja, moal sujud ngabakti ka eta arca emas kenging Gusti ngadegkeun.”

Wahyu 14:7
Eta malaikat cumeluk, ”Sing gimir ku Allah! Puji kaagungana-Na! Geus cunduk waktuna Mantenna nerapkeun hukuman ka manusa. Geura sembah Mantenna, anu ngajadikeun langit, bumi, laut, jeung sumber-sumber cai!”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society