A A A A A

Gereja: [Десятина]


Matius 5:17
Не думайте, що я прийшов знївечити закон або пророків; не прийшов я знївечити, а сповнити.

Matius 6:21
Sabab di mana bae ayana harta maneh nya di dinya nempelna hate maneh.”

Matius 23:23
Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Ari mere perpuluhan ka Allah mani nepi ka bungbu-bungbu kayaning pala, jinten jeung katuncar. Tapi anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea. Lakonan heula anu ieu, tapi ulah ngalalaworakeun anu sejenna.

Bilangan 18:21
PANGERAN ngandika deui, ”Ari pibagianeun urang Lewi ku Kami diajangan jakat perpuluhan anu ku urang Israil dibaktikeun ka Kami. Eta bagian jadi bayaran tina pagaweanana di Kemah Kami,

Bilangan 18:26
pikeun urang Lewi, ”Satiap maraneh narima perpuluhan ti urang Israil anu ku PANGERAN geus diajangkeun pikeun maraneh, saperpuluhna ku maraneh kudu disanggakeun ka PANGERAN.

Roma 2:29
Yahudi sajati mah nya eta anu Yahudi jiwana, sunat sajati nya eta sunat hate, disunatna ku Roh Allah, lain ku aturan anu aya dina Hukum Musa. Jelema anu disunat hatena meunang pujian ti Allah, lain ti papada jelema.

Roma 12:1
Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener.

Amsal 3:9-10
[9] Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena.[10] Engke leuit hidep buncir, cianggur ceuyah, ngaleuya mo kawadahan.

2 Tawarikh 31:4-5
[4] Jeung deui timbalan raja, urang Yerusalem kudu marere derma ka para imam jeung urang Lewi, sangkan maranehna jongjon jeung suhud ngajaralankeun papancen-papancen anu dimistikeun dina Hukum PANGERAN.[5] Meunang parentah kitu urang Israil gancang narurut. Para imam jeung urang Lewi pada marawakeun, gandum panghadena, cianggur, minyak jetun, madu jeung hasil bumi lianna, jaba marawakeun perpuluhan tina sagala kabogana.

Ulangan 12:5-6
[5] Tempat pikeun ngadeuheus jeung ngabakti ka Mantenna kudu ngabaku, tur kudu ngan hiji. PANGERAN ku manten anu bakal nangtukeun tempatna, milih salah sahiji wewengkon ti kaom-kaom maraneh.[6] Ka dinya maraneh kudu nyanggakeun kurban-kurban anu dibeuleum, jeung anu rupa-rupa deui, nyanggakeun perpuluhan, jeung pangbakti-pangbakti sejen, kurban mayar panadaran, kurban sukarela, jeung bakti cikal sapi kitu deui cikal domba.

Kejadian 14:19-20
[19] Anjeunna ngaberkahan ka Abram, pilahirna, ”Mugi-mugi Abram ginanjar berkah Allah Nu Maha Agung, anu ngadamel bumi sareng langit.[20] Sagala puji ka Allah Nu Maha Agung, anu parantos nyelehkeun eta musuh ka pangersa salira.” Anjeunna ku Abram dihaturanan sapersapuluh tina barang-barang hasil perang.

Kejadian 28:20-22
[20] Geus kitu Yakub ikrar sumpah ka PANGERAN: ”Saupami Gusti nyarengan sareng ngaraksa ka abdi salebeting perjalanan, salajengna maparin sandang sareng pangan,[21] sareng ngawangsulkeun deui abdi ka pangkonan pun bapa, Gusti teh nya Allah panutan abdi.[22] Ieu batu pangeling-eling anu ditangtungkeun ku abdi, bakal jadi tempat paranti ngabakti ka Anjeun. Sareng abdi sumeja nyanggakeun sapersapuluh ti sugri anu ku Gusti dipaparinkeun ka abdi.”

Nehemia 10:35-37
[35] Kaula kabeh, saban taun ka Bait Allah baris nyanggakeun gandum panen cikal, jeung bubuahan anu asakna dina tangkal pangheulana.[36] Tiap-tiap anak cikal anu lalaki, baris dideuheuskeun ka imam di Bait Allah, disembahkeun ka Allah, luyu jeung nu kaungel dina Hukum. Kitu oge anak sapi cikalna, anak domba cikalna, anak embe cikalna.[37] Kaula kabeh, pikeun para imam di Bait Allah, baris ngahaturanan adonan tipung tarigu tina panen cikal saban taun, anggur, minyak jetun, jeung rupa-rupa bubuahan. Ka urang Lewi, kaula kabeh baris mere perpuluhan tina hasil tani desa-desa, perpuluhan palawija.

Markus 12:41-44
[41] Waktu Yesus calik deukeut peti derma di Bait Allah, Anjeunna ningalikeun anu ngarasupkeun duit kana eta peti. Loba anu baleunghar marerena teh galede.[42] Tuluy aya hiji randa miskin ngasupkeun dua uang tambaga, duit receh anu pangajina panghandapna.[43] Yesus nyaur murid-murid-Na tuluy sasauran, ”Randa anu bieu dermana panggedena ti batur.[44] Sabab nu sejen mah dermana lantaran duitna leuwih, ari randa nu bieu mah sanajan kacida miskinna, merena teh sakabeh kabogana, pikeun kaperluan hirupna teh diasupkeun kabeh kana ieu peti.”

Imamat 27:30-34
[30] Sakur hasil bumi naha gandum naha bubuahan, sapersapuluhna geus jadi kagungan PANGERAN.[31] Lamun anu bogana hayang nebus kudu mayar nurutkeun patokan harga di Kemah PANGERAN ditambah saperlima tina hargana.[32] Sato piaraan, hiji tina sapuluh geus jadi kagungan PANGERAN. Dina waktu pipiaraan diitung, tiap-tiap tina sapuluh, hiji sanggakeun ka PANGERAN.[33] Anu bogana teu meunang tataksir palah-pilih nu alus jeung nu goreng, sakatunjukna bae jeung teu meunang dihilian ku nu sejen. Upama nepi ka dihilian, boh nu dihilianana boh panghilianana, duanana bakal jadi kagungan PANGERAN, teu meunang ditebus.[34] Kitu timbalan-timbalan PANGERAN ka Musa di Gunung Sinai, pikeun urang Israil.

Maleakhi 3:8-12
[8] Kami arek nanya: Naha pantes jelema ngarinah ka Allah? Tangtu teu pantes. Tapi maraneh geus ngarinah ka Kami. Ceuk maraneh, ʼNgarinah dina naon?ʼ Dina mayar perpuluhan jeung dina mere pangbakti.[9] Maraneh kabeh aya dina panyapa, lantaran sakumna bangsa maraneh geus ngarinah ka Kami.[10] Serenkeun sing gembleng perpuluhan maraneh ka Bait Kami, supaya di dinya teu kurang-kurang bahan dahareun. Pek Kami uji, engke maraneh narenjo Kami mukakeun jandela-jandela sawarga, ngahujanan maraneh ku sagala rupa anu mangpaʼat.[11] Pepelakan maraneh ku Kami moal dibikeun diruksak ku hama, pelak anggur baris meuhpeuy baruahan.[12] Maraneh tan wande disarebut bagja ku jelema-jelema sagala bangsa, sabab nagri maraneh tempat nu hade keur tempat hirup.”

Roma 3:21-31
[21] Tapi ayeuna mah Allah geus maparin pituduh, kumaha jalanna supaya manusa bisa diangken bener deui ku Mantenna. Ari jalanna teu aya patalina jeung Hukum Agama. Hukum Musa kitu deui nabi-nabi netelakeun kitu.[22] Allah kersa ngangken manusa bener deui teh lamun manusa anut ka Yesus Kristus. Allah kersaeun kitu teh pikeun sakabeh anu percaya ka Kristus, lantaran manusa mah teu aya bedana;[23] kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun.[24] Jadi pang manusa bisa diangken bener deui ku Allah teh estu ngan ku karana rahmat Mantenna, ku jalan manusa teh dibebaskeun heula ku Kristus.[25] Yesus ku Allah didamel kurban, supaya ku karana pupus-Na, manusa bisa dinyatakeun bebas tina dosa jeung dihampura, asal percaya ka Anjeunna. Ku jalan kieu Allah teh kersa-Na rek mintonkeun sipat adil-Na. Di jaman-jaman anu geus kaliwat, dosa manusa teh ku Allah disabaran bae henteu dihukum.[26] Tapi ayeuna dosa teh ku Mantenna dibalitungkeun, pikeun netelakeun yen Mantenna adil. Ku jalan kieu Mantenna netelakeun yen Mantenna sipat bener, sarta kersa ngangken bener deui ka sing saha anu percaya ka Yesus.[27] Jadi urang rek bisa agul kumaha, da taya agulkeuneunana! Naha? Pedah nurut kana Hukum Agama? Lain pedah kitu, tapi ku lantaran urang percaya.[28] Jadi kieu: Jelema bisa diangken bener deui ku Allah teh ngan ku jalan percaya, lain ku karana nekanan Hukum Musa.[29] Naha Allah teh ngan pikeun urang Yahudi bae? Lain Allah teh Allahna bangsa-bangsa sejen oge? Puguh bae![30] Sabab Allah teh ngan hiji. Urang Yahudi ku Mantenna diangken bener deui teh ku karana kapercayaanana. Sarua kitu keneh bangsa-bangsa sejen oge.[31] Naha ku lantaran urang percaya teh hartina miceun Hukum Musa? Henteu, henteu! Sabalikna malah ngajungjung Hukum Musa.

Roma 8:4
Allah ngajalankeun kitu teh supaya pangersa-Na anu dinyatakeun dina Hukum Agama tea bisa dilakonan ku urang, anu hirup nurutkeun pituduh Roh Allah, lain nurutkeun tabeat sorangan.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society