A A A A A

Gereja: [Berbicara Dalam Bahasa]


1 Korintus ๑:๕
Sabab ku jalan kitu aranjeun jadi beunghar ku sagala rupa, tur perceka sarta rebo ku kanyaho.

Kisah Para Rasul 2:4
Harita keneh aranjeunna geus kacalikan ku Roh Suci, tuluy salasauran ku basa-basa sejen, nurutkeun gerak ti Roh Suci tea.

Kisah Para Rasul ๑๙:๖
Sanggeusna ku Paulus ditarumpangan panangan, seug nararima Roh Suci, tuluy mimiti ngaromong ku rupa-rupa basa jeung nyaturkeun pangandika Allah.

Galatia 5:22
Sabalikna anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah sipatna teh nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia,

Markus ๑๖:๑๗
Nu palercaya bakal dibere kakawasaan nyieun kaajaiban-kaajaiban; bakal barisa ngusir roh-roh jahat ku nyambat jenengan Kami; bakal barisa ngomong dina basa-basa sejen;

1 Korintus 14:2
Anu ngomong ku basa anu ajaib, basa Roh, ngomongna lain ka manusa tapi ka Allah, da manusa mah teu aya anu ngartieun kana omonganana. Anu diucapkeunana ngan Allah anu uninga, ngucapkeunana oge lantaran kajurung ku Roh Allah.

1 Korintus ๑๔:๒๓
Coba, upama aranjeun keur kumpulan, kabeh ngaromong ku basa-basa anu aneh, tuluy aya jelema sejen anu lain umat percaya asup, tangtu ceuk manehna aranjeun teh garelo!

1 Korintus 14:27-28
[27] Lamun aya anu rek ngomong ku basa Roh, duaan atawa panglobana tiluan, kudu bagilir. Tapi anu diomongkeunana kudu aya anu nerangkeun hartina.[28] Lamun teu aya anu bisa nerangkeun, ngomong ku basa Roh kudu eureun, teruskeun di jero hate bae.

1 Korintus ๑๒:๘-๑๑
[๘] Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh pinter nyarita, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun maksud dawuhan Allah.[๙] Ku eta Roh aya anu dipaparin kayakinan anu luar biasa, aya anu dipaparin kamampuh bisa nyageurkeun kasakit.[๑๐] Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh bisa nyieun kaajaiban-kaajaiban, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngawejang, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngabedakeun kamampuh anu asal ti eta Roh jeung anu asalna lain ti eta Roh. Aya anu dipaparin kamampuh bisa nyarita dina basa-basa anu ajaib, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun hartina eta basa-basa.[๑๑] Eta kamampuh-kamampuh kabeh asalna ti Roh eta keneh. Maparinna ka masing-masing beda-beda, kumaha kersana eta Roh.

1 Korintus ๑๓:๑-๑๓
[๑] Sanajan upama sim kuring bisa ngajar make rupa-rupa basa manusa, atawa malah bisa make basa malaikat, ari teu nyaah ka batur mah pangajaran sim kuring teh teu beda ti sora goong atawa genta, harus tapi taya hartina.[๒] Sanajan upama sim kuring boga kamampuh bisa ngawejang, sugih ku pangarti, telik ngarti ka nu gaib-gaib, boga iman anu teguh nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu nyaah ka batur mah sim kuring teh teu aya hartina naon-naon.[๓] Sanajan upama sim kuring nyidekahkeun sagala pangaboga ka nu mariskin, malah sanajan nepi ka awak diduruk jadi kurban, ari teu nyaah ka batur mah gaplah teu aya gunana.[๔] Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.[๕] Sipatna kanyaah teh tara goreng tata, tara mentingkeun maneh, tara ngajengkelkeun batur, tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur.[๖] Sipatna kanyaah teh teu resepeun kana hal nu jahat, resepeunana kana hal anu bener,[๗] tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna.[๘] Kanyaah teh sipatna langgeng, moal laas-laas. Piwejang-piwejang ngan pikeun saheulaanan, kamampuh bisa basa-basa anu ajaib bakal aya eureunna, kamampuh bisa telik ka nu gaib-gaib bakal aya ahirna.[๙] Sabab kanyaho jeung kamampuh bisa ngawejang anu dipaparinkeun ka urang teh tacan lengkep, tacan sampurna,[๑๐] ku sabab kitu lamun anu sampurna geus datang, anu teu sampurna bakal leungit.[๑๑] Waktu budak keneh, sim kuring ngomong teh sakumaha budak, rarasaan sakumaha rarasaan budak, mikir sakumaha budak. Ayeuna sanggeus kolot, sipat-sipat jeung kabiasaan budak teh dipiceun.[๑๒] Anu ayeuna katingal ku urang teh lir kalangkang di jero eunteung, samar-samar. Engke mah anu katingal teh anu saenyana. Anu ayeuna sim kuring terang kakara saeutik, engke bakal terang ka anu lengkepna, sakumaha Allah oge lengkep uninga-Na ka sim kuring.[๑๓] Tinggal tilu rupa anu bakal tetep aya nya eta iman, pangharepan, jeung kanyaahan. Anu pangutamana ti ieu anu tilu nya eta kanyaahan.

1 Korintus 14:1-40
[1] Ku sabab eta ihtiarkeun supaya aranjeun boga kanyaahan. Jeung usahakeun supaya meunang kurnia Roh, pangpangna kurnia kamampuh bisa nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah.[2] Anu ngomong ku basa anu ajaib, basa Roh, ngomongna lain ka manusa tapi ka Allah, da manusa mah teu aya anu ngartieun kana omonganana. Anu diucapkeunana ngan Allah anu uninga, ngucapkeunana oge lantaran kajurung ku Roh Allah.[3] Sabalikna anu nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah mah ngomongna ka sasama manusa, aya pulunganeunana, matak teger, matak lipur.[4] Anu ngomong ku basa Roh ngan matak teger soranganana. Sabalikna anu nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah mah matak seger sajamaah.[5] Sukur lamun aranjeun kabeh bisa ngomong ku basa Roh. Tapi leuwih sukur lamun aranjeun mampuh nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah. Anu boga kamampuh kieu tempatna leuwih utama ti batan anu mampuh ngomong ku basa Roh. Omongan basa Roh kakara aya mangpaʼatna ka sajamaah, lamun aya anu bisa nerangkeun hartina.[6] Coba upama sim kuring engke ka dieu ngomong ku basa Roh, bakal aya mangpaʼatna ka aranjeun? Sama sakali moal aya. Sejen deui upama sim kuring nerangkeun wahyu ti Allah, atawa nerangkeun hal Allah, atawa ngawejang, atawa ngajar.[7] Tatabeuhan anu teu nyawaan, upamana suling atawa kacapi, lamun ditabeuhna teu puguh naha bakal kanyahoan sorana lagu naon?[8] Contona deui, lamun tarompet perang ditiupna sambarangan teu puguh, saha anu rek maju jurit?[9] Nya kitu keneh lamun aranjeun ngomong ku basa Roh anu teu puguh unina, saha nu rek ngarti? Omongan aranjeun jadi leungit ku angin.[10] Basa di dunya teh rupa-rupa, tapi hiji ge teu aya anu teu boga harti.[11] Tapi lamun aya anu ngajak ngomong ka sim kuring make basa anu ku sim kuring teu kaharti, sim kuring asing ka manehna, manehna asing ka sim kuring.[12] Aranjeun anu kacida harayangna meunang kamampuh ti Roh Allah kudu alihtiar, supaya anu dipaparinkeun teh pangpangna anu bisa dipake pikeun ngabantu ngamajukeun jamaah.[13] Ku sabab eta lamun rek ngomong ku basa Roh kudu neneda heula ka Allah supaya sakalian bisa nerangkeun hartina.[14] Sabab kieu: Upama sim kuring ngadoa ku basa Roh, anu ngadoa teh ngan roh sim kuring bae, pikiran mah teu milu ngadoa.[15] Jadi kudu kumaha? Kieu sim kuring mah: Lamun ngadoa ku basa Roh, diteruskeun ngadoa make pikiran. Pupujian kitu keneh, roh pupujian, pikiran oge pupujian.[16] Lamun jelema awam milu ngadengekeun aranjeun sembahyang muji sukur ka Allah make basa Roh anu ku manehna teu kahartieun, naha manehna bakal ngucapkeun ”Amin” kana pamuji sukur aranjeun? Moal, lantaran teu ngartieun.[17] Sanajan doa pamuji sukur aranjeun kacida alusna, pikeun manehna mah sama sakali teu aya paedahna.[18] Sim kuring muji sukur ka Allah bisa make rupa-rupa basa nu ajaib leuwih ti batan aranjeun.[19] Tapi di jero kumpulan mah sim kuring mending make lima kecap anu bisa kaharti ku batur, ti batan rebuan kecap anu araneh teu matak kaharti.[20] Ulah kawas budak pikiran teh dulur-dulur! Kudu kawas budak soteh kana hal-hal anu jahat, pikiran mah kudu sawawa.[21] Dina Kitab Suci ditulis, ”Kami rek ngandika ka umat Kami, dawuhan Pangeran, make jalma-jalma anu ngaromongna ku basa-basa anu ajaib. Malah Kami rek ngandika ka umat Kami ku biwir jalma-jalma urang asing. Tapi sanajan kitu ge maranehna moal ngadenge ka Kami.”[22] Eta tanda kurnia kamampuh ngomong ku basa-basa Roh teh pikeun jelema-jelema anu tacan percaya, lain pikeun anu geus palercaya. Sabalikna kurnia kamampuh ngawejangkeun dawuhan Allah mah pikeun anu geus palercaya, lain pikeun anu tacan percaya.[23] Coba, upama aranjeun keur kumpulan, kabeh ngaromong ku basa-basa anu aneh, tuluy aya jelema sejen anu lain umat percaya asup, tangtu ceuk manehna aranjeun teh garelo![24] Sabalikna lamun aranjeun keur ngawejangkeun dawuhan Allah, eta anu keur diwejangkeun teh bisa ngageuing nepi ka manehna ngarasa kana dosana. Anu kadenge ku ceulina teh[25] bisa ngalantarankeun manehna nembrakkeun eusi hatena, ngarendahkeun diri ngabakti ka Allah sarta ngaku, ”Sayaktosna, Allah aya di aranjeun!”[26] Dulur-dulur! Ngabakti ka Allah dina kumpulan teh kudu kieu: Nu saurang pupujian, nu saurang ngajar, nu saurang ngucapkeun wahyu ti Allah, nu saurang make basa Roh, nu saurang nerangkeun hartina eta omongan. Sagala-galana kudu reujeung maksud ngamajukeun jamaah.[27] Lamun aya anu rek ngomong ku basa Roh, duaan atawa panglobana tiluan, kudu bagilir. Tapi anu diomongkeunana kudu aya anu nerangkeun hartina.[28] Lamun teu aya anu bisa nerangkeun, ngomong ku basa Roh kudu eureun, teruskeun di jero hate bae.[29] Anu meunang warta ti Allah, kudu ngucapkeun eta warta, nu sejenna ngaregepkeun.[30] Tapi lamun ti nu karumpul aya deui anu meunang warta ti Allah, anu ti heula kudu eureun.[31] Aranjeun bisa piligenti ngucapkeun warta ti Allah, supaya bisa silih wurukan jeung silih kuatkeun kapercayaan.[32] Warta ti Allah kudu beres diucapkeunana ku anu meunang eta ilham,[33] sabab Allah teh resepeun kana kaberesan, teu resepeun ka nu kusut. Sakumaha kabiasaan di sakabeh jamaah Allah,[34] wanita di jero pajemuhan kudu repeh. Wanita teu meunang nyoara; kitu nurutkeun Hukum urang Yahudi, wanita teu meunang pipilueun.[35] Lamun aya tanyakeuneun lantaran hayang nyaho, tanyakeun ka salaki bae lamun geus aya deui di imah. Hina wanita mah nyarita di jero pajemuhan teh.[36] Atawa naha ari pangandika Allah teh asal ti aranjeun? Atawa datangna ngan ka aranjeun wungkul?[37] Jelema anu ngarasa kailhaman warta ti Allah, atawa ngarasa meunang kurnia anu sipatna rohani, kudu ngaku yen ieu anu dituliskeun ku sim kuring dina ieu surat teh estu parentah ti Gusti.[38] Tapi lamun manehna henteu daekeun malire kana ieu hal, ku aranjeun henteu kudu dipalire.[39] Jadi, dulur-dulur, sing boga kadaek pikeun ngucapkeun warta ti Allah, bari jeung ulah ngahalang-halang batur anu rek ngucapkeun omongan ku basa-basa anu ajaib.[40] Tapi sagala prakprakanana kudu sing rapih, sing beres entep-entepanana.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society