A A A A A

Gereja: [Pantekosta]


Keluaran 34:22-43
[22] Kudu nekanan Pesta Panen, waktuna dina ngamimitian panen gandum. Kudu nekanan Pesta Saung, waktuna dina usum mupu bubuahan.[23] Tilu kali dina sataun sakabeh lalaki kudu daratang ngabakti ka Kami, PANGERAN, Allah Israil.[24] Sanggeus Kami nyingkahkeun bangsa-bangsa tea engke, jeung geus ngalegakeun wewengkon tanah maraneh, sapanjang maraneh keur nekanan eta pesta anu tilu rupa, moal aya musuh anu wanieun ngarurug ka nagara maraneh.[25] Waktu ngurbankeun sato ka Kami, ulah nyuguhkeun roti anu make ragi. Sato peuncitan anu dikurbankeun dina Pesta Paska, dagingna teu meunang disesakeun nepi ka isukna.[26] Unggal-unggal taun, ka gedong panglinggihan Kami kudu marawa hasil panen gandum anu diala pangheulana. Ngulub daging anak domba atawa anak embe, teu meunang ku cisusu indungna.”[27] PANGERAN nimbalan deui ka Musa, ”Tuliskeun eta timbalan-timbalan anu bieu teh, sabab eta timbalan-timbalan teh jadi dasar perjangjian anu ku Kami rek dipidamel ka maneh jeung ka urang Israil.”[28] Ari Musa ayana di PANGERAN teh opat puluh poe opat puluh peuting, teu tuang teu leueut. Saungeling perjangjian, nya eta Sapuluh Timbalan, ku anjeunna diseratkeun.[29] Geus kitu Musa lungsur ti Gunung Sinai nyandak papan batu Sapuluh Timbalan tea. Jeung ku sabab geus sasauran jeung Allah, rarayna mani moncorong. Tapi anjeunna mah henteu ngaraoseun.[30] Orokaya Harun jeung jalma rea barang narenjoeun raray anjeunna ngempur teh kacida sarieuneunana, nepi ka henteu waranieun deukeut.[31] Ku Musa disalaur. Sanggeus Harun jeung para pamingpin Israil nyalampeurkeun, Musa cacarios.[32] Ti dinya mah jalma rea nyalampeurkeun ngalingkung ka anjeunna. Musa ngalahirkeun sakabeh pikukuh ti PANGERAN anu diandikakeun ka anjeunna di Gunung Sinai.[33] Sanggeus tamat ngalahirna, Musa nutupan rarayna ku cindung.[34] Dibuka-dibuka sanggeus lebet ka Kemah Tepangan PANGERAN. Ana kaluar ti dinya rek ngumumkeun sakur anu ku PANGERAN didawuhkeun ka anjeunna pikeun urang Israil,[35] rarayna anu moncorong teh dicindungan deui, nepi ka lebetna deui ka jero Kemah baris unjukan ka PANGERAN.[36] Musa ngumpulkeun sakumna bangsa Israil, geus kitu ngalahir, ”Kieu timbalan PANGERAN anu ku maraneh kudu diarestokeun:[37] Maraneh kudu digarawe teh genep poe bae. Poe nu katujuh poe suci, poe reureuh anu hidmat pikeun Kami, PANGERAN. Saha-saha anu barang gawe dina poe eta pasti kudu dipaehan.[38] Dina poe Sabat mah teu meunang ngahurungkeun seuneu-seuneu acan di imah.”[39] Ngalahir deui Musa ka sakumna bangsa Israil, ”Kieu anu didawuhkeun ku PANGERAN.[40] Maraneh kudu mere derma haturan PANGERAN, saha bae anu rido, naon bae mana suka, naon anu rek didermakeun: emas, perak, tambaga;[41] lenen lemes, wol biru, wol wungu, wol beureum; lawon tina bulu embe;[42] kulit domba beunang ngabeureuman; kulit lemes; kayu pilang;[43] minyak pikeun palita; bahan-bahan wawangian keur minyak pangistrenan jeung pikeun seuseungitan anu arum;

Ulangan 16:9-25
[9] ”Dina usum dibuat gandum, ti barang ngamimitian dibuat maraneh kudu ngitung waktu tujuh minggu.[10] Geus kitu kudu ngayakeun Pesta Panen, pikeun ngamulyakeun ka PANGERAN Allah maraneh, ku jalan nyanggakeun pangbakti suka rela ka PANGERAN Allah maraneh, sakadarna nurutkeun gedena rejeki anu katarima ti Mantenna.[11] Sing barungah di payuneun PANGERAN, di tempat anu dipilih ku Mantenna tea, bareng jeung anak, para badega, urang Lewi, urang asing, para yatim pahatu, jeung randa-randa anu caricing di kota-kota maraneh.[12] Peupeujeuh ieu pikukuh-pikukuh teh gumatikeun. Ulah paroho, maraneh bareto di Mesir geus dibadegakeun.”[13] ”Sanggeus beres ngirik gandum jeung meres buah anggur, maraneh kudu nyieun Pesta Saung Daun lilana tujuh poe.[14] Pek saruka-suka jeung anak, para badega, urang Lewi, urang asing, para pahatu, randa-randa, batur sakota.[15] Pestana tujuh poe di tempat anu geus baku paranti ngabakti, pikeun ngamulyakeun ka PANGERAN Allah maraneh. Sing bungah lantaran PANGERAN geus ngaberkahan hasil bumi jeung pagawean maraneh.[16] Tilu kali di jero sataun sakabeh jelema bangsa maraneh kudu ngabarakti ka PANGERAN di tempat parantina, ngalaksanakeun tilu rupa pesta: Pesta Paska, Pesta Panen, Pesta Saung. Unggal jalma kudu mawa pangbakti,[17] sakumaha bae kadugana nurutkeun gedena rejeki anu katarima ku maraneh ti PANGERAN Allah maraneh.”[18] ”Di saban kota anu dipaparinkeun ku PANGERAN ka maraneh, kudu aya hakim sababaraha urang, kitu deui gegeden lianna, anu kudu nguruskeun perkara reujeung adil.[19] Nimbang perkara ulah sawenang-wenang, ulah beurat sabeulah, ulah kasogok, sabab pangruruba teh bisa ngabutakeun najan ka nu wijaksana jeung jujur oge, nepi ka salah mutus perkara.[20] Mana salawasna kudu lempeng satemenna, supaya bisa maratuh nepi ka tetep renggenek di eta tanah anu dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh.[21] Di sisi altar pikeun PANGERAN Allah maraneh ulah aya arca brahala tina kayu anu ngalambangkeun Asera.[22] Jeung teu meunang nyieun pilar batu pikeun ngabakti ka brahala. Barang kitu kaijid PANGERAN.[23] Ulah ngurbankeun sapi atawa embe domba cacad ka PANGERAN Allah maraneh, Mantenna moal kersaeun.[24] Upamana, maraneh meunang beja di salah sahiji kota maraneh aya jelema lalaki atawa awewe anu migawe dosa ka PANGERAN, ingkar tina perjangjian Mantenna,[25] ngabakti jeung ngawula ka allah-allah sejen, atawa nyembah ka panonpoe atawa ka bulan atawa ka bentang-bentang, anu papalingpang jeung pangandika PANGERAN.

Kisah Para Rasul 2:1-13
[1] Dina poe Pentakosta, umat anu palercaya teh karumpul di hiji tempat.[2] Dumadakan ti langit aya anu ngaguruh sada angin gede, tuluy minuhan saeusi imah anu keur dicaralikan.[3] Breh katembong ku aranjeunna aya anu tingsuliwer hurung saperti seuneu, bangunna siga letah-letah, areunteup ka sakur anu araya di dinya.[4] Harita keneh aranjeunna geus kacalikan ku Roh Suci, tuluy salasauran ku basa-basa sejen, nurutkeun gerak ti Roh Suci tea.[5] Harita di Yerusalem loba urang Yahudi asal ti rupa-rupa nagara sakuliah dunya, jalma-jalma ibadah.[6] Barang ngadarenge sora ngaguruh kitu, jalma-jalma teh ngadareugdeug ka dinya. Maranehna pohara karageteunana ngadarenge rasul-rasul salasauran dina basa-basa maranehna masing-masing,[7] kabeh ngarasa helok. Pok ngaromong, ”Eta nu ngaromong dina basa-basa sejen teh lain urang Galilea?[8] Aneh, kumaha pangna barisaeun basa-basa urang?[9] Urang teh aya anu ti Partia, ti Media, jeung ti Elam; ti Mesopotami, ti Yudea, jeung ti Kapadokia; ti Pontus, jeung ti Asia;[10] ti Prigia jeung ti Pampilia, ti Mesir, jeung ti daerah-daerah Libia deukeut Kirena. Aya anu ti Rum,[11] boh bangsa Yahudi, boh bangsa-bangsa sejen anu arasup agama Yahudi; aya oge anu ti Kreta jeung ti Arab, tapi kabeh ngarti ka nu diucapkeun ku aranjeunna dina basa urang masing-masing, nyaurkeun hal padamelan Allah anu arajaib![12] Alamat naon ieu teh?” ceuk maranehna tingpelengek heran.[13] Tapi aya oge anu maroyok pokna, ”Wah, eta mah nu keur marabok! Loba teuing nginum anggur!”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society