A A A A A

Gereja: [Perumpamaan Dari Yesus]


Matius ৫:১৪-১৬
[১৪] Maraneh di dunya teh minangka caang. Kota anu ngadeg di luhur pasir moal bisa dibunian.[১৫] Moal aya anu nyeungeut lampu tuluy dituruban ku gentong, tangtu diteundeun dina parantina, sangkan nyaangan ka sakur nu di imah.[১৬] Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, sangkan dipiconto kalakuan maraneh nu hade, supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh nu jumeneng di sawarga.”

Matius 7:1-5
[1] ”Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah.[2] Sabab sakumaha maraneh ngahukuman ka batur, nya kitu keneh, maraneh ge bakal dihukumanana ku Allah. Lamun maraneh ngukur kitu ka batur, maraneh ge bakal diukur kitu ku Allah.[3] Ku naon nelek-nelek tatal dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan diantep?[4] Kumaha rek wani ngomong ka dulur maraneh, ʼCing, eta tatal dina panon urang pangnyabutkeun ku kuring,ʼ padahal dina panon sorangan aya balok?[5] Eh nu marunapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, kakara bisa awas mangnyabutkeun tatal tina panon dulur maraneh.

Matius 9:16-17
[16] Moal aya anu nambal baju heubeul ku lawon anyar, sabab lamun lawon anyarna murengked, nu heubeulna kabenyeng, soehna ngagedean.[17] Moal aya anu ngeusikeun anggur anyar kana kantong kulit anu geus heubeul, sabab tangtu bedah, anggurna kapiceun. Anggur anyar wadahna ge kudu anyar supaya boh wadahna boh eusina tetep hade.”

Matius 12:24-30
[24] Ngadarenge kitu, urang Parisi nembal, ”Manehna bisaeun ngusir roh jahat teh lantaran dibere kawasa ku Beelsebul, kapala roh-roh jahat.”[25] Yesus uningaeun kana pipikiran maranehna, tuluy sasauran, ”Nagara anu pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila. Kota atawa kulawarga anu anggotana pecah jeung silih musuhan, bakal paburantak.[26] Kitu keneh di karajaan Iblis, lamun anu sagolongan ngusir anu sagolongan deui, eta nandakeun karajaanana geus pecah, tereh ambrug burantakan![27] Ceuk aranjeun, Kaula ngusir eta roh jahat teh make kakawasaan Beelsebul. Nah, para panganut aranjeun ti saha meunangna kawasa ari ngusir roh jahat? Para panganut aranjeun sorangan anu netelakeun yen aranjeun salah![28] Anu mere kakawasaan ka Kaula ngusir roh-roh jahat lain Beelsebul, tapi Roh Allah, nandakeun yen aranjeun geus aya dina suasana Karajaan Allah.[29] Moal aya anu bisa ngabongkar imah jelema bedas sarta nyokotan harta bandana, kajaba lamun eta jelema bedas teh ditalikung heula, kakara imahna bisa dijarah.[30] Anu henteu biluk ka Kaula tandaning lawan. Anu henteu ngabantu Kaula ngumpulkeun, hartina ngacak-ngacak pagawean Kaula!

Matius 13:1-23
[1] Poe eta keneh Yesus angkat ti eta imah ka sisi talaga, tuluy ngawulang di dinya bari calik.[2] Jelema nu kumpul kacida lobana nepi ka Anjeunna pindah calikna kana parahu, tuluy nyarioskeun rupa-rupa misil, didarengekeun ti darat. ”Aya hiji jelema indit nebarkeun binih.[3] ***[4] Waktu tebar, binihna aya anu ragragan ka jalan, seug datang manuk maracokan eta binih nepi ka beak.[5] Aya nu ragragan kana taneuh anu cadasan, taneuhna ipis. Eta binih tereh jadi lantaran taneuhna henteu jero,[6] tapi sanggeus kasebrot ku panonpoe, binih nu kakara mentik teh ngulapes tuluy garing lantaran akarna henteu jero.[7] Aya anu ragragan kana rungkun cucuk, rungkunna ngagedean, nepi ka ahirna binih teh kaheumpikan.[8] Anu ragragna kana taneuh anu riduh jeung lendo, jadina alus sarta baruahan, hasilna aya nu saratus kalieun, genep puluh kalieun jeung tilu puluh kalieun asalna.”[9] Geus kitu saur-Na, ”Lamun baroga ceuli pek ieu darengekeun!”[10] Murid-murid naranyakeun ka Anjeunna, ”Ku naon Bapa nyarios ka maranehna nganggo misil-misil?”[11] Waler-Na, ”Sabab maranehna tacan nyaraho kana rasiah-rasiah Karajaan Sawarga, ari maraneh mah geus dibere nyaho.[12] Sabab saha-saha anu geus bogaeun bakal ditambahan nepi ka leuwih ti cukup, sabalikna anu teu bogaeun mah malah kabogana ge kajeun ngan saeutik bakal dicokot.[13] Bapa nyarita ka maranehna ku misil, lantaran maranehna mah narenjokeun tapi teu narenjoeun, ngadarengekeun tapi teu ngadarengeeun, teu ngalartieun.[14] Maranehna teh anu baheula diramalkeun kieu tea ku Yesaya: ʼEta jelema-jelema, ngadarengekeun mah teu weleh, tapi moal datang ka ngarti. Narenjokeun ge teu weleh, tapi moal datang ka narenjo.[15] Sabab uteukna geus mintul, geus nyocokan ceulina, meureum-meureumkeun panonna. Lamun teu karitu mah panonna tangtu narenjo, ceulina tangtu ngadarenge, uteukna tangtu ngalarti, tangtu bakal ngadareuheus ka Kami — timbalan Allah — geus tangtu ku Kami dicalageurkeun.ʼ[16] Maraneh mah kacida untungna! Panon narenjo, ceuli ngadarenge.[17] Sing percaya ka Bapa, loba nabi jeung jelema-jelema nu aribadah ka Allah anu kacida harayangeunana narenjo anu katarenjo ku maraneh, tapi teu bisa. Loba anu harayangeun ngadenge anu geus kadarenge ku maraneh, tapi teu bisa.”[18] ”Ayeuna darengekeun, raregepkeun, naon hartina eta misil anu tebar teh.[19] Binih anu ragragan ka jalan, hartina: Amanat hal Karajaan Sawarga anu diwawarkeun ka jelema-jelema anu ngan semet ngadarengekeun, henteu malikiran. Amanat anu diwawarkeun ka maranehna teh dicabut ku Si Jahat.[20] Binih anu ragragan kana taneuh ipis anu cadasan, hartina: Barang mimiti mah eta amanat teh ditarima reujeung suka,[21] tapi henteu tahan lila sabab henteu sakumaha nyerepna kana hate nu narima. Sanggeus ngarasa yen nyekel eta amanat teh jadi diteungteuinganan ku sasama hirup, tuluy bae murtad.[22] Binih anu ragragan kana rungkun cucuk hartina: Amanat teh ditarima, tapi kaelehkeun ku kasalempangan hirup jeung ku napsu hayang beunghar, henteu nepi ka buahan.[23] Binih anu ragragna meneran kana taneuh anu riduh jeung lendo, hartina: Amanat teh ku nu ngadengena ditarima jeung dihartikeun, seug ngabuahkeun, aya nu saratus kalieun, nu genep puluh kalieun, jeung nu tilu puluh kalieun.”

Matius 13:24-30
[24] Yesus nyarioskeun deui hiji misil: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nebarkeun bibit hade di lahanna.[25] Dina hiji peuting waktuna jalma-jalma sarare, datang musuhna nyebarkeun bibit eurih dina eta lahan tuluy indit.[26] Gandum jaradi geus mimiti ranggeuyan, eurih oge jadi.[27] Bujang-bujangna popoyan, ʼJuragan, anu ditebarkeun teh pan binih sae. Ku naon jadi seueur eurih, ti mana dongkapna?ʼ[28] Jawabna, ʼTangtu pagawean musuh.ʼ Ceuk bujang-bujangna deui, ʼKumaha, kedah dicabutan eurihna?ʼ[29] Jawabna, ʼUlah, bisi gandumna kacabut.[30] Keun bae sina jaradi bareng. Engke dina waktu ngala, kami rek nitah ka nu digarawe nyabutan heula eta eurih sina dibeungkeutan keur durukeun, gandumna sina dikumpulkeun asupkeuneun ka leuit.ʼ ”

Matius 13:31-32
[31] Yesus nyarioskeun deui hiji misil: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nyebarkeun siki sasawi dina lahanna.[32] Siki sasawi teh di antara sisikian mah panglembutna, tapi lamun geus jadi tangkalna teh panggedena ti sagala palawija, nepi ka dahan-dahanna bisa dipake nyayang ku manuk-manuk.”

Matius 13:33-34
[33] Yesus nyarioskeun misil sejen deui: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya hiji awewe nyokot ragi, tuluy diadukkeun kana tipung opat puluh liter, seug adonanana beukah.”[34] Yesus nyariosna ka eta jelema-jelema teh kabeh ku misil, teu kersaeun mun lain ku misil.

Matius 13:44
”Jeung Karajaan Sawarga teh ibarat jelema anu nimu pependeman di hiji kebon, tuluy dirimbunan deui. Kacida atoheunana nepi ka tuluy ngajual sagala pangabogana dipake meuli eta kebon.”

Matius 13:45-46
[45] ”Jeung ibarat kieu Karajaan Sawarga teh. Aya jelema neangan mutiara anu alus.[46] Sanggeus manggih mutiara anu luar biasa alusna, tuluy ngajual sagala harta bandana dipake meuli eta mutiara.”

Matius 13:47-50
[47] ”Jeung kieu ibaratna Karajaan Sawarga teh. Aya nu ngarala lauk di talaga make jaring. Rupa-rupa lauk kajaring.[48] Sanggeus jaringna pinuh ku lauk tuluy diangkat, nu ngalana ngariung milihan lauk. Lauk nu aralus diasup-asupkeun kana wadah, anu taya mangpaʼatna dipiceunan.[49] Dina Poe Kiamat oge kitu, para malaikat bakal nyokotan jelema-jelema anu jarahat, dipisahkeun ti anu ngarabdi ka Allah[50] tuluy digalebruskeun kana pameuleuman anu keur ngagudag-gudag, tingjarerit jeung huntuna tingkereket.”

Matius 15:10-20
[10] Geus kitu Yesus miwarang jalma rea kumpul, tuluy saur-Na, ”Darengekeun, halartikeun![11] Anu ngalantarankeun diri jadi najis teh lain anu asup kana sungut, tapi anu kaluar ti dinya.”[12] Ti dinya murid-murid-Na nyalampeurkeun, unjukan, ”Bapa, uninga urang Parisi nyarerieun hate ku kasauran Bapa tadi?”[13] Waler Yesus, ”Pepelakan anu lain beunang melak Rama Kami nu di sawarga, kabeh bakal dirabut.[14] Teu kudu risi ku urang Parisi! Pamingpin-pamingpin lolong kabehanana. Nu lolong nungtun nu lolong, tangtu duanana tiguling kana solokan.”[15] Petrus miunjuk, ”Dupi pilahir nu tadi naon hartosna?”[16] Waler Yesus, ”Ari maneh, geuning teu leuwih pinter ti batur.[17] Piraku teu ngarti, yen nu asup kana sungut terusna ka jero beuteung, ti dinya kaluar deui.[18] Sabalikna anu kaluar tina sungut asalna ti jero hate, matak najis kana diri.[19] Sabab timbulna pikiran-pikiran jahat teh ti jero hate, ngalantarankeun jelema nepi ka maehan, ngaranyed jeung nyieun kalakuan-kalakuan anu ingkar tina susila, maling, merdaya, jeung mitenah batur.[20] Eta kabeh matak najis kana diri. Ari dahar teu ngumbah heula leungeun mah sanajan ceuk urang Parisi kudu, teu matak najis diri.”

Matius 18:10-14
[10] ”Awas, ulah ngahina ka budak leutik pantar kieu. Ati-ati, sabab malaikat-malaikatna salawasna aya di payuneun Rama Kami di sawarga. [[11] Ari Anak Manusa ka dunya teh rek nyalametkeun jelema anu leungit ti payuneun Allah.][12] Cik, upama aya nu boga domba saratus leungit hiji, ceuk maraneh bakal kumaha anu bogana? Tangtu indit neangan nu hiji, nu salapan puluh salapan diantep heula nyaratuan di lamping pasir.[13] Ana nu leungit geus kapanggih, nu bogana tangtu leuwih atoh ku eta anu hiji ti batan ku nu salapan puluh salapan nu henteu leungit.[14] Rama maraneh di sawarga oge kitu. Kahoyong-Na ulah aya saurang-urang acan umat-Na anu laleutik keneh anu leungit ti Mantenna.”

Matius 18:23-35
[23] ”Sabab Karajaan Sawarga teh saperti misil hiji raja anu rek mereskeun hutang badega-badegana.[24] Sanggeus ngayakeun pamariksaan, aya badega anu dideuheuskeun, hutangna jutaan.[25] Ku sabab teu bisaeun ngalunasan, ku raja dititah dijual jeung saanak bojona, katut sagala pangabogana pikeun ngalunasan hutangna.[26] Eta badega ngarumpuyuk sujud bari ngalengis, ʼNyuhunkeun sarantos, tangtos bade dilunasan sadayana!ʼ[27] Raja karunyaeun, malah hutangna dibebaskeun.[28] Ari geus di luar, eta badega teh amprok jeung badega deui anu boga hutang ka manehna rerebuan. Ku manehna ditongtak terus dicekek jeung disentak, ʼBayar hutang maneh!ʼ[29] Baturna mani ngalengis bari deku, ʼSabar, menta tempo, engke ge dibayar!ʼ[30] Ku manehna teu didenge, kalah ka dijebloskeun ka panjara nepi ka hutangna lunas.[31] Badega-badega sejen barang nyarahoeun eta kajadian kacida ngareneseunana, tuluy arunjukan ka raja.[32] Badega kejem teh disaur jeung dicarekan, ʼDasar badega tanpa guna! Maneh mani ngalengis ka kami, nepi ka hutang maneh ku kami dipupus,[33] lantaran karunya. Cik maneh oge sing aya rasrasan ka batur!ʼ[34] Raja kacida benduna, eta badega tuluy dijebloskeun ka panjara, dihukum, nunggu hutangna lunas kabeh.”[35] Saur Yesus deui, ”Rama Kami nu di sawarga ge bakal kitu ka maraneh, kajaba lamun maraneh iklas ngahampura kasalahan dulur.”

Matius 20:1-16
[1] ”Karajaan Sawarga teh saperti ieu misil. Aya hiji jelema, rebun-rebun indit neangan kuli rek digawekeun di kebon anggurna.[2] Sanggeus mupakat yen buruh saurangna sapoe sauang perak sakumaha ilaharna, tuluy dititah mimiti digarawe.[3] Pukul salapan neangan deui ka pasar, nawaran gawe ka nu keur ngalanggur,[4] ʼMending digarawe di kebon anggur kuring, buruhna pantes.ʼ[5] Nu ditawaran daraekeun. Pukul dua welas jeung pukul tilu neangan deui kuli.[6] Sanggeus meh pukul lima neangan deui ka pasar. Seug nanya ka nu keur tingjaranteng, ʼKu naon ngalanggur bae sapoe jeput, ngalelebar waktu?ʼ[7] Walonna, ʼTeu aya nu ngulikeun.ʼ Tuluy ditawaran, ʼJung digarawe di kebon anggur kuring.ʼ[8] Waktu sareupna nu boga kebon teh ngomong ka mandor, ʼKumpulkeun kuli-kuli, bayar. Heulakeun anu datangna pangburitna, terus nepi ka anu asup digawena pangheulana.ʼ[9] Seug anu digarawena mimiti pukul lima sore dibayar ti heula, saurang sauang perak.[10] Barang anu pangisukna rek dibayar, panyangkana rek dibayar leuwih, ari heug sarua saurang sauang perak.[11] Bari nampanan duit maranehna gegelendeng, pokna,[12] ʼEta nu daratangna pandeuri digarawena ngan sajam, ari dibayarna bet sarua jeung kuring anu digarawe sapoe jeput bari papanasan!ʼ[13] Jawabna ka nu saurang, ʼDulur! Aranjeun geus mupakat buruh saurangna sapoe sauang perak. Kuring henteu jalir.[14] Tarima eta duit teh, jung baralik. Hanas ieu anu pangpandeurina ku kuring dibayar sarua jeung aranjeun, eta mah kumaha kuring.[15] Na teu meunang kuring make duit sorangan sakahayang? Atawa aranjeun sirik nenjo kuring bageur?ʼ ”[16] Saur Yesus deui, ”Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti heula, anu pangheulana jadi pangpandeurina.”

Matius 21:28-32
[28] ”Ayeuna kumaha ieu ceuk aranjeun. Aya hiji jelema boga anak lalaki dua. Ngomong ka anakna nu kolotan, ʼUjang, poe ieu kudu digawe di kebon anggur.ʼ[29] Jawabna, ʼAh, alim!ʼ tapi lila-lila kaduhungeun, tuluy bae digawe.[30] Bapana tuluy nitah ka anakna nu ngoraan cara tadi. Jawabna, ʼMangga, Bapa,ʼ tapi henteu digawe.[31] Tah, nu mana anu ngalampahkeun parentah bapana?” ”Nu kolot,” walon maranehna. Saur Yesus, ”Aranjeun bakal kapiheulaan asup ka Karajaan Sawarga ku tukang-tukang mulung pajeg jeung ku awewe tuna susila.[32] Sabab aranjeun heunteu palercaya ka Yohanes Jurubaptis anu nuduhkeun jalan bener. Sabalikna tukang-tukang mulung pajeg jeung awewe-awewe tuna susila mah percayaeun. Ari aranjeun sakitu geus nenjo hal eta, pikiran teu robah-robah, ka anjeunna teu palercaya.”

Matius 21:33-45
[33] ”Aya deui misil. Aya tuan tanah muka kebon anggur, sakurilingna dipager, nyieun bak pameresanana jeung munara jaga. Tuluy disewakeun sina digarap ku nu sejen, ari manehna terus nyaba.[34] Dina usum metik manehna nitahan bujang-bujangna sina narik hasil sewa kebonna ti nu nyarewa.[35] Tapi bujang-bujangna teh ku anu nyarewa kebonna dipahala, diparaehan, aya nu diteunggeulan, aya nu dibaledogan ku batu.[36] Tuan tanah nitahan bujang-bujang sejen leuwih loba, tapi sarua nasibna jeung nu ti heula.[37] Tungtungna nu dititah teh anakna, pamikirna, ʼKu anak aing mah tangtu sarieuneun.ʼ[38] Tapi barang eta datang, nu nyarewa kebon teh baradami, pokna, ʼIeu mah anakna. Urang paehan, warisanana jang urang!ʼ[39] Tuluy dicerek, dijongklokkeun ka luaran kebon, tuluy dipaehan.[40] Cik, lamun eta tuan tanah datang sorangan, bakal dikumahakeun eta nu nyarewa kebonna teh?”[41] Tembalna, ”Eta jelema-jelema jahat teh tangtu ditumpes, kebonna disewakeun deui ka nu sejen, anu pibenereun mere hasil sewa kebonna dina waktuna.”[42] Saur Yesus, ”Kumaha aranjeun geus maraca ayat Kitab Suci anu kieu? ʼBatu anu teu kapake ku tukang ngadegkeun, ngajadi batu anu pangutamana. Kitu dipidamelna ku Pangeran, endahna kabina-bina!ʼ ”[43] Saur Yesus deui, ”Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, hak aranjeun kana Karajaan Sawarga bakal dicabut, dibikeun ka bangsa sejen anu daraekeun ngajalankeun pangersa Allah. [[44] Anu ninggang kana eta batu tangtu remuk, anu katinggang tangtu bubuk.]”[45] Karasaeun ku imam-imam kapala jeung ku urang Parisi yen eta misil teh ku Yesus dianggo nyindiran maranehna.

Matius 22:1-14
[1] Yesus nyarioskeun deui misil ka jalma rea.[2] ”Karajaan Sawarga teh saperti ieu misil. Aya hiji raja rek nikahkeun putra pamegetna.[3] Miwarangan badega-badegana nyusulan ondangan sina geura daratang kana hajatna. Tapi nu disusulan arembungeun datang.[4] Raja miwarangan badega-badega sejenna, nepikeun amanat ka para ondangan, ʼHajat geus tarapti, geus mencitan sapi jeung anak sapi nu pangalusna, geus sadia sagala rupa. Mangga sarumping nungkulan hajat nikah.ʼ[5] Tapi nu diarondang teh arapi lain bae, tinglaleos ka pagaweanana, aya nu ka kebon, nu ka toko.[6] Malah aya nu terus ngarejeng ka badega-badega teh, terus ditareunggeulan, diparaehan.[7] Raja kacida benduna, tuluy ngirim balad numpes jelema-jelema nu maraehan, padumukanana dihuru.[8] Tuluy nimbalan ka badega-badega, ʼIeu hajat geus sakieu sadiana, tapi nu diarondang teh ayeuna mah geus teu layak ka darieu.[9] Ku sabab eta pegat ka jalan-jalan gede, nu laliwat saha bae ajak ka dieu, sing loba.ʼ[10] Badega-badega arindit, sakur nu liwat, nu bageur nu jahat kabeh diajak kana pesta, balandongan hajat pinuh.[11] Raja lebet ka balandongan ningalian. Ret katingalieun aya semah saurang anu henteu make pakean pesta,[12] tuluy dipariksa, ʼKi Sanak, ku naon henteu make pakean pesta?ʼ Jelemana ngabetem bae.[13] Raja nimbalan ka abdi-abdina, ʼBarogod ieu jelema leungeunna jeung sukuna, alungkeun ka nu poek, sina ceurik nandangan sangsara.ʼ ”[14] Saur Yesus deui, ”Anu disaur mah loba, tapi anu kapilih ngan saeutik.”

Matius 24:32-35
[32] ”Tenjo tangkal kondang, aya papatahna. Lamun regang-regangna geus ngahejoan, ngaleuleusan jeung sarirungan, eta tandana geus tereh usum panas.[33] Nya kitu, lamun hal-hal anu bieu disebut geus kajadian, eta tandana yen geus tereh panungtungan, geus mimiti ahir jaman.[34] Inget, eta sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu harirup ayeuna paraeh kabeh.[35] Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal musna.”

Matius 24:45-51
[45] Saur Yesus deui, ”Cik nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha? Tangtu ku dununganana baris dipercaya ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna.[46] Untung eta gandek, lamun dununganana datang kasampak keur ngalakonan kawajibanana.[47] Ku dununganana tangtu bakal dipercaya nguruskeun sagala harta bandana.[48] Tapi lamun eta gandek teu satia, hatena bakal ngomong yen dununganana moal balik tereh-tereh,[49] tuluy mimiti tanggal-teunggeul ka sasama gandek, sarta dahar nginum jeung tukang-tukang mabok.[50] Geus kitu dununganana datang dina poe anu ku manehna teu kasangka-sangka, jeung teu diarep-arep.[51] Geus tangtu ku dununganana disiksa bebeakan, terus dipiceun ka tempat paragi ngabuang jelema-jelema munapek, bati bisa ceurik nepi ka huntuna tingkereket.”

Matius 25:1-13
[1] ”Dina mangsa pisumpingeunana Putra Manusa, Karajaan Sawarga teh kawas ieu misil. Aya sapuluh mojang arindit marawa lampu, rek mapagkeun panganten lalaki.[2] Nu lima barodo, nu lima deui caringcing.[3] Anu barodo ngan marawa lampu bae wungkul, henteu marawa minyak keur nambahanana.[4] Sabalikna anu caricing mah minyak keur nambahanana oge marawa.[5] Panganten datangna elat, nepi ka mojang-mojang teh tarunduheun tuluy kasarean.[6] Sanggeus tengah peuting aya anu ceceluk, ʼPanganten datang! Papagkeun!ʼ[7] Mojang-mojang tingkorejat tuluy pakepuk maruru lampuna.[8] Ceuk nu barodo ka nu caringcing, ʼBagi minyakna saeutik, lampu kuring rek pareum.ʼ[9] Ceuk nu caringcing, ʼTeu bisa! Moal mahi dipake ku duaan mah. Meuli we ka warung!ʼ[10] Nu barodo arindit mareuli heula minyak. Sabot kitu panganten datang manten, tuluy diiring ku mojang-mojang anu caringcing ka tempat pesta, panto tempat pesta tuluy dikonci.[11] Sanggeus rada lila mojang-mojang barodo teh daratang ka dinya gegeroan, ʼJuragan! Ieu abdi widian lebet!ʼ[12] Ku panganten lalaki dijawab, ʼTeu, kami teu wawuh ka maraneh!ʼ ”[13] Saur Yesus deui, ”Ku sabab kitu sing taki-taki, sabab maraneh teu nyaho iraha piwaktueunana.”

Matius 25:14-30
[14] ”Dina mangsa pisumpingeunana Putra Manusa, Karajaan Sawarga teh kawas ieu misil. Aya hiji jelema rek indit nyaba, nyalukan bujang-bujangna rek nitipkeun duitna.[15] Ari nitipkeunana kumaha kasanggupan bujang-bujangna bae. Ka nu saurang nitipkeunana lima rebu uang emas, ka nu saurang deui dua rebu, jeung ka nu saurang deui sarebu. Geus kitu indit nyaba.[16] Bujang anu dititipan lima rebu buru-buru ngagolangkeun duitna, meunang untung lima rebu deui.[17] Anu dititipan dua rebu oge duitna digolangkeun, meunang untung dua rebu deui.[18] Ari anu dititipan sarebu anggur ngali lombang, duit dununganana teh dipendem.[19] Lila ti lila dununganana balik, tuluy balitungan.[20] Bujang anu dititipan lima rebu datang mawa duit titipan jeung batina lima rebu. ʼAbdi ku Juragan dititipan artos lima rebu,ʼ nyaritana ka dununganana. ʼSareng ieu anu lima rebu deui batina.ʼ[21] Ceuk dununganana, ʼAlus, maneh jalma hade, gumati. Maneh geus bisa dipercaya nyekel anu leuleutikan, ku kami rek dipercaya nyekel leuwih gede. Ayeuna urang suka-suka jeung kami!ʼ[22] Bujang anu dititipan dua rebu datang. ʼAbdi ku Juragan dititipan artos dua rebu,ʼ nyaritana ka dununganana. ʼSareng ieu anu dua rebu deui batina.ʼ[23] Ceuk dununganana, ʼAlus, maneh jalma hade, gumati. Maneh geus bisa dipercaya nyekel anu leuleutikan, ku kami rek dipercaya nyekel leuwih gede. Ayeuna urang suka-suka jeung kami!ʼ[24] Bujang anu dititipan sarebu datang. ʼJuragan,ʼ carekna, ʼabdi terang Juragan teh jalmi keras. Juragan ngala buah sanes di tempat pelak ku anjeun, ngala panen sanes di tempat kenging tebar ku anjeun.[25] Ku margi sieun, artos Juragan teh ku abdi diruang dina taneuh. Ieu artosna.ʼ[26] ʼJalma goreng hate, jeung pangedulan!ʼ ceuk dununganana. ʼJadi nyaho maneh yen kami ngala buah lain di tempat pelak kami, ngala panen lain di tempat beunang kami tebar?[27] Benerna ari nyaho kitu, duit kami teh pelak di bang, sangkan ari kami datang eta duit geus anakan.[28] Cokot duit kami ti ieu jelema, bikeun ka nu duitna geus jadi sapuluh rebu.[29] Sabab anu geus beubeunangan ku kami rek ditambahan sina leuwih loba, leuwih ti cukup. Sabalikna anu henteu beubeunangan, dalah nu aya di manehna kajeun kacida saeutikna ku kami rek dicokot.[30] Ieu bujang tanpa guna teh jongklokkeun ka ditu ka tempat nu poek, sina gegerungan tibeberegeg!ʼ ”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society