A A A A A

Karakter Buruk: [Kecemburuan]


1 Korintus 3:3
lantaran hirup aranjeun masih keneh nurutkeun tabeat dunya. Silih dengkian, cekcok ngadu omong jeung pada batur, lain nyirikeun masih keneh hirup nurutkeun hawa dunya ari kitu teh?

1 Korintus 10:13
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

1 Korintus 13:4
Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.

Pengkhotbah 4:4
Jeung ku kami geus kaharti naon sababna jelema-jelema paropohoan malar usahana hasil. Taya lian ti sirik, kabita ku batur. Ieu oge mubadir, ibarat ngajaring angin.

Yakobus 4:11
Aranjeun ulah sok silih cawad jeung papada batur. Anu nyawad jeung nyalahkeun ka batur sakapercayaan, eta nyawad kana Hukum Allah. Lamun geus nyawad kana Hukum Allah, tandaning geus henteu nurut kana Hukum Allah, malah nyalahkeun.

Amsal 14:30
Hate sugema matak hurip kana diri, sirik dengki mah ibarat panyakit matak paeh.

Amsal 27:4
Amarah teh bengis tur ngaruksak. Tapi sirik-pidik mah leuwih-leuwih.

Mazmur 143:8-9
[8] Geuing abdi unggal enjing, sangkan emut kana satia asih Gusti, margi nya ka Gusti abdi percaya. Paneda abdi mumbulna ka Gusti, tuduhkeun jalan anu ku abdi kedah ditempuh.[9] Abdi dongkap seja nyalindung, nun PANGERAN, luputkeun abdi ti musuh.

Roma 12:21
Kade, ulah nepi ka kabawa ku amarah, elehkeun pikiran goreng teh ku anu hade.

Yakobus 4:2-3
[2] Aranjeun aya kahayang, tapi teu katedunan tuluy bae hayang maehan. Aranjeun sarumanget pisan neangan nu dipikahayang, tapi teu kasorang bae, tuluy jadi parasea nepi ka garelut. Padahal pangna aranjeun teu baroga nanaon teh, lantaran aranjeun teu nyaruhunkeun ka Allah.[3] Rajeun nyuhunkeun, teu dikabulkeun, da salah patekadanana; anu disuhunkeun ku aranjeun teh, ngan ukur pikeun nyenangkeun diri sorangan.

Galatia 5:22-23
[22] Sabalikna anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah sipatna teh nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia,[23] handap asor, nahan napsu. Ieu kabeh teu aya anu patukang tonggong jeung hukum.

1 Petrus 2:9
Ari aranjeun mah bangsa anu geus kapilih, jadi imam Raja, jadi bangsa suci, anu dipilih jadi umat Allah purah nguarkeun padamelan-padamelan Allah anu araheng, anu geus nyaur ka aranjeun ti tempat anu poek, didatangkeun ka tempat Mantenna anu caang gilang-gumilang.

1 Korintus 1:27-29
[27] Ngahaja Allah milih anu ku dunya dianggap bodo, pikeun ngera-ngera anu palinter. Ngahaja milih anu ku dunya dianggap lemah, pikeun ngera-ngera anu garagah perkasa.[28] Ngahaja Allah milih anu ku dunya dianggap hina, kuricakan, taya harga, pikeun ngaruntagkeun anu ku dunya diajen-ajen.[29] Anu matak moal aya manusa anu bisa adigung di payuneun Allah.

Filipi 2:3
Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.

Mazmur 37:1-3
[1] Ti Daud. Ulah salempang ku lampah jalma jahat, ulah kabita ku talajak jalma goreng.[2] Nu kararitu lir jukut garing kahalodoan, ibarat dangdaunan alum ngajadi kalakay.[3] Sing percaya ka PANGERAN, lampahkeun nu hade pek cicing di lemah cai, sing tengtrem.

Yakobus ۳:۱۴-۱۶
[۱۴] Sabalikna, anu dengkian, nyerian hate, mentingkeun maneh, ulah ngagulkeun maneh bijaksana, sabab lamun kitu mah dosa sarta lalawanan jeung nu bener.[۱۵] Kabijaksanaan saperti kitu mah asalna lain ti sawarga, tapi ti dunya, tina hawa napsu, ti nu jahat.[۱۶] Karana di mana aya sipat dengki jeung sipat mentingkeun maneh, tangtu ngusutkeun jeung nyieun rupa-rupa kajahatan.

Kidung Agung 8:6-7
[6] Hate engkang ulah dibuka iwal pikeun abdi. Tong kantos ngarangkul wanita lian, iwal ti ka diri abdi. Cinta teh bedas lir malakalmaot, geter birahi teh rosa lir ajal pati. Ana eta parantos hurung, nguntab-nguntab lir muntabna seuneu.[7] Geus hamo kalis ku cai, mo kaceot ku walungan. Jalma nu wani-wani meuli cinta ku dunyabrana, geus tangtu dilelewean.

Yakobus ۴:۷-۸
[۷] Ku sabab kitu masing sumerah ka Allah. Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun.[۸] Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui. Beresihan leungeun, eh jalma-jalma dosa! Herangkeun hate, eh aranjeun anu marunapek!

Galatia 5:14-15
[14] Kapan parentah-parentah Hukum Agama oge karagum ku hiji timbalan kieu, ”Kudu masing nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”[15] Lamun silih segag silih cakar, ahirna sarerea bakal binasa. Kahade, sing ati-ati.

Amsal 6:34
Moal aya anu nandingan ngentabna hate salaki anu dipangnyelewengkeun. Ngunek-ngunekna taya basakeuneunana.

Kolose ۱:۱۱
Mugi tekad dulur-dulur dikuatkeun ku kaagungan kawasa Allah, sanggup jeung sabar tawekal nandangan sagala cocoba, dibarengan ku kabungah jeung pamuji sukur ka Rama, anu mikersa supaya aranjeun layak meunang bagian ti nu geus disadiakeun pikeun umat-Na di karajaan caang.

Yehezkiel ۱۶:۴۲
Lamun geus nepi ka kitu kakara amarah Kami bisa leler, kakara Kami bisa sabar deui.

1 Timotius 3:10
Anu matak kudu diuji heula tabeatna, lamun lulus kakara jenengkeun.

Ibrani ۱۰:۳۶
Sing salabar, supaya bisa ngalakonan pangersa Allah sarta nampa ganjaran anu geus dijangjikeun ku Mantenna.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society