A A A A A

Karakter Buruk: [Munafik]

1 Yohanes 4:20
Lamun aya anu majar nyaah ka Allah tapi ngewa ka dulurna, eta teh bohong. Sabab lamun ka dulur anu katenjo bungkeuleukan geus teu nyaah, komo ka Allah, anu henteu tembong.

1 Petrus 2:16
Hirup aranjeun kudu sakumaha jalma merdika, tapi kamerdikaan teh ulah dipake nyimbutan kagorengan, nya kudu sakumaha layakna jelema anu ngawula ka Allah.

Galatia 6:3
Anu sok ieu aing jelema penting padahal teu aya naon-naonna, sasat ngabobodo maneh.

Yeremia 23:11
Kieu timbalan PANGERAN, ”Nabi-nabi doraka, imam-imam doraka, ku Kami katohyan marigawe dosa, tur di jero Bait Allah pisan.

Ayub 8:13
Jalma-jalma anu teu baroga Allah ge kitu, cara jukut walini tea, moal teuing kana menyat deui, dumeh mopohokeun ka Allah.

Lukas 6:46
”Naha nyambat ka Kami, ʼGusti, Gusti,ʼ tapi piwuruk Kami teu dilampahkeun?

Lukas 12:2
Sabab naon bae anu disamunikeun bakal katembong, rasiah naon bae bakal kaboker.

Markus 7:6
Waler Yesus, ”Aranjeun teh munapek! Cocog jeung ramalan Yesaya ngeunaan aranjeun, anu kieu tea: ’Ieu jelema-jelema, dawuhan Allah, hormatna ka Kami ngan semet omonganana, hatena mah jauh ti Kami.

Matius 6:1
”Dina ngalakonan anu diwajibkeun ku agama, kade ulah nyiri-nyirikeun maneh. Sabab lamun kitu maraneh moal meunang ganjaran naon-naon ti Rama maraneh nu di sawarga.

Roma 10:3
Henteu nyarahoeun jalan anu ti Allah supaya manusa bisa diangken bener. Maranehanana marake jalan sorangan bae, henteu marake jalan anu ti Allah.

Titus 1:16
Ari ngakuna mah nyaho ka Allah, ari kalakuanana ingkar ti Allah, pinuh ku kangewa, tukang baha, pamohalan bisa migawe nu hade.

Matius 23:27-28
[27] Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun ibarat kuburan dikapur bodas, ti luarna siga alus, ari eusina tulang-taleng jeung mayit buruk.[28] Aranjeun oge kitu; ti luar katembongna ku jalma rea mah hade, padahal di jerona pinuh ku kapalsuan jeung dosa.”

Lukas 20:46-47
[46] ”Sing arati-ati maraneh ka guru-guru agama Yahudi. Karesep maranehna jalan-jalan marake jubah landung, harayang pada ngabageakeun jeung pada ngahormat di pasar-pasar. Di imah-imah ibadah dariukna dina korsi anu beunang ngahaja eukeurna, di nu hajat-hajat marilih tempat anu utama.[47] Randa-randa rejekina dirampas, imahna dirampogan. Pikeun nutupan kajahatanana tuluy ngagorolang sembahyang dilila-lila! Beurat engke hukuman maranehna teh!”

Yakobus 1:22-23
[22] Eta pangandika-Na ulah ngan semet didengekeun, kudu jeung prak dilampahkeun, supaya ulah disebut nipu diri sorangan.[23] Anu ngadenge kana pangandika-Na tapi henteu jeung ngalampahkeunana, eta ibarat anu nilik maneh dina eunteung,

Matius 6:16-18
[16] ”Jeung ari keur puasa ulah nyaleuy-nyaleuy beungeut kawas anu marunapek, paruasana teh nyiri-nyirikeun maneh ngarah kanyahoan puasa. Nya anu jadi ganjaranana oge eta, sakitu-kituna.[17] Maraneh mah ari keur puasa anggur kudu sibeungeut, buuk sisiran sing luis,[18] ngarah ulah kaciri ku batur yen keur puasa, sina kauninga ku Rama maraneh bae wungkul nu teu katenjo. Mantenna tangtu ngaganjar, da uningaeun sanajan puasana ngaririkip maneh oge.”

Matius 7:21-23
[21] ”Lain anu ngan semet nyambat ka Kami: ʼGusti, Gusti!ʼ anu bakal asup ka sawarga teh, tapi anu ngalampahkeun pangersa Ama Kami nu di sawarga.[22] Dina Poe Kiamat loba nu bakal ngaromong ka Kami, ʼGusti, Gusti! Ku pajenengan Gusti abdi parantos ngadongkapkeun amanat Allah. Ku pajenengan Gusti abdi nundung setan-setan sareng ngayakeun mujijat-mujijat!ʼ[23] Ku Kami bakal diwalon, ʼKami teu wawuh ka maraneh. Geura nyalingkir, eh durjana-durjana!ʼ ”

Matius 15:7-9
[7] Aranjeun teh munapek! Cocog jeung ramalan Yesaya ngeunaan aranjeun, anu kieu tea:[8] ʼIeu jelema-jelema, dawuhan Allah, hormatna ka Kami ngan semet omonganana, hatena mah jauh ti Kami.[9] Cumah bae ibadah ka Kami, sabab ngajarkeun aturan beunang manusa, anu dianggapna aturan ti Kami!ʼ ”

Matius 6:1-4
[1] ”Dina ngalakonan anu diwajibkeun ku agama, kade ulah nyiri-nyirikeun maneh. Sabab lamun kitu maraneh moal meunang ganjaran naon-naon ti Rama maraneh nu di sawarga.[2] Mere sidekah ka nu miskin ulah ditembong-tembong ka batur. Ulah cara anu marunapek sok karitu di tempat ngabakti atawa di jalan, hayang katangar balabah ngarah dipuji. Tah eta ganjaran maranehna mah, sakitu-kituna.[3] Jadi ari nulung ka nu miskin teh sing rikip, batur anu dalit ge ulah nyahoeun.[4] Ulah hayang kanyahoan ku batur. Sabab najan rikip ge pitulung maraneh teh ku Rama nu di sawarga mah kauninga, sarta Mantenna baris ngaganjar.”

2 Timotius 3:1-5
[1] Inget anaking, dina ahir jaman bakal loba kasukeran.[2] Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede, resep ngagogoreng, bahula ka kolot, taya panarima, teu baroga agama;[3] taya karunya, taya hampura, resep mitenah, bengis, dedegler, ijid ka jelema hade;[4] resep ngahianat,, sambarangan, aradigung, ka Allah geus teu nyaraah, leuwih resep senang-senang;[5] ngajalankeun agama semet nedunan lahirna, ari kawasana agama teu dipalire. Jelema-jelema kitu jauhan.

Roma 2:1-5
[1] Ari dulur-dulur osok nyalahkeun kalakuan batur? Inget, bisi aranjeun teu bisa hojah. Sabab lamun ka batur nyalahkeun tapi kalakuan sorangan saruana, eta sarua jeung nyalahkeun ka diri sorangan.[2] Urang terang, lamun Allah ngahukum ka jelema anu kalakuanana kitu, ngahukumna teh kalawan bener, adil.[3] Tapi aranjeun mah, dulur-dulur, ka batur nyalahkeun, ari pek kalakuan sorangan ge saruana! Ceuk pangira aranjeun naha bisa aranjeun luput tina hukuman Allah?[4] Atawa sugan aranjeun ngamumurah kasaean manah-Na, sipat hampura-Na, jeung kasabarana-Na? Puguh, aranjeun terang yen Allah teh sae manah, da geuning kersaeun ngageuing sangkan aranjeun tarobat.[5] Tapi aranjeun hareuras hate, barasangkal. Ku sabab kitu nya aranjeun keneh anu nambah beuratna hukuman sorangan dina Poean Allah nganyatakeun wera jeung nerapkeun hukum adil.

Yakobus 1:21-26
[21] Ku sabab kitu, piceun sagala kabiasaan anu kotor jeung jahat. Sing pasrah ka Allah, tarima pangandika-Na anu dipelak dina hate aranjeun, sabab eta teh bisa nyalametkeun aranjeun.[22] Eta pangandika-Na ulah ngan semet didengekeun, kudu jeung prak dilampahkeun, supaya ulah disebut nipu diri sorangan.[23] Anu ngadenge kana pangandika-Na tapi henteu jeung ngalampahkeunana, eta ibarat anu nilik maneh dina eunteung,[24] geus nilik maneh mah indit, les poho kana rupa sorangan.[25] Sabalikna anu nengetkeun hukum anu sampurna, anu bakal nyalametkeun diri tina kajahatan, tur lain ngan semet ngadengekeun, tapi reujeung prakna ngalampahkeun, lampah kitu bakal diberkahan ku Allah.[26] Jelema anu carekna ibadah tapi henteu nyandet letahna, ibadahna teh cumah bae, sarua jeung ngabobodo maneh.

Lukas 6:37-42
[37] ”Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah; ulah nyapa ka batur, supaya maraneh oge ulah disapa ku Allah; kudu daek ngahampura ka batur, supaya maraneh oge dihampura ku Allah.[38] Ka batur sing daek mere, supaya Allah ge kersaeun maparinan maraneh, tur maparin-Na teh sapinuhna takeran, diborolokeun sabisana maraneh nyangga. Ukuran maraneh ka batur, ku Allah bakal dianggo ngukur maraneh.”[39] Jeung Yesus maparin ibarat kieu ka maranehna: ”Jelema lolong moal bisaeun nungtun anu lolong deui, sabab tangtu duanana bakal tigebrus ka solokan.[40] Murid moal ngaleuwihan guruna, tapi lamun diajarna geus tamat bakal sarua jeung guruna.[41] Ku naon ari tatal dina panon dulur diawas-awas, ari balok dina panon sorangan teu dirasa?[42] Na bisa maraneh ngomong kieu ka dulur maraneh, ʼCik, eta tatal dina panon teh urang pangnyabutkeun ku kuring,ʼ ari balok dina panon sorangan teu katenjo? Eh jelema munapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, geus kitu kakara bisa awas kana tatal dina panon dulur jeung bisa mangnyabutkeun.”

Matius 7:1-6
[1] ”Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah.[2] Sabab sakumaha maraneh ngahukuman ka batur, nya kitu keneh, maraneh ge bakal dihukumanana ku Allah. Lamun maraneh ngukur kitu ka batur, maraneh ge bakal diukur kitu ku Allah.[3] Ku naon nelek-nelek tatal dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan diantep?[4] Kumaha rek wani ngomong ka dulur maraneh, ʼCing, eta tatal dina panon urang pangnyabutkeun ku kuring,ʼ padahal dina panon sorangan aya balok?[5] Eh nu marunapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, kakara bisa awas mangnyabutkeun tatal tina panon dulur maraneh.[6] Ulah mikeun barang suci ka anjing, supaya anjingna ulah malik ngarontok ka maneh. Ulah mikeun mutiara ka bagong, sabab tangtu eta mutiara bakal diidek-idek.”

1 Yohanes 2:1-6
[1] Anaking! Bapa nulis ieu teh rek ngelingan, aranjeun ulah milampah dosa. Tapi mun nepi ka milampah dosa, bakal dibela ku Yesus Kristus anu berbudi ka payuneun anu jumeneng Rama.[2] Memang ku karana Yesus Kristus pisan pangna dosa urang dihampura teh. Tur lain dosa urang bae, dosa sakabeh jelema oge dihampura.[3] Lamun urang nurut kana timbalan-timbalan Allah, eta tandaning urang terang ka Mantenna.[4] Anu ngakukeun terang ka Allah tapi teu nurut kana timbalana-Na, eta teh ngabohong, jeung dina hatena teu aya kayaktian ti Allah.[5] Jelema anu nurut kana sabda Allah, nya eta anu sampurna nyaahna ka Mantenna. Tah nu kitu tandana hirup urang geus satunggal jeung Allah teh.[6] Sing saha anu ngakukeun hirupna geus satunggal jeung Allah, lampahna kudu sakumaha lampah Kristus.

Lukas 16:10-15
[10] Jelema anu satia dina urusan-urusan leutik, bakal satia dina urusan-urusan gede; jelema anu teu jujur dina urusan-urusan leutik, moal jujur dina urusan-urusan gede.[11] Jadi, lamun maraneh geus teu jujur ngurus harta banda sipat lahir, kumaha rek bisa dipercaya ngurus harta sajati anu sipatna rohani?[12] Lamun maraneh teu jujur kana barang batur, barang milik maraneh sorangan oge saha anu rek daekeun nyerenkeun ka maraneh?[13] Moal aya jelema anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab ka nu saurang bakal geuleuh, ka nu saurang deui bakal nyaah; ka nu saurang bakal satia ka nu saurang deui bakal nyabodokeun. Moal bisa maraneh ngawula ka Allah ongkoh, ngawula kana duit ongkoh.”[14] Barang urang Parisi ngadarenge pilahir Yesus kitu tuluy nyeungseurikeun, kawantu maranehna mah jelema-jelema piduit wungkul.[15] Yesus ngalahir ka maranehna, ”Aranjeun teh katembongna ku batur mah jelema-jelema bener. Tapi Allah mah tingalieun kana eusi hate aranjeun. Anu matak, anu ku jelema dianggap luhur teh di payuneun Allah mah taya hargana.

Yakobus 2:14-26
[14] Dulur-dulur, naon paedahna jelema ngaku percaya tapi henteu tembong dina lampahna? Marukan iman siga kitu teh matak bisa nyalametkeun?[15] Upamakeun aya dulur sakapercayaan, lalaki atawa awewe, teu boga pakean jeung kurang dahar,[16] ku aranjeun ngan semet didoakeun, ”Sing meunang berkah Allah, sing haneut badan, sing ngeunah dahar,” henteu jeung sokna dibere pangabutuhna. Naon berkahna?[17] Iman teh kitu, ari henteu jeung lampah mah teu aya paedahna.[18] Tapi bisa jadi aya anu majar kieu, ”Aya nu mentingkeun iman, aya nu mentingkeun lampah.” Coba atuh tuduhkeun kumaha petana iman henteu jeung lampah teh. Da sim kuring mah bisa nembongkeun iman teh ku lampah.[19] Anjeun percaya yen Allah maha esa? Alus, sanajan roh-roh jahat oge percayaeun kitu, jeung kacida galimireunana ku Mantenna.[20] Eh nu kalangsu, anjeun hayang nenjo bukti yen iman henteu jeung lampah teh percumah?[21] Tenjo bae Ibrahim karuhun urang, naon sababna ku Allah diangken bener? Nya ku sabab ngalampahkeun pamundut Pangeran, iklas ngurbankeun Ishak putrana dina altar.[22] Lain tetela? Iman teh jeung lampahna, sarta ku lantaran lampahna tea imanna jadi sampurna.[23] Ceuk Kitab Suci oge, ”Ibrahim percaya ka Allah, sarta ku Allah dietangkeun jelema bener.” Nu matak Ibrahim mah disebutna ge sahabat Allah, tina sabab imanna tea.[24] Tuh tetela, jelema anu diangken bener ku Allah teh lain ngan ku iman bae, tapi ku sabab imanna dibarengan ku lampahna.[25] Kitu deui Rahab, awewe bangor tea, dibenerkeun ku Allah da aya lampahna, nyumputkeun mata-mata urang Israil jeung ngihtiaran nepi ka eta mata-mata salamet baralik make jalan sejen.[26] Ku sabab kitu, sakumaha raga tanpa nyawa mah paeh, iman henteu jeung lampah teh paeh.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society