Matius 5:22 |
Ayeuna ceuk Kami, anu ngambek ka batur kudu dihukum. Nyarekan nyebut ʼSi Belegugʼ kudu dibawa ka Majelis Agama. Nyarekan nyebut ʼSi Burungʼ manjing siksa seuneu naraka. |
|
Amsal 1:7 |
Pikeun meunangkeun kanyaho, jalma teh kudu boga rasa hormat jeung sieun ku PANGERAN. Jalma bodo mah teu ngahargaan kana hikmah sarta embungeun diajar. |
|
Amsal 3:35 |
Jalma bijaksana ngaranna bakal seungit. Jalma bodo bakal tambah-tambah hina. |
|
Amsal 10:8 |
Jalma binangkit, daek narima pituah. Nu gejul omonganana mah baris tijuralit. |
|
Amsal 10:23 |
Jalma gejul resep kana lampah teu uni. Nu luhur pangarti mah mikaresep kana hikmah. |
|
Amsal 12:16 |
Lamun jalma palung pundung, sok terus nangarkeun maneh. Ari nu lantip mah tahan ku pangweweleh. |
|
Amsal 13:20 |
Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur. |
|
Amsal 17:28 |
Nu gejul ge ari repeh jeung sungutna kuateun balem mah sok disangka bijaksana. |
|
Amsal 18:2-7 |
[2] Keur nu gejul mah ngarti sukur henteu kajeun. Maksudna ge ngan ukur hayang ngabengbrengkeun kapinteran sorangan.[3] Dosa katut wiwirangna rerentetan. Mun harga diri geus leungit, kari hinana.[4] Ucap-ucapan jelema bisa jadi hikmah, jero ibarat sagara, seger lir cai walungan.[5] Condong ka nu salah jeung teu mere kaadilan ka jelema nu beresih tina kasalahan teh goreng pisan.[6] Lamun nu gejul geus mimiti ngasongkeun alesan, eta sarua jeung menta paneunggeul.[7] Nu gejul mah ana geus nyarita sok terus ngocoblak, nepi ka karingkus ku ucap-ucapna keneh. |
|
Amsal 20:3 |
Lampah pujieun pisan nyingkiran anu garejul parebut padu mah. |
|
Amsal 23:9 |
Ka nu gejul mah ulah pangangguran ngomong nu aya hartina, da moal dihargaan. |
|
Amsal 26:19 |
nya kitu jelema anu ngalejokeun bari majarkeun teh ngan pangangguran. |
|
Amsal 28:26 |
Nurut kana pikiran sorangan bae teh kalangsu. Mun hayang mulus rahayu, piwulang nu palinter teh gugu. |
|
Amsal 29:9 |
Lamun jelema pinter ngadakwa jelema gejul, nu gejulna ukur nyeungseurikeun, tuluy nyarekan laklak dasar. |
|
Amsal 29:11 |
Nu gejul mah ambekna sok terus budal. Jalma nu lantip mah sabar, amarahna dikemu. |
|
Mazmur 14:1 |
Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Ceuk anggapan nu garejul mah, ”Allah teh euweuh.” Eta sababna pangna kalakuanana jahat, laku lampahna goreng kabina-bina, saurang ge euweuh nu migawe bener. |
|
Amsal 14:16 |
Jelema nu boga pikiran mah sok ati-ati sangkan luput tina kasusah. Ari nu bodo mah sok lalawora jeung sologoto. |
|
Amsal 15:18 |
Barangasan nungtun kana picekcokeun, sabar mah nungtun kana karuntutan. |
|
Amsal 15:20-21 |
[20] Anak anu bijaksana nyenangkeun hate bapana. Ngan jalma gejul anu ngarendahkeun ka indung mah.[21] Nu gejul mah bodo oge ngeunah-ngeunah bae. Ari nu dilampahkeun ku nu pinter mah pagawean bener. |
|
Amsal 14:7-9 |
[7] Nu burung mah jauhan bae, da moal bisa ngajarkeun naon-naon ka urang.[8] Naon sababna jelema pinter wet bijaksana? Sabab nyaho kana pilampaheun dirina. Naon sababna jelema bodo wet gejul? Sabab pangrasana mah sagala nyaho.[9] Nu barurung tara mikiran dosana. Jelema anu harade mah hayang dihampura. |
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |