A A A A A

Karakter Buruk: [Takut]

Yesaya 35:4
Bejakeun ka anu keur laleutik hate: ”Sing teger, tong sieun! Allah sumping baris ngajait, jeung ngahukum musuh maraneh.”

Yohanes 14:27
Maraneh ku Kami rek ditinggalan kakertaan, kakertaan Kami pribadi, anu beda tina kakertaan asal ti dunya. Ulah honcewang, ulah baringung, ulah rarisi.

Yosua 1:9
Sing inget timbalan Kami ka maneh, masing teteg sarta yakin! Ulah sieun atawa leutik hate, sabab Kami, PANGERAN Allah maneh ka mana-mana oge tan wande nyarengan.”

Matius 6:34
Jadi ulah salempang kumaha isukan. Kasusah mah poe ieu ge loba, ulah ditambah deui ku mikiran poe isuk.”

Yesaya 43:1
Eh Israil, PANGERAN anu ngajadikeun maneh, nimbalan, ”Ulah sieun, maneh ku Kami tangtu dijait. Maneh ku Kami disebut ngaran, sabab maneh teh kagungan Kami.

Mazmur 23:4
Najan nyorang nu poek ngajumbleng, abdi teu kedah sieun, nun PANGERAN, reh Gusti nyarengan! Gada sareng teteken Gusti ngaping ka abdi.

Mazmur 34:4
Hayu urang ngembarkeun kaagungan PANGERAN, urang bareng muji jenengana-Na!

Mazmur 94:19
Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.

Roma 8:38-39
[38] Sim kuring estu yakin, pamohalan aya anu bisa megatkeun kaasih Anjeunna ka urang: Pati, hirup, malaikat-malaikat, pangawasa-pangawasa langit lianna, ancaman jaman nu ayeuna, nu engke,[39] nu di langit, nu di bumi — cindekna sagala ciciptan moal aya anu bisa megatkeun asihna Allah ka urang, sakumaha anu geus diterapkeun ka urang ku jalan Kristus Yesus Gusti urang.

Mazmur 27:1
Jabur Daud. PANGERAN teh cahaya jeung kasalametan kaula, kaula teu sieun ku saha-saha. PANGERAN ngaraksa tina sagala bahla, kaula taya karisi.

1 Petrus 5:6-7
[6] Kudu ngarendahkeun maneh kana panangan Allah nu ngagem kawasa, supaya ari geus dina waktuna aranjeun ku Mantenna dijungjung.[7] Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.

Mazmur 118:6
PANGERAN nyarengan kami, kami taya karisi; rek bisa kumaha jelema ka kami?

2 Timotius 1:7
Sabab Roh ti Allah ka urang teh lain nungtun kana jejerih, malah Roh-Na teh matak kuat hate, matak nyaahan, matak bisa ngadalian diri.

Mazmur 115:11
Sing percaya ka PANGERAN, eh nu nyarembah ka Mantenna! Mantenna nulungan jeung nangtayungan ka maraneh.

Mazmur 103:17
Tapi ka sakur nu hormat ka PANGERAN mah asih-Na teh langgeng, sarta kasaeana-Na tumuluy ka sakabeh turunan,

Mazmur 112:1
Puji PANGERAN! Bagja jalma anu hormat ka PANGERAN, anu resep nekanan parentah Mantenna.

Ulangan 31:6
Sing galede hate, sing warani! Ulah sieun ku maranehna, sabab PANGERAN Allah maraneh ku manten anu baris nulungan ka maraneh. Mantenna moal nguciwakeun maraneh, sarta moal nilarkeun.”

1 Tawarikh 28:20
Ngalahir deui Raja Daud ka Suleman putrana, ”Sing pangger, sing junun. Geura prung pigawe, ulah digontot-gontot. GUSTI Allah anu ku Ama dikaulaan tan wande nyarengan ka hidep. Mantenna hamo nilarkeun, tangtu moal petot nyarengan nepi ka rengse sagala pagawean nyieun tempat pikeun ngabakti di eta Bait Allah kagungana-Na.

Mazmur 56:3-4
[3] Nu merangan sakitu seueurna, sadinten jeput haben bae ngabereg.[4] Waktos geumpeur kieu, nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, abdi ngaharep ka Gusti.

Yesaya 41:10-13
[10] Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.[11] Sakur anu ambek ka maneh bakal ngarasa kumaha erana nu eleh. Anu narajang ka maneh tangtu paraeh.[12] Maraneh bakal neangan jalma-jalma anu geus ngamusuhan ka maraneh, tapi moal kapanggih. Jalma-jalma anu merangan ka maraneh, ayeuna geus binasa, leungit ti alam dunya.[13] Kami teh PANGERAN, Allah maneh, anu nguatkeun leungeun katuhu maneh. Timbalan Kami, ʼUlah sieun, maneh ku Kami rek dibantu.ʼ ”

Yesaya 54:4
Tong salempang! Sabab maneh moal aya anu ngahina deui, moal aya anu ngawiwirang deui. Kabalangsakan lantaran maneh geus teu satia ti ngongora, engke mah kapopohokeun. Kaprihatinan waktu keur cuang-cieung jadi randa, moal kainget-inget deui.

Matius 10:28
Jelema ngan bisaeun ngabinasa badan, teu bisaeun maehan nyawa, teu kudu dipikasieun. Anggur kudu sieun ku Allah, anu kawasa ngabinasakeun badan jeung nyawa di naraka.

Roma 8:15
Sabab Roh paparin ti Allah teh moal midamel aranjeun jaradi kawula anu ngalantarankeun aranjeun jadi pinuh ku rasa kasieun, sabalikna bakal midamel aranjeun jadi putra-putra Allah, sarta ku perbawa Roh Allah, aranjeun bisa nyebut ka Allah, ”Ama, nun Ama!”

1 Korintus 16:13
Didoakeun aranjeun sing waspada jeung tetep percaya.

Ibrani 13:5-6
[5] Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya. Sabab dawuhan Allah, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.”[6] Ku sabab kitu urang werat ngucap kieu, ”Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang. Rek bisa naon manusa ka diri kuring?”

1 Yohanes 4:18
Moal aya kasieun ari kaancikan ku asih mah. Sabab asih anu sampurna teh ngusir sagala rasa kasieun. Anu boga keneh rasa kasieun tandaning sipat asihna tacan sampurna, jadi masih bakal keuna ku hukuman.

1 Petrus 3:13-14
[13] Saha anu rek goreng ka aranjeun lamun aranjeun resep kana kahadean?[14] Tapi sanajan nepi ka nyandang lara ge ari ku karana nyieun kahadean mah kacida untungna! Teu kudu rempan atawa risi ku itu ku ieu.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society