A A A A A

Karakter Buruk: [Konflik]


Ibrani 10:32
Sing aringet kana kaayaan aranjeun bareto. Harita, sanggeus aranjeun dicaangan ku caang ti Allah sanajan sering ngalakonan kasangsaraan teu burung tarabah.

Amsal 15:18
Barangasan nungtun kana picekcokeun, sabar mah nungtun kana karuntutan.

Amsal 16:28
Jalma jahat resep nyebarkeun pitenah, kagorenganana dipake ngabengkahkeun anu eukeur sosobatan.

Amsal 28:25
Mentingkeun diri sorangan teh matak pikasusaheun. Kaayaan maneh bakal jadi pohara leuwih hadena upama maneh percaya ka PANGERAN.

Matius 18:15
”Dulur anu boga dosa ka maraneh kudu dipepelingan, tapi paduduaan bae. Mun daekeun narima salah, maneh untung bisa ngahiji deui jeung dulur.

1 Timotius 3:15
Tapi bisi bae elat, hidep geus nyaho tina ieu surat kudu kumaha lampah hirup di kalangan warga Allah, nya eta di gareja Allah anu jumeneng, anu jadi tihang jeung panyangga kayaktian.

Yohanes 8:32
sarta bakal nyaraho ka Anu saestu, sarta ku Anu saestu maraneh bakal dibebaskeun.”

Matius 5:23-24
[23] Ku sabab kitu, lamun maraneh rek nyanggakeun kurban ka Allah dina altar, tuluy inget yen aya anu nyerieun hate ka maraneh,[24] tunda heula pikurbaneun teh hareupeun altar, buru-buru indit menta hampura heula, geus kitu kakara balik deui neruskeun ngurban.

Yohanes 6:54
Anu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami, bakal hirup langgeng, jeung dina Poe Kiamat ku Kami bakal dihudangkeun.

Markus 6:3
Lain tukang kayu tea manehna teh, anak Mariam, dulurna Yakobus, Yusup, Yudas, jeung Simon? Dulur-dulur-Na nu awewe oge di darieu, lain?” Jadi di dinya mah Anjeunna ditolak.

Ef 5:25
Salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Kristus mikaasih ka gareja nepi ka ngurbankeun nyawa-Na pikeun gareja.

Ibrani 12:14
Sing akur jeung pada batur, kudu dialajar hirup suci, sabab lamun teu kitu pamohalan bisa patenjo jeung Gusti.

Matius 18:15-17
[15] ”Dulur anu boga dosa ka maraneh kudu dipepelingan, tapi paduduaan bae. Mun daekeun narima salah, maneh untung bisa ngahiji deui jeung dulur.[16] Tapi upama embungeun ngadenge pepeling maraneh, kudu mawa batur saurang atawa duaan, sabab ceuk Kitab Suci, ʼPikeun netelakeun yen anu dituding teh enya salah, kudu kasaksian ku duaan atawa tiluan.ʼ[17] Lamun geus kitu neugtreug keneh, beberkeun perkarana ka sajamaah. Upama ku sajamaah ge teu mental, anggap eta dulur teh deungeun-deungeun anu teu nganyahokeun ka Allah, atawa anggap bae tukang mulung pajeg.

Yakobus 5:16
Ku sabab eta ari aya dosa ka pada batur sing waraleh, sing silih doakeun supaya dicalageurkeun. Doa jelema nu tumut kana pangersa Allah mah gede maunatna.

Galatia 1:19
Jeung rasul-rasul sejenna mah teu kungsi tepung, salian ti jeung Yakobus saderek Gusti Yesus.

Maleakhi 1:11
Jalma-jalma saalam dunya ngahormat ka Kami. Di mana-mana jelema-jelema mareuleum dupa pikeun Kami, jeung marere kurban kasedep Kami. Kabeh ngahalormat ka Kami!

Filipi 1:30
Hayu ayeuna mah urang sabilulungan jeung sim kuring, perang ngabela hal anu diperjuangkeun ku sim kuring ti bareto nepi ka ayeuna, sakumaha anu kadarenge ku aranjeun.

Kolose 2:1
Terus-terang, sim kuring kacida banting tulangna pikeun kasalametan aranjeun teh, kitu deui pikeun urang Laodikea jeung salian ti eta anu tarerangeunana ka sim kuring kakara wawuh ngaran.

Roma 12:18
sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.

Yohanes 14:6
Waler Gusti ka Tomas, ”Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.”

Amsal 15:1
Jawaban sareh nyirnakeun amarah. Jawaban nyogok ngahudang napsu.

Ef 4:26
Lamun aya kaambek ulah katalanjuran nepi ka jadi dosa, jeung ari ambek ulah nepi ka sapoe jeput teu eureun-eureun.

Yakobus 1:19
Dulur-dulur, sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita, jeung ulah gancang ambek.

Matius 5:9
Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan, ku Allah bakal diangken putra!

Yohanes 3:3-5
[3] Waler Yesus, ”Kaula rek ngabejakeun hal anu saenyana, nya eta: Saurang oge moal aya anu bisa asup ka Karajaan Allah, kajaba lamun dijurukeun deui.”[4] ”Piraku jalma anu geus dewasa bisa dijurukeun deui, kumaha petana?” ceuk Nikodemus. ”Na bisa asup deui kana rahim indungna tuluy dijurukeun deui?”[5] Waler Yesus, ”Kaula ngomongkeun nu saenyana, yen jelema anu dijurukeunana lain tina cai jeung Roh Allah, moal bisa asup ka Karajaan Allah, kitu saenyana.

Yakobus 1:19-20
[19] Dulur-dulur, sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita, jeung ulah gancang ambek.[20] Kaambek teh henteu sapuk jeung pangersa Allah.

Galatia 4:19
Anaking! Sapanjang sipat-sipat Kristus tacan jadi sipat-sipat aranjeun, sim kuring kacida ngarasa paurna, mani asa nyeri cara nyeri awewe nu ngajuru.

Matius 16:18
Ku sabab eta, Petrus, Kami ngabejaan: maneh teh batu karang. Dina eta batu karang Kami bakal ngadegkeun gareja Kami anu moal eleh ku naon-naon, ku maot ge moal eleh.

Matius ۱۸:۱۵-۱۸
[۱۵] ”Dulur anu boga dosa ka maraneh kudu dipepelingan, tapi paduduaan bae. Mun daekeun narima salah, maneh untung bisa ngahiji deui jeung dulur.[۱۶] Tapi upama embungeun ngadenge pepeling maraneh, kudu mawa batur saurang atawa duaan, sabab ceuk Kitab Suci, ʼPikeun netelakeun yen anu dituding teh enya salah, kudu kasaksian ku duaan atawa tiluan.ʼ[۱۷] Lamun geus kitu neugtreug keneh, beberkeun perkarana ka sajamaah. Upama ku sajamaah ge teu mental, anggap eta dulur teh deungeun-deungeun anu teu nganyahokeun ka Allah, atawa anggap bae tukang mulung pajeg.[۱۸] Jeung Kami ngabejaan, naon bae anu ku maraneh di dunya ditolak, di sawarga ge bakal ditolak. Anu ku maraneh ditarima di dunya, di sawarga ge bakal ditarima.

Ef 1:22-23
[22] Saniskara ku Allah ditalukkeun ka Kristus anu jadi sirah gareja, jadi Gustina saniskara.[23] Jadi gareja teh salirana Kristus anu mepekan kasampurnaana-Na, ari kasampurnaan Anjeunna nyampurnakeun saniskara.

Ef 5:23-24
[23] Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun.[24] Eta sababna dina sagala hal pamajikan teh kudu tunduk ka salaki, sakumaha gareja tunduk ka Kristus.

Kisah Para Rasul 4:32
Pakumpulan anu palercaya teh estu saniat sapikir, sabanda saboga. Harta bandana sorangan ge teu diaku bogana pribadi, sagala pangabogana dipake keur kapentingan babarengan.

1 Korintus ۱:۱۰
Kalawan jenengan Gusti urang Yesus Kristus sim kuring meredih, aranjeun sing saluyu samupakat, ulah nepi ka pagetreng. Sing raket ngahiji, sahate jeung sapikir.

Yohanes 12:48
Anu bakal ngahukumna ka sing saha anu nampik ka Kami jeung embungeun narima pilahir Kami mah, geus aya pihakimeunana; nya eta pilahir-pilahir Kami anu enggeus dilahirkeun ku Kami tea. Eta nu baris ngahakiman dina Poe Kiamat teh!

Matius 7:12
Jieun kahadean ka batur, sakumaha maraneh oge hayang meunang kahadean ti batur. Kitu maksudna Hukum Musa jeung piwuruk nabi-nabi teh.”

Yohanes 14:28
Ceuk Kami tadi, ’Kami rek indit, tapi bakal datang deui ka maraneh.’ Lamun maraneh nyaraah ka Kami, malah bakal barungah Kami rek mulang ka Rama teh, sabab Rama mah leuwih agung ti batan Kami.

1 Tesalonika 2:2
Aranjeun terang, samemeh ka dieu ka Tesalonika, di Pilipi sim kuring teh kacida dihinakeunana, goreng pisan ditarimana. Tapi waktu eta Injil Kasalametan ti Allah teh ku sim kuring dibawa ka aranjeun, sanajan loba anu ngalawan ge sim kuring ku Allah dikersakeun wani.

1 Korintus 13:4
Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.

Roma 1:20
Ti barang Allah ngajadikeun alam dunya oge kaayaan Allah anu gaib, nya eta kakawasaana-Na anu langgeng jeung sipat Allahna, geus atra tetela ka manusa dina saniskara hasil ciptaana-Na. Ku hal eta manusa teh geus moal bisa nyebut can nyaho.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society