1 Yohanes 2:9 |
Sing saha anu ngakukeun geus aya di nu caang tapi ngewa ka dulur, saenyana hirupna nepi ka ayeuna di nu poek keneh. |
|
1 Yohanes 3:15 |
Sing saha anu ngewa ka dulur, eta teh maehan. Ari jelema anu maehan teh teu kaancikan ku hirup langgeng. |
|
2 Timotius 1:7 |
Sabab Roh ti Allah ka urang teh lain nungtun kana jejerih, malah Roh-Na teh matak kuat hate, matak nyaahan, matak bisa ngadalian diri. |
|
Ulangan 31:6 |
Sing galede hate, sing warani! Ulah sieun ku maranehna, sabab PANGERAN Allah maraneh ku manten anu baris nulungan ka maraneh. Mantenna moal nguciwakeun maraneh, sarta moal nilarkeun.” |
|
Ef 4:29 |
Ari ngomong kudu hade pokpokanana, ulah matak pikanyerieun, kudu bisa dipake pituduh anu mangpa’at ku anu merlukeunana. |
|
Ef 6:12 |
Sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek. |
|
Imamat 19:18 |
Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek, malah kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan. Kami teh PANGERAN. |
|
Matius 5:11 |
Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami. |
|
Amsal 17:9 |
Mun hayang dipikaresep, kudu daek ngahampura batur nu salah ka urang. Ngunek-ngunek bae kana kasalahanana mah keur nyobat ge bisa pegat. |
|
Amsal 22:10 |
Anu moyok kudu disingkiran, tangtu moal jadi cekcok silih cental atawa silih poyok. |
|
Amsal 24:16 |
Jalma jahat mah tangtu ajur ku balahi. Sabalikna jalma jujur mah sakumaha seringna tibeubeut oge moal weleh menyat deui. |
|
Mazmur 138:7 |
Waktos abdi dikurubut ku pakewuh, tetep aman ku pangjagi Gusti, Gusti ngayonan musuh abdi anu keur ngamuk, ku pangawasa Gusti abdi salamet. |
|
Roma 2:1 |
Ari dulur-dulur osok nyalahkeun kalakuan batur? Inget, bisi aranjeun teu bisa hojah. Sabab lamun ka batur nyalahkeun tapi kalakuan sorangan saruana, eta sarua jeung nyalahkeun ka diri sorangan. |
|
Roma 12:18-19 |
[18] sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.[19] Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.” |
|
Roma 12:20-21 |
[20] Malah hadena mah, sakumaha ceuk Kitab Suci, ”Lamun musuh lapareun bere dahar, lamun hanaangeun bere nginum; ku dikitukeun teh manehanana moal teu ngarasa asa renghek bawaning ku eraeun.”[21] Kade, ulah nepi ka kabawa ku amarah, elehkeun pikiran goreng teh ku anu hade. |
|
Lukas 6:27-28 |
[27] ”Ka maraneh, anu ayeuna ngadarengekeun piwuruk Kami, Kami meupeujeuhan: Kudu nyaah ka musuh, kudu nyieun kahadean ka nu mikageuleuh.[28] Kudu ngaberkahan ka nu nyumpahan, kudu mangnedakeun ka nu neungteuinganan. |
|
Matius 5:44-45 |
[44] Ayeuna ceuk Kami, ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun,[45] supaya maraneh diangken putra ku Rama nu di sawarga. Mantenna mah ka nu jahat, ka nu bageur, ka nu bener, ka nu teu bener, sarua bae maparin hujan maparin panas. |
|
Yesaya 41:11-13 |
[11] Sakur anu ambek ka maneh bakal ngarasa kumaha erana nu eleh. Anu narajang ka maneh tangtu paraeh.[12] Maraneh bakal neangan jalma-jalma anu geus ngamusuhan ka maraneh, tapi moal kapanggih. Jalma-jalma anu merangan ka maraneh, ayeuna geus binasa, leungit ti alam dunya.[13] Kami teh PANGERAN, Allah maneh, anu nguatkeun leungeun katuhu maneh. Timbalan Kami, ʼUlah sieun, maneh ku Kami rek dibantu.ʼ ” |
|
Matius 5:38-41 |
[38] ”Aya deui timbalan: ʼMata bayar mata, huntu bayar huntu.ʼ[39] Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge.[40] Lamun aya jalma ngadukeun maraneh ka hakim sarta menta ganti rugi ku baju maraneh, bikeun bae jeung jubahna.[41] Lamun aya jalma ti hiji pasukan tentara maksa ka maraneh nitah mangmawakeun barangna sakilometer, turutkeun dua kilometer. |
|
Mazmur 34:12-18 |
[12] He para rumaja, ka darieu regepkeun, Bapa rek papatah hal hormat ka PANGERAN.[13] Maraneh harayang hirup senang? Harayang panjang umur jeung hirup genah?[14] Ulah goreng ucap jeung ulah bohong.[15] Jauhan kajahatan, lampahkeun kahadean usahakeun karapihan sakuat tanaga.[16] PANGERAN nitenan ka jalma bener, tur ngadangukeun panyambatna,[17] tapi ka nu jarahat mah Mantenna ngalawan anu matak nu jarahat mah lamun geus maraot, gancang dipopohokeun.[18] Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna. |
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |