A A A A A

Karakter Buruk: [Kesombongan]


Pengkhotbah 2:1-21
[1] Ceuk hate, ”Cing rek ngajaran senang-senang, hayang nyaho kumaha genahna ari kasenangan teh.” Horeng eta ge mubadir.[2] Hal seuri geus kanyahoan gejulna, pon kitu kabungahan ge keur urang taya hadena.[3] Kami nguji diri, ngajaran nyenangkeun awak ku nginum anggur, tapi tetep bari diaping ku akal budi. Seug bae nyaho caraning anu panghadena lampahkeuneun manusa di alam dunya, enggoning hirupna anu ngan sakolebatan.[4] Kami geus nyieun pagawean anu rohaka, ngadegkeun gedong-gedong, nyieunan kebon anggur mani lalega,[5] melakan pakebonan jeung patamanan ku sawarnaning tangkal bubuahan,[6] jeung nyieun solokan-solokan pikeun nyaianana.[7] Tuluy meulian badega awewe lalaki mangpirang-pirang, malah katambahan deui ku anak-anakna anu dijarurukeunana di imah kami. Ingon-ingon ge sapi jeung domba kacida lobana. Dibandingkeun jeung saha bae oge anu kungsi hirup di Yerusalem, pangaboga kami teh ngungkulan batur.[8] Perak jeung emas di kami mani geus ngunung-ngunung, beunang ngumpulkeun tina kakayaan karajaan anu digeugeuh ku kami. Juru-juru kawih awewe lalaki purah ngabeberah hate teu kurang-kurang, geus puguh ari selir mah mangpirang-pirang.[9] Tetela kami teh mulya, tur leuwih punjul ti saha bae anu kungsi hirup di Yerusalem, da pinter tea.[10] Sagala kahayang kasorang, sagala karesep kaanteur. Hate sugema ku sagala beubeunangan teh, asa jadi ganjaran.[11] Seug sagala hasil pagawean teh dilenyepan, sagala hese capena dirarasakeun deui. Bet kapikir sihoreng taya hartina, euweuh pisan paedahna, kawas ngajaring angin.[12] Turug-turug kapikir yen beubeunangan hiji raja moal leuwih ti beubeunangan raja anu saheulaeunana. Seug bae mikiran kumaha jelema nu pinter, kumaha nu bodo atawa gejul.[13] Ih geuning: ”Kapinteran mah leuwih punjul ti batan kagejulan, sakumaha caang leuwih punjul ti batan poek.[14] Nu pinter mah awas kana pilampaheun, sabalikna nu gejul mah poekeun.” Tapi kami maphum yen mungguh papasten mah unggal jelema ge sarua.[15] Nu matak ceuk hate, ”Anu karandapan ku nu gejul, ku aing ge kaalaman. Ana kitu, naon untungna atuh aing sakieu pinterna teh?” Dijawab ku sorangan keneh, ”Mubadir, taya paedahna!”[16] Ka nu pinter moal aya anu terus nginget-nginget, ka nu gejul pon kitu keneh, kabeh ge bakal pada kapopohokeun. Boh nu pinter boh nu bodo, kabeh oge bakal paraeh.[17] Mana kami mah geuleuh kana hirup teh, da atuh anu karandapan teh ngan susah jeung susah bae. Mubadir kabeh, kawas ngajaring angin.[18] Geuleuh kami mah kana sagala hasil pagawean beunang kami tisusut tidungdung teh, da bakal kacangking ku batur anu jadi gaganti kami engke.[19] Turug-turug saha anu nyaho, naha pijelemaeunana teh nu bijaksana atawa nu gejul. Nu geus puguh mah beubeunangan tina hasil kabijaksanaan kami di alam dunya teh bakal beunang ku manehna. Mubadir deui bae.[20] Ngingetkeun ka dinyana mah buntu wae harepan kana sagala hasil usaha beunang soson-soson di alam dunya teh.[21] Da geuning beunang perih itikurih bari ngetrukkeun kapinteran katut pangaweruh jeung pangabisa teh tungtungna mah kop ku batur, anu sama sakali teu milu dina hese capena. Nya mubadir nya salah!

Pengkhotbah 4:4
Jeung ku kami geus kaharti naon sababna jelema-jelema paropohoan malar usahana hasil. Taya lian ti sirik, kabita ku batur. Ieu oge mubadir, ibarat ngajaring angin.

Pengkhotbah 5:10
Mun anjeun mata duiteun, salawasna ge moal ngarasa cukup. Jeungna deui sanajan beunghar ge kahayang mah moal kacumponan kabeh. Eta kabeh ge mubadir.

Pengkhotbah 6:2
Aya jelema anu ku Allah dibeungharkeun, luhur harkatna loba bandana, sakur anu dipikahayang kabogaan. Ari heug bet henteu diparengkeun ngarasa niʼmatna, kalah ka anu sejen anu metik niʼmatna teh. Atuh beunghar ge cumah, tur henteu adil eta teh!

Yeremia 2:5
Kieu timbalan PANGERAN, ”Naon salah Kami nepi ka didakwa ku karuhun maneh? Naon lantaranana maranehna naringgalkeun Kami? Maranehna ngabarakti ka arca-arca nu taya hartina, nepi ka dirina sorangan leungit pangaji.

Yeremia 4:30
Duh Yerusalem, anjeun teh cilaka! Jang naon dangdan make baju beureum, jang naon make perhiasan, jang naon panon make disipat sagala? Ngageulis ge taya gawena, da ku kabogoh-kabogoh enggeus dipiceun, malah arek dipaehan.

Amsal 31:30
Rupa endah teu jadi andelan, kageulisan bisa leungit, tapi ari istri ajrih ka PANGERAN mah jadi pamujian.

Mazmur ౩౯:౫-౬
[౫] ”Nun PANGERAN, sakumaha deui hirup abdi teh? Iraha abdi kedah maot teh? Wartoskeun, kantun sakumaha deui umur abdi teh?”[౬] Ku pondok Gusti nangtoskeun umur abdi teh! Keur Gusti mah jangka hirup abdi taya hartosna. Tetela hirup manusa mah mung sarenghap ambekan,

Mazmur 119:37
Mugi abdi ulah dugi ka mikahayang anu taya pigunaeunana, paparin kasaean, sakumaha jangji Gusti.

Roma 12:2
Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.

1 Samuel 16:7
Tapi dawuhan PANGERAN, ”Ulah nenjo kana dedegna, ulah ngareret kana kasepna. Eta mah teu kapake. Pamilih Kami teu sarua jeung pamilih jelema. Jalma mah nenjo luarna, Kami mah nilik eusina.”

1 Timotius ౪:౮
Olah raga aya gunana keur badan, ari latihan batin mah gunana kana sagala perkara, nungtun kana hirup di dunya jeung di aherat.

Pengkhotbah ౧:౧-౨
[౧] Ieu teh sabda Ki Pandita, putra Daud, raja di Yerusalem.[౨] Mubadir, mubadir, saur Ki Pandita. Hirup teh sihoreng mubadir, saniskarana mubadir.

Galatia ౫:౧౬-౨౬
[౧౬] Anu dipimaksud ku sim kuring teh nya eta, sing narurut kana panuyun Roh Allah, ulah nurut kana kahayang napsu.[౧౭] Kahayang napsu papalingpang jeung pangersa Roh Allah, pangersa Roh Allah papalingpang jeung kahayang napsu jelema. Duanana silih lawan, temahna aranjeun moal bisa ngalampahkeun naon-naon.[౧౮] Lamun nurutkeun panuyun Roh Allah, hirup aranjeun geus henteu kabawah ku Hukum Agama Yahudi.[౧౯] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,[౨౦] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,[౨౧] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.[౨౨] Sabalikna anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah sipatna teh nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia,[౨౩] handap asor, nahan napsu. Ieu kabeh teu aya anu patukang tonggong jeung hukum.[౨౪] Napsu badan jeung sagala pangajakna teh ku jelema anu geus jadi kagungan Kristus Yesus mah geus dipaehkeun.[౨౫] Ku sabab urang hirup teh ku Roh Allah, tangtu kudu nurut kana panuyunna.[౨౬] Ulah adigung, ulah silih nyenyeri, jeung ulah silih dengkian.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society