Matius 27:3-4 |
[3] Barang Yudas, si hianat, nyahoeun yen Yesus diragragan hukum pati, kacida kaduhungeunana, seug bae duit anu tilu puluh gebleg perak teh dibawa deui ka imam-imam kapala jeung para kokolot.[4] ”Kuring dosa, geus ngahianat ka jelema nu taya salahna nepi ka diragragan hukum pati!” pokna. Dijawab, ”Sabodo teuing, eta mah urusan maneh!” |
|
Matius ௬:௧௪-௧௫ |
[௧௪] Lamun maraneh ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama di sawarga tangtu dihampura.[௧௫] Lamun maraneh henteu ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama nu di sawarga moal dihampura.” |
|
Markus 11:25 |
Jeung lamun maraneh sembahyang, tapi boga kateungeunah ka batur, hampura heula eta batur teh, supaya kasalahan maraneh oge dihampura ku Rama nu di sawarga. [ |
|
Matius ௭:௧௨ |
Jieun kahadean ka batur, sakumaha maraneh oge hayang meunang kahadean ti batur. Kitu maksudna Hukum Musa jeung piwuruk nabi-nabi teh.” |
|
Ibrani ௪:௧௫ |
Imam Agung urang teh lain imam anu tara ngaraskeun kahengkeran-kahengkeran urang. Sabalikna malah, lantaran Anjeunna ge geus nyorang nandangan sagala dodoja cara urang, ngan ari Anjeunna mah teu kagungan dosa. |
|
Kejadian 12:3 |
Kami baris ngaberkahan ka anu ngaberkahan ka maneh. Baris nyapa ka anu nyapa ka maneh. Kabeh bangsa ku Kami baris diberkahan, ku jalan maneh.” |
|
Roma ௩:௨௩ |
kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun. |
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |