A A A A A

Malaikat dan iblis: [Penyihir / Sihir]


Wahyu 21:8
Sabalikna anu jejerih ku paeh, anu hianat, anu murtad, anu maehan, anu tuna susila, tukang sihir, anu muja brahala, jeung tukang bohong, bagianana paeh kadua, nya eta lautan seuneu jeung walirang.”

Wahyu 18:23
Moal tembong deui cahaya lampu, moal aya deui sora panganten lalaki panganten awewe. Para padagang maneh pangkawasana di saalam dunya, sarta maneh nipu sagala bangsa ku elmu-elmu sihir maneh!”

Wahyu 9:21
Maranehna teu tarobat, maehan keneh, muhit keneh kana elmu-elmu gaib, rucah, maling.

Wahyu 22:15
Sabalikna anu murtad, tukang sihir, anu tuna susila, tukang maehan, nu muja brahala, jeung tukang bohong, tempatna di luar.

Keluaran 7:11
Sabalikna raja nyaur jelemana anu palinter jeung tukang-tukang sihirna. Seug maranehna oge nyarieun anu sarupa kitu ku sihirna,

Yehezkiel 13:18-21
[18] jeung tepikeun ieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung ka maranehna: Maraneh awewe-awewe cilaka! Maraneh nyieunan gelang jimat nyieunan karembong jimat sina ditiungkeun ku jalma-jalma kana sirahna, ngarah bisa ngawasaan hirup jalma lian. Maraneh hayang bisa ngawasaan pati huripna umat Kami, keur kauntungan sorangan.[19] Maraneh geus ngahina ka Kami di hareupeun umat Kami, ngarah hanjeli sakeupeul roti sawatara siki. Maraneh geus maehan jelema-jelema anu henteu pantes dipaehan. Ari jelema anu teu pantes dihirupan ku maraneh dihirupan. Ku jalan kitu maraneh ngabobodo umat Kami, ari umat Kami percaya bae.”[20] Ayeuna kieu sabda PANGERAN: ”Kami sebel nenjo geulang jimat maraneh pikeun ngawasaan pati hurip. Ku Kami rek didudut tina pigeulang maraneh, sarta jelema anu nyawana digenggem ku maneh ku Kami rek dibebaskeun.[21] Karembong-karembong jimat maraneh ku Kami rek disosoeh, sarta umat Kami anu aya dina genggeman pangawasa maraneh rek dibebaskeun keur salalawasna. Engke maraneh bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.

Yesaya 47:12
Pek pake terus tumbal-tumbal jeung jampe-jampe nu dipake ti ngongora teh, pake ngagigila musuh.

Daniel 1:20
Mun ku raja dipariksa tina sual naon bae atawa tina masalah nu kumaha bae, kauningana ieu opat nonoman teh sapuluh kalieun tukang-tukang nujum atawa tukang-tukang sihir di sakuliah karajaan.

Daniel 2:2
Ku sabab kitu tuluy anjeunna manggil tukang-tukang ngaramal, dukun-dukun, tukang-tukang jampe, jeung tukang-tukang sihir, sina nerangkeun impenanana. Sanggeus maranehna karumpul di payuneun raja,

Keluaran 8:18-19
[18] Tukang-tukang sihir tea ge metakeun elmuna rek nurutan ngabijilkeun rambetuk, tapi teu barisaeun. Rambetuk narapuk di mana-mana.[19] Tukang-tukang sihir Mesir arunjukan ka raja pokna, ”Saleresna ieu teh mujijat Allah!” Tapi raja tetep neuaskeun manahna, cocog jeung pangandika PANGERAN yen eta raja moal kersaeun ngagugu ka Musa jeung Harun.

Ulangan 18:10
Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe,

Keluaran 22:18
Awewe anu migawe sihir kudu dipaehan.

Imamat 19:31
Ulah marenta nasehat ka tukang tatanya ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh. Upama maraneh kitu maraneh teh najis. Kami teh PANGERAN Allah maraneh.

Imamat 20:27
Sing saha anu menta nasehat ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh, sabab kalakuan kitu teh manjing hukum paeh.”

1 Raja 21:6
Waler Ahab, ”Jengkel ku Nabot, bet kitu omonganana. Lahan anggurna ku Engkang dipenta rek dibeuli, atawa digantian ku lahan sejen, tapi carekna ulah!”

Imamat 19:26
Pacuan ngadahar daging anu aya keneh getihna. Pacuan nyieun sihir.

Mikha 5:12
Arca-arca jeung pilar-pilar karamat maneh rek ditumpurkeun; maneh moal nyembah deui kana barang-barang buatan maneh sorangan.

Imamat 20:6
Jelema anu menta pituduh ka tukang nyarumah bakal dilawan ku Kami, jeung moal diaku deui umat.

Maleakhi 3:5
Dawuhan PANGERAN Nu Maha Kawasa, ”Kami rek ebreh ka maraneh pikeun ngahakiman, sakalian jadi saksi tina perkara tukang-tukang sihir, perkara nu ngaranyed, perkara saksi-saksi palsu, perkara jelema-jelema anu ngalicikan upah kuli-kuli, perkara jelema-jelema tukang nyokot rejeki randa-randa, barudak pahatu, jeung urang asing; cindekna perkara jelema-jelema anu henteu ngendahkeun ka Kami.”

Ulangan 18:10-11
[10] Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe,[11] atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh.

2 Raja 23:24
Jeung supaya hukum-hukum anu kaungel dina kitab anu ku Imam Agung Hilkia kapanggih di Bait Allah tea bisa digumatikeun, jalma-jalma tukang manggil arwah jeung tukang-tukang torah ku Raja Yosia diusiran ti Yerusalem jeung ti sakuliah Yuda, geus kitu anjeunna miceunan sakabeh dewa rumah tangga, arca-arca, jeung barang-barang paranti nyembah ka dewa-dewa.

Yesaya 2:6
Nun Allah, Gusti parantos miceun umat ku anjeun, turunan Yakub. Tanahna pinuh ku tukang sihir ti wetan sareng ti tanah Pelisti. Rahayatna biluk kana adat bangsa batur.

Galatia 5:20
muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,

Yesaya 8:19
Tapi jalma-jalma ka maneh anggur nitah menta pituduh ka tukang nujum jeung tukang norah, anu osok kunyam-kunyem gegereyeman. Ceuk maranehna, ”Pikeun kapentingan anu harirup memang kudu menta pituduh ka arwah-arwah, kudu menta pituduh ka nu geus paraeh.”

Yeremia 27:9
Nu matak ulah palercaya ka nabi-nabi maraneh, atawa ka nu ngakukeun bisa norah pikahareupeun, boh ku lantaran meunang alamat tina impian, boh ku lantaran nyalukan arwah jalma anu geus paeh, atawa ku sihir, anu nyaram sangkan maraneh ulah taluk ka raja Babul.

Bilangan 23:23
Bangsa Israil moal beunang diheureuyan. Moal katepi ku sihir. Moal kasusul ku tenung. Kieu hal Israil ceuk jalma-jalma kiwari: ’Kanyahokeun, sakitu ahengna damel PANGERAN!’

Zakharia ๑๐:๒
Jalma-jalma mentana sok ka brahala, atawa ka tukang peleng, padahal jawabanana ngan jijieunan wungkul, omong kosong. Aya nu sok napsir impian, padahal tapsiranana matak sasab pipikiran, panglipur anu taya gunana. Kalakuan jalma jadi nguluyur, kawas domba nu ngalantrah. Pikarunyaeun, kawantu taya anu nungtun.

Yesaya 57:3
Ari maraneh, tukang migawe dosa, ka darieu, ieu hukuman tarima! Maraneh teu leuwih hade ti tukang sihir, tukang ngaranyed, jeung tukang lacur.

Nahum 3:4
Ninewe, ungkluk tea, keur nandangan hukuman. Jampe pameletna matak kagembang dipake mikat jeung ngabudakkeun bangsa-bangsa.

1 Samuel 15:23
Baha ka Mantenna sami sareng nyieun sihir. Ngalawan ka Mantenna sami awonna sareng nyembah ka brahala. Ku sabab hidep baha kana timbalana-Na, hidep ku Mantenna digulingkeun tina jadi raja.”

Mazmur ๕๘:๕
Dirina pinuh ku peurah kawas oray, ceulina tara dipake, kawas oray sinduk torek,

Yesaya 47:13
Maneh nepikeun ka cape ku sagala tarekah. Pek geura menta tulung ka ahli-ahli palak maneh, pan maranehna teh tukang meleng bentang, tukang ngagambarkeun daerah-daerah angkasa, anu saban bulan mangnorahkeun ka maneh anu bakal kajadian.

2 Raja 5:11
Naaman jadi bendu, saurna, ”Hih, panyana teh manehna rek nepungan, seug sasambat ka PANGERAN, Allahna bari ngusap kasakit kami sangkan cageur!

Keluaran 15:25
Seug Musa neneda ka PANGERAN, nemen pisan sasambatna. Ku PANGERAN dituduhan kai sateukteuk. Ku Musa dianclomkeun kana cai pait tea, seug caina jadi bisa diinum. Di dinya PANGERAN maparin pikukuh ka urang Israil sarta terus diujikeun ka maranehna.

Hakim 6:36
Piunjuk Gidion ka Allah, ”Gusti parantos milih abdi kangge ngajait Israil.

Kejadian 44:5
Ku naon maling lumur perak kami? Eta lumur paranti gusti kami ngaleueut, jeung paranti anjeunna norah. Kacida teuing eta kalakuan teh!’ ”

Kisah Para Rasul ๘:๙-๒๔
[๙] Di eta kota aya hiji jelema ngaranna Simon, nyebut maneh jelema pinunjul, geus lila pada mikaserab lantaran bisaeun elmu sihir.[๑๐] Jelema-jelema ti saban lapisan kacida mupunjungna, nyarebutna ge, ”Anjeunna teh kakuatan Allah anu kawentarkeun ʼKakawasaan Pinunjulʼ.”[๑๑] Geus lila urang dinya kapangaruhan ku elmu sihirna.[๑๒] Tapi sanggeus ku Pilipus diuaran Injil Kasalametan hal Karajaan Allah jeung hal Yesus Kristus mah tuluy palercayaeun kana wawaran anjeunna, nepi ka dibaraptis awewe lalaki.[๑๓] Simon oge percayaeun, sarta sanggeusna dibaptis teu daekeun jauh ti Pilipus, ngarasa helok ku mujijat-mujijatna.[๑๔] Rasul-rasul di Yerusalem ngadarangu warta yen urang Samaria geus daraekeun narima pangandika Allah, tuluy ngutus Petrus jeung Yohanes.[๑๕] Sasumpingna ka Samaria aranjeunna terus mangnedakeun sakur anu geus palercaya supaya dipaparinan Roh Suci,[๑๖] sabab saurang ge can aya anu nampa Roh Suci, kakara dibaraptis kalawan pajenengan Yesus.[๑๗] Sanggeus ku Petrus jeung Yohanes ditarumpangan panangan, seug bae narampa Roh Suci.[๑๘] Nenjo jelema-jelema anu palercaya narampa Roh Suci ku ditumpangan leungeun, Simon ngahaturanan duit ka Petrus jeung Yohanes,[๑๙] bari piunjukna, ”Abdi oge hoyong gaduh kawasa kitu, supados anu ditumpangan leungeun ku abdi tiasa nampi Roh Suci.”[๒๐] Tapi waler Petrus, ”Laʼnat eta duit teh, kitu deui anjeun, boga sangka kurnia ti Allah bisa dibeuli ku duit![๒๑] Anjeun teu meunang milu barang gawe jeung kaula, sabab hate anjeun serong ti Allah.[๒๒] Buru-buru tobat, piceun eta pikiran goreng teh. Geura sasambat menta hampura ka Pangeran, lantaran geus boga pikiran anu sakitu nistana.[๒๓] Sabab katilikna ku kaula anjeun teh pinuh ku kasirik, jadi budakna dosa.”[๒๔] Simon ngalengis ka Petrus jeung Yohanes, ”Abdi nyuhunkeun dipangnedakeun ka Pangeran, mugi perkawis anu bieu disaurkeun ku anjeun teh ulah kantos tumiba.”

Ulangan 18:9-14
[9] ”Saupama geus maratuh di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, peupeujeuh ulah nurutan kalakuan bangsa-bangsa urang ditu.[10] Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe,[11] atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh.[12] PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu. Eta sababna bangsa-bangsa itu ku Mantenna diusir, disingkahkeun ti hareupeun maraneh.[13] Hirup maraneh kudu satia tuhu ka PANGERAN.”[14] Saur Musa deui, ”Bangsa-bangsa di tanah anu rek direbut tea, laku lampahna nuturkeun pituah tukang-tukang nujum jeung tukang-tukang ramal. Maraneh mah teu meunang kitu, dilarang ku PANGERAN Allah maraneh.

Hakim 17:2
Manehna ngomong ka indungna, ”Abdi nguping Ema sasauran. Saur Ema, bangsat anu maling sarebu saratus uang perak teh sing kasapa. Ema, tingali, ieu artos teh, abdi anu ngabantunna.” Walon indungna, ”Anaking, muga hidep meunang berkah ti PANGERAN.”

Yesaya 44:25
Kami ngagelokeun tukang-tukang torah, ngaburungkeun tujuman ahli-ahli bentang, nyerongkeun pituah para bujangga, ngabuktikeun yen hikmah maranehna sarua jeung kabodoan.

2 Tawarikh 33:6
Malah anjeunna meuncit putrana di Lebak Hinom, diduruk dikurbankeun. Metakeun elmu ngaramal, elmu sihir, jeung sok menta nasehat ka tukang-tukang metangan jeung tukang-tukang manggil arwah. Dorakana ka PANGERAN teh nataku, matak bendu.

Mikha ๓:๗
Eta nu sok ngaramal teh bakal wirang, lantaran ramalanana meleset. Maranehna bakal ragrag kana kanistaan, lantaran moal meunang waleran ti Allah.

Yesaya ๑๙:๓
Sagala tarekah Mesir sina teu matak nyugemakeun dirina, sumangetna sina melempem. Bakal marenta tulung ka brahala-brahalana, naranya ka tukang torah, marenta pituduh ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh.

Kisah Para Rasul 19:18-19
[18] Loba anu geus palercaya tuluy ngawakcakeun kalakuanana anu enggeus-enggeus ka umum.[19] Loba deui anu tadina jaradi tukang sihir ngumpulkeun kitab-kitab paririmbonna, tuluy didaruruk kasaksian ku sarerea. Lamun diitung-itung harga eta kitab-kitab teh kabeh pangaji lima puluh rebu uang perak.

Kisah Para Rasul 8:9
Di eta kota aya hiji jelema ngaranna Simon, nyebut maneh jelema pinunjul, geus lila pada mikaserab lantaran bisaeun elmu sihir.

Ulangan 18:10-12
[10] Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe,[11] atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh.[12] PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu. Eta sababna bangsa-bangsa itu ku Mantenna diusir, disingkahkeun ti hareupeun maraneh.

Galatia ๕:๑๙-๒๑
[๑๙] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,[๒๐] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,[๒๑] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.

Yesaya 3:18-20
[18] Bakal aya waktuna, barang-barang kaagulan awewe urang Yerusalem ku PANGERAN dirampas: Perhiasan-perhiasanana, kayaning gengge suku, sasrangengean tarang, kongkorong,[19] jeung geulang. Kitu deui cindungna,[20] tiungna, jeung jimat peletna anu sok diparake dina leungeunna jeung dina cangkengna,

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society