A A A A A

Malaikat dan iblis: [Korek]


1 Petrus 5:8
Sing caringcing taki-taki, sabab Iblis musuh aranjeun keur guar-gaur kawas singa, kukulayaban neangan leglegeun.

2 Korintus 4:4
Nu kitu mah moal percayaeun, lantaran pikiran sehatna dipoekkeun ku ilah jahat ieu dunya, nepi ka batinna teu bisa nenjo kana cahaya kamulyaan anu dipencarkeun ku Injil Kasalametan anu nerangkeun hal kamulyaan Kristus. Padahal nenjo Kristus teh sarua jeung nenjo Allah.

2 Korintus 11:14
Tapi teu aneh! Iblis oge bisaeun nyamur jadi malaikatna caang.

2 Petrus 1:19
Sanggeus nyaksian kitu, sim kuring beuki percaya bae kana dawuhan Allah anu diwartakeun ku nabi-nabi teh. Aranjeun oge kudu kitu, sabab eta anu diwartakeunana teh ibarat lampu anu ngagenclang di nu poek nepi ka bray beurang, ibarat cahya bentang isuk anu moncorong di jero hate aranjeun.

Ef 6:11-12
[11] Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.[12] Sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek.

Yakobus 4:7
Ku sabab kitu masing sumerah ka Allah. Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun.

Yohanes 8:44
Saenyana maraneh teh anak Iblis, anu ditarurut oge kahayang Iblis, bapa maraneh. Ti mimiti keneh oge Iblis geus jadi tukang maehan, tara mihak ka nu bener, lantaran teu kaancikan ku sipat bener. Ana Iblis bohong, memang geus bakatna tukang bohong, bapana sagala bohong.

Yudas 1:6-9
[6] Sarta sing aringet oge, malaikat-malaikat anu parundung ti tempatna lantaran teu sarugema ku pangkatna, ku Allah diberok di tempat anu poek mongkleng di handap, dibarogod ku rante langgeng, ngadago hukumanana engke dina poe nu hebat.[7] Nya kitu deui halna urang Sadumu jeung Gomora jeung kota-kota anu dareukeut ka dinya. Eta oge cara malaikat-malaikat anu jarahat tea, jeung baroga kabiasaan sambung sahwat henteu wajar sarta kacida aebna. Maranehna manjing siksa seuneu langgeng, conto goreng pikeun ngelingan manusa.[8] Anu nyarulusup ka urang tea oge jalma-jalma kawas kitu, katut jeung pangimpian-pangimpianana. Awakna diparake kana hal-hal anu najis. Maranehna ngarerendah kakawasaan Allah, jeung ngahina ka mahluk-mahluk mulya di sawarga.[9] Padahal Mikail ku anjeun, kapala malaikat, tara kitu. Waktu anjeunna padu jeung Iblis parebut hak kana layon Musa, teu wantuneun nganggo kecap-kecap anu sipatna ngahina, ukur nyaurkeun kieu, ”Sing dibendon anjeun ku Allah!”

Matius 4:3
Jol Iblis nyampeurkeun, ngagoda, ”Anjeun teh Putra Allah? Coba eta batu-batu jadikeun roti.”

Matius 12:24
Ngadarenge kitu, urang Parisi nembal, ”Manehna bisaeun ngusir roh jahat teh lantaran dibere kawasa ku Beelsebul, kapala roh-roh jahat.”

Wahyu 3:9
Dengekeun! Di maneh aya jelema-jelema umatna Iblis, anu ngaku-ngaku urang Yahudi padahal lain. Ku Kami rek dipaksa daratang ka maneh, sina nyium suku maneh. Sina nyarahoeun kabeh yen maneh teh anu dipikanyaah ku Kami.

Wahyu 20:10
Ari geus kitu Iblis nu nipu maranehanana digebruskeun ka lautan seuneu jeung walirang. Di dinya geus nyampak sato tea jeung nabi palsuna, digebruskeunana ti heula. Maranehna bareng disiksa di dinya beurang peuting, kitu bae salalanggengna.

Roma 16:20
Allah, sumber kabagjaan urang, bakal gancang-gancang ngaremukkeun Iblis, pikeun idekeun aranjeun. Mugia aranjeun disarengan ku berkah ti Yesus Gusti urang.

Yehezkiel 28:16-17
[16] Maneh katungkulkeun kana jual-beuli, nepi ka jadi taya rasrasan jeung dosa. Ku sabab kitu maneh ku Kami dipaksa kudu ninggalkeun gunung Kami anu suci, disingkahkeun ku malaikat anu tadina ngaraksa ka maneh, ditundung ti tempat permata-permata nu tingponcorong.[17] Kena-kena kasep maneh jadi umangkeuh, kena-kena kamashur talajak maneh jadi kawas nu gejul. Ku sabab kitu maneh ku Kami dibeubeutkeun kana taneuh. Cul ditinggalkeun, geusan jadi panggeuing ka raja-raja sejen.

Wahyu 12:7-9
[7] Geus kitu aya perang di sawarga. Mikail jeung para malaikatna merangan naga jeung para malaikatna. Naga eleh, teu meunang deui ngancik di sawarga.[8] Naga sakitu gedena teh dibalangkeun ka luar ti sawarga.[9] Eta oray kahot ti jaman purba teh disebutna Iblis atawa Setan, tukang nyasarkeun saalam dunya. Manehna ditotogkeun ka bumi jeung para malaikatna.

Lukas 10:18-20
[18] Saur Yesus, ”Katenjo ku Kami Iblis teh ragrag ti sawarga kawas kilat.[19] Maraneh ku Kami geus dibere kawasa, pikeun nincakan oray jeung kalajengking, jeung pikeun ngelehkeun kakawasaan musuh, tur moal aya anu bisa nyilakakeun ka maraneh.[20] Tapi ulah bungah ku dumeh roh-roh jahat nepi ka tarunduk ka maraneh; kudu barungah teh lantaran ngaran maraneh geus ditulis di sawarga.”

Yesaya 14:12-15
[12] Eh raja Babul, bentang pajar nu moncorong! Maneh enggeus ngagebut ragrag ti langit! Bareto sok nalukkeun bangsa-bangsa, ayeuna geus digejretkeun kana taneuh.[13] Bareto maneh geus ujub arek mancal langit, rek nagenkeun tahta saluhureun bentang anu pangluhurna. Geus boga pikir rek anegleng jadi raja di puncak gunung di kaler, tempat kumpul dewa- dewa.[14] Majar teh rek naek ka puncak mega, rek nyaruaan ka Nu Maha Kawasa.[15] Tapi geuning bet digebruskeun ka handap nu pangjerona, ka dunyana nu maraot!

Wahyu 13:1-18
[1] Ti dinya kaula nenjo aya hiji sato hanjat ti laut, huluna tujuh tandukna sapuluh. Unggal tanduk make makuta, dina unggal huluna aya tulisan hiji ngaran anu ngahina ka Allah.[2] Awakna jiga awak macan tutul, sukuna jiga suku biruang, sungutna jiga sungut singa. Naga tea nyerenkeun kakawasaanana, tahtana jeung wewenangna ka eta sato.[3] Huluna anu hiji tayohna tadina raheut parna ngan geus cageur deui. Saeusi jagat mikahelok tuluy naluturkeun.[4] Naga pada muja-muja pedah geus mere wewenang ka eta sato. Satona ge disembah diparuji, pokna, ”Saha anu sarua jeung ieu? Saha nu bisa ngalawan?”[5] Eta sato meunang idin ngahina ka Allah, meunang marentah sakarep-karep ka jalma-jalma lilana opat puluh dua bulan.[6] Seug mimiti susumbar ngahina ka Allah, ngahinakeun jenengana-Na, ngahinakeun panglinggihana-Na, jeung ngahinakeun sakur nu aya di sawarga.[7] Meunang oge narajang jeung ngelehkeun umat Allah, meunang ngawasaan ka unggal kaom, bangsa, basa, jeung seler bangsa.[8] Bakal disarembah ku manusa sajagat, kajaba ku jelema-jelema anu ngaranna geus dicatet dina kitab daptar anu harirup milikna Anak Domba anu dipeuncit tea, anu dicatetkeunana ti memeh dunya dijadikeun.[9] Ku sabab kitu sing saha anu enya baroga ceuli, regepkeun ieu weweling:[10] ”Jelema anu geus pastina kudu kaboyong, anu pastina kudu paeh ku pedang tangtu paeh ku pedang. Ku lantaran kitu umat Allah kudu satia jeung tabah.”[11] Ti dinya kaula nenjo hiji sato sejen ti darat, tandukan dua jiga tanduk domba, sarta babasaanana kawas naga,[12] seug make sagala kakawasaan sato anu kahiji di hareupeunana, maksa sakumna pangeusi jagat nyarembah ka sato anu kahiji anu raheut cageur deui tea,[13] jeung nyieun rupa-rupa mujijat, malah bisaeun nyieun hujan seuneu ti langit kasaksian ku kabehan.[14] Kalawan paidin jeung wewenang ti sato anu kahiji, sato anu kadua teh nyasabkeun manusa pangeusi jagat ku mujijat-mujijatna. Tuluy deui marentah, nitah nyieun arca sato anu kahiji, anu raheut ku pedang tapi waluya deui tea, pikeun ngahormat.[15] Sato anu kadua teh dibere kasaktian bisa niupkeun napas hirup ka eta arca, nepi ka eta arca teh bisaeun ngomong nitah maehan sakur anu teu daek nyembah ka manehna.[16] Geus kitu jalma-jalma teh nu gede nu leutik, nu beunghar nu miskin, badega, lain badega, ku sato anu kadua dipaksa kudu dicap leungeunna anu katuhu atawa tarangna,[17] cap ngaran eta sato atawa cap angka anu ngalambangkeun ngaranna. Anu henteu make eta cap ngaran teu meunang barangbeuli atawa barangjual.[18] Ari angkana 666, lambang ngaran hiji manusa. Pikeun ngahartikeun eta angka perlu hikmah. Ku nu encer uteukna mah bisa kateguh.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society