A A A A A

Malaikat dan iblis: [Iblis]


1 Yohanes ๔:๔
Tapi anaking, maraneh mah cangkingan Allah. Maraneh geus bisa ngelehkeun nabi-nabi palsu, sabab Roh anu aya di aranjeun leuwih punjul ti batan roh anu asal ti dunya.

1 Timotius 4:1
Roh Suci geus netelakeun yen ka hareup bakal aya jalma-jalma anu naringgalkeun piwuruk Kristus, kaceot ku roh-roh bohong, mengpar kana pangajaran setan,

2 Korintus 2:11
supaya Iblis ulah nepi ka ngawasaan ka urang, kawantu kana maksud-maksud Iblis teh urang geus teu bireuk deui.

2 Korintus 4:4
Nu kitu mah moal percayaeun, lantaran pikiran sehatna dipoekkeun ku ilah jahat ieu dunya, nepi ka batinna teu bisa nenjo kana cahaya kamulyaan anu dipencarkeun ku Injil Kasalametan anu nerangkeun hal kamulyaan Kristus. Padahal nenjo Kristus teh sarua jeung nenjo Allah.

Yakobus 2:19
Anjeun percaya yen Allah maha esa? Alus, sanajan roh-roh jahat oge percayaeun kitu, jeung kacida galimireunana ku Mantenna.

Ayub 4:15
Hiliwir aya angin kana beungeut, kuring sumiak muringkak, sabulu-bulu muriding.

Matius 8:31
Setan-setan teh nunuhun ka Yesus, pokna, ”Lamun kuring sarerea rek diusir kaluar, idinan nyurup ka itu babi-babi.”

Matius 12:45
Seug indit heula, balikna mawa batur tujuhan, roh-roh anu leuwih jahat ti batan manehna, tuluy nyarurup ka eta jelema, cicing reujeung. Kajadianana, kaayaan eta jelema jadi leuwih cilaka ti batan tadina. Kaayaan anu bakal nyorang ka jelema-jelema jahat jaman kiwari oge kitu.”

Lukas 8:30
Ku Yesus dipariksa, ”Saha ngaran?” ”Ngaran kuring Legiun,” jawabna, sabab anu nyurupna kacida lobana.

Wahyu 20:10
Ari geus kitu Iblis nu nipu maranehanana digebruskeun ka lautan seuneu jeung walirang. Di dinya geus nyampak sato tea jeung nabi palsuna, digebruskeunana ti heula. Maranehna bareng disiksa di dinya beurang peuting, kitu bae salalanggengna.

1 Korintus 10:20-21
[20] Lain kitu! Maksud eta ucapan kieu: Kurban anu disuguhkeun dina altar umat brahala lain dihaturkeun ka Allah, tapi disuguhkeun ka roh-roh jahat. Sim kuring nyarek aranjeun ngahiji jeung roh jahat.[21] Sabab lamun aranjeun nginum tina lumur pikeun roh jahat, teu meunang nginum tina lumur Gusti; lamun aranjeun ngadahar susuguh pikeun roh jahat, teu meunang ngadahar Jamuan Gusti.

Mazmur 106:37-38
[37] Maranehna ngurbankeun anak-anakna nu lalaki, nu awewe, dijieun kurban ka brahala-brahala tanah Kanaan.[38] Barudak nu taya salahna teh ku maranehna diparaehan sarta tanahna teh ku eta tukang-tukang maehan dinajiskeun.

Ayub 1:20-21
[20] Neut Ayub cengkat, seug nyosoeh anggoanana awahing ku remuk nya manah. Rambutna digundulan, bruk meubeutkeun anjeun nyium taneuh.[21] Pok ngalahir, ”Kami datang ka dunya teu babawaan, mulang ge mo babawaan. PANGERAN anu maparin, ku PANGERAN deui dicandak. Mugi Pajenengana-Na tetep dijungjung.”

Ef 6:10-12
[10] Ahirna, dina ngahiji jeung Gusti teh upayakeun diri supaya kuat, tegesna supaya dikuatkeun ku kakawasaan Anjeunna.[11] Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.[12] Sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek.

Yesaya 14:12-15
[12] Eh raja Babul, bentang pajar nu moncorong! Maneh enggeus ngagebut ragrag ti langit! Bareto sok nalukkeun bangsa-bangsa, ayeuna geus digejretkeun kana taneuh.[13] Bareto maneh geus ujub arek mancal langit, rek nagenkeun tahta saluhureun bentang anu pangluhurna. Geus boga pikir rek anegleng jadi raja di puncak gunung di kaler, tempat kumpul dewa- dewa.[14] Majar teh rek naek ka puncak mega, rek nyaruaan ka Nu Maha Kawasa.[15] Tapi geuning bet digebruskeun ka handap nu pangjerona, ka dunyana nu maraot!

Kisah Para Rasul 19:13-16
[13] Aya sawatara dukun urang Yahudi anu sok ngider ka ditu ka dieu, wawanianan nyebut jenengan Gusti Yesus ka anu kasurupan roh jahat, pokna, ”Demi jenengan Yesus anu diuarkeun ku Paulus, maneh setan geura nyingkah!”[14] Anu karitu teh tujuh jalma padudulur, anakna Skewa, Imam Agung.[15] Tapi roh jahatna nembalan kieu, ”Aing ka Yesus wawuh, ka Paulus nyaho, ka maraneh mah aing teu nyaho!”[16] Seug jelema anu kasurupanana teh nubruk ka maranehna terus ngekeyek, nepi ka maranehna raripuh, lulumpatan bari tararanjang, papakeanana rarangsak, awakna raruksak, raraheut.

2 Petrus 2:4-10
[4] Allah henteu ngantep malaikat-malaikat anu baha, kabeh disuntrungkeun ka naraka, dirante di tempat nu poek, ngadago Poe Hukuman.[5] Allah henteu ngantep dunya purba tempat manusa migawe kajahatan, dibasmi ku caah dunya; anu dirahayukeun ngan Enoh jeung tujuh urang deui, sabab Enoh sok ngelingan ka eta nu daroraka.[6] Allah ngahukum nagri Sadumu jeung Gomora, eta nagri dibasmi ku seuneu, dijadikeun conto yen kitu pijadieunana anu jarahat mah.[7] Allah ngarahayukeun Elut ti eta nagri, sabab Elut ibadah, ngerik ningali kadorakaan urang dinya.[8] Anjeunna nu hade, cicing di eta nagri teh unggal-unggal poe manahna kasiksa ningali jeung ngadangu kalakuan jahat urang dinya.[9] Tah kitu, Pangeran teh uninga ka jelema anu nurut ka Mantenna, anu kudu disalametkeun tina sagala gogoda; uninga ka jelema doraka, anu kudu dihukum jeung dikerem ngadago Poe Hukuman,[10] hususna jelema-jelema anu ngalajur hawa napsu jeung nyela kana kakawasaan Allah. Ari guru-guru palsu tea kacida kumawanina jeung karumakina, nepi ka teu sieun-sieuneun lancang ngahina ka mahluk-mahluk mulya di sawarga.

Wahyu 9:1-7
[1] Malaikat kalima niup tarompetna. Hiji bentang ragrag ninggang bumi. Eta bentang diserenan sosi hiji guha.[2] Barang eta guha dibuka, peledug bijil haseup ti dinya kawas haseup tina pameuleuman gede terus mumbul. Reup langit reueuk, panonpoe teu tembong deui.[3] Tina eta haseup merul simeut turun ka bumi, mararatih kawas kala.[4] Eta abrulan simeut geus ditimbalan teu meunang ngaruksak jujukutan atawa tatangkalan atawa pepelakan. Ngamukna kudu ka jelema bae, sakur anu tarangna teu make cap Allah,[5] tapi teu meunang nepi ka paeh, semet dinyenyeri bae ku kanyeri saperti diseureud kala, lima bulan lilana.[6] Di jero lima bulan tea jalma-jalma bakal nareangan jalan paeh tapi teu bisa paeh, harayangeun paeh ge paeh kalah ka ngejat.[7] Ari simeutna siga kuda anu dirarahaban ku rarahab perang. Huluna siga make makuta emas, beungeutna siga beungeut jelema.

Markus 1:21-27
[21] Yesus sumping ka kota Kapernaum jeung murid-murid. Dina poe Sabat Anjeunna lebet ka imah ibadah, ngawulang.[22] Cara Anjeunna ngawulang estu pikaresepeun anu ngabarandungan, beda ti guru-guru agama maranehna. Anjeunna mah ngajarna teh gede wibawana.[23] Sabot kitu, aya hiji jelema anu kasurupan roh jahat asup ka jero imah ibadah bari cocorowokan,[24] ”Arek naon datang ka urang, Yesus urang Nasaret? Rek ngabinasa? Kuring nyaho Anjeun teh utusan anu suci ti Allah!”[25] ”Repeh maneh!” saur-Na ka eta roh jahat. ”Geuwat kaluar ti eta jelema!”[26] Sanggeus ngageubig-geubig kacida nemenna ka eta jelema, eta roh jahat teh tuluy nyingkah.[27] Anu nyaraksian mani harookeun sarta tuluy ngaromong pada batur, ”Wah, naon ieu? Pangajaran anyar, kitu? Kawasa temen eta jelema teh, roh-roh jahat dititah kalaluar teh mani narurut kitu!”

Matius 7:14-20
[14] Sabalikna lawang nu sempit mah lawang kana pihirupeun. Jalanna memang hese, nu matak anu ka darinya mah ngan saeutik.”[15] ”Sing awas ka nabi-nabi palsu! Datangna ka maraneh make ulat domba, tapi hatena mah hate ajag.[16] Maraneh baris nyaho ka maranehna tina tingkah lakuna. Rungkun cucuk moal buahan anggur, tangkal cucuk moal buahan kondang.[17] Tangkal alus buahanana tangtu alus, tangkal goreng buahanana tangtu goreng.[18] Mun tangkalna sehat buahanana moal goreng, mun tangkalna goreng buahanana moal alus.[19] Tangkal nu goreng buahanana tangtu dituar tuluy dialungkeun kana seuneu.[20] Jadi nyirikeun nabi-nabi palsu teh tina tingkah lakuna.”

Lukas 4:31-41
[31] Yesus angkatna ka Kapernaum, hiji kota di Galilea. Dina poe Sabat Anjeunna ngawulang di imah ibadah.[32] Piwulang-Na narik ati, sasaur-saur-Na ngandung wibawa.[33] Di dinya aya hiji jelema anu karanjingan ku roh jahat. Eta jelema teh ngagorowok pokna,[34] ”Eh Yesus urang Nasaret! Aya maksud naon Anjeun ka urang? Arek nyilakakeun? Urang nyaho, Anjeun teh utusan suci Allah!”[35] Yesus marentah ka eta roh jahat saur-Na, ”Repeh maneh, jeung geura kaluar ti eta jelema!” Seug eta jelema teh ku eta roh jahat dijongklokkeun ka hareupeun jalma rea, tapi henteu dikikieu deui, roh jahatna tuluy ingkah.[36] Jalma-jalma barengong, ngomong pada batur pokna, ”Euleuh eta ucapana-Na! Parentah-Na matih gede kawasana. Roh jahat diparentah ingkah teh ingkah!”[37] Ti dinya beja ngeunaan hal Anjeunna nyebar ka sakuliah daerah eta.[38] Ti imah ibadah Yesus angkat ka imah Simon. Harita mitoha awewe Simon keur gering muriang panas, seug diunjukkeun ka Yesus.[39] Yesus lebet tuluy ngadeg gigireun ranjang nu gering, kasakit muriangna ditimbalan ingkah. Harita keneh nu gering teh terus cageur tuluy ngalalayanan tamu-tamu.[40] Sanggeus surup panonpoe jul-jol anu marawa nu garering, kasakitna rupa-rupa. Nu garering teh masing-masing ku Anjeunna dicabak awakna tuluy calageur.[41] Anu kasarurupan ku roh jahat, roh-roh jahatna aringkah bari tinggarero pokna, ”Anjeun teh Putra Allah!” Sabab eta roh-roh jahat nyarahoeun yen Anjeunna teh Kristus. Tapi ku Yesus ditimbalan jarempe teu meunang ngaromong deui.

Ef 6:1-18
[1] Barudak! Ari percaya ka Kristus mah kudu nurut ka kolot, sabab kalakuan kitu teh hade.[2] ”Kudu hormat ka bapa jeung ka indung” teh parentah kahiji ti Allah, anu make jangji kieu:[3] ”Supaya maraneh mulus jamuga dina sagala hal jeung supaya panjang umur hirup di lemah cai.”[4] Aranjeun nu jaradi kolot, ka anak ulah sakarep-karep nepi ka anak jadi ambekeun. Sabalikna, gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.[5] Aranjeun, gandek-gandek, kudu ngesto ka dunungan aranjeun anu di dunya, kudu ngadegdeg sieun. Pigawe parentahna sing iklas lir ngesto ka Gusti.[6] Saregep ulah ngan keur diawaskeun bae ngarah dialem, kudu jorojoy tina hate lir ngalampahkeun pangersa Allah jeung Kristus.[7] Lampahkeun kawajiban reujeung hate senang lir ngalampahkeun kawajiban ti Gusti ongkoh, lain ti jelema bae.[8] Inget, saha-saha ge ari hade gawe mah aya ganjaranana ti Gusti, boh gandek boh lain gandek.[9] Aranjeun, para dunungan, kalakuan ka gandek-gandek kudu sarua, jeung ulah sok ngancam. Inget, boh gandek-gandek aranjeun boh aranjeun sorangan, masing-masing ngadunungan ka Anjeunna, Dunungan nu di sawarga anu henteu pilih kasih.[10] Ahirna, dina ngahiji jeung Gusti teh upayakeun diri supaya kuat, tegesna supaya dikuatkeun ku kakawasaan Anjeunna.[11] Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.[12] Sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek.[13] Ku sabab kitu ayeuna keneh pake pakarang perang ti Allah, supaya ana geus datang mangsa nu jahat aranjeun tagen nadah panarajang musuh, sarta supaya sanggeus tarung nepi ka ahirna aranjeun masih gagah.[14] Sing sayaga. Gunakeun kasatiaan ka Allah minangka sabuk nu mageuhan cangkeng, jeung kaiklasan hate minangka baju kerena,[15] sarta jeung kadaek kana ngamashurkeun Injil Kasalametan anu mere kabagjaan jadi minangka sapatuna.[16] Tiap-tiap waktu gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna. Ku nyangking eta kapercayaan, aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat.[17] Tarima kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna, sarta sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna.[18] Lampahkeun eta sakabehna dibarengan ku paneda nyambat pitulung Allah. Dina sagala perkara kudu neneda nurutkeun pituduh Roh Allah. Jadi kudu terus waspada, ulah eleh ku hoream. Ulah kendat mangnedakeun sakabeh umat Allah.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society