A A A A A

Malaikat dan iblis: [Beelzebub]


Matius 12:24
Ngadarenge kitu, urang Parisi nembal, ”Manehna bisaeun ngusir roh jahat teh lantaran dibere kawasa ku Beelsebul, kapala roh-roh jahat.”

Markus 3:22
Aya sawatara guru-guru agama anu daratang ti Yerusalem, ngaromong kieu, ”Eta jelema teh kaasupan Beelsebul! Nu matak jadi bisaeun ngusir roh-roh jahat teh lantaran meunang kakawasaan ti eta kapala roh jahat.”

Matius 10:25
Ku sabab eta lamun aya murid anu bisa sarua jeung guruna kudu geus ngarasa untung, nya kitu keneh lamun aya gandek anu bisa sarua jeung dununganana. Lamun kapala kulawarga meunang sesebutan Beelsebul, komo anggota-anggotana disebutna tangtu leuwih goreng ti sesebutan Beelsebul!”

Matius 12:27
Ceuk aranjeun, Kaula ngusir eta roh jahat teh make kakawasaan Beelsebul. Nah, para panganut aranjeun ti saha meunangna kawasa ari ngusir roh jahat? Para panganut aranjeun sorangan anu netelakeun yen aranjeun salah!

Lukas 11:15-19
[15] Tapi aya anu ngaromong kieu, ”Eta teh dibere kakawasaan ku Beelsebul, gegedug roh-roh jahat, nu matak bisaeun ngusir roh jahat anu nyurup ka jelema.”[16] Sawareh deui aya anu marenta mujijat ka Anjeunna teh, majar pikeun bukti yen Anjeunna sumping ti Allah. Maranehna saenyana mah rek nyilakakeun.[17] Tapi Yesus uninga kana palikiranana, tuluy ngalahir, ”Nagara anu pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila; hiji kulawarga anu anggotana pecah jeung silih musuhan, bakal paburantak.[18] Karajaan Iblis oge lamun silih perangan pada baturna, naha bisa langgeng? Ceuk aranjeun Kaula ngusir roh jahat teh make kakawasaan Beelsebul.[19] Lamun enya kitu, ari para panganut aranjeun ngusir roh jahat make kawasa naon? Mun kitu mah para panganut aranjeun sorangan ngabuktikeun yen aranjeun salah!

2 Raja 1:1-3
[1] Sanggeus Ahab raja Israil pupus, urang Moab barontak ka Israil.[2] Hiji mangsa Ahasia raja Israil ragrag tina loteng karaton di Samaria, seug jadi teu damang. Tuluy miwarang ponggawana ka Ekron, sina menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Pelisti, naha kasawatna bakal damang deui atawa moal.[3] Malaikat PANGERAN nimbalan ka Nabi Elias urang Tisbe, miwarang megat utusan Ahasia jeung kudu sasauran kieu, ”Ari di Israil naha geus euweuh Allah, nepi ka rek menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Ekron?

Lukas 11:18
Karajaan Iblis oge lamun silih perangan pada baturna, naha bisa langgeng? Ceuk aranjeun Kaula ngusir roh jahat teh make kakawasaan Beelsebul.

Markus 3:20-30
[20] Yesus mulih ka bumi-Na. Breg deui digimbung ku jalma rea, nepi ka Anjeunna jeung murid-murid teu kaburu tuang-tuang acan.[21] Barang wargi-wargina ngadarenge hal eta, tuluy nareang Anjeunna rek diajak mulih, sabab aya beja majar, ”Anjeunna geus owah!”[22] Aya sawatara guru-guru agama anu daratang ti Yerusalem, ngaromong kieu, ”Eta jelema teh kaasupan Beelsebul! Nu matak jadi bisaeun ngusir roh-roh jahat teh lantaran meunang kakawasaan ti eta kapala roh jahat.”[23] Maranehna ku Yesus disaur. Geus kitu Anjeunna nyarios, tapi ku ibarat-ibarat. ”Kumaha bisana Iblis ngusir Iblis?” saur-Na.[24] ”Hiji kota anu pecah jadi sababaraha golongan anu silih lawan tangtu ancur.[25] Hiji kulawarga anu pecah jeung silih lawan, tangtu awut-awutan.[26] Nya kitu keneh karajaan Iblis, lamun pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila, karajaanana tangtu enggeusan.[27] Moal aya anu bisa ngabongkar imah jelema bedas sarta nyokotan harta bandana, kajaba lamun eta nu bedas teh ditalikung heula kakara imahna bisa dijarah.[28] Kaula mere terang, jelema anu nyieun dosa jeung anu omonganana jahat bisa dihampura.[29] Tapi anu ngagogoreng Roh Suci mah teu bisa dihampura, sabab nu kitu mah dosana teh langgeng.” ([30] Yesus nyebatkeun kitu teh ka jelema-jelema anu nyebutkeun majar Anjeunna kaasupan roh jahat.)

2 Raja 1:16
ngalahir kieu, ”Kieu timbalan PANGERAN, ʼManeh geus nitah menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Ekron, kawas di Israil geus euweuh Allah anu bisa disambat pituduh-Na. Ku sabab kitu maneh moal cageur deui, bakal tuluy paeh!ʼ ”

Kejadian 1:1
Nalika Allah nyiptakeun jagat raya,

Matius 9:34
Tapi ari ceuk urang Parisi mah, ”Manehna bisaeun ngaluarkeun eta roh jahat teh lantaran meunang kawasa ti gegedug roh jahat.”

Wahyu 21:20
nu kalima batu permata, nu kagenep batu permata dalima, nu katujuh batu widuri koneng, nu kadalapan batu ratna campaka, nu kasalapan batu manikem koneng, nu kasapuluh batu kalsedon, nu kasabelas batu pirus, nu kadua belas batu kucubung.

Ayub 2:11
Aya sobat Ayub tiluan, nya eta Elipas urang Téman, Bildad urang Suah jeung Sopar urang Naamah. Sanggeus ngadarangu beja yen Ayub teu damang tur pohara larana tuluy ngaralayad seja ngabeberah.

2 Raja 1:6
Pihatur para utusan, ”Dipiwarang wangsul deui ku hiji jalma, saurna kieu timbalan PANGERAN perkawis salira Kangjeng Raja, ʼNaha di Israil geus euweuh Allah, nepi ka maneh nitah menta pituduh Beel Sebul dewa urang Ekron? Maneh moal cageur deui, bakal tuluy paeh.ʼ ”

Yohanes 1:1
Ari nu disebut Pangandika teh geus jumeneng ti memeh ieu dunya dijadikeun; Pangandika sasarengan jeung Allah, Pangandika sarua jeung Allah.

Lukas 11:19
Lamun enya kitu, ari para panganut aranjeun ngusir roh jahat make kawasa naon? Mun kitu mah para panganut aranjeun sorangan ngabuktikeun yen aranjeun salah!

Keluaran 6:23
Harun geureuhaan ka Elisaba saderekna Nahson, putra Aminadab. Putra-putrana nya eta: Nadab, Abihu, Elasar, jeung Itamar.

Lukas 3:1
Dina taun kalima welas pamarentahan Prabu Tiberius, Pontius Pilatus jadi gupernur di Yudea, Herodes marentah di Galilea, Pilipus saderek Herodes marentah di Iturea jeung Trakonitis; Lisanias marentah di Abilene,

Kejadian 10:10
Karajaanana anu mimiti nya eta: Babul, Erek, Akad, kabehanana di tanah Babilonia.

Kejadian 14:1
Hiji mangsa, Amrapel raja di nagara Babilonia, Ariok raja nagara Elasar, Kedorlaomer raja nagara Elam, jeung Tidal raja nagara Goyim,

Ulangan 14:5
mencek, domba leuweung, embe leuweung, atawa uncal,

Rut 1:2
ngaranna Elimelek. Ari ngaran bojona Naomi, ngaran anak-anakna Mahlon jeung Kilyon, duanana lalaki. Sabot ngumbara,

Nehemia 1:1
Ieu laporan Nehemia bin Hakalya tina hal anu dilampahkeun ku anjeunna. Mangsa kadua puluh taun Artahsasta jadi raja Persia, dina bulan Kislew, waktu sim kuring aya keneh di ibukota Susan,

Ester 1:1
Raja Ahasweros, anu ngaraton di Susan, ibukota Persia, ngasta pamarentahan. Karajaanana ngawengku 127 propinsi, mimiti ti India nepi ka Sudan.

1 Raja 1:2
Mantri-mantrina arunjukan, ”Gusti, saena mah Gusti teh aya anu ngamemenan ulah petot-petot, sareng kedah aya anu ngarencangan ebog supados haneut. Bade dipangmilariankeun budak parawan.”

Wahyu 16:16
Tilu roh tea ngerid raja-raja ka tempat anu dina basa Ibrani disebut Armagedon.

Yesaya 34:14
enggon sato galak tinggulandang, enggon setan-setan silih geroan, ririwa lenga-lengo neangan keur enggon hees.

Matius 22:37
Waler-Na, ” ʼMasing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.ʼ

Markus 3:1-6
[1] Yesus mulih deui ka imah ibadah. Di dinya aya hiji jelema anu leungeunna kemper sabeulah.[2] Jeung aya nu sejen deui, anu saenyana ngarep-ngarep supaya Yesus midamel kasalahan, rek didakwa. Maranehna kacida ngarawaskeunana, sugan bae Anjeunna nyageurkeun eta jelema harita keneh dina poe Sabat.[3] Yesus ngalahir ka nu kemper tea, ”Ka dieu, ka hareup!”[4] Ti dinya saur-Na ka nu rea, ”Pagawean kumaha anu ku Hukum Agama urang meunang dipigawe dina poe Sabat? Nulungan atawa nyilakakeun, nyalametkeun nyawa batur atawa mergasa?” Maranehna teu narembal naon-naon.[5] Yesus neuteup ka maranehna, manah-Na bendu pacampur jeung sedih ku anu sakitu baredegongna jeung saralahna. Tuluy ngalahir ka nu kemper tea, ”Lempengkeun leungeun hidep!” Ku manehna dilempengkeun, bet leungeunna nu kemper teh jadi cageur.[6] Urang Parisi tinglaleos, terus ngabadamian jelema-jelema kaomna Herodes rek nelasan Yesus.

Markus 10:46-52
[46] Sanggeus narepi ka Yeriho, sarta barang Yesus jeung murid-murid kitu deui jalma loba kaluar ti eta kota, aya nu lolong keur diuk baramaen sisi jalan, ngaranna Bartimeus, anak Timeus.[47] Sanggeus nyahoeun yen aya Yesus urang Nasaret, tuluy bae gegeroan, pokna, ”Yesus, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”[48] Ku jalma rea disentak dititah jempe, tapi kalah ka beuki bedas, ”Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”[49] Yesus liren sarta ngalahir, ”Calukan ka dieu.” Tuluy eta nu lolong teh dicalukan. Ceuk nu nareangna, ”Sing senang! Maneh disaur ku Anjeunna!”[50] Bartimeus ngalungkeun jubahna, jung nangtung tuluy nyampeurkeun ka Yesus.[51] Yesus mariksa, ”Hayang dikumahakeun ku Kami teh?” ”Pa Guru,” jawabna, ”abdi hoyong tiasa deui ningal.”[52] ”Heug, cageur! Sabab maneh percaya ka Kami,” saur-Na. Dadak sakala manehna bisaeun nenjo, tuluy milu ngiring Anjeunna.

Daniel 1:7
Ku kapala rumah tangga karaton jenenganana teh dilandi jadi: Beltesasar, Sadrah, Mesah, jeung Abednego.

Hakim 4:6
Dina hiji poe anjeunna miwarang sumping ka Barak bin Abinoam ti kota Kedes, wewengkon Naptali. Saur Debora ka anjeunna, ”Ieu aya timbalan ti PANGERAN, Allah Israil pikeun anjeun kieu, ʼKumpulkeun 10.000 urang jalma lalaki ti kaom Naptali jeung Sebulun, bawa ka Gunung Tabor.

2 Raja 19:37
Dina hiji poe waktu anjeunna keur sembahyang di imah pamujaan ka Dewa Nisrok sesembahanana, anjeunna dipaehan ku pedang ku Adramelek jeung Sareser, dua putrana, anu terus kalabur ka tanah Ararat. Tuluy Esar Hadon putrana ngaganti jadi raja.

Yehezkiel 23:4
Lanceukna ngaranna Ohola (ieu ngupamakeun nagri Samaria), adina ngaranna Oholiba (ngupamakeun nagri Yerusalem). Duanana ku Kami ditikah nepi ka baroga anak.

Yeremia 1:1
Ieu kitab nyaritakeun kasauran Yermia, putra hiji imam di kota Anatot di tanah Binyamin anu jenengan Hilkia.

Kejadian 10:22
Putra-putra Sem nya eta: Elam, Asur, Arpaksad, Lud, jeung Aram anu jaradi karuhun bangsa-bangsa anu marake eta ngaran.

Ezra 4:7
Ari keur mangsa Artahsasta jumeneng raja Persia, anu ngirim surat ka raja teh Bislam, Mitredat, Tabeel sapara kanca. Suratna make basa Aram, lamun rek dibaca kudu disalin heula.

Matius 10:3
Pilipus jeung Bartolomeus; Tomas jeung Mateus tukang mulung pajeg tea; Yakobus bin Alpeus jeung Tadeus;

Kisah Para Rasul 2:9
Urang teh aya anu ti Partia, ti Media, jeung ti Elam; ti Mesopotami, ti Yudea, jeung ti Kapadokia; ti Pontus, jeung ti Asia;

Imamat 11:5
***

Pengkhotbah 1:1
Ieu teh sabda Ki Pandita, putra Daud, raja di Yerusalem.

Keluaran 30:34
PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Maneh kudu nyieun deui arum-aruman, bahanna menyan putih, onik, getah rasamala arum, jeung dupa anu tulen, masing-masing lobana kudu sarua.

Ayub 9:9
Di langit ngagantungkeun bentang: Bentang Biruang, Bentang Orion, Bentang Tujuh, Bentang Kidul.

Kisah Para Rasul 6:5
Eta nasehat kacida pada ngarempuganana. Seug pakumpulan teh milih tujuh jelema, nya eta Stepanus, jelema pengkuh iman jeung dieusi Roh Suci, Pilipus, Prokorus, Nikanor, Timon, Parmenas, jeung Nikolaus urang Antioki anu asup agama Yahudi.

Wahyu 1:11
”Tetenjoan maneh tuliskeun, bukuna kirimkeun ka tujuh jamaah di Epesus, Semirna, Pergamus, Tiatira, Sardis, Piladelpia, jeung Laodikea.”

1 Raja 8:13
Abdi parantos rengse ngadamel ieu gedong anu agreng, haturkeuneun ka Gusti, linggihaneun salalamina.”

Markus 3:23
Maranehna ku Yesus disaur. Geus kitu Anjeunna nyarios, tapi ku ibarat-ibarat. ”Kumaha bisana Iblis ngusir Iblis?” saur-Na.

Yosua 24:15
Upama maraneh embung nyembah ka Mantenna, puguhkeun poe ieu keneh rek milih ngabakti ka saha, naha rek ngabakti ka aallahan anu disarembah ku karuhun maraneh di Mesopotami, atawa rek ngabakti ka sesembahan urang Emor, anu tanahna ayeuna diandih ku maraneh. Bapa sakulawarga mah rek ngabakti ka PANGERAN.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society