A A A A A

Tambahan: [Jahat]


1 Korintus 13:6
Sipatna kanyaah teh teu resepeun kana hal nu jahat, resepeunana kana hal anu bener,

1 Yohanes 5:19
Urang terang yen sanajan saalam dunya dibawah ku si Jahat, urang mah aya dina cangkingan Allah.

1 Raja 14:9
Sabalikna kalakuan maneh kacida dorakana, leuwih doraka ti batan raja-raja nu ti hareula. Maneh nonggongan ka Kami, nyundut amarah Kami ku nyieunan brahala jeung arca-arca keur sembaheun.

1 Raja 17:13
”Ulah salempang,” waler Elias. ”Jig bae asakkeun eta dahareun teh. Mun geus asak, heulakeun sakeupeul mah ka dieu jang Bapa, engke kakara jang Nyai jeung budak.

1 Petrus 3:9
Jahat ulah dibales ku jahat, ambek ulah dibales ku ambek, anggur pangmentakeun berkah, da aranjeun oge disaur ku Allah teh supaya mareunang berkah-Na.

1 Samuel 12:20
Waler Samuel, ”Geus, najan enya sakitu dorakana oge ulah sarieun. Asal ulah murtad-murtad deui ti PANGERAN, jeung masing ngesto enya-enya ka Mantenna.

1 Samuel 15:23
Baha ka Mantenna sami sareng nyieun sihir. Ngalawan ka Mantenna sami awonna sareng nyembah ka brahala. Ku sabab hidep baha kana timbalana-Na, hidep ku Mantenna digulingkeun tina jadi raja.”

1 Tesalonika 5:22
piceun naon bae anu jahat.

2 Tawarikh 29:6
Karuhun urang geus barelot ti PANGERAN, Allah urang. Mantenna ngaraos teu suka. Maranehna geus malungkir ti Mantenna, narukangan ka tempat panglinggihana-Na.

2 Timotius 2:22
Hidep ulah nurutkeun perbawa kangoraan. Hirup teh pake ibadah, percaya ka Allah, nyaahan, tiis pikiran, barengan dulur-dulur nu aralus hate, anu ngarepna pitulung ka Gusti.

Yesaya 5:20
Cilaka maraneh! Goreng disebut hade, hade disebut goreng. Caang ceuk maraneh poek, poek ceuk maraneh caang. Puguh pait pajar amis, puguh amis pajar pait.

Yesaya 32:6
Anu burung, omonganana ngacapruk, eusi hatena ge goreng. Lampah jeung ucapna ngagogoreng ka PANGERAN, jeung cadu mere dahar ka nu lapar mere cai ka nu hanaang.

Yohanes 3:20
Jalma anu jahat kalakuanana, kana caang teh ngewaeun, embungeun datang kana caang, sieuneun kajahatanana katembong.

Hakim 2:19
Tapi ana pamingpin tea maot, prak deui bae maranehanana malikan kalakuan nu enggeus-enggeus, malah gorengna alah batan ti turunan nu ti heula, nyararembah jeung ngabarakti ka allah-allah anu lian, teu kapok-kapok tina kagorengan.

Ayub 4:8
Ana kapanggih ku kuring, pangna jelema meunang cilaka reujeung sangsara, lantaran geus melak dosa, tandur binih kajahatan.

Amsal 3:7
Poma ulah boga angkeuh pinter sorangan, anggur masing sieun ku PANGERAN, nyingkah tina lampah salah.

Amsal 4:16
Jalma jahat mah mun teu ngajahat teh sok teu bisaeun hees, gedebag-gedebug panasaran can mergasa batur.

Amsal 8:13
Sieun ku PANGERAN, eta cua kana dosa. Adigung reujeung gumede kacua kami, kitu deui adat jahat reujeung omongan palsu.

Amsal 10:29
Jalma jujur ku PANGERAN diraksa. Jalma salah mah dibinasa.

Amsal 12:20
Nu ngareka kajahatan, ngareka picilakaeun. Sabalikna anu nyieun pibenereun mah baris pinanggih bagja.

Mazmur 7:14
nyepeng pakarang nu matih ngecengkeun panah nu hurung.

Mazmur 28:3
Mugi abdi ulah dihukum sareng anu daroraka, sareng anu kalakuanana jarahat, jalmi-jalmi anu ucapna lumah-lameh nanging hatena pinuh ku dengki.

Mazmur 37:9
Nu muntang ka PANGERAN baris ngamilik tanah, sabalikna nu jarahat tangtu ku Mantenna ditundung.

Mazmur 50:19
Sungut diumbar kana kagorengan, ngomong bohong tara asa-asa.

Mazmur 73:7
hatena mudalkeun kadorakaan, pikiranana pinuh ku niat jahat.

Mazmur 141:4
Jagi abdi, supados henteu mikahayang kaawonan henteu ngiring kana kajahatan jalmi nu jarahat henteu ngiring kana pestana.

Roma 6:12
Hirup aranjeun di ieu dunya ulah nepi ka kajajah deui ku dosa, anu temahna matak eleh ku hawa napsu sorangan.

Roma 12:21
Kade, ulah nepi ka kabawa ku amarah, elehkeun pikiran goreng teh ku anu hade.

Markus 7:21-22
[21] Sabab anu asal ti jero bijil kaluar mah kaluarna ti jero hate, nya eta rupa-rupa pikiran goreng anu mawa kana lampah tuna susila, maling, maehan,[22] ngaranyed, hawek, migawe rupa-rupa kajahatan, nipu, nyieun kaaeban, mitenah, dengki, gede hulu, teu bisa diwarah.

Matius 12:34-35
[34] Ari aranjeun, oray-oray, kumaha rek bisa ngucapkeun nu hade lamun aranjeun jahat? Ucapan anu mudal tina sungut teh asalna tina hate.[35] Jelema hade tangtu ngabijilkeun anu hade tina hatena anu pinuh ku nu harade. Jelema jahat tangtu ngabijilkeun anu jahat tina hatena anu pinuh ku nu jarahat.

Yakobus 1:13-14
[13] Jelema ari keur meunang gogoda ulah ngarasula, ”Ieu cocoba teh ti Allah.” Sabab Allah mah moal kagoda ku kajahatan, jeung tara ngadoja ka sing saha bae.[14] Jalma beunang kagoda teh lantaran kapincut ku napsuna sorangan.

Yakobus 3:6-8
[6] Ayeuna letah. Letah saperti seuneu. Eta teh dunya kajahatan nu aya dina awak urang, nyebarkeun racun jahat kana sakujur badan, sarta nimbulkeun seuneu ti naraka pisan, ngahuru kaayaan hirup urang sagemblengna.[7] Manusa bisa, jeung enggeus ngalilindeuk mahluk-mahluk sejen, sato galak, manuk, sato anu ngarayap, jeung lauk.[8] Tapi teu aya saurang-urang acan anu bisa meruhkeun letah. Letah mah nya jahat nya mangprung teu bisa dipegung, racun anu kacida matihna.

Roma 2:29-32
[29] Yahudi sajati mah nya eta anu Yahudi jiwana, sunat sajati nya eta sunat hate, disunatna ku Roh Allah, lain ku aturan anu aya dina Hukum Musa. Jelema anu disunat hatena meunang pujian ti Allah, lain ti papada jelema.[30] Jadi naon leuwihna urang Yahudi ti anu sejen? Atawa ari sunat aya paedahna?[31] Puguh bae aya, loba! Pangpangna kapan urang Yahudi teh ku Allah dititipan pangandika-Na.[32] Tapi upama sabagian maranehanana henteu tigin, naha Allah oge bakal kitu?

Roma 2:8-12
[8] Anu sarakah jeung embung narima anu bener da resep ngalakonan anu salah, bakal narima angetna bebendon Allah.[9] Nu resep migawe kajahatan bakal nandangan kanyeri jeung sangsara, pangheulana urang Yahudi, tuluy bangsa sejenna.[10] Ari ka anu hade lampah, boh ka urang Yahudi, boh ka bangsa sejenna, Allah bakal ngaganjar kamulyaan, kahormatan jeung kanugrahaan.[11] Unggal jelema ge dasar hukumna ku Allah disaruakeun.[12] Nu lain bangsa Yahudi henteu barogaeun Hukum Musa, hukuman dosana di luareun eta. Urang Yahudi barogaeun Hukum Musa, hukuman dosana saluyu jeung eta.

Ef 6:12-16
[12] Sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek.[13] Ku sabab kitu ayeuna keneh pake pakarang perang ti Allah, supaya ana geus datang mangsa nu jahat aranjeun tagen nadah panarajang musuh, sarta supaya sanggeus tarung nepi ka ahirna aranjeun masih gagah.[14] Sing sayaga. Gunakeun kasatiaan ka Allah minangka sabuk nu mageuhan cangkeng, jeung kaiklasan hate minangka baju kerena,[15] sarta jeung kadaek kana ngamashurkeun Injil Kasalametan anu mere kabagjaan jadi minangka sapatuna.[16] Tiap-tiap waktu gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna. Ku nyangking eta kapercayaan, aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat.

Amsal 14:16-22
[16] Jelema nu boga pikiran mah sok ati-ati sangkan luput tina kasusah. Ari nu bodo mah sok lalawora jeung sologoto.[17] Anu babarian napsu lampahna sok siga nu burung, da jelema bijaksana mah adatna teh leuleuy.[18] Jalma nu taya kanyaho, temahna bodo. Ari nu bijaksana mah diganjar pangarti.[19] Jalma jahat baris ngeluk hareupeun jelema bener bari tamada menta dipikarunya.[20] Ka nu malarat mah taya pisan nu misobat, teu cara nu beunghar loba sobatna.[21] Mun hayang ngarasa bagja, kudu karunya ka anu balangsak. Mikangewa ka batur teh dosa.[22] Mun urang migawe hade, baris dihormat jeung dipercaya. Pohara kaliruna migawe nu goreng mah.

Roma 7:19-25
[19] Anu dilampahkeun teh lain anu hade sakumaha kahayang hate, tapi anu teu panuju jeung hate.[20] Ku sabab anu dilampahkeun teh lain anu panuju jeung hate, ieu nandakeun yen anu ngalampahkeunana teh lain sim kuring, tapi dosa anu ngancik dina diri.[21] Jadi kacindekan sim kuring, dina hal ieu anu jadi bibit pangaruhna nya hukum tea: ana sim kuring hayang migawe anu hade, ari anu timbul dina hate ngan anu goreng.[22] Batin mikasuka parentah-parentah Allah,[23] tapi ngarasa dina diri aya deui pangaruh hukum sejen, anu pasalingsingan jeung hukum anu diaku ku budi rasa. Ku sabab kitu sim kuring jadi kabeungkeut ku hukum dosa anu mangaruhan diri sim kuring.[24] Jelema cilaka sim kuring teh! Saha anu bakal nyalametkeun sim kuring tina ieu badan anu baris ngagusur kana maot?[25] Rebu laksa nuhun ka Allah, Mantenna kersa nyalametkeun sim kuring ku jalan Gusti urang Yesus Kristus. Kieu kaayaan sim kuring teh: Ari batin tunduk kana Hukum Allah, ari tabeat taluk kana hukum dosa.

Matius 13:36-43
[36] Sanggeus Yesus ngantunkeun jalma rea jeung geus aya di bumi, murid-murid-Na nyalampeurkeun naranyakeun ka Anjeunna, ”Dupi misil eurih di lahan gandum teh naon hartosna?”[37] Saur Yesus, ”Jelema anu nyebarkeun binih hade, nya eta Anak Manusa.[38] Ari lahanna nya eta dunya ieu. Binih nu hade, nya eta jalma-jalma anu geus jaradi warga Karajaan Sawarga. Eurih, nya eta jelema-jelema anu aranut ka Iblis.[39] Musuh anu melak eurih nya eta Iblis. Waktu ngala nya eta Poe Kiamat. Nu digarawe nya eta para malaikat.[40] Sakumaha eurih tea dikumpulkeun jeung diduruk, nya kitu engke kaayaan dina Poe Kiamat teh.[41] Anak Manusa bakal miwarang para malaikat-Na nyabutan sakur anu ngalantarankeun manusa jadi dosa, jeung sakur anu garoreng lampah, dicabutan ti Karajaana-Na,[42] tuluy dialung-alungkeun ka jero pameuleuman anu keur hurung ngagedur-gedur, tingjarerit jeung huntuna tingkereket.[43] Ari anu ngarabdi ka Allah mah bakal cahayaan kawas panonpoe, di Karajaan Allah Rama maranehna. Lamun baroga ceuli pek darengekeun!”

Amsal 6:12-19
[12] Jelema nu jahat jeung kurang ajar, ka mana-mana ngan bohong.[13] Matana tingdarilak ngisarahan rek macikeuh.[14] Da salilana anu direkana teh ngan pidorakaeun, di mana-mana ngan nyebar picilakaeun.[15] Ku sabab kitu hamo barisa sumingkir tina musibat, nepi ka tumpes.[16] Aya tujuh perkara anu jadi kacua PANGERAN anu teu meunang diantep, nya eta: Sikep nu sombong, sungut nu bohong, leungeun nu maehan jalma teu salah, pipikiran nu ngareka kamurkaan, suku anu gura-giru kana kajahatan, saksi anu bohong deui, bohong deui, jeung jelema anu ngadu-ngadukeun babaturan.[17] ***[18] ***[19] ***

Kejadian 6:1-8
[1] Manusa geus mencar ka mana-mana, sarta barudak awewe geus lalahir.[2] Aya sawatara urang putra-putra surgawi anu barogoheun ka eta barudak awewe, kawantu gareulis. Tuluy bae nyarokot hiji sewang, sakabogohna-sakabogohna.[3] Ngandika PANGERAN, ”Jelema-jelema teh ku Kami moal sina hirup sapapanjangna. Kabehanana sipat pipaeheun. Ti semet ayeuna umurna moal sina leuwih ti 120 taun.”[4] Di jaman eta, malah sanggeus jaman eta oge, di ieu bumi teh loba jelema raksasa, turunan manusa awewe jeung putra-putra surgawi tea. Eta raksasa-raksasa teh baheula jaradi jelema anu kacida garagahna tur kamashur.[5] Ana PANGERAN uninga yen tiap manusa di dunya geus sakitu jarahatna, sarta pipikiranana salawasna pohara kalotorna,[6] Mantenna ngaraos hanjakal geus ngadamel sarta merenahkeun maranehna di bumi. Ku hanjakal-hanjakalna,[7] Mantenna ngalahir kieu, ”Eta umat ciptaan Kami teh mending dibasmi ku Kami, kitu deui sasatoan jeung manuk. Kami hanjakal geus nyieun maranehanana.”[8] Tapi ari ka Enoh mah PANGERAN misuka.

1 Timotius 6:2-10
[2] Lamun ngawulana teh ka jelema anu anut ka Kristus, ulah pedah ka nu saagama tuluy kurang ngahormat. Malah ngawulana kudu leuwih enya-enya, da anu make tanagana teh dulur sakapercayaan anu kudu dipikaheman. Ieu papatah teh ku hidep wurukkeun.[3] Anu papatahna papalingpang jeung eta, ngalawan pangandika sayakti Gusti urang Yesus Kristus jeung kana pangajaran agama urang,[4] eta teh guminter padahal taya kanyaho. Panyakitna teh bantahan, resep parebut omong nepi ka nimbulkeun dengki, resep pasea, resep nyawad, timburuan,[5] papaduan teu eureun-eureun jeung anu saruana, jalan pikiranana geus buntu, bebeneranana geus musna. Jeung panyangkana agama teh bisa dipake jalan cari untung.[6] Memang agama teh hiji kauntungan gede lamun urangna tumarima ka nu geus aya mah.[7] Urang lahir ka dunya teh mawa naon? Teu mawa naon-naon! Mulang ti dunya rek mawa naon? Moal mawa naon-naon![8] Anu matak asal cukup dahar cukup pake ge hirup teh meujeuhna.[9] Ngarah kabeungharan mah matak tigubrag kana panggoda, kabeulit ku rupa-rupa kahayang anu teu munasabah nu ngabahlakeun, matak ambrug ngagurubag.[10] Sabab beuki kana duit teh sumberna sagala kajahatan. Aya anu ku moho-mohona kana duit nepi ka pecat iman, hatena ajur ku rupa-rupa aral.

Mazmur 34:13-21
[13] Maraneh harayang hirup senang? Harayang panjang umur jeung hirup genah?[14] Ulah goreng ucap jeung ulah bohong.[15] Jauhan kajahatan, lampahkeun kahadean usahakeun karapihan sakuat tanaga.[16] PANGERAN nitenan ka jalma bener, tur ngadangukeun panyambatna,[17] tapi ka nu jarahat mah Mantenna ngalawan anu matak nu jarahat mah lamun geus maraot, gancang dipopohokeun.[18] Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna.[19] PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.[20] Jalma bener memang loba kasusahna, tapi pasti ku PANGERAN dijait tina sakabeh karerepetna.[21] Ku PANGERAN diraksa sagala-galana, sahiji ge tulangna moal aya nu potong.

Mazmur 52:1-9
[1] Pikeun pamingpin biduan. Lagu atikan karangan Daud,[2] waktu Doeg, urang Edom, pupulih ka Saul yen Daud kungsi sumping ka Abimelek.[3] He jalma gagah, ku naon nyombongkeun kajahatan sorangan? Allah teh satia salalanggengna.[4] Maneh resep nyieun picilakaeun batur, letah seukeut kawas peso cukur, salawasna ngan ngareka-reka jalan keur nipu.[5] Maneh leuwih resep kana kajahatan manan kana kahadean, leuwih resep ngabohong manan ngomong bener.[6] Maneh resep nganyenyeri batur ku omongan, he tukang bohong![7] Maneh pinasti lebur ku Allah salalawasna, ku Mantenna bakal dibedol ka luar ti jero imah, disingkahkeun ti dunya anu harirup.[8] Nenjo kajadian kitu, jalma balener jadi sarieuneun, tuluy nyaleungseurikeun ka maneh, sarta ngaromong kieu,[9] ”Ieu jelema teh anu henteu muntang ka Allah, muntangna kana kabeungharanana. Ngusahakeun kaamananana ku nyieun kajahatan.”

Pengkhotbah 9:3-12
[3] Kabeh jelema papastenna sarua. Tah nya ieu pisan nu mawa apes kana sagala kajadian di dunya teh. Sapanjang hirupna pikiran jelema teh pinuh ku rupa-rupa kadorakaan jeung paniatan anu garelo, nyaho-nyaho hos paeh ngadadak.[4] Tapi sing saha anu kaasup kana mahluk hirup, eta aya keneh harepan. Sabab mending keneh anjing hirup ti batan singa paeh.[5] Nu hirup mah nyaho yen bakal paeh. Ari nu paeh mah teu nyaho naon-naon, geus taya pangajina, geus les kapopohokeun.[6] Kanyaahna, kangewana, timburuna, kabeh kabawa paeh, moal bisa cumarita deui dina sagala anu kajadian di dunya.[7] Anu matak mending bek dahar, pek geura senang-senang, leguk inum anggurna, geura sukan-sukan, da ku Allah ge diridoan.[8] Sing senang, sing gumbira sapapanjangna.[9] Enggoning ngalakonan hirup anu mubadir teh — hirup paparin ti Allah tea — pek pake senang-senang jeung pamajikan. Poe-poe anu mubadir teh anggur pake ngabagjakeun awak, sabab ngan eta buruhna tina hese cape.[10] Naon anu dipigawe, pigawe enya-enya, da ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter. Pasti kasorang eta teh engke.[11] Aya deui anu kasaksi ku kami: Di dunya mah nu tarik lumpatna ge tara salawasna meunang balap. Nu gede wawanen tara salawasna unggul tarung, anu pinter tara salawasna bisa nyiar kipayah, anu encer uteukna tara salawasna bisa beunghar, anu boga kamampuh tara salawasna meunang pangkat luhur, kawantu aya apesna masing-masing.[12] Manusa taya nu nyaho kana papastenna. Ibarat manuk anu kajiret ku tataheunan, ibarat lauk anu karungkup ku heurap, urang oge nyaho-nyaho geus kacerek ku apes.

Mazmur 10:2-12
[2] Nu jarahat reujeung angkuh nindes ka nu balangsak; eurad eta jelema-jelema teh ku jiretna sorangan.[3] Nu jarahat nyombongkeun napsu-napsu jahatna, nu harawek nyapa sareng nganistakeun PANGERAN.[4] Jalma jahat teu malire ka PANGERAN; ceuk pikirna anu sombong Allah teh euweuh.[5] Nu jarahat teh naranjung dina sagala hal. Maranehna teu bisa ngarti kana hukum Allah, ka musuh salawasna nguntup.[6] Hatena takabur, ”Aing moal bisa gagal, moal keuna ku balangsak.”[7] Eusi omonganana panyapa, tipu, ancaman; kecap-kecapna pinuh ku kangewa jeung jahat.[8] Maranehna nyarumput di lembur-lembur, niat ngabinasa ka nu henteu salah, ngadodoho jelema nu taya dayana,[9] ngabongohan ti panyumputanana cara singa. Ngadepong ngadago jalma malarat, nu balangsak dieuradan terus digusur.[10] Korban-korbanna ngalungsar taya dayana, eleh ku kabedasanana.[11] Si jahat ngomong sorangan, ”Allah cicing bae! Peureum bae, moal nenjoeun ka aing!”[12] Nun PANGERAN, hukum eta nu jarahat teh! Sing emut ka nu balangsak!

Amsal 16:17-27
[17] Jalma hade mah lampahna nyingkiran pibalahieun. Ku sabab eta kudu ati-ati lampah, sangkan rahayu.[18] Adigung temahna ancur, angkuh temahna rubuh.[19] Mending oge rendah hate jeung taya kaboga, ti batan milu ka jalma angkuh jeung milu kacemekan ku barang beunangna ngarampas.[20] Sing tigin kana piwulang, supaya lulus nya maksud. Masing ngandel ka PANGERAN, malar meunang kabagjaan.[21] Jalma bijaksana anu sawawa, kaciri tina pangartina; tina carana nyarita, omonganana beuki tambah ngayakinkeun.[22] Hikmah teh sumber hirupna jalma anu bijaksana, tapi mapatahan jelema gejul mah ka hambur-hambur waktu.[23] Jalma berbudi mah memeh ngomong dipikir heula, jadi anu diucapkeunana teh bisa leuwih ngayakinkeun.[24] Ucap darehdeh ibarat madu, nya amis nya alus keur kasehatan.[25] Aya jalan anu disangka pisalameteun, padahal brasna kana pipaeheun.[26] Kajurung ku lapar, nu kuli mah beuki soson-soson digawena, sangkan bisa buru-buru dahar.[27] Jelema jahat mah ngan neangan bae jalan picilakaeun batur. Malah ucap-ucapna ge ngagudag-gudag ku kajahatan.

Mazmur 36:1-12
[1] Pikeun pamingpin biduan. Ti Daud abdi PANGERAN.[2] Dosa teh ngomong di jero hate jelema jahat. Hate jelema doraka teu weleh kaangsonan ku dosa, ka Allah teu sieun-sieun, Allah ku manehna ditoker.[3] Pangrasana dirina teh hebat, pamikirna dosana moal dihukum ku Allah, da Allah teu uningaeun.[4] Saucap-ucapna jahat, tipu malulu, tara pisan nyieun lampah hade jeung bijaksana.[5] Di enggon, bari ngedeng teh ngalamun kajahatan boro-boro nyieun kahadean, ngagugulukeun bae kadorakaan.[6] Nun PANGERAN, satia asih Gusti sundul ka langit, kasatiaan Gusti maratan mega.[7] Kaadilan Gusti lir gunung tanpa tutugan, adilna lir jerona jaladri. Manusa sareng margasatwa, ku Gusti diraksa diriksa.[8] Satia asih Gusti mulya luhur, nun Allah! Kalangkang jangjang Gusti, ngiuhan abdi sadaya.[9] Abdi-abdi sugema ku seueurna tedaeun ti Gusti, sareng dipasihan nginum ti walungan asihing Gusti.[10] Gusti teh sumbering hirup sadaya mahluk, ku terangna cahaya Gusti, abdi bisa ningal caang.[11] Mugi langgeng mikaasih ka sakur nu terang ka Gusti langgeng midamel kasaean ka jalmi anu balener.[12] Nu aradigung teh sina ulah narajang ka abdi, eta nu jarahat teh ulah diantep ngusir abdi.

Amsal 1:8-19
[8] Anaking! Turutkeun papatah nu jadi bapa, gugu pitutur nu jadi indung.[9] Papatahna matak alus kana ahlak, lir kongkorong atawa sorban nambahan pantes kana dangdanan.[10] Anaking! Mun aya nu jahat ngagoda, kahade ulah kabawa.[11] Bisi upama carekna, ”Euy, urang datangan Si Anu, urang paehan. Geura resep mergasana, sanajan taya pasalna.[12] Ayeuna mah ingkeun sina ngeunah-ngeunah heula. Tapi ati-ati mun urang geus datang, jangji paeh ku urang![13] Barang-barangna urang rampas, urang akutan ka imah.[14] Hayu, engke dibere bagian.”[15] Kade anaking, tong daek. Anggur jauhan.[16] Maranehna teu betah cicing lamun can nyieun kajahatan, salawasna ngan hayang geura maehan.[17] Mun manuk geus nyahoeun ti heula, cumah ditaheunan oge.[18] Tah jelema anu kitu, ibarat naheunkeun burang eukeur dirina sorangan, keur mergasa nyawana sorangan.[19] Memang kitu jalma nu hirupna tina rarampog, tega kana patina sorangan.

Yesaya 59:4-15
[4] Mun indit ka pangadilan lain rek ngadegkeun kaadilan, maraneh mah hayang meunang padu, datang ka ngabohong. Sagala pangreka ngan pikeun ngusrukkeun batur.[5] Eta niat-niat anu jarahat teh ngabahyakeun, kawas endog oray matih ana megar nya jadi oray! Tapi eta paniatan-paniatan maraneh teh moal aya paedahna, ibarat baju anu bahanna tina ramat lancah![6] ***[7] Rarancang-rarancang maraneh salawasna pidorakaeun bae. Jeung ari geus aya niat kitu teh maraneh nepi ka teu sabar ngadago. Ka nu teu boga salah nepi ka teu asa- asa maehan. Ka mana bae maneh datang, inditna ninggalkeun karuksakan jeung kaancuran.[8] Lamun maraneh aya di hiji tempat, saurang ge moal aya jalma nu aman. Sagala kalakuan maraneh euweuh nu adil. Jalan maraneh bulat-beulit, anu nempuh eta jalan moal aya nu salamet.[9] Ceuk jalma-jalma, ”Nyaho ayeuna mah naon sababna Allah teh ngajait kuring ti anu ngagencet. Leumpang hayang kacaangan, tapi poek bae,[10] nepi ka utag-atog kawas nu lolong. Ti beurang ge titajong kawas ti peuting, asa poek kawas di dunyana anu paraeh,[11] sieun, nalangsa. Kacida ngarep-ngarepna hayang ku Allah dihanjatkeun tina kasangsaraan, tina kasalahan. Tapi lapur![12] Nun PANGERAN, kajahatan abdi-abdi ka Gusti kacida seueurna, ngadakwa ka diri abdi sorangan. Kalintang rumaosna.[13] Abdi-abdi parantos baha, parantos teu nurut ka Gusti. Ngajepit ka pada jalmi, mungkur ti Gusti. Palsu pikiran, palsu omongan.[14] Tebih tina rasa adil, anggang tina bebeneran. Di tempat-tempat umum, anu leres tibebes, anu jujur tikusruk.[15] Jalmi jujur parantos langka, dugi ka anu henteu pipilueun kana kajahatan jadi korban kajahatan.” PANGERAN geus uningaeun kana eta kaayaan. Manah-Na hareneg ningali teu aya kaadilan.

Yeremia 18:8-20
[8] tapi upama eta bangsa teh tobat, eureun tina lampahna nu jahat, eta pangandika Kami moal dilaksanakeun.[9] Nya kitu deui hiji bangsa atawa karajaan anu geus disebut ku Kami rek dipelak atawa diadegkeun,[10] tapi upama eta bangsa teu nurut ka Kami sarta migawe kagorengan, Kami moal tulus ngabuktikeun eta pangandika.[11] Jadi bejakeun ayeuna ka urang Yuda jeung urang Yerusalem yen Kami keur nyieun rarancang pikeun ngalawan maranehna sarta geus sadia pikeun ngahukumna. Titah, maranehna kudu eureun tina cara hirup anu pinuh ku dosa, kudu ngomean kalakuan jeung lampahna.[12] Tangtu ku maranehna dijarawab kieu, ’Ah, keur naon tobat! Mending kieu cara ayeuna, bedegong, goreng, kuma kahayang.’ ”[13] PANGERAN nimbalan, ”Tanyakeun ka unggal bangsa, naha geus kungsi kajadian hal nu saperti kitu? Urang Israil geus nyarieun kalakuan anu pohara parnana![14] Cik ari poponclot-poponclot karang di Gunung Libanon kungsi henteu katutup ku salju? Jeung walungan ti eta gunung, anu caina nyecep tiis, naha kungsi saat?[15] Tapi umat Kami mah nepi ka paroho ka Kami, ngararukus ka brahala-brahala. Maranehna geus titarajong di jalan nu disorangna, teu nuturkeun deui jalan heubeul anu bener, nu dituturkeunana teh jalan anu teu make tetenger.[16] Ieu nagri ku maranehanana geus dijieun tempat anu pikasieuneun sarta jadi bahan pamoyok. Sakur anu ngaliwat ka dinya, tingraranjug ku tetenjoanana, garogodeg mangherankeun.[17] Umat Kami rek disina paburisat hareupeun musuh-musuhna, lir kekebul katebak angin ti wetan. Ku Kami rek ditonggongan; lamun balahina geus datang, maranehna moal ditulungan.”[18] Geus kitu jelema-jelema teh ngaromong kieu, ”Yermia urang arah, sina cilaka! Imam pikeun ngawulang mah loba keneh, anu palinter geusan mamatahan urang moal kurang, sarta nabi anu baris nguarkeun timbalan Allah oge salawasna aya bae. Urang kelakkeun jeung omonganana ulah didarenge deui.”[19] Seug kaula neneda, ”Nun PANGERAN, dangukeun ieu piunjuk abdi. Oge dangukeun omongan eta musuh-musuh abdi tina hal diri abdi.[20] Naha pantes kasaean dibales ku kajahatan? Maranehna parantos ngarali lombang keur ngagebruskeun abdi. Gusti emut, abdi sok ngadeuheus ka Gusti, ngabelaan maranehanana, mangnedakeun supados Gusti ulah kantos ngabudalkeun bebendu ka maranehanana.

Amsal 11:6-27
[6] Kaadilan nyalametkeun jalma jujur. Ari tukang cidra cilaka ku sarakahna.[7] Jalma jahat ana paeh, harepanana ge paeh. Harta banda teu bisa dipake andelan.[8] Kasusahan moal datang ka jalma saleh, datangna ka jalma jahat.[9] Omongan jalma jahat matak binasa, sabalikna hikmah jelema saleh mah matak salamet.[10] Anu jujur ana meunang bagja, sanagara milu suka. Sabalikna jalma jahat mah ana paeh pada nyurakan.[11] Ku restuna jalma-jalma jujur, kota bisa alus. Sabalikna ku omongan jalma-jalma jahat mah kota teh ruksak.[12] Ngahina batur kalakuan anu gejul. Nu lantip mah sungutna repeh.[13] Jelema laer biwir moal bisa dibawa rasiah. Sabalikna nu satia layak dipercaya.[14] Bangsa bakal runtuh lamun taya anu mingpin, sabalikna bisa kuat lamun loba juru nasehatna.[15] Ulah sasanggupanan mangnanggungkeun hutang batur, bisi kaduhung. Leuwih aman teu pipilueun.[16] Istri lungguh mah hormateun, sabalikna awewe teu boga budi mah nista. Jalma kedul mustahil rek boga duit. Nu rikat usahana mah pibeunghareun.[17] Lamun urang bageur tangtu loba anu mikaheman. Kejem mah sarua jeung nyiksa maneh.[18] Jelema jahat mah najan beubeunangan ge taya mangpaʼatna. Sabalikna mun pagawean urang bener, tangtu meunang ganjaran.[19] Boga niat rek milampah hade tangtu baris jamuga. Tapi mun keukeuh boga niat jahat, tinangtu bakal tiwas.[20] Angen-angen jahat kaceuceub PANGERAN, ari lampah bener nyukakeun kana manah-Na.[21] Sing yakin, nu jahat tangtu dihukum, nu bener tangtu luput tina siksaan.[22] Istri geulis tanpa kaperyogaan, saibarat anting emas dina cungur bagong.[23] Angen-angen jelema bener, salawasna alus jadina. Sabalikna jelema jahat, ana kahayangna laksana, matak ambek saban jalma.[24] Aya jalma anu bisa samemena make duitna, tapi kalah ka beuki beunghar. Ari nu pohara cecelna kalah ka tambah kokoro.[25] Nu balabah babari meunang rejeki. Nu resep tutulung babari meunang pitulung.[26] Anu sok nahan pare ngadago undakna harga bakal pada nyumpahan. Ari dijual harita mah pada maruji.[27] Maksud maneh lamun hade tangtu pada ngahargaan. Sabalikna neangan pisusaheun mah tangtu meunang kasusahan.

Ayub 15:1-35
[1] ”Omong kosong Ayub, omong kosong![2] ***[3] Jelema pinter mah pamohalan nyarita kitu, euweuh pisan eusina, teu bisa dipake ngabela diri.[4] Omongan saperti kitu matak kapok jelema sieun ku Allah, matak ngahalang-halang jalma sasambat ka Mantenna.[5] Saban ucapan nyirikeun kereteg hate nu goreng, mindingan kasalahan ku nganggit-nganggit ucapan.[6] Teu dicela ku kuring ge anjeun teh geus kacela ku omongan sorangan.[7] Dikira anjeun teh manusa nu pangheulana? Na nyaksian waktu Allah ngadamel gunung-gunung,[8] atawa geus kabeneran ngadenge rancangan-rancangan Allah? Ngan anjeun bae kitu nu boga kapinteran teh?[9] Anu anjeun nyaho, taya sarupa anu kuring teu nyaho,[10] da kuring ge pinter, beunang guguru ti nu geus caretuk dawuk, anu gumelarna ka dunya beh ditueun bapa anjeun.[11] Allah ka anjeun geus maparin panglipur, ku naon embung narima? Kuring nyarita teh kalawan asma Mantenna tur sakecap-kecapna sakieu leuleuyna.[12] Bet anjeun kalah ka napsu, ka kuring nepikeun ka tibubuncelik.[13] Ka Allah nepikeun ka wani jengkel, wani nyalahkeun.[14] Na aya manusa anu enya henteu boga kasalahan, anu bener di payuneun Allah?[15] Dalah ka para malaikat-Na ge Allah teh teu percanten, da eta ge keur Mantenna mah taya nu beresih pikiranana.[16] Komo jalma sipat ruksak taya harga, kawantu tuman notor kagorengan, mani dileguk kawas cai.[17] Yeuh bandungan ieu kanyaho kuring anu bener,[18] beunang guguru ti nu palinter. Tur aranjeunna ge beunang guguru deui ti sepuh-sepuhna, sarupa ge teu aya anu henteu diajarkeun.[19] Di nagri aranjeunna taya pisan urang asing, taya saurang nu baris nyasabkeun aranjeunna ti Allah.[20] Mungguh jalma jahat tukang ngakaya batur, saumur-umur hirupna ngan gegebegan,[21] soara pikasieuneun kadenge ku manehna, eukeur jongjon ngeunah-ngeunah, ana gerebeg teh digarong.[22] Turug-turug taya taksiran bisa nyingkiran poek, sabab di mana-mana geus nyampak gobang rek maehan.[23] Manuk nu bareuki daging geus ngadaragoan, rek ngaharakanan bangkena. Karasaeun yen dirina geus teu boga harepan,[24] balaina geus ngajega, megat rek ngarogahala, cara lakuning raja perkasa.[25] Tah kitu nasib jelema anu ngamang-ngamang peureup ka Allah teh, nantang ka Anu Maha Kawasa.[26] Jalma kitu gede hulu, ku bedegong-bedegongna ka Allah ge wani ngudag, nangtang tarung bari ngacung-ngacung tameng.[27] ***[28] Eta teh sok ngajabelan kota-kota ngarampasan imah-imah batur anu ditinggalkeun kabur. Tapi eta kota-kota jeung imah-imah teh baris tumpur ku perang.[29] Beungharna moal bisa lila sagala pangabogana moal aya nu awet umurna, malah kalangkang dirina ge bakal musna.[30] Pamohalan ucul tina pepeteng, kaayaanana lir tangkal anu dahan-dahanna geus garareheng ku seuneu, sarta kembangna beak murudul ku angin.[31] Lamun ngandelkeun kagorengan, lantaran gejul, ganjaranana ge kagorengan deui.[32] Hirupna ngararas samemeh mangsa, lir dahan geus ngarangrangan moal bisa seger deui.[33] Lir tangkal anggur anu buahna geus beak samemeh asak, lir tangkal jetun nu marurag kembangna.[34] Jalma jahat mah moal boga turunan, imah meunang nyieun tina panyogok mah bakal beak kaduruk.[35] Kitu temahna tukang julig tukang nyieun kagorengan mah, anu angen-angenna pinuh ku hasud.”

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society