A A A A A

Tambahan: [Narkoba]


Ef 5:18
Nginum anggur ulah nepi ka mabok, matak ruksak awak, sabalikna kudu kacicingan ku Roh Allah.

Galatia 5:19-21
[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,[20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,[21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.

1 Korintus 6:19-20
[19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.[20] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.

1 Petrus 5:8
Sing caringcing taki-taki, sabab Iblis musuh aranjeun keur guar-gaur kawas singa, kukulayaban neangan leglegeun.

1 Korintus 5:11
Nu dimaksud teh ulah campur jeung jelema anu ngaku saiman tapi kalakuanana nirca, ingkar tina susila, atawa hawek, atawa nyembah ka arca, atawa tukang mitenah, atawa resep mabok, atawa bangsat. Diuk bareng dahar oge jeung jelema kitu mah ulah!

1 Timotius 5:23
Ku lantaran hidep geringan, nginum ulah cai wungkul, perlukeun saeutik mah nginum anggur keur ngabantu padaharan.

Amsal 20:1
Anggur ari loba teuing mah matak ngacapruk kawas nu burung. Daek mabok mah bodo kabina-bina.

Wahyu 21:8
Sabalikna anu jejerih ku paeh, anu hianat, anu murtad, anu maehan, anu tuna susila, tukang sihir, anu muja brahala, jeung tukang bohong, bagianana paeh kadua, nya eta lautan seuneu jeung walirang.”

Wahyu 9:21
Maranehna teu tarobat, maehan keneh, muhit keneh kana elmu-elmu gaib, rucah, maling.

1 Petrus 4:7
Sagala perkara geus deukeut kana panganggeusan. Jadi aranjeun sing waspada jeung sayaga, supaya inget kana neneda.

Amsal 4:23
Masing asak nya mikir, sabab anu nangtukeun watek hirup teh nya pikiran tea.

1 Petrus 1:13
Ku sabab eta kudu sadia-sadia. Kudu sayaga sarta sing anteb ngarep-ngarep sih kurnia Allah anu bakal dipaparinkeun dina waktu Yesus Kristus sumping engke.

Wahyu 18:23
Moal tembong deui cahaya lampu, moal aya deui sora panganten lalaki panganten awewe. Para padagang maneh pangkawasana di saalam dunya, sarta maneh nipu sagala bangsa ku elmu-elmu sihir maneh!”

Matius 27:34
Yesus disina ngaleueut anggur anu dicampuran hamperu. Tapi sanggeus diraosan Anjeunna teu kersaeun.

1 Korintus 6:9-19
[9] Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui,[10] atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah.[11] Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang.[12] Aya anu ngomong, ”Kuring rek kitu rek kieu ge meunang.” Memang, tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun aya mangpaʼatna. Sim kuring oge bisa ngomong kitu, rek kitu rek kieu meunang, tapi sim kuring mah embung dibudakkeun ku naon oge.[13] Aya anu ngomong, ”Dahareun keur eusi beuteung, beuteung eusianeun dahareun.” Bener, tapi duanana ku Allah bakal dieuweuhkeun. Raga lain pikeun sapatemon anu ingkar tina susila, tapi pikeun ngalalayanan Gusti, Gusti anu miara raga urang.[14] Allah geus ngahirupkeun deui Gusti tina maot, kakawasaana-Na bakal ngahirupkeun urang oge.[15] Aranjeun tarerang, raga urang teh jadi bagian anggahota tina salira Kristus. Wenang sim kuring make salah sahiji anggahota salira-Na, dipake sapatemon jeung awewe palacuran? Paliyas![16] Atawa bisi aranjeun tacan tarerang, lalaki anu sapatemon jeung awewe palacuran teh badanna jadi hiji jeung awewena. Hal ieu eces diterangkeunana dina Kitab Suci, ”Duanana jadi sadaging.”[17] Tapi saha-saha anu nyatunggalkeun diri ka Gusti, rohna jeung Roh Anjeunna jadi ngahiji.[18] Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.[19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.

1 Tesalonika 5:6-8
[6] Jadi ulah kaheesan kawas nu sejen, kudu tetep eling jeung caringcing.[7] Peuting mah jalma-jalma sarare, sarta nya ti peuting jalma-jalma marabok.[8] Tapi urang mah kabawah ku beurang, kudu mencrang pikiran. Pake baju kere, nya eta percaya ka Kristus, jeung silih pikanyaah; pake balakutak, nya eta pengkuh pangharepan yen bakal disalametkeun.

1 Korintus 10:13
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

Amsal 23:29-35
[29] Tembongkeun ka Bapa jalma anu loba teuing nginum inuman keras da hayang ngumbar panglamunan. Ku Bapa rek ditembongkeun kaayaanana anu cilaka jeung nyiksa maneh, salilana ngan nyusahkeun bari humandeuar. Matana beureum getih, awakna aleumeur, tur padahal kituna teh bisa disingkiran ku dirina.[30] ***[31] Jadi poma hidep ulah kagoda ku anggur inuman, sanajan warnana beureum pikabitaeun, sarta cahayana mani ngenclong, sarta rasana niʼmat ngageleser dina tikoro.[32] Ana isukna geus lilir, awak karasa nyareri asa dipacok ku oray matih,[33] tetenjoan asa lalewang, teu bisa mikir, ngomong ge asa balelol.[34] Rarasaan asa keur di tengah lautan, mabok laut, asa kaapungkeun kana congo tihang layar.[35] Heug bae ngacaprak, magar teh, ”Aya nu neunggeul ka aing. Aing aya nu neunggeulan, tapi poho deui jelemana. Iraha nya aing rek nyaring teh? Hayang nginum deui.”

Yohanes 10:10
Bangsat datangna ngan arek maling, ngarogahala, jeung ngabinasa. Ari Kami mah malar supaya umat harirup sarta carukup.

1 Tesalonika 5:6
Jadi ulah kaheesan kawas nu sejen, kudu tetep eling jeung caringcing.

1 Korintus 6:10
atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah.

Yesaya 5:11
Cilaka maraneh! Isuk-isuk ari hudang ari gep kana inuman. Peutingna kitu keneh, ngarinum nepi ka peuting datang ka marabok.

Titus 1:7-8
[7] Ku sabab tua-tua teh pamingpin jamaah anu nguruskeun padamelan Allah, tangtu ulah aya codekana, ulah gumede, ulah barangasan, ulah pamabokan, ulah bengis, ulah mata duiteun.[8] Kudu someah ka semah, resep migawe nu hade. Kudu bisa nahan diri, jujur, suci, taʼat kana aturan.

Titus 3:1
Jalma-jalma teh ingetan ku hidep yen kudu tunduk ka pamarentah, ka nu nyarekel kawasa nagara, taʼat tur siap ngalakonan sarupaning anu hade.

Yohanes 1:2
Ti mimiti keneh Pangandika teh geus sasarengan jeung Allah.

Roma 13:13
Tingkah laku masing luyu sakumaha pantesna hirup dina caangna beurang — ulah pepestaan bae, ulah mabok, ulah rucah, ulah aeb, ulah gelut, ulah dengki.

Galatia 5:16
Anu dipimaksud ku sim kuring teh nya eta, sing narurut kana panuyun Roh Allah, ulah nurut kana kahayang napsu.

Roma 13:1-2
[1] Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah, sabab henteu aya pamarentah anu teu karana widi Allah. Jadi pamarentah anu ayeuna eukeur oge geus kersaning Allah.[2] Saha bae, anu ngalawan ka pamarentah, sarua jeung ngalawan kana aturan anu geus ditangtukeun ku Allah, anu ngalawanna tangtu meunang hukuman.

1 Korintus 6:9-10
[9] Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui,[10] atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah.

1 Petrus 5:10
Lamun sangsara geus liwat, da moal lila, Allah nu kagungan saniskara sih kurnia, anu geus nyaur aranjeun sangkan milu kana kamulyaana-Na ku jalan satunggal jeung Kristus, bakal nyampurnakeun, nguatkeun jeung mageuhkeun kaayaan aranjeun.

Filipi 1:6
Ku hal eta sim kuring yakin ieu pagawean anu diawitan ku Allah teh bakal tumuluy jeung bisa anggeus dina poean Gusti sumping.

Roma 15:13
Mugia Allah, sumber pangharepan urang, ka aranjeun maparin kasukaan jeung kanugrahaan lantaran aranjeun percaya ka Mantenna, supaya ku pangdeudeulna Roh Suci, aranjeun tetep ngaharep ka Mantenna.

Mazmur 34:17
tapi ka nu jarahat mah Mantenna ngalawan anu matak nu jarahat mah lamun geus maraot, gancang dipopohokeun.

Ibrani 12:1
Jadi urang teh disaksian ku anu sakitu lobana di sakurilingeun urang. Anu matak hayu sakur anu matak beurat jeung dosa anu napel pageuh dina diri urang teh urang piceun, supaya bisa nempuh pangbalapan nu keur dilakonan.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society