A A A A A

Tambahan: [Hukuman mati]


Roma 6:23
Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.

Kisah Para Rasul 25:11
Saupami jisim abdi lepat, milampah anu manjing hukum pati, jisim abdi moal embung paeh. Sawangsulna upami pakelakan maranehna teu aya buktosna, moal aya nu tiasa maksa nyerenkeun jisim abdi ka maranehna. Jisim abdi nyuhunkeun apel ka Prabu.”

Wahyu 21:8
Sabalikna anu jejerih ku paeh, anu hianat, anu murtad, anu maehan, anu tuna susila, tukang sihir, anu muja brahala, jeung tukang bohong, bagianana paeh kadua, nya eta lautan seuneu jeung walirang.”

Imamat 20:10-13
[10] Sing saha anu ngaranyed ka pamajikan batur sasama Israil kudu dipaehan jeung awewena.[11] Sing saha anu ngajinahan salah sahiji pamajikan bapana, teu ngendahkeun ka nu jadi bapa, kudu dipaehan jeung awewena. Kudu paraeh ku salahna sorangan.[12] Sing saha anu jinah jeung minantu awewe kudu dipaehan jeung awewena, sabab kanircaanana manjing hukum paeh. Kudu paeh ku salahna sorangan.[13] Sing saha anu silih jima jeung papada lalaki, hiji kalakuan anu pikagirukeun, kudu dipaehan duanana. Kudu paraeh ku salahna sorangan.

Keluaran 21:12-17
[12] ”Anu ngarogahala nepi ka paeh kudu dipaehan.[13] Tapi lamun maehanana teh geus tariking cilaka, lain ku karana niat, kudu kabur ka hiji tempat. Pitempateunana ku Kami bakal diayakeun.[14] Sabalikna lamun maehanana ku karana amarah atawa neuteuli, sanajan kabur kana altar Kami kudu dipaehan.[15] Anu neunggeul ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan.[16] Anu nyulik, boh keur jualeun boh keur badega sorangan, kudu dipaehan.[17] Anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan.

Keluaran 22:19
Jalma anu ngajima sato kudu dipaehan.

Ulangan 22:24
Giring duanana ka luareun kota, baledogan ku batu datang ka paeh. Nu matak kudu paeh duanana sabab: Nu awewe basa dianu teh sakitu di kota henteu jejeritan menta tulung; nu lalaki lantaran manjingan parawan papacangan batur. Ku jalan diparaehan, eta kadorakaan teh dieuweuhkeun ti maraneh.

Ulangan 13:5
Hukum paeh sakur tukang norah impian, atawa nabi anu ngicuk-ngicuk sangkan maraneh ngalawan ka PANGERAN, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir urut maraneh dibadegakeun. Eta jelema teges doraka, ngagembang ka maraneh ngajak ingkar tina lampah hirup anu dipundut ku PANGERAN. Paehan bae, supaya maraneh luput tina dosa sarupa kitu.

Imamat 24:16
dipaehan. Saha bae, boh urang Israil boh nu sejen nu aya di Israil anu ngagogoreng jenengan PANGERAN kudu dibaledogan ku batu ku sajamaah.

Ulangan 21:18-21
[18] ”Upamana, aya jelema boga anak wangkelang resep ngalawan, bedang ka kolot teu kalis ku dihukum.[19] Ku kolotna kudu diserenkeun ka kokolot-kokolot kota pamatuhanana sina diadilan.[20] Kecap nyerenkeunana kieu, ’Ieu pun anak teh bedang, wangkelang tukang ngalawan, awuntah kana artos, sareng resep mabok.’[21] Si basangkal teh kudu dibaledogan ku batu ku jalma rea nepi ka paeh. Jadi eta anu jahat teh dieuweuhkeun ti maraneh. Perkarana sina kauar-aer supaya urang Israil anu sejenna sarieuneun.”

Ulangan 17:6
Tapi samemeh prak kudu aya saksi heula duaan atawa leuwih, anu ngaenyakeun kana dosana. Lamun saksina ngan saurang, ulah tulus dipaehan.

Imamat 20:27
Sing saha anu menta nasehat ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh, sabab kalakuan kitu teh manjing hukum paeh.”

Bilangan 15:32-36
[32] Hiji mangsa waktu urang Israil di tanah gurun keneh, aya hiji jelema kanyahoan ngala suluh dina poe Sabat.[33] Tuluy dideuheuskeun ka Musa jeung Harun jeung ka sakumna bangsa Israil,[34] sarta dijaga lantaran tacan terang kudu dikumahakeun.[35] PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Eta kudu dipaehan. Paehan di luareun pasanggrahan, baledogan ku batu ku sarerea.”[36] Seug eta jelema teh dibawa ka luareun pasanggrahan tuluy dipaehan, dibaledogan ku batu ku sarerea sakumaha piwarangan PANGERAN.

Imamat 20:2-9
[2] pikeun urang Israil, ”Anu mikeun salah saurang anakna pikeun sarat ngabakti ka si Molek aallahan tea, boh ti kalangan maraneh boh ti nu sejen anu narumpang di maraneh, ku sakabeh jelema kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh.[3] Anu nyerenkeun salah saurang anakna ka si Molek pikeun maksud nyumahkeun kasucian Kemah jeung kasucian jenengan Kami, ku Kami tangtu dilawan sarta moal diaku deui umat.[4] Upama anu boga kalakuan kitu ku jamaah diantep teu dipaehan,[5] bakal dilawan ku Kami pribadi, boh manehna saanak pamajikanana, boh nu marilu teu satia ka Kami ngabarakti ka si Molek, ku Kami moal diaku deui umat.[6] Jelema anu menta pituduh ka tukang nyarumah bakal dilawan ku Kami, jeung moal diaku deui umat.[7] Masing marulus kalakuan, sabab Kami teh PANGERAN Allah maraneh.[8] Masing narurut kana pikukuh-pikukuh Kami, sabab maraneh geus dipilih ku Kami, PANGERAN.”[9] Ti dinya PANGERAN nurunkeun pikukuh-Na, ”Sing saha anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan, sabab manjing hukum paeh.

Imamat 24:17
Sing saha anu maehan kudu dipaehan.

Ulangan 17:12
Sing saha anu wani-wani nolak putusan ti hakim jeung imam-imam anu keur tugas, kudu dipaehan, supaya eta kadorakaan tumpes ti Israil.

Keluaran 21:14
Sabalikna lamun maehanana ku karana amarah atawa neuteuli, sanajan kabur kana altar Kami kudu dipaehan.

Kejadian 9:6
Manusa teh dijadikeunana sarimbag jeung Kami. Ku sabab eta, sing saha anu maehan manusa, baris dipaehan deui ku sasama manusa.

Keluaran 20:13
Ulah maehan.

Roma 13:1-7
[1] Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah, sabab henteu aya pamarentah anu teu karana widi Allah. Jadi pamarentah anu ayeuna eukeur oge geus kersaning Allah.[2] Saha bae, anu ngalawan ka pamarentah, sarua jeung ngalawan kana aturan anu geus ditangtukeun ku Allah, anu ngalawanna tangtu meunang hukuman.[3] Pikeun warga anu hade kalakuanana, pamarentah teh moal matak sieun. Matak sieun soteh pikeun warga anu jahat. Aranjeun harayang sangka henteu ngarasa sieun ku anu keur nyekel pamarentahan? Atuh masing hade kalakuan, tangtu ku itu dipuji,[4] da itu jenengna teh jadi kawula Allah pikeun kamaslahatan wargana. Ari aranjeun jahat mah puguh bae jadi sieun, da pamarentah teh boga kawasa pikeun ngahukum. Pamarentah teh kawula Allah pikeun ngalaksanakeun Hukum Allah ka wargana anu jahat.[5] Eta sababna aranjeun kudu narurut ka pamarentah. Lain ku dumeh sieun meunang hukuman, tapi pangpangna mah kudu ngarasa geus sawajibna.[6] Ieu keneh sababna pang aranjeun kudu malayar pajeg, lantaran pamarentah teh kawula Allah anu keur ngajalankeun aturan Mantenna.[7] Jadi, bayar sakur anu kudu dibayar ka pamarentah, boh pajeg lamun kudu mayar pajeg, boh cuke lamun kudu mayar cuke. Hargaan pamarentah, ajenan.

Yohanes 8:3-11
[3] Sabot kitu aya guru-guru agama jeung urang Parisi mawa hiji awewe anu kacerek keur jinah.[4] Eta awewe ditangtungkeun hareupeun sarerea. ”Guru,” ceuk maranehna, ”ieu awewe katangkep keur jinah.[5] Awewe kitu nurutkeun Hukum Musa kudu dipaehan, dibaledogan ku batu. Kumaha ari ceuk Pa Guru?”[6] Maranehna saenyana ngadoja, ngarah kalepatan Anjeunna. Tapi Anjeunna anggur dongko, curat-coret dina taneuh ku rema-Na.[7] Maranehna maksa marenta diwaler. Yesus cengkat ajeg, tuluy ngalahir, ”Saha anu teu boga dosa, nu mana bae, pek maledog pangheulana ka eta awewe.”[8] Anjeunna dongko deui curat-coret dina taneuh kawas tadi.[9] Diwaler kitu jelema-jelema anu ngadaroja teh tingkolesed saurang-saurang, nungtutan ti nu kolotan heula, ahirna ngan kari Yesus jeung awewe tea.[10] Yesus cengkat tuluy ngalahir, ”Ka marana maranehna? Euweuh anu ngahukum ka maneh?”[11] ”Sumuhun teu aya, Juragan,” walonna. ”Kami oge moal ngahukum,” saur Yesus, ”jig geura mulang, tapi ulah deui-deui nyieun dosa.”]

Matius 5:17
”Ulah nyangka yen Kami datang teh rek ngeuweuhkeun Hukum Musa jeung pangajaran nabi-nabi. Pang Kami datang teh malah rek ngalaksanakeun eta, jeung rek nuduhkeun hartina nu saenyana.

Kejadian 9:5-6
[5] Lamun aya anu ngala pati manusa tangtu dihukum. Sato anu maehan manusa, ku Kami baris dihukum paeh.[6] Manusa teh dijadikeunana sarimbag jeung Kami. Ku sabab eta, sing saha anu maehan manusa, baris dipaehan deui ku sasama manusa.

Matius 5:38-39
[38] ”Aya deui timbalan: ʼMata bayar mata, huntu bayar huntu.ʼ[39] Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge.

Ulangan 22:22
Upamana, aya lalaki di hiji kota kanyahoan manjingan pamajikan batur. Tangkep duanana, paehan. Ku jalan dipaehan, eta kadorakaan teh dieuweuhkeun ti maraneh.

Roma 12:19
Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.”

Roma 13:9
Parentah-parentah anu ungelna, ”Maneh ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah bogoh ka barang batur,” kitu deui parentah-parentah sejen salengkepna, diringkeskeun jadi hiji parentah anu ungelna, ”Maneh kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”

Matius 7:5
Eh nu marunapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, kakara bisa awas mangnyabutkeun tatal tina panon dulur maraneh.

Imamat 20:14
Sing saha nu kawin nya ka anakna nya ka indungna, kudu diduruk tiluanana nepi ka paeh ku karana eta kalakuanana; hal anu saperti kitu pacuan aya di maraneh.

Imamat 21:9
Upama anak imam jadi dayang, eta teh nyumahkeun kalungguhan bapana, hukumanana kudu paeh diduruk.

Imamat 24:14-23
[14] ”Bawa eta jelema ka luareun pasanggrahan. Sakur anu ngadenge ngagogorengna ka Kami kudu numpangkeun leungeun kana hulu eta jelema, tanda ngaenyakeun eta jelema teh salah, geus kitu jelemana baledogan ku sarerea make batu nepi ka paeh.[15] Urang Israil bere nyaho yen anu ngagogoreng jenengan Allah kudu narima wawales,[16] dipaehan. Saha bae, boh urang Israil boh nu sejen nu aya di Israil anu ngagogoreng jenengan PANGERAN kudu dibaledogan ku batu ku sajamaah.[17] Sing saha anu maehan kudu dipaehan.[18] Sing saha anu maehan pipiaraan batur kudu ngaganti. Sabab hutang nyawa bayar nyawa.[19] Anu nyacadan batur kudu dicacadan deui.[20] Nu mateuhkeun pateuhan deui, nu mecakan pecakan deui, nu ngompongan ompongan deui. Naon bae kalakuanana anu ngalantarankeun batur jadi ruksak, kudu dibales kitu deui.[21] Nu maehan pipiaraan batur sakadar kudu ngaganti, tapi nu maehan jelema mah kudu dipaehan.[22] Ieu hukum teh pikeun maraneh kabeh urang Israil, jeung oge pikeun urang asing anu caricing di maraneh, karana Kami teh PANGERAN, Allah maraneh.”[23] Sanggeus Musa misaur, seug eta jelema teh ku urang Israil dibawa ka luareun pasanggrahan tuluy dibaledogan ku batu nepi ka paeh. Pangandika Allah ka Musa perkara eta ku urang Israil geus dilaksanakeun.

2 Samuel 12:13
Waler Daud, ”Kaula tarima dosa ka PANGERAN.” Piunjuk Nabi Natan, ”Sawangsulna dosa Sang Raja ku PANGERAN dihapunten. Sang Raja moal pupus ayeuna-ayeuna.

Roma 5:8
Tapi Allah mah geus nembongkeun asih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.

Ulangan 5:17
Maraneh ulah maehan.

Lukas 23:33
Sanggeus narepi ka hiji tempat anu disebut ”Tangkorek”, Yesus disalib di dinya jeung dua penjahat tea, kiwaeun jeung tengeneuna-Na.

Matius 7:1
”Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society