A A A A A

Tambahan: [Kanibalisme]


Yeremia 19:9
Nu araya di jero kota bakal silih hakan pada batur, malah nepi ka ngahakan anak sorangan, lantaran dikepung rekep ku musuh-musuhna anu niat rek maehan.”

Yehezkiel 5:10
Ku banget-bangetna eta siksaan, di Yerusalem teh indung jeung bapa nepi ka tega ngahakan anak, anak oge nepi ka ngahakan indung bapa. Nepi ka kitu bangetna siksaan ti Kami. Ari sakarina anu harirup keneh, ku Kami arek diawurkeun ka mana mendi.

Imamat 26:29
Maraneh bakal ngahakan anak sorangan bawaning ku kalaparan.

2 Raja 6:28-29
[28] Aya sual naon?” Wangsulna, ”Nun, ieu awewe kamari ieu ngajak ngahakan pun anak, sanggemna enjingna giliran anakna anu kedah diteda.[29] Nya lajeng pun anak ku abdi dikulub, diteda sareng manehna. Ari dongkap kana giliran anakna bet diulahkeun, anakna disumputkeun!”

Ratapan 4:10
Kacilakaan bangsa kuring estu pikasieuneun, indung-indung nu gede kanyaahna ge nepi ka tega ngulub anak sorangan jadi dahareun.

Ratapan 2:20
Duh PANGERAN, tingali ieu kenging Gusti nyasaak! Para indung dugi ka tega ngahakan anak anu tuman dititimang. Imam-imam, nabi-nabi, diparaehan di jero Bait Gusti pisan.

Ulangan 28:53-57
[53] Maraneh moal maranggih dahareun, lantaran kota-kota ditingker musuh. Awahing ku taya pisan dahareun, tungtungna anak oge paparin ti PANGERAN Allah maraneh, dihakan.[54] Golongan ningrat ge ku sabab sarua ditingker musuh, sarua kabalangsakna. Sakumaha lemes budina ge mo burung nepi ka ngahakan anak da teu manggih deui dahareun. Malah nepi ka embung kasoro; ka dulur, ka pamajikan kameumeut, ka anak nu can kahakan, kuat teu mere.[55] ***[56] Pon kitu keneh ningrat-ningrat wanitana, anu tuman tara nincak-nincak acan kana taneuh bawaning ku beunghar, sarua kabalangsakna lantaran dikepung musuh. Tungtungna da teu manggih deui dahareun, teu kalis ku lemes budi, orokna anu kakara borojol katut jeung balina pisan didahar. Ka salaki, kajeun sakumaha geugeutna, kitu deui ka barudakna, boro-boro mere, ngadaharna ge susulumputan.[57] ***

Kejadian 1:26-27
[26] Allah ngandika, ”Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang. Urang sina murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan, boh sato piaraanana, boh sato leuweungna, nu galede, nu laleutik.”[27] Lajeng Allah ngadamel bangsa manusa nyeples Mantenna. Ngadamelna lalaki jeung awewe.

2 Korintus 5:8
Nya ieu anu ngalantarankeun hate sim kuring teteg teh. Anu matak sim kuring mah mending ucul tina badan nu ayeuna, supaya bisa cicing ngahiji jeung Gusti.

Lukas 16:19-26
[19] ”Aya hiji jelema beunghar, papakeanana bangsa anu pangmarahalna, saban poe hirupna royal.[20] Aya deui hiji jelema, ieu mah miskin, ngaranna Lasarus, awakna pinuh ku borok, sok diuk gigireun panto jelema beunghar tea,[21] bari ngarep-ngarep aya sesemplekan roti anu murag tina meja makanna, jang ngeusi beuteungna nu lapar. Borokna dilaletakan ku anjing.[22] Ki miskin teh maot, ku para malaikat tuluy dibawa ka Ibrahim, dipernahkeun gedengeunana, tempat utama. Nu beunghar tea ge maot, dikubur.[23] Satengahing keur ngararasakeun kanyeri anu pohara di dunyana anu paraeh, manehna tanggah, beh ti kajauhan nenjo Ibrahim, jeung Lasarus anu diuk digedengeunana.[24] Tuluy manehna gegeroan, ʼAma Ibrahim! Sing hawatos ka abdi, Lasarus sina ka dieu, sina nyelupkeun ramona saeutik kana cai keur ngabaseuhan letah abdi supados rada tiis. Abdi teu tahan dina ieu seuneu, liwat saking nyerina.ʼ[25] Waler Ibrahim, ʼIh anaking, sing inget, hidep mah waktu keur hirup keneh geus meunang anu aralus, ari Lasarus mah anu garoreng. Ayeuna Lasarus kari senangna di dieu, hidep kari sangsarana di dinya.[26] Jeung deui ti dieu ka dinya teh aya jungkrang jero pisan, mustahil beunang dipeuntasan; nu ti dieu moal bisa ka dinya, nu ti dinya moal bisa ka dieu.ʼ

Wahyu 20:11-15
[11] Geus kitu kaula nenjo hiji tahta gede warna bodas sarta aya nu nyalikan. Bumi jeung langit leungit ngejat ti payuneuna-Na, teu tembong deui.[12] Kaula nenjo oge jelema-jelema anu geus paraeh, gede leutik, narangtung hareupeun eta tahta. Kitab-kitab dibaruka, jeung aya deui hiji kitab sejen meunang muka, nya eta kitab catetan nu harirup. Eta jelema-jelema diputus hukumanana, luyu jeung kalakuanana masing-masing sakumaha anu dicatet dina kitab-kitab tea.[13] Laut nyerenkeun jelema-jelema paraeh anu aya dina genggemanana. Maot jeung alam maot nyerenkeun jelema-jelema paraeh anu aya dina genggemanana. Kabeh diputus hukumanana satimpal jeung kalakuanana.[14] Geus kitu Maot jeung alam maot digebruskeun ka lautan seuneu. (Ieu lautan seuneu teh nya eta paeh kadua.)[15] Jelema-jelema anu ngaranna henteu aya dina kitab anu harirup, digebrus-gebruskeun ka eta lautan seuneu.

Ulangan 28:53
Maraneh moal maranggih dahareun, lantaran kota-kota ditingker musuh. Awahing ku taya pisan dahareun, tungtungna anak oge paparin ti PANGERAN Allah maraneh, dihakan.

1 Korintus 14:34-35
[34] wanita di jero pajemuhan kudu repeh. Wanita teu meunang nyoara; kitu nurutkeun Hukum urang Yahudi, wanita teu meunang pipilueun.[35] Lamun aya tanyakeuneun lantaran hayang nyaho, tanyakeun ka salaki bae lamun geus aya deui di imah. Hina wanita mah nyarita di jero pajemuhan teh.

Lukas 1:37
Sabab mungguh di Allah mah henteu aya anu mustahil.”

Yohanes 1:1
Ari nu disebut Pangandika teh geus jumeneng ti memeh ieu dunya dijadikeun; Pangandika sasarengan jeung Allah, Pangandika sarua jeung Allah.

Ulangan 28:57
***

1 Timotius 2:11-15
[11] Awewe mah kudu lungguh andalemi,[12] ka salaki ulah kumawani, ulah marentah atawa mamatahan.[13] Sabab anu dipidamel ku Allah teh Adam heula, kakara Hawa.[14] Tapi anu kawujuk jeung ngarempak larangan Allah teh Hawa, lain Adam.[15] Tapi awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun. Kitu ge kudu reujeung pengkuh kana ibadah, boga kanyaah, beresih lampah, basajan pamolah.

1 Timotius 5:3-16
[3] Ka randa-randa anu enyaan randana sing hormat.[4] Tapi lamun randana boga anak atawa incu, anakna atawa incuna heula papatahan sina ngurus ka eta indungna atawa ninina, males budina, luyu jeung parentah agama. Lampah kitu sapuk jeung kersa Allah.[5] Randa anu geus nunggelis nepi ka taya anu baris ngurus, tinggal ngaharep ka Allah, sina neneda ka Mantenna beurang peuting, nyambat pitulung-Na.[6] Tapi randa anu resep senang-senang, eta mah hirup keneh ge sasat geus paeh.[7] Geuing, wurukan, supaya hirupna ulah aya celana.[8] Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.[9] Randa anu umurna can genep puluh taun ulah waka diasupkeun kana daptar. Jeung deui: bogana salaki ngan sakali,[10] kalakuanana kaceluk mulus, bener rumawatna ka anak, akuan ka semah, daek asor ngalakonan kawajiban keur sasama saiman, daek nalang ka nu susah, jeung gumati kana gawe nu harade.[11] Randa nu ngarora keneh tong diasupkeun kana daptar, bisi ari teu tahaneun hayangeun kawin deui tuluy nirca ti Kristus,[12] ngalanggar ikrarna ka Anjeunna yen moal kawin deui.[13] Jeung ongkoh sok dialajar natangga ka saban imah. Malah aya nu leuwih goreng ti kitu, dialajar ngupat, campur kana urusan batur, jeung ngobrolkeun anu teu parantes.[14] Nu matak randa-randa ngora mah mending karawin deui bae sina baroga anak, sina ngurus rumah tangga, sangkan lawan urang teu manggih bahan omongkeuneun pikeun ngagogoreng.[15] Da aya randa-randa anu nirca tuluy milu ka setan.[16] Jeung lamun di hiji kulawarga aya randana, eta kulawarga wajib ngabayuan anggotana anu geus jadi randa, ulah neumbleuhkeun ka jamaah, keun jamaah mah sina laluasa ngabayuan randa-randa anu geus teu baroga baraya.

1 Korintus 11:2-16
[2] Nuhun aranjeun aringet ka sim kuring sarta tigin kana pangajaran sim kuring.[3] Tapi aya keneh anu aranjeun perlu terang, nya eta: Kristus teh sirah sakabeh lalaki; salaki sirah pamajikan; Allah mastaka Kristus.[4] Dina kumpulan ibadah, lalaki anu sembahyang atawa ngumumkeun amanat Allah make tutup sirah, eta ngahina ka Kristus.[5] Sabalikna awewe dina kumpulan ibadah, lamun sembahyang atawa ngumumkeun amanat Allah henteu make tutup sirah, eta ngahina ka salaki, taya bedana ti awewe anu digundulan.[6] Sabab lamun awewe henteu daek make tiung leuwih hade ngagunting buukna. Tapi awewe mah kapan hina lamun sirahna dicukur atawa buukna digunting teh, anu matak kudu make tiung.[7] Lalaki teu perlu make tutup sirah, sabab lalaki teh gambar Allah katut kaagungana-Na. Ari awewe gambar kamulyaan lalaki,[8] sabab lain lalaki anu dijadikeun ti awewe, tapi awewe anu dijadikeun ti lalaki.[9] Lalaki dijadikeunana lain pikeun awewe, tapi awewe anu dijadikeunana pikeun lalaki.[10] Ku sabab kitu awewe kudu make tiung sirah, pikeun nyirikeun aya dina bawahan kakawasaan salakina, jeung tanda mandang ka para malaikat.[11] Tapi sanajan kitu ge pikeun urang mah anu hirup di Gusti, awewe henteu lesot ti lalaki, lalaki henteu lesot ti awewe.[12] Sabab sanajan awewe dijadikeun ti lalaki, tapi lalaki oge dijurukeun ku awewe, sarta pang aya saniskara teh Allah anu ngajadikeunana.[13] Pek ku aranjeun rarasakeun, naha pantes dina pakumpulan, awewe sembahyang ka Allah teu make tiung sirah?[14] Alam sorangan netelakeun yen buuk panjang pikeun lalaki mah teu pantes.[15] Sabalikna pikeun awewe mah malah jadi kaendahan. Buukna nu panjang teh kapan pikeun nutup sirahna.[16] Upama aya anu ngabantah kana hal ieu, jawabanana kieu: Urang mah, kitu deui jamaah Allah, teu boga adat sejen salian ti eta.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society