A A A A A

Tambahan: [Patah hati]


1 Korintus 13:7
tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna.

1 Petrus 5:7
Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.

1 Samuel 16:7
Tapi dawuhan PANGERAN, ”Ulah nenjo kana dedegna, ulah ngareret kana kasepna. Eta mah teu kapake. Pamilih Kami teu sarua jeung pamilih jelema. Jalma mah nenjo luarna, Kami mah nilik eusina.”

2 Korintus 5:7
Sabab hirup sim kuring mah dasarna teh rasa percaya, lain panenjo.

2 Korintus 12:9
Tapi waler-Na, ”Kurnia Kami ka maneh geus cukup, sabab kakawasaan Kami paling matih ana maneh keur lembek.” Ku sabab kitu sim kuring mah lembek oge agul, bungah pisan, da bakal bisa ngarasa kana panangtayungan kakawasaan Gusti.

Ibrani 13:5
Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya. Sabab dawuhan Allah, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.”

Yesaya 6:1
Dina taun pupusna Raja Usia kaula ningal PANGERAN, keur linggih dina tahta-Na anu luhur, jubah-Na minuhan Bait Allah.

Yesaya 41:10
Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.

Yesaya 57:15
Kami teh Allah anu maha luhur jeung suci, anu jumeneng salalanggengna. Panglinggihan Kami luhur jeung suci, tapi Kami oge ngareujeungan ka anu rarendah hate jeung tarobat, geusan mulihkeun kayakinan jeung pangharepanana.

Yeremia 29:11
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.

Yohanes 3:16
Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.

Yohanes 12:40
”Panonna ku Allah geus dilolongan, hatena sina basangkal, sangkan panonna ulah narenjo, pikiranana ulah ngalarti, sina ulah tarobat ka Kami, dawuhan Pangeran, ulah harayangeun dicalageurkeun ku Kami.”

Yohanes 14:1
”Maraneh ulah salempang,” saur-Na deui. ”Sing percaya ka Allah, sarta sing percaya ka Kami.

Yohanes 14:27
Maraneh ku Kami rek ditinggalan kakertaan, kakertaan Kami pribadi, anu beda tina kakertaan asal ti dunya. Ulah honcewang, ulah baringung, ulah rarisi.

Yohanes 16:33
Ieu kabeh ku Kami dibejakeun, supaya maraneh sarenang hate ngahiji ka Kami. Maraneh ku dunya bakal dikaniaya, tapi sing taleger, sabab dunya geus eleh ku Kami.”

Lukas 24:38
Tapi Anjeunna ngalahir deui, ”Ku naon sarieun? Ku naon hate maraneh cangcaya?

Markus 11:23
Kami ngabejaan: Saha bae ge bisa nitah ka ieu pasir sina ngajungjung terus ngunclungkeun maneh ka laut, tangtu kajadian. Tapi ulah cangcaya, kudu percaya enya-enya dina hate yen omonganana bakal kajadian.

Matius 5:8
Bagja jelema anu hatena mulus beresih, sabab bakal wawuh ka Allah!

Matius 11:28
Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun.

Amsal 3:5
Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.

Mazmur 34:18
Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna.

Mazmur 51:17
Tulungan abdi nyanggem, nun PANGERAN, sangkan muji-muji ka Gusti.

Mazmur 55:22
Ucap-ucapanana memang sareh, tapi hatena pinuh ku kangewa; omonganana laleucir ibarat minyak, tapi seukeut matak raheut kawas pedang.

Mazmur 147:3
Hate nu ancur ku Mantenna disina cageur, raheut-raheutna dibeberan.

Wahyu 21:4
Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui. Sakur nu heubeul geus sirna.”

Roma 8:28
Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.

Roma 12:2
Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.

Amsal 4:23
Masing asak nya mikir, sabab anu nangtukeun watek hirup teh nya pikiran tea.

Amsal 3:5-6
[5] Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.[6] Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.

1 Korintus 6:19-20
[19] Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.[20] Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.

Filipi 4:6-7
[6] Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.[7] Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.

Matius 11:28-30
[28] Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun.[29] Turut parentah Kami sarta diajar ka Kami. Kami teh lemah lembut jeung rendah hate, sarta maraneh bakal ngarasa reureuh.[30] Sabab parentah-parentah Kami mah gampang, sarta momotan ti Kami hampang.”

Mazmur 34:1-22
[1] Jabur Daud, waktu pura-pura owah hareupeun Abimelek nepi ka diusir tuluy angkat.[2] Kaula seja nganuhunkeun ka PANGERAN saban waktu, moal eureun muji Mantenna.[3] Seja muji sugri padamelana-Na, sina kadenge ku nu keur diteungteuinganan, malar hatena lipur.[4] Hayu urang ngembarkeun kaagungan PANGERAN, urang bareng muji jenengana-Na![5] Kaula sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna diwaler, dibebaskeun tina sagala kasieun.[6] Nu dikaniaya ngaharep ka PANGERAN, hatena jadi bungah pangharepanana hamo gaplah.[7] Nu balangsak teh sasambat ka Mantenna, seug dikabul, dibebaskeun tina karupekanana.[8] Anu ajrih ka PANGERAN, dijaga ku malaikat-Na, dijait tina bahaya.[9] Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN. Bagja jalma nu nyalindung ka Mantenna.[10] Sing hormat ka PANGERAN, he sakabeh umat-Na! Nu satuhu ka Mantenna moal aya kakurang.[11] Singa aya kalana lapar teu beubeunangan, tapi nu taʼat ka PANGERAN mah, moal nyorang kakurangan.[12] He para rumaja, ka darieu regepkeun, Bapa rek papatah hal hormat ka PANGERAN.[13] Maraneh harayang hirup senang? Harayang panjang umur jeung hirup genah?[14] Ulah goreng ucap jeung ulah bohong.[15] Jauhan kajahatan, lampahkeun kahadean usahakeun karapihan sakuat tanaga.[16] PANGERAN nitenan ka jalma bener, tur ngadangukeun panyambatna,[17] tapi ka nu jarahat mah Mantenna ngalawan anu matak nu jarahat mah lamun geus maraot, gancang dipopohokeun.[18] Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna.[19] PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.[20] Jalma bener memang loba kasusahna, tapi pasti ku PANGERAN dijait tina sakabeh karerepetna.[21] Ku PANGERAN diraksa sagala-galana, sahiji ge tulangna moal aya nu potong.[22] Anu jahat mah tangtu paeh ku kajahatanana, anu mikageuleuh ka nu bener, pinasti dihukum.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society