A A A A A

Tambahan: [Bakat]


Ef 2:10
Urang teh dadamelan Allah, diwangun dina kasatunggalan jeung Kristus Yesus pikeun ngalampahkeun kahadean-kahadean anu diparentahkeun ku Allah.

Keluaran 35:10
”Sakur anu baroga kaahlian barang jieun, kudu nyarieun barang-barang pamundut PANGERAN, nya eta:

Yakobus 1:17
Anu ti sawarga mah kabeh oge kurnia jeung berkah anu hade jeung sampurna, paparin ti Allah anu ngayakeun caang di langit, Allah nu teu owah gingsir, sarta lain anu jadi lantaran poek kana naon bae.

Amsal 22:29
Kungsi maneh manggih jelema anu hade gawena? Jalma kitu henteu pantes aya dina lingkungan jelema biasa, sabab layak aya dina lingkungan raja-raja.

Yeremia 4:4-5
[4] Kudu satia kana jangji maraneh jeung Kami, PANGERAN maraneh, pasrahkeun diri ka Kami, eh urang Yuda jeung urang Yerusalem! Lamun teu kitu, amarah Kami baris hurung lir seuneu ku tina dosa-dosa nu dilampahkeun ku maraneh. Tangtu amarah Kami ngagedur tur moal aya nu bisa mareuman.”[5] Tiup tarompet di sakuliah tanah! Celukkeun sing tarik, sing tetela! Bejaan urang Yuda jeung urang Yerusalem kudu maruru ka kota-kota nu aya bentengna.

1 Korintus 12:5-6
[5] Carana ngabdi rupa-rupa, ari nu diabdianana mah Gusti anu hiji.[6] Jelema anu ngabdi ka Gusti boga kamampuh masing-masing, eta kamampuh asalna ti Allah anu hiji.

1 Petrus 4:10-11
[10] Berkah Allah anu katarima ku masing-masing teh beda-beda. Berkah anu pangmunelna kudu dipake nyieun kahadean ka batur, tandaning aranjeun hade dina nyekel jeung ngurus sih kurnia Allah.[11] Anu sok mere pitutur, anu kudu dipitutur teh dawuhan-dawuhan Allah. Anu ngajalankeun tugas kudu rumasa yen dipaparin tanaga ku Allah, supaya dina sagala perkara matak jadi puji ka Allah ku karana Yesus Kristus, anu kagungan kamulyaan jeung kakawasaan salalanggengna. Amin.

Keluaran 31:3-5
[3] dieusian pangawasa Kami, dibere pangarti, kaahlian, jeung pangabisa kana juan-jieun rupa-rupa barang seni,[4] mahir ngareka-reka jeung migawe barang-barang karajinan tina emas, perak, jeung tambaga;[5] mahir meulah inten, ngukir kayu, kitu deui sarupaning barang-barang seni.

Matius 5:14-16
[14] Maraneh di dunya teh minangka caang. Kota anu ngadeg di luhur pasir moal bisa dibunian.[15] Moal aya anu nyeungeut lampu tuluy dituruban ku gentong, tangtu diteundeun dina parantina, sangkan nyaangan ka sakur nu di imah.[16] Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, sangkan dipiconto kalakuan maraneh nu hade, supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh nu jumeneng di sawarga.”

Matius 6:1-4
[1] ”Dina ngalakonan anu diwajibkeun ku agama, kade ulah nyiri-nyirikeun maneh. Sabab lamun kitu maraneh moal meunang ganjaran naon-naon ti Rama maraneh nu di sawarga.[2] Mere sidekah ka nu miskin ulah ditembong-tembong ka batur. Ulah cara anu marunapek sok karitu di tempat ngabakti atawa di jalan, hayang katangar balabah ngarah dipuji. Tah eta ganjaran maranehna mah, sakitu-kituna.[3] Jadi ari nulung ka nu miskin teh sing rikip, batur anu dalit ge ulah nyahoeun.[4] Ulah hayang kanyahoan ku batur. Sabab najan rikip ge pitulung maraneh teh ku Rama nu di sawarga mah kauninga, sarta Mantenna baris ngaganjar.”

Roma 12:3-8
[3] Sim kuring anu geus ngarasakeun murah asih-Na, hayang mere pepeling ka aranjeun: Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna. Ngukur diri kudu reujeung rendah hate, luyu jeung gedena iman paparin ti Allah.[4] Lir upama badan, hiji tapi anggahotana rupa-rupa,[5] kaayaan urang oge kitu. Lobaan, rupa-rupa, tapi ku sabab geus ngahiji jeung Kristus, urang teh geus dihijikeun jadi sabadan.[6] Rahmat kabisa anu katampa ku urang masing-masing rupa-rupa, digunakeunana kudu cocog jeung maksad Allah anu maparinkeunana. Rahmat kana bisa ngawawarkeun warta ti Allah, gunakeun kana ngawawarkeun eta warta, luyu jeung getering iman.[7] Rahmat kana bisa nulung, gunakeun kana tutulung; rahmat kana bisa ngawuruk, gunakeun kana ngawuruk;[8] rahmat kana bisa ngagedekeun hate batur, gunakeun kana ngagedean hate batur. Saha bae, lamun mere kudu reujeung balabahna, nungtun kudu reujeung enya-enya, mere kahadean kudu reujeung senang hate.

1 Korintus 12:1-11
[1] Ayeuna sual kurnia-kurnia ti Roh Suci anu ditanyakeun ku aranjeun tea. Memang aranjeun kudu terang kana hal eta, dulur-dulur![2] Waktu tacan jadi umat Kristus, aranjeun nyarembah ka brahala anu bisu taya hirupna. Tangtu ayeuna karasa eta teh salah.[3] Aranjeun kudu tarerang, jelema anu diaping ku Roh Suci moal sanggupeun nyumpahan ”Yesus sing disapa!” jeung moal aya anu bisa ngaku ”Yesus teh Gusti”, lamun henteu ditungtun ku Roh Suci.[4] Kurnia anu sipatna rohani teh rupa-rupa, tapi kabeh asal ti Roh anu hiji.[5] Carana ngabdi rupa-rupa, ari nu diabdianana mah Gusti anu hiji.[6] Jelema anu ngabdi ka Gusti boga kamampuh masing-masing, eta kamampuh asalna ti Allah anu hiji.[7] Urang masing-masing ku Roh Suci anu nyicingan diri urang dipaparin kamampuh anu mandiri, tapi kabeh pikeun pimangpaʼateun jalma rea.[8] Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh pinter nyarita, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun maksud dawuhan Allah.[9] Ku eta Roh aya anu dipaparin kayakinan anu luar biasa, aya anu dipaparin kamampuh bisa nyageurkeun kasakit.[10] Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh bisa nyieun kaajaiban-kaajaiban, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngawejang, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngabedakeun kamampuh anu asal ti eta Roh jeung anu asalna lain ti eta Roh. Aya anu dipaparin kamampuh bisa nyarita dina basa-basa anu ajaib, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun hartina eta basa-basa.[11] Eta kamampuh-kamampuh kabeh asalna ti Roh eta keneh. Maparinna ka masing-masing beda-beda, kumaha kersana eta Roh.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society