A A A A A

Tambahan: [Bunuh diri]


2 Samuel 17:23
Ari Ahitopel sanggeus pirempugna henteu kapake, clak bae kana kalde, mulang ka lemburna. Sanggeus wawasiatan, gurawil ngagantung maneh. Tuluy dikuburkeun di makam kulawargana.

Yesaya 41:10
Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.

Yesaya 55:11
nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami, ku eta tangtu dilaksanakeun.

Yeremia 29:11
Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.

Yohanes 10:10
Bangsat datangna ngan arek maling, ngarogahala, jeung ngabinasa. Ari Kami mah malar supaya umat harirup sarta carukup.

1 Yohanes 4:4
Tapi anaking, maraneh mah cangkingan Allah. Maraneh geus bisa ngelehkeun nabi-nabi palsu, sabab Roh anu aya di aranjeun leuwih punjul ti batan roh anu asal ti dunya.

Markus 16:16
Salamet anu percaya kana eta wawaran sarta dibaptis. Sabalikna cilaka anu arembung percaya.

Mazmur 55:22
Ucap-ucapanana memang sareh, tapi hatena pinuh ku kangewa; omonganana laleucir ibarat minyak, tapi seukeut matak raheut kawas pedang.

Roma 8:1-2
[1] Pikeun anu hirupna ngahiji jeung Kristus Yesus, hukuman teh geus teu aya,[2] sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa jeung maot ku Roh Allah, nya eta anu ngalantarankeun urang ngahiji jeung Kristus Yesus.

Roma 8:38-39
[38] Sim kuring estu yakin, pamohalan aya anu bisa megatkeun kaasih Anjeunna ka urang: Pati, hirup, malaikat-malaikat, pangawasa-pangawasa langit lianna, ancaman jaman nu ayeuna, nu engke,[39] nu di langit, nu di bumi — cindekna sagala ciciptan moal aya anu bisa megatkeun asihna Allah ka urang, sakumaha anu geus diterapkeun ka urang ku jalan Kristus Yesus Gusti urang.

Matius 27:3-4
[3] Barang Yudas, si hianat, nyahoeun yen Yesus diragragan hukum pati, kacida kaduhungeunana, seug bae duit anu tilu puluh gebleg perak teh dibawa deui ka imam-imam kapala jeung para kokolot.[4] ”Kuring dosa, geus ngahianat ka jelema nu taya salahna nepi ka diragragan hukum pati!” pokna. Dijawab, ”Sabodo teuing, eta mah urusan maneh!”

Mazmur 34:18-19
[18] Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna.[19] PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.

1 Samuel 31:3-5
[3] Perang beuki campuh beuki ragot sakuriling Saul. Saul tatu parna pisan, keuna ku jamparing-jamparing musuh.[4] Seug anjeunna nimbalan ka budak ngora tukang mawa pakarangna, ”Cabut pedang maneh, tubleskeun ka kami, bisi urang Pelisti umat brahala teh aratoheun manten narenjo kaayaan kami tuluy ngarogahala.” Tapi eta budak ngora teu wanieun, malah kacida sieuneunana. Ku sabab kitu Saul nyabut pedangna, bles nubleskeun anjeun kana eta pedang.[5] Nenjo Saul pupus, bles deui budak ngora teh nubleskeun maneh kana pedang, maot paragat nuturkeun Saul.

1 Raja 16:15-20
[15] Simri mimiti jadina raja Israil dina taun kadua puluh tujuh Raja Asa nyangking nagara Yuda. Calikna di Tirsa, ngarajaanana ngan tujuh poe. Harita balad Israil keur ngepung kota Gibeton di tanah Pelisti.[16] Barang balad ngadarenge yen Simri baha jeung maehan raja, seug harita keneh, di dinya keneh ngajenengkeun Panglima Omri jadi raja Israil.[17] Omri sabaladna mulih ti Gibeton tuluy ngepung kota Tirsa.[18] Barang nangenan yen eta kota geus ragrag, Simri lebet ka benteng di jero karaton, ger karaton diduruk, sarta anjeunna oge tiwas kaduruk,[19] bayaran lampahna midamel dosa ka PANGERAN. Teu beda ti Yarobam anu saheulaeunana, Simri oge matak bendu PANGERAN, midamel dosa sarta ngalantarankeun urang Israil marigawe dosa.[20] Lalampahan Simri jeung hal ngabelotna, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

Hakim 9:50-55
[50] Ti dinya Abimelek ngepung kota Tebes, sarta tuluy ditalukkeun.[51] Di eta kota aya hiji munara kacida wewegna. Pangeusi kota eta, lalaki, awewe, katut para pamingpinna lalumpatan ka dinya, tuluy ngonci maneh di jero, naraek ka tempat nu pangluhurna.[52] Barang datang ka dinya arek ngagempur eta munara, Abimelek nanjak ngadeukeutan pantona, maksudna eta panto rek dihuru.[53] Tapi ti luhur munara aya awewe ngaragragkeun batu panggilingan, ninggang kana sirahna nepi ka rengat.[54] Geuwat anjeunna nyaur budak ngora purah mawa pakarang anjeunna, pok marentah, ”Cabut eta pedang, sabetkeun ka kami. Kami embung kasebutkeun paeh ku awewe.” Seug budak ngora teh narajang ka anjeunna, seug anjeunna maot.[55] Sanggeus kanyahoan Abimelek maot, urang Israil baralik ka imah-imahna.

Hakim 16:25-30
[25] ***[26] Misaur Simson ka budak anu nungtun, ”Kami tungtun, arek nyabak tihang ieu gedong, arek nyarande ka dinya.”[27] Eta gedong keur pinuh ku jelema, lalaki, awewe. Raja-raja Pelisti limaanana kumpul di dinya. Nu di loteng oge aya kira-kira tilu rebu urang, lalaki, awewe, harayang lalajo Simson ngabodor.[28] Simson neneda, kieu panedana, ”Nun PANGERAN Nu Maha Agung mugi sing emut ka abdi. Nun Allah, mugi abdi paparin deui kakiatan sakali ieu deui bae, supados sakali naur, abdi tiasa nebus dua siki panon anu dicokel ku urang Pelisti.”[29] Geus kitu Simson nyepeng kana dua tihang anu nyangga eta gedong, sabeulah ku panangan kiwa, sabeulah ku panangan tengen, tuluy didonca,[30] bari anjeunna ngagero, ”Kajeun aing paeh bareng jeung urang Pelisti!” Anjeunna terus ngadonca sataker tanaga. Gedong teh ambrug pisan, ninggang ka lima raja, ka sakabeh anu di darinya. Urang Pelisti anu paraeh jeung Simson harita, leuwih loba ti batan anu dipaehan ku anjeunna waktu keur jumenengna.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society