A A A A A

Tambahan: [Perbudakan]


1 Korintus 7:21
Lamun keur waktu disaur keur jadi abdi, teu kudu jadi pikiran. Ngan lamun aya kasempetan bebas, eta kasempetan gunakeun.

1 Petrus 2:16-18
[16] Hirup aranjeun kudu sakumaha jalma merdika, tapi kamerdikaan teh ulah dipake nyimbutan kagorengan, nya kudu sakumaha layakna jelema anu ngawula ka Allah.[17] Kudu ngajenan ka unggal jelema, kudu nyaah ka papada batur sakapercayaan, kudu sieun ku Allah, kudu hormat ka Prabu.[18] Anu ngagandek kudu nurut ka dunungan, boh lamun dunungan teh bageur jeung amis budi, boh lamun dunungan teh kasar jeung bengis.

1 Timotius 1:10
keur nu teu boga ahlak, keur nu cabul patemon, keur culik, keur tukang bohong, keur nu sok mere panyaksi palsu, jeung sajaba ti eta anu ingkar tina pangajaran anu bener,

1 Timotius 6:1
Gandek-gandek kudu mandang yen dununganana teh jelema nu wajib dihormat, supaya ulah aya jelema anu ngagogoreng kana jenengan Allah jeung kana pangajaran agama urang.

Kolose 3:22
Para badega dina sagala rupa kudu ngesto ka dunungan anu di dunya, saregep teh ulah ngan keur di hareupeunana pedah hayang kaalem. Ngawula teh kudu ku karana iklas jeung ku karana isin ku Gusti.

Kolose 4:1
Aranjeun, para dunungan, ka gandek kudu adil jeung jujur. Kudu aringet, aranjeun oge kapan keur ngadunungan ka dunungan nu di sawarga.

Ulangan 23:15
”Badega anu kabur ti nu bogana sarta menta dibelaan, ku maraneh ulah diserenkeun deui ka nu bogana.

Ulangan 24:7
Anu nyulik sasama urang Israil keur pibadegaeun atawa keur jualeun ka pasar, kudu dipaehan, sangkan eta kajahatan ulah aya di Israil.

Ef 6:5-9
[5] Aranjeun, gandek-gandek, kudu ngesto ka dunungan aranjeun anu di dunya, kudu ngadegdeg sieun. Pigawe parentahna sing iklas lir ngesto ka Gusti.[6] Saregep ulah ngan keur diawaskeun bae ngarah dialem, kudu jorojoy tina hate lir ngalampahkeun pangersa Allah jeung Kristus.[7] Lampahkeun kawajiban reujeung hate senang lir ngalampahkeun kawajiban ti Gusti ongkoh, lain ti jelema bae.[8] Inget, saha-saha ge ari hade gawe mah aya ganjaranana ti Gusti, boh gandek boh lain gandek.[9] Aranjeun, para dunungan, kalakuan ka gandek-gandek kudu sarua, jeung ulah sok ngancam. Inget, boh gandek-gandek aranjeun boh aranjeun sorangan, masing-masing ngadunungan ka Anjeunna, Dunungan nu di sawarga anu henteu pilih kasih.

Keluaran 21:2
Lamun maraneh meuli jelema bangsa Ibrani pikeun jadi badega, eta jelema ngabadegana kudu genep taun. Dina taun katujuhna kudu dimerdikakeun, teu kudu mayar naon-naon.

Keluaran 21:7-32
[7] Badega awewe anu dijual ku kolotna ulah dibebaskeun, teu cara badega lalaki.[8] Lamun dijualna terus dipibojo ku dununganana, upama dununganana geus teu resepeun, kudu dijual deui ka bapana, teu meunang dijual ka jalma sejen, sabab ari kitu mah neungteuinganan.[9] Lamun aya anu meuli badega awewe seug dijodokeun ka anakna, hakna eta badega kudu disaruakeun jeung anakna anu awewe.[10] Anu enggeus boga pamajikan, lamun boga pamajikan hiji deui, hak pamajikanana anu kahiji kitu deui sandang panganna, teu meunang kurang, kudu angger saperti samemehna.[11] Lamun eta kawajiban teu dicumponan, pamajikanana kudu dibebaskeun, sarta salakina teu meunang nyieun parurugi naon-naon.”[12] ”Anu ngarogahala nepi ka paeh kudu dipaehan.[13] Tapi lamun maehanana teh geus tariking cilaka, lain ku karana niat, kudu kabur ka hiji tempat. Pitempateunana ku Kami bakal diayakeun.[14] Sabalikna lamun maehanana ku karana amarah atawa neuteuli, sanajan kabur kana altar Kami kudu dipaehan.[15] Anu neunggeul ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan.[16] Anu nyulik, boh keur jualeun boh keur badega sorangan, kudu dipaehan.[17] Anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan.[18] Lamun aya anu gelut, pek anu saurang neunggeul make batu atawa nonjok lawanna, teu nepi ka paeh ngan nepi ka matak ngalonjor di enggon, jeung bisaeun deui leuleumpangan di luar sanajan bari kundang iteuk, anu neunggeulna henteu manjing disiksa, tapi kudu ngurus jeung kudu ngongkosan diubaranana nepi ka cageurna.[19] ***[20] Lamun aya dunungan neunggeul make panggebug ka badega lalaki atawa ka badega awewe nepi ka paeh di dinya keneh, pasti kudu dibales.[21] Lamun badegana tea hirup keneh nepi ka tilu poe, dununganana teu kudu dibales, da eta badega teh duitna.[22] Upama aya anu garelut sababaraha urang, heug anu saurang neunggeulna teh kalepasan keuna ka wanita anu eukeur kakandungan nepi ka kakandunganana kaluron, lamun awewena teu nepi ka kumaonam, nu kalepasan neunggeulna kudu didengda, sapamenta salakina kudu ditedunan, sarta mayarna kudu disaksian ku nu wajib.[23] Sabalikna lamun awewena nepi ka kumaonam, anu kalepasan neunggeul teh katempuhan: Nyawa bayar nyawa,[24] mata bayar mata, huntu bayar huntu, leungeun bayar leungeun, suku bayar suku,[25] tutung bayar tutung, bohak bayar bohak, benjut bayar benjut.[26] Lamun dunungan neunggeul kana panon badega anu lalaki atawa anu awewe, nepi ka panonna teu bisa dipake, badegana kudu dimerdikakeun, gaganti panonna.[27] Atawa upama neunggeulna kana huntu nepi ka punglak, badegana tea kudu dimerdikakeun, gaganti huntuna.”[28] ”Lamun sapi hiji jelema neunggar jelema sejen nepi ka jelemana paeh, sapina kudu dipaehan, benturan ku batu, dagingna teu meunang didahar. Anu bogana kudu dihukum.[29] Tapi lamun sapina memang galak sok teuteunggar bae, jeung nu bogana teu beunang diingetan, sapina diantep dikencar nepi ka neunggar jelema datang ka paeh, sapina kudu dipaehan, benturan ku batu, nu bogana ge kudu dipaehan.[30] Tapi upama anu bogana dimeunangkeun nebus nyawana sorangan, nya kudu mayar sakumaha gedena oge.[31] Upama neunggarna ka budak, lalaki atawa awewe, katangtuan hukumna sarua jeung eta.[32] Lamun neunggarna ka badega, lalaki atawa awewe, nu boga eta sapi kudu mayar ka dunungan eta badega tilu puluh uang perak, sapina paehan.

Galatia 3:28
Ku lantaran kitu, boh urang Yahudi, boh nu lain Yahudi, boh jelema merdeka, boh jelema kumawula, boh awewe, boh lalaki, geus henteu dibeda-beda, geus ngajadi hiji dina katunggalan jeung Kristus Yesus.

Galatia 5:1
Urang geus bebas, merdeka, geus dibebaskeun ku Kristus! Sing tetep jadi jelema bebas, ulah daraek dibudakkeun deui.

Keluaran 21:16
Anu nyulik, boh keur jualeun boh keur badega sorangan, kudu dipaehan.

Imamat 25:39
Lamun aya dulur sabangsa ngajual maneh ka maraneh bawaning ku malarat, ulah digawekeun kawas ka jelema beulian.

Lukas 4:18
”Roh Pangeran ngauban Kami. Sabab Kami ku Mantenna ditangtukeun kudu mawa warta pikabungaheun ka nu mariskin. Kami ku Mantenna diutus kudu ngabewarakeun yen: para tawanan bakal dibebaskeun, nu lalolong bakal dibareuntakeun. Nu dikaniaya baris dileupaskeun.

Filemon 1:16
mung ayeuna mah sanes sapertos bujang deui, harkatna parantos langkung ti bujang. Tegesna parantos pantes jadi dulur kanyaah lantaran percaya ka Kristus, anu ageung tulungna ka kaula! Parantos puguh deui ari pikeun anjeun mah, engke bakal ageung tulungna teh, boh saperti bujang boh saperti dulur anu tunggal percaya ka Gusti!

Amsal 22:16
Sering barang kirim ka nu beunghar, atawa ngumpulkeun kabeungharan ku ngagencet nu mariskin, engkena sorangan jadi malarat.

Titus 2:9-10
[9] Anu kumawula papatahan yen kudu ngesto ka dunungan, sing matak pikaresepeun juraganana dina sagala perkara, mun diomongan ulah nyental,[10] ulah ceceremed, sing kaciri hade watek jeung satia, sagala peta sing matak jadi puji kana piwulang hal Allah Jurusalamet urang.

Lukas 12:47-48
[47] Gandek anu nyaho kana kahayang dunungan tapi dirina teu sadia jeung henteu ngajalankeun kahayang dununganana, tangtu dirangket satakerna.[48] Ari gandek anu teu ngarti mah kana karep dununganana, sanajan nepi ka kudu dirangket oge dirangketna moal sabaraha. Anu loba narimana, loba deui nu dipenta ti dirina; beuki gede narimana, beuki gede nu dipenta ti dirina.”

Keluaran 21:20-27
[20] Lamun aya dunungan neunggeul make panggebug ka badega lalaki atawa ka badega awewe nepi ka paeh di dinya keneh, pasti kudu dibales.[21] Lamun badegana tea hirup keneh nepi ka tilu poe, dununganana teu kudu dibales, da eta badega teh duitna.[22] Upama aya anu garelut sababaraha urang, heug anu saurang neunggeulna teh kalepasan keuna ka wanita anu eukeur kakandungan nepi ka kakandunganana kaluron, lamun awewena teu nepi ka kumaonam, nu kalepasan neunggeulna kudu didengda, sapamenta salakina kudu ditedunan, sarta mayarna kudu disaksian ku nu wajib.[23] Sabalikna lamun awewena nepi ka kumaonam, anu kalepasan neunggeul teh katempuhan: Nyawa bayar nyawa,[24] mata bayar mata, huntu bayar huntu, leungeun bayar leungeun, suku bayar suku,[25] tutung bayar tutung, bohak bayar bohak, benjut bayar benjut.[26] Lamun dunungan neunggeul kana panon badega anu lalaki atawa anu awewe, nepi ka panonna teu bisa dipake, badegana kudu dimerdikakeun, gaganti panonna.[27] Atawa upama neunggeulna kana huntu nepi ka punglak, badegana tea kudu dimerdikakeun, gaganti huntuna.”

Ulangan 23:15-16
[15] ”Badega anu kabur ti nu bogana sarta menta dibelaan, ku maraneh ulah diserenkeun deui ka nu bogana.[16] Keun sina cicing di kota maraneh di mana sukaeunana, jeung ulah dikaniaya.

1 Timotius 6:1-2
[1] Gandek-gandek kudu mandang yen dununganana teh jelema nu wajib dihormat, supaya ulah aya jelema anu ngagogoreng kana jenengan Allah jeung kana pangajaran agama urang.[2] Lamun ngawulana teh ka jelema anu anut ka Kristus, ulah pedah ka nu saagama tuluy kurang ngahormat. Malah ngawulana kudu leuwih enya-enya, da anu make tanagana teh dulur sakapercayaan anu kudu dipikaheman. Ieu papatah teh ku hidep wurukkeun.

Imamat 25:44-46
[44] Lamun maraneh butuh badega, meuli ti bangsa sejen bae anu caricing di sakurilingeun maraneh.[45] Anak urang asing di tanah maraneh meunang dibeuli. Barudakna anu dijurukeunana di tanah maraneh meunang dijieun hak milik,[46] meunang diwariskeun ka anak incu sina ngabadega saumur hirup. Ka dulur sabangsa mah omat ulah ngabengisan.

Keluaran 21:2-11
[2] Lamun maraneh meuli jelema bangsa Ibrani pikeun jadi badega, eta jelema ngabadegana kudu genep taun. Dina taun katujuhna kudu dimerdikakeun, teu kudu mayar naon-naon.[3] Lamun keur waktu dibeulina tacan kawin, kaluarna kudu mawa dirina bae. Tapi lamun keur dibeulina geus boga pamajikan, kudu dimerdikakeun jeung pamajikanana.[4] Lamun bogana pamajikan teh dikawinkeun ku dununganana, sarta boga anak awewe lalaki, anu dimerdikakeun teh manehna bae, anak pamajikanana mah boga dununganana.[5] Tapi lamun eta badega teh nyebutkeun nyaah ka dununganana, pamajikanana jeung ka anak-anakna sarta embungeun dibebaskeun,[6] ku dununganana kudu dibawa ka tempat paranti ngabakti, tekenkeun ceulina kana panto atawa kana tihangna tuluy tiir, tanda yen jadi badega dununganana saumur hirup.[7] Badega awewe anu dijual ku kolotna ulah dibebaskeun, teu cara badega lalaki.[8] Lamun dijualna terus dipibojo ku dununganana, upama dununganana geus teu resepeun, kudu dijual deui ka bapana, teu meunang dijual ka jalma sejen, sabab ari kitu mah neungteuinganan.[9] Lamun aya anu meuli badega awewe seug dijodokeun ka anakna, hakna eta badega kudu disaruakeun jeung anakna anu awewe.[10] Anu enggeus boga pamajikan, lamun boga pamajikan hiji deui, hak pamajikanana anu kahiji kitu deui sandang panganna, teu meunang kurang, kudu angger saperti samemehna.[11] Lamun eta kawajiban teu dicumponan, pamajikanana kudu dibebaskeun, sarta salakina teu meunang nyieun parurugi naon-naon.”

Ef 6:5-9
[5] Aranjeun, gandek-gandek, kudu ngesto ka dunungan aranjeun anu di dunya, kudu ngadegdeg sieun. Pigawe parentahna sing iklas lir ngesto ka Gusti.[6] Saregep ulah ngan keur diawaskeun bae ngarah dialem, kudu jorojoy tina hate lir ngalampahkeun pangersa Allah jeung Kristus.[7] Lampahkeun kawajiban reujeung hate senang lir ngalampahkeun kawajiban ti Gusti ongkoh, lain ti jelema bae.[8] Inget, saha-saha ge ari hade gawe mah aya ganjaranana ti Gusti, boh gandek boh lain gandek.[9] Aranjeun, para dunungan, kalakuan ka gandek-gandek kudu sarua, jeung ulah sok ngancam. Inget, boh gandek-gandek aranjeun boh aranjeun sorangan, masing-masing ngadunungan ka Anjeunna, Dunungan nu di sawarga anu henteu pilih kasih.

Ulangan 15:12-18
[12] ”Lamun aya sasama bangsa, lalaki atawa awewe ngajual diri kumawula ka maraneh, lamun kumawulana geus genep taun, dina mimiti taun anu katujuh kudu dilepas, sina bebas.[13] Tapi ulah disina balik kitu bae teu dibekelan naon-naon.[14] Kudu dibekelan masing loba, naon bae pangaboga maneh, domba, gandum, anggur.[15] Kudu rarumasa maraneh oge bareto bubudak di Mesir, geuning ku PANGERAN Allah maraneh dileupaskeun. Eta sababna Bapa marentahkeun kitu ka maraneh teh.[16] Tapi teu mustahil anu kumawula teh embungeun balik tina geus ngarasa betah jeung nyaaheun ka maraneh sakulawarga.[17] Lamun kitu bawa nu kumawula teh kana panto imah, tindik ceulina teueulkeun kana panto, nandakeun yen saumur hirupna seja kumawula ka maraneh. Nu awewe oge kudu dikitukeun.[18] Dina waktuna ngalepas ulah ngarasa lebar, karana sajero genep taun kumawula ka maneh, upahna ngan satengahna ti upah anu buburuh biasa. Pek arestokeun kitu, sangkan sagala usaha maraneh meunang berkah PANGERAN.”

Keluaran 21:1-36
[1] ”Bikeun ieu papakon ka urang Israil:[2] Lamun maraneh meuli jelema bangsa Ibrani pikeun jadi badega, eta jelema ngabadegana kudu genep taun. Dina taun katujuhna kudu dimerdikakeun, teu kudu mayar naon-naon.[3] Lamun keur waktu dibeulina tacan kawin, kaluarna kudu mawa dirina bae. Tapi lamun keur dibeulina geus boga pamajikan, kudu dimerdikakeun jeung pamajikanana.[4] Lamun bogana pamajikan teh dikawinkeun ku dununganana, sarta boga anak awewe lalaki, anu dimerdikakeun teh manehna bae, anak pamajikanana mah boga dununganana.[5] Tapi lamun eta badega teh nyebutkeun nyaah ka dununganana, pamajikanana jeung ka anak-anakna sarta embungeun dibebaskeun,[6] ku dununganana kudu dibawa ka tempat paranti ngabakti, tekenkeun ceulina kana panto atawa kana tihangna tuluy tiir, tanda yen jadi badega dununganana saumur hirup.[7] Badega awewe anu dijual ku kolotna ulah dibebaskeun, teu cara badega lalaki.[8] Lamun dijualna terus dipibojo ku dununganana, upama dununganana geus teu resepeun, kudu dijual deui ka bapana, teu meunang dijual ka jalma sejen, sabab ari kitu mah neungteuinganan.[9] Lamun aya anu meuli badega awewe seug dijodokeun ka anakna, hakna eta badega kudu disaruakeun jeung anakna anu awewe.[10] Anu enggeus boga pamajikan, lamun boga pamajikan hiji deui, hak pamajikanana anu kahiji kitu deui sandang panganna, teu meunang kurang, kudu angger saperti samemehna.[11] Lamun eta kawajiban teu dicumponan, pamajikanana kudu dibebaskeun, sarta salakina teu meunang nyieun parurugi naon-naon.”[12] ”Anu ngarogahala nepi ka paeh kudu dipaehan.[13] Tapi lamun maehanana teh geus tariking cilaka, lain ku karana niat, kudu kabur ka hiji tempat. Pitempateunana ku Kami bakal diayakeun.[14] Sabalikna lamun maehanana ku karana amarah atawa neuteuli, sanajan kabur kana altar Kami kudu dipaehan.[15] Anu neunggeul ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan.[16] Anu nyulik, boh keur jualeun boh keur badega sorangan, kudu dipaehan.[17] Anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan.[18] Lamun aya anu gelut, pek anu saurang neunggeul make batu atawa nonjok lawanna, teu nepi ka paeh ngan nepi ka matak ngalonjor di enggon, jeung bisaeun deui leuleumpangan di luar sanajan bari kundang iteuk, anu neunggeulna henteu manjing disiksa, tapi kudu ngurus jeung kudu ngongkosan diubaranana nepi ka cageurna.[19] ***[20] Lamun aya dunungan neunggeul make panggebug ka badega lalaki atawa ka badega awewe nepi ka paeh di dinya keneh, pasti kudu dibales.[21] Lamun badegana tea hirup keneh nepi ka tilu poe, dununganana teu kudu dibales, da eta badega teh duitna.[22] Upama aya anu garelut sababaraha urang, heug anu saurang neunggeulna teh kalepasan keuna ka wanita anu eukeur kakandungan nepi ka kakandunganana kaluron, lamun awewena teu nepi ka kumaonam, nu kalepasan neunggeulna kudu didengda, sapamenta salakina kudu ditedunan, sarta mayarna kudu disaksian ku nu wajib.[23] Sabalikna lamun awewena nepi ka kumaonam, anu kalepasan neunggeul teh katempuhan: Nyawa bayar nyawa,[24] mata bayar mata, huntu bayar huntu, leungeun bayar leungeun, suku bayar suku,[25] tutung bayar tutung, bohak bayar bohak, benjut bayar benjut.[26] Lamun dunungan neunggeul kana panon badega anu lalaki atawa anu awewe, nepi ka panonna teu bisa dipake, badegana kudu dimerdikakeun, gaganti panonna.[27] Atawa upama neunggeulna kana huntu nepi ka punglak, badegana tea kudu dimerdikakeun, gaganti huntuna.”[28] ”Lamun sapi hiji jelema neunggar jelema sejen nepi ka jelemana paeh, sapina kudu dipaehan, benturan ku batu, dagingna teu meunang didahar. Anu bogana kudu dihukum.[29] Tapi lamun sapina memang galak sok teuteunggar bae, jeung nu bogana teu beunang diingetan, sapina diantep dikencar nepi ka neunggar jelema datang ka paeh, sapina kudu dipaehan, benturan ku batu, nu bogana ge kudu dipaehan.[30] Tapi upama anu bogana dimeunangkeun nebus nyawana sorangan, nya kudu mayar sakumaha gedena oge.[31] Upama neunggarna ka budak, lalaki atawa awewe, katangtuan hukumna sarua jeung eta.[32] Lamun neunggarna ka badega, lalaki atawa awewe, nu boga eta sapi kudu mayar ka dunungan eta badega tilu puluh uang perak, sapina paehan.[33] Upama aya sapi tigebrus kana lombang lantaran tutup lombangna aya anu ngangkat, atawa lantaran aya anu nyieun lombang teu ditutupan,[34] anu boga gawena kudu ngagantian ku duit ka nu bogana, sapi paehna meunang dicokot ku manehna.[35] Lamun sapi si Anu neunggar sapi batur nepi ka paeh, sapi anu hirup keneh kudu dijual ku duaan, duitna bagi dua, sapi paehna peuncit, dagingna bagi dua.[36] Tapi lamun sapi anu maehanana tea memang harak ka nu sejen jeung ku nu bogana diantep bae dikencar, kudu dibikeun ka anu paeh sapina, sapi paehna ajang manehna.”

Imamat 25:1-55
[1] PANGERAN ngandika deui ka Musa di Gunung Sinai,[2] supaya anjeunna ngembarkeun ieu pikukuh ka urang Israil. Sanggeus maraneh aya di tanah anu bakal dibikeun ku PANGERAN, unggal-unggal nincak tujuh taun eta tanah teu meunang dipelakan, pikeun ngamulyakeun PANGERAN.[3] Jadi digarapna kudu genep taun genep taun, melak gandum melak anggur jeung mangkasna jeung ngala hasilna.[4] Dina taun katujuhna tanah teh kudu direureuhkeun sama sakali, sarta taun eta kudu disanggakeun ka PANGERAN, lahan-lahan teu meunang dipelakan, pelak anggur teu meunang dipangkas.[5] Gandum anu jadi sorangan jeung pelak anggur anu henteu dipangkas teu meunang diala. Dina taun eta tanah teh kudu reureuh enya-enya.[6] Tapi sanajan sataun teu dipelakan oge mo burung mere hasil dahareun keur maraneh, keur jelema-jelema anu dibeuli, keur nu buburuh, keur urang asing nu narumpang,[7] keur pipiaraan kitu deui keur sato-sato jarah. Hasilna meunang diala keur dahareun.[8] Tiap taun katujuh ku maraneh kudu diitung nepi ka tujuh kali, jadi opat puluh salapan taun.[9] Geus kitu dina tanggal sapuluh bulan katujuh, nya eta dina Poe Pangampura Dosa, kudu aya jelema ngideran sakuliah tanah bari niup tarompet.[10] Taun anu kalima puluh ku maraneh kudu dipeting pikeun ngumumkeun kabebasan ka sakumna pangeusi tanah. Dina sataun eta lamun aya tanah milik anu geus dijual, kudu pulang ka nu boga asalna atawa ka anak incuna. Jelema-jelema anu dibeuli kudu sina marulang ka kulawargana sorangan.[11] Sabab taun anu kalima puluh teh jadi taun mulangkeun. Lahan-lahan teu meunang dipelakan, gandum nu jadi sorangan jeung anggur anu henteu dipangkas teu meunang diala.[12] Campleng sataun eta jadi taun suci. Keur dahareun maraneh dina taun eta ngan anu asal tina tutuwuhan anu jaradi sorangan.[13] Dina taun eta kabeh tanah milik anu geus dijual kudu pulang ka anu boga asalna.[14] Jadi lamun maraneh jual meuli lahan antara batur sabangsa ulah curang.[15] Pihargaeunana kudu diijir tina sabaraha kali eta lahan mere hasil di jero saanu taun nepi ka Taun Mulangkeun anu bakal datang.[16] Beuki loba taunna harga lahanna beuki luhur, beuki saeutik taunna harga lahanna beuki handap, sabab anu dijualna teh nya eta jumlah pihasileun eta lahan.[17] Jadi ulah ngalicikan batur sabangsa, masing sarieun ku PANGERAN, Allah maraneh.[18] Lampahkeun sagala pikukuh jeung sagala timbalan PANGERAN, supaya maraneh di eta tanah hirup reujeung lulus mulus.[19] Tanahna tangtu loba hasilna pikeun dahareun, sagala aya tur maraneh di ditu teh bakal mulus rahayu.[20] Meureun aya anu hayang nanya, ti mana meunang dahareun sapanjang tanah keur teu dipelakan jeung teu kaala hasilna.[21] Ulah salempang! Kalawan berkah PANGERAN hasil lahan dina taun kagenep bakal lipet ganda, cukup keur dahareun dua tauneun.[22] Malah hasil panen taun kagenep teh picukupeun keneh keur dahareun taun kadalapan, bari nunggu hasil pepelakan taun eta.[23] Mun maraneh ngajual lahan ulah dijual lepas, da eta lahan teh lain anu maraneh tapi kagungan PANGERAN. Maraneh mah sakadar katitipan jeung ngan diwidian ngagarap wungkul.[24] Jadi lamun ngajual lahan kudu dijentrekeun yen anu bogana aya hak meuli deui.[25] Lamun aya urang Israil nepi ka jadi miskin kapaksa ngajual lahan, lamun henteu bisaeun nebus kudu dipangnebuskeun ku barayana anu pangdeukeutna.[26] Lamun teu bogaeun baraya nu mangnebuskeun, engke lamun geus aya milikna nepi ka bisa sorangan nebus lahanna,[27] gedena duit panebus ka nu meulina, ngan pikeun taun-taun anu enggeus kajalanan bae, nepi ka Taun Mulangkeun nu bakal datang. Can beak waktu gadean ge tanahna bisa kapimilik deui.[28] Tapi upama teu kuateun bae nebus, lahanna cekel heula ku nu meuli nepi ka Taun Mulangkeun nu bakal datang, geus kitu kudu dipulangkeun.[29] Jelema anu ngajual imah di jero kota anu make kuta, meunang nebus deui imahna sanggeus sataun ti semet ngajualna.[30] Upama dina taun eta henteu katebus, imahna jadi hak milik anu meulina turun tumurun. Jadi dina Taun Mulangkeun eta imah teh teu dipulangkeun.[31] Imah-imah di desa-desa anu teu make kuta, eta mah kudu disaruakeun jeung lahan, kudu dibeuli deui ku nu bogana sarta lamun geus nepi ka Taun Mulangkeun bisa kapimilik deui.[32] Pikeun di kota-kota anu geus dimilikkeun ka kaom Lewi, kaom Lewi mah meunang nebus hak milikna iraha bae.[33] Lamun di kota-kota saperti kitu aya urang Lewi ngajual imah tapi teu bisaeun bae nebus, dina Taun Mulangkeun mah kudu dipulangkeun bae, sabab sakabeh imah nu aya di kota-kota kaom Lewi mah kabeh jadi hak milikna anu tetep di antara bangsa Israil.[34] Tapi tanah-tanah sampalan sakurilingeun kota-kota kaom Lewi mah teu meunang dijual, sabab geus jadi hak milikna salalawasna.[35] Lamun aya sasama urang Israil jadi miskin nepi ka teu bisaeun ngabayuan hirupna, ku maraneh bantu cara ngabantu urang asing atawa nu ngadon, supaya manehna bisa neruskeun hirupna di maraneh.[36] Ulah ngarah naon-naon ti manehna, sing sieun ku Allah keun eta batur teh hirup deukeut maraneh.[37] Lamun nginjeumkeun duit ka manehna ulah make renten. Kitu deui lamun manehna meuli dahareun ti maraneh ulah diarah bati.[38] Kitu timbalan PANGERAN, Allah maraneh anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir supaya maratuh di tanah Kanaan, sarta anu geus kersaeun jadi Allah maraneh.[39] Lamun aya dulur sabangsa ngajual maneh ka maraneh bawaning ku malarat, ulah digawekeun kawas ka jelema beulian.[40] Bawa cicing di maraneh sina babantu nepi ka Taun Mulangkeun nu bakal datang.[41] Dina taun eta manehna jeung anak-anakna sina baralik ka kulawargana jeung ka tanah hak milik karuhunna.[42] Urang Israil teh kabeh kawula-kawula PANGERAN anu ngaluarkeun maranehna ti Mesir ulah aya anu dijual dijieun jelema beulian.[43] Urang Israil anu ngajual dirina ka maraneh ulah dibengisan, sing sarieun ku Allah maraneh.[44] Lamun maraneh butuh badega, meuli ti bangsa sejen bae anu caricing di sakurilingeun maraneh.[45] Anak urang asing di tanah maraneh meunang dibeuli. Barudakna anu dijurukeunana di tanah maraneh meunang dijieun hak milik,[46] meunang diwariskeun ka anak incu sina ngabadega saumur hirup. Ka dulur sabangsa mah omat ulah ngabengisan.[47] Upamakeun aya urang asing anu hirupna di maraneh jadi beunghar, seug aya sasama urang Israil jadi malarat sarta ngajual maneh ka eta urang asing atawa ka salah saurang barayana.[48] Sanggeus dibeuli, eta sasama urang Israil teh boga keneh hak pikeun ditebus. Salah saurang dulurna[49] atawa pamanna, alona, atawa baraya deukeutna nu sejen, meunang nebus manehna, atawa jelemana sorangan nebus maneh sangkan bebas, ari sanggupeun mah.[50] Manehna jeung anu meulina kudu balitungan, geus sabaraha taun manehna ngagadekeun maneh ka nu meulina nepi ka Taun Mulangkeun. Harga pameuli dirina kudu ditangtukeun nurutkeun reana taun. Hargana kudu disaruakeun jeung upah anu buburuh.[51] Sesa taun anu tacan kajalanan kudu dibalitungkeun sarta ku manehna kudu dibayar.[52] ***[53] Gedena duit anu kudu dibayarkeun deui kudu nurutkeun patokan upah kuli taunan. Salila eta, dununganana teu meunang ngabengisan.[54] Upama teu bisa ku jalan kitu, manehna jeung barudakna dibebaskeunana teh kudu nunggu Taun Mulangkeun heula.[55] Urang Israil teu meunang dijieun jelema beulian saumur hirup, sabab kabeh geus jadi kawula-kawula PANGERAN anu ngaluarkeun maranehna ti Mesir, anu jadi PANGERAN Allah maraneh.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society