A A A A A

Tambahan: [Pertahanan diri]


Lukas 11:21
Lamun jelema gagah tur lengkep pakarangna ngajaga imahna, sagala harta bandana ditanggung aman.

Kisah Para Rasul 12:4
Sanggeus ditangkep Petrus diasupkeun ka pangbuian, dipiwarang dijaga ku opat regu serdadu, sareguna opat-opat. Maksad Herodes, sabada Pesta Paska Petrus rek dipariksa ku anjeunna di hareupeun umum.

Lukas 22:52
Ti dinya Anjeunna ngalahir ka imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah jeung para kokolot anu rek narangkep, saur-Na, ”Aranjeun murubul ka dieu marawa pedang jeung gegendir, na Kami teh penjahat?

Lukas 10:29-37
[29] Tapi eta guru agama teh hayang ngabenerkeun maneh, tuluy nanya, ”Saha batur kaula teh?”[30] Waler Yesus, ”Sakali mangsa aya hiji jelema mudun ti Yerusalem ka Yeriho. Di tengah jalan ditarajang ku begal, dirangsadan jeung dirogahala nepi ka satengah paeh, tuluy ditaringgalkeun.[31] Kabeneran aya hiji imam leumpang nyorang jalan eta. Nenjo anu ngajoprak teh tuluy ngejat ka sisi sejen, leumpangna terus kebat.[32] Lar deui saurang, urang Lewi ngaliwat ka dinya. Ret nenjoeun ka nu ngajoprak, tuluy ngejat ka sisi sejen, leumpangna terus kebat.[33] Tapi aya hiji jelema urang Samaria ngaliwat ka dinya. Ari ret awas ka nu ngajoprak liwat saking watireunana.[34] Geuwat diburu, raheut-raheutna dikucuran ku minyak jeung anggur tuluy dibeberan; geus kitu ditumpakkeun kana sato tutumpakanana, dibawa ka hiji losmen terus dipulasara.[35] Poe isukna eta urang Samaria teh mikeun duit dua uang perak ka nu boga losmen. ʼPanguruskeun ieu nu gering,ʼ pokna. ʼEngke kuring nyimpang deui ka dieu. Sagala rupa anu ku anjeun dipake keur kaperluanana, tangtu ku kuring engke dibayar.ʼ ”[36] Yesus nutup pilahir-Na kieu, ”Cik, ti eta tilu jelema, anu mana anu lampahna nyirikeun jadi batur jelema anu dibegal teh?”[37] ”Anu nulunganana,” tembal eta guru agama. ”Tah, anjeun oge kudu kitu. Lampahkeun kitu ku anjeun,” waler Yesus.

1 Samuel 17:41-54
[41] Jago urang Pelisti gancang ngangseg ka Daud, heulaeunana anu mawa kepengna, beuki deukeut, beuki deukeut.[42] Barang beh sarta geus sidik nenjona ka Daud, kacida takaburna dumeh lawanna pantar kitu, lembut jeung kasep.[43] Gorowok ngomong ka Daud, ”Jang naon eta iteuk teh? Na kami teh anjing?” Geus kitu tuluy nyapa ka Daud bari nyambat ka batarana,[44] ti dinya susumbar, ”Ka dieu maneh, bangke maneh rek diparabkeun ka manuk jeung sato galak!”[45] Daud ngawaler, ”Maneh datang mawa pedang, tumbak, jeung tohok. Kami mah mawa pajenengan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah panutan wadya balad Israil anu ku maneh dihinakeun.[46] Poe ieu keneh maneh ku PANGERAN diselehkeun ka leungeun kami. Hulu maneh ku kami rek diteukteuk. Bangke-bangke urang Pelisti ku kami rek diparabkeun ka manuk jeung sato galak. Satangkaraking jagat bakal nyaraho yen di Israil aya Allah.[47] Sarta unggal jelema bakal nyaksian, PANGERAN nyalametkeun umat-Na lain ku pedang atawa tumbak. Mantenna tukang unggul saban tarung. Maraneh kabeh bakal ragrag kana kakawasaan kami!”[48] Goliat ngudag, Daud nirilik ka barisan urang Pelisti mapag Goliat,[49] bari ngodok batu kana koja; seleber dibandringkeun, beletak, meneran pisan kana tarang Goliat datang ka sirahna bejad. Goliat ngajungkel, beungeutna nyuksruk kana taneuh.[50] Goliat geus tiwas ku Daud. Lain ku pedang, tapi ku batu reok anu nyeleber tina bandring![51] Daud muru ka Goliat, tuluy nangtung deukeutna. Pedang Goliat ku Daud dicabut tina sarangkana, dipake neukteuk sirah Goliat. Barang narenjo pamukna tiwas, balad Pelisti kalabur.[52] Ger urang Israil jeung urang Yuda sarurak, tuluy ngabeledig ngudag-ngudag sapaparat jalan ka Gat nepi ka lawang-lawang Ekron. Urang Pelisti anu kasarambut bangkena pating jaropak, bacacar sapaparat jalan anu ka Saaraim nepi ka Gat jeung Ekron.[53] Bari baralik balad Israil ngajarah pasanggrahan musuh.[54] Sirah Goliat ku Daud dijingjing ka Yerusalem, ari pakarangna terus disimpen di kemahna.

Lukas 22:36
Saur Yesus, ”Tapi ayeuna mah lamun aya anu boga loket atawa kantong kudu dibawa; jeung anu teu boga pedang jual bae baju beulikeun pedang.

Keluaran 22:2-3
[2] Pasti nu maling mah kudu ngagantian barang anu dipalingna. Lamun jinisna taya kaboga, dirina kudu dijual jadi badega, keur mayar nu dipalingna. Lamun sato anu dipalingna kapanggih aya keneh di manehna, boh sapi boh kalde atawa domba tur hirup keneh, kudu ngagantianana teh dua kana hiji. Bangsat anu kacerek keur ngabobok imah ti peuting terus dipaehan, anu maehanana teu kaasup maehan. Tapi lamun kajadianana ti beurang, anu maehanana manjing hukum maehan.[3] ***

Keluaran 20:13
Ulah maehan.

Matius 5:39
Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge.

Keluaran 22:2
Pasti nu maling mah kudu ngagantian barang anu dipalingna. Lamun jinisna taya kaboga, dirina kudu dijual jadi badega, keur mayar nu dipalingna. Lamun sato anu dipalingna kapanggih aya keneh di manehna, boh sapi boh kalde atawa domba tur hirup keneh, kudu ngagantianana teh dua kana hiji. Bangsat anu kacerek keur ngabobok imah ti peuting terus dipaehan, anu maehanana teu kaasup maehan. Tapi lamun kajadianana ti beurang, anu maehanana manjing hukum maehan.

Mazmur 82:4
Leupaskeun maranehna tina genggeman para durjana.

Roma 12:19
Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.”

Matius 5:38-39
[38] ”Aya deui timbalan: ʼMata bayar mata, huntu bayar huntu.ʼ[39] Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge.

Roma 13:4
da itu jenengna teh jadi kawula Allah pikeun kamaslahatan wargana. Ari aranjeun jahat mah puguh bae jadi sieun, da pamarentah teh boga kawasa pikeun ngahukum. Pamarentah teh kawula Allah pikeun ngalaksanakeun Hukum Allah ka wargana anu jahat.

Lukas 22:36-38
[36] Saur Yesus, ”Tapi ayeuna mah lamun aya anu boga loket atawa kantong kudu dibawa; jeung anu teu boga pedang jual bae baju beulikeun pedang.[37] Sabab anu disebutkeun dina Kitab Suci ngeunaan diri Kami, anu ungelna, ʼAnjeunna disaruakeun jeung bangsat,ʼ tangtu kajadian; eta anu ditulis ngeunaan diri Kami teh ayeuna bakal kajadianana.”[38] ”Gusti,” piunjuk murid-murid, ”pedang parantos aya, dua!” ”Cukup eta ge!” waler-Na.

Mazmur 144:1
Ti Daud. Puji PANGERAN, papayung kaula! Mantenna ngalatih kaula jurit jeung ngajar kaula perang.

1 Timotius 5:8
Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.

Roma 12:18
sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.

Amsal 24:11
Mun maneh nenjo aya jelema digusur rek dipaehan, geuwat rebut.

Matius 26:51
Ti nu ngiring ka Anjeunna aya anu nyabut pedang, dikadekkeun ka hiji jelema bujangna Imam Agung, rampung ceulina.

Yohanes 18:10
Simon Petrus anu mawa pedang nyabut pedangna, tuluy dikadekkeun ka hiji badega Imam Agung ngaran Malkus, rampung ceulina anu katuhu.

Matius 5:9
Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan, ku Allah bakal diangken putra!

Matius 26:52-54
[52] Tapi saur Yesus, ”Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui.[53] Dikira Kami teu bisa nyambat ka Rama Kami menta balad malaikat leuwih ti dua welas pasukan?[54] Tapi lamun kitu kumaha rek laksana ucapan Kitab Suci yen kudu kieu jadina?”

Matius 24:43
Coba lamun nu boga imah nyahoeun iraha pidatangeunana bangsat, tangtu bakal taki-taki supaya ulah nepi ka kabongkaran.

Kejadian 9:5-6
[5] Lamun aya anu ngala pati manusa tangtu dihukum. Sato anu maehan manusa, ku Kami baris dihukum paeh.[6] Manusa teh dijadikeunana sarimbag jeung Kami. Ku sabab eta, sing saha anu maehan manusa, baris dipaehan deui ku sasama manusa.

Nehemia 4:14
Tapi dulur-dulur teh bangun salempang. Ku sabab eta dulur-dulur jeung kapala-kapala sarta para pamingpinna, ku sim kuring diomongan, ”Teu kudu dipikarisi eta musuh teh. Sing aringet kumaha gagahna, kumaha hebatna PANGERAN. Tarung masing teuneung, ngabela batur sabangsa, ngabela anak rabi, ngabela imah pangancikan.”

Yohanes 18:10-11
[10] Simon Petrus anu mawa pedang nyabut pedangna, tuluy dikadekkeun ka hiji badega Imam Agung ngaran Malkus, rampung ceulina anu katuhu.[11] Yesus ngalahir ka Petrus, ”Sarungkeun deui pedang maneh! Pangira maneh ieu lumur panganiayaan ti Ama Kami teh ku Kami moal diinum?”

Amsal 25:21-22
[21] Lamun musuh maneh kalaparan bere dahar, mun halabhab bere nginum,[22] tangtu manehna bakal samar rasa ku tina erana, tur eta kahadean maneh baris meunang rahmat PANGERAN.

Roma 12:17
Nu goreng ulah dibales ku goreng. Usahakeun kumaha bae jalanna anu ceuk batur ge hade,

Matius ২৬:৫১-৫৪
[৫১] Ti nu ngiring ka Anjeunna aya anu nyabut pedang, dikadekkeun ka hiji jelema bujangna Imam Agung, rampung ceulina.[৫২] Tapi saur Yesus, ”Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui.[৫৩] Dikira Kami teu bisa nyambat ka Rama Kami menta balad malaikat leuwih ti dua welas pasukan?[৫৪] Tapi lamun kitu kumaha rek laksana ucapan Kitab Suci yen kudu kieu jadina?”

Matius 5:38-44
[38] ”Aya deui timbalan: ʼMata bayar mata, huntu bayar huntu.ʼ[39] Ayeuna ceuk Kami, ulah ngabales ka nu jahat ka maraneh. Lamun aya jalma nampiling pipi maneh nu katuhu, keun bae najan rek nampiling deui ka nu beulah kenca oge.[40] Lamun aya jalma ngadukeun maraneh ka hakim sarta menta ganti rugi ku baju maraneh, bikeun bae jeung jubahna.[41] Lamun aya jalma ti hiji pasukan tentara maksa ka maraneh nitah mangmawakeun barangna sakilometer, turutkeun dua kilometer.[42] Nu barangpenta kudu dibere, nu hayangeun nginjeum kudu dibere nginjeum.”[43] ”Maraneh geus ngadenge yen aya timbalan kieu: ʼKudu nyaah ka pada batur. Musuh kudu dipikageuleuh.ʼ[44] Ayeuna ceuk Kami, ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun,

Yehezkiel 33:11
Bejakeun ka maranehna, demi Kami teh PANGERAN Nu Maha Agung, Allah anu jumeneng, hamo teh teuing bungah ningali aya jelema dosa paeh. Kami mending ningali jelema dosa teh eureun tina dosana sangkan hirup. Eh Israil, geura eureun migawe dosa. Nanaonan bet ngaharepkeun paeh?

Roma ১২:১৮-২১
[১৮] sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.[১৯] Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.”[২০] Malah hadena mah, sakumaha ceuk Kitab Suci, ”Lamun musuh lapareun bere dahar, lamun hanaangeun bere nginum; ku dikitukeun teh manehanana moal teu ngarasa asa renghek bawaning ku eraeun.”[২১] Kade, ulah nepi ka kabawa ku amarah, elehkeun pikiran goreng teh ku anu hade.

1 Samuel 17:31-37
[31] Ucap-ucapan Daud aya nu ngunjukkeun ka Saul. Ku Saul dipiwarang dideuheuskeun.[32] Daud miunjuk, ”Gusti Sang Raja, teu kedah aya anu sieun ku eta urang Pelisti, abdi sanggem ngalawan.”[33] Waler Saul, ”Ulah, bisa naon maneh ka itu? Budak keneh, heug itu mah tukang tarung saumur-umur.”[34] Piunjuk Daud, ”Gusti Sang Raja! Abdi teh purah ngajagi domba pun bapa. Upami pareng aya singa atanapi biruang anu ngagusur anak domba,[35] ku abdi diudag, ditarajang dombana direbut deui. Upami singana atanapi biruangna bade ngarontok ku abdi dipiheulaan dicekek tikorona lajeng digendir dugi ka paeh.[36] Parantos seueur singa sareng biruang anu paeh ku abdi. Eta urang Pelisti umat brahala anu sakitu ngahinana ka balad Allah anu jumeneng oge tangtos bakal tiwas ku abdi.[37] PANGERAN parantos ngaraksa abdi ti singa sareng biruang, ayeuna ge tangtos ngaraksa ti eta urang Pelisti.” Waler Saul, ”Heug atuh, jung! Muga ditangtayungan ku PANGERAN.”

Lukas 22:50
Aya hiji murid anu terus ngadek ka badega Imam Agung nepi ka rampung ceulina nu katuhu.

Keluaran 21:22-25
[22] Upama aya anu garelut sababaraha urang, heug anu saurang neunggeulna teh kalepasan keuna ka wanita anu eukeur kakandungan nepi ka kakandunganana kaluron, lamun awewena teu nepi ka kumaonam, nu kalepasan neunggeulna kudu didengda, sapamenta salakina kudu ditedunan, sarta mayarna kudu disaksian ku nu wajib.[23] Sabalikna lamun awewena nepi ka kumaonam, anu kalepasan neunggeul teh katempuhan: Nyawa bayar nyawa,[24] mata bayar mata, huntu bayar huntu, leungeun bayar leungeun, suku bayar suku,[25] tutung bayar tutung, bohak bayar bohak, benjut bayar benjut.

Yehezkiel 33:6
Tapi sabalikna lamun juru kemit tea nenjo musuh datang tapi henteu nabeuh tanda bahaya, nepi ka musuh teh datang maehan jelema-jelema anu dosa, Kami tangtu nyalahkeun ka eta juru kemit anu ngalantarankeun paehna eta jelema-jelema.

Keluaran 22:3
***

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society