A A A A A

Tambahan: [Ilmu]


1 Timotius 6:20
Timoteus anaking! Sing tigin kana pangajaran-pangajaran anu geus dipercayakeun ka hidep. Singkiran omongan anu teu pantes, jauhan papaduan anu teu parok ngeunaan hal-hal anu majarkeun teh elmu.

Lukas 11:52
Cilaka aranjeun, guru-guru agama! Konci paragi muka panto kanyaho dikekewek, ari heug aranjeun sorangan embung asup, batur nu rek arasup dihalang-halang!”

Roma 2:20
jadi purah ngajar anu barodo, jadi guruna jelema-jelema anu barelet. Geus sarugema pedah ngarasa geus barisa metik kanyaho jeung perkara-perkara anu bener tina Hukum Musa.

Kejadian 2:4-25
[4] Kitu hal dijadikeunana jagat raya teh. Waktu langit jeung bumi keur dipidamel keneh ku GUSTI Allah,[5] di bumi can aya pepelakan, can aya binih nu jadi, lantaran Mantenna teu acan nurunkeun hujan, tanah tacan aya nu ngolah, lantaran can aya jelema.[6] Kakara aya cai anu kaluar ti jero taneuh, ngabaseuhan beungeut bumi.[7] Ari manusa, dipidamelna ku GUSTI Allah teh nya eta tina taneuh. Sanggeus diwangun mangrupa jelema, tuluy ditiupkeun napas anu matak hirup kana liang irungna, seug manusa teh ngajadi mahluk hirup.[8] Geus kitu GUSTI Allah ngadamel hiji taman di tanah Eden beulah wetan. Manusa teh dipernahkeun di dinya.[9] Mantenna ngajadikeun rupa-rupa tatangkalan nu aralus, jaradi di dinya jeung baruahan. Di tengah-tengah taman aya tangkal. Nu hiji tangkal kahirupan, nu hiji deui tangkal nu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng.[10] Eta taman meunang cai ti hiji walungan anu aya di tanah Eden. Ti beh girangna eta walungan nyagak opat.[11] Nu kahiji ngaranna Walungan Pison, ngocorna ngurilingan tanah Hawila,[12] kawentar ku emas murnina, wawangian kitu deui batu-batu mulya.[13] Nu kadua ngaranna Walungan Gihon, ngocorna ngurilingan tanah Kus.[14] Nu katilu ngaranna Walungan Tigris, ngocorna ka tanah wetaneun tanah Asur. Nu kaopat ngaranna Walungan Eprat.[15] Nya di dinya manusa dipernahkeunana teh ku GUSTI Allah, sina ngurus jeung ngajaga.[16] Timbalana-Na ka manusa, ”Bubuahan tangkal nu mana bae di ieu taman, meunang didahar,[17] kajaba ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng. Eta buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh.”[18] GUSTI Allah ngandika, ”Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan.”[19] Tuluy Mantenna ngadamel sagala rupa sasatoan jeung rupa-rupa manuk tina taneuh, geus kitu sina daratang ka manusa tea. Mantenna palay uninga kumaha rek dingarananana eta sasatoan teh. Ku jalan kitu kabeh sasatoan teh sina baroga ngaran masing-masing.[20] Seug eta sagala rupa manuk jeung sasatoan teh ku manusa dingaranan. Tapi sahiji ge taya nu pantes geusan jadi batur hirupna.[21] Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disina sare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging.[22] Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa.[23] Seug eta lalaki teh ngucap kieu, ”Tah geuning, ayeuna mah aya anu sabangsa jeung aing. Tulangna asal ti aing, dagingna nya kitu keneh. ’Awewe’ bakal disebutna, sabab asal ti lalaki.”[24] Eta sababna, lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.[25] Boh nu lalaki boh nu awewe duanana taranjang tapi teu ngarasa areraeun.

Wahyu 11:15-18
[15] Malaikat katujuh niup tarompetna. Sawarga ngageder ku soara anu ungelna, ”Kakawasaan geusan murba alam dunya geus dicangking ku Pangeran jeung ku Kristus-Na. Mantenna bakal kawasa salalanggengna!”[16] Sesepuh anu dua puluh opat urang anu caralik dina tahta di hadirat Allah tea bruk nyaruuh, ngahormat ka Allah,[17] tuluy ngarucap kieu, ”Sewu nuhun nun Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu jumeneng ayeuna, nu jumeneng ti jaman baheula! Gusti parantos kersa nyangking kawasa rongkah, ngawitan kersa marentah.[18] Umat brahala amarah, margi wawales ti Gusti parantos nitih kana wanci: Nerapkeun hukuman ka nu parantos paraeh, ngaganjar ka para abdi, ka nabi-nabi, sareng ka sugri anu ngabakti ka Gusti, ageung alit sami. Ayeuna mangsana ngabasmi maranehna, anu ngaruksak sakuliah bumi.”

Kolose 1:15-16
[15] Kristus teh wujudna Allah nu teu katingal. Anjeunna unggul ti sakabeh mahluk, jadi Putra cikal.[16] Sabab nya ku Anjeunna Allah ngajadikeun saniskara nu aya di langit jeung di bumi, nu katingal jeung nu teu katingal, kaasup roh-roh kawasa, pupunjungan-pupunjungan, pangawasa-pangawasa jeung sakur anu nyakrawati di dalam gaib. Sakumna alam ciciptan Allah diwujudkeunana teh ku Kristus jeung keur Kristus.

Wahyu 1:5
jeung ti Yesus Kristus, Saksi anu satia, Putra cikal, anu pangheulana digugahkeun tina maot, panguasa raja-raja saalam dunya. Kristus teh asih ka urang, pupus-Na teh ngajait urang tina dosa,

Wahyu 5:6
Breh di tengah-tengah tahta anu dikurilingan ku opat mahluk hirup jeung ku para sepuh teh aya Anak Domba, dina beuheungna aya ceda kawas tapak meuncit. Eta Anak Domba tandukna tujuh panonna tujuh, nya eta tujuh Roh Allah anu diutus ka sakuliah dunya.

Wahyu 13:14
Kalawan paidin jeung wewenang ti sato anu kahiji, sato anu kadua teh nyasabkeun manusa pangeusi jagat ku mujijat-mujijatna. Tuluy deui marentah, nitah nyieun arca sato anu kahiji, anu raheut ku pedang tapi waluya deui tea, pikeun ngahormat.

Wahyu 17:18
Eta awewe teh kota nu gede tea, anu marentah raja-raja saalam dunya.”

Ayub 26:7
Allah ngadingdingkeun langit di tungtung kaler, ngagantungkeun bumi di awang-awang nu suwung.

Yesaya 40:22
Anu ngadamelna teh Mantenna, nu linggih dina tahta-Na, luhureun bumi luhureun langit, jalma di handap tembongna sagede sireum. Langit ku Mantenna dibeberkeun kawas layar, dibeberkeun lir kemah keur tempat cicing.

Kejadian 1:1-3
[1] Nalika Allah nyiptakeun jagat raya,[2] harita bumi teh teu puguh wangunna, kaayaanana kacida matak geueumanana. Sagara motah ngaliputan satangkaraking jagat. Alam poek ngajumbleng. Pangawasa Allah murba saluhureun sagara.[3] Lajeng Allah ngandika, ”Sing caang,” bray bae caang.

Pengkhotbah 1:13-17
[13] Kami geus gilig seja nguji jeung nalungtik sagala anu enggeus kajadian di kolong langit. Manusa mah ku Allah geus dikersakeun kudu nyorang hese cape.[14] Kami geus nyukcruk saniskara anu geus dipigawe di alam dunya. Bet geuning kabeh ge mubadir, kawas ngajaring angin.[15] Anu bingkeng taya anu bisa ngalelempeng, anu teu aya euweuh anu bisa milang.[16] Ceuk hate, ”Aing teh nya agung nya pinter, leuwih ti nu sejen-sejen anu geus ti hareula jenengna raja di Israil, beunghar ku hikmah pinuh ku pangaweruh.”[17] Tuluy gilig seja nalungtik naon bedana kapinteran jeung kabodoan, bedana hikmah jeung kagejulan. Anu kapanggih ku kami: Ieu oge taya bedana ti ngajaring angin.

Kejadian 2:4
Kitu hal dijadikeunana jagat raya teh. Waktu langit jeung bumi keur dipidamel keneh ku GUSTI Allah,

Daniel 12:4
Saurna deui, ”Daniel, ayeuna tutupkeun eta kitab, tuluy segel sing rapet nepi ka ahir jaman. Sajeroning kitu bakal loba jelema anu nyoba-nyoba ngahartikeun hal-hal anu eukeur kajadian, tapi cumah moal hasil.”

Yesaya 42:5
Allah ngadamel jeung mentangkeun langit, ngawangun bumi katut sagala nu aya di dinya, sarta maparin nyawa jeung napas ka sakabeh mahluk nu hirup di dinya. Ayeuna, Allah PANGERAN ngadawuh ka abdi-Na,

Ayub 26:7-14
[7] Allah ngadingdingkeun langit di tungtung kaler, ngagantungkeun bumi di awang-awang nu suwung.[8] Mantenna minuhan mendung ku cai, tur mendungna teu datang ka bedah.[9] Bulan purnama direueukan ku mega.[10] Caang dipisahkeun ti nu poek, wawatesanana ngagulimeng tepung gelang luhureun sagara.[11] Lamun tihang-tihang langit diinggeung-inggeung, seug eta teh genjlong, gumeter bawaning ketir.[12] Ku pangawasa Mantenna laut datang ka tagiwur. Rahab si naga laut ge kasoran, tiwas ku kawijaksanaan Mantenna.[13] Ku napas Mantenna bray langit lenglang, panangana-Na newak naga laut nu keur kabur, bek dipaehan.[14] Eta anu sakitu poharana teh, kakara mangrupa kila-kilana bae tina kakawasaan Mantenna, minangka harewos-harewos-Na anu katepi ku ceuli urang. Geus komo teuing kaagungan Mantenna sagemblengna, pamohalan bisa kajugjugan.”

Mazmur 104:5
Gusti ngadegkeun bumi, nangtungna kukuh dina pademenna, moal inggeung-inggeung.

Mazmur 104:9
Gusti matok wawatesanana, anu ku eta hamo tiasa diliwatan, supados eta teh henteu ngaliputan bumi deui.

Yesaya 45:12
Ieu Kami, anu ngajadikeun bumi, jeung ngajadikeun manusa pangeusina. Kami make pangawasa ngabeberkeun langit. Kami anu ngatur panonpoe, bulan jeung bentang-bentang.

Amos 9:6
PANGERAN ngadamel tempat tinggal-Na di antariksa, ngadamel kelewung langit luhureun bumi. Cai laut disaur, dikucurkeun ka daratan. Jenengan Mantenna: PANGERAN.

Kejadian 6:12
Dunya teh ku Allah diteuteup, tetela geus ruksak, kawantu kalakuan jelema-jelemana geus raruksak kabeh.

Kejadian 8:9
Tapi ku sabab bumi kakeueum keneh, eta japati teu manggih pieunteupeun. Kalayang balik deui ka kapal, ku Enoh ditewak.

Kejadian 9:11
Kieu ikrar perjangjian Kami ka maraneh: Kami jangji, moal deui-deui sakabeh mahluk anu nyawaan ku Kami dibasmi ku caah; moal aya deui caah gede anu ngaruksak jagat.

Yesaya 11:12
Pangeran bakal ngelebetkeun bandera, tanda yen Mantenna keur ngempelkeun deui urang Israil jeung urang Yuda anu pabalencar, baris dipulangkeun ti opat pojok jagat.

Daniel 12:1-3
[1] Malaikat nu anggoanana tina lawon lenen ngalahir deui, ”Harita, malaikat agung Mikail anu ngaping bangsa maneh baris nembongan. Tuluy bakal aya jaman suker anu pangpoharana, anu can kungsi kasorang ti barang bangsa-bangsa gumelar. Lamun eta jaman geus datang, kabeh jelema ti bangsa maneh, anu ngaran-ngaranna geus dicatet dina Kitab Allah, baris disalametkeun.[2] Loba anu geus paraeh bakal harirup deui, sawareh bakal genah hirup langgeng, sawareh deui bakal nandangan kahinaan salalanggengna.[3] Para pamingpin nu bijaksana bakal cahayaan lir cahaya caangna langit. Anu ka jalma-jalma geus ngawurukan sangkan ngalampahkeun anu bener, bakal mencrang lir bentang-bentang, salalanggengna.”

Yesaya 51:13
Naha geus paroho ka PANGERAN, anu ngajadikeun maraneh, anu geus ngabeberkeun langit jeung nerapkeun dasar bumi? Ku naon sarieun ku nu keur amarah, ku anu nganiaya jeung rek numpes? Maraneh moal beunang deui ku musuh.

Yeremia 10:12
PANGERAN ngadamel bumi ku pangawasa-Na, ngadegkeun jagat, mantengkeun langit, ku hikmat-Na.

Yesaya 55:10
Saperti ibun jeung hujan turun ti langit, maseuhan bumi, nuwuhkeun pepelakan, ngabijilkeun bibinihan jeung dahareun,

Kejadian 10:25
Eber puputra dua. Nu hiji ngaranna Peleg, dumeh keur jaman eta bangsa-bangsa di dunya di pecah-pecah; nu hiji deui ngaranna Yoktan.

Yudas 1:9
Padahal Mikail ku anjeun, kapala malaikat, tara kitu. Waktu anjeunna padu jeung Iblis parebut hak kana layon Musa, teu wantuneun nganggo kecap-kecap anu sipatna ngahina, ukur nyaurkeun kieu, ”Sing dibendon anjeun ku Allah!”

Kolose 1:15
Kristus teh wujudna Allah nu teu katingal. Anjeunna unggul ti sakabeh mahluk, jadi Putra cikal.

1 Tesalonika 4:16
Engke bakal aya sora tarik aba-aba ti malaikat utama, jeung sora tarompet Allah, geus kitu Gusti ku anjeun bakal lumungsur ti sawarga. Anu bakal dihirupkeun ti heula teh anu maraotna percaya ka Kristus.

Wahyu 3:14
”Tulis pikeun malaikat jamaah di Laodikea: Ieu amanatna Amin, Saksi anu satia jeung satuhu, anu ngagelarkeun sakabeh ciptaan Allah.

Yesaya 9:6
Keur pimangpaʼateun urang geus medal hiji murangkalih! Hiji putra pameget, anu bakal mingpin urang. Anjeunna bakal disebut ”Panarosan Ajaib”, ”Allah Perkosa”, ”Rama Langgeng”, ”Raja Kerta”.

Daniel 11:1
Anjeunna nu wajib mantuan jeung ngabelaan ka kami.

Mazmur 22:16
Tikoro garing sakesat lebu, letah rapet kana lalangit. Ku Gusti diantep ngalumbuk dina kekebul, sapertos ka nu parantos lastari.

Ayub 28:25
Mangsa Mantenna mere tanaga ka angin, bari matok legana lautan,

Ayub 38:16
Kungsi maneh nincak kana sirah laut, atawa ngajajah dasar sagara?

Pengkhotbah 1:7
Walungan kabeh bahena ka laut, bet laut teu pinuh-pinuh. Caina malik mulang ka sirah walungan, geus kitu ka hilir deui.

Yohanes 1:18
Jelema can aya anu geus ningal Allah. Tapi urang bakal terang ka Mantenna ti Yesus Kristus, Putra tunggal Allah, anu sarua jeung Allah, anu salawasna sasarengan jeung Allah.

Kejadian 1:6-8
[6] Allah ngandika, ”Sing aya kelewung, geusan misahkeun cai sina jadi dua tempat.” Seug bae jadi. Allah geus ngadamel kelewung, anu misahkeun cai di sahandapeunana ti cai nu aya di saluhureun kelewung tea.[7] ***[8] Eta kelewung ku Mantenna dingaranan ”Langit”. Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu kadua.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society