A A A A A

Tambahan: [Kesedihan]


Matius 5:4
Bagja jelema anu sedih prihatin, ku Allah bakal dililipur!

Ulangan 31:8
PANGERAN ku manten anu baris nuyun jeung nulungan ka hidep. Mantenna moal nguciwakeun hidep, sarta moal ngantunkeun. Ku sabab kitu ulah sieun, ulah salempang.”

Matius 11:28
Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun.

Yesaya 41:10
Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.

1 Petrus 5:7
Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.

1 Korintus 10:13
Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

Mazmur 30:5
Puji PANGERAN ku nyanyian, he umat-Na nu saratia! Aringetkeun padamelan Nu Maha Suci, urang kudu nganuhunkeun ka Mantenna.

Mazmur 34:18
Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna.

Amsal 12:25
Ku kasusah mah jalma teh leungit kabagjaanana, tapi ku pangbeberah mah kasusahna paler.

1 Petrus 5:6-7
[6] Kudu ngarendahkeun maneh kana panangan Allah nu ngagem kawasa, supaya ari geus dina waktuna aranjeun ku Mantenna dijungjung.[7] Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.

Mazmur 23:4
Najan nyorang nu poek ngajumbleng, abdi teu kedah sieun, nun PANGERAN, reh Gusti nyarengan! Gada sareng teteken Gusti ngaping ka abdi.

Roma 12:2
Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.

Mazmur 38:9
Parantos payah, ajur sama sakali, hate nalangsa, bati humaregung gegerungan.

Pengkhotbah 1:18
Horeng jelema mah beuki pinter teh beuki loba kasalempang, beuki loba kanyaho beuki loba kahariwang.

Wahyu 21:3-4
[3] Aya soara tarik tina tahta, unina, ”Tempat Allah ayeuna geus ngahiji jeung manusa! Mantenna rek sasarengan jeung maranehna, maranehna bakal jadi umat-Na, sarta Mantenna bakal jadi Allah maranehna.[4] Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui. Sakur nu heubeul geus sirna.”

Pengkhotbah 11:10
Ulah ngukut kabingung, ulah miara kasusah, da moal ngora saumur-umur.

Roma 12:15
Kudu milu bagja ka nu meunang bagja, milu ceurik ka nu ceurik.

Yoël 2:12
PANGERAN nimbalan, ”Tapi ayeuna keneh geura tarobat sing bener, geura baralik deui ka Kami, kalawan puasa jeung midangdam.

Wahyu 7:16-17
[16] Moal kalaparan deui, moal ngarasa halabhab deui, moal kaseureud deui ku panasna panonpoe atawa ku panas naon bae,[17] sabab bakal diaping ku itu Anak Domba anu aya di tengah-tengah tahta, bakal dibawa ka cinyusu kahirupan, sarta cipanonna bakal disusutan ku Allah.”

Ayub 1:20-21
[20] Neut Ayub cengkat, seug nyosoeh anggoanana awahing ku remuk nya manah. Rambutna digundulan, bruk meubeutkeun anjeun nyium taneuh.[21] Pok ngalahir, ”Kami datang ka dunya teu babawaan, mulang ge mo babawaan. PANGERAN anu maparin, ku PANGERAN deui dicandak. Mugi Pajenengana-Na tetep dijungjung.”

Ef 4:30
Ulah ngaraheutan Roh Allah anu suci, sabab Roh-Na teh geus jadi tanda yen aranjeun kagungana-Na, anu nanggung yen dina Poe ngamerdikakeun, aranjeun bakal dimerdikakeun.

Keluaran 20:17
Ulah mikahayang imah batur; ulah mikahayang pamajikan batur, atawa mikahayang badegana, sapina, kaldena, atawa naon bae sakur nu jadi milik batur.”

2 Korintus 7:10
Kanalangsaan oge ari ku Allah dianggo lantaran sangkan urang eling mah matak jamuga, taya ngarugikeunana. Beda deui jeung nalangsa ku lantaran nyeri hate, eta mah nungtun kana paeh.

Yesaya 53:3
Anjeunna ku urang dihina, ditampik, teu kendat lara nandang kanyeri. Saurang ge euweuh nu hayangeun nenjo-nenjo acan ka anjeunna, ku urang teu dipalire, dianggap teu aya bae.

Matius 27:46
Kira-kira pukul tilu Yesus ngajerit tarik, ”Eli, Eli, lama sabahtani?” hartina: ”Nun Allah sim kuring, Allah sim kuring, ku naon nu mawi ngantunkeun?”

1 Petrus 1:6-7
[6] Aranjeun kudu bungah ku hal ieu, sanajan ayeuna keur susah jeung prihatin ku rupa-rupa cocoba.[7] Maksudna nya eta pikeun nguji kamurnian iman aranjeun ka Pangeran. Geuning emas oge anu beunang diruksak sok diuji. Komo deui iman aranjeun anu pangajina leuwih ti emas, kudu diuji supaya murni. Ku jalan kitu lamun aranjeun kuat nandangan eta cocoba, engke dina Poe sumpingna Yesus Kristus aranjeun bakal dipuji, dihormat, dimulyakeun.

Filipi 4:7
Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.

Roma 8:18
Dina kayakinan sim kuring, kasangsaraan anu kasorang ku urang ayeuna, lamun dibandingkeun jeung sagala kamulyaan anu bakal diebrehkeun ka urang mah taya pisan hartina.

Ibrani 10:24-25
[24] Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah.[25] Ulah bosen-bosen kumpulan, ulah cara anu lian. Sabalikna anggur sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.

2 Korintus 1:3-4
[3] Puji kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus, Rama anu maha welas, sarta anu maparin kategeran hate ka manusa.[4] Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger, sarta ku sabab ditegerkeun ku Mantenna, sim kuring oge bisa negerkeun ka batur anu eukeur nandang kasusah.

Matius 22:36-40
[36] pokna, ”Guru, parentah nu mana dina Hukum Agama anu pangutamana?”[37] Waler-Na, ” ʼMasing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.ʼ[38] Ieu parentah anu pangutamana jeung pangpentingna.[39] Nu kadua sarua pentingna, nya eta: ʼMasing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.ʼ[40] Sakabeh eusi Hukum Musa jeung pangajaran nabi-nabi lianna, gumantungna ka ieu dua parentah.”

Yohanes 10:10
Bangsat datangna ngan arek maling, ngarogahala, jeung ngabinasa. Ari Kami mah malar supaya umat harirup sarta carukup.

Wahyu 21:4
Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui. Sakur nu heubeul geus sirna.”

Ibrani 13:5
Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya. Sabab dawuhan Allah, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.”

Filipi 4:6-7
[6] Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.[7] Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society