A A A A A

Tambahan: [Revivial]


Daniel 9:3-10
[3] Kaula jumerit ka Gusti Allah, sasambat, puasa, make papakean karung, diuk dina lebu.[4] Sagala dosa bangsa kaula diunjukkeun ka PANGERAN, Allah panutan kaula. Kieu piunjuk kaula, ”Nun Allah, Gusti Nu Agung! Abdi sadaya hormat ka Gusti. Gusti tigin kana jangji, satia asih ka nu nyaraah ka Gusti, tur ngestokeun kana sugri timbalan Gusti.[5] Abdi sadaya rumaos dosa, jahat, lepat lampah. Parantos mungpang kana timbalan, baha kana aturan-aturan Gusti anu leres.[6] Teu ngagarugu kana pisaur para abdi Gusti, nabi-nabi nu ngadongkapkeun timbalan-timbalan Gusti ka abdi sadaya, ka raja-raja, ka kapala-kapala, ka karuhun-karuhun, ka sakumna bangsa.[7] Gusti teh nun Pangeran, salamina bener tur adil, sawangsulna abdi-abdi, tingkah laku mung nungtun kana kahinaan sorangan. Sapertos nu buktos ayeuna, nu kaalaman ku abdi-abdi, boh nu di Yudea, boh nu di Yerusalem, boh sabangsa Israil anu ku Gusti dipabalencarkeun di nagri-nagri nu tebih nu caket, lantaran teu satia ka Gusti.[8] Raja-raja, kapala-kapala, sareng karuhun-karuhun abdi sadaya lampahna ngerakeun, doraka bae ka Gusti, nun Pangeran.[9] Nanging sanaos abdi-abdi ngalawan, Gusti henteu weleh mikawelas, henteu weleh ngahapunten.[10] Ditimbalan kedah hirup numutkeun hukum anu didongkapkeun ku para abdi Gusti nabi-nabi, abdi-abdi teu ngagugu bae.

Ezra 9:5-7
[5] Sanggeus wanci kurban sore, sim kuring cengkat ti enggon andiprek, brek sideku bari nadahkeun leungeun duanana, neneda ka PANGERAN Allah panutan, masih keneh make pakean anu tadi disosoeh.[6] Paneda sim kuring, ”Nun Allah, jisim abdi isin langkung-langkung ka payuneun Gusti, dugi ka henteu werat tanggah, gaduh dosa dugi ka ngurugan sirah, malah nyaruaan luhurna langit.[7] Dosa abdi sadaya umat Gusti, ti jaman karuhun dugi ka danget ieu pisan kalintang ageungna. Ku dosa sorangan keneh, abdi sadaya kitu deui raja-raja sareng imam-imam, ragrag kana leungeun raja-raja bangsa lian, ditumpes, diranjah, diboyong jaradi tawanan jadi bangsa anu hina sakumaha anu karandapan ayeuna.

Yehezkiel 22:28-31
[28] Ari ku nabi-nabina eta dosa-dosa teh dikilungan, kawas tembok dikapur. Tetenjoan-tetenjoan pamelengna paralsu, ramalanana taya benerna. Aku-akuna mah magar ngucapkeun sabda PANGERAN Nu Maha Agung, padahal Kami, PANGERAN, teu nyabda ka maranehna.[29] Nu hianat jeung nu rarampog nerekab. Nu balangsak diteungteuinganan, urang asing bandana dirampas.[30] Kami keur neangan jelema anu pibisaeun ngadegkeun, atawa anu baris bisa tagen di lebah kuta anu geus rugrug, ngabela eta tanah dina waktuna amarah Kami rek ngarempug inya, tapi teu manggih saurang-urang acan.[31] Anu matak Kami rek ngabudalkeun amarah lir ngumbar seuneu, geusan ngabasmi maranehna ku tina kalakuan-kalakuanana.” Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.

Ulangan 9:18-29
[18] Ti dinya Bapa ngadeuheus deui ka payuneun PANGERAN, bruk sujud kana taneuh, opat puluh poe opat puluh peuting deui teu dahar teu nginum. Bapa nepi ka kitu teh ku sabab eta dosa maraneh nu sakitu matak benduna ka PANGERAN.[19] Bapa kacida paurna ningal PANGERAN mani ngagidir bendu-Na, meh bae ngabasmi ka maraneh. Hadena PANGERAN kersaeun keneh ngadangu panuhun Bapa.[20] Jeung harita Bapa teh mangnedakeun Harun ongkoh, sabab harun oge dibenduan meh disina tiwas.[21] Barang anu doraka jijieunan maraneh nya eta sasapian beunang nyitak tea ku Bapa dicokot, dialungkeun kana seuneu tuluy diancurkeun jadi bubuk, tuluy diawurkeun ka susukan anu ngocor ti eta gunung.[22] Nya kitu keneh di Taberah, di Masa, jeung di Kibrot Taawa, maraneh nyieun pibendueun PANGERAN.[23] Jeung basa maraneh ti Kades Barnea dipiwarang ngarebut tanah anu geus diajangkeun pikeun maraneh, maraneh baha, teu percaya, teu narurut.[24] Ti barang Bapa mimiti wawuh ge maraneh teh geus ngaralawan ka PANGERAN.[25] Bapa nyuuh ka payuneun PANGERAN, opat puluh poe opat puluh peuting, sabab Mantenna geus meh bae ngabasmi ka maraneh.[26] Bapa sasambat, ’Nun PANGERAN Nu Maha Agung, mugi ulah ngabasmi ka eta jalmi-jalmi kenging Gusti ngajait ti Mesir nganggo kawasa rosa.[27] Sing emut ka abdi-abdi Gusti, Ibrahim, Ishak sareng Yakub. Mugi teu dianggo kekeling galih sanaos maranehna teh mantangul, arawon lampah, marigawe dosa.[28] Bilih Gusti ku urang Mesir dipajarkeun teu iasa ngalebetkeun eta umat ka tanah anu dijangjikeun tea. Bilih ceuk urang Mesir Gusti ngaluarkeun eta umat ti Mesir teh baris dibasmi di gurun keusik reh ku Gusti parantos dipikageuleuh.[29] Sanaos kumaha oge eta jalmi-jalmi teh ku Gusti parantos diunculkeun dijadikeun umat kagungan, tur kenging Gusti ngajait ti Mesir nganggo kawasa rosa.’ ”

Keluaran 32:11-13
[11] Tapi Musa kacida muntang-muntangna ka PANGERAN Allahna, piunjukna, ”Nun PANGERAN, naon damelna Gusti bendu dugi ka kitu ka eta jalmi-jalmi kenging Gusti ngajait ti Mesir, kenging ngarebut ku kawasa sareng kadigjayaan?[12] Mana teuing piomongeun urang Mesir! Tangtos carekna mana eta umat kagungan ku Gusti dikaluarkeun ti Mesir teh bade ditumpes di pagunungan, bade dibasmi sama sakali. Mugi ulah kateterasan bendu. Sing hawatos ka maranehna, ulah dugi ka dicilakakeun.[13] Mugi emut ka abdi-abdi Gusti, Ibrahim, Ishak, sareng Yakub. Gusti parantos ikrar kalayan hidmat bade ngajembarkeun turunan aranjeunna dugi ka seueurna sapertos bentang-bentang di langit, tur bade dipaparin tanah anu parantos dijangjikeun tea yen bade dimilikkeun ka maranehna salalanggengna.”

Keluaran 32:31-32
[31] Sanggeus kitu Musa unggah deui marek ka PANGERAN. Piunjukna, ”Jalmi-jalmi teh parantos midamel dosa kalintang ageungna, nyarieun aallahan tina emas sareng disarembah.[32] Mugi dosana dihapunten. Upami Gusti teu kersa maparin hapunten ka maranehna, langkung sae ngaran abdi kenging Gusti nyeratkeun dina daptar ngaran-ngaran umat Gusti tea dipupus.”

Nehemia 1:1-11
[1] Ieu laporan Nehemia bin Hakalya tina hal anu dilampahkeun ku anjeunna. Mangsa kadua puluh taun Artahsasta jadi raja Persia, dina bulan Kislew, waktu sim kuring aya keneh di ibukota Susan,[2] dulur sim kuring anu ngaran Hanani ti tanah Yuda, datang jeung baturna sababaraha urang. Sim kuring nanyakeun kaayaan Yerusalem jeung dulur-dulur sasama urang Yahudi anu marulang ti pangbuangan di Babul.[3] Jawabna, dulur-dulur nu rahayu bisa marulang ka lemah cai teh keur katarajang susah gede, turug-turug dihina ku tatangga-tatanggana bangsa-bangsa sejen. Tembok kuta Yerusalem angger ancur, gapura-gapurana ti barang tas aya nu ngahuru acan diomean deui.[4] Meunang beja kitu, brek sim kuring diuk bari ceurik. Meunang sababaraha poe sim kuring teu dahar-dahar acan, prihatin teu leungit-leungit. Seug neneda ka Allah,[5] ”Nun GUSTI, Allah Sawarga! Gusti teh agung sareng matak gimir! Gusti pengkuh nyepeng perjangjian ka sugri anu nyaah sareng ngestokeun timbalan-timbalan![6] Tingali nun PANGERAN, sareng dangukeun ieu paneda abdi siang sareng wengi tina perkawis umat Gusti, bangsa Israil. Abdi rumaos, urang Israil teh gaduh dosa ka Gusti. Kitu deui karuhun-karuhun sareng abdi pribadi oge gaduh dosa.[7] Doraka, ngabaha ka Gusti, teu tumut kana timbalan. Henteu tigin kana papakon-papakon anu ku Gusti ditetepkeun pikeun abdi sadaya ku perantaraan Musa, abdi Gusti tea.[8] Tangtos Gusti emut, Gusti parantos nimbalan kieu ka Musa, ’Maraneh Israil, upama henteu satia ka Kami, tan wande dipabalencarkeun ka bangsa-bangsa sejen.[9] Tapi upama tarobat sarta ngagugu kana timbalan Kami, najan keur pabalencar nepi ka tungtung jagat oge, tan wande dipulangkeun ka tempat anu ku Kami geus dipilih geusan ngabakti ka Kami.’[10] Nun PANGERAN, eta teh sadayana abdi-abdi Gusti, umat Gusti ku manten, kenging Gusti ngajait ku pangawasa sareng kadigjayaan anu langkung-langkung agungna.[11] Mugi kersa ngadangu kana panyambat abdi, sareng kana panyambat sugri anu sumeja ngamulyakeun ka Gusti, mugi-mugi abdi mendak kurnia ti raja, dikabulkeun panuhun.” Kitu paneda sim kuring. Harita sim kuring teh jadi juruladen leueuteun prabu.

Mazmur 85:6
Atanapi, naha bade teras ngabenduan salamina, wera sapapanjangna?

Mazmur 22:27
Nu mariskin bakal dalahar nepi ka sareubeuheun. Anu daratang ka PANGERAN bakal maruji ka Mantenna. Mugia maranehna makmur salalawasna!

Mazmur 51:10
Ridoan abdi nguping sora kabungah sareng kasuka supados tiasa deui ngarasa bagja, sanaos ku Gusti parantos disasaak sareng diririkes.

Mazmur 80:18
Umat kenging Gusti milih, bangsa kenging Gusti nohagakeun, mugi diraksa.

Habakuk 3:2
Nun PANGERAN, abdi parantos nguping sugri anu dipidamel ku Gusti. Hate abdi pinuh ku rasa hormat. Eta padamelan Gusti nu aragung, mugi pidamel deui jaman abdi-abdi ayeuna. Mugi Gusti mikawelas, sanaos upami keur bendu.

Yesaya 57:15
Kami teh Allah anu maha luhur jeung suci, anu jumeneng salalanggengna. Panglinggihan Kami luhur jeung suci, tapi Kami oge ngareujeungan ka anu rarendah hate jeung tarobat, geusan mulihkeun kayakinan jeung pangharepanana.

2 Tawarikh 7:14
upama maranehna sasambat ka Kami sarta tarobat tina lampah dorakana, ku Kami tangtu didangu ti sawarga, dosana dihampura, tanahna disina cukul deui.

Yakobus 4:8
Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui. Beresihan leungeun, eh jalma-jalma dosa! Herangkeun hate, eh aranjeun anu marunapek!

Yehezkiel 37:11-15
[11] Allah ngadawuh ka kaula, ”Eh anak manusa, urang Israil teh sakumaha eta tulang-taleng. Carekna, maranehna teh geus gararing, geus pegat hamo bisa menyat.[12] Ku sabab kitu ramalkeun kieu ka eta umat Kami Israil, bejakeun yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, baris muka kuburan maranehanana. Maranehanana ku Kami arek dikaluarkeun tina kuburan, rek dipulangkeun ka tanah Israil.[13] Saupama tempat-tempat umat Kami dikubur tea ku Kami geus dibuka, sarta maranehanana dikaluarkeun ti dinya, bakal nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN.[14] Maranehna rek diasupan napas Kami sina harirup deui, sina nyaricingan tanahna sorangan. Geus kitu bakal nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN. Kitu ikrar Kami, ku Kami tangtu dijalankeun. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”[15] PANGERAN ngadawuh deui ka kaula.

Kisah Para Rasul 2:17-18
[17] ʼDawuhan Allah, Kieu pidameleun Kami dina ahir jaman. Roh Kami rek dikucurkeun ka unggal jalma. Anak-anak maraneh lalaki, awewe, ngembarkeun dawuhan Kami. Nu ngarora bakal mareunang tetenjoan, nu karolot bakal mareunang impian.[18] Dina jaman eta, dalah abdi-abdi Kami, awewe, lalaki, bakal dikucuran Roh Kami, sina ngutarakeun dawuhan Kami.

2 Timotius 4:3-4
[3] Sabab engke bakal aya mangsa jalma-jalma arembung ngadenge deui piwuruk hade, kalah ka sakama-kama, kalah ka ngadatangkeun guru-guru anu omonganana genah ngagaroan liang ceuli.[4] Tinimbang ngadenge kana piwuruk anu sayakti, kalah ka mikaresep kana dongeng-dongeng pamohalan.

Ef 5:14
sabab ditembongkeun ku caang. Eta sababna nu matak disebutkeun kieu: ”Eh, nu hees geura nyaring, geura hudang ti enggon paeh, Kristus bakal nyaangan ka maneh.”

Matius 6:33
Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.

Kisah Para Rasul 2:38
Saur Petrus, ”Kudu tarobat, jeung kudu dibaptis kalawan asmana Yesus Kristus, tangtu dosa-dosa aranjeun dihampura sarta bakal narampa sih kurnia Allah, nya eta Roh Suci.

Kisah Para Rasul 3:19-21
[19] Ku sabab kitu ayeuna aranjeun teh kudu tarobat, kudu marulang deui ka Allah sangkan ku Mantenna dihampura. Upama aranjeun tarobat,[20] rohani aranjeun ku Pangeran bakal disegerkeun. Mantenna bakal ngutus Yesus ka aranjeun, sabab Yesus teh memang geus diajangkeun jadi Raja Salam pikeun nyalametkeun aranjeun.[21] Yesus kudu tetep di sawarga nepi ka sagala perkara ku Allah dianyarkeun, sakumaha anu ku Allah geus diandikakeun ka nabi-nabi suci.

Yehezkiel 18:21-33
[21] Lamun jalma jahat tobat tina kajahatanana sarta nurut kana hukum-hukum Kami, lampahna jadi bener, kalakuanana jadi hade, tangtu salamet moal paeh.[22] Dosa-dosana kabeh dihampura, sarta ku sabab kalakuanana geus bener tangtu hirup.[23] Dikira Kami bungah ningali jalma doraka paeh?” timbalan PANGERAN Nu Maha Agung. ”Kami leuwih bungah saupama ningali jelema tobat sangkan bisa hirup.[24] Sabalikna lamun jelema ibadah geus henteu ibadah tuluy nyieun kajahatan, nyieun hal-hal anu pikaijideun anu biasa dipigawe ku nu jarahat, na eta teh kudu hirup? Moal, moal! Malah kabageuranana nu enggeus-enggeus moal diinget-inget acan. Kudu paeh ku tamahana, ninggalkeun ibadah terus migawe dosa.[25] Ari carek maraneh mah, ’Salah ari kitu mah PANGERAN teh.’ Dengekeun eh urang Israil. Carek pamikir maraneh jalan Kami kitu teh salah? Puguh jalan maraneh anu salah.[26] Lamun jelema ibadah geus henteu ngalampahkeun deui nu hade sarta terus nyieun kajahatan, seug paeh, paehna teh ku karana dosana sorangan.[27] Sabalikna lamun jelema jahat eureun tina kajahatanana tuluy nyieun kalakuan anu hade jeung bageur, eta teh matak rahayu kana hirupna.[28] Manehna eling tina kajahatanana, seug eureun tina nyieun dosa, geus tangtu moal paeh, geus tangtu hirup rahayu.[29] ’Salah ari kitu mah PANGERAN teh,’ lain kitu carek maraneh, urang Israil? Puguh pikiran maraneh anu salah.[30] Ayeuna Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngabejaan ka maraneh, urang Israil, yen Kami bakal ngahukum ka maraneh satimpal jeung kalakuan maraneh. Geura areling tina kajahatan, sangkan ulah cilaka ku dosa sorangan.[31] Geura eureunan kajahatan maraneh, anyarkeun hate jeung pikiran. Na harayang paeh maraneh teh, eh urang Israil?[32] Kami mah henteu hayang ningali aya jelema paeh,” timbalan PANGERAN Nu Maha Agung. ”Geura tarobat supaya harirup.”[33] Allah miwarang kaula nganyanyikeun ieu lagu duka pikeun dua urang pangeran Israil:

Yeremia 31:17-20
[17] Jaga maneh tangtu senang, barudak tangtu marulang. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.[18] Urang Israil ku Kami kadangu sasambat mani sesegruk, ’Duh Gusti, abdi-abdi lir sapi anu atah warah, lajeng ku Gusti diwulang, diajar nurut. Mugi abdi sadaya dicandak mulang, sumeja tobat ka Gusti, PANGERAN, Allah abdi sadaya.[19] Abdi-abdi parantos mungkur ti Gusti, ayeuna nyuhunkeun ditampi deui. Saparantos ku Gusti dipeperih, bati ngaheluk sareng ngaheruk, isin ku kalakuan anu hina, emut kana dosa-dosa waktos keur ngora.’[20] Eh Israil, maneh teh anak Kami kakasih, anak anu pangdipikanyaahna. Mun keur nyebut ngaran maneh, pikir henteu weleh ngait, hate teu weleh cumantel. Kami seja mikawelas.

Hakim 10:1-18
[1] Sanggeus Abimelek maot, Tola bin Pua putu Dodo jadi pamingpin, ngabebaskeun Israil. Anjeunna asal ti kaom Isaskar, calikna di Samir di daerah pagunungan Epraim.[2] Dua puluh tilu taun lilana anjeunna jadi pamingpin di Israil, tuluy pupus sarta dikurebkeun di Samir.[3] Sanggeus Tola, urang Israil dipingpin ku Yair urang Gilad. Jadi pamingpinna meunang dua puluh dua taun.[4] Anjeunna kagungan tilu puluh putra pameget anu tarumpak kalde. Putra-putrana kagungan tilu puluh kota di tanah Gilad, anu nepi ka ayeuna disebut desa-desa Yair.[5] Yair pupus sarta dikurebkeun di Kamon.[6] Urang Israil geus dosa deui ka PANGERAN, nyarembah ka dewa-dewa Baal jeung ka Astoret, kitu deui ka allah-allahna urang Siria, urang Sidon, urang Moab, urang Amon jeung urang Pelisti. Geus malungkur ti PANGERAN, henteu ngabakti deui ka Mantenna.[7] Ku lantaran kitu PANGERAN bendu ka urang Israil, tuluy maranehanana diselehkeun ka urang Pelisti jeung ka urang Amon.[8] Dalapan belas taun lilana ieu dua bangsa ngagencet jeung nganiaya urang Israil nu maratuh di kotana urang Emor wetaneun Walungan Yordan di tanah Gilad.[9] Malah urang Amon mah nepi ka meuntasan Yordan merangan ka kaom Yuda, kaom Binyamin jeung kaom Epraim. Israil kacida ngarasa prihatinna.[10] Seug urang Israil teh sasambat ka PANGERAN, bari kieu piunjukna, ”Abdi sadaya rumaos dosa, parantos mungkur ti Gusti, Allah abdi sadaya, ngabakti ka Baal-baal.”[11] Ngawaler PANGERAN ka maranehanana, ”Bareto maraneh teh dikaniaya ku urang Mesir, urang Emor, urang Amon, urang Pelisti,[12] urang Sidon, urang Amalek jeung urang Maon. Maraneh sasambat ka Kami. Lain maraneh teh geus ditulungan ku Kami, leupas ti maranehanana?[13] Parandene maraneh masih bae nukangan ka Kami, ngabarakti ka allah-allah anu sejen. Ku sabab eta Kami moal rek nulungan deui.[14] Ka ditu bae sasambat ka dewa-dewa meunang maraneh milih tea. Keun sina maranehna anu nulungan mun maraneh meunang kasusah.”[15] Tapi piunjuk urang Israil ka PANGERAN, ”Abdi sadaya rumaos dosa. Mangga sanaos bade dikua-kieu oge, nanging mugi kersa maparin pitulung ayeuna pisan.”[16] Geus kitu, maranehanana henteu ngabarakti deui ka allah-allah sejen, tapi ngabarakti ka PANGERAN. Mantenna jadi pohara ngangresna ku kaprihatinan Israil teh.[17] Geus kitu urang Amon natakeun balad arek indit perang, mangkalan di Gilad. Urang Israil kumpul, tuluy mangkalan di Mispa wewengkon Gilad.[18] Di dinya para pamingpin kaom-kaom Israil silih tanya, ”Saha anu sanggup ngapalaan ieu perang ngalawan urang Amon? Sing saha anu sanggup, eta baris jadi kapala saeusi tanah Gilad.”

Ayub 42:6
Ana emut kana ucapan sorangan, estu kalintang isinna, seja nyanggakeun pertobat, seja nyuksruk kana lebu.”

Yoël 1:10-20
[10] Kebon-kebon saruwung, taneuhna nguyung lantaran gandumna lebur pelak anggur tangkalna gararing, tangkal jetun aralum.[11] Para patani geura nalangsa, nu ngarebon anggur geura ngarungun, lantaran gandum jeung hanjeli, sagala rupa paneneun ruksak binasa.[12] Tangkal-tangkal anggur aralum, tangkal-tangkal kondang parerang, tangkal bubuahan ngarangrangan terus paraeh, kasuka jalma-jalma geus sirna.[13] Eh imam-imam anu laladen di altar, geura dibaraju karung jeung careurik! Geura arasup ka Bait Allah jeung midangdam sapeupeuting! Lantaran geus euweuh gandum jeung anggur pikeun baktikeuneun ka Allah maraneh.[14] Parentahkeun, jalma-jalma sina paruasa; umumkeun yen kudu ngayakeun sidang! Kumpulkeun para pamingpin jeung sakabeh urang Yuda ka Bait Allah, gedong PANGERAN Allah maraneh, sina sasambat ka Mantenna.[15] Poena PANGERAN tereh datang, poena Nu Maha Kawasa baris ngadatangkeun karuksakan. Eta poe estu matak sieun![16] Urang ngan semet bisa melong gandum paneneun urang diruksak. Di Bait Allah kagungan Allah urang geus teu aya kahegaran.[17] Binih paraeh dina taneuh garing. Geus euweuh gandum keur simpeneun, leuit-leuit jadi karosong jeung tingtalambru.[18] Sapi-sapi tingaremoh bangun susah, sampalanana teu jarukutan; domba-domba kalaparan.[19] Abdi sasambat ka Gusti, nun PANGERAN, jalaran sampalan sareng tatangkalan gararing, sapertos anu diduruk ku seuneu.[20] Malah sato-sato alas ge sasambat ka Gusti, jalaran walungan-walungan ngoletrak saraat.

Yunus 3:9-10
[9] Muga-muga Allah robah manah sarta bendu-Na leler, supaya urang ulah paraeh!”[10] Allah ningali lampah maranehna. Ningalieun yen maranehna geus miceun tabeatna anu jahat. Ku sabab kitu pangersa-Na dirobah, henteu tulus ngahukum maranehna.

Lukas 15:7
Nya kitu di sawarga oge, sing percaya, lamun aya jelema doraka saurang anu tobat, kacida matak bungahna, leuwih bungah ku eta anu saurang ti batan ku anu salapan puluh salapan anu geus balener jeung teu perlu tobat deui.”

Markus 1:15
Saur-Na, ”Geura tarobat, geus waktuna, sabab Karajaan Allah geus meh ngadeg! Sing percaya kana ieu Injil Kasalametan!”

Matius 3:6
Maranehanana ngarakukeun dosa-dosana, tuluy ku anjeunna dibaptis di Walungan Yordan.

Matius 11:20-24
[20] Aya kota-kota anu jelemana teu daraek tobat, padahal di dinya Anjeunna pangseringna nembongkeun mujijat-mujijat. Eta kota-kota ku Anjeunna diseukseukan.[21] ”Cilaka maneh Korasin! Cilaka maneh oge, Betsaida! Lamun heug mujijat-mujijat anu ditembongkeun ka maraneh teh ditembongkeunana ka urang Tirus jeung Sidon, tangtu geus lila deui maranehna mah bakal marake baju karung jeung ngawuran awakna ku lebu, nyirikeun tobat tina dosa-dosana.[22] Kami yakin, dina Poe Kiamat urang Tirus jeung Sidon bakal leuwih dipikawelas ku Allah ti batan maraneh![23] Kitu deui maneh, Kapernaum! Baruk rek ngangkat maneh ka sawarga? Hamo bisa! Maneh bakal ditotogkeun ka naraka! Upama heug mujijat-mujijat anu ditembongkeun ka maneh baheula ditembongkeun ka urang Sadumu, eta nagara tangtu nepi ka ayeuna aya keneh![24] Sing percaya, dina Poe Kiamat urang Sadumu bakal leuwih dipikawelas ku Allah ti batan maraneh!”

1 Petrus 4:17
Ayeuna geus waktuna pangadilan dimimitian. Anu bakal diadilan ti heula nya eta umat Allah ku manten. Tah! upama Allah mimiti ngadilanana ti urang heula, leuh pikumahaeun temen pibalukareunana jelema-jelema anu henteu palercaya kana Injil Kasalametan ti Allah,

1 Petrus 5:10
Lamun sangsara geus liwat, da moal lila, Allah nu kagungan saniskara sih kurnia, anu geus nyaur aranjeun sangkan milu kana kamulyaana-Na ku jalan satunggal jeung Kristus, bakal nyampurnakeun, nguatkeun jeung mageuhkeun kaayaan aranjeun.

Ef 1:18
Dipangnyuhunkeun sing dicaangkeun pikiran, supaya ngarti kana maksad Mantenna, supaya terang kana eusi harepan anu dipaparinkeun ku Mantenna pangna nyaur urang. Jeung supaya terang yen berkah-berkah anu dijangjikeun ka umat-Na teh jembar jeung mulya.

Hosea 6:2
Dua tilu poe deui tangtu urang diwaluyakeun deui ku Mantenna, sarta bakal hirup di payuneun Mantenna.

Yesaya 49:8
PANGERAN ngadawuh ka umat-Na, ”Lamun geus waktuna ngajait maraneh, Kami tangtu luntur manah kersa ngadangu panyambat maraneh. Maraneh tangtu diraksa dijaga. Sarta ku jalan maraneh Kami rek ngadamel perjangjian jeung sakabeh manusa. Maraneh meunang maratuh deui di tanah sorangan nu geus kalantar.

Yeremia 33:11
Tapi eta tempat-tempat teh bakal haneuteun deui, rame ku sora kasukaan jeung kagumbiraan sarta sora kabagjaan pesta kawin. Maneh bakal ngadenge jalma-jalma nyaranyi waktu marawa kurban sukur ka Bait Kami, pokna, ’Puji sukur hatur nuhun kana kasaean PANGERAN Nu Maha Kawasa, anu langgeng mikaasih.’ Ieu tanah ku Kami rek dimakmurkeun sakumaha asalna deui. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.”

Mazmur 51:12
Ciptakeun di diri abdi hate anu beresih, nun Allah, eusian abdi ku sumanget anyar, jiwa satia.

Mazmur 71:20
Gusti nu ngersakeun abdi nandangan rupi-rupi rerepit sareng pakewuh, Gusti keneh anu baris mulihkeunana, Gusti nu bakal ngajagi abdi ti kubur.

Roma 6:4
Jadi ku eta baptisan teh urang geus dikubur jeung Anjeunna, milu maot jeung Anjeunna, supaya sakumaha Kristus geus digugahkeun ku kakawasaan Rama anu mulya, urang oge bisa nyorang hirup anu anyar.

Ratapan 5:20-21
[20] Ku naon ngantunkeun abdi sadaya sakitu lamina? Kumaha, kersa upami Gusti mikaemut deui ka abdi sadaya?[21] Wangsulkeun abdi sadaya, wangsulkeun ka pangkon Gusti, nun PANGERAN! Pulihkeun deui kamulyaan abdi-abdi sapertos kapungkur.

Maleakhi 4:5-6
[5] Tapi samemeh poena PANGERAN anu hebat pikasieuneun tea datang, Kami rek ngutus heula Nabi Elias.[6] Manehna bakal ngarukunkeun deui para bapa jeung anak-anakna. Sabab lamun henteu kitu, nagri maraneh ku Kami bakal dibasmi.”

Mazmur 80:17-19
[17] Ayeuna ku musuh diduruk, dituar; tumpurkeun musuh teh ku bendu Gusti.[18] Umat kenging Gusti milih, bangsa kenging Gusti nohagakeun, mugi diraksa.[19] Moal deui-deui abdi-abdi nyingkir ti Gusti, mugi ku Gusti dipaparin hirup, sumeja muji ka Gusti.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society