A A A A A

Tambahan: [Polisi]


2 Timotius 1:7
Sabab Roh ti Allah ka urang teh lain nungtun kana jejerih, malah Roh-Na teh matak kuat hate, matak nyaahan, matak bisa ngadalian diri.

Yesaya 1:17
lampahkeun anu bener. Usahakeun sangkan kaadilan terap. Belaan anu sangsara. Belaan hakna budak pahatu. Tangtayungan randa-randa.”

Yesaya 6:8
Kaula ngadenge Pangeran ngandika, ”Saha nu ku Kami kudu diutus? Saha nu kudu jadi utusan Urang?” Kaula miunjuk, ”Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!”

Yesaya 54:17
Jadi satiap pakarang anu dipake narajang ka maneh, moal matak kua-kieu. Jeung satiap maneh aya anu merkarakeun, maneh bakal bisa ngalawan. Abdi-abdi Kami ku Kami tangtu diraksa, disina arunggul.” Kitu dawuhan PANGERAN.

Yohanes 15:13
Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.

Yosua 1:9
Sing inget timbalan Kami ka maneh, masing teteg sarta yakin! Ulah sieun atawa leutik hate, sabab Kami, PANGERAN Allah maneh ka mana-mana oge tan wande nyarengan.”

Lukas 1:79
sina sumorot ti sawarga, nyaangan ka sakur anu araya dina poekna kalangkang maot, baris nungtun lengkah urang ka jalan nu aman santosa.”

Lukas 10:19
Maraneh ku Kami geus dibere kawasa, pikeun nincakan oray jeung kalajengking, jeung pikeun ngelehkeun kakawasaan musuh, tur moal aya anu bisa nyilakakeun ka maraneh.

Lukas 5:9
Simon jeung nu ngabaturanana mani barengong narenjo lauk beubeunanganana sakitu lobana.

Amsal 21:15
Jelema hade mah mun kaadilan jalan teh atoh, sabalikna nu jahat mah hanjelu.

Amsal 24:11
Mun maneh nenjo aya jelema digusur rek dipaehan, geuwat rebut.

Amsal 27:17
Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.

Mazmur 101:8
Unggal-unggal dinten, abdi bade ngabasmi anu jarahat ti jero nagri. Para durjana sadayana bade diusiran, moal diantep hirup di kotana PANGERAN.

Mazmur 82:3-4
[3] Belaan anu lalemah jeung barudak yatim, sing adil ka nu mariskin jeung nu sangsara.[4] Leupaskeun maranehna tina genggeman para durjana.

Titus 3:1-2
[1] Jalma-jalma teh ingetan ku hidep yen kudu tunduk ka pamarentah, ka nu nyarekel kawasa nagara, taʼat tur siap ngalakonan sarupaning anu hade.[2] Elingan yen ulah ngagogoreng batur, kudu runtut jeung someah, ka itu ka ieu kudu darehdeh.

1 Petrus 2:13-17
[13] Ku sabab kitu, demi keur kamulyaan Gusti, aranjeun kudu tunduk ka unggal panguasa nagara: ka Prabu, reh eta nu pangkawasana,[14] ka para gupernurna, reh anu dikawasakeun ku Prabu pikeun ngahukum nu jahat jeung muji ka nu hade.[15] Sabab kalakuan aranjeun anu hade teh ku Allah bakal dianggo ngabendung omongan jalma-jalma anu garejul.[16] Hirup aranjeun kudu sakumaha jalma merdika, tapi kamerdikaan teh ulah dipake nyimbutan kagorengan, nya kudu sakumaha layakna jelema anu ngawula ka Allah.[17] Kudu ngajenan ka unggal jelema, kudu nyaah ka papada batur sakapercayaan, kudu sieun ku Allah, kudu hormat ka Prabu.

Mazmur 18:37-43
[37] Abdi teu kacerek, teu ragrag ka musuh, Gusti nu ngajagi.[38] Musuh ku abdi diudag sarta beunang, haben digempur dugi ka tumpur.[39] Diamuk dugi ka rarubuh tingrumpuyuk, teu harudang deui, areleh tinggaloler di hareupeun.[40] Gusti maparin abdi kadigjayaan jurit maparin unggul ngelehkeun musuh.[41] Maranehna ku Gusti disina jicir, nu darengki ka abdi sadayana dibasmi.[42] Tingkoceak marenta tulung taya nu nolih, pada sasambat ka PANGERAN, tapi teu didangu.[43] Ku abdi diluluh nepi ka jadi sapertos lebu anu mancawura ku angin, diidek sapertos leutak di jalan.

Roma 13:1-14
[1] Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah, sabab henteu aya pamarentah anu teu karana widi Allah. Jadi pamarentah anu ayeuna eukeur oge geus kersaning Allah.[2] Saha bae, anu ngalawan ka pamarentah, sarua jeung ngalawan kana aturan anu geus ditangtukeun ku Allah, anu ngalawanna tangtu meunang hukuman.[3] Pikeun warga anu hade kalakuanana, pamarentah teh moal matak sieun. Matak sieun soteh pikeun warga anu jahat. Aranjeun harayang sangka henteu ngarasa sieun ku anu keur nyekel pamarentahan? Atuh masing hade kalakuan, tangtu ku itu dipuji,[4] da itu jenengna teh jadi kawula Allah pikeun kamaslahatan wargana. Ari aranjeun jahat mah puguh bae jadi sieun, da pamarentah teh boga kawasa pikeun ngahukum. Pamarentah teh kawula Allah pikeun ngalaksanakeun Hukum Allah ka wargana anu jahat.[5] Eta sababna aranjeun kudu narurut ka pamarentah. Lain ku dumeh sieun meunang hukuman, tapi pangpangna mah kudu ngarasa geus sawajibna.[6] Ieu keneh sababna pang aranjeun kudu malayar pajeg, lantaran pamarentah teh kawula Allah anu keur ngajalankeun aturan Mantenna.[7] Jadi, bayar sakur anu kudu dibayar ka pamarentah, boh pajeg lamun kudu mayar pajeg, boh cuke lamun kudu mayar cuke. Hargaan pamarentah, ajenan.[8] Ka saha bae oge ulah boga hutang salian ti hutang kanyaah ka pada batur. Sabab nyaah ka batur teh nedunan Hukum Musa.[9] Parentah-parentah anu ungelna, ”Maneh ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah bogoh ka barang batur,” kitu deui parentah-parentah sejen salengkepna, diringkeskeun jadi hiji parentah anu ungelna, ”Maneh kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”[10] Lamun aya rasa kanyaah ka batur, tangtu moal jahat ka batur. Ku sabab kitu, nyaah ka batur teh nedunan sakabeh parentah Hukum Agama.[11] Pek eta lalampahkeun kitu, da aranjeun ge tangtu ngarti, ayeuna teh geus waktuna kudu nyaring. Sabab kana waktu urang disalametkeun teh ayeuna mah geus leuwih deukeut ti batan bareto samemeh urang percaya.[12] Peuting geus tereh nyingkir, beurang geus tereh datang. Eureunan sagala hal anu sok dipigawe waktu poek, geura dangdan pakarang geusan nyanghareupan caang.[13] Tingkah laku masing luyu sakumaha pantesna hirup dina caangna beurang — ulah pepestaan bae, ulah mabok, ulah rucah, ulah aeb, ulah gelut, ulah dengki.[14] Cekel pakarang ti Gusti Yesus Kristus, ulah ngumbar pidosaeun ngalajur napsu.

Amsal 28:1-28
[1] Nu jahat mah euweuh nu ngudag ge lumpat. Sabalikna jelema jujur mah teuneung cara singa.[2] Bangsa baris kuat sarta tahan, lamun para pamingpinna palinter sarta laluhung, tapi bangsa anu dosa mah pamarentahna ngan gunta-ganti bae.[3] Mun pangagung ngagencet ka nu balangsak, ibarat hujan gede anu ngaruksak pibuateun.[4] Teu malire kana hukum, tanda mihak ka nu jarahat. Sabalikna lamun tunduk kana hukum, tangtu ngalawan ka nu jahat.[5] Nu jahat mah teu nyaho di adil. Ari nu ngesto ka PANGERAN mah ngarti enya-enya.[6] Malarat oge kajeun asal jujur, ti batan beunghar tapi curang.[7] Budak ngora anu tigin kana aturan, cingcirining pinter. Tapi anu nyobat jeung anu baragajul mah tangtu ngerakeun bapana.[8] Beunghar ku jalan ngarentenkeun jeung meres, kabeungharanana bakal ragrag ka jelema anu nyaah ka nu miskin.[9] Nu teu tunduk kana hukum Allah, panedana oge ku Allah kacida dipikacuana.[10] Sing saha nu merdaya jelema jujur sangkan nyieun kajahatan, bakal tigubrag ku kajailanana sorangan. Jalma nu beresih tina kasalahan, tangtu baris diganjar.[11] Jalma beunghar sok umangkeuh pinter. Tabeatna kitu teh ku nu miskin tapi pinter mah kamaʼlum pisan.[12] Mun jelema hade unggah nyekel kawasa, jelema-jelema milu suka. Sabalikna lamun nu jahat nyekel kawasa, rahayat teh ngadedempes bae.[13] Nu ngabunian dosa, moal jamuga hirupna. Lamun ngaku kana dosana sarta tuluy tobat, tangtu ku Allah dipikawelas.[14] Kudu sieun ku PANGERAN sapapanjangna, sangkan bagja, da ari wangkelang mah tangtu cilaka.[15] Rahayat miskin moal aya dayana lamun pangerehna jalma jahat. Eta jalma sarua ngabahyakeunana jeung singa nu guar-gaur, atawa biruang nu adar-ider neangan mangsa.[16] Pangereh anu teu boga akal sehat sok lalim kabina-bina, tapi pangereh nu mikangewa lampah curang bakal awet marentahna.[17] Jalma nu boga dosa maehan, ibarat ngali kuburan gagancangan keur ngaruang maneh. Keun antep.[18] Kudu jujur, tangtu hirup salamet, mun teu jujur, pasti tereh tijungkel.[19] Jurutani anu rajin moal kakurangan pangan. Jalma anu resep nganggur bakal malarat saumur-umur.[20] Jalma jujur tangtu mujur. Ari anu hayang gancang beunghar, mo luput tina hukuman.[21] Pilih kasih teh goreng. Tapi sok aya hakim anu teu bener, lantaran kabita ku pangruruba anu teu pira.[22] Jalma sarakah mah hayang buru-buru beungharna bae, teu nyahoeun yen dirina baris malarat.[23] Terus bae elingan jelema teh, lila-lila ge narima, ti batan dialem-alem.[24] Majarkeun teh maling ti kolot mah teu naon-naon. Padahal taya bedana ti bangsat.[25] Mentingkeun diri sorangan teh matak pikasusaheun. Kaayaan maneh bakal jadi pohara leuwih hadena upama maneh percaya ka PANGERAN.[26] Nurut kana pikiran sorangan bae teh kalangsu. Mun hayang mulus rahayu, piwulang nu palinter teh gugu.[27] Mere ka nu kakurangan, maneh moal kakurangan. Lamun maneh pura-pura teu nenjo ka nu balangsak, tangtu pada nyarumpahan.[28] Mun jalma jahat unggah nyekel kawasa, rahayat ngadedempes. Mun eta enggeus tiguling, nu balener baris nyarekel deui kawasa.

Lukas 11:21
Lamun jelema gagah tur lengkep pakarangna ngajaga imahna, sagala harta bandana ditanggung aman.

Matius 5:9
Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan, ku Allah bakal diangken putra!

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society