A A A A A

Tambahan: [Membantu Orang Miskin]


Galatia 2:10
Pamundutna ngan sarupa, nya eta supaya sim kuring ge inget ka anu mariskin nu aya dina cepengan aranjeunna. Atuh puguh eta mah, lantaran angen-angen kaula oge kitu.

Matius 19:21
Waler-Na, ”Ari hayang sampurna mah jual kabeh sagala kaboga hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin, geus kitu hidep ka dieu, tuturkeun Bapa.”

Lukas 12:33-34
[33] Jualan bae babandaan mah kabeh, duitna sidekahkeun ka nu mariskin. Tuluy kudu boga pepeten anu awet, paranti nyimpen harta anu aya di sawarga. Eta harta moal aya sudana, moal bisa aya nu maling, jeung moal dihakan ku rinyuh.[34] Sabab tibelatna hate teh ka tempat harta.”

Lukas 14:12-14
[12] Geus kitu Yesus ngalahir ka pribumi, ”Lamun ngondang pesta dahar, beurang atawa peuting, ulah ngondang babaturan atawa duduluran atawa babarayaan atawa tatangga beunghar. Maranehna mah puguh bae bisa ngabales ngondang, jadi eta kahadean anjeun teh kabales.[13] Jadi ari pesta, nu kudu diarondang teh jelema-jelema anu mariskin, anu caracad, anu lalumpuh, anu lalolong;[14] geus tangtu eta kahadean anjeun teh jadi berkah ka anjeun, da nu karitu mah pimanaeun bisa ngabales kahadean anjeun. Nya Allah anu bakal ngabales eta kahadean anjeun teh, dina poean dihirupkeunana deui jelema-jelema anu harade hate.”

Lukas 6:20-21
[20] Yesus neuteup ka murid-murid-Na, pok sasauran, ”Bagja maraneh anu mariskin, sabab maraneh jadi anggota Karajaan Allah![21] Bagja maraneh anu ayeuna kalaparan, sabab bakal diseubeuhan. Bagja maraneh anu ayeuna ceurik, sabab engke bakal suka seuri!

2 Korintus 8:9
Aranjeun geus terang kumaha murah asihna Gusti urang Yesus Kristus. Anjeunna teh sugih, tapi iklas hirup miskin, supaya kasugihan Anjeunna ngabeungharkeun aranjeun.

Yakobus 2:5
Masing inget dulur-dulur nu kaasih! Jelema anu di dunyana hirup miskin teh ku Allah mah dipilih, sina beunghar ku iman, sina jadi ahli waris karajaana-Na, sakumaha anu dijangjikeun ka sakur anu nyaah ka Mantenna.

Markus 14:7
Nu mariskin mah salawasna ge aya bae jeung maraneh, mun maraneh hayang nulung iraha-iraha ge bisa. Ari Kami mah aya di maraneh teh moal salawasna.

Amsal 19:17
Barang bere ka nu miskin ibarat nginjeumkeun ka PANGERAN. Mantenna nu baris ngabalesna.

Amsal 22:9
Kudu berehan, kudu daek mere dahar ka nu kokoro, tangtu baris meunang berkah.

Amsal 14:31
Ngagencet ka nu miskin, eta teh ngunghak ka Allah nu ngadamelna. Welas asih ka nu miskin, eta teh hiji bakti ka Mantenna.

Amsal 28:27
Mere ka nu kakurangan, maneh moal kakurangan. Lamun maneh pura-pura teu nenjo ka nu balangsak, tangtu pada nyarumpahan.

Ulangan 15:11
Moal nepi ka teu aya urang Israil anu miskin jeung walurat, tangtu aya bae. Nu matak Bapa meupeujeuhan pisan sing balabah ka maranehna.”

Amsal 21:13
Lamun urang embung ngadenge jumeritna anu sangsara, engke mun urang sasambat menta tulung, moal aya nu malire.

Lukas 6:38
Ka batur sing daek mere, supaya Allah ge kersaeun maparinan maraneh, tur maparin-Na teh sapinuhna takeran, diborolokeun sabisana maraneh nyangga. Ukuran maraneh ka batur, ku Allah bakal dianggo ngukur maraneh.”

Matius 5:42
Nu barangpenta kudu dibere, nu hayangeun nginjeum kudu dibere nginjeum.”

Yakobus 1:27
Ibadah anu beresih, anu taya kuciwana di payuneun Allah, nya eta anu rumawat ka nu yatim pahatu, sarta mitulung ka randa nu kasusahan, jeung nyandet diri malar henteu kagendam ku pangajak napsu dunya.

Imamat 19:9-10
[9] Lamun dibuat, gandum anu di sisi-sisi kotakan ulah diala, jeung ulah ngimeutan anu geus kaliwat.[10] Kitu deui ari mupu anggur, anu can kaala lantaran kaliwat mah ulah diimeutan, nu murag ulah dipulung, keun bae antepkeun pikeun anu mariskin jeung nu lain pribumi. Kami teh PANGERAN Allah maraneh.

1 Yohanes 3:17
Lamun jelema, jegud-jegud embung nulungan dulur anu eukeur kakurangan, naon buktina pajar nyaah ka Allah teh?

Ulangan 15:7-8
[7] Bisi bae di salah sahiji kota di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, aya sasama bangsa sorangan anu kakurangan, maraneh ulah koret, ulah nepi ka teu nulungan.[8] Bere nginjeum sakumaha pangabutuhna, kudu balabah.

Matius 25:31-46
[31] ”Dina waktu sumping-Na engke, Putra Manusa teh geus jadi Raja, diiring ku sakabeh malaikat-Na, seug nyalikan tahta-Na anu mulya.[32] Jelema-jelema saalam dunya bakal dijagragkeun ka payuneuna-Na. Anjeunna bakal misah-misahkeun maranehna jadi dua bagian, saperti pangangon misah-misahkeun domba ti embe.[33] Nu balener sina kumpul di tengeneuna-Na, sesana di kiwaeuna-Na.[34] Raja bakal ngalahir kieu ka nu di tengeneuna-Na, ʼKa darieu aranjeun, anu diberkahan ku Rama Kami. Geura arasup ka Karajaan anu geus disadiakeun pikeun aranjeun, ti barang dunya gumelar.[35] Bareto waktu Kami lapar ku aranjeun dibere dahar, waktu halabhab dibere nginum, waktu keur jadi semah asing diaku dianjrekkeun,[36] waktu keur sataranjang dibere pakean, waktu keur gering dipulasara, waktu keur dipanjara dilongokan.ʼ[37] Jawab nu balener, ʼGusti, waktos Gusti lapar teh iraha abdi-abdi ngahaturanan tuang, atanapi waktos Gusti hanaang iraha abdi-abdi ngahaturanan ngaleueut?[38] Waktos Gusti jadi semah asing, iraha abdi-abdi nganjrekkeun?[39] Waktos Gusti teu diraksukan iraha abdi-abdi ngahaturanan raksukan? Waktos Gusti teu damang, waktos Gusti dipanjara, iraha abdi-abdi mulasara, iraha abdi-abdi ngalayad?ʼ[40] Waler-Na, ʼKieu saenyana ku Kami diterangkeun: Waktu aranjeun ngalampahkeun kitu ka salah sahiji dulur Kami anu panglaipna, eta sarua jeung ngalampahkeun kitu ka Kami!ʼ[41] Ari ka nu di beulah kenca kieu lahir-Na, ʼGeura nyaringkah ti Kami, eh maraneh anu disapa ku Allah! Geura les arasup ka jero seuneu langgeng anu geus disadiakeun pikeun Iblis jeung para malaikatna![42] Keur Kami lapar maraneh teu mere dahar, keur Kami halabhab maraneh teu mere nginum,[43] keur Kami jadi semah asing maraneh teu nganjrekkeun, keur Kami teu boga baju-baju acan maraneh teu mere, keur Kami gering maraneh teu ngurusanan, keur Kami dipanjara maraneh teu mirosea!ʼ[44] Maranehna bakal ngajarawab kieu, ʼGusti! Iraha abdi-abdi ningal Gusti lapar, hanaang, jadi semah asing, teu kagungan raksukan, teu damang, dipanjara, lajeng abdi-abdi teu nulungan?ʼ[45] Waler Raja, ʼKieu mun harayang nyaho: Samangsa-mangsa maraneh embung nulung ka salah sahiji dulur Kami anu panglaipna, sarua jeung embung nulung ka Kami.ʼ ”[46] ”Eta jelema-jelema anu karitu bakal dijongklokkeun ka tempat siksaan langgeng,” saur Yesus. ”Ari anu balener, anu ngalakonan pangersa Allah, bakal hirup bagja tur langgeng.”

Yesaya 25:4
Nu sangsara, sareng nu taya daya, ka Gusti nyaluuh, laluput tina bancang pakewuh. Dipaparin enggon nyalindung tina angin topan, dipaparin pangiuhan, sangkan teu tutung ku panas. Jalma-jalma lalim teh narempuh, lir topan keur musim tiris,

Kisah Para Rasul 20:35
Dina sagala hal kaula nyontoan ka aranjeun yen kudu getol baranggawe, jeung kudu nalang ka nu walurat, ngingetkeun pilahir Gusti Yesus anu kieu, ʼLeuwih bagja mere ti batan nampa.ʼ ”

Amsal 29:7
Jelema hade mah daek ngahargaan hak-hakna jalma malarat. Jelema jahat mah bororaah kitu.

Mazmur 140:12
Muga ulah hasil niatna nu maritenah, muga sing carilaka jalma-jalma anu barengis.

Yeremia 22:16
Ka nu mariskin, bener nguruskeunana. Ku manehna mah sagala perkara alus jadina. Lampah kitu, ngaranna wawuh ka PANGERAN.

1 Samuel 2:8
Nu sangsara ku Mantenna dijait tina lebu, nu balangsak dijait tina kabalangsakanana, dijadikeun mitra-mitra para bangsawan ditempatkeun di tempat anu kaajen. Dadasar bumi kagungan PANGERAN, nya di dinya Mantenna ngadegkeun jagat.

Lukas 3:11
Walerna, ”Anu boga baju dua bikeun hiji ka nu teu boga, anu boga dahareun kudu mere ka nu teu boga.”

Imamat 25:35
Lamun aya sasama urang Israil jadi miskin nepi ka teu bisaeun ngabayuan hirupna, ku maraneh bantu cara ngabantu urang asing atawa nu ngadon, supaya manehna bisa neruskeun hirupna di maraneh.

Amsal 22:22-23
[22] Ulah ngarah untung ti nu mariskin, ulah kena-kena bisa. Ulah meres ka jelema nu taya dayana di pangadilan.[23] Karana PANGERAN baris ngabela perkarana, sarta anu nyilakakeunana baris diarah patina.

Imamat 19:15
Mun mutus perkara sah kudu jujur, kudu nurutkeun kumaha perkara nu sabenerna, ulah dumeh watir ka nu miskin atawa serab ku nu beunghar,

Amsal 31:8-9
[8] Sing bisa jadi wawakil rahayat anu teu mampuh cumarita sorangan. Tangtayungan hak rahayat nu taya daya.[9] Pangnepikeun kapentinganana. Sing jadi hakim nu adil, kersa nangtayungan hak rahayat nu balangsak jeung walurat.”

Mazmur 12:5
Carekna, ”Sagala kahayang urang nu diucapkeun, beunang. Hayang naon ge tinggal nyebutkeun, moal aya nu bisa ngahalang-halang.”

Mazmur 35:10
Kalawan hate anu gembleng kaula tangtu ngucap, ”Saha nu ngungkulan Gusti, nun PANGERAN, nu ngajait nu lemah ti musuh nu leuwih rongkah, ngaluputkeun nu balangsak ti nu nyangsara?”

Ef 4:28
Anu geus biasa maling ulah maling deui, anggur singkil digawe nyiar napkah anu jujur, keur sorangan tur bisa dipake nulung ka batur anu eukeur kakurangan.

Yehezkiel 16:49
Adi maneh saanak-anakna awewe teh kamagungan, rasa maneh lubak-libuk ku hakaneun, rasa maneh aman taya pikahariwangeun, embung malire ka nu kekere, embung ha’at ka nu malarat,

Yesaya 58:6-7
[6] Puasa pamenta Kami mah kieu: Kudu daek nulung batur. Mun batur meunang kateuadilan nepi ka jadi bangbaluh hatena, leupaskeun.[7] Sing daek mere ka nu kalaparan, daek ngarapek semah miskin anu teu bogaeun imah, daek makean ka nu rudin, daek ngabantu ka dulur atawa ka baraya.

Amsal 17:5
Ngulinkeun nu miskin sarua jeung ngulinkeun PANGERAN nu ngadamelna. Ulah atoh nenjo batur nu goreng milik, bisi kahukum.

1 Yohanes 3:17-18
[17] Lamun jelema, jegud-jegud embung nulungan dulur anu eukeur kakurangan, naon buktina pajar nyaah ka Allah teh?[18] Anaking, nyaah teh ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna.

Matius 25:40
Waler-Na, ʼKieu saenyana ku Kami diterangkeun: Waktu aranjeun ngalampahkeun kitu ka salah sahiji dulur Kami anu panglaipna, eta sarua jeung ngalampahkeun kitu ka Kami!ʼ

Ulangan 15:10-11
[10] Nu matak sing rido mere nginjeum ulah ngeked, supaya sagala usaha maneh meunang berkah ti PANGERAN.[11] Moal nepi ka teu aya urang Israil anu miskin jeung walurat, tangtu aya bae. Nu matak Bapa meupeujeuhan pisan sing balabah ka maranehna.”

Yesaya 61:1
Hate kaula kaeusian ku Roh PANGERAN Nu Maha Agung. Kaula ku Mantenna dipilih, diutus, pikeun nepikeun beja alus ka nu sangsara, nyageurkeun anu hatena remuk, ngabejaan ka nu keur jadi tawanan, yen maranehna bakal dijait, ngabejaan ka nu keur dipanjara yen bakal dibebaskeun.

Galatia 6:2
Kudu silih bantu kabeubeurat, nekanan hukum Kristus.

Ibrani 13:16
Ulah poho kana nyieun kahadean jeung silih pikanyaah. Lampah kitu teh kurban-kurban anu kacida sapukna jeung manah Allah.

Roma 12:13
Batur sakapercayaan anu keur aya kakurangna, tulungan sapangabutuhna; tampa hade-hade mun aya anu ngadon datang ka imah.

Lukas 3:10-11
[10] ”Kedah kumaha atuh kuring sadaya teh?” jelema-jelema naranya ka anjeunna.[11] Walerna, ”Anu boga baju dua bikeun hiji ka nu teu boga, anu boga dahareun kudu mere ka nu teu boga.”

Yesaya 41:17
Lamun umat Kami tigerat cai nepi ka tikorona garing kahalabhaban, panyambatna tangtu diwaler. Kami, Allah Israil, moal ngantep.

Ulangan 15:7
Bisi bae di salah sahiji kota di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, aya sasama bangsa sorangan anu kakurangan, maraneh ulah koret, ulah nepi ka teu nulungan.

Yehezkiel 22:29
Nu hianat jeung nu rarampog nerekab. Nu balangsak diteungteuinganan, urang asing bandana dirampas.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society