A A A A A

Tambahan: [Alkohol]


1 Petrus 4:3
Geus cukup bareto hirup aranjeun milampah anu sok dipilampah ku anu henteu palercaya ka Allah, kalakuan henteu pantes, ngumbar napsu, resep mabok, ngecak ngebur, ria-ria, jeung nyarembah ka brahala.

1 Timotius 5:23
Ku lantaran hidep geringan, nginum ulah cai wungkul, perlukeun saeutik mah nginum anggur keur ngabantu padaharan.

Pengkhotbah 9:7
Anu matak mending bek dahar, pek geura senang-senang, leguk inum anggurna, geura sukan-sukan, da ku Allah ge diridoan.

Ef 5:18
Nginum anggur ulah nepi ka mabok, matak ruksak awak, sabalikna kudu kacicingan ku Roh Allah.

Amsal 20:1
Anggur ari loba teuing mah matak ngacapruk kawas nu burung. Daek mabok mah bodo kabina-bina.

Amsal 23:31
Jadi poma hidep ulah kagoda ku anggur inuman, sanajan warnana beureum pikabitaeun, sarta cahayana mani ngenclong, sarta rasana niʼmat ngageleser dina tikoro.

Roma 13:13
Tingkah laku masing luyu sakumaha pantesna hirup dina caangna beurang — ulah pepestaan bae, ulah mabok, ulah rucah, ulah aeb, ulah gelut, ulah dengki.

Amsal 31:4-5
[4] Regepkeun Lemuel, anaking! Raja henteu sae sedep anggur atawa katagihan arak.[5] Sabab ana raja mabok, lali kana hukum, ngalalaworakeun hak rahayat nu walurat.

Mazmur 104:14-15
[14] Gusti ngadamel jukut jaradi jang sasatoan, sareng rupi-rupi tutuwuhan jang kaperluan manusa, dugi ka manehna tiasa pepelakan keur paneneun,[15] sareng ngahasilkeun anggur keur nyukakeun dirina, minyak jetun keur ngagumbirakeunana, sareng roti keur nimbulkeun tanagana.

1 Korintus 10:23-24
[23] ”Urang mah kumaha ge meunang,” kitu ceuk nu ngaromong. Eta enya. Tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun teh hade. ”Kumaha ge meunang” — henteu kabeh anu dimeunangkeun bisa nulung.[24] Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur.

Yesaya 62:8-9
[8] Kalawan enya-enya PANGERAN geus ikrar jangji. Demi kakawasaana-Na, jangji-Na tangtu dilaksanakeun: ”Gandum maneh moal dihakan deui ku musuh, anggur maneh moal diinum deui ku bangsa lian.[9] Maneh anu melak, nu metik, nu ngadaharna, bari muji sukur ka PANGERAN. Melak anggur, maneh nu ngurus, nu metik buahna, jeung nginum anggurna di buruan Bait Kami.”

Galatia 5:19-21
[19] Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni,[20] muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah,[21] sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta. Sim kuring rek ngingetan deui cara nu enggeus-enggeus yen anu kalakuanana kitu moal meunang tempat di Karajaan Allah.

1 Korintus 9:19-23
[19] Sim kuring jelema bebas, lugina, lain abdi saha-saha, tapi ngahaja ngabdikeun diri ka jalma rea, lantaran hayang meunangkeun jalma rea pikeun Kristus.[20] Keur ngawawarkeun di urang Yahudi, hirup sim kuring cara urang Yahudi supaya hatena bisa kabeuli pikeun Kristus. Ngawawarkeun ka jelema-jelema anu diparentah ku Hukum Musa, sim kuring sanajan henteu katalian ku eta, ngalakonan hirup kawas anu kabawah ku hukum-hukum eta, supaya maranehanana kabeuli hatena.[21] Nya kitu keneh, ngawawarkeun ka anu lain Yahudi, hirup sim kuring cara hirup maranehanana anu luareun Hukum Agama Yahudi, supaya hate maranehanana kabeuli. Sim kuring kitu lain teu nurut kana parentah-parentah Allah, malah hirup sim kuring teh ngajalankeun parentah-parentah Kristus.[22] Ka jelema anu hatena hamham keneh, sim kuring nurutan kawas kitu, supaya hatena katarik. Pikeun nu itu sim kuring kudu kawas kitu, pikeun nu ieu kudu kawas kieu, supaya bisa meuli hatena, sugan bae ku jalan kitu bisa nyalametkeun maranehanana saeutik-eutikeun.[23] Eta kabeh dilakonan pikeun ngamashurkeun Injil Kasalametan bari ngalap berkahna.

Roma 14:15-21
[15] Lamun aranjeun nganyerikeun hate dulur tina sual kadaharan, kalakuan kitu teh nandakeun aranjeun geus taya kanyaah. Ulah ngaruksak hate dulur ku sual anu didahar ku aranjeun, da Kristus pupus teh kapan keur manehna oge![16] Hal anu ku aranjeun dianggap hade teh ulah matak jadi goreng kasebutna.[17] Di Karajaan Allah mah nu penting teh lain hal anu didahar jeung diinum, tapi nya eta bener lampah, hirup rukun, narimakeun reujeung suka sakur anu dipaparinkeun ku Roh Suci.[18] Anu ngawulana ka Kristus kieu, bakal kamanah ku Allah sarta diajenan ku pada jelema.[19] Ku sabab kitu anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu matak pirukuneun jeung anu baris bisa dipake silih tunjang pada batur.[20] Ulah ku lantaran sual kadaharan hal anu geus dipidamel ku Allah jadi ruksak. Kadaharan naon bae kabeh ge meunang, tapi lamun matak ngalantarankeun batur labuh kana dosa, salah lamun didahar teh![21] Ti batan matak ngalantarankeun dulur sakapercayaan dosa, leuwih hade ulah ngadahar daging, atawa nginum anggur.

Yohanes 2:3-11
[3] Sanggeus anggur inumeun beak, ibuna Yesus nyarios ka Anjeunna, ”Nu hajat teh seepeun leueuteun.”[4] Yesus ngawaler, ”Ulah disaurkeun ka Abdi, margi Abdi teu acan dongkap kana waktos.”[5] Tapi ibu-Na terus sasauran ka tukang-tukang laladen, saurna, ”Engke lamun Anjeunna miwarang naon-naon, pigawe bae!”[6] Di dinya aya tahang batu wadah cai paranti wawasuh sakumaha adat agama urang Yahudi, pieusieunana masing-masing kira-kira saratus liter.[7] Yesus marentah ka tukang-tukang laladen, saur-Na, ”Eta tahang-tahang eusian ku cai.” Tuluy diareusian mani laleber;[8] geus kitu saur Yesus, ”Siuk saeutik, anteurkeun ka pamangku hajat.” Seug dianteurkeun; barang ku manehna diasaan,[9] cai teh geus robah jadi anggur. Manehna teu nyahoeun kumaha asalna (nu nyiuk jeung nganteurkeunana mah puguh bae nyahoeun); tuluy manehna nyalukan panganten lalaki,[10] seug ngomong kieu, ”Biasana anu dikaluarkeun ti payun teh anggur anu pangraosna heula, upami tamu-tamu parantos warareg nembe ngaluarkeun anu sedeng-sedeng bae. Dupi ieu sabalikna, nu saena dipandeurikeun!”[11] Ieu kaajaiban di Kana wewengkon Galilea teh, kaajaiban anu pangmimitina dipidamel ku Yesus, nembongkeun kamulyaana-Na. Murid-murid-Na jadi palercaya ka Anjeunna.

Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society