A A A A A

Pencarian
Matius 1:1
Ieu daptar karuhun-karuhun Yesus Kristus turunan Daud, ari Daud turunan Ibrahim.


Matius 1:12
Ti sanggeus diboyong ka Babul nepi ka medalna Yesus, turun-tumurun ti semet Yoyakin: Sealtiel, Serubabel, Abiud, Elyakim, Asor, Sadok, Ahim, Eliud, Elasar, Matan, Yakub, Yusup. Yusup nikah ka Mariam, Mariam ngababarkeun Yesus anu disarebut Kristus.


Matius 1:18
Ieu wincikan hal medalna Yesus Kristus. Ibu-Na, nya eta Mariam, tunangan sareng Yusup. Tapi memeh ditikah parantos ngandung, ari ngandungna ti Roh Suci.


Matius 1:21
Mariam bakal ngalahirkeun anak lalaki, ku maneh kudu dijenenganan Yesus — sabab bakal ngabebaskeun umat-Na tina dosa-dosana.”


Matius 1:25
Tapi henteu waka sapatemon nepi ka Mariam babar, murangkalihna pameget, ku Yusup dijenenganan Yesus.


Matius 2:1
Yesus medalna di kota Betlehem bawahan Yudea, jaman Raja Herodes. Teu lila ti harita, aya tukang ngulik bentang ti wetan sarumping ka Yerusalem,


Matius 3:13
Yesus ti Galilea sumping ka Walungan Yordan, mundut dibaptis ka Yohanes.


Matius 3:15
Waler Yesus, ”Keun bae ayeuna mah. Ku kieu teh urang ngalampahkeun nu jadi pangersa Allah.” Yohanes ngiringan.


Matius 3:16
Sanggeus beres dibaptisna, Yesus timbul ti jero cai. Bray sapada harita keneh langit muka palebah Anjeunna, sarta Anjeunna ningali Roh Allah lungsur siga manuk japati, terus eunteup ka Anjeunna.


Matius 4:1
Ti dinya Yesus dicandak ku Roh ka gurun keusik, sina digoda ku Iblis.


Matius 4:2
Sanggeus opat puluh poe opat puluh peuting teu barangtuang, Yesus ngaraos lapar.


Matius 4:4
Tapi waler Yesus, ”Aya dawuhan dina Kitab Suci: ʼJelema hirupna lain ku roti bae, perlu deuih ku tiap-tiap sabda anu diandikakeun ku Allah.ʼ ”


Matius 4:5
Ti dinya Yesus ku Iblis dibawa ka Bait Allah, ka puncak pangluhurna, di kota suci Yerusalem.


Matius 4:6
Ceuk Iblis ka Yesus, ”Lamun Anjeun Putra Allah, coba geura ngaragragkeun maneh. Sabab ceuk Kitab Suci: ʼAllah bakal miwarang para malaikat-Na, sina nyanggap ka Anjeun, sangkan ulah kungsi tigasruk kana batu.ʼ ”


Matius 4:7
Waler Yesus, ”Tapi ceuk Kitab Suci: ʼManeh ulah ngadoja ka Pangeran Allah maneh.ʼ ”


Matius 4:8
Yesus ku Iblis dibawa ka hiji gunung kacida luhurna, ditembongan karajaan-karajaan saalam dunya jeung sagala kaagunganana.


Matius 4:10
Ku Yesus diwaler, ”Geura nyingkah, Iblis! Kieu ceuk Kitab Suci: ʼManeh kudu nyembah ka Pangeran, Allah maneh. Ngan Mantenna anu kudu dibakti!ʼ ”


Matius 4:11
Iblis nyingkah ti Yesus. Geus kitu sarumping malaikat ngalalayanan ka Yesus.


Matius 4:12
Yesus ngadangu warta yen Yohanes dipanjara. Anjeunna terus nyilib ka Galilea.


Matius 4:17
Ti semet eta Yesus mimiti ngahutbahkeun amanat-Na, ”Geura tarobat tina dosa, sabab Karajaan Sawarga geus meh ngadeg!”


Matius 4:20
Harita keneh maranehna milu ka Yesus, heurapna ditaringgalkeun.


Matius 4:21
Yesus angkat deui ti dinya, tuluy ningali deui dua jelema adi lanceuk ngaranna Yakobus jeung Yohanes, anak Sebedeus, keur ngomean heurap jeung bapana dina parahu. Ku Yesus disaur,


Matius 4:23
Yesus ngider ka sakuliah Galilea, hutbah di imah-imah ibadah, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 5:1
Ningali rea nu ngiring Yesus naek ka gunung. Sanggeus calik jeung diriung ku murid-murid,


Matius 7:28
Yesus liren nyariosna. Jalma-jalma mani harookeun ku carana Anjeunna ngawulang.


Matius 8:1
Yesus lungsur ti gunung dituturkeun ku jalma rea.


Matius 8:3
Yesus ngantelkeun panangana-Na ka manehna, tuluy misaur, ”Heug, geura cageur!” Harita keneh kasakit eta jelema teh cageur.


Matius 8:4
Saur Yesus deui ka manehna, ”Kade, ulah cacarita ka saha-saha! Terus ka imam bae menta dipariksa, tuluy nyanggakeun kurban anu diparentahkeun ku Musa, pikeun ngabuktikeun ka nu sejen yen maneh geus cageur.”


Matius 8:5
Barang Yesus sumping ka Kapernaum, aya hiji perwira bangsa Rum datang ka Anjeunna menta tulung, pokna,


Matius 8:7
”Heug urang cageurkeun, Kaula rek ka ditu,” waler Yesus.


Matius 8:10
Ngadangu kitu Yesus kacida katarikna, tuluy nyarios ka anu ngariring, ”Ieu jelema kacida percayaeunana. Di Israil ge Kami can manggih nu kawas ieu.


Matius 8:14
Yesus terus ka imah Petrus. Ibu mertua Petrus harita keur ngedeng bae di enggon, muriang.


Matius 8:15
Ku Yesus dicepeng leungeunna, seug muriangna cageur tuluy hudang ngalalayanan ka Anjeunna.


Matius 8:16
Ka sorenakeun loba anu marawa jelema-jelema anu kasurupan setan ka Yesus. Ngan ku sakecap roh-roh jahatna ku Yesus diusir kalaluar. Kitu deui anu garering kabeh dicalageurkeun.


Matius 8:18
Ku Yesus katingalieun di sakurilingeun Anjeunna loba jelema. Seug ngajak murid-murid meuntasan talaga ka peuntas ditu.


Matius 8:20
Waler Yesus, ”Careuh baroga liang, manuk baroga sayang, ari Putra Manusa mah teu boga tempat keur ngedeng-ngedeng acan.”


Matius 8:22
Tapi ku Yesus diwaler kieu, ”Tuturkeun Kami terus. Keun nu maot mah sina nguburkeun nu maotna sorangan.”


Matius 8:23
Yesus tuluy naek kana parahu jeung murid-murid-Na.


Matius 8:24
Sabot Yesus keur kulem, gelebug aya angin ribut nebak talaga, nepi ka parahu meh tibalik.


Matius 8:25
Yesus ku murid-murid-Na digugahkeun, ”Gusti tulungan! Abdi-abdi bade tiwas!”


Matius 8:26
”Ku naon sarieun? Ku naon kurang percaya ka Kami?” saur Yesus. Anjeunna tuluy ngadeg, angin jeung ombak diparentah sina eureun. Jep bae eureun, talaga jadi kacida ayemna.


Matius 8:28
Sumping ka peuntas ditu, di wewengkon Gadara, Yesus papapag jeung dua jelema anu diraksuk ku setan, jolna ti astana. Duanana kacida garalakna, nepi ka taya nu wani ngalanto ka lebah dinya.


Matius 8:31
Setan-setan teh nunuhun ka Yesus, pokna, ”Lamun kuring sarerea rek diusir kaluar, idinan nyurup ka itu babi-babi.”


Matius 8:32
”Jig,” waler Yesus. Ti dinya setan-setan teh nyarurup ka eta babi-babi. Seug babi-babi teh lalumpatan ka sisi gawir, brus laluncatan ka talaga tuluy tingkerelep.


Matius 8:34
Ti dinya urang kota eta budal manggihan ka Yesus, tuluy ngadesek supaya Anjeunna ngantunkeun daerah maranehna.


Matius 9:1
Yesus naek deui kana parahu tuluy meuntas, mulih ka lembur-Na ku anjeun.


Matius 9:4
Yesus uningaeun kana pikiran maranehna, tuluy sasauran, ”Ku naon pikiran aranjeun sakitu gorengna?


Matius 9:9
Yesus angkat ti dinya. Sabot angkat ningali tukang mulung pajeg, ngaranna Mateus, keur diuk di kantorna. Ku Anjeunna diajakan, ”Hayu milu ka Kami!” Mateus jung nangtung, tuluy nuturkeun Yesus.


Matius 9:10
Sabot Yesus keur tuang di imah Mateus, loba tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema anu dianggap jelema goreng daratang ka imah Mateus, marilu dahar jeung Yesus jeung murid-murid-Na.


Matius 9:11
Urang Parisi narenjoeun tuluy nanya ka murid-murid Yesus, ”Naha guru maraneh tuang jeung jelema-jelema kitu?”


Matius 9:12
Yesus ngadangueun tuluy ngalahir, ”Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun.


Matius 9:14
Tuluy aya panganut-panganut Yohanes Jurubaptis daratang ka Yesus, naranya kieu, ”Abdi-abdi sareng urang Parisi sering puasa. Naha Bapa sareng murid-murid mah tara puasa?”


Matius 9:15
Waler Yesus, ”Kumaha ceuk aranjeun, naha layak tamu-tamu ngaruyung lamun reureujeungan keneh jeung ki panganten dina pesta? Tangtu moal! Paruasana teh engke lamun ki panganten geus waktuna dipisahkeun ti maranehna.


Matius 9:18
Sabot Yesus sasauran kitu, aya hiji pamingpin tempat ibadah datang ka Anjeunna terus deku ka payuneuna-Na, pok unjukan, ”Pun anak awewe nembe pisan tilar dunya. Mugi Bapa ka ditu numpangkeun panangan, tangtos pun anak hirup deui.”


Matius 9:19
Yesus angkat jeung eta kapala, diiring ku murid-murid.


Matius 9:20
Di satengahing jalan aya hiji awewe anu boga kasakit haid, ngagetih terus geus dua welas taun, nyelendep ka pungkureun Yesus.


Matius 9:21
Ceuk pamikirna, ”Asal nyabak bae kana tungtung jubah-Na tangtu aing cageur.” Tuluy manehna nyabak tungtung jubah Yesus.


Matius 9:22
Ku Yesus dilieuk. Anjeunna tuluy ngalahir, ”Sing gede hate, anaking! Hidep geus cageur, sabab percaya.”


Matius 9:23
Yesus geus sumping ka imah pamingpin tea. Barang ningali aya tukang-tukang musik paranti kapapaten sarta jalma-jalma rame rarecok,


Matius 9:25
Sanggeus kabeh kalaluar, Yesus lebet ka kamar budak. Leungeun budak teh dicepeng. Budakna ngulisik tuluy hudang.


Matius 9:27
Yesus angkat deui ti dinya. Di jalan aya nu lolong duaan nutur-nutur, tuluy gegeroan ka Anjeunna, ”Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”


Matius 9:28
Barang Yesus lebet ka hiji imah, nu lolong teh nyalampeurkeun. Ku Anjeunna dipariksa, ”Maraneh percaya yen Kami bisa nyageurkeun?” ”Sumuhun percanten,” tembalna.


Matius 9:29
Panonna ku Yesus dicabak, bari saur-Na, ”Ku sabab maraneh percaya, heug kahayang maraneh dimakbul!”


Matius 9:30
Harita keneh panon maranehna jadi sehat. Ku Yesus dipesen, saur-Na, ”Kade ulah cacarita ka saha-saha!”


Matius 9:31
Tapi eta dua jelema teh tuluy nyebar-nyebar beja perkara Yesus ka sakuliahna.


Matius 9:32
Sanggeus jelema anu duaan tadi arindit, aya deui anu daratang ka Yesus, mawa hiji jelema anu ngabigeu teu bisa ngomong lantaran diraksuk ku hiji roh jahat.


Matius 9:33
Roh jahatna ku Yesus dikaluarkeun, tuluy jelemana mimiti bisa ngomong. Nu nyaraksianana kabeh barengong. Seug ngaromong, ”Kakara manggih di Israil kajadian nu sakieu ajaibna!”


Matius 9:35
Yesus ngider nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulang di imah-imah ibadah, nyiarkeun Injil Kasalametan tina hal Karajaan Allah, jeung nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 10:1
Yesus ngumpulkeun murid-murid-Na anu dua welas urang, tuluy dipaparin kawasa pikeun ngusir roh-roh jahat, pikeun nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 10:4
Simon Ki Patriot, jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat Yesus.


Matius 10:5
Eta dua welas rasul ku Yesus tuluy diutus. Memeh bral, dibere pituduh kieu, ”Ulah asup ka daerah-daerah anu dicicingan ku nu lain bangsa Yahudi. Kota-kota Samaria oge ulah diasupan.


Matius 11:1
Sabada maparin wejangan ka murid-murid anu dua welas, Yesus terus angkat ngantunkeun eta tempat, seja ngawulang jeung nguarkeun amanat Allah di kota-kota anu dareukeut ka dinya.


Matius 11:2
Yohanes anu keur di jero panjara meunang warta hal anu dipidamel ku Kristus, seug anjeunna ngutus murid-muridna ka Yesus, menta katerangan,


Matius 11:4
Yesus ngawaler, ”Jig ka Yohanes deui, caritakeun ka anjeunna sakur anu ku maraneh kadenge jeung katenjo di dieu:


Matius 11:7
Sanggeus utusan-utusan Yohanes baralik, Yesus nyaurkeun Yohanes ka jalma rea, saurna, ”Basa aranjeun daratang ka Yohanes di gurun keusik teh rek naraon? Rek narenjo daun eurih anu tingarulang ku angin?


Matius 11:25
Harita Yesus terus sasauran, ”Nun Ama, Gustina langit sareng bumi! Abdi ngahaturkeun nuhun, reh perkawis ieu ku Ama dirasiahkeun ka anu palinter sareng garaduh elmu, dupi ka anu teu garaduh katerang mah parantos ditembrakkeun.


Matius 12:1
Teu lila ti harita, dina poe Sabat Yesus angkat ngalangkung lahan pelak gandum. Murid-murid-Na lalapareun, tuluy maretik gandum sarta didalahar.


Matius 12:2
Katarenjoeun ku urang Parisi tuluy diomongkeun ka Yesus, ”Tingali itu murid-murid Anjeun ngarempak Hukum Agama urang, migawe anu dilarang dina poe Sabat!”


Matius 12:3
Waler Yesus, ”Tacan ngaos kitu carita Daud, kumaha waktu anjeunna jeung pangiringna lapar?


Matius 12:9
Yesus neruskeun angkat tuluy lebet ka imah ibadah.


Matius 12:10
Di dinya aya hiji jelema anu leungeunna kemper sabeulah. Jeung aya nu sejen deui, anu saenyana ngarep-ngarep supaya Yesus ngadamel kasalahan, rek didakwa. Maranehna ngadoja ka Anjeunna, ”Coba ieu lamun dicageurkeun ayeuna dina poe Sabat, kumaha ngarempak Hukum Agama urang?”


Matius 12:11
Waler Yesus, ”Lamun aranjeun aya anu boga domba sasiki, ragrag kana lombang jero dina poe Sabat, kumaha moal diusahakeun diangkat?


Matius 12:14
Urang Parisi ngalaleos ti dinya, badami rek maehan Yesus.


Matius 12:15
Yesus uningaeun yen Anjeunna rek aya nu nelasan, tuluy ngantunkeun eta tempat, ditaluturkeun ku jalma rea. Anjeunna nyageurkeun anu garering,


Matius 12:22
Aya rombongan mawa jelema nya lolong nya pireu lantaran diraksuk ku roh jahat, dideuheuskeun ka Yesus. Ku Anjeunna dicageurkeun jadi bisa ngomong bisa nenjo.


Matius 12:25
Yesus uningaeun kana pipikiran maranehna, tuluy sasauran, ”Nagara anu pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila. Kota atawa kulawarga anu anggotana pecah jeung silih musuhan, bakal paburantak.


Matius 12:39
Yesus ngawaler, ”Ku jarahat jeung ku daroraka ari manusa jaman kiwari! Marenta kaajaiban? Moal dibere, salian ti kaajaiban anu kasorang ku Nabi Yunus.


Matius 12:46
Sabot Yesus sasauran keneh jeung maranehna, ibu-Na sumping jeung saderek-saderek-Na, narangtung di beh luar, talatah yen seja nepungan.


Matius 12:49
Ieu ibu jeung dulur-dulur Kami mah!” waler Yesus nunjuk ka murid-murid-Na.


Matius 13:1
Poe eta keneh Yesus angkat ti eta imah ka sisi talaga, tuluy ngawulang di dinya bari calik.


Matius 13:24
Yesus nyarioskeun deui hiji misil: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nebarkeun bibit hade di lahanna.


Matius 13:31
Yesus nyarioskeun deui hiji misil: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nyebarkeun siki sasawi dina lahanna.


Matius 13:33
Yesus nyarioskeun misil sejen deui: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya hiji awewe nyokot ragi, tuluy diadukkeun kana tipung opat puluh liter, seug adonanana beukah.”


Matius 13:34
Yesus nyariosna ka eta jelema-jelema teh kabeh ku misil, teu kersaeun mun lain ku misil.


Matius 13:36
Sanggeus Yesus ngantunkeun jalma rea jeung geus aya di bumi, murid-murid-Na nyalampeurkeun naranyakeun ka Anjeunna, ”Dupi misil eurih di lahan gandum teh naon hartosna?”


Matius 13:37
Saur Yesus, ”Jelema anu nyebarkeun binih hade, nya eta Anak Manusa.


Matius 13:51
Yesus mariksa ka murid-murid, ”Kumaha maraneh ngalarti?” ”Sumuhun ngartos,” tembal murid-murid.


Matius 13:52
Saur Yesus, ”Tah kitu. Anu matak lamun unggal guru agama jadi warga Karajaan Sawarga, eta ibarat jelema anu ngabudalkeun barang sisimpenanana ti imahna, boh nu anyar boh nu heubeul.”


Matius 13:53
Sanggeus nyarioskeun eta misil-misil Yesus angkat ti dinya,


Matius 13:57
Ku sabab eta maranehna nolak ka Anjeunna. Saur Yesus ka maranehna, ”Nu jadi nabi mah di mana-mana ge diajenan, kajaba di lemburna jeung ku kulawargana sorangan.”


Matius 14:1
Waktu eta Herodes raja di Galilea ngadangu warta hal Yesus.


Matius 14:12
Layon Yohanes ku murid-muridna dicokot tuluy dipendem. Kajadianana dipopoyankeun ka Yesus.


Matius 14:13
Sanggeus ngadangu warta hal Yohanes, Yesus angkat nyalira ka hiji tempat mencil kana parahu. Tapi jelema-jelema ngadarenge beja, tuluy budal nyarusul make jalan darat.


Matius 14:14
Waktu lungsur tina parahu, ningali jelema sakitu reana manah Yesus mani ngerik hawatoseun. Anu garering ku Anjeunna tuluy dicalageurkeun.


Matius 14:16
”Ulah disina arindit,” saur Yesus. ”Suguh dahar ku maraneh bae saaya-aya!”


Matius 14:18
”Bawa ka dieu,” saur Yesus.


Matius 14:22
Geus kitu Yesus miwarang murid-murid-Na kana parahu, sina ti hareula meuntas talaga ka peuntas ditu, ari jalma rea dijurung mulang.


Matius 14:25
Antara pukul tilu janari jeung pukul genep isuk, Yesus sumping ka murid-murid, angkatna napak kancang dina cai.


Matius 14:27
Yesus geuwat ngagentra, ”Teger! Kami ieu teh, ulah sarieun!”


Matius 14:28
Ceuk Petrus, ”Upami Anjeun leres Yesus, abdi idinan nyampeurkeun, leumpang dina cai!”


Matius 14:29
”Hiap!” waler Yesus. Petrus turun tina parahu tuluy ngalengkah dina cai nyampeurkeun ka Anjeunna.


Matius 14:31
Ku Yesus buru-buru dikenyang ti jero cai, tuluy dilahiran, ”Maneh kurang percaya! Naha asa-asa?”


Matius 14:33
Murid-murid nyarembah ka Yesus tuluy arunjukan, ”Leres Gusti teh Putra Allah!”


Matius 14:35
Urang dinya warawuheun ka Yesus, tuluy nguaran tempat-tempat sakurilingna supaya anu garering dibarawa ka Yesus.


Matius 15:1
Aya rombongan urang Parisi jeung guru-guru agama ti Yerusalem, naranya kieu ka Yesus,


Matius 15:3
Waler Yesus, ”Sabalikna aranjeun anu mentingkeun adat karuhun, ku naon ngarempak parentah Allah?


Matius 15:10
Geus kitu Yesus miwarang jalma rea kumpul, tuluy saur-Na, ”Darengekeun, halartikeun!


Matius 15:13
Waler Yesus, ”Pepelakan anu lain beunang melak Rama Kami nu di sawarga, kabeh bakal dirabut.


Matius 15:16
Waler Yesus, ”Ari maneh, geuning teu leuwih pinter ti batur.


Matius 15:21
Yesus angkat ti dinya ka hiji daerah deukeut Tirus jeung Sidon.


Matius 15:23
Ku Yesus teu diwaler sakecap-kecap acan. Murid-murid-Na mihatur, ”Sina nyingkah, Pa! Ti tadi nutur-nutur bae, sareng gandeng!”


Matius 15:24
Saur Yesus, ”Kami diutus teh ngan ka urang Israil, hususna ka anu salasar cara domba leungit.”


Matius 15:26
Saur Yesus, ”Salah nyokot kadaharan barudak tuluy dialungkeun ka anjing.”


Matius 15:28
Geus kitu waler Yesus, ”Ibu, iman kapercayaan Ibu sakitu mantepna! Heug, panuhun Ibu sing laksana.” Sapada harita keneh anakna cageur.


Matius 15:29
Ti eta tempat Yesus angkat deui mapay Talaga Galilea, tuluy unggah ka hiji pasir ngadon calik.


Matius 15:30
Jalma-jalma ngabrul daratang ka Anjeunna, mawa nu lumpuh, nu lolong, nu cingked, nu pireu, jeung nu garering ku kasakit sejen, dikumpulkeun deukeut sampean Yesus, seug ku Anjeunna dicalageurkeun.


Matius 15:32
Yesus nyaur murid-murid tuluy nyarios, ”Karunya ieu jelema-jelema teh. Geus tilu poe di darieu jeung Kami, ayeuna geus henteu barogaeun jang dahar. Kami teu tega nitah baralik teu disina dalahar heula, bisi kalempohan di jalan.”


Matius 15:34
”Sabaraha roti nu maraneh?” Yesus mariksa. ”Tujuh, sareng lauk saeutik,” tembal murid-murid.


Matius 15:35
Jelema-jelema ku Yesus dipiwarang dariuk dina taneuh.


Matius 15:39
Sanggeus dalahar ku Yesus dipiwarang baralik, ari Anjeunna terus kana parahu ngabujeng daerah Magadan.


Matius 16:1
Aya rombongan urang Parisi jeung urang Saduki nemonan ka Yesus rek ngadoja, marenta sangkan Anjeunna ngadamel kaajaiban geusan ngabuktikeun yen Anjeunna asal ti Allah.


Matius 16:2
Tapi waler Yesus, ”Lamun panonpoe surup di langit aya layung, ceuk aranjeun ʼRek hade poe, langit mani ngempur.ʼ


Matius 16:6
Saur Yesus, ”Kade, maraneh kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung urang Saduki.”


Matius 16:8
Yesus uningaeun ka nu keur diomongkeun ku maranehna, tuluy ngalahir, ”Ku naon ngaromong teu boga roti? Kacida kurangna kapercayaan maraneh teh!


Matius 16:13
Yesus terus angkat ka daerah deukeut kota Kesarea Pilipi. Di dinya Anjeunna mariksa ka murid-murid, ”Ceuk jalma rea Anak Manusa teh saha?”


Matius 16:15
”Ari ceuk maraneh Kami teh saha?” Yesus mariksa deui.


Matius 16:17
”Bagja maneh, Simon anak Yonas!” saur Yesus. ”Sabab maneh nyaho kitu teh lain ti manusa tapi ti Rama Kami di sawarga.


Matius 16:21
Ti semet harita Yesus mimiti nyarios sabalakana ka murid-murid, saur-Na, ”Kami teu meunang henteu kudu ka Yerusalem, kudu nandangan sangsara di ditu, dikaniaya ku para kokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku guru-guru agama Yahudi. Kami bakal dipaehan. Tapi sanggeus maot tilu poe bakal hirup deui.”


Matius 16:22
Yesus ku Petrus ditarik ka sisi tuluy diemutan, pokna, ”Gusti! Mugi eta hal ditebihkeun ku Allah. Gusti ulah dugi ka nyorang kitu!”


Matius 16:23
Yesus malik tuluy ngalahir ka Petrus, ”Nyingkir maneh, Setan! Maneh ngahalangan jalan Kami. Eta pikiran maneh teh pikiran manusa, lain asal ti Allah.”


Matius 17:1
Genep poe ti harita Yesus unggah ka hiji gunung anu luhur, nyandak Petrus, Yakobus, jeung Yohanes. Di luhur gunung ngan opatan bae.


Matius 17:2
Di dinya Yesus salin rupi, katenjo ku nu tiluan raray-Na moncorong kawas panonpoe, anggoana-Na bodas hurung mancur.


Matius 17:7
Ku Yesus disampeurkeun tuluy diusap. ”Harudang, ulah sarieun!” saur-Na.


Matius 17:8
Barang carengkat geus teu aya sasaha ngan Yesus bae.


Matius 17:9
Waktu keur marudun Yesus mesen kieu, ”Kade, tetenjoan anu tadi ulah dicaritakeun ka saha-saha, nepi ka waktu Putra Manusa dihudangkeun ti nu maraot.”


Matius 17:11
Waler Yesus, ”Bener, Elias heula nu kudu sumping pikeun memeres sagala kaayaan.


Matius 17:14
Sanggeus Yesus jeung tilu murid kumpul deui jeung jalma rea datang hiji jelema, sujud ka payuneuna-Na


Matius 17:17
Saur Yesus, ”Pohara maraneh mah, nya saralah, nya teu baroga kapercayaan! Na Bapa teh kudu reureujeungan bae jeung maraneh? Kudu nepi ka mana Bapa nyabaran maraneh teh? Bawa budakna ka dieu!”


Matius 17:19
Murid-murid marek ka Yesus, arunjukan, ”Ku naon ku abdi-abdi mah eta roh jahat teh teu daekeun kaluar?”


Matius 17:20
”Lantaranana mah maraneh kurang rasa kapercayaan,” waler Yesus. ”Sabab saenyana lamun maraneh boga rasa kapercayaan sagede siki sasawi bae, maraneh bisa marentah ka ieu gunung, ʼPindah ka ditu!ʼ tangtu ieu gunung pindah. Cindekna rek kumaha-kumaha ge maraneh tangtu bisa! [


Matius 17:22
Waktu murid-murid kabeh aya di Galilea, Yesus nyarios kieu, ”Anak Manusa teh moal lila deui oge bakal diserenkeun kana kakawasaan manusa,


Matius 17:24
Waktu Yesus sumping ka Kapernaum jeung murid-murid, aya tukang mulung pajeg Bait Allah nanya ka Petrus, ”Ari guru maneh sok mayar pajeg Bait Allah?”


Matius 17:25
”Puguh bae,” walon Petrus. Sanggeus Petrus aya di imah, ku Yesus dipiheulaan dipariksa, ”Simon, kumaha ari ceuk maneh, saha anu kudu mayar pajeg atawa upeti ka raja-raja di dunya? Rahayatna atawa urang asing?”


Matius 17:26
”Urang asing,” walon Petrus. Saur Yesus deui, ”Lamun kitu rahayat mah teu kudu mayar.


Matius 18:1
Waktu eta, murid-murid naranya kieu ka Yesus, ”Dupi anu bakal pangpunjulna di Karajaan Sawarga, saha?”


Matius 18:2
Yesus nyandak hiji budak leutik ditangtungkeun payuneuna-Na.


Matius 18:21
Petrus unjukan ka Yesus, ”Gusti, upami pun dulur gaduh lepat ka abdi, sabaraha kali abdi kedah ngahampurana? Tujuh kali?”


Matius 18:35
Saur Yesus deui, ”Rama Kami nu di sawarga ge bakal kitu ka maraneh, kajaba lamun maraneh iklas ngahampura kasalahan dulur.”


Matius 19:1
Sanggeus nyarios kitu Yesus angkat ti Galilea ka daerah Yudea peuntaseun Walungan Yordan.


Matius 19:4
Waler Yesus, ”Naha aranjeun can maca Kitab Suci anu nyebutkeun yen waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe?


Matius 19:8
Waler Yesus, ”Musa ngidinan soteh nyerahkeun lantaran aranjeun hese pisan diajar. Keur jaman ngajadikeun mah teu aya aturan kitu.


Matius 19:11
Waler Yesus, ”Pangajaran kieu lain keur unggal jelema, ngan keur anu geus dikersakeun ku Allah bae.


Matius 19:13
Aya nu marawa barudak leutik ka Yesus sina ditumpangan panangan jeung didungakeun ku Anjeunna, tapi ku murid-murid dicarekan.


Matius 19:14
Saur Yesus ka murid-murid, ”Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan. Sabab Karajaan Sawarga teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak.”


Matius 19:16
Dina hiji poe aya budak ngora datang ka Yesus. ”Pa Guru,” carekna, ”lampah kumaha anu sae, anu kedah dilakonan ku abdi supados tiasa kenging hirup langgeng?”


Matius 19:18
”Parentah anu mana?” carekna deui. Waler Yesus, ”Ulah maehan, ulah ngaranyed, ulah maling, ulah jadi saksi palsu,


Matius 19:23
Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Memang kacida hesena jelema beunghar mah asup ka Karajaan Sawarga teh.


Matius 19:26
Yesus neuteup ka maranehna, geus kitu saur-Na, ”Mustahil soteh ceuk manusa, keur Allah mah teu aya nu mustahil.”


Matius 20:16
Saur Yesus deui, ”Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti heula, anu pangheulana jadi pangpandeurina.”


Matius 20:17
Di tengah jalan ka Yerusalem Yesus nyaur murid-murid dicandak nyisi, tuluy Anjeunna nyarios bari angkat,


Matius 20:21
”Rek menta naon?” Yesus mariksa. Jawab eta awewe, ”Upami Bapa engke parantos jumeneng Raja, ieu pun anak duaan mugi ditempatkeun di kiwaeun sareng tengeneun Bapa.”


Matius 20:22
Saur Yesus ka eta dua murid, ”Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum eusi lumur anu rek diinum ku Kami, nya eta panganiayaan?” ”Sanggem,” jawabna.


Matius 20:23
”Memang maraneh ge bakal nginum eusi lumur Kami,” waler Yesus. ”Tapi Kami henteu wenang nangtukeun saha nu kudu diuk di kenca katuhueun Kami. Tempat eta mah pikeun jelema-jelema anu geus ditangtukeun ku Rama Kami.”


Matius 20:25
Ku Yesus dipiwarang kumpul tuluy diwawadian, ”Maraneh nyaho, bangsa anu teu nyaraho ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh.


Matius 20:29
Yesus jeung murid-murid kaluar ti Yeriho, loba pisan anu naluturkeun.


Matius 20:30
Di sisi jalan aya nu lolong duaan keur dariuk. Barang ngadarengeeun Yesus ngalangkung, tuluy tinggarero, ”Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”


Matius 20:32
Yesus liren heula tuluy mariksa, ”Aya naon nyalukan Bapa?”


Matius 20:34
Yesus welaseun, seug panon maranehna diusap, bray bae bareunta barisa nenjo, tuluy ngiring ka Anjeunna.


Matius 21:1
Yesus jeung murid-murid geus dareukeut ka Yerusalem, geus aya di Betpage di Gunung Jetun. Ti dinya Yesus miwarang dua murid sina ti heula,


Matius 21:7
Kalde geus dibawa jeung anakna. Nu anakna disasarapan tonggongna ku jubah maranehna, Yesus terus nitihan eta kalde.


Matius 21:10
Barang Yesus lebet ka Yerusalem, sakuliah kota geunjleung. ”Saha eta?” urang Yerusalem tingtaranya.


Matius 21:11
Tembal nu ngarak, ”Nabi Yesus ti Nasaret di Galilea!”


Matius 21:12
Yesus lebet ka Bait Allah. Anu keur jual beuli di dinya diusiran. Meja-meja tukang nalukeuran duit jeung bangku-bangku tukang dagang japati dibalik-balikkeun.


Matius 21:16
Tuluy maranehna negor ka Yesus, ”Kadenge ku Anjeun kecapna eta barudak?” ”Puguh bae,” waler-Na. ”Na aranjeun tacan maraca ayat Kitab Suci anu kieu: ʼBarudak sareng orok ku Gusti diajar ngucapkeun pamuji anu sampurna.ʼ ”


Matius 21:18
Poe isukna isuk-isuk keneh, waktu keur angkat deui ka kota, Yesus ngaraos lapar.


Matius 21:21
Waler Yesus, ”Maraneh ge, asal percaya jeung henteu cangcaya, bisa nyieun kitu cara Kami bieu ka eta tangkal kondang. Malah leuwih ti kitu. Pek ieu gunung titah kieu, ʼGeura ngangkat, terus nyeburkeun maneh ka laut,ʼ tangtu bukti.


Matius 21:23
Yesus lebet deui ka Bait Allah. Sabot keur ngawulang, jol imam-imam kapala jeung para kokolot daratang ka dinya tuluy nanya, ”Naon hak Anjeun migawe kitu? Meunang hak kitu ti saha?”


Matius 21:24
Waler Yesus, ”Kaula ge rek nanya ka aranjeun saperkara. Lamun kajawab, kakara pertanyaan aranjeun perkara hak Kaula dijawab.


Matius 21:27
Tungtungna ngajawabna teh, ”Duka teuing!” Saur Yesus, ”Ari kitu mah Kaula moal ngabejakeun make hak naon Kaula migawe kieu.”


Matius 21:31
Tah, nu mana anu ngalampahkeun parentah bapana?” ”Nu kolot,” walon maranehna. Saur Yesus, ”Aranjeun bakal kapiheulaan asup ka Karajaan Sawarga ku tukang-tukang mulung pajeg jeung ku awewe tuna susila.


Matius 21:42
Saur Yesus, ”Kumaha aranjeun geus maraca ayat Kitab Suci anu kieu? ʼBatu anu teu kapake ku tukang ngadegkeun, ngajadi batu anu pangutamana. Kitu dipidamelna ku Pangeran, endahna kabina-bina!ʼ ”


Matius 21:43
Saur Yesus deui, ”Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, hak aranjeun kana Karajaan Sawarga bakal dicabut, dibikeun ka bangsa sejen anu daraekeun ngajalankeun pangersa Allah. [


Matius 21:45
Karasaeun ku imam-imam kapala jeung ku urang Parisi yen eta misil teh ku Yesus dianggo nyindiran maranehna.


Matius 21:46
Seug maranehna alihtiar rek nangkep Yesus. Tapi teu waranieun prak, sarieuneun ku jalma rea anu nganggap Yesus teh nabi.


Matius 22:1
Yesus nyarioskeun deui misil ka jalma rea.


Matius 22:14
Saur Yesus deui, ”Anu disaur mah loba, tapi anu kapilih ngan saeutik.”


Matius 22:15
Urang Parisi ngalaleos, tuluy badami rek ngajiret Yesus ku pertanyaan-pertanyaan.


Matius 22:16
Ti dinya nitah murid-muridna nemonan Yesus dibarengan ku jelema-jelema golongan Herodes. ”Pa Guru,” ceuk maranehna, ”abdi terang Bapa jalmi jujur. Bapa ngawurukkeun pangersa Allah ka manusa kalayan satarabasna, henteu inggis ku pamanggih nu sanes, margi Bapa mah henteu pandang harkat.


Matius 22:18
Yesus, anu uningaeun kana eta maksud julig ngawaler, ”Eh, anu marunapek! Rek mancing kasalahan Kami maraneh teh?


Matius 22:20
”Gambar jeung jenengan saha ieu?” Yesus mariksa.


Matius 22:21
”Prabu,” jawab maranehna. Saur Yesus, ”Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu, bayarkeun ka Allah nu kagungan Allah.”


Matius 22:23
Dina poe eta keneh aya deui anu daratang ka Yesus, urang Saduki. Ieu golongan henteu percaya yen jelema bakal harudang deui tina maotna.


Matius 22:29
Waler Yesus, ”Aranjeun kacida kaliruna, lantaran tacan ngalarti kana Kitab Suci jeung kana kakawasaan Allah.


Matius 22:34
Barang urang Parisi meunang beja yen Yesus geus ngabungkem urang Saduki, tuluy bareng ngadatangan ka Anjeunna.


Matius 22:41
Sabot urang Parisi di darinya keneh ku Yesus dipariksa,


Matius 22:43
”Lamun kitu,” saur Yesus, ”ku naon Roh Allah maparin ilham ka Daud supaya nyebut ʼGustiʼ ka Kristus? Geuning saur Daud oge:


Matius 22:46
Maranehna teu bisa ngajawab sakecap-kecap acan ka Yesus. Ti semet harita teu aya anu wanieun deui nyual ka Anjeunna.


Matius 23:1
Yesus terus nyarios ka jalma rea jeung ka murid-murid.


Matius 24:1
Waktu Yesus angkat ngantunkeun Bait Allah, murid-murid-Na nyalampeurkeun, terus nunjuk ka eta Bait supaya Anjeunna ningali adegan-adeganana.


Matius 24:2
”Enya, eta kabeh ayeuna ku maraneh katenjo,” saur Yesus. ”Kami ngabejaan, engke mah sahiji ge batuna moal aya anu tetep nyusun dina tempatna ayeuna, bakal dirugrugkeun.”


Matius 24:3
Yesus ngareureuh di Gunung Jetun. Murid-murid nyalampeurkeun teu jeung sasaha deui. Tuluy miunjuk, ”Mugi diwartoskeun, anu tadi disaurkeun teh iraha pijadieunana? Kitu deui perkawis pisumpingeun Bapa engke sareng ahir jaman, kumaha galagatna?”


Matius 24:4
Waler Yesus, ”Maraneh sing iyatna ulah beunang kaperdaya.


Matius 24:45
Saur Yesus deui, ”Cik nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha? Tangtu ku dununganana baris dipercaya ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna.


Matius 25:13
Saur Yesus deui, ”Ku sabab kitu sing taki-taki, sabab maraneh teu nyaho iraha piwaktueunana.”


Matius 25:46
”Eta jelema-jelema anu karitu bakal dijongklokkeun ka tempat siksaan langgeng,” saur Yesus. ”Ari anu balener, anu ngalakonan pangersa Allah, bakal hirup bagja tur langgeng.”


Matius 26:1
Sanggeus nyarios kitu Yesus nyarios deui ka murid-murid, saur-Na,


Matius 26:4
badami arek nangkep Yesus kalawan rikip, baris tuluy ditelasan.


Matius 26:6
Yesus sumping ka Betania, linggih ka imah Simon anu baretona katerap ku lepra.


Matius 26:10
Yesus uninga pikiran maranehna nu saenyana. ”Ku naon maraneh openan ka ieu awewe?” saur-Na. ”Manehna geus nembongkeun kalemesan jeung kamulyaan budina ka Kami.


Matius 26:15
”Upami abdi nyerenkeun Yesus ka Bapa-bapa, naon buruhna?” carekna. Imam-imam kapala ngitung duit tilu puluh gebleg perak, tuluy diserenkeun ka Yudas.


Matius 26:16
Ti harita Yudas neangan kasempetan rek nyerenkeun Yesus ka imam-imam kapala.


Matius 26:17
Dina poe kahiji Pesta Roti Teu Diragian, murid-murid arunjukan ka Yesus, ”Bapa palay di mana disayagikeunana tuang jamuan Paska teh?”


Matius 26:20
Sanggeus rada peuting Yesus calik tuang jeung murid-murid.


Matius 26:25
Ceuk Yudas, si hianat tea, ”Tangtos jalmina sanes abdi, Pa Guru?” Waler Yesus, ”Kitu ceuk maneh mah.”


Matius 26:26
Tengah-tengah tuang Yesus nyandak roti hiji. Sanggeus muji sukur, rotina ku Anjeunna disemplekan tuluy diasongkeun ka murid-murid. ”Ieu tampanan, dahar,” saur-Na, ”ieu teh daging awak Kami.”


Matius 26:31
Yesus nyarios, ”Peuting ieu keneh maraneh bakal kalabur ti Kami. Sabab ceuk Kitab Suci, ʼEta pangangon ku Allah baris dipaehan, dombana disina paburisat.ʼ


Matius 26:34
Waler Yesus ka Petrus, ”Kami ngingetan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh bakal geus tilu kali nyebut teu wawuh ka Kami.”


Matius 26:36
Yesus nyandak murid-murid-Na ka hiji tempat anu ngaranna Getsemane. Ti dinya saur-Na, ”Maraneh dariuk di dieu sabot Kami neneda di ditu.”


Matius 26:49
Manehna muru lempeng ka Yesus. ”Salam, Pa Guru!” pokna bari terus nyium.


Matius 26:50
Yesus ngawaler, ”Geura pek eta pakarepan teh lampahkeun, Ki Sanak!” Rob Anjeunna dironom terus ditangkep, dicerek pageuh pisan.


Matius 26:52
Tapi saur Yesus, ”Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui.


Matius 26:57
Yesus ku nu narangkep dibawa ka bumi Kayapas, Imam Agung. Di dinya geus kumpul guru-guru agama jeung para kokolot.


Matius 26:59
Imam-imam kapala jeung sakumna Mahkamah Agama geus sakedah polah neangan bukti palsu anu bisa ngalantarankeun Yesus dihukum pati.


Matius 26:62
Imam Agung tuluy ngadeg mariksa ka Yesus saurna, ”Kumaha, rek dijawab eta panuding ka Maneh?”


Matius 26:63
Yesus teu ngawaler. Imam Agung nimbalan deui ka Anjeunna, ”Demi Allah anu jumeneng, ieu kami ngancam ku sumpah, aku: Enya Maneh teh Kristus, Putra Allah?”


Matius 26:64
Yesus ngawaler, ”Kitu pilahir anjeun. Nanging sing percanten: Ti semet ayeuna bakal kataringali ku aranjeun Putra Manusa calik di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa, tuluy sumping ti langit dina mega!”


Matius 26:67
Tuluy maranehna nyariduhan raray Yesus bari nareunggeul. Aya oge anu nampiling ka Anjeunna


Matius 26:69
Sabot Petrus diuk di buruan luar, disampeurkeun ku hiji awewe babuna Imam Agung. ”Maneh lain sok bareng jeung Yesus di Galilea?” ceuk eta awewe.


Matius 26:71
Tuluy ngaleos ka lawang buruan. Katenjoeun ku babu sejen, anu terus ngomong ka nu araya di dinya ngomongkeun Petrus, pokna, ”Manehna sok babarengan jeung Yesus urang Nasaret.”


Matius 26:75
ras Petrus ingeteun kana saur Yesus yen, ”Memeh hayam kongkorongok, tilu kali maneh bakal nyebut teu wawuh ka Kami.” Leos bae Petrus ka luar, ceurik nalangsa kabina-bina.


Matius 27:1
Isuk-isuk keneh pisan imam-imam kapala jeung para kokolot geus nyieun putusan yen Yesus rek diragragan hukum pati.


Matius 27:3
Barang Yudas, si hianat, nyahoeun yen Yesus diragragan hukum pati, kacida kaduhungeunana, seug bae duit anu tilu puluh gebleg perak teh dibawa deui ka imam-imam kapala jeung para kokolot.


Matius 27:11
Yesus geus aya di payuneun gupernur bangsa Rum. ”Andika teh raja urang Yahudi?” Gupernur mariksa. ”Leres pangandika,” waler-Na.


Matius 27:14
Tapi Yesus teu kersaeun ngawaler, nu matak gupernur teh kacida heraneunana.


Matius 27:16
Harita aya hiji sakitan, penjahat anu geus kakunang-kunang, ngaranna Yesus Barabas.


Matius 27:17
Pilatus mariksa ka rahayat anu ngaliud, ”Nu mana anu kudu dileupaskeun, Yesus Barabas atawa Yesus anu disebut Kristus?”


Matius 27:18
Mariksana kitu lantaran uninga enya-enya, yen nu matak eta para kekentong urang Yahudi nyerenkeun Yesus ka anjeunna teh lantaran ngarasa dengki.


Matius 27:20
Ari imam-imam kapala jeung para kokolot ngangsonan jalma rea, sina menta Barabas dileupaskeun, ari Yesus sina dihukum pati.


Matius 27:22
”Ari Yesus anu disebut Kristus kumahakeun?” Pilatus mariksa. ”Gantung!” tembal jalma rea.


Matius 27:26
Ti dinya Pilatus ngaleupaskeun Barabas. Ari Yesus sanggeus dirangketan tuluy diserenkeun sina digantung ku maranehna.


Matius 27:27
Yesus ku serdadu-serdadu Pilatus diasupkeun ka karaton tuluy digoronyok ku sarerea.


Matius 27:32
Di tengah jalan, maranehna papanggih jeung hiji jelema urang Kirena ngaranna Simon. Eta jelema ku serdadu-serdadu dipaksa sina manggul kayu salib Yesus.


Matius 27:34
Yesus disina ngaleueut anggur anu dicampuran hamperu. Tapi sanggeus diraosan Anjeunna teu kersaeun.


Matius 27:37
Dina luhureun mastaka-Na maranehna masang tulisan panuding ka Anjeunna, unina: ”Ieu Yesus, Raja urang Yahudi.”


Matius 27:39
Anu laliwat ka dinya gogodeg jeung ngahina ka Yesus, pokna,


Matius 27:46
Kira-kira pukul tilu Yesus ngajerit tarik, ”Eli, Eli, lama sabahtani?” hartina: ”Nun Allah sim kuring, Allah sim kuring, ku naon nu mawi ngantunkeun?”


Matius 27:48
Aya saurang anu terus lumpat nyokot sepon dicelupkeun kana anggur haseum, tuluy digagangan rek disodorkeun ka Yesus sina diseuseup.


Matius 27:50
Yesus ngajerit deui tarik pisan, geus kitu les pupus.


Matius 27:53
kalaluar tina kuburanana. Sanggeus Yesus gugah ti nu maraot maranehna arasup ka Kota Suci, katembong ku jalma rea.


Matius 27:55
Di dinya loba oge awewe anu biasa sok ngiring jeung ngalalayanan ka Yesus ti Galilea keneh, ngarawaskeun ti kajauhan.


Matius 27:57
Sanggeus mimiti peuting, aya hiji jelema beunghar ti Arimatea ngaranna Yusup, murid Yesus keneh,


Matius 27:58
ngadeuheus ka Pilatus menta layon Yesus. Pilatus marentah supaya layon Yesus diserenkeun ka Yusup.


Matius 27:59
Layon Yesus ku Yusup dicokot, dibungkus ku boeh tina lenen anyar,


Matius 27:66
Maranehna alundur ti dinya, tuluy makam Yesus teh diamankeun, diteundeunan jaga jeung batu tutup lawangna disegel.


Matius 28:5
Malaikat teh ngalahir ka eta dua wanita, ”Nyai ulah sarieun. Kami terang Nyai rek ngalayad Yesus anu tas disalib.


Matius 28:8
Bral maranehna arindit ti dinya gura-giru bari sieun tapi bungah, tungtungna lalumpatan rek pupulih ka murid-murid Yesus.


Matius 28:9
Tapi dak-dumadak Yesus nepangan ka maranehna. ”Salam rahayu,” saur-Na. Maranehna ngaharempoy kana sampean Anjeunna tuluy nyungkem.


Matius 28:10
”Ulah sarieun,” saur Yesus, ”jung bejakeun ka dulur-dulur Kami yen kudu ka Galilea, engke tepung di ditu.”


Matius 28:16
Murid-murid anu kari sawelas urang arindit ka hiji pasir di Galilea, sakumaha anu dipesen ku Yesus.


Matius 28:18
Yesus nyaketan ka maranehna, lajeng sasauran kieu, ”Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.


Markus 1:1
Ieu Injil Kasalametan anu ngawartakeun Yesus Kristus, Putra Allah.


Markus 1:9
Teu lila ti harita, Yesus oge ti Nasaret wewengkon Galilea sumping dibaptis ku Yohanes di Walungan Yordan.


Markus 1:12
Harita keneh manah Yesus digerakkeun ku Roh Allah, Anjeunna tuluy angkat ka gurun keusik,


Markus 1:14
Sanggeus Yohanes dipanjara, Yesus angkat ka Galilea ngawawarkeun Injil Kasalametan ti Allah.


Markus 1:19
Yesus angkat deui. Angkat can pati jauh ti dinya ningali deui dua jelema adi lanceuk, Yakobus jeung Yohanes anak Sebedeus, keur ngaromean heurap dina parahu.


Markus 1:21
Yesus sumping ka kota Kapernaum jeung murid-murid. Dina poe Sabat Anjeunna lebet ka imah ibadah, ngawulang.


Markus 1:24
”Arek naon datang ka urang, Yesus urang Nasaret? Rek ngabinasa? Kuring nyaho Anjeun teh utusan anu suci ti Allah!”


Markus 1:28
Beja hal Yesus gancang pisan nerekabna ka mana-mana di sakuliah daerah Galilea.


Markus 1:29
Yesus jeung murid-murid-Na kaluar ti imah ibadah, tuluy ka imah Simon jeung Andreas. Yakobus jeung Yohanes ge milu.


Markus 1:30
Ari mitoha awewe Petrus keur gering muriang, aya di enggon bae. Jadi barang Yesus sumping jeung anu ngariring terus bae diwartosan.


Markus 1:34
Yesus terus nyageur-nyageurkeun anu garering loba pisan sarta panyakitna rupa-rupa. Roh-roh jahat anu nyurup ge ku Anjeunna diusiran, loba pisan. Eta roh-roh jahat ku Anjeunna teu diidinan ngaromong naon-naon, sabab geus nyarahoeun saha Anjeunna.


Markus 1:35
Poe isukna subuh-subuh keneh Yesus kaluar ti eta imah, ngabujeng hiji tempat sepi di luar kota, sembahyang.


Markus 1:38
Tapi waler Yesus, ”Urang kudu terus ka desa-desa sejen sakurilingeun ieu. Maranehna oge perlu ku Kami diwuruk, sabab kitu tujuan Kami datang teh.”


Markus 1:41
Manah Yesus welas pisan ka eta jelema, tuluy ngantelkeun panangana-Na kana awak eta jelema. ”Heug, geura cageur,” saur-Na.


Markus 1:45
Tapi eta jelema inditna teh terus cacarita ka ditu ka dieu teu eureun-eureun, nepi ka upama Yesus lebet ka kota moal iasa laluasa. Ku sabab eta Anjeunna di luar kota bae anu sarepi. Tapi jelema-jelema teu burung murubul ti mana-mana.


Markus 2:1
Sanggeus sababaraha poe di dinya Yesus mulih ka Kapernaum. Beja yen Anjeunna mulih nerekab.


Markus 2:4
Tapi teu barisaeun asup ku heurin-heurinna. Ku sabab kitu maranehna jalan ti luhur, nyieun liang lempengan Yesus calik, nu lumpuh teh diulur tina eta liang jeung samakna.


Markus 2:5
Ningali kapercayaan maranehna sakitu mantepna, Yesus ngalahir ka eta nu lumpuh, saur-Na, ”Anaking, dosa-dosa hidep geus dihampura.”


Markus 2:8
Yesus uningaeun kana pikiran maranehna, tuluy ngalahir, ”Ku naon karitu pikiran aranjeun?


Markus 2:13
Yesus angkat ka sisi Talaga Galilea. Jelema-jelema merul daratang ka Anjeunna, tuluy diwulang.


Markus 2:14
Tas ngawulang angkat deui, beh ningali aya tukang mulung pajeg ngaran Lewi, anak Alpeus, keur diuk di kantorna. Ku Yesus tuluy disaur, ”Milu ka Kami!” Lewi cengkat tuluy milu.


Markus 2:15
Sabot Yesus keur tuang di imah Lewi, burubul tukang-tukang mulung pajeg lianna daratang jeung jelema-jelema anu dianggap jelema goreng, marilu dahar sameja jeung Anjeunna jeung murid-murid. Sabab loba anu bariluk ka Anjeunna.


Markus 2:16
Sawatara guru agama Yahudi golongan Parisi, narenjo Yesus tuang jeung tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema nu dianggap goreng teh naranya ka murid-murid, ”Naha guru maraneh tuang jeung jelema-jelema karitu?”


Markus 2:17
Kadangueun ku Yesus, Anjeunna ngawaler, ”Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun. Kaula datang lain rek neangan jelema anu marulya, tapi rek neangan jelema-jelema anu diaranggap hina.”


Markus 2:18
Dina hiji waktu murid-murid Yohanes jeung urang Parisi paruasa. Aya jelema anu naranya ka Yesus, ”Naha murid-murid Bapa mah henteu paruasa, henteu sapertos para panganut Yohanes sareng para panganut urang Parisi?”


Markus 2:23
Dina hiji poe Sabat Yesus angkat ngalangkung kebon gandum. Murid-murid anu ngiring ka Anjeunna maripit gandum.


Markus 2:25
Waler Yesus, ”Na aranjeun tacan maca, kumaha Daud waktu butuh dahareun? Anjeunna jeung pangiringna lapar,


Markus 2:27
Saur Yesus deui, ”Poe Sabat diayakeun teh pikeun manusa, lain manusa diayakeun pikeun poe Sabat.


Markus 3:1
Yesus mulih deui ka imah ibadah. Di dinya aya hiji jelema anu leungeunna kemper sabeulah.


Markus 3:2
Jeung aya nu sejen deui, anu saenyana ngarep-ngarep supaya Yesus midamel kasalahan, rek didakwa. Maranehna kacida ngarawaskeunana, sugan bae Anjeunna nyageurkeun eta jelema harita keneh dina poe Sabat.


Markus 3:3
Yesus ngalahir ka nu kemper tea, ”Ka dieu, ka hareup!”


Markus 3:5
Yesus neuteup ka maranehna, manah-Na bendu pacampur jeung sedih ku anu sakitu baredegongna jeung saralahna. Tuluy ngalahir ka nu kemper tea, ”Lempengkeun leungeun hidep!” Ku manehna dilempengkeun, bet leungeunna nu kemper teh jadi cageur.


Markus 3:6
Urang Parisi tinglaleos, terus ngabadamian jelema-jelema kaomna Herodes rek nelasan Yesus.


Markus 3:7
Yesus angkat ka Talaga Galilea jeung pangiring-Na. Anu naluturkeun kacida lobana, ti Galilea, ti Yudea,


Markus 3:12
Tapi eta roh-roh jahat teh ku Yesus dicarek teu meunang pisan nyebut Anjeunna saha.


Markus 3:13
Ti dinya Yesus unggah ka hiji pasir, tuluy nyaur sababaraha jelema anu cocog jeung manah-Na. Sanggeus karumpul,


Markus 3:16
Anu kapilih teh ieu ngaran-ngaranna: Simon (ku Yesus dipaparin ngaran Petrus);


Markus 3:17
Yakobus jeung Yohanes (adi lanceuk anak Sebedeus, duanana ku Yesus dipaparin ngaran Boanerges, hartina ”Guludug”);


Markus 3:20
Yesus mulih ka bumi-Na. Breg deui digimbung ku jalma rea, nepi ka Anjeunna jeung murid-murid teu kaburu tuang-tuang acan.


Markus 3:23
Maranehna ku Yesus disaur. Geus kitu Anjeunna nyarios, tapi ku ibarat-ibarat. ”Kumaha bisana Iblis ngusir Iblis?” saur-Na.


Markus 3:30
Yesus nyebatkeun kitu teh ka jelema-jelema anu nyebutkeun majar Anjeunna kaasupan roh jahat.)


Markus 3:31
Ibu jeung saderek-saderek Yesus geus narepi ka dinya, tapi di laluar bae, nalatahkeun supaya Anjeunna kaluar.


Markus 4:1
Yesus mimiti ngawulang deui di sisi Talaga Galilea. Jelema ngagimbung ka Anjeunna kacida lobana, nepi ka Anjeunna ngalih calikna kana parahu anu keur ngambang dina cai. Jalma-jalma narangtung di basisir sisi cai.


Markus 4:2
Yesus tuluy ngawulang ka maranehna rupa-rupa hal ku misil-misil. Saur-Na ka maranehna,


Markus 4:26
Yesus sasauran deui, ”Karajaan Allah teh ibarat ieu misil. Aya jelema nyebarkeun binih dina lahanna.


Markus 4:30
”Ibarat naon deui Karajaan Allah teh?” Yesus mariksa. ”Kudu ku misil naon nerangkeunana?


Markus 4:33
Kitu carana Yesus nyarioskeun amanat ti Allah ka jalma rea teh, ku rupa-rupa misil kawas bieu, sateka-teka diluyukeun jeung pangarti maranehna.


Markus 4:35
Sanggeus burit, poe eta keneh, Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Urang meuntas talaga, urang ka beulah ditu.”


Markus 4:38
Ari Yesus keur kulem di beulah tukang, mastaka-Na dibantalan. Ku murid-murid digugahkeun, pokna, ”Pa Guru! Keun bae urang cilaka?”


Markus 4:39
Yesus gugah, tuluy marentah ka angin, ”Eureun!” Marentah deui ka ombak, ”Leler!” Jep angin jempe sarta talaga jadi kacida lelerna.


Markus 4:40
Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Ku naon sarieun! Teu palercaya ka Kami?”


Markus 5:1
Yesus jeung murid-murid-Na geus narepi ka peuntaseun Talaga Galilea beulah ditu, di wewengkon Gerasa.


Markus 5:6
Sanggeus nenjoeun ka Yesus ti nu rada anggang, tuluy lumpat nyampeurkeun, brek bae deku di payuneuna-Na,


Markus 5:7
tuluy ngagorowok, ”Yesus, Putra Allah Nu Maha Agung! Aya pikersaeun naon ka kuring? Demi Allah, kuring ulah disiksa!” (


Markus 5:8
Nu matak sasambat kitu sabab ku Yesus ditimbalan kieu, ”Eh, roh jahat, kaluar maneh ti eta jelema!”)


Markus 5:9
Ku Yesus dipariksa, ”Maneh saha ngaran?” Jawabna, ”Ngaran kuring ’Legiun’ sabab kacida lobana!”


Markus 5:10
Manehna terus nunuhun supaya ku Yesus ulah diusir ti eta daerah.


Markus 5:12
Roh-roh jahat teh nunuhun ka Yesus, ”Kuring idinan nyurup ka itu babi-babi.”


Markus 5:15
Barang daratang, jelema anu tas kasurupan teh aya, keur diuk jeung geus make pakean, ingetanana geus waras. Maranehna kacida sarieuneunana ku Yesus.


Markus 5:17
Geus kitu urang dinya nunuhun ka Yesus supaya Anjeunna buru-buru ngantunkeun daerah maranehna.


Markus 5:18
Waktu Yesus naek deui kana parahu, jelema anu tas kasurupan teh hayangeun milu. ”Mugi abdi dicandak,” carekna.


Markus 5:20
Manehna nurut, tuluy indit ngider ka sakuliah wilayah Sapuluh Kota, nyaritakeun pitulung Yesus ka dirina. Urang dinya kacida hareraneunana.


Markus 5:21
Yesus mulih deui ka peuntaseun eta talaga. Sasumpingna, jelema-jelema tuluy tumplek ka Anjeunna di sisi talaga.


Markus 5:22
Sabot kitu, datang pangurus imah ibadah di dinya, ngaranna Yairus, terus sujud ka Yesus,


Markus 5:24
Yesus angkat ti dinya jeung manehna. Sapanjang jalan jelema-jelema anu marilu laleumpangna mani padeukeut-deukeut jeung Anjeunna.


Markus 5:27
Sanggeus meunang beja hal Yesus, manehna tuluy milu seselendep jeung nu rea ka pungkureun Anjeunna.


Markus 5:29
Tuluy manehna nyabak kana jubah Yesus. Harita keneh ngagetihna tuluy eureun, sarta karasaeun ku manehna yen panyakitna anu sakitu nyusahkeunana teh cageur.


Markus 5:30
Bareng jeung eta ku Yesus karaoseun aya tanaga anu mencar ti salira-Na. Anjeunna luak-lieuk sarta mariksa, ”Saha anu nyabak ka Kami?”


Markus 5:34
Saur Yesus, ”Anaking, ku sabab Nyai percaya, Nyai jadi cageur. Heug sing salamet. Panyakit anu nyusahkeun ka Nyai geus cageur pisan.”


Markus 5:35
Sabot Yesus sasauran kitu aya jurungan ti imah Yairus, ngabejaan ka manehna, ”Tuang putra teh parantos teu aya, teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.”


Markus 5:36
Yesus teu malire kana ucapan maranehna, sarta ngalahir ka Yairus saur-Na, ”Ulah jadi pikir, percaya bae.”


Markus 5:38
Sanggeus narepi ka imah Yairus, Yesus ningali kaayaan kacida ributna, sarta ngadangu aya anu ceurik jejeritan jeung anu midangdam.


Markus 5:39
Yesus lebet tuluy ngalahir, ”Ku naon raribut? Ku naon careurik? Budak teh lain maot, keur sare!”


Markus 5:43
Tapi Yesus ngalarang keras maranehna nyaritakeun eta kajadian ka nu sejen. ”Budak teh bere dahar!” saur-Na.


Markus 6:1
Yesus geus angkat ti dinya, mulih ka kota asal-Na jeung murid-murid-Na.


Markus 6:4
Saur Yesus ka maranehna, ”Nabi teh dihargaan di mana-mana. Tapi di lemburna jeung di kalangan kulawargana atawa baraya-barayana mah tara dianggap.”


Markus 6:6
Anjeunna kacida heraneunana ku anu henteu palercayaeun teh. Ti dinya Yesus angkat ka desa-desa sakurilingeun Nasaret, ngawulang.


Markus 6:14
Eta kabeh kadangu bejana ku Raja Herodes, wantu-wantu jenengan Yesus geus kautara ka mana-mana. Loba anu nyebutkeun yen Yesus teh: ”Yohanes Jurubaptis hirup deui, nu matak jadi kawasa ngayakeun rupa-rupa kaahengan”.


Markus 6:30
Utusan-utusan Yesus geus marulang, geus kumpul deui jeung Anjeunna, nyaritakeun hasil lampah jeung pangajaranana ka jalma rea.


Markus 6:31
Tapi teu bisa jongjon, sabab jelema-jelema nu daratang nu arindit kacida lobana, nepi ka Yesus jeung murid-murid-Na teu kaburu tuang-tuang acan. Ku sabab eta saur Yesus ka murid-murid, ”Urang nyingkir heula neangan tempat sepi ngarah rineh, jeung supaya maraneh bisa ngaso heula sakeudeung.”


Markus 6:33
Tapi loba anu narenjoeun tur warawuheun saha-sahana. Jelema-jelema ti kota-kota di eta daerah tuluy nyarusul lalumpatan jalan darat, daratangna ka tempat anu dijugjug ku Yesus jeung murid-murid ti hareula.


Markus 6:34
Barang Yesus lungsur tina parahu, jelema-jelema geus loba. Anjeunna kacida hawatoseunana, asa ningali domba teu aya anu ngangonna. Prak bae ku Anjeunna diwulang rupa-rupa hal.


Markus 6:38
Yesus mariksa, ”Roti anu maraneh aya sabaraha, coba ilikan.” Sanggeus diilikan, jawabna, ”Lima, sareng lauk dua siki.”


Markus 6:41
Yesus nyandak roti anu lima siki jeung laukna dua siki, tuluy tanggah ka langit muji sukur ka Allah. Geus kitu rotina disemplekan, dipasihkeun ka murid-murid sina dibagikeun ka nu rea. Laukna ge dibagikeun.


Markus 6:45
Harita keneh Yesus miwarang murid-murid kana parahu, sina ti heula meuntas talaga ka Betsaida, ari nu rea dipiwarang budal.


Markus 6:50
Maranehna kacida sarieuneunana barang narenjoeun ka Anjeunna teh. Yesus gancang ngagentraan, saur-Na, ”Teger! Kami ieu teh, ulah sarieun!”


Markus 6:54
Barang tarurun tina parahu, urang dinya ujug-ujug wawuheun bae ka Yesus.


Markus 7:1
Aya rombongan urang Parisi jeung guru-guru agama Yahudi ti Yerusalem anu daratang ka Yesus.


Markus 7:2
Maranehna narenjoeun yen aya murid-murid Yesus anu dalaharna ku leungeun anu ceuk agama mah henteu beresih, nya eta leungeunna henteu dikumbah heula nurutkeun aturan anu ku urang Parisi diparentahkeun ka jalma-jalma. (


Markus 7:5
Ku sabab kitu eta urang Parisi jeung guru-guru agama teh naranyakeun ka Yesus, pokna, ”Ku naon murid-murid Anjeun henteu nurut kana adat karuhun urang, dalahar make leungeun anu ceuk agama henteu beresih?”


Markus 7:6
Waler Yesus, ”Aranjeun teh munapek! Cocog jeung ramalan Yesaya ngeunaan aranjeun, anu kieu tea: ’Ieu jelema-jelema, dawuhan Allah, hormatna ka Kami ngan semet omonganana, hatena mah jauh ti Kami.


Markus 7:24
Ti dinya Yesus angkat ka hiji daerah deukeut kota Tirus, lebet ka hiji imah hoyongeun ulah kanyahoan aya di dinya. Tapi sumping-Na teh teu bisa disumput-sumput.


Markus 7:25
Aya hiji awewe meunang beja yen Anjeunna sumping, buru-buru ngadeuheus, sujud kana sampeana-Na. Eta awewe teh lain urang Yahudi, lahirna di Penesia bawahan Siria. Anakna anu awewe kasurupan roh jahat. Manehna nunuhun ka Yesus supaya eta roh jahat dikaluarkeun ti anakna.


Markus 7:27
Tapi waler Yesus, ”Anu kudu diheulakeun daharna teh barudak. Salah nyokot dahareun barudak terus dibikeun ka anjing.”


Markus 7:29
Saur Yesus, ”Ku sabab maneh ngajawab kitu, jig geura balik, engke anak maneh kasampak geus waras, roh jahatna geus kaluar.”


Markus 7:31
Ti daerah Tirus Yesus jengkar ka Talaga Galilea ngalangkung Sidon, jalanna ka daerah Sapuluh Kota.


Markus 7:33
Yesus nyandak eta jelema misah ti nu rea, tuluy remana diantelkeun ka jero ceuli eta jelema. Geus kitu Anjeunna ngaludah terus nyabak kana letahna.


Markus 7:36
Maranehna ku Yesus teu meunang cacarita ka nu sejen. Tapi beuki dicarek, ngabeja-bejakeunana beuki rosa.


Markus 8:1
Teu lila ti harita, geus loba deui bae jelema anu kumpul. Sanggeus maranehna geus teu barogaeun deui dahareun, Yesus nyaur murid-murid-Na ka Anjeunna, terus ngalahir,


Markus 8:5
”Sabaraha roti nu maraneh?” Yesus mariksa. Tembalna, ”Tujuh.”


Markus 8:11
Aya sawatara urang Parisi daratang ka Yesus, terus ngajak sual jawab ka Anjeunna. Niat maranehna hayang ngeuradan Anjeunna, tuluy marenta supaya Anjeunna ngadamel kaajaiban geusan ngabuktikeun yen Anjeunna asal ti Allah.


Markus 8:12
Yesus nepi ka ngarenghap, tuluy ngalahir, ”Naon sababna jalma-jalma jaman ayeuna marenta kaajaiban? Moal! Kami moal nembongkeun kaajaiban naon-naon ka maranehna!”


Markus 8:15
Yesus ngalahir, ”Maraneh kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung ragi Herodes.”


Markus 8:17
Omonganana kadangueun ku Yesus. ”Ku naon ngaromong teu boga roti?” saur-Na. ”Naha can nyaraho atawa can ngalarti keneh? Na enya pikiran maraneh teh kacida mintulna?


Markus 8:25
Panonna ku Yesus ditumpangan deui panangan. Manehna upaya neges-negeskeun panenjona, bray tetenjoanana pulih, sagala rupa katenjona eces.


Markus 8:27
Yesus terus angkat deui jeung murid-murid, ka kampung-kampung deukeut Kesarea Pilipi. Bari angkat Anjeunna mariksa, ”Cik Kami bejaan, ceuk jalma rea Kami teh saha?”


Markus 8:29
”Ari ceuk maraneh, Kami saha?” Yesus mariksa deui. Jawab Petrus, ”Bapa teh Kristus, Jurusalamet!”


Markus 8:31
Saur Yesus deui, ”Putra Manusa teh bakal kacida dikaniayana, sarta bakal ditolak ku para kokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku guru-guru agama. Putra Manusa teh bakal dipaehan, tapi sanggeus tilu poe Kami bakal hirup deui.”


Markus 9:2
Heuleut genep poe ti harita, Yesus unggah ka hiji gunung anu luhur, nyandak Petrus, Yakobus jeung Yohanes. Di luhur gunung ngan opatan bae. Katarenjo ku nu tiluan, di dinya Yesus salin rupi,


Markus 9:4
Geus kitu eta tilu murid teh narenjo aya Elias jeung Musa keur sasauran jeung Yesus.


Markus 9:5
Pok Petrus ngomong, unjukan ka Yesus, ”Pa Guru, ku raraos di dieu teh! Urang ngadamel kemah tilu, hiji kangge Bapa, hiji kangge Musa, hiji kangge Elias.”


Markus 9:8
Gancang maranehna luak-lieuk ka ditu ka dieu, tapi teu nenjo sasaha, ngan tinggal Yesus.


Markus 9:9
”Tetenjoan maraneh tadi ulah dicaritakeun ka saha-saha, nepi ka waktu Putra Manusa hudang deui ti nu maraot,” saur Yesus ka maranehna waktu keur marudun ti gunung.


Markus 9:14
Waktu Yesus sumping jeung murid-Na anu tiluan, murid-murid sejenna keur dirubung-rubung ku jalma rea, keur pacental-cental jeung guru-guru agama.


Markus 9:15
Jalma rea karageteun narenjo Yesus sumping teh, tuluy lalumpatan marapagkeun.


Markus 9:16
Yesus mariksa ka murid-murid, ”Keur ngaributkeun naon jeung guru-guru agama?”


Markus 9:19
Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, ”Ari maraneh ku teu baroga kapercayaan! Na Bapa teh kudu reureujeungan bae jeung maraneh? Kudu nepi ka mana Bapa nyabaran maraneh teh? Bawa ka dieu budakna!”


Markus 9:20
Tuluy budakna diasongkeun ka Anjeunna. Barang eta roh jahat nenjoeun ka Yesus, seug budakna disina jeger nepi ka ngaguling kana taneuh terus gugulitikan, sungutna ngabudah.


Markus 9:21
”Geus sabaraha lilana kieuna?” Yesus mariksa ka bapa eta budak. ”Sumuhun ti aalit,” tembalna.


Markus 9:25
Katingali ku Yesus jalma rea beuki nyedek ka Anjeunna, tuluy bae nimbalan ka eta roh jahat, ”Eh, roh anu nya torek nya pireu! Parentah Kami, maneh geura nyingkir, ulah nyurup-nyurup deui ka eta budak!”


Markus 9:27
Tapi ku Yesus dicepeng leungeunna dihudangkeun, tuluy nangtung.


Markus 9:28
Sanggeus Yesus aya di jero imah, murid-murid naranyakeun kieu, ”Ku naon ku abdi-abdi mah teu tiasa diusir eta roh jahat teh?”


Markus 9:30
Yesus angkat deui ti dinya jeung murid-murid, ngalangkung Galilea. Anjeunna teu kersaeun kanyahoan aya di mana,


Markus 9:33
Yesus jeung murid-murid-Na geus nepi ka Kapernaum. Sanggeus aya di jero imah, Yesus mariksa ka murid-murid, saur-Na, ”Cekcok naon maraneh tadi di jalan?”


Markus 9:35
Yesus calik, murid-murid kabeh dipiwarang kumpul, tuluy nyarios, ”Anu hayang jadi nomer hiji kudu daek jadi panungtung, jeung kudu daek ngawula ka nu sejen.”


Markus 9:38
Yohanes mihatur ka Yesus, ”Pa Guru, abdi-abdi kantos ningal jalmi anu ngusir roh jahat nyebat jenengan Bapa. Ku abdi-abdi dicarek margi manehna sanes ti urang.”


Markus 10:1
Yesus angkat deui ti eta tempat ka daerah Yudea, meuntasan Walungan Yordan. Di dinya ge dirubung-rubung deui ku jalma rea, sarta saperti biasana Anjeunna terus maparin piwulang.


Markus 10:3
Ku Yesus diwaler ku sual deui, ”Parentah Musa ka aranjeun kumaha?”


Markus 10:5
Saur Yesus, ”Musa pang ngayakeun aturan kitu ka aranjeun teh lantaran aranjeun hese pisan diajar.


Markus 10:13
Aya nu marawa barudak leutik ka Yesus, sina ditumpangan panangan ku Anjeunna, tapi ku murid-murid dicarekan.


Markus 10:14
Kauninga ku Yesus, seug murid-murid teh diseuseul, sarta saur-Na deui, ”Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan, sabab Karajaan Allah teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak.


Markus 10:17
Barang Yesus rek angkat neruskeun perjalanan, aya nu lumpat nyampeurkeun, terus deku di payuneuna-Na. ”Pa Guru nu sae,” carekna, ”kedah kumaha lampah abdi supados kenging hirup langgeng?”


Markus 10:18
Waler Yesus, ”Ku naon Kami disebut hade? Jelema mah taya nu hade, ngan Allah bae.


Markus 10:21
Eta jelema ku Yesus dipeleng bangun nyaah. ”Tinggal sarupa deui,” saur-Na, ”jualan kabeh babandaan hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin supaya hidep beunghar di sawarga. Geus kitu ka dieu, tuturkeun Kami.”


Markus 10:23
Yesus neuteup ka murid-murid, tuluy sasauran, ”Hese naker jelema beunghar mah asup ka Karajaan Allah teh!”


Markus 10:24
Murid-murid tingrarenjag. Tapi Yesus sasauran deui, ”Barudak! Kacida hesena asup ka Karajaan Allah teh!


Markus 10:27
Ku Yesus diteuteup kabeh. ”Memang, sual eta pikeun jelema mah mustahil, tapi di Allah mah henteu. Allah mah sagala rupa ge iasa.”


Markus 10:32
Yesus jeung murid-murid-Na keur di jalan ka Yerusalem. Yesus angkatna hareupeun murid-murid anu keur pinuh ku kahariwang, kitu deui sakur anu naluturkeun di tukang oge kabeh ngarasa risi. Yesus nyaur dua welas murid-Na sina dareukeut, tuluy nyarioskeun hal anu bakal kasorang ku Anjeunna.


Markus 10:36
”Naon,” Yesus mariksa.


Markus 10:39
Jawabna, ”Sanggem.” Saur Yesus, ”Memang, maraneh ge bakal nginum eusi lumur anu ku Kami kudu diinum, jeung bakal dibaptis ku baptisan anu ku Kami kudu dilakonan.


Markus 10:42
Ku sabab kitu Yesus ngalahir ka sarerea, ”Maraneh nyaho, bangsa anu teu wawuh ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpin-pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh.


Markus 10:46
Sanggeus narepi ka Yeriho, sarta barang Yesus jeung murid-murid kitu deui jalma loba kaluar ti eta kota, aya nu lolong keur diuk baramaen sisi jalan, ngaranna Bartimeus, anak Timeus.


Markus 10:47
Sanggeus nyahoeun yen aya Yesus urang Nasaret, tuluy bae gegeroan, pokna, ”Yesus, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”


Markus 10:49
Yesus liren sarta ngalahir, ”Calukan ka dieu.” Tuluy eta nu lolong teh dicalukan. Ceuk nu nareangna, ”Sing senang! Maneh disaur ku Anjeunna!”


Markus 10:50
Bartimeus ngalungkeun jubahna, jung nangtung tuluy nyampeurkeun ka Yesus.


Markus 10:51
Yesus mariksa, ”Hayang dikumahakeun ku Kami teh?” ”Pa Guru,” jawabna, ”abdi hoyong tiasa deui ningal.”


Markus 11:1
Yesus jeung murid-murid geus dareukeut ka Yerusalem, geus aya di Betpage jeung Betania di Gunung Jetun. Ti dinya Yesus miwarang dua murid sina ti heula,


Markus 11:6
Sanggeus disebutkeun sakumaha pesen Yesus, ku eta jelema-jelema dibikeun dibawa.


Markus 11:7
Tuluy dihaturkeun ka Yesus, tonggongna disasarapan ku jubah maranehna, clak Anjeunna nitih.


Markus 11:11
Yesus lebet ka kota Yerusalem, terus lebet ka Bait Allah, ningalian sakurilingna. Tapi ku sabab harita geus burit, Anjeunna terus ngabujeng ka Betania jeung murid-murid-Na nu dua welas tea.


Markus 11:12
Poe isukna, waktu Yesus kaluar ti Betania jeung murid-murid, Anjeunna ngaraos lapar.


Markus 11:14
Yesus ngalahir ka eta tangkal kondang, ”Ti semet ieu moal aya deui anu ngahakan buah maneh!” Kasaurana-Na kadarengeeun ku murid-murid.


Markus 11:15
Sanggeus sumping ka Yerusalem Yesus lebet ka Bait Allah, tuluy ngusiran anu keur jarual beuli di dinya. Meja-meja tukang nalukeurkeun duit jeung bangku-bangku tukang ngajual japati dibalik-balikkeun,


Markus 11:18
Ucapan Anjeunna kadarengeeun ku imam-imam kapala jeung guru-guru agama. Maranehna tuluy nareangan jalan supaya bisa maehan Yesus. Maranehna rarisieun ku Anjeunna, sabab rahayat kabeh katarik ku pangajarana-Na.


Markus 11:19
Sanggeus burit, Yesus jeung murid-murid-Na kaluar ti jero kota.


Markus 11:20
Poe isukna isuk-isuk keneh Yesus jeung murid-murid geus araya di jalan. Tangkal kondang nu kamari teh kasampak geus garing jeung akar-akarna.


Markus 11:21
Petrus ingeteun kana kajadian kamari di dinya, tuluy unjukan ka Yesus, ”Tingali, tangkal kondang anu kamari disapa ku Bapa teh parantos paeh!”


Markus 11:22
Waler Yesus, ”Nu matak kudu percaya ka Allah.


Markus 11:27
Sanggeus sumping ka Yerusalem deui, sabot Yesus angkat-angkatan di jero Bait Allah, daratang imam-imam kapala, guru-guru agama, jeung para kokolot.


Markus 11:29
Waler Yesus, ”Kaula ge rek nanya ka aranjeun saperkara. Lamun kajawab, kakara pertanyaan aranjeun perkara hak Kaula dijawab.


Markus 11:33
Tungtungna ngajawabna teh, ”Duka teuing!” Saur Yesus, ”Ari kitu mah Kaula ge moal ngabejakeun make hak naon Kaula migawe kieu.”


Markus 12:1
Yesus sasauran deui ka maranehna, ku misil. Saur-Na, ”Aya hiji jelema muka kebon anggur. Kebonna dipager, terus nyieun liang pikeun bak pameresan anggur jeung nyieun munara jaga. Sanggeus beres tuluy disewakeun ka sababaraha urang, ari manehna terus nyaba.


Markus 12:9
Cik, eta nu boga kebon teh rek kumaha?” saur Yesus. ”Tangtu datang sorangan numpes eta jelema-jelema, ari kebonna disewakeun ka nu sejen.


Markus 12:13
Geus kitu maranehna ngutus urang Parisi jeung anggota kaom Herodes, dititah nyual ka Yesus neangan kasalahan Anjeunna.


Markus 12:14
Maranehna daratang ka Yesus, tuluy ngaromong kieu, ”Guru, kaula terang yen Guru nyaurkeun anu bener, kalawan teu salempang ku anggapan nu sejen. Guru ngajarkeun anu bener hal pangersa Allah ka manusa kalawan teu mandang harkat jalma. Ku margi kitu cobi saurkeun nu sayaktosna, upami urang mayar pajeg ka Prabu Rum ngarempak Hukum Agama urang atanapi henteu? Kedah mayar atanapi henteu?”


Markus 12:15
Tapi Yesus uningaeun yen maranehna rek merdaya, tuluy ngawaler, ”Ku naon aranjeun rek merdaya ka Kaula? Tembongkeun ka Kaula duit perakna sagebleg.”


Markus 12:16
Maranehna ngasongkeun sagebleg. Yesus mariksa, ”Gambar jeung jenengan saha ieu?” ”Prabu,” tembalna.


Markus 12:17
Saur Yesus, ”Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu, bayarkeun ka Allah nu kagungan Allah.” Diwaler kitu teh maranehna ngaharuleng.


Markus 12:18
Aya deui anu daratang ka Yesus, nya eta urang Saduki, golongan anu nganggap yen anu geus maraot moal harudang deui.


Markus 12:24
Waler Yesus, ”Aranjeun kacida kaliruna! Terang, naon sababna nu matak salah? Sababna, lantaran aranjeun teu terang kana Kitab Suci atawa kana kakawasaan Allah.


Markus 12:28
Aya hiji guru agama milu ngadengekeun eta sual jawab. Ceuk anggapanana waleran Yesus ka urang Saduki teh keuna pisan. Pok manehna nanya kieu, ”Dupi parentah anu pangutamana, anu mana?”


Markus 12:29
Waler Yesus, ”Ieu anu pangutamana: ’Darengekeun, eh Israil! Pangeran Allah urang teh Pangeran anu tunggal.


Markus 12:34
Jawabanana ku Yesus dianggap kacida bijaksanana, nu matak saur-Na ka manehna, ”Anjeun teu jauh ti Karajaan Allah.” Ti semet harita teu aya deui anu wani nyual ka Anjeunna.


Markus 12:35
Waktu Yesus ngawulang di Bait Allah, Anjeunna nyual kieu, ”Ku naon guru-guru agama bisa nyebutkeun Kristus Jurusalamet teh turunan Daud?


Markus 12:37
Daud sorangan nyebut ka Anjeunna teh ’Gusti’; jadi mana bisa Kristus teh putrana?” Jalma rea kacida raresepeunana ngabarandungan kasauran Yesus teh.


Markus 12:41
Waktu Yesus calik deukeut peti derma di Bait Allah, Anjeunna ningalikeun anu ngarasupkeun duit kana eta peti. Loba anu baleunghar marerena teh galede.


Markus 12:43
Yesus nyaur murid-murid-Na tuluy sasauran, ”Randa anu bieu dermana panggedena ti batur.


Markus 13:1
Waktu Yesus ngantunkeun Bait Allah, salah saurang murid-Na unjukan, ”Tingali Pa Guru, ieu adegan-adegan sakieu agrengna, batu-batuna oge sarae pisan!”


Markus 13:3
Yesus angkat ka Gunung Jetun, terus calik di tempat anu nyanghareup ka Bait Allah. Petrus, Yakobus, Yohanes, jeung Andreas, opatan bae, nyalampeurkeun.


Markus 14:1
Pidua poeeun deui kana Pesta Paska jeung Pesta Roti Teu Diragian, imam-imam kapala jeung guru-guru agama nareangan akal rek nangkep Yesus, tapi hayang rikip.


Markus 14:3
Yesus keur aya di Betania, di imah Simon anu baretona katerap ku kasakit lepra. Sabot keur tuang, datang hiji awewe mawa goci dieusi minyak seungit anu kacida mahalna, anu dijieunna tina akar wangi. Seug gocina ku manehna dipeupeuskeun, minyakna dikucurkeun kana mastaka Yesus.


Markus 14:6
Tapi saur Yesus, ”Ulah diopenan ieu awewe teh! Ku naon dicarekan? Manehna keur nembongkeun kalemesan jeung kamulyaan budina ka Kami.


Markus 14:10
Geus kitu Yudas Iskariot, salah saurang ti dua welas murid, datang ka imam-imam kapala, maksudna rek nyerenkeun Yesus.


Markus 14:11
Maranehna kacida aratoheunana ngadarenge kasanggupanana, sarta jangji rek mere duit ka manehna. Ti harita Yudas ngintip-ngintip kasempetan rek nyerenkeun Yesus.


Markus 14:12
Dina poe kahiji Pesta Roti Teu Diragian, nya eta poean meuncit anak domba keur dahareun dina poe Paska, murid-murid arunjukan ka Yesus, ”Bapa tuang jamuan Paska teh palay di mana disayagikeunana?”


Markus 14:16
Bral nu dipiwarang teh arindit ka kota. Di dinya sagala hal anu disaurkeun ku Yesus tea bukti. Prak maranehna ngatur tuangeun keur jamuan Paska.


Markus 14:17
Peutingna Yesus sumping ka dinya jeung murid-murid.


Markus 14:18
Sabot tuang dina meja jeung murid-murid, Yesus nyarios kieu, ”Kami ngabejaan, aya saurang ti maraneh anu ayeuna keur dahar jeung Kami, bakal ngahianat ka Kami.”


Markus 14:22
Tengah-tengah tuang Yesus nyandak roti hiji. Sanggeus muji sukur, rotina ku Anjeunna disemplekan tuluy diasongkeun ka murid-murid. ”Ieu tampanan, dahar,” saur-Na, ”ieu teh daging awak Kami.”


Markus 14:24
”Ieu teh getih Kami,” saur Yesus, ”anu dikucurkeun pikeun jalma rea. Ieu getih Kami teh neguhkeun perjangjian Allah.


Markus 14:27
Yesus nyarios ka murid-murid, ”Peuting ieu keneh maraneh bakal kalabur ti Kami. Sabab ceuk Kitab Suci, ’Eta pangangon teh bakal tiwas ku Allah, baris dipaehan, dombana disina paburisat.’


Markus 14:30
Waler Yesus ka Petrus, ”Kami ngingetan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok dua kali, geus tilu kali maneh bakal nyebut teu wawuh ka Kami.”


Markus 14:32
Sanggeus narepi ka hiji tempat ngaran Getsemane, Yesus sasauran kieu, ”Maraneh dariuk di dieu sabot Kami neneda di ditu.”


Markus 14:45
Datang-datang Yudas muru ka Yesus. ”Pa Guru!” carekna bari terus nyium.


Markus 14:46
Yesus terus ditangkep, dicarekelan pageuh pisan.


Markus 14:48
Yesus ngalahir ka nu narangkep, saur-Na, ”Maraneh marawa pedang jeung gegendir nangkep Kami, na Kami teh penjahat?


Markus 14:53
Yesus dibawa ka bumi Imam Agung. Di dinya geus karumpul imam-imam kapala, para kokolot, jeung guru-guru agama.


Markus 14:57
Maju deui anu sejen-sejen mere bukti-bukti palsu perkara Yesus, kieu bohongna,


Markus 14:60
Geus kitu Imam Agung ngadeg hareupeun sarerea tuluy mariksa ka Yesus, ”Kumaha eta panuding-panuding teh ku Maneh moal dijawab?”


Markus 14:61
Yesus teu ngawaler sakecap-kecap acan. Imam Agung mariksa deui, ”Enya Maneh teh Kristus, Jurusalamet, Putra Allah Mahasuci?”


Markus 14:62
Yesus ngawaler, ”Leres! Sarta ku aranjeun bakal kataringali Putra Manusa calik di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa, tuluy sumping ti langit di jero mega!”


Markus 14:64
Geus kadarangu sorangan kumaha ngahina-Na ka Allah! Kumaha putusan aranjeun?” Maranehna kabeh mutuskeun yen Yesus salah sarta manjing dihukum pati.


Markus 14:65
Jelema-jelema mimiti aya anu nyariduhan ka Yesus. Maranehna meungpeunan soca Yesus terus neunggeul bari ngaromong kieu, ”Coba teguh, saha anu neunggeul ka Maneh?” Pangawal-pangawal oge milu nampiling ka Anjeunna.


Markus 14:67
Barang nenjoeun ka Petrus anu keur siduru, pok ngomong, ”Maneh ge lain sok babarengan jeung Yesus urang Nasaret?”


Markus 14:69
Eta babu nenjo deui ka Petrus tuluy ngomong ka nu araya di dinya, ”Ieu jelema teh baturna Yesus!”


Markus 14:72
Sapada harita keneh hayam kongkorongok deui kadua kalina. Ras Petrus ingeteun kana lahiran Yesus, ”Memeh hayam kongkorongok dua kali, geus tilu kali maneh bakal nyebut teu wawuh ka Kami.” Segruk bae Petrus ceurik.


Markus 15:1
Isuk-isuk keneh pisan imam-imam kapala gura-giru ngayakeun tepungan jeung para kokolot, guru-guru agama, jeung sakumna anggota Mahkamah, badami. Geus kitu Yesus dirante, tuluy dibawa, diserenkeun ka Pilatus.


Markus 15:2
Anjeunna ku Pilatus dipariksa, ”Anjeun teh raja urang Yahudi?” Waler Yesus, ”Leres pangandika.”


Markus 15:3
Imam-imam kapala ngadakwakeun Yesus, panudingna loba pisan.


Markus 15:5
Tapi Yesus teu ngawaler sakecap-kecap acan. Pilatus kacida heraneunana.


Markus 15:10
Anjeunna uninga pisan yen anu darengki jeung nyerenkeun Yesus ka anjeunna teh imam-imam kapala.


Markus 15:15
Ku sabab Pilatus hayang nyenangkeun hate jalma rea, tuluy ngaleupaskeun Barabas. Ari Yesus sanggeus dirangket tuluy diserenkeun ka maranehna sina disalib.


Markus 15:16
Yesus ku serdadu-serdadu dibawa ka buruan karaton gupernur. Maranehna nyalukan babaturan sapasukanana sina ka darinya.


Markus 15:17
Yesus dianggoanan jubah wungu, mastaka-Na diterapan mamakutaan tina cucuk.


Markus 15:21
Di tengah jalan serdadu-serdadu teh maksa hiji jelema sina manggul salib Yesus. Eta jelema kakara datang ti desa rek ka kota. (Ngaranna Simon, urang Kirena, bapana Aleksander jeung Rupus.)


Markus 15:22
Yesus dibawa ka hiji tempat anu ngaranna Golgota, hartina ”Tempat Tangkorek”.


Markus 15:34
Dina pukul tilu Yesus ngajerit tarik, ”Eloi, Eloi, lama sabahtani?” hartina, ”Nun Allah sim kuring, Allah sim kuring, ku naon nu mawi ngantunkeun?”


Markus 15:36
Aya saurang terus lumpat nyelupkeun sepon kana anggur haseum, tuluy ditiir disodorkeun kana lambey Yesus bari ngomong, ”Keun urang dagoan, urang tenjo Elias lungsur nurunkeun Manehna tina salib!”


Markus 15:37
Yesus ngajerit deui tarik, les bae pupus.


Markus 15:39
Kapala pasukan serdadu anu nangtungna hareupeun tihang salib nenjo Yesus kitu pupusna, pok bae ngucap, ”Ieu jelema saestuna Putra Allah!”


Markus 15:41
Waktu Yesus keur di Galilea, maranehna sok ngingiring ka Anjeunna jeung ngalalayanan. Wanita-wanita anu milu daratang jeung Yesus ka Yerusalem oge loba anu araya di dinya.


Markus 15:42
Wanci geus sareupna, Yusup urang Arimatea anggota Mahkamah Agama anu kapandang jeung ngarep-ngarep ngadegna Karajaan Allah, sumping ka dinya. Poe eta teh poe Panyadiaan (sapoe memeh poe Sabat). Ku sabab eta kalawan teteg manah Yusup ngadeuheus ka Pilatus mundut layon Yesus.


Markus 15:44
Meunang katerangan Yesus geus pupus teh Pilatus kacida heraneunana, seug nyaur kapala pasukan mariksakeun enya henteuna Yesus geus lila pupusna.


Markus 15:47
Maria Magdalena jeung Maria indungna Yoses araya nyaksian diasupkeunana layon Yesus ka jero pajaratan.


Markus 16:1
Sanggeus poe Sabat tutup, Maria Magdalena, Maria indungna Yakobus, jeung Salome, mareuli boreh seungit pikeun ngaboborehan layon Yesus.


Markus 16:6
Pok nu keur calik teh ngalahir, ”Tong sarieun! Nyai tangtu rek ngalayad Yesus urang Nasaret anu dihukum salib tea. Anjeunna geus teu di dieu, geus digugahkeun! Tuh, kari urut ebog-Na!


Markus 16:9
Sanggeus Yesus gugah tina pupus, poe Minggu isuk-isuk, pangheulana nembongan teh ka Maria Magdalena. (Yesus kungsi ngaluarkeun tujuh roh jahat ti manehna.)


Markus 16:10
Ku manehna dibejakeun ka mitra-mitra Yesus anu keur prihatin jeung careurik.


Markus 16:11
Dibejaan yen Yesus geus hirup deui teh tur jeung Maria mah malah geus papanggih, maranehna teu palercayaeun.


Markus 16:12
Geus kitu ku cara sejen Yesus nembongan ka dua jelema ti antara panganut-Na, nu keur di satengahing jalan rek ka hiji kampung.


Markus 16:14
Panganggeusanana Yesus nembongan ka sawelas murid-Na waktu maranehna keur dalahar. Maranehna ku Anjeunna diweweleh lantaran teu baroga iman, jeung keukeuh teu percaya ka jelema-jelema nu geus narenjo sorangan Anjeunna hirup deui.


Markus 16:19
Tutup Gusti Yesus ngalahir-Na ka maranehna, Anjeunna terus diangkat ka sawarga, terus linggih di tengeneun Allah.


Markus 16:20
Murid-murid-Na tuluy ariang nyiarkeun Injil Kasalametan ka suklakna ka siklukna, tur Gusti oge ngiring barangdamel nyarengan maranehna, ngayakeun kaajaiban-kaajaiban geusan ngabuktikeun yen hal anu disiarkeun ku maranehna teh sayaktina.] [ AHIR NASKAH KUNO SEJENNA Eta wanita-wanita tuluy nepungan Petrus jeung batur-baturna, sarta kalawan ringkes nyaritakeun anu dipesenkeun ka maranehna tea. Sanggeus eta mah Yesus ku Anjeun ku jalan murid-murid-Na ngawawarkeun eta amanat suci tur abadi, ti masrik nepi ka magrib, ngeunaan kasalametan anu langgeng.]


Lukas 1:31
Nyai bakal ngandeg, bakal puputra anu ku Nyai kudu dijenenganan Yesus.


Lukas 2:21
Saminggu ti harita, murangkalih teh disepitan terus dipaparin jenengan Yesus, sakumaha anu diamanatkeun ku malaikat waktu Anjeunna keur dikandung keneh.


Lukas 2:27
Kalawan panuyun Roh Allah, Simeon angkat ka Bait Allah. Barang murangkalih Yesus teh ku sepuhna dicandak ka jero Bait Allah seja disanggakeun sakumaha pamenta Hukum Agama,


Lukas 2:41
Unggal-unggal taun sepuh Yesus sok arangkat ka Yerusalem, ngiring kana Pesta Paska.


Lukas 2:42
Sanggeus Yesus yuswa dua belas taun Anjeunna dicandak ngiring; tuluy arangkat kana pesta sakumaha biasana.


Lukas 2:43
Sanggeus pesta lekasan, ibu rama-Na marulih, ari Yesus kakantun di Yerusalem teu kauninga.


Lukas 2:51
Yesus tuluy ngiring mulih jeung aranjeunna ka Nasaret, tetep-tumetep ngesto. Ari ku ibu-Na sagala rupa hal-Na teh disimpen sajeroning manah.


Lukas 2:52
Yesus beuki ageung, beuki lantip bijaksana, dipikaresep ku Allah jeung ku pada jalma.


Lukas 3:21
Sanggeus jalma rea kabeh dibaptis, Yesus oge dibaptis. Waktu Anjeunna keur sembahyang, bray langit muka,


Lukas 3:23
Yesus ngawitan barangdamel, ari yuswa-Na kira-kira geus tilu puluh taun. Ceuk jalma rea Anjeunna teh putra Yusup. Ari Yusup putra Eli,


Lukas 4:1
Waktu Yesus jengkar ti Walungan Yordan, Anjeunna dikawasaan ku Roh Suci, dicandak ka gurun keusik.


Lukas 4:4
Tapi waler Yesus, ”Ceuk Kitab Suci, ʼManusa moal bisa hirup ku roti wungkul.ʼ ”


Lukas 4:5
Yesus ku Iblis dibawa ka tempat luhur, sakolepat ditembongan sakabeh karajaan di alam dunya.


Lukas 4:6
”Eta sagala kakawasaan jeung kabeungharan ku kaula rek diserenkeun ka Anjeun,” ceuk Iblis ka Yesus. ”Sabab kabeh geus dipasrahkeun ka kaula, jadi kaula kawasa mikeun ka saha bae cocogna hate.


Lukas 4:8
Waler Yesus, ”Ceuk Kitab Suci, ʼManeh kudu nyembah ka Pangeran Allah maneh sarta kudu ngabakti ngan ka Mantenna!ʼ ”


Lukas 4:9
Ti dinya Yesus ku Iblis dibawa ka Yerusalem, ka puncak Bait Allah nu pangluhurna. Ceuk Iblis ka Anjeunna, ”Lamun Anjeun Putra Allah, coba geura ngaragragkeun anjeun ti dieu ka handap.


Lukas 4:12
Tapi waler Yesus, ”Ceuk Kitab Suci, ʼManeh ulah ngadoja ka Pangeran Allah maneh.ʼ ”


Lukas 4:13
Anggeus Iblis ngagoda Yesus ku rupa-rupa reka perdaya, terus indit ninggalkeun Anjeunna, saheulaanan henteu ngaganggu deui.


Lukas 4:14
Sanggeus kitu Yesus mulih deui ka Galilea sarta disarengan ku kakawasaan Roh Suci. Warta perkara Anjeunna nyebar ka sakuliah wewengkon eta.


Lukas 4:16
Yesus angkat ka Nasaret tempat Anjeunna diageungkeun. Dina poe Sabat angkat ka imah ibadah sakumaha kabiasaana-Na. Anjeunna ngadeg seja ngaos Kitab Suci,


Lukas 4:23
Yesus ngalahir, ”Meureun aranjeun hayang ngeunakeun paribasa anu kieu ka Kaula, ʼTabib, cageurkeun diri sorangan.ʼ Jeung tangtu ceuk aranjeun, ʼCik anu ku Anjeun dipigawe di Kapernaum teh, anu aya bejana ka dieu, ayeuna jieun di dieu di lembur sorangan!ʼ ”


Lukas 4:29
Maranehna carengkat, tuluy ngenyang Yesus ditarik ka luar kota, dibawa ka pasir padumukan kota maranehna, arek diragragkeun kana jurang.


Lukas 4:31
Yesus angkatna ka Kapernaum, hiji kota di Galilea. Dina poe Sabat Anjeunna ngawulang di imah ibadah.


Lukas 4:34
”Eh Yesus urang Nasaret! Aya maksud naon Anjeun ka urang? Arek nyilakakeun? Urang nyaho, Anjeun teh utusan suci Allah!”


Lukas 4:35
Yesus marentah ka eta roh jahat saur-Na, ”Repeh maneh, jeung geura kaluar ti eta jelema!” Seug eta jelema teh ku eta roh jahat dijongklokkeun ka hareupeun jalma rea, tapi henteu dikikieu deui, roh jahatna tuluy ingkah.


Lukas 4:38
Ti imah ibadah Yesus angkat ka imah Simon. Harita mitoha awewe Simon keur gering muriang panas, seug diunjukkeun ka Yesus.


Lukas 4:39
Yesus lebet tuluy ngadeg gigireun ranjang nu gering, kasakit muriangna ditimbalan ingkah. Harita keneh nu gering teh terus cageur tuluy ngalalayanan tamu-tamu.


Lukas 4:41
Anu kasarurupan ku roh jahat, roh-roh jahatna aringkah bari tinggarero pokna, ”Anjeun teh Putra Allah!” Sabab eta roh-roh jahat nyarahoeun yen Anjeunna teh Kristus. Tapi ku Yesus ditimbalan jarempe teu meunang ngaromong deui.


Lukas 4:42
Isukna waktu meletek srangenge Yesus kaluar ti eta kota, angkat ka hiji tempat anu simpe, seug pada nareangan. Sanggeus kapanggih pada ngeukeuhan supaya ulah ngantunkeun.


Lukas 5:1
Dina hiji poe Yesus keur ngadeg di sisi Talaga Genesaret. Jalma-jalma anu rek ngadarengekeun pangandika Allah ngarangseg harayang deukeut ka Anjeunna.


Lukas 5:3
Yesus tuluy naek kana hiji parahu, bogana Simon, bari mundut supaya parahuna diwelah rada ka tengah. Gek Anjeunna linggih dina eta parahu seug ngawulang ka jalma rea.


Lukas 5:8
Nenjo kitu, brek bae Simon mendek payuneun Yesus tuluy miunjuk, ”Gusti, enggal abdi kantunkeun. Abdi teh jalmi gede dosa!”


Lukas 5:10
Nya kitu deui babaturan Simon, anak Sebedeus, nya eta Yakobus jeung Yohanes. Saur Yesus ka Simon, ”Ulah sieun; ti semet ayeuna maneh bakal ngala jelema.”


Lukas 5:11
Geus kitu maranehna marilu ka Yesus. Parahuna ditarik ka sisi, tuluy ditaringgalkeun jeung eusi-eusina.


Lukas 5:12
Hiji mangsa Yesus aya di hiji kota. Di dinya aya hiji jelema, awakna ruksak ku lepra. Barang breh nenjo Yesus brek mendek tuluy ngalengis, ”Gusti, upami Gusti kersa, Gusti tangtos iasa nyageurkeun kasakit abdi!”


Lukas 5:13
Yesus nyabak kana awakna tuluy ngalahir, ”Kami daek, geura cageur!” Harita keneh kasakitna leungit.


Lukas 5:14
Eta jalma ku Yesus dilahiran, ”Ulah bebeja ka saha-saha, terus bae ka imam menta dipastikeun yen maneh geus cageur. Tuluy haturkeun kurban sakumaha anu diparentahkeun ku Musa.”


Lukas 5:15
Sanajan kitu ge Yesus beuki kautarakeun bae. Jelema-jelema ngaleut rek ngarupingkeun Anjeunna jeung harayang dicalageurkeun kasakitna.


Lukas 5:17
Dina hiji poe waktu Yesus keur ngawulang, aya sawatara urang Parisi jeung guru-guru agama daratang ti kota-kota, ti Galilea, ti Yudea, jeung ti Yerusalem, marilu dariuk. Yesus kenging kawasa ti Pangeran pikeun nyageurkeun anu keuna ku kasakit.


Lukas 5:18
Aya anu ngagotong jelema lumpuh dina bale-bale, seseleke rek asup ka jero imah ka payuneun Yesus.


Lukas 5:19
Tapi teu barisaeun norobos lantaran jelema kacida lobana. Tungtungna nu lumpuh teh dibawa naek ka luhur hateup, hateupna dibuka nyieun liang, nu geringna tuluy diulur jeung bale-balena ka handap, meneran ka tengah-tengah riungan payuneun Yesus.


Lukas 5:20
Barang Yesus uningaeun yen kapercayaan maranehna sakitu mantepna, seug ngalahir ka nu lumpuh, ”Dosa hidep dihampura, dulur!”


Lukas 5:22
Yesus uninga kana pikiran maranehna, tuluy ngalahir, ”Ku naon pikiran aranjeun kitu?


Lukas 5:27
Ti dinya Yesus angkat. Di jalan ningali hiji tukang mulung pajeg ngaranna Lewi, keur diuk di kantorna. Ku Yesus didawuhan, ”Hayu milu ka Kami!”


Lukas 5:28
Lewi cengkat tuluy milu ka Yesus, ninggalkeun sagala rupa.


Lukas 5:29
Di imahna, Lewi ngayakeun pesta ngabageakeun Yesus. Semah-semahna kacida lobana, tukang-tukang mulung pajeg jeung salianna.


Lukas 5:30
Sawatara urang Parisi jeung guru-guru agama ti golonganana ngaweweleh ka murid-murid Yesus, pokna, ”Ku naon maraneh bet daraek dahar bareng jeung tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema anu teu paruguh?”


Lukas 5:31
Diwalerna ku Yesus, ”Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun.


Lukas 5:33
Aya anu naranya ka Yesus, ”Murid-murid Yohanes sering puasa sareng sembahyang, nya kitu keneh murid-muridna urang Parisi. Dupi murid-murid Ajengan mah dahar nginum sabiasa.”


Lukas 5:34
Waler Yesus, ”Na bisa aranjeun nitah puasa ka tamu-tamu dina pesta kawin sapanjang ki panganten aya keneh dina riungan? Tangtu moal!


Lukas 5:36
Geus kitu Yesus maparin misil kieu ka maranehna, ”Moal aya anu nambal baju heubeul ku lawon tina baju anyar, sabab kudu nyoehkeun baju anyarna, padahal tambalan tina lawon baju anyar teh moal matak hade kana bajuna anu geus heubeul, samalah bakal mawa soeh deui anu heubeul.


Lukas 6:1
Dina hiji poe Sabat Yesus angkat, jalanna ngalangkung kebon gandum. Murid-murid-Na maripit gandum sababaraha ranggeuy, digarelang tuluy didalahar.


Lukas 6:3
Diwaler ku Yesus, ”Tacan ngaos kitu carita Daud, kumaha waktu anjeunna jeung pangiringna lapar?


Lukas 6:6
Dina poe Sabat deui Yesus lebet ka imah ibadah, ngawulang. Di dinya aya hiji jelema, leungeun katuhuna kemper.


Lukas 6:7
Sawatara guru agama jeung urang Parisi kacida harayangeunana sangkan Yesus midamel kasalahan, ambeh bisa didakwakeun. Ku sabab kitu maranehna kacida ngarawaskeunana, sugan bae Anjeunna nyageurkeun dina poe Sabat.


Lukas 6:8
Tapi Yesus uninga kana palikiranana, tuluy ngalahir ka nu kemper tea, ”Ka dieu, nangtung di hareup!” Eta jelema nangtung tuluy nyampeurkeun.


Lukas 6:9
Yesus mariksa ka maranehna, ”Kaula rek nanya: Pagawean naon anu diidinan ku Hukum Agama urang dina poe Sabat? Nulungan atawa nyilakakeun? Ngarahayukeun nyawa jelema atawa ngabinasa?”


Lukas 6:11
Guru-guru agama jeung urang Parisi kacida arambekeunana, tuluy baradami kudu dikumahakeun Yesus teh.


Lukas 6:12
Ari Yesus terus angkat ka hiji pasir seja sembahyang. Sapeupeuting Anjeunna di eta pasir neneda ka Allah.


Lukas 6:17
Yesus lungsur ti pasir jeung rasul-rasul, reg liren tuluy ngadeg di nu datar jeung murid-murid-Na anu loba. Jelema-jelema geus ngagimbung daratang ti sakuliah Yudea, ti Yerusalem, jeung ti kota-kota basisir Tirus jeung Sidon.


Lukas 6:20
Yesus neuteup ka murid-murid-Na, pok sasauran, ”Bagja maraneh anu mariskin, sabab maraneh jadi anggota Karajaan Allah!


Lukas 6:39
Jeung Yesus maparin ibarat kieu ka maranehna: ”Jelema lolong moal bisaeun nungtun anu lolong deui, sabab tangtu duanana bakal tigebrus ka solokan.


Lukas 7:1
Sanggeus nyaurkeun sual-sual eta, Yesus angkat ka Kapernaum.


Lukas 7:3
Barang eta perwira ngadenge hal Yesus, tuluy ngutus sawatara kokolot urang Yahudi ngangkir Yesus, menta supaya gandekna dipangnyageurkeun.


Lukas 7:4
Sanggeus daratang ka Yesus, kokolot-kokolot teh kacida nunuhunna supaya Anjeunna kersa nulungan. Pihaturna, ”Eta jalmi teh pantes kenging pitulung,


Lukas 7:6
Yesus rujuk tuluy angkat sareng. Barang geus rek tepi ka imah anu dijugjug, Anjeunna dipapag ku sobat-sobat eta perwira, anu ngahaja diutus mawa piunjuk kieu, ”Juragan teu kedah repot-repot ka rorompok.


Lukas 7:9
Ngadangu kitu teh Yesus heran anu aya. Anjeunna nyoreang ka nu ngariring tuluy sasauran, ”Kakara Kami mah manggih anu boga kayakinan nepi ka kieu, di Israil ge tacan manggih!”


Lukas 7:11
Sanggeus kitu Yesus angkat deui, ngabujeng ka kota Nain diiring ku murid-murid jeung jalma rea.


Lukas 7:13
Barang Gusti Yesus ningali ka eta randa, kacida welaseuna-Na, tuluy ngalahir ka manehna, saur-Na, ”Ulah ceurik.”


Lukas 7:14
Anjeunna nyaketan pasaran terus pasaranana dicabak. Anu ngagarotongna ngarandeg. Yesus ngalahir, ”Agus, Kami nitah, geura hudang!”


Lukas 7:15
Mayit teh ngulisik, diuk tuluy ngomong. Ku Yesus diserenkeun ka indungna.


Lukas 7:17
Beja hal Yesus terus kautarakeun ka sakuliah eta kota jeung daerah sakurilingeunana.


Lukas 7:19
Yohanes tuluy nyaur muridna duaan terus diutus ka Gusti Yesus, mawa pihatur kieu, ”Naha leres Juragan teh anu bakal sumping tea sakumaha anu disaurkeun ku Yohanes? Atanapi abdi-abdi kedah ngantos keneh anu sanes?”


Lukas 7:20
Sanggeus daratang tuluy mihatur ka Yesus, ”Abdi dipiwarang ku Yohanes Jurubaptis naroskeun ka Juragan, naha leres Juragan teh anu bakal sumping tea sakumaha pisaurna, atanapi abdi-abdi kedah ngantos keneh nu sanes?”


Lukas 7:21
Harita Yesus keur nyageur-nyageurkeun anu garering, anu keuna ku kasakit, anu kasurupan roh jahat, kitu deui anu lalolong disina narenjo deui.


Lukas 7:24
Sanggeus utusan Yohanes marulang, Yesus nyaurkeun Yohanes ka jalma rea, saur-Na, ”Basa maraneh daratang ka Yohanes di gurun keusik teh rek naon? Rek narenjo eurih anu tingarulang ku angin?


Lukas 7:29
Jalma-jalma kabeh ngabarandungan kana kasauran Yesus, lantaran maranehna teh, pangpangna tukang-tukang mulung pajeg, geus narurut kana pamundut Allah supaya balener, jeung geus daraekeun dibaptis ku Yohanes.


Lukas 7:31
Yesus sasauran deui, ”Jelema-jelema jaman kiwari teh ku Kami bisa diupamakeun kana naon? Kawas naon?


Lukas 7:36
Aya urang Parisi ngangkir tuang ka Yesus. Yesus sumping ka imahna tuluy tuang.


Lukas 7:37
Di kota eta aya hiji awewe anu hirupna pinuh ku dosa. Barang meunang beja yen Yesus keur tuang di eta imah urang Parisi, seug ka dinya bari mawa minyak seungit sabotol,


Lukas 7:38
terus nangtung pungkureun Yesus deukeut sampeana-Na. Segruk ceurik, cipanonna nyurucud kana sampean Yesus nepi ka baseuh. Sampeana-Na ku manehna diseka ku buukna nepi ka tuhur, tuluy dicium jeung dikucuran ku minyak seungit.


Lukas 7:40
Yesus ngalahir ka manehna, ”Simon, Kaula aya picaritaeun.” ”Mangga, Guru, mangga saurkeun,” tembalna.


Lukas 7:41
”Aya dua jelema baroga hutang ka tukang nginjeumkeun duit,” saur Yesus, ”nu saurang lima ratus uang perak, nu saurang deui lima puluh uang perak.


Lukas 7:43
”Rarasaan sim kuring mah anu hutangna leuwih gede,” jawabna. ”Bener eta,” saur Yesus.


Lukas 7:50
Tapi Yesus ngalahir deui ka eta awewe, ”Nyai geus salamet lantaran gede kapercayaan. Heug sing senang hate.”


Lukas 8:1
Teu lila ti harita Yesus angkat nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Murid-murid-Na teu tinggal,


Lukas 8:3
Yohana, bojo Kusa pajabat karaton Herodes; Susanna, jeung loba deui wanita-wanita sejen. Ieu wanita-wanita geus ngabarantu ka Yesus jeung murid-murid-Na ku pangabogana masing-masing.


Lukas 8:4
Jalma-jalma ti kota-kota teu eureun-eureun daratang ka Yesus, kumpul kacida lobana. Anjeunna tuluy nyarioskeun ieu misil:


Lukas 8:19
Ibu Yesus jeung saderek-saderek-Na sarumping rek nepangan, tapi teu kungsi jonghok sabab kahalangan ku jalma rea.


Lukas 8:22
Dina hiji poe Yesus naek parahu bari saur-Na ka murid-murid, ”Urang meuntas ka ditu.” Tuluy mareuntas talaga.


Lukas 8:23
Sabot keur balayar Yesus kulem. Dak-dumadak aya angin gede nebak talaga, parahu mimiti kaeusian cai, kacida bahayana.


Lukas 8:24
Yesus ku murid-murid digugahkeun, ”Pa Guru, urang tiwas!” Yesus gugah terus nimbalan ka angin jeung ombak. Jep angin jeung ombak teh leler, talaga jadi kacida leuleuyna.


Lukas 8:26
Yesus jeung murid-murid kebat balayarna ka tanah urang Gerasa, peuntaseun Talaga Galilea.


Lukas 8:28
Barang nenjoeun ka Yesus tuluy ngajerit, brek nyuuh ka payuneuna-Na tuluy ngagero, ”Duh Yesus Putra Allah Nu Maha Agung! Abdi teh bade dikumahakeun? Mugi ulah disiksa!”


Lukas 8:29
Nu matak ngomongna kitu, sabab roh jahatna ku Yesus geus ditimbalan kaluar ti eta jelema. Kacida seringna manehna dikawasaan ku eta roh jahat, nepi ka sanajan dikurung sarta leungeun jeung sukuna dirante, rantena dipegatkeun sarta manehna ku roh jahatna dikaburkeun ka gurun keusik.


Lukas 8:30
Ku Yesus dipariksa, ”Saha ngaran?” ”Ngaran kuring Legiun,” jawabna, sabab anu nyurupna kacida lobana.


Lukas 8:31
Eta roh-roh jahat nunuhun ka Yesus supaya ulah dijebloskeun ka Jurang Hukuman.


Lukas 8:32
Teu jauh ti dinya aya bagong loba pisan keur nyaratuan di lamping pasir. Roh-roh jahat teh nunuhun ka Yesus menta diidinan nyarurup ka eta bagong-bagong. Yesus ngidinan.


Lukas 8:35
Jelema-jelema kalaluar rek narenjo eta kajadian. Ari narepi ka Yesus, nyampak jelema anu kakara waras tina kasurupan roh-roh jahat teh keur diuk deukeut sampean Yesus, geus make papakean, ingetanana geus jejeg. Kacida maranehna sarieuneunana


Lukas 8:37
Geus kitu urang dinya kabeh menta supaya Yesus angkat ti dinya, sabab maranehna kacida sarieuneunana. Ku sabab kitu Yesus naek parahu deui ngantunkeun eta tempat.


Lukas 8:38
Jelema anu tas diraksuk ku setan tea nunuhun, pokna, ”Abdi sumeja ngiring.” Tapi ku Yesus teu diwidian, saur-Na,


Lukas 8:39
”Geura balik bae, caritakeun engke pangalaman maneh ditulung ku Allah.” Bral eta jelema teh indit tuluy ngider kota, nyaritakeun pangalamanana ditulungan ku Yesus.


Lukas 8:40
Sasumpingna deui Yesus ka peuntas sejen, dipapag ku jalma rea nu geus lila ngadaragoan.


Lukas 8:41
Aya hiji jelema ngaran Yairus, kapala imah ibadah di dinya nepangan ka Yesus, mendek ka payuneuna-Na, nunuhun supaya Anjeunna kersa linggih ka imahna,


Lukas 8:42
karana anakna anu awewe anu kakarek umur dua belas taun, turta ngan hiji-hijina gering geus meh maot. Sajeroning Yesus angkat, anu ngariring nyaredek ka Anjeunna ti ditu ti dieu.


Lukas 8:44
Eta awewe seseleke ka pungkureun Yesus, tuluy nyabak kana kelin jubah-Na. Set ngagetihna eureun.


Lukas 8:45
Yesus mariksakeun, saur-Na, ”Saha anu nyabak ka Kami?” Teu aya anu ngaku. Pok Petrus mihatur, ”Pa Guru, jalmi sakieu seueurna, sadayana ngangseg pacaket-caket.”


Lukas 8:46
Tapi saur Yesus, ”Aya anu nyabak, sabab karasa aya tanaga kaluar ti Kami.”


Lukas 8:47
Awewe teh ngarasa kabitur, bruk nyuuh kana sampean Yesus, awakna ngadegdeg. Pok ngaku hareupeun anu loba, nerangkeun sababna nu matak nyabak, jeung nerangkeun yen barang nyabak oge panyakitna ngadadak cageur.


Lukas 8:48
Yesus ngalahir ka manehna, ”Anaking, Nyai geus cageur, lantaran percaya. Heug sing senang hate.”


Lukas 8:50
Kadangueun ku Yesus, Anjeunna nyarios ka Yairus, ”Ulah sieun, sing percaya bae, budak teh bakal cageur deui.”


Lukas 8:52
Anu araya di imah keur reang nyeungceurikan anu maot. Saur Yesus, ”Ulah careurik, budak teh lain maot, keur sare!”


Lukas 8:55
Sup nyawa budak teh asup deui, budakna terus nangtung. Ku Yesus dipiwarang dibere dahar.


Lukas 8:56
Indung bapana mani bati melengek bengong. Ku Yesus didawuhan yen teu meunang cacarita ka saha-saha.


Lukas 9:1
Yesus ngempelkeun murid-murid anu dua welas tea, seug maranehanana dipaparin kawasa jeung wewenang pikeun ngusir roh-roh jahat jeung nyageurkeun rupa-rupa panyakit.


Lukas 9:7
Sagala perkara hal Yesus teh kadangu ku Herodes anu nyekel kawasa di Galilea. Kacida anjeunna bingungeunana, sabab loba anu nyarita majar teh Yohanes Jurubaptis tea hirup deui.


Lukas 9:9
Saur Herodes, ”Yohanes ku aing geus diteukteuk sirahna. Jadi eta jelema anu sagala bejana kadenge ku aing, saha?” Manahna panasaraneun hayang ningali Yesus.


Lukas 9:10
Rasul-rasul anu diutus tea geus marulang, sarta ngunjukkeun sagala pagaweanana. Ku Yesus dicandak nyingsal ka nu sepi di kota Betsaida.


Lukas 9:13
Saur Yesus, ”Barere dahar ku maraneh bae saaya-aya.” Ari tembalna, ”Kumaha da mung gaduh roti lima siki sareng lauk dua siki. Kedah meser heula kitu tedaeun keur jalmi sakitu seueurna?” (


Lukas 9:14
Jelemana kira-kira aya lima rebu urang.) Saur Yesus, ”Sina dariuk sarombongan-sarombongan, masing-masing kira-kira limapuluhan.”


Lukas 9:16
Roti nu lima siki jeung laukna dua siki tea ku Yesus dicandak. Anjeunna tanggah ka langit jeung muji sukur ka Allah. Geus kitu roti teh disemplekkan, sina dibagikeun ku murid-murid.


Lukas 9:18
Hiji mangsa sarengsena Yesus sembahyang nyalira, murid-murid-Na pada ngadareuheus. Ku Anjeunna dipariksa kieu, ”Ari ceuk jelema rea Kami teh saha?”


Lukas 9:20
Yesus mariksa deui, ”Ari ceuk maraneh, Kami teh saha?” Ceuk Petrus, ”Bapa teh Kristus anu dijangjikeun ku Gusti Allah.”


Lukas 9:21
Yesus ngomat-ngomatan pisan supaya maranehna ulah ngucah-ngaceh eta hal.


Lukas 9:28
Kira-kira saminggu ti sanggeus nyaurkeun kitu, Yesus unggah ka hiji gunung seja neneda. Petrus, Yohanes jeung Yakobus dicandak.


Lukas 9:31
anu salirana pinuh ku kamulyaan sawarga. Anu disalaurkeunana nya eta yen Yesus teh bakal nekanan kapastian ti Allah, bakal ditelasan di Yerusalem.


Lukas 9:32
Petrus, Yohanes, jeung Yakobus harita keur sarare. Tapi tuluy harudang, ret narenjo ka Yesus anu sakitu mulyana, jeung aya anu ngarencangan duaan.


Lukas 9:33
Barang eta anu duaan rek ngarantunkeun Yesus, Petrus unjukan ka Yesus, ”Guru! Ku raraos di dieu teh! Abdi bade ngadamel kemah tilu, kangge Guru, kangge Musa, sareng kangge Elias,” kitu pokna semu teu eling kana omonganana sorangan.


Lukas 9:36
Jep gentra, Yesus kantun nyalira. Eta murid nu tiluan teh tetep nyidem sagala tetenjoanana harita, henteu betus ka nu sejen.


Lukas 9:37
Poe isukna waktu Yesus lungsur ti gunung jeung tilu murid-Na, dipapag ku jalma loba.


Lukas 9:41
Yesus ngalahir, ”Ari maraneh ku areuweuh kapercayaan jeung saralah! Kudu nepi ka iraha direujeungan jeung disabaran ku Kami teh?” Geus kitu lahirana-Na ka eta jelema, ”Bawa budak teh ka dieu!”


Lukas 9:42
Waktu eta budak keur leumpang nyampeurkeun, ku roh jahat dibantingkeun nepi ka sawan. Roh jahatna ku Yesus diseuseul. Budakna cageur, tuluy ku Anjeunna diserenkeun ka bapana.


Lukas 9:43
Narenjo hebatna kakawasaan Allah, jalma-jalma kabeh barengong. Waktu jelema-jelema hareraneun keneh ku nu dipidamel ku Yesus, Anjeunna nyarios kieu ka murid-murid,


Lukas 9:47
Yesus, anu uningaeun kana palikiranana nyandak hiji budak leutik, ditangtungkeun di gedengeuna-Na,


Lukas 9:50
”Ulah dilarang,” waler Yesus ka Yohanes jeung ka nu sejen-sejen, ”sabab sing saha anu teu ganggu ka maraneh eta teh batur, mihak ka maraneh.”


Lukas 9:51
Sanggeus meh cunduk kana waktuna Yesus bakal dicandak ka sawarga, Anjeunna mutuskeun seja angkat ka Yerusalem.


Lukas 9:53
Tapi urang desa eta arembungeun narima, dumeh nyarahoeun yen Yesus teh geuning kersana rek ka Yerusalem.


Lukas 9:54
Dua murid, nya eta Yakobus jeung Yohanes, sanggeus tarerangeun kitu teh mihatur ka Yesus, ”Gusti, kumaha pangersa teh, naha kenging abdi-abdi nyambat seuneu turun ti langit sina ngalebur eta jalmi-jalmi?”


Lukas 9:55
Yesus nyoreang ka maranehna, sarta eta dua murid teh diseukseukan.


Lukas 9:57
Di satengahing jalan aya jelema mihatur ka Yesus, ”Abdi sumeja ngiring Bapa ka mana bae.”


Lukas 9:58
Saur Yesus, ”Careuh baroga liang, manuk baroga sayang, ari Putra Manusa mah teu boga tempat keur ngedeng-ngedeng acan.”


Lukas 9:60
Saur Yesus, ”Keun nu maot mah sina nguburkeun nu maotna sorangan, ari maneh kudu ngawartakeun Karajaan Allah anu bakal ngadeg di ieu dunya.”


Lukas 9:62
Saur Yesus ka manehna, ”Lamun geus prak ngawuluku masih sumoreang mah teu pantes jadi warga Karajaan Allah.”


Lukas 10:1
Sanggeus sasauran kitu Gusti Yesus milih tujuh puluh dua deui jelema sejen, diutus duaan-duaan ka kota-kota jeung tempat-tempat anu bakal disumpingan ku Anjeunna.


Lukas 10:16
Geus kitu Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, ”Anu nurut ka maraneh, eta nurut ka Kami; anu teu ngaku ka maraneh, eta teu ngaku ka Kami; anu teu ngaku ka Kami, teu ngaku ka nu ngutus Kami.”


Lukas 10:18
Saur Yesus, ”Katenjo ku Kami Iblis teh ragrag ti sawarga kawas kilat.


Lukas 10:21
Waktu eta manah Yesus pinuh ku kabungah ti Roh Suci, pok ngalahir, ”Nun Ama Gustina langit sareng bumi! Abdi muji sukur, reh perkawis ieu ku Ama dirasiahkeun ka anu palinter sareng garaduh elmu, dupi ka anu teu garaduh katerang mah parantos ditembrakkeun. Leres, ieu anu nyukakeun manah Ama teh.”


Lukas 10:25
Aya hiji guru Toret ngadoja kieu ka Yesus, ”Guru, lamun kaula hayang bisa hirup langgeng, kaula kudu kumaha?”


Lukas 10:26
Waler Yesus, ”Kumaha ceuk Kitab Suci? Kumaha pamanggih anjeun tina hal eta?”


Lukas 10:28
”Bener kitu,” waler Yesus, ”pek eta lampahkeun, tangtu anjeun hirup.”


Lukas 10:30
Waler Yesus, ”Sakali mangsa aya hiji jelema mudun ti Yerusalem ka Yeriho. Di tengah jalan ditarajang ku begal, dirangsadan jeung dirogahala nepi ka satengah paeh, tuluy ditaringgalkeun.


Lukas 10:36
Yesus nutup pilahir-Na kieu, ”Cik, ti eta tilu jelema, anu mana anu lampahna nyirikeun jadi batur jelema anu dibegal teh?”


Lukas 10:37
”Anu nulunganana,” tembal eta guru agama. ”Tah, anjeun oge kudu kitu. Lampahkeun kitu ku anjeun,” waler Yesus.


Lukas 10:38
Yesus katut murid-murid angkat deui. Barang sumping ka hiji desa, Anjeunna dihaturanan linggih ku hiji wanita ngaran Marta.


Lukas 11:1
Dina hiji poe sabada Yesus neneda di hiji tempat, disampeurkeun ku murid-Na saurang anu unjukan kieu, ”Gusti, abdi-abdi wulang neneda. Yohanes oge ngawulang neneda ka murid-muridna.”


Lukas 11:2
Saur Yesus, ”Kudu kieu maraneh neneda teh: ʼNun Ama: Mugi jenengan Ama disucikeun. Karajaan Ama mugi dongkap.


Lukas 11:14
Yesus tas ngusir hiji roh jahat anu pireu ti hiji jelema. Sanggeus eta roh jahat diusir, jelemana bisa deui ngomong, nepi ka jalma-jalma hareraneun.


Lukas 11:17
Tapi Yesus uninga kana palikiranana, tuluy ngalahir, ”Nagara anu pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila; hiji kulawarga anu anggotana pecah jeung silih musuhan, bakal paburantak.


Lukas 11:28
Tapi waler Yesus, ”Leuwih bagja deui jelema anu ngadenge jeung nurut kana timbalan Allah!”


Lukas 11:29
Jelema-jelema araya keneh. Yesus ngalahir deui, saur-Na, ”Ku jarahat jelema-jelema jaman ayeuna! Maranehna marenta kaajaiban. Tapi taya deui kaajaiban anu rek ditembongkeun salian ti kaajaiban anu kasorang ku Nabi Yunus.


Lukas 11:37
Tutup Yesus sasauran, Anjeunna diangkir tuang ku hiji urang Parisi. Anjeunna sumping, terus linggih tuang.


Lukas 11:38
Eta urang Parisi teh heraneun dumeh Yesus henteu ngumbah heula panangan.


Lukas 11:46
Waler Yesus, ”Aranjeun oge cilaka, guru-guru agama! Taktak batur dibegbregan leuwih ti misti, aranjeun sorangan teu ngutekkeun ramo-ramo acan keur ngenteng-ngenteng kabeurat batur.


Lukas 11:53
Sanggeus Yesus angkat ti dinya, teu kira-kira pada ngagogorengna ku urang Parisi jeung guru-guru agama. Anjeunna diteregteg ku rupa-rupa sual.


Lukas 11:54
Nu dipalar ku maranehna sangkan Yesus sasaurana-Na salah.


Lukas 12:1
Rebuan jelema karumpul deui pasesedek nepi ka silih tincak. Sabot kitu Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Sing waspada kana ragi urang Parisi, nya eta kana kamunapekanana.


Lukas 12:13
Ti jelema loba aya anu mihatur kieu ka Yesus, ”Pa Guru, mugi pangmepelingankeun pun dulur supados daekeun maparin bagian harta titinggal pun bapa ka abdi.”


Lukas 12:14
Waler Yesus, ”Baraya! Na saha anu ngangkat Kami pikeun ngahakiman atawa ngabagikeun warisan antara aranjeun duaan?”


Lukas 12:21
Yesus nutup pilahir-Na, ”Tah kitu jadina jelema beunghar keur sorangan bae sarta lampahna henteu sapagodos jeung pangersa Allah teh.”


Lukas 12:54
Ari ka nu loba, kieu pilahir Yesus, ”Samangsa-mangsa maraneh nenjo aya mega unggah di kulon, geuwat ku maraneh ditaksir rek hujan; enya bae hujan.


Lukas 13:1
Harita aya anu arunjukan ka Yesus, nyaritakeun yen aya urang Galilea anu diparaehan ku Pilatus waktu keur ngalurban ka Allah.


Lukas 13:2
Waler Yesus, ”Dumeh eta urang Galilea kitu diparaehanana, ku maraneh dikira leuwih beurat dosana ti batan urang Galilea sejenna?


Lukas 13:6
Geus kitu Yesus nyarioskeun ieu misil, ”Aya hiji jelema, boga hiji tangkal kondang di kebon anggurna, tuluy diilikan sugan aya buahna, tapi teu manggih.


Lukas 13:10
Dina hiji poe Sabat Yesus ngawulang di hiji imah ibadah.


Lukas 13:12
Ku Yesus ditingalian sarta saur-Na, ”Geus cageur panyakit teh, Ibu!”


Lukas 13:14
Nenjo Yesus nyageurkeun dina poe Sabat, kapala imah ibadah teh ambekeun tuluy ngomong ka nu loba, pokna, ”Aya genep poe pikeun digawe teh. Rek marenta dicageurkeun mah kudu dina poe-poe eta, ulah dina poe Sabat!”


Lukas 13:17
Diwaler kitu lawan-lawan Yesus kacida areraeunana. Nu sejen-sejenna mah narenjo damel Yesus anu sakitu ajaibna teh kacida sarukaeunana.


Lukas 13:18
”Karajaan Allah teh bisa diibaratkeun naon?” Yesus mariksa. ”Naon nu bisa dipake ibaratna?


Lukas 13:20
”Kana naon deui Karajaan Allah teh bisa dimisilkeunana?” Yesus mariksa deui.


Lukas 13:22
Yesus angkat mapay kota-kota jeung desa-desa, ngawulang ka jelema-jelema, maksad-Na rek terus ka Yerusalem.


Lukas 13:23
Aya anu arunjukan ka Anjeunna, pokna, ”Juragan, leres anu baris saralamet teh mung saeutik?” Waler Yesus,


Lukas 13:31
Geus kitu harita aya sawatara urang Parisi anu ngaromong kieu ka Yesus, ”Anjeun kudu geuwat kaluar ti daerah ieu ka mana bae, sabab rek dipaehan ku Herodes.”


Lukas 13:32
Waler Yesus, ”Bejakeun ka eta ajag, ʼKaula poe ieu jeung isukan masih keneh ngusir roh-roh jahat jeung nyageur-nyageurkeun nu garering, sarta dina poe nu katilu Kaula rek ngarengsekeun pagawean.ʼ


Lukas 14:1
Dina hiji poe Sabat Yesus tuang di imah salah sahiji urang Parisi anu kapandang. Anjeunna kacida pada ngarawaskeunana.


Lukas 14:3
Yesus mariksa ka guru-guru agama jeung urang Parisi, saur-Na, ”Kumaha Hukum Agama urang ngidinan nyageurkeun dina poe Sabat?”


Lukas 14:7
Ku Yesus katiten aya tamu-tamu anu paheula-heula nyokot tempat anu utama; pok ngalahir ka maranehna,


Lukas 14:12
Geus kitu Yesus ngalahir ka pribumi, ”Lamun ngondang pesta dahar, beurang atawa peuting, ulah ngondang babaturan atawa duduluran atawa babarayaan atawa tatangga beunghar. Maranehna mah puguh bae bisa ngabales ngondang, jadi eta kahadean anjeun teh kabales.


Lukas 14:15
Salah saurang ti nu dalahar di dinya, ngadenge Yesus nyarios kitu teh mihatur ka Anjeunna, ”Tada teuing bagjana dariuk dina pesta di Karajaan Allah!”


Lukas 14:16
Waler Yesus, ”Aya anu nyieun hajat gede, ngondangan rea pisan.


Lukas 14:25
Hiji mangsa anu naluturkeun ka Yesus kacida lobana. Anjeunna nyoreang tuluy ngalahir,


Lukas 15:1
Dina hiji poe loba tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema nu dipandang teu hade ku masarakat daratang ngadarengekeun Yesus.


Lukas 15:3
Ku hal eta Yesus nyarioskeun ieu misil ka maranehna,


Lukas 15:11
Pilahir Yesus deui, ”Aya hiji jelema boga anak lalaki dua.


Lukas 16:1
Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, ”Aya hiji jelema beunghar, boga hiji pagawe purah ngurus kakayaanana. Meunang pangaduan yen kakayaanana dipake awuntah ku eta pagawe.


Lukas 16:9
”Ku sabab kitu,” saur Yesus deui, ”harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun, supaya samangsa-mangsa harta geus teu bisa deui nulung, maraneh bisa ditarima di tempat anu sipatna langgeng.


Lukas 16:14
Barang urang Parisi ngadarenge pilahir Yesus kitu tuluy nyeungseurikeun, kawantu maranehna mah jelema-jelema piduit wungkul.


Lukas 16:15
Yesus ngalahir ka maranehna, ”Aranjeun teh katembongna ku batur mah jelema-jelema bener. Tapi Allah mah tingalieun kana eusi hate aranjeun. Anu matak, anu ku jelema dianggap luhur teh di payuneun Allah mah taya hargana.


Lukas 17:1
Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, ”Hal-hal anu ngalantarankeun jelema-jelema jadi dosa teh tangtu aya bae. Tapi jelemana anu ngalantarankeun batur jadi dosa bakal cilaka kabina-bina.


Lukas 17:5
Rasul-rasul mihatur ka Yesus, ”Gusti, kiatkeun kapercayaan abdi-abdi.”


Lukas 17:11
Yesus angkatna ka Yerusalem teh mapay tapel wates Samaria jeung Galilea.


Lukas 17:13
”Nun Yesus! Juragan! Sing hawatos ka abdi-abdi!”


Lukas 17:14
Yesus ningali ka maranehna, tuluy ngawaler, ”Ka ditu ka imam-imam, menta dipariksa awak.” Sabot maranehna di jalan keneh leprana geus calageur.


Lukas 17:16
terus nyuuh ka Yesus jeung ngahaturkeun nuhun. Eta jelema teh urang Samaria.


Lukas 17:17
Saur Yesus, ”Mana nu salapan urang deui? Lain sapuluh urang anu calageur teh?


Lukas 17:20
Sawatara urang Parisi nanyakeun ka Yesus hal Karajaan Allah iraha baris ngadegna. Waler Yesus, ”Ngadegna Karajaan Allah lain hal anu bisa katenjo.


Lukas 17:37
Murid-murid nararos ka Anjeunna, ”Di mana bakal kajadian kitu teh, Gusti?” Waler Yesus, ”Di mana aya bangke, di dinya kumpulna manuk bangke.”


Lukas 18:1
Geus kitu Yesus nyarioskeun ieu misil ka murid-murid, pikeun ngajar supaya maranehna salawasna rajin neneda jeung ulah leutik hate.


Lukas 18:9
Yesus nyarioskeun deui ieu misil, pikeun jelema-jelema anu ngarasa dirina sorangan jelema hade, ari ka nu lian ngahandapkeun.


Lukas 18:14
Sing percaya,” saur Yesus, ”waktu maranehna balik ka imah, anu bakal dibenerkeun ku Allah teh tukang mulung pajeg, lain urang Parisi. Sabab saha-saha anu ngagulkeun diri sorangan bakal dikahandapkeun, saha-saha anu ngahandapkeun diri sorangan bakal dijungjung.”


Lukas 18:15
Aya anu daratang marawa anakna anu laleutik keneh ka Yesus, supaya ku Anjeunna dicabak. Ku murid-murid dicarekan teu meunang karitu.


Lukas 18:16
Tapi barudak teh ku Yesus disalaur. ”Ingkeun ieu barudak teh sina ka Kami,” saur-Na, ”ulah dihalang-halang. Sabab nya jelema anu hatena kawas ieu barudak anu bakal jadi umat Karajaan Allah teh.


Lukas 18:18
Aya hiji pamingpin urang Yahudi naros ka Yesus, ”Pa Guru nu sae manah, sim kuring teh kedah kumaha supaya tiasa nampi hirup anu langgeng?”


Lukas 18:19
Waler Yesus, ”Ku naon Kami disebut hade hate? Anu sae manah mah teu aya deui ngan Allah.


Lukas 18:22
Lahiran Yesus, ”Aya saperkara deui anu kudu dilakonan. Jualan kabeh babandaan, duitna sidekahkeun ka nu mariskin, supaya meunangkeun harta anu di sawarga, tuluy ka dieu anut ka Kami.”


Lukas 18:24
Ningali kanalangsaan manehna Yesus ngalahir, ”Kacida banggana jelema beunghar asup ka Karajaan Allah teh!


Lukas 18:27
Waler Yesus, ”Perkara anu mustahil di jelema, Allah mah iasaeun bae.”


Lukas 18:29
”Bener,” waler Yesus. ”Jeung sing percaya, saha-saha anu iklas ninggalkeun imahna atawa pamajikanana, atawa dulur-dulurna, atawa indung bapana atawa anak-anakna tina sabab Karajaan Allah,


Lukas 18:31
Murid-murid ku Yesus dicandak nyisi, sarta Anjeunna tuluy ngalahir ka maranehna, ”Darengekeun! Ayeuna urang keur ka Yerusalem. Di ditu, naon-naon anu geus ditulis ku nabi-nabi tina hal Putra Manusa bakal kajadian.


Lukas 18:34
Tapi murid-murid-Na teu ngalartieun naon-naon kana hal eta, maranehanana paroekeun, pilahir Yesus teh henteu kajudi maksudna.


Lukas 18:35
Sanggeus Yesus meh sumping ka kota Yeriho, aya nu lolong keur diuk musapir di sisi jalan.


Lukas 18:37
Dijawab, ”Yesus urang Nasaret keur ngalangkung.”


Lukas 18:38
Gero manehna sasambat, ”Nun Yesus, Putra Daud, sing hawatos ka abdi!”


Lukas 18:40
Yesus ngarandeg, nu lolong teh dipiwarang dicandak ka Anjeunna. Sanggeus aya di payuneuna-Na ku Anjeunna dipariksa,


Lukas 18:42
Saur Yesus, ”Heug, sing bisa nenjo deui! Maneh geus cageur lantaran percaya.”


Lukas 18:43
Sapada harita keneh ge bisaeun nenjo, terus ngiring ka Yesus bari muji ka Allah. Jelema rea nu harita nyaraksian oge tuluy maruji ka Allah.


Lukas 19:1
Yesus lebet ka kota Yeriho, sarta angkat-Na terus ngalangkungan eta kota.


Lukas 19:3
Manehna ihtiar hayangeun nenjo saha Yesus teh. Tapi ku sabab kahalangan ku jalma loba tur awakna pendek, ihtiarna teu hasil.


Lukas 19:4
Tuluy lumpat miheulaan jalma loba, terekel naek kana hiji tangkal rek megat Yesus anu baris ngalangkung ka dinya.


Lukas 19:5
Sumping ka lebah dinya Yesus tanggah sarta ngalahir, ”Sakeus, geuwat turun! Poe ieu Kami rek nganjang ka maneh.”


Lukas 19:6
Sakeus turun tuturubun, tuluy ngamanggakeun ka Yesus bangun kacida atoheunana.


Lukas 19:8
Sakeus unjukan ka Yesus, nangtung ajeg, ”Juragan, harta banda abdi satengahna bade dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng upami harta abdi aya anu kenging nipu, bade dipulangkeun opat kalieun.”


Lukas 19:9
Pilahir Yesus, ”Poe ieu, ieu imah geus didatangan ku kasalametan, sabab ieu jelema teh turunan Ibrahim keneh.


Lukas 19:11
Sabot jalma-jalma ngabarandungan keneh, Yesus terus nyarioskeun hiji misil. Harita Anjeunna geus deukeut pisan ka Yerusalem, sarta jalma-jalma nyarangka yen Karajaan Allah geus tereh ngawujud.


Lukas 19:28
Sanggeus sasauran kitu, Yesus ngalajengkeun angkat-Na ka Yerusalem, angkat-Na di payun.


Lukas 19:35
Kalde disanggakeun ka Yesus, geus ditilaman ku jubah maranehanana. Yesus dibarantuan nitih kana kalde.


Lukas 19:36
Sanggeus Yesus majeng, jalma-jalma ngalamparkeun papakeanana di jalan.


Lukas 19:39
Urang Parisi anu araya campur jeung nu loba mihatur ka Yesus, ”Guru, repehkeun eta para panganut Guru teh!”


Lukas 19:40
Waler Yesus, ”Lamun maranehna repeh, sing percaya, batu-batu anu bakal surak.”


Lukas 19:45
Ti dinya Yesus lebet ka Bait Allah; padagang-padagang anu keur daragang di dinya diusiran,


Lukas 19:47
Saban poe Yesus ngawulang di Bait Allah. Imam-imam kapala, guru-guru agama, jeung para pamingpin urang Yahudi geus harayangeun maehan ka Anjeunna,


Lukas 20:1
Dina hiji poe, waktu Yesus ngawulang jeung nyarioskeun Injil Kasalametan ka jalma rea di Bait Allah, daratang imam-imam kapala, guru-guru agama, jeung para kokolot.


Lukas 20:3
Waler Yesus, ”Kaula rek nanya heula. Sebutkeun,


Lukas 20:8
Waler Yesus ka maranehna, ”Ari kitu mah Kaula oge moal ngabejakeun make hak naon Kaula ngalampahkeun kieu.”


Lukas 20:15
Ti dinya anak nu boga kebon teh disered ka luareun kebon, tuluy dipaehan. Cik, bakal dikumahakeun eta anu nyarewa teh ku anu boga kebon?” Yesus mariksa.


Lukas 20:17
Maranehna ku Yesus diteuteup, Anjeunna terus ngalahir, ”Lamun kitu, naon maksudna ayat Kitab Suci anu kieu? ʼBatu anu teu kapake ku tukang ngadegkeun, ngajadi batu pangutamana.ʼ


Lukas 20:19
Guru-guru agama jeung imam-imam kapala geus harayang kerewek bae nangkep Yesus di dinya keneh, lantaran karasaeun pisan eta misil Anjeunna teh nyindiran maranehna. Tapi maranehna sarieuneun ku jelema rea.


Lukas 20:20
Tuluy nareangan jalan. Maranehna nyogok ka sawatara jelema, dititah pura-pura jadi jelema anu satemenna, sina nyual ka Yesus ngarah kalepatana-Na, supaya bisa diserenkeun ka Gupernur Rum anu kagungan wewenang jeung kawasa.


Lukas 20:21
”Pa Guru,” ceuk eta mata-mata ka Yesus, ”sim kuring terang anu disaurkeun sareng diwulangkeun ku Pa Guru teh leres. Bapa ngawulangkeun hal pangersa Allah ka manusa teh kalayan terus terang, kawantos Bapa henteu pandang harkat jalmi.


Lukas 20:23
Tapi Yesus uningaeun pisan kana tipu daya maranehna, waler-Na,


Lukas 20:25
”Lamun kitu,” saur Yesus, ”pulangkeun ka Prabu kagungan Prabu, pulangkeun ka Allah kagungan Allah.”


Lukas 20:27
Aya sawatara urang Saduki, nya eta golongan anu nganggap yen nu geus maraot moal harudang deui. Maranehna nyual kieu ka Yesus,


Lukas 20:34
Waler Yesus, ”Di jaman ieu mah lalaki jeung awewe teh karawin.


Lukas 20:41
Yesus ngalahir ka maranehna, ”Kumaha bisana Kristus disebutkeun turunan Daud?


Lukas 20:45
Waktu jalma-jalma ngabarandungan kasaurana-Na, Yesus ngalahir ka murid-murid,


Lukas 21:1
Di Bait Allah Yesus ningali jelema-jelema anu baleunghar keur ngarasupkeun duit kana kotak derma.


Lukas 21:5
Murid-murid Yesus sawareh keur ngaromongkeun eta Bait Allah anu sakitu endahna, dipapaes ku batu-batu perhiasan jeung barang-barang pangbakti ka Allah anu kacida aralusna. Yesus ngalahir,


Lukas 21:8
Waler Yesus, ”Maraneh masing waspada, ulah beunang kasasabkeun. Loba jelema anu engke bakal make ngaran Kami, ngaku-ngaku, ʼIeu Kami, Anjeunna tea!ʼ jeung ʼNya ayeuna waktuna!ʼ Ulah digugu.


Lukas 21:37
Yesus ngawulangna di Bait Allah teh saban pabeubeurang. Ari geus burit Anjeunna kaluar sarta ngawengi di Gunung Jetun.


Lukas 22:2
Para imam kapala jeung guru-guru agama keur nareangan jalan sangkan bisa maehan Yesus, tapi hayangeun rerencepan lantaran sarieuneun ku jalma rea.


Lukas 22:4
Tuluy Yudas indit nepungan imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah, nerangkeun akal hianatna rek nyerenkeun Yesus ka maranehna.


Lukas 22:6
Yudas mupakat, tuluy neangan kasempetan rek nyerenkeun Yesus ka maranehanana bari ulah kanyahoan ku jalma rea.


Lukas 22:8
Yesus miwarangan Petrus jeung Yohanes pikeun nyayagikeun eta kaperluan, saur-Na, ”Geura arindit ka kota nyadiakeun kaperluan dahar Paska.”


Lukas 22:13
Maranehna tuluy arindit; sakur anu disaurkeun ku Yesus teh kapanggih, tuluy maranehna nyadiakeun tuangeun keur jamuan Paska.


Lukas 22:14
Nepi kana waktu tuang, Yesus calik tuang jeung rasul-rasul-Na.


Lukas 22:19
Geus kitu Yesus nyandak roti, sarta sanggeusna muji sukur ka Allah, rotina disemplekan tuluy dipasihkeun ka murid-murid bari lahir-Na, ”Ieu teh badan Kami, nu dipasrahkeun pikeun maraneh. Lalampahkeun cara kieu, pikeun pangeling-eling ka Kami.”


Lukas 22:25
Yesus ngalahir, ”Raja-raja bangsa anu anutna lain ka Allah mah ka rahayatna teh nindes, ari para pangereh marenta disebut ʼSobat Rahayatʼ.


Lukas 22:34
Saur Yesus, ”Petrus, Kami ngabejaan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami.”


Lukas 22:35
”Basa maraneh ku Kami diutus jeung teu meunang mawa loket, kantong, atawa tarumpah tea, kumaha ngarasa kakurangan?” Yesus mariksa ka murid-murid. ”Henteu,” jawab maranehna.


Lukas 22:36
Saur Yesus, ”Tapi ayeuna mah lamun aya anu boga loket atawa kantong kudu dibawa; jeung anu teu boga pedang jual bae baju beulikeun pedang.


Lukas 22:39
Yesus kaluar ti kota, sakumaha biasa angkatna ka Gunung Jetun, diiring ku murid-murid.


Lukas 22:44
Manah Yesus pinuh ku kaketir, nenedana beuki mantep; karinget-Na mani kawas getih nyakclakan kana taneuh.


Lukas 22:47
Sabot Anjeunna sasauran keneh, burudul jalma loba, diluluguan ku Yudas, hiji ti antara dua belas murid. Manehna nyampeurkeun ka Yesus, rek nyium.


Lukas 22:48
Tapi saur Yesus, ”Yudas, maneh teh rek ngahianat Putra Manusa ku cium?”


Lukas 22:49
Ari murid-murid narenjo kajadian kitu teh tuluy naranya ka Yesus, ”Kumaha Gusti, urang lawan bae ku pedang?”


Lukas 22:51
Tapi Yesus ngalahir, ”Geus, cukup!” Seug eta badega teh ku Anjeunna dicabak ceulina, sarta dicageurkeun.


Lukas 22:54
Yesus geus ditangkep, seug diiringkeun ka bumi Imam Agung; Petrus nuturkeun ti kaanggangan.


Lukas 22:56
Aya hiji gandek awewe, mureleng ka Petrus anu keur siduru, tuluy ngomong kieu, ”Ieu jelema tadi bareng jeung Yesus!”


Lukas 22:59
Kira-kira heuleut sajam, aya deui anu nuding ka Petrus nemen pisan, pokna, ”Geus teu sak deui ieu jelema teh sok jeung Yesus, sabab manehna oge urang Galilea keneh!”


Lukas 22:63
Yesus ku nu ngajaraga pada moyokan, pada neunggeul.


Lukas 22:66
Barang bray beurang, para kokolot, imam-imam kapala, jeung guru-guru agama geus karumpul. Yesus tuluy dibawa ka Mahkamah Agama.


Lukas 22:70
Ceuk maranehna, ”Jadi enya Maneh teh Putra Allah?” Waler Yesus, ”Sakumaha saur aranjeun.”


Lukas 23:1
Anu sidang tuluy kabeh narangtung, saterusna mawa Yesus ka Pilatus,


Lukas 23:3
Pilatus mariksa ka Yesus, ”Anjeun teh raja urang Yahudi?” Waler Yesus, ”Leres pangandika.”


Lukas 23:7
Sanggeus kauninga yen Yesus asalna ti wilayah cepengan Herodes, tuluy dikintunkeun ka Herodes, anu harita keur aya di Yerusalem.


Lukas 23:8
Herodes kacida atoheunana barang ningali ka Yesus teh, sabab geus ti bareto hoyongeunana ningali ka Anjeunna, lantaran geus sering ngadangu beja hal Anjeunna, jeung hoyongeun ningali Anjeunna ngadamel kaajaiban.


Lukas 23:9
Herodes papariksa rupa-rupa ka Yesus, tapi taya nu diwaler.


Lukas 23:11
Geus kitu mah Herodes jeung serdadu-serdaduna ngulinkeun jeung maroyokan ka Yesus nista pisan; ti dinya Yesus ku maranehanana dijubahan ku jubah alus, tuluy dikintunkeun deui ka Pilatus.


Lukas 23:20
Pilatus, anu palayeun ngabebaskeun Yesus, sasauran deui ka maranehanana.


Lukas 23:23
Tapi jelema-jelema teh beuki tarik tinggarerona meak-meakkeun tanaga, menta supaya Yesus disalib. Tungtungna digugu.


Lukas 23:24
Pilatus ngaragragkeun hukum pati ka Yesus, ngabulkeun kahayang maranehna.


Lukas 23:25
Sakitan anu dosana nyieun huru-hara jeung maehan tea dibebaskeun sakumaha pamenta eta jelema-jelema. Ari Yesus ku Pilatus diserenkeun kumaha karep maranehna bae.


Lukas 23:26
Yesus geus dibawa ku serdadu-serdadu. Di jalan papapag jeung hiji jelema urang Kirena ngaranna Simon anu tas ti tegalan rek ka kota. Ku serdadu-serdadu dicerek, tuluy dipaksa kudu manggul salib pungkureun Yesus.


Lukas 23:28
Yesus nyoreang ka eta wanita-wanita, pok ngalahir, ”Ulah careurik, wanita-wanita Yerusalem! Ulah nyeungceurikan Kami, anggur kudu nyeungceurikan diri sorangan jeung anak.


Lukas 23:32
Anu rek dihukum pati harita teh aya deui duaan, penjahat, rek dibarengkeun jeung Yesus.


Lukas 23:33
Sanggeus narepi ka hiji tempat anu disebut ”Tangkorek”, Yesus disalib di dinya jeung dua penjahat tea, kiwaeun jeung tengeneuna-Na.


Lukas 23:34
Yesus ngalengis, ”Duh Ama, hapunten kalepatan ieu jalmi-jalmi, reh teu tarerangeun naon-naon kana kalakuanana kieu.” Anggoan Anjeunna dilotrekeun dibagi-bagi.


Lukas 23:38
Di luhureun mastaka Yesus aya tulisan kieu, ”Ieu Raja urang Yahudi.”


Lukas 23:42
Geus kitu ngalengis ka Yesus, ”Nun Yesus, sing emut ka abdi upami parantos jumeneng Raja!”


Lukas 23:43
Yesus ngawaler, ”Sing percaya! Poe ieu maneh bakal reureujeungan jeung Kami di Pirdus.”


Lukas 23:46
Yesus ngajerit, ”Nun Ama, ka panangan Ama, Abdi masrahkeun nyawa abdi!” Kereles Anjeunna pupus, puput nyawa.


Lukas 23:49
Ari kawawuhan-kawawuhan Yesus, jeung istri-istri nu ngariringkeun Anjeunna ti Galilea keneh mah, araya keneh narangtung narenjokeun sakabeh perkara ti kajauhan.


Lukas 23:52
Anjeunna ngadeuheus ka Pilatus, mundut layon Yesus.


Lukas 23:55
Wanita-wanita anu sok ngiring ka Yesus ti Galilea keneh marilu ngurebkeun jeung Yusup, narenjokeun peta anjeunna ngebogkeun layon di jero pajaratan.


Lukas 24:3
Tuluy bae ka jarero guha, tapi layon Gusti Yesus teu aya.


Lukas 24:8
Eta wanita-wanita teh terus aringeteun yen bener Yesus geus ngalahir kitu.


Lukas 24:13
Dina poe eta keneh aya dua jelema panganut Yesus, keur laleumpang ka hiji kampung anu ngaran Emaus, jauhna ti Yerusalem kira-kira sawelas kilometer.


Lukas 24:15
Sabot kitu Yesus sumping, terus nyarengan maranehna.


Lukas 24:17
Yesus mariksa, ”Keur nyaritakeun naon guntreng bari leumpang?” Anu duaan ngarandeg, pasemonna alum.


Lukas 24:19
”Perkara naon?” pamariksa-Na. ”Perkawis Yesus urang Nasaret tea,” jawabna. ”Anjeunna teh nabi. Sagala pilahir sareng dadamelana-Na sarwa kawasa; hal eta diangken ku jalmi-jalmi sareng ku Allah.


Lukas 24:25
Lahiran Yesus, ”Ari maraneh ku barelet, seuseut rek percaya kana sagala kasauran nabi-nabi teh!


Lukas 24:28
Sanggeus deukeut ka kampung anu dijugjug, Yesus nyemukeun anu rek lajeng;


Lukas 24:50
Ti dinya maranehna ku Yesus dicandak kaluar ti jero kota, jauhna nepi ka Betania. Di dinya Anjeunna ngangkat panangan duanana ngaberkahan ka maranehna.


Yohanes 1:17
Ku jalan Musa, Allah ka urang maparin Hukum-Na. Tapi ku jalan Yesus Kristus Allah nganyatakeun sih kurnia jeung kasayaktiana-Na.


Yohanes 1:18
Jelema can aya anu geus ningal Allah. Tapi urang bakal terang ka Mantenna ti Yesus Kristus, Putra tunggal Allah, anu sarua jeung Allah, anu salawasna sasarengan jeung Allah.


Yohanes 1:29
Poe isukna Yohanes ningali Yesus anu rek ka anjeunna. Yohanes ngalahir, ”Tuh itu Anjeunna, Anak Domba Allah, anu bakal ngaleungitkeun dosa ti alam dunya!


Yohanes 1:36
ningali Yesus ngalangkung. ”Tuh, Anak Domba Allah!” saurna.


Yohanes 1:37
Sanggeus anjeunna ngalahir kitu, eta dua murid teh arindit naluturkeun ka Yesus.


Yohanes 1:38
Yesus nyoreang, ningalieun ka nu naluturkeun tuluy mariksa, ”Keur nareangan naon?” Jawabna, ”Di mana Rabi linggih?” (Rabi hartina ”Guru”).


Yohanes 1:42
Simon tuluy dideuheuskeun ka Yesus. Yesus neuteup ka Simon, tuluy ngalahir, ”Ngaran maneh Simon, anak Yonas. Tapi maneh bakal disebut Kepas.” (Kepas saharti keneh jeung Petrus, nya eta ”batu karang”.)


Yohanes 1:43
Poe isukna Yesus angkat ka Galilea. Anjeunna pendak jeung Pilipus, tuluy diajak, saur-Na, ”Milu ka Kami!” (


Yohanes 1:45
Pilipus manggihan Natanael, nyarita, ”Kuring geus papanggih jeung anu disebut-sebut ku Musa dina Kitab Hukum Allah jeung anu ditulis ku nabi-nabi tea. Anjeunna teh Yesus, putra Yusup urang Nasaret.”


Yohanes 1:47
Barang ningali Natanael datang, Yesus terus ngalahir ngeunaan dirina, saur-Na, ”Tah ieu urang Israil tulen, taya pisan kapalsuanana!”


Yohanes 1:48
”Geuning Bapa uninga ka abdi?” Natanael nanya. Yesus ngawaler, ”Memeh maneh dicalukan ku Pilipus, ku Kami katenjo di handapeun tangkal kondang.”


Yohanes 1:50
Saur Yesus, ”Maneh percaya kitu teh naha pedah bieu Kami nyebutkeun yen maneh ku Kami katenjo handapeun tangkal kondang? Loba keneh anu leuwih aheng, bakal kasaksian ku maneh.”


Yohanes 2:1
Dua poe ti harita aya anu hajat nikah di kota Kana di Galilea; ibuna Yesus aya di dinya.


Yohanes 2:2
Yesus oge diulem jeung murid-murid-Na.


Yohanes 2:3
Sanggeus anggur inumeun beak, ibuna Yesus nyarios ka Anjeunna, ”Nu hajat teh seepeun leueuteun.”


Yohanes 2:4
Yesus ngawaler, ”Ulah disaurkeun ka Abdi, margi Abdi teu acan dongkap kana waktos.”


Yohanes 2:7
Yesus marentah ka tukang-tukang laladen, saur-Na, ”Eta tahang-tahang eusian ku cai.” Tuluy diareusian mani laleber;


Yohanes 2:8
geus kitu saur Yesus, ”Siuk saeutik, anteurkeun ka pamangku hajat.” Seug dianteurkeun; barang ku manehna diasaan,


Yohanes 2:11
Ieu kaajaiban di Kana wewengkon Galilea teh, kaajaiban anu pangmimitina dipidamel ku Yesus, nembongkeun kamulyaana-Na. Murid-murid-Na jadi palercaya ka Anjeunna.


Yohanes 2:12
Geus kitu Yesus jengkar ka Kapernaum jeung ibu-Na, saderek- saderek-Na, murid-murid-Na. Di Kapernaum ngendek heula sawatara poe.


Yohanes 2:13
Hari Raya Paska geus deukeut, ku sabab eta Yesus angkat ka Yerusalem.


Yohanes 2:19
Yesus ngawaler, ”Ruag ieu Bait Allah, ku Kaula rek diadegkeun deui di jero tilu poe.”


Yohanes 2:21
Padahal anu dimaksud ku Yesus mah ngeunaan salira-Na, lain eta gedong.


Yohanes 2:22
Nu matak engke, sanggeus Anjeunna gugah deui tina pupus, murid-murid-Na bakal aringeteun kana ieu pilahir, sarta percaya kana ungelna Kitab Suci jeung ka nu geus disaurkeun ku Yesus.


Yohanes 2:23
Salila Yesus di Yerusalem sapanjang Pesta Paska, loba jelema anu palercaya ka Anjeunna dumeh narenjo kaajaiban-kaajaiban damelana-Na.


Yohanes 2:24
Tapi Yesus ku anjeun teu percanten ka maranehna, sabab uningaeun kana tabeat maranehna.


Yohanes 3:2
Dina hiji peuting manehna datang ka Yesus. ”Pa Guru,” carekna ka Anjeunna, ”sarerea terang Pa Guru teh guru anu diutus ku Allah. Sabab moal aya anu bisa ngayakeun mujijat kawas Pa Guru lamun henteu disarengan ku Allah.”


Yohanes 3:3
Waler Yesus, ”Kaula rek ngabejakeun hal anu saenyana, nya eta: Saurang oge moal aya anu bisa asup ka Karajaan Allah, kajaba lamun dijurukeun deui.”


Yohanes 3:5
Waler Yesus, ”Kaula ngomongkeun nu saenyana, yen jelema anu dijurukeunana lain tina cai jeung Roh Allah, moal bisa asup ka Karajaan Allah, kitu saenyana.


Yohanes 3:10
”Anjeun teh maha guru di Israil, piraku teu ngarti?” waler Yesus.


Yohanes 3:22
Geus kitu Yesus angkat jeung murid-murid ka Yudea, linggih heula di dinya sawatara lilana jeung ngabaptis.


Yohanes 3:31
Yesus, anu sumping ti luhur, tangtu pangluhurna ti sakabeh. Ari nu asalna ti dunya keneh mah pikeun dunya bae, anu dicaturkeunana oge hal-hal nu aya di dunya. Ari anu sumping ti sawarga mah punjul dina sagala perkara.


Yohanes 4:1
Urang Parisi nyararita yen Yesus meunang murid leuwih loba ti batan murid Yohanes, kitu deui nu dibaptis ku Anjeunna leuwih loba. (


Yohanes 4:2
Saenyana anu ngabaptisna mah lain Yesus ku anjeun, tapi murid-murid-Na.)


Yohanes 4:3
Omongan urang Parisi kitu kadangueun ku Yesus, nu matak Anjeunna terus ngantunkeun Yudea, mulih deui ka Galilea;


Yohanes 4:6
Di eta lahan aya hiji sumur, katelahna sumur Yakub. Yesus geus ngaraos cape angkat, tuluy calik di sisi eta sumur. Harita kira-kira tengah poe.


Yohanes 4:7
Geus kitu aya hiji awewe urang Samaria ka dinya rek ngala cai. ”Cik Kami menta caina, hayang nginum,” saur Yesus ka eta awewe. (


Yohanes 4:10
Waler Yesus, ”Lamun Nyai nyaho kana paparin Allah jeung ka ieu anu menta nginum, tangtu Nyai anu bakal menta nginum ka Anjeunna; ku Anjeunna tangtu dibere cai anu matak hirup.”


Yohanes 4:13
Waler Yesus, ”Nu nginum cai ieu sumur bakal halabhab deui.


Yohanes 4:16
Waler Yesus, ”Teang heula salaki Nyai, bawa ka dieu.”


Yohanes 4:17
Walonna, ”Abdi teu gaduh salaki.” Waler Yesus, ”Bener ceuk Nyai teu boga salaki teh.


Yohanes 4:21
Waler Yesus, ”Nyai sing percaya ka Kami, ka hareup mah ngabakti ka Allah Rama teh lain di gunung ieu, jeung lain di Yerusalem.


Yohanes 4:26
Waler Yesus, ”Eta teh Kami, anu ayeuna keur cacarita jeung Nyai.”


Yohanes 4:27
Sabot kitu murid-murid Yesus daratang. Maranehna hareraneun pedah Yesus cacarios jeung awewe; tapi teu aya anu nanya ka eta awewe, ”Perlu naon ka dieu?” atawa nanya ka Anjeunna, ”Naha Bapa sasauran sareng eta awewe?”


Yohanes 4:30
Jalma-jalma tuluy budal ti jero kota rek maranggihan Yesus.


Yohanes 4:31
Murid-murid ngahaturanan tuang ka Yesus, ”Pa Guru, mangga geura tuang!”


Yohanes 4:34
Pilahir Yesus, ”Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.


Yohanes 4:39
Basa awewe tea ngomong yen, ”Anjeunna bisaeun nyaritakeun kalakuan kuring bareto,” urang kota eta loba anu terus percaya ka Yesus.


Yohanes 4:40
Nu matak sanggeus daratang ka Anjeunna, maranehna nunuhun supaya Anjeunna linggih ka maranehna, sarta Yesus terus cicing di maranehna dua poe.


Yohanes 4:43
Sanggeus dua poe linggihna di Sikhar, Yesus jengkar ngabujeng ka Galilea,


Yohanes 4:46
Ti dinya Yesus ngabujeng deui ka Kana, di Galilea, urut Anjeunna ngarobah cai jadi anggur tea. Di dinya aya hiji pagawe pamarentah, anakna di Kapernaum keur gering.


Yohanes 4:47
Ngadenge yen Yesus ti Yudea sumping ka Galilea, tuluy datang ngahaturanan Anjeunna ka Kapernaum, menta dipangnyageurkeun anakna anu geus meh maot.


Yohanes 4:48
Waler Yesus, ”Maraneh moal percaya ka Kami lamun teu narenjo kaajaiban-kaajaiban.”


Yohanes 4:50
Waler Yesus, ”Jig teang, anak maneh tangtu hirup.” Manehna percayaeun kana pilahir-Na, tuluy indit.


Yohanes 4:53
Bapa budak teh ingeteun, jam eta pisan kamari Yesus ngadawuh-Na, ”Anak maneh tangtu hirup.” Manehna jeung sakulawargana jadi palercaya ka Yesus.


Yohanes 4:54
Eta kaajaiban teh anu kadua anu dipidamel ku Yesus di Galilea, sanggeus sumping ti Yudea.


Yohanes 5:1
Sanggeus eta, Yesus angkat ka Yerusalem, sabab di ditu aya pesta kaagamaan.


Yohanes 5:6
katingalieun ku Yesus keur ngedeng ngagoler jeung kauninga yen geringna geus sakitu lilana. Tuluy dipariksa, ”Maneh hayang cageur?”


Yohanes 5:8
Pilahir Yesus, ”Heug, geura nangtung, samakna pulung, tuluy leumpang.”


Yohanes 5:13
Tapi eta jelema nu anyar cageur teh teu wawuheun ka Yesus, turug-turug Yesus kahalangan ku nu loba sarta tuluy angkat ti eta tempat.


Yohanes 5:14
Sanggeus kitu Yesus papendak deui jeung manehna di Bait Allah. ”Kieu dengekeun,” saur-Na ka manehna, ”maneh ayeuna geus cageur. Ulah nyieun deui dosa, bisi matak leuwih cilaka.”


Yohanes 5:15
Eta jelema tuluy bebeja ka para gegeden Yahudi, yen anu nyageurkeun manehna teh Yesus.


Yohanes 5:16
Ku sabab kitu Yesus ku para gegeden teh mimiti disusahkeun lantaran nyageurkeun dina poe Sabat.


Yohanes 5:17
Tapi pilahir Yesus, ”Rama Kaula teu kendat barangdamel nepi ka ayeuna, Kaula oge kudu kitu.”


Yohanes 5:19
Yesus ngalahir deui, ”Kaula rek ngabejakeun hal anu saenyana: Ari Putra mah moal bisa kua-kieu karep-Na sorangan. Anu dipilampah ku Putra teh anu ku Anjeunna katembong dipidamel ku Rama. Rama midamel kitu, Putra oge milampah kitu.


Yohanes 6:1
Ti dinya Yesus jengkar, meuntasan Talaga Galilea (sok disebut oge Talaga Tiberias).


Yohanes 6:5
Yesus soca-Na ngulincer, katingalieun jalma-jalma ngaburubul nyalampeurkeun. Anjeunna mariksa ka Pilipus, ”Ka mana bisa meuli dahareun keur nyuguhan jelema sakitu lobana?” saur-Na mariksa ka Pilipus (


Yohanes 6:10
Saur Yesus, ”Jelema-jelema sina dariuk.” (Eta tempat loba jukutna.) Jalma-jalma tuluy dariuk, kabehna aya kira-kira lima rebu urang.


Yohanes 6:11
Yesus nyandak roti tuluy muji sukur ka Allah, rotina sina terus dibagikeun ka nu keur dariuk. Lauk oge dibagikeun sanggeus Anjeunna muji sukur kawas tadi. Jalma-jalma dalaharna nepi ka sareubeuheun.


Yohanes 6:12
Beres dalaharna, Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Kumpulkeun sesana, ulah aya anu kapiceun.”


Yohanes 6:15
Yesus uningaeun yen rek direreyang ku maranehna, rek dipaksa dijadikeun raja. Ku sabab eta Anjeunna nyingkir ti dinya nyalira bae ka lebah pasir-pasir.


Yohanes 6:16
Barang reup peuting murid-murid Yesus tarurun ka talaga,


Yohanes 6:17
tarumpak parahu, tuluy meuntas rek ka Kapernaum. Geus beuki peuting, tapi Yesus tacan aya keneh.


Yohanes 6:20
”Ulah sarieun,” saur Yesus ka maranehna, ”Kami ieu teh!”


Yohanes 6:22
Poe isukna jelema-jelema teh araya keneh di tempat kamari di sisi talaga, sarta kamari nangenan yen parahu ngan aya hiji. Maranehna nyarahoeun yen murid-murid Yesus geus arindit make parahu eta, tapi arinditna henteu jeung Anjeunna.


Yohanes 6:24
Sanggeus tetela Yesus jeung murid-murid-Na teu aya di dinya, jalma-jalma teh tuluy naraek kana eta parahu-parahu, rek nareangan Yesus ka Kapernaum.


Yohanes 6:25
Sanggeus Yesus kapendak di peuntas, maranehna naranya, ”Dupi Pa Guru iraha sumping ka dieu?”


Yohanes 6:26
Waler Yesus, ”Saenyana maraneh nareangan Kami teh lantaran geus dibarere dahar nepi ka sareubeuh, lain ku sabab ngarti kana tujuan Kami nyieun eta kaajaiban.


Yohanes 6:29
Waler Yesus, ”Kudu percaya ka anu diutus ku Allah! Kitu pangersa-Na teh.”


Yohanes 6:32
Waler Yesus, ”Anu mere roti ti sawarga lain Musa. Sing percaya, anu maparin roti anu saestuna ti sawarga mah Ama Kami.


Yohanes 6:35
Saur Yesus, ”Eta roti anu matak hirup teh kapan ieu, Kami. Jalma anu datang ka Kami moal nyorang lapar deui, anu percaya ka Kami moal nyorang halabhab deui.


Yohanes 6:41
Barang Yesus nyaurkeun, ”Kami teh roti anu turun ti sawarga,” jelema-jelema jadi recok,


Yohanes 6:42
pokna, ”Naon, roti ti sawarga? Lain Yesus tea eta teh, anak Yusup? Bapa-Na, indung-Na, urang ge nyaho!”


Yohanes 6:43
Pilahir Yesus, ”Geus, ulah raribut!


Yohanes 6:53
Pilahir Yesus, ”Sing percaya, lamun maraneh henteu ngadahar daging Putra Manusa jeung henteu nginum getih-Na, diri maraneh moal aya hirupna.


Yohanes 6:59
Yesus ngawulangkeun hal ieu teh di Kapernaum, di imah ibadah.


Yohanes 6:60
Loba panganut Yesus anu ngaromongkeun eta piwulang, pokna, ”Beurat teuing eta pangajaran teh! Saha nu bisa narima?”


Yohanes 6:61
Yesus oge uningaeun yen loba anu ngaromel kitu, tuluy ngalahir ka maranehna, ”Maraneh rek malundur ku hal ieu?


Yohanes 6:64
Tapi di maraneh aya anu henteu palercaya kana hal eta.” (Ti samemehna oge Yesus memang geus uningaeun, mana nu bakal moal percaya, jeung saha anu bakal ngahianat ka Anjeunna.)


Yohanes 6:66
Ti semet harita loba panganut Yesus anu naringgalkeun ka Anjeunna, embungeun marilu deui.


Yohanes 6:67
”Kumaha ari maraneh, arek milu naringgalkeun?” Yesus mariksa ka murid-murid-Na.


Yohanes 6:70
Pilahir Yesus, ”Kami milih maraneh teh dua welas urang, lain? Tapi anu saurang mah roh jahat!”


Yohanes 7:1
Ti dinya Yesus angkat, ngider di Galilea; Anjeunna teu kersaeun ka Yudea, sabab diarah ku gegeden-gegeden Yahudi rek ditelasan.


Yohanes 7:6
Waler Yesus, ”Ayeuna mah tacan waktuna. Keur aranjeun mah memang bisa unggal waktu.


Yohanes 7:9
Kitu saur Yesus ka saderek-saderek-Na, Anjeunna mah tetep di Galilea.


Yohanes 7:10
Tapi sanggeus saderek-saderek-Na arindit, Yesus oge angkat kana eta pesta; rerencepan bae henteu terang-terangan.


Yohanes 7:14
Tengah-tengah pesta Yesus lebet ka Bait Allah tuluy ngawulang.


Yohanes 7:16
Yesus ngawaler, ”Ieu pangajaran lain pangajaran ti Kaula pribadi, tapi ti Allah anu ngutus Kaula.


Yohanes 7:21
Waler Yesus, ”Kaula nyieun hiji kaajaiban dina poe Sabat, aranjeun heran.


Yohanes 7:28
Waktu Yesus ngawulang di Bait Allah, kieu saur-Na, ”Enya maraneh teh nyaraho ka Kami jeung ti mana asal Kami? Kami datang teh lain kahayang sorangan, aya anu ngutus. Anu ngutusna maha saestu. Maraneh teu nyaraho ka Mantenna,


Yohanes 7:32
Urang Parisi nyarahoeun yen jalma-jalma tingharewos kitu perkara Yesus, tuluy maranehna jeung imam-imam kapala, ngirim sababaraha urang pangawal Bait Allah pikeun nangkep Yesus.


Yohanes 7:33
Saur Yesus, ”Kami aya di maraneh teh moal lila. Sakeudeung deui oge Kami kudu mulang ka anu ngutus.


Yohanes 7:37
Dina panutupan pesta, poe anu pangpentingna, Yesus ngadeg tuluy ngalahir tarik, ”Saha-saha nu halabhab, hiap ka Kami nginum!


Yohanes 7:39
Anu dimaksud ku Anjeunna nya eta Roh Allah, anu bakal katarima ku sakur anu percaya ka Anjeunna. Harita Roh Allah teh tacan dipaparinkeun, sabab Yesus tacan dimulyakeun.


Yohanes 7:45
Anu dititah nangkep Yesus geus baralik. ”Mana eta jelema teh, ku naon teu dibawa?” ceuk imam-imam jeung urang Parisi.


Yohanes 7:50
Di antara eta urang Parisi aya Nikodemus, urang Parisi anu kungsi datang ka Yesus tea, ngomong ka batur-baturna,


Yohanes 8:1
Yesus terus angkat ka Gunung Jetun.


Yohanes 8:2
Isukna isuk-isuk keneh geus di Bait Allah. Jelema-jelema tuluy daratang, Yesus calik tuluy ngawulang.


Yohanes 8:7
Maranehna maksa marenta diwaler. Yesus cengkat ajeg, tuluy ngalahir, ”Saha anu teu boga dosa, nu mana bae, pek maledog pangheulana ka eta awewe.”


Yohanes 8:9
Diwaler kitu jelema-jelema anu ngadaroja teh tingkolesed saurang-saurang, nungtutan ti nu kolotan heula, ahirna ngan kari Yesus jeung awewe tea.


Yohanes 8:10
Yesus cengkat tuluy ngalahir, ”Ka marana maranehna? Euweuh anu ngahukum ka maneh?”


Yohanes 8:11
”Sumuhun teu aya, Juragan,” walonna. ”Kami oge moal ngahukum,” saur Yesus, ”jig geura mulang, tapi ulah deui-deui nyieun dosa.”]


Yohanes 8:12
Yesus sasauran deui ka urang Parisi, saur-Na, ”Kaula teh caangna dunya. Anu anut ka Kaula moal nyorang anu poek, sabab ngabogaan caang kahirupan.”


Yohanes 8:14
Waler Yesus, ”Najan Kaula keneh anu nerangkeunana, tapi sah benerna, sabab Kaula terang kana asal jeung pangbalikan sorangan. Aranjeun mah henteu terang Kaula asal ti mana jeung kudu mulang ka mana.


Yohanes 8:19
”Mana Rama Anjeun?” ceuk maranehna. ”Aranjeun teu terang ka Kaula, teu terang ka Rama Kaula,” waler Yesus. ”Lamun aranjeun terang ka Kaula, ka Rama Kaula oge tangtu terang.”


Yohanes 8:20
Yesus ngalahir kitu teh waktu anjeunna ngawulang di Bait Allah, di kamar paranti neundeun peti-peti duit derma. Saurang ge teu aya anu wanieun nangkep ka Anjeunna, sabab tacan nepi kana waktuna.


Yohanes 8:21
Yesus ngalahir deui, ”Upama Kaula geus mulang, ku aranjeun bakal ditareangan, tapi moal kapanggih sabab aranjeun moal bisa ka tempat Kaula, bakal maraot ku dosa sorangan.”


Yohanes 8:23
Pilahir Yesus, ”Aranjeun asal ti handap, ti ieu dunya. Ari Kaula mah asal ti luhur. Aranjeun asal ti dunya, Kaula mah lain ti ieu dunya.


Yohanes 8:25
”Saha kitu Anjeun teh?” ceuk maranehna. Waler Yesus, ”Ongkoh geus dibejakeun ku Kaula ti mimiti keneh.


Yohanes 8:28
Saur Yesus deui, ”Aranjeun kakara bakal terang yen ’Kaula teh Anu Jumeneng’, lamun Putra Manusa ku aranjeun geus dijungjung ka luhur. Lamun geus kitu, kakara aranjeun terang yen saucap-ucap Kaula estu numutkeun timbalan Rama, Kaula pribadi teu kawasa kana karep sorangan.


Yohanes 8:30
Loba anu palercaya kana sagala pilahir Yesus harita.


Yohanes 8:31
Yesus ngalahir ka anu geus palercaya, saur-Na, ”Lamun maraneh nurut kana piwuruk Kami, bener maraneh teh murid-murid Kami,


Yohanes 8:34
Waler Yesus, ”Kieu saenyana: Sing saha anu migawe dosa, ngawula kana dosa.


Yohanes 8:39
”Rama kaula mah Ibrahim,” walon jalma-jalma. Waler Yesus, ”Lamun enya maraneh putra-putra Ibrahim, tangtu nulad kana lampah anjeunna.


Yohanes 8:42
Pilahir Yesus, ”Lamun enya Rama maraneh teh Allah, tangtu nyaraah ka Kami, sabab Kami asal ti Allah. Tah ieu Kami, datang teh lantaran diutus ku Mantenna, lain datang karep sorangan.


Yohanes 8:49
”Kami henteu kaasupan setan,” waler Yesus. ”Kami hormat ka Rama, ku maraneh dihina.


Yohanes 8:54
Waler Yesus, ”Lamun Kami ngagungkeun diri sorangan memang taya hartina. Tapi anu ngagungkeun Kami teh Rama Kami, anu ceuk maraneh Allah maraneh.


Yohanes 8:58
Waler Yesus, ”Saenyana, memeh Ibrahim dijurukeun, Kami geus jumeneng.”


Yohanes 9:1
Sabot keur angkat, Yesus ningali jalma lolong ti barang lahir.


Yohanes 9:3
Waler Yesus, ”Lolongna lain ku karana dosana sorangan atawa dosa kolotna, tapi supaya jalma-jalma narenjo kakawasaan Allah barangdamel dina diri manehna.


Yohanes 9:11
Walonna, ”Panon kuring dipopokan leutak ku jalmi anu jenenganana Yesus, tuluy dipiwarang sibeungeut ka Kulah Siloam. Kuring nurut, ari sibeungeut ari bray bisa ningal.”


Yohanes 9:14
Yesus ngadamel popok leutak pikeun nyageurkeun eta jelema teh dina poe Sabat.


Yohanes 9:22
Ngajawab kitu soteh awahing ku sieun, lantaran para gegeden teh geus samupakat, lamun aya jelema anu percaya yen Yesus teh Kristus, baris dihukum, teu meunang asup ka imah ibadah.


Yohanes 9:35
Kajadian kitu ka eta jelema kadangu ku Yesus, jelemana ku Anjeunna tuluy dipendakan, seug dipariksa, ”Kumaha maneh percaya ka Putra Manusa?”


Yohanes 9:37
Pilahir Yesus, ”Maneh geus papanggih jeung Anjeunna, ongkoh ieu keur cacarita jeung maneh.”


Yohanes 9:38
”Gusti, abdi percanten!” walonna bari terus sideku payuneun Yesus.


Yohanes 9:39
Pilahir Yesus, ”Kami datang ka dunya teh rek nerapkeun hukum, supaya anu lalolong barisa nenjo, anu narenjo sina lalolong.”


Yohanes 9:41
Waler Yesus, ”Upama aranjeun lolong, tandaning teu boga dosa. Tapi ku sabab ngakukeun barisa nenjo, tetela aranjeun masih keneh dosa.”


Yohanes 10:1
”Kami rek nyarita saenyana,” saur Yesus. ”Anu asup ka jero kandang lain tina panto tapi mancal ti tempat sejen, tangtu bangsat jeung rampog.


Yohanes 10:6
Kitu pilahir Yesus ka maranehna, ku misil. Tapi maranehna henteu ngalartieun kana maksad Anjeunna.


Yohanes 10:7
Yesus nyarios deui, ”Supaya kaharti Urang terangkeun: Anu diupamakeun lawang teh Kami.


Yohanes 10:23
Waktu Yesus keur angkat di Tepas Suleman di Bait Allah,


Yohanes 10:25
Waler Yesus, ”Ongkoh ku Kaula geus dibejakeun, tapi aranjeun teu palercaya bae. Padahal sakur anu dilampahkeun ku Kaula kalawan pajenengan Rama teh netelakeun hal Kaula.


Yohanes 10:34
Waler Yesus, ”Dina Kitab Hukum aranjeun sorangan ditulis yen Allah ngandika, ’Maraneh teh allah-allah.’


Yohanes 10:40
Geus kitu Yesus angkat ka peuntaseun Walungan Yordan, ka tempat urut Yohanes ngabaptis, seug calik di dinya.


Yohanes 10:42
Di tempat eta jadi loba anu percaya ka Yesus.


Yohanes 11:1
Di Betania aya dua awewe padudulur, ngaranna Maria jeung Marta. Maria teh anu ngucuran sampean Yesus ku minyak seungit jeung nyekaanana ku buukna. Dulur Maria jeung Marta anu lalaki ngaran Lasarus keur gering.


Yohanes 11:3
Maria jeung Marta ngajurungan jelema ka Yesus, mawa pihatur: ”Gusti, sobat Gusti udur.”


Yohanes 11:4
Diwartosan kitu Yesus ngalahir, ”Panyakit Lasarus moal matak maot, malah matak jadi kamulyaan ka Allah, jeung bakal ngalantarankeun Putra Allah diagungkeun.”


Yohanes 11:5
Yesus nyaaheun ka Marta, ka Maria, jeung ka Lasarus.


Yohanes 11:9
Pilahir Yesus, ”Sapoe teh lain dua welas jam? Anu leumpang ti beurang moal titajong, sabab nenjo caangna alam dunya.


Yohanes 11:13
Padahal sare anu dimaksad ku Yesus mah Lasarus teh geus maot, ari ku murid-murid-Na dihartikeun sare biasa.


Yohanes 11:17
Sanggeus Yesus sumping, Lasarus geus dimakamkeun opat poe katukang.


Yohanes 11:20
Marta geus meunang beja yen Yesus sumping, tuluy indit mapagkeun, Maria tunggu imah.


Yohanes 11:21
Piunjuk Marta ka Yesus, ”Upami waktos eta Gusti aya di dieu, pun dulur moal dugi ka maot!


Yohanes 11:23
”Dulur maneh tangtu hirup deui,” waler Yesus.


Yohanes 11:25
Waler Yesus, ”Kami teh anu ngahudangkeun jeung anu ngahirupkeun. Anu percaya ka Kami tangtu bakal hirup sanajan geus maot;


Yohanes 11:29
Maria curinghak, tuluy lumpat rek manggihan Yesus; panyana anu keur malaturanana mah rek ngadon ceurik ka kuburan, tuluy ditaluturkeun. Ari Yesus calik keneh di tempat tadi basa dideuheusan ku Marta, can lebet ka jero desa.


Yohanes 11:32
Datang-datang Maria terus ngarumpuyuk kana sampean Yesus, pok unjukan, ”Gusti, upami Gusti waktos eta aya di dieu, pun dulur moal dugi ka maot!”


Yohanes 11:35
Yesus oge datang ka nangis.


Yohanes 11:38
Bari ngarakacak manah, Yesus ngabujeng ka kuburan. Ari kuburanana diguhakeun, lawangna ditutup ku batu.


Yohanes 11:39
Yesus ngalahir, ”Singkirkeun batuna!” Marta, dulurna almarhum, unjukan, ”Gusti, tangtos bau, margi parantos opat dinten!”


Yohanes 11:40
Saur Yesus ka Marta, ”Ceuk Kami oge lamun Nyai percaya, bakal nenjo agungna kakawasaan Allah.”


Yohanes 11:41
Sanggeus batuna disingkirkeun, Yesus tanggah terus ngalahir, ”Hatur nuhun Ama, reh Ama parantos ngamakbul panuhun Abdi.


Yohanes 11:44
Kurunyung, Lasarus nu geus maot teh kaluar, suku jeung leungeunna kabungkus keneh ku boeh, beungeutna kabulen ku cindung. Saur Yesus, ”Bukaan; sina bisaeun leumpang.”


Yohanes 11:45
Anu ngaralayad ka Maria loba anu percaya ka Yesus sanggeus narenjo anu dipidamel ku Anjeunna.


Yohanes 11:46
Tapi aya sawatara jalma anu terus ka urang Parisi, ngalaporkeun anu dipidamel ku Yesus.


Yohanes 11:51
Saenyana Kayapas ngomongna kitu teh lain tina pikiranana sorangan. Eta ucapan anjeunna anu jadi Imam Agung taun eta, mangrupa hiji piwejang, ngaramalkeun yen Yesus bakal pupus ditelasan pikeun ngagentos bangsa Yahudi;


Yohanes 11:53
Ti harita para gegeden Yahudi geus sakait rek nelasan Yesus.


Yohanes 11:54
Ku sabab kitu Yesus tara nembongan deui di Yudea, malah terus angkat ka kota Epraim anu pernahna deukeut ka gurun keusik, tuluy calik di dinya jeung murid-murid-Na.


Yohanes 11:56
Maranehna nareangan Yesus, sarta barang geus ngumpul di Bait Allah maranehna silih tanya, pokna, ”Kumaha ari ceuk andika? Rek sumping atawa moal Anjeunna teh kana pesta?”


Yohanes 11:57
Pangna tingtaranya kitu lantaran geus diparentah ku imam-imam kapala jeung urang Parisi, sing saha anu nyaho Yesus aya di mana, kudu terus lapor, supaya Yesus bisa ditangkep.


Yohanes 12:1
Pigenep poeeun deui kana poe Pesta Paska, Yesus angkat ka Betania, tempat tinggal Lasarus, jalma anu ku Anjeunna dihirupkeun deui tina maot tea.


Yohanes 12:2
Di dinya Yesus ku pribumi dituangkeun, diladenan ku Marta; Lasarus jeung nu sejenna deui bareng dalahar jeung Yesus.


Yohanes 12:3
Ti dinya Maria mawa minyak narwastu kira-kira satengah liter, minyak seungit anu kacida mahalna, tuluy dikucurkeun kana sampean Yesus, geus kitu sampeana-Na disekaan ku buukna. Eta imah jadi mabek ku seungit minyak narwastu.


Yohanes 12:4
Yudas Iskariot, hiji murid Yesus anu engkena ngahianat ka Anjeunna, ngomong kieu,


Yohanes 12:7
Tapi diwaler ku Yesus, ”Ingkeun ulah diganggu! Anu keur dilampahkeun ku Maria ayeuna, aya patalina jeung poean Kami dikubur engke. Keun sina diteruskeun!


Yohanes 12:9
Loba pisan jelema anu ngadarenge beja yen Yesus aya di Betania, tuluy daratang. Lain dumeh ku karana Yesus bae, tapi dumeh harayangeun nenjo Lasarus ongkoh, nu ku Yesus dihudangkeun tina maot.


Yohanes 12:11
dianggap geus ngalantarankeun urang Yahudi loba anu palercaya ka Yesus, naringgalkeun maranehna.


Yohanes 12:12
Poe isukna, anu marilu Pesta Paska teh ngadarenge beja yen Yesus rek sumping ka Yerusalem, geus aya di tengah jalan.


Yohanes 12:14
Ari Yesus mendak hiji kalde ngora, terus majeng nitihan kalde, sakumaha anu geus diungelkeun dina Kitab Suci, kieu,


Yohanes 12:16
Hal ieu ku murid-murid henteu ujug-ujug kahalartieun. Tapi sanggeus Yesus digugahkeun tina pupus-Na sarta dimulyakeun, kakara maranehna aringeteun, yen hal Anjeunna kitu sarta hal pameta jalma-jalma kitu ka Anjeunna teh memang geus dituliskeun dina Kitab Suci.


Yohanes 12:21
Maranehna daratang ka Pilipus sarta menta kieu, ”Juragan, upami tiasa sim kuring teh hayang nepangan Yesus.” (Ari Pilipus asalna ti Betsaida, di Galilea.)


Yohanes 12:22
Pamentana ku Pilipus dipupulihkeun ka Andreas, tuluy diunjukkeun ka Yesus ku duaan.


Yohanes 12:23
Yesus ngawaler, ”Geus waktuna Putra Manusa teh nampa kamulyaan.


Yohanes 12:30
Tapi saur Yesus, ”Eta soara lain pikeun kapentingan Kami, tapi pikeun kapentingan maraneh.


Yohanes 12:35
Waler Yesus, ”Caang teh ayana di maraneh ngan kari sakeudeung deui. Teruskeun lumaku teh, meungpeung aya keneh caang, ulah kaburu poek di jalan; sabab leumpang di nu poek mah moal nyaho keur nuju ka mana.


Yohanes 12:36
Sing percaya kana caang, meungpeung caangna aya keneh, supaya maraneh jaradi umat caang.” Sanggeus ngalahir kitu Yesus angkat ti dinya, nyumputan jalma-jalma.


Yohanes 12:41
Yesaya nyaurkeun kitu perkara Yesus, sabab anjeunna mah geus ningali kamulyaan Yesus, sarta nyaurkeun hal Anjeunna.


Yohanes 12:42
Najan kitu, loba oge gegeden Yahudi anu palercayaeun ka Yesus, ngan teu waranieun nembrak, sarieuneun dipencilkeun ti imah ibadah ku urang Parisi sejenna,


Yohanes 12:44
Yesus ngalahir, soanten-Na bedas, ”Anu percaya ka Kami, percayana teh lain ka Kami bae, tapi ka Mantenna ongkoh, anu ngutus Kami.


Yohanes 13:1
Pisapoeeun deui kana poe Pesta Paska, Yesus uningaeun yen Anjeunna geus tereh ngantunkeun alam dunya, kudu mulih ka Rama-Na. Anjeunna kacida mikaasihna ka umat kagungana-Na anu araya di ieu dunya, asih nepi ka ahir.


Yohanes 13:2
Peutingna Yesus tuang jeung murid-murid. Iblis geus ngasupkeun pikiran pikeun ngahianat Yesus kana hate Yudas bin Simon Iskariot.


Yohanes 13:3
Yesus geus uninga yen ku Rama-Na geus diserenan kawasa sagemblengna, uninga yen Anjeunna anu asal ti Allah tereh mulang ka Allah.


Yohanes 13:7
Yesus ngawaler, ”Ayeuna ku maneh moal kaharti Kami migawe kieu, tapi engke oge kaharti.”


Yohanes 13:8
Piunjuk Petrus, ”Ulah, Gusti! Abdi henteu iklas Gusti dugi ka ngumbah suku abdi!” Waler Yesus, ”Lamun suku maneh henteu dikumbah ku Kami, maneh moal jadi murid Kami deui.”


Yohanes 13:10
Saur Yesus, ”Anu geus mandi mah awakna geus beresih kabeh, teu kudu diberesihan deui salian ti suku. Maraneh kabeh geus beresih, kajaba anu saurang.” (


Yohanes 13:11
Yesus geus uningaeun ka jelema anu rek ngahianat ka Anjeunna, anu matak saur-Na, ”Maraneh kabeh geus beresih, kajaba anu saurang.”)


Yohanes 13:23
Hiji murid anu diasih ku Yesus, diukna ngarendeng pisan jeung Anjeunna.


Yohanes 13:25
Eta murid diukna ngised ngeser ka Yesus, tuluy mihatur, ”Saha jalmina, Gusti?”


Yohanes 13:27
Ku Yudas ditampanan, sarta harita keneh Iblis nyanding kana dirina. Saur Yesus ka Yudas, ”Buru-buru, niat maneh geura jalankeun!”


Yohanes 13:31
Sanggeus Yudas indit, Yesus ngalahir deui, ”Ayeuna kaagungan Putra Manusa teh geus dinyatakeun, sarta kaagungan Allah dinyatakeun di Anjeunna.


Yohanes 13:36
”Dupi Gusti bade ka mana?” Simon Petrus nanya. Waler Yesus, ”Ka mana Kami rek indit, ayeuna mah maneh moal bisa milu. Tapi engke maneh bisa nuturkeun.”


Yohanes 13:38
”Enyaan maneh sanggup paeh pikeun Kami?” waler Yesus. ”Satemenna: Peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebut teu wawuh ka Kami.”


Yohanes 14:9
Waler Yesus, ”Geus sakitu lilana Kami reureujeungan jeung maneh, piraku maneh can wawuh keneh bae ka Kami, Pilipus? Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama, ku naon ceuk maneh bieu ’Tingalikeun Rama teh ka abdi-abdi’?


Yohanes 14:23
Waler Yesus ka Yudas, ”Sabab anu mikanyaah ka Kami jeung nurut kana piwuruk Kami mah bakal dipikaasih ku Rama Kami, jadi Rama Kami jeung Kami bakal sumping terus linggih di manehna.


Yohanes 15:1
Pilahir Yesus, ”Kami teh tangkal anggur nu sajati, Ama Kami nu jadi tukang kebonna.


Yohanes 16:19
Yesus uningaeun yen maranehna harayang nanya, tuluy Anjeunna nyarios, saur-Na, ”Ceuk Kami bieu, ’Ngan kari sakeudeung deui maraneh narenjo Kami teh, tapi moal lila deui oge bakal narenjo deui.’ Eta anu disualkeun ku maraneh teh?


Yohanes 16:31
Waler Yesus, ”Percaya maraneh ayeuna?


Yohanes 17:1
Sanggeus ngalahir kitu Yesus tanggah terus unjukan kieu, ”Ama, waktosna parantos dongkap. Putra Ama mugi dipaparin kamulyaan, supados Putra matak mulya ka Ama.


Yohanes 17:3
Dupi hirup langgeng teh nya eta: Terang ka Ama, Allah sajati anu mung hiji, sareng ka utusan Ama, Yesus Kristus.


Yohanes 18:1
Sanggeus ngucapkeun eta paneda, Yesus angkat jeung murid- murid, terus meuntasan Walungan Kidron. Di eta tempat aya hiji taman, sarta Yesus lebet ka dinya jeung murid-murid.


Yohanes 18:2
Yudas anu rek ngahianat nyahoeun ka eta tempat, sabab ku Yesus geus sering dicandak ka dinya jeung murid-murid.


Yohanes 18:4
Yesus anu geus uningaeun ti anggalna ku nu bakal tumiba ka salira-Na majeng nembongkeun anjeun, tuluy mariksa, ”Maraneh nareangan saha?”


Yohanes 18:5
Walonna, ”Neangan Yesus urang Nasaret.” ”Ieu Kami,” saur Yesus. Yudas, si hianat tea aya nangtung jeung nu loba.


Yohanes 18:6
Barang Yesus ngalahir ’Ieu Kami’, jalma-jalma mani malundur terus rarubuh kana taneuh.


Yohanes 18:7
Yesus mariksa deui, ”Maraneh nareangan saha?” ”Yesus urang Nasaret,” walon maranehna.


Yohanes 18:8
Saur Yesus, ”Ti tadi ge ceuk Kami ieu Kami. Upama enya anu ditareangan teh Kami, nu sejen ulah diganggu.” (


Yohanes 18:11
Yesus ngalahir ka Petrus, ”Sarungkeun deui pedang maneh! Pangira maneh ieu lumur panganiayaan ti Ama Kami teh ku Kami moal diinum?”


Yohanes 18:12
Geus kitu serdadu-serdadu Rum, kapala pasukanana, jeung para pangawal urang Yahudi narangkep terus ngabarogod Yesus.


Yohanes 18:13
Yesus dibawa, tuluy ditembongkeun heula ka Anas, mertuana Kayapas. Ari Kayapas teh Imam Agung taun eta.


Yohanes 18:15
Waktu Yesus dibawa, Simon Petrus nuturkeun jeung baturna saurang anu geus dikenal ku Imam Agung. Eta batur Petrus milu asup jeung Yesus ka buruan bumi Imam Agung,


Yohanes 18:19
Yesus dipariksa ku Imam Agung hal murid-murid-Na jeung pangajarana-Na.


Yohanes 18:20
Waler Yesus, ”Kaula nyanggem ka saha-saha oge satarabasna. Pangajaran Kaula diwurukkeunana di imah-imah ibadah atanapi di Bait Allah tempat kempelna jalmi-jalmi. Nyanggemkeun naon-naon oge Kaula tara susulumputan.


Yohanes 18:22
Barang Yesus nyaurkeun kitu salah saurang pangawal di dinya terus nyabok ka Anjeunna bari ngomong, ”Wani temen Maneh ngomong saperti kitu ka Imam Agung!”


Yohanes 18:23
Waler Yesus, ”Lamun omongan Kami salah, coba terangkeun ka nu araya di dieu naon salahna. Tapi upama omongan Kami bener, ku naon maneh nyabok?”


Yohanes 18:26
Ari ceuk hiji gandek Imam Agung barayana Malkus anu dikadek ceulina tea, ”Naha lain anjeun anu ku kuring katenjo aya di taman jeung Yesus teh?”


Yohanes 18:28
Isuk-isuk keneh pisan Yesus dibawa ti bumi Kayapas ka karaton gupernur. Tapi para gegeden Yahudi henteu arasup ka jero karaton, ngajaga dirina ulah jadi najis ceuk agama, supaya meunang milu ngadahar jamuan Paska.


Yohanes 18:32
Pang kitu teh supaya laksana pilahir Yesus basa ngagambarkeun cara pipupuseuna-Na tea.)


Yohanes 18:33
Pilatus lebet deui ka karaton, Yesus disaur jeung terus dipariksa, ”Anjeun teh Raja urang Yahudi?”


Yohanes 18:34
Waler Yesus, ”Juragan mariksa kitu teh naha dumeh uninga ku anjeun atanapi aya anu ngawartosan?”


Yohanes 18:36
Waler Yesus, ”Karajaan Kaula sanes ti dunya ieu. Upami karajaan Kaula ti ieu dunya, para panganut Kaula baris tarung ngabelaan, ulah dugi ka Kaula beunang ku gegeden-gegeden urang Yahudi. Sanes, karajaan Kaula sanes ti ieu dunya!”


Yohanes 18:37
Saur Pilatus, ”Jadi enya Anjeun teh raja?” Waler Yesus, ”Saur Juragan, Kaula teh raja. Tujuan Kaula medal sareng dongkap ka ieu dunya seja ngawurukkeun hal kaestuan. Jalmi anu dipimilik ku kaestuan tangtos daekeun ngupingkeun ka Kaula.”


Yohanes 19:1
Pilatus lebet deui, tuluy nimbalan supaya Yesus dirangket.


Yohanes 19:2
Ari serdadu-serdadu tuluy nyieun mamakutaan tina regang-regang anu cucukan, diterapkeun kana mastaka Yesus sarta Anjeunna dianggoanan jubah warna wungu.


Yohanes 19:5
Ti dinya Yesus kaluar, nganggo jubah wungu jeung makuta cucuk. Pilatus ngalahir, ”Tarenjo ieu jelema!”


Yohanes 19:9
tuluy lebet deui ka karaton. Yesus dipariksa deui, ”Anjeun ti mana asal?” Tapi Yesus teu ngawaler.


Yohanes 19:11
Waler Yesus, ”Juragan iasa kawasa ka Kaula mung ku margi aya widi ti Allah. Ku margi kitu jalmi anu nyerenkeun Kaula ka Juragan dosana langkung abot.”


Yohanes 19:12
Ngadangu pilahir Yesus kitu, Pilatus sateka-teka milarian jalan pikeun ngabebaskeun Anjeunna. Tapi urang Yahudi tingcorowok pokna, ”Upami eta jalmi dibebaskeun, hartosna Juragan teh sanes mitra Prabu. Jalmi anu ngaku-ngaku raja teh hartosna ngalawan ka Prabu!”


Yohanes 19:13
Ngadenge jawaban kitu, Pilatus tuluy nyandak Yesus ka luar, terus linggih dina korsi pangadilan di tempat anu disebut ”Lante Batu”. (Dina basa Ibrani ngaranna ”Gabata”.)


Yohanes 19:16
Ahirna Yesus ku Pilatus diserenkeun ka maranehna sina disalib. Yesus geus dicangking ku maranehna.


Yohanes 19:19
Dina pucuk salib Yesus aya tulisan Pilatus, ungelna: ”Yesus urang Nasaret Raja urang Yahudi”.


Yohanes 19:23
Anggoan Yesus ku serdadu-serdadu anu tas nyalibkeuna-Na dibagi opat keur maranehna, hiji serdadu hiji bagian. Barang giliran jubah-Na, eta jubah teh tinunan sagebaran, teu aya jaitanana.


Yohanes 19:26
Yesus ningali ka ibu-Na jeung ka murid anu dipikaasih, tuluy ngalahir ka ibu-Na, ”Ibu, eta teh putra ibu!”


Yohanes 19:27
Ngalahir deui ka eta murid, ”Eta teh indung hidep!” Ti harita ibuna Yesus ku eta murid diaku indung, dibawa ka imahna.


Yohanes 19:28
Yesus geus ngaraos yen sagala rupana ayeuna geus tutas. Jeung sangkan laksana anu kaungel dina Kitab Suci, Anjeunna ngalahir, ”Kami halabhab!”


Yohanes 19:29
Di dinya aya mangkok, eusina cai anggur haseum, seug aya anu niir sepon, dicelupkeun kana eta anggur terus diantelkeun kana lambey Yesus.


Yohanes 19:30
Sanggeus Anjeunna ngaraosan, tuluy ngalahir, ”Geus tutas!” Sanggeus kitu mastaka-Na ngulahek, Yesus geus pupus.


Yohanes 19:32
Ti dinya serdadu-serdadu mingges-minggeskeun suku jalma hukuman, mimiti nu duaan heula, anu bareng disalibkeun jeung Yesus.


Yohanes 19:33
Barang rek minggeskeun sampean Yesus, teu tulus, sabab tetela Anjeunna mah geus pupus.


Yohanes 19:38
Aya hiji jelema, (panganut Yesus keneh ngan teu wanieun nembrak lantaran sieuneun ku para gegeden Yahudi), ngaranna Yusup urang Arimatea, menta idin ka Pilatus nyokot layon Yesus. Ku Pilatus diidinan, tuluy layon teh ku Yusup dicokot.


Yohanes 19:39
Nikodemus, anu bareto nepungan Yesus peuting-peuting tea, maturan ka Yusup. Manehna mawa seuseungitan nya eta emur campur garu, lobana kira-kira tilu puluh kilo.


Yohanes 19:40
Layon Yesus ku Yusup jeung Nikodemus dibungkus ku lawon linen katut seuseungitanana, sakumaha adat urang Yahudi nguburkeun mayit.


Yohanes 19:41
Di tempat Yesus disalib aya hiji taman, sarta di eta taman aya hiji pakuburan weuteuh can dipake ngubur saha-saha.


Yohanes 19:42
Ku sabab poe eta nyanghareupan poe Sabat, tur aya kuburan anu deukeut, layon Yesus tuluy dikurebkeun di dinya.


Yohanes 20:2
Maria Magdalena lumpat manggihan Simon Petrus jeung murid anu dipikaasih ku Yesus, hariweusweus pokna, ”Gusti urang aya nu maling ti kuburan, duka dibawa ka mana!”


Yohanes 20:7
jeung urut bulen mastaka Yesus, ngan ieu mah misah sarta ngagulung.


Yohanes 20:12
Beh nenjo aya dua malaikat, panganggona bodas, keur caralik dina urut Yesus ebog dina mastakaeun jeung dina tunjangeuna-Na.


Yohanes 20:14
Sanggeus kitu manehna malik bari luak-lieuk, breh ningal Yesus keur ngadeg, tapi manehna teu wawuheun yen Anjeunna teh Yesus.


Yohanes 20:15
Ku Yesus dipariksa, ”Ku naon Nyai ceurik? Neangan saha?” Panyangka Maria Anjeunna teh tukang kebon, tuluy ngawalon, ”Manawi Juragan anu nyandak Anjeunna, wartoskeun dicandak ka mana, ku abdi bade dibantun deui!”


Yohanes 20:16
Pilahir Yesus, ”Maria!” Maria ngarenjag terus nelek-nelek, pok bae unjukan ku basa Ibrani, ”Rabuni!” (Hartina ”Guru”.)


Yohanes 20:17
”Ulah nyabak ka Kami,” pilahir Yesus, ”sabab Kami tacan unggah ka Rama. Anggur bejakeun ka dulur-dulur Kami, yen Kami arek mulang ka Rama, nya eta Rama Kami jeung Rama maranehna, Allah Kami jeung Allah maranehna.”


Yohanes 20:19
Dina malem Senenna, geus peuting, murid-murid keur karumpul di hiji imah, pantona ditulakan lantaran sarieuneun ku gegeden-gegeden Yahudi. Yesus sumping sarta ujug-ujug geus ngadeg di dinya, tuluy ngalahir, ”Salam rahayu!”


Yohanes 20:21
Yesus ngalahir deui, ”Salam rahayu. Sakumaha Rama geus ngutus Kami, Kami oge rek ngutus maraneh.”


Yohanes 20:24
Tomas, murid ti nu dua welas (anu sok disebut si ”Kembar”), waktu Yesus nembongan teh keur teu aya,


Yohanes 20:26
Heuleut saminggu ti harita murid-murid kumpul deui di jero imah anu kamari ieu, Tomas oge aya. Pantona ditulakan, tapi Yesus sumping, ujug-ujug geus ngadeg di dinya. Tuluy ngalahir, ”Salam rahayu.”


Yohanes 20:29
Pilahir Yesus ka Tomas, ”Maneh percaya da geus nenjo Kami, nya? Bagja kacida anu percaya sanajan teu kungsi nenjo heula ka Kami!”


Yohanes 20:30
Yesus ka murid-murid-Na nembongkeun rupa-rupa deui kaajaiban anu henteu ditulis dina ieu kitab.


Yohanes 20:31
Tapi sakabeh anu geus dituliskeun maksudna netelakeun yen Yesus teh Kristus, Jurusalamet, Putra Allah, supaya dulur-dulur percaya. Sabab lamun dulur-dulur percaya ka Anjeunna tangtu meunangkeun hirup.


Yohanes 21:1
Sanggeus eta, Yesus nembongan deui ka murid-murid-Na, di sisi Talaga Tiberias. Kieu kajadianana:


Yohanes 21:4
Wanci meletek panonpoe Yesus ngadeg di sisi cai, tapi murid-murid teu warawuheun.


Yohanes 21:6
Saur Yesus, ”Semprangkeun heurapna ka katuhueun parahu, tangtu aya nu beunang!” Seug heurapna disemprangkeun, barang ditarik meh teu kaangkat pinuh ku lauk.


Yohanes 21:7
”Geuning Gusti!” ceuk murid anu dipikaasih ku Yesus ka Petrus. Dibejaan yen Gusti, rap bae Petrus make baju (sabab keur teu make baju), tuluy luncat kana cai.


Yohanes 21:10
Yesus ngalahir, ”Bawa ka dieu saeutik lauk beunang bieu.”


Yohanes 21:12
Yesus ngalahir, ”Ka darieu, dalahar.” Murid-murid teu aya anu wanieun nanya, ”Dupi Bapa saha?” da geus nyarahoeun yen Anjeunna teh Gusti.


Yohanes 21:13
Ku sabab kitu Yesus terus nyandakan roti jeung lauk dibagikeun ka maranehna.


Yohanes 21:14
Ti barang gugah tina pupus nepi ka harita, Yesus geus katilu kalina nembongan ka murid-murid.


Yohanes 21:15
Sanggeus dalahar, Yesus mariksa ka Simon Petrus, ”Simon anak Yonas, enya hidep nyaah ka Kami leuwih ti nu sejen?” ”Sumuhun Gusti,” walon Petrus, ”Gusti uninga yen abdi teh nyaah ka Gusti.” Saur Yesus, ”Panguruskeun anak-anak domba Kami.”


Yohanes 21:16
Geus kitu mariksa deui kadua kalina, ”Simon anak Yonas, enya hidep nyaah ka Kami?” Walon Petrus, ”Sumuhun Gusti, Gusti uninga yen abdi nyaah ka Gusti.” Saur Yesus, ”Panguruskeun domba-domba Kami.”


Yohanes 21:17
Katilu kalina Anjeunna mariksa deui, ”Simon anak Yonas, enya hidep nyaah ka Kami?” Dipariksa nepi ka tilu kali, ”Enya hidep nyaah ka Kami?” Petrus jadi nalangsa, tuluy unjukan, ”Gusti, Gusti uninga kana saniskanten perkawis, tangtos uninga yen abdi nyaah ka Gusti.” Saur Yesus, ”Panguruskeun domba-domba Kami.


Yohanes 21:19
Ieu pilahir Anjeunna, ngagambarkeun carana Petrus nekanan ajalna engke sangkan Allah dimulyakeun.) ”Tuturkeun Kami,” saur Yesus ka Simon Petrus.


Yohanes 21:20
Petrus ngalieuk ka tukang, sihoreng dituturkeun ku murid anu dipikaasih ku Yesus, anu keur basa tuang peuting diukna nepi ka ngalendean ka Anjeunna jeung nanya kieu, ”Saha jalmina anu bade ngahianat teh, Gusti?”


Yohanes 21:21
Barang Petrus nenjoeun ka manehna, tuluy nanya ka Yesus, ”Gusti, dupi manehna kumaha?”


Yohanes 21:22
Waler Yesus, ”Lain perkara maneh lamun manehna ku Kami dikersakeun hirup keneh nepi ka Kami datang deui. Tapi ari maneh, geura tuturkeun Kami!”


Yohanes 21:23
Tuluy rame di kalangan panganut-panganut Yesus, magar murid anu eta mah moal maot-maot. Padahal Yesus henteu nyaurkeun yen manehna moal maot-maot, nyaurkeun soteh, ”Lain perkara maneh lamun manehna ku Kami dikersakeun hirup keneh nepi ka Kami datang deui.”


Yohanes 21:25
Loba keneh perkara-perkara salian ti ieu anu dipidamel ku Yesus. Upama eta kabeh ditulis sarupa-sarupana, kawasna sadunya ge moal cukup keur nyimpen kitab-kitab nu rek ditulisanana.


Kisah Para Rasul 1:1
Juragan Teopilus, Dina kitab nu kahiji, sugri anu dipidamel sareng diwulangkeun ku Yesus, ku sim kuring parantos diseratkeun sadayana, ti ngawitan Anjeunna barangdamel


Kisah Para Rasul 1:7
Waler Yesus, ”Hal eta, poe jeung waktuna, Rama Kami anu kagungan hak nangtoskeun, maraneh ulah harayang nyaho.


Kisah Para Rasul 1:9
Sanggeus ngalahir kitu, Yesus dicandak ka sawarga, diarawaskeun nepi ka lesna teu katembong kahalangan ku mega.


Kisah Para Rasul 1:11
”Keur naraon narangtung di dieu taranggah ka langit, urang Galilea? Yesus anu dicandak ka sawarga teh engke bakal sumping deui cara kitu, sakumaha anu bieu katarenjo ku maraneh keur munggahna ka sawarga.”


Kisah Para Rasul 1:14
Rasul-rasul sering samiuk kumpul neneda. Salian ti aranjeunna aya oge wanita-wanita anu ngariring neneda, oge Mariam ibu Yesus, jeung saderek-saderek Yesus.


Kisah Para Rasul 1:16
”Para saderek! Anu diserat dina Kitab Suci perkawis pangandika Roh Suci, anu diucapkeun ku Daud ngeunaan hal Yudas anu mingpin nangkep Yesus, memang parantos kedahna laksana.


Kisah Para Rasul 1:21
Ku margi kitu, urang butuh saurang deui keur gentosna, anu kedah jadi saksi perkawis gugahna deui Gusti Yesus tina pupusna. Jalmina kedah anu parantos ngahiji sareng urang salami Gusti Yesus angkat-angkatan ka mana-mana sareng urang, ti semet Yohanes ngawulangkeun baptisan dugi ka Yesus dicandak ka sawarga.”


Kisah Para Rasul 2:22
Raregepkeun, dulur-dulur sasama urang Israil! Kakawasaan Yesus urang Nasaret geus nyata ka aranjeun, dibuktikeun ku padamelana-Na iasa ngajalankeun padamelan-padamelan Allah anu ajaib jeung araheng. Hal eta keur aranjeun geus teu matak bireuk, lantaran kajadianana oge di aranjeun keneh.


Kisah Para Rasul 2:23
Yesus teh ku Allah memang geus dipastikeun baris diserenkeun kana kakawasaan aranjeun, saluyu jeung rarancang-Na ku manten. Ku aranjeun ditelasan, pupus disalibkeun ku jelema-jelema anu daroraka.


Kisah Para Rasul 2:32
Nya Yesus eta anu ku Allah ditanghikeun deui ti nu maraot teh, kaula sarerea saksina, anu naringal kajadianana.


Kisah Para Rasul 2:36
Ku sabab kitu sakumna urang Israil perlu terang enya-enya, yen anu ku Allah geus dijenengkeun Gusti jeung Jurusalamet teh nya eta Yesus anu disalibkeun ku aranjeun tea.”


Kisah Para Rasul 2:38
Saur Petrus, ”Kudu tarobat, jeung kudu dibaptis kalawan asmana Yesus Kristus, tangtu dosa-dosa aranjeun dihampura sarta bakal narampa sih kurnia Allah, nya eta Roh Suci.


Kisah Para Rasul 3:6
Saur Petrus, ”Duit mah kaula teu boga. Tapi kaboga kaula ayeuna rek dibikeun. Demi pajenengan Yesus Kristus urang Nasaret, andika geura nangtung, tuluy leumpang!”


Kisah Para Rasul 3:13
Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, Allahna karuhun urang, geus maparin kamulyaan ka Abdi-Na, nya eta ka Yesus Kristus. Ari ku aranjeun Yesus teh diserenkeun ka para gegeden, seug ditampik di payuneun Pilatus, padahal ku Pilatus mah rek dibebaskeun.


Kisah Para Rasul 3:15
Yesus anu nuyun manusa supaya manusa hirup, ku aranjeun dipaehan. Tapi ku Allah geus ditanghikeun ti nu maraot, kaula sarerea saksina.


Kisah Para Rasul 3:16
Ieu jelema anu asalna lumpuh, pang ayeuna jadi jagjag teh nya ku kakawasaan jenengan Yesus. Katenjo ku aranjeun ieu jelema ayeuna geus cageur. Ieu teh ku sabab percaya ka Yesus, percaya kana jenengana-Na.


Kisah Para Rasul 3:17
Dulur-dulur! Kaula terang, pang aranjeun jeung para pamingpin karitu kalakuan ka Yesus teh bawaning ku kabodoan.


Kisah Para Rasul 3:20
rohani aranjeun ku Pangeran bakal disegerkeun. Mantenna bakal ngutus Yesus ka aranjeun, sabab Yesus teh memang geus diajangkeun jadi Raja Salam pikeun nyalametkeun aranjeun.


Kisah Para Rasul 3:21
Yesus kudu tetep di sawarga nepi ka sagala perkara ku Allah dianyarkeun, sakumaha anu ku Allah geus diandikakeun ka nabi-nabi suci.


Kisah Para Rasul 4:2
Maranehna arambekeun dumeh saur Petrus jeung Yohanes ka jalma-jalma, Yesus geus gugah tina pupusna, anu hartina nu maraot teh bakal harirup deui.


Kisah Para Rasul 4:4
Tapi loba jelema anu palercaya kana kasauran aranjeunna. Anu palercaya ka Yesus jumlahna geus aya kira-kira lima rebu urang.


Kisah Para Rasul 4:10
mugi kauninga ku Juragan-juragan sareng ku sakumna urang Israil, yen ieu jalmi anu nangtung di payuneun, jadina sehat waluya teh ku kakawasaan Yesus Kristus urang Nasaret, anu ku Juragan-juragan parantos disalib, nanging parantos digugahkeun ku Allah tina pupusna.


Kisah Para Rasul 4:11
Dupi Yesus teh nya eta anu ku Kitab Suci disebat kieu, ʼBatu anu dipiceun ku aranjeun tukang-tukang wawangunan, nyatana mah jadi batu anu pangpentingna.ʼ


Kisah Para Rasul 4:12
Anjeunna, sareng mung Anjeunna bae anu tiasa nyalametkeun manusa teh. Di saalam dunya teu aya deui manusa anu ku Allah dipaparin kawasa nyalametkeun, mung Yesus Kristus.”


Kisah Para Rasul 4:13
Kasonagaran Petrus jeung Yohanes matak ngarenjag Mahkamah; sakaterang maranehna, Petrus jeung Yohanes teh jalma-jalma basajan bae, lain anu palinter. Kakara ku Mahkamah kapikir yen Petrus jeung Yohanes teh anu sok babarengan jeung Yesus.


Kisah Para Rasul 4:17
Ayeuna, supaya hal eta ulah terus nerekab, eta dua jelema urang ancam teu meunang nyarita nyebut-nyebut deui ngaran Yesus.”


Kisah Para Rasul 4:18
Petrus jeung Yohanes disaur deui, tuluy diancam teu meunang cacarios atawa ngawulang nyebut jenengan Yesus.


Kisah Para Rasul 4:27
Margi saleresna Herodes, Pontius Pilatus, sareng jalmi-jalmi anu henteu nyarembah ka Allah kitu deui urang Israil, di ieu kota parantos karumpul bade ngalawan ka Yesus, Abdi Suci Gusti, anu ku Gusti dijenengkeun Jurusalamet.


Kisah Para Rasul 4:30
Mugi ku pitulung Gusti abdi-abdi tiasa nyageurkeun anu aludur, sareng ku kawasana jenengan Yesus Kristus Abdi Suci Gusti, tiasa ngayakeun hal-hal anu ajaib sareng mujijat-mujijat anu luar biasa.”


Kisah Para Rasul 4:33
Ari rasul-rasul mertelakeun hal gugahna Gusti Yesus tina pupus teh gede pisan pangaruhna sarta kacida diberkahanana ku Allah.


Kisah Para Rasul 5:30
Allahna karuhun urang parantos ngahirupkeun deui Yesus anu ditelasan ku Juragan-juragan, dipaku dina kayu salib.


Kisah Para Rasul 5:32
Eta sagala perkawis teh sim kuring sadaya saksina, sareng Roh Suci anu ku Allah dikurniakeun ka unggal jalmi anu anut ka Yesus.”


Kisah Para Rasul 5:40
Rasul-rasul disalaur deui, sarta sanggeus dirangket jeung diancam teu meunang nyebut-nyebut deui jenengan Yesus, tuluy dibebaskeun.


Kisah Para Rasul 5:41
Rasul-rasul kalaluar ti Mahkamah, kalayan senang manah dumeh ngaraos geus dilayakkeun ku Allah kenging panghina ku karana jenengan Yesus.


Kisah Para Rasul 5:42
Aranjeunna saban-saban poe teu eureun-eureun ngawuruk, boh di Bait Allah boh di imah somah-somah, ngawawarkeun Injil Kasalametan hal Yesus Jurusalamet.


Kisah Para Rasul 6:1
Anu aranut ka Yesus beuki loba bae. Hiji mangsa urang Yahudi anu ngaromongna basa Yunani, kukulutus ka urang Yahudi pribumi, lantaran ngarasa randa-randana disapirakeun dina urusan pangbagian rejeki sapopoe.


Kisah Para Rasul 6:7
Pangandika Allah beuki sumebar, anggota pakumpulan beuki nambahan, malah loba imam anu jadi palercaya ka Yesus.


Kisah Para Rasul 6:14
Kantos nyebatkeun yen Yesus urang Nasaret bakal ngaruntuhkeun Bait Allah sareng rek ngarobah adat istiadat urang anu turun-tumurun ti Musa!”


Kisah Para Rasul 7:55
Tapi Stepanus anu pinuh ku Roh Suci tanggah ka langit, breh ningali kamulyaan Allah jeung Yesus anu ngadeg di tengeneuna-Na.


Kisah Para Rasul 7:59
Stepanus anu teu eureun-eureun pada maledogan sasambat, ”Nun Gusti Yesus, tampi ieu nyawa abdi!”


Kisah Para Rasul 8:1
Saulus kacida panujueunana kana eta rajapati teh. Poe eta keneh gareja di Yerusalem mimiti dikaniaya bengis pisan. Anu palercaya ka Yesus jadi paburencay ka sakuliah Yudea jeung Samaria, ngan rasul-rasul anu kumpul keneh teh.


Kisah Para Rasul 8:4
Tapi para panganut Yesus anu geus paburencay teh di mana-mana nguarkeun Injil Kasalametan.


Kisah Para Rasul 8:12
Tapi sanggeus ku Pilipus diuaran Injil Kasalametan hal Karajaan Allah jeung hal Yesus Kristus mah tuluy palercayaeun kana wawaran anjeunna, nepi ka dibaraptis awewe lalaki.


Kisah Para Rasul 8:16
sabab saurang ge can aya anu nampa Roh Suci, kakara dibaraptis kalawan pajenengan Yesus.


Kisah Para Rasul 8:25
Sanggeus maparin panyaksi hal Yesus Kristus jeung ngawulangkeun pangandika Gusti, Petrus jeung Yohanes marulih deui ka Yerusalem, bari nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah di kampung-kampung Samaria anu kaliwatan.


Kisah Para Rasul 8:35
Pilipus nerangkeun hal Yesus Kristus mimiti tina ayat eta.


Kisah Para Rasul 8:37
Waler Pilipus, ”Atuh mangga upami leres-leres percanten mah.” ”Kantenan percanten pisan, Yesus Kristus teh Putra Allah,” saur eta pajabat.]


Kisah Para Rasul 9:1
Saulus ngentab-ngentab keneh napsuna hayang maehan para panganut Gusti Yesus nepi ka tumpur. Tuluy ngadeuheus ka Imam Agung,


Kisah Para Rasul 9:2
mundut surat kawasa tembongkeuneun ka para pamingpin imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, supaya diidinan nangkepan sakur jelema anu percaya ka Yesus, anu kapanggih di Damsik, rek terus dibawa ka Yerusalem.


Kisah Para Rasul 9:5
”Saha Juragan teh?” saur Saulus. Waler anu nyoara, ”Kami teh Yesus, anu dikaniaya ku maneh.


Kisah Para Rasul 9:10
Di Damsik aya hiji panganut Yesus, jenenganana Ananias, meunang dawuhan Gusti dina hiji tetenjoan. ”Ananias!” dawuhan Gusti. ”Nun, Gusti!” wangsulna.


Kisah Para Rasul 9:17
Ananias angkat terus lebet ka panganjrekan Saulus. ”Saderek Saulus, Gusti Yesus anu katingali ku Saderek di perjalanan, ngutus sim kuring ka dieu, supados Saderek iasa deui ningali sareng nampi panuyunna Roh Suci,” saur Ananias bari numpangkeun panangan ka Saulus.


Kisah Para Rasul 9:19
Sanggeus tuang salirana jagjag deui. Di Damsikna Saulus meunang sawatara poe deui, ngahiji jeung anu palercaya ka Yesus,


Kisah Para Rasul 9:20
malah lebet ka imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, mertelakeun yen Yesus teh Putra Allah.


Kisah Para Rasul 9:21
Urang Yahudi kacida hareraneunana ku anjeunna, aromongna, ”Lain anu di Yerusalem maehan para panganut Yesus tea, eta teh? Pang ka dieu oge pan rek nangkepan jelema-jelema anu karitu, rek diserenkeun ka imam-imam kapala.”


Kisah Para Rasul 9:22
Tapi pangaruh pertelaan ti Saulus beuki gede. Bukti-bukti perkara Yesus anu dipedar ku anjeunna kacida ngayakinkeunana, yen Yesus teh Raja Salam nu nyalametkeun, nepi ka bangsa Yahudi anu di Damsik teu bisaeun ngabantah.


Kisah Para Rasul 9:27
Geus kitu anjeunna dibantu dikenalkeun ku Barnabas ka rasul-rasul, diterangkeun hal anjeunna ditembongan jeung didawuhan ku Gusti di jalan ka Damsik, jeung hal kateuneunganana mertelakeun Yesus di Damsik.


Kisah Para Rasul 9:34
”Eneas,” saur Petrus, ”ku pitulung Yesus Kristus anjeun cageur. Geura hudang, enggonna beresan.” Harita keneh Eneas bisaeun hudang.


Kisah Para Rasul 9:36
Di Yopa aya hiji awewe anu percaya ka Yesus, ngaranna Tabita. (Ngaran Yunanina Dorkas, hartina ”Uncal”.) Tabeatna resep nyieun kahadean, tutulung ka nu mariskin.


Kisah Para Rasul 10:36
Aranjeun tangtos parantos aruninga kana embaran ti Allah anu diembarkeun ka urang Israil, nya eta Injil Kasalametan anu nengtremkeun jiwa sakur anu anut ka Yesus Kristus, Gusti sakumna manusa.


Kisah Para Rasul 10:38
Sareng tangtos aruninga perkawis Yesus urang Nasaret anu ku Allah dipaparin Roh Suci sareng dipaparin kakawasaan. Anjeunna nyebarkeun kasaean ka mana-mana, sareng nyageurkeun jalmi-jalmi anu diraksuk ku Iblis, margi Anjeunna disarengan ku Allah.


Kisah Para Rasul 10:48
Petrus miwarang supaya maranehna dibaptis kalawan pajenengan Yesus Kristus. Geus kitu Petrus ku maranehna dicandet supaya linggih heula di dinya sawatara poe.


Kisah Para Rasul 11:17
Tetela Allah ku manten anu maparinkeun eta kurnia ka maranehna teh, cara ka urang bareto basa urang mimiti percaya ka Gusti Yesus Kristus. Ku sabab kitu pimanaeun kaula bisa nyegah pangersa Allah!”


Kisah Para Rasul 11:19
Para panganut Yesus anu diudag-udag basa Stepanus dipaehan tea, papencarna aya anu nepi ka Penesia, Siprus, jeung Antioki. Di ditu tetep nguarkeun pangandika Allah ka urang Yahudi deui.


Kisah Para Rasul 11:20
Tapi aya anu asalna ti Siprus jeung Kirena daratang ka Antioki nguarkeun Injil Kasalametan hal Gusti Yesus ka nu lain urang Yahudi,


Kisah Para Rasul 11:26
Saulus dicandak ka Antioki, kumpul jeung jamaah di dinya sataun campleng lilana bari ngawulang ka jalma rea. Jalma-jalma panganut Yesus mimitina disarebut ”Urang Kristen” teh nya didinya, di Antioki.


Kisah Para Rasul 11:29
Ku sabab kitu para panganut Yesus di Antioki rempug rek arudunan sakamampuhna masing-masing, sumbangkeuneun ka dulur-dulur sakapercayaan di Yudea.


Kisah Para Rasul 13:6
Aranjeunna ngideran eta pulo nepi ka Pafos. Di dinya pendak jeung hiji tukang sihir ngaran Bar Yesus, urang Yahudi anu ngakukeun nabi,


Kisah Para Rasul 13:8
Tapi aranjeunna dilawan ku tukang sihir tea anu boga ngaran Yunani Elimas, maksudna supaya eta gupernur ulah nepi ka percaya ka Yesus.


Kisah Para Rasul 13:12
Ningali kajadian kitu, gupernur jadi percaya ka Yesus, sabab anjeunna kacida katarikna ku pangajaran hal Gusti.


Kisah Para Rasul 13:23
Allah ngalaksanakeun jangji-Na, ti turunan Daud aya anu ku Mantenna dijadikeun Jurusalamet pikeun urang Israil, nya eta Yesus.


Kisah Para Rasul 13:24
Samemeh Yesus ngawitan ngajalankeun padamelanana, sakumna bangsa Israil diajak tobat ku Yohanes sareng kedah dibaptis.


Kisah Para Rasul 13:27
Margi urang Yerusalem mah katut para pamingpinna teu tarerangeun yen nya Anjeunna Jurusalamet maranehna. Unggal Sabat maranehna maraca seratan nabi-nabi, tapi eusina teu kahalartieun. Yesus ku maranehna dihukum, cocog sareng anu disaurkeun ku nabi-nabi.


Kisah Para Rasul 13:28
Sanajan maranehna teu manggih pisan sabab pikeun ngaragragkeun hukum pati ka Anjeunna, keukeuh marenta ka Pilatus supaya Yesus dihukum pati.


Kisah Para Rasul 13:32
Ayeuna sim kuring seja ngadongkapkeun ka aranjeun Injil Kasalametan, nya eta: Perkawis anu baheula dijangjikeun ku Allah ka karuhun urang teh ayeuna laksana, ka urang anu jadi turunanana, reh Allah parantos ngahirupkeun deui Yesus, sakumaha anu parantos kaungel dina Jabur anu kadua, kieu, ʼHidep Putra Ama; ayeuna Ama geus jadi Rama Hidep.ʼ


Kisah Para Rasul 13:34
Perkawis Yesus gugah ti nu maraot dugi ka salira-Na henteu kungsi buruk di jero kuburan, kieu pangandika Allah: ʼHidep ku Ama bakal diberkahan, ku berkah suci tur pasti sakumaha jangji Ama ka Daud.ʼ


Kisah Para Rasul 13:37
Nanging Yesus mah henteu kitu, margi ku Allah digugahkeun deui ti nu maraot.


Kisah Para Rasul 13:38
Ku margi kitu mugia aruninga, perkawis panghampura dosa anu diwawarkeun ka aranjeun teh jalanna ti Yesus. Sakur anu percaya ka Anjeunna bakal dileupaskeun tina dosa-dosa, anu moal bisa dileungitkeun ku Hukum Musa.


Kisah Para Rasul 13:52
Ari para panganut Yesus anu di Antioki hatena barungah sarta pinuh ku Roh Suci.


Kisah Para Rasul 14:1
Di Ikonium Paulus jeung Barnabas ngalaman deui kajadian kawas kitu. Aranjeunna sumping ka imah ibadah urang Yahudi, tuluy ngawulang. Piwulangna ngayakinkeun, nepi ka loba urang Yahudi jeung bangsa sejen jadi palercaya ka Yesus.


Kisah Para Rasul 14:21
Di Derbe Paulus jeung Barnabas ngawartakeun Injil Kasalametan, jeung loba jelema anu datang ka palercaya ka Yesus. Ti dinya arangkat ka Listra, ka Ikonium, jeung ka Antioki di Pisidia,


Kisah Para Rasul 14:22
nguatkeun hate anu palercaya ka Yesus supaya mantep percayana. ”Rek asup ka Karajaan Allah teh kudu nyorang heula rupa-rupa kasusahan,” kitu saur aranjeunna.


Kisah Para Rasul 14:27
Di Antioki ngumpulkeun anggota jamaah, ngawartoskeun sagala perkara anu dipidamel ku Allah ku jalan aranjeunna, jeung perkara Allah geus muka jalan pikeun bangsa sejen, nepi ka maranehna oge jaradi jelema-jelema anu palercaya ka Yesus.


Kisah Para Rasul 15:11
Urang percaya yen boh urang, boh bangsa sejen, pang salamet teh ngan ku karana sih kurnia Gusti Yesus bae.”


Kisah Para Rasul 15:26
anu parantos naruhkeun jiwana demi Gusti urang Yesus Kristus.


Kisah Para Rasul 16:1
Paulus neruskeun angkatna ka Derbe, tuluy ka Listra. Di dinya aya hiji panganut Yesus ngaranna Timoteus. Indung Timoteus urang Yahudi anu percaya ka Gusti, ari bapana mah urang Yunani.


Kisah Para Rasul 16:2
Ku urang Listra jeung Derbe anu palercaya ka Yesus, Timoteus disarebut jelema hade.


Kisah Para Rasul 16:4
Ka para panganut Yesus di saban kota nu disumpingan, aranjeunna nepikeun sarat-sarat ti rasul-rasul jeung para kokolot di Yerusalem tea, sarta dipeupeujeuhan supaya eta sarat-sarat teh ditarurut.


Kisah Para Rasul 16:7
Di wates wewengkon Misia mimitina rek lalebet ka Bitinia, tapi dilarang ku Roh Yesus.


Kisah Para Rasul 16:18
Kitu jeung kitu bae meunang sababaraha poe, nepi ka tungtungna Paulus jengkeleun. Anjeunna malik nyoreang, tuluy ngalahir ka roh jahatna, ”Demi pajenengan Yesus Kristus, geura nyingkah maneh ti eta awewe!” Harita keneh ge roh jahatna kaluar ti eta awewe.


Kisah Para Rasul 16:31
Waler aranjeunna, ”Kudu percaya ka Gusti Yesus, tangtu anjeun salamet, anjeun sakulawarga.”


Kisah Para Rasul 17:3
ayat-ayat Kitab Suci, terus diterangkeun bukti-buktina anu netelakeun yen Kristus Jurusalamet teh geus mistina nandang panganiayaan, kitu deui geus mistina kudu tanghi ti nu maraot. Saurna deui, ”Anu disebut ʼJurusalametʼ teh nya eta Yesus, anu ayeuna ku sim kuring diwartakeun ka aranjeun.”


Kisah Para Rasul 17:7
ku si Yason dianjrekkeun di imahna. Eta jelema-jelema ngalanggar undang-undang Prabu, nguar-nguar aya raja sejen anu ngaranna Yesus!”


Kisah Para Rasul 17:11
Urang Yahudi di dinya leuwih balageur, lain cara anu di Tesalonika. Warta hal Yesus kacida dibarandunganana. Unggal poe ngarulik Kitab Suci, pikeun nitenan bener henteuna pangajaran Paulus teh.


Kisah Para Rasul 17:18
Malah aya ahli-ahli pikir ti golongan Epikuros jeung Stoa anu sual jawab jeung anjeunna. Ceuk nu sawareh ka baturna, ”Eta tukang ngomong teh rek ngomongkeun naon?” ”Meureun rek ngenalkeun dewa-dewa bangsa sejen,” tembal baturna, dumeh Paulus nyarioskeun hal Yesus jeung hal pihudangeunana anu maraot.


Kisah Para Rasul 18:4
Saban poe Sabat anjeunna ngawuruk di tempat ibadah, ngayakinkeun urang Yahudi jeung urang Yunani sina palercaya ka Yesus.


Kisah Para Rasul 18:5
Sanggeus Silas jeung Timoteus sarumping ti Makedoni, Paulus tambah jongjon nguarkeun pangandika Allah ka urang Yahudi, mertelakeun yen Yesus teh Jurusalamet.


Kisah Para Rasul 18:8
Tapi Krispus, kapala eta imah ibadah jeung saeusi imahna percaya ka Gusti Yesus. Urang Korinta sejenna oge sanggeus ngabarandungan pertelaan Paulus loba anu palercaya, terus kabeh dibaptis.


Kisah Para Rasul 18:23
Sanggeus calikna di dinya rada lila, tuluy angkat deui mapay-mapay wewengkon Galata jeung Prigia, nguatkeun iman kapercayaan anu aranut ka Yesus.


Kisah Para Rasul 18:25
jeung geus meunang didikan perkara pangajaran hal Yesus. Nyaritana sumanget, nyaturkeun perkara Yesus kalawan taliti jeung apik, padahal manehna kakara terangeun kana baptisan Yohanes bae.


Kisah Para Rasul 18:26
Apolos mimiti ngajar di tempat ibadah, kacida wanina. Barang halna kadenge ku Priskila jeung Akwila tuluy diaraku dibawa ka imahna. Di dinya kanyahona kana perkara rancangan Allah enggoning nyalametkeun manusa ku jalan Gusti Yesus ditambah.


Kisah Para Rasul 18:28
Sabab Apolos bisa pisan ngabantah jeung ngelehkeun caritaan urang Yahudi di hareupeun sarerea, mere bukti-bukti tina Kitab Suci yen Yesus teh Jurusalamet.


Kisah Para Rasul 19:1
Waktu Apolos di Korinta, Paulus mah ngideran pilemburan di wewengkon eta, ti dinya tuluy sumping ka Epesus. Di Epesus mendak sawatara jelema anu geus palercaya ka Yesus.


Kisah Para Rasul 19:4
Saur Paulus, ”Baptisan Yohanes mah baptisan pertobat. Ari anjeunna nyaurkeun yen urang Israil kedah percaya ka anu bakal sumping pandeurieunana; nya eta ka Yesus.”


Kisah Para Rasul 19:5
Sanggeus meunang katerangan kitu, seug maranehna kabeh dibaptis ku pajenengan Gusti Yesus.


Kisah Para Rasul 19:9
Tapi aya anu baredegong jeung arembungeun percaya, ngagogoreng kana ajaran rancangan Allah enggoning nyalametkeun manusa ku jalan Gusti Yesus ka jalma rea. Anu matak Paulus terus nyingkah ti maranehna, nyandak anu geus palercaya, ngawulangna ngalih ka rohangan perpustakaan Tiranus. Saban poe


Kisah Para Rasul 19:13
Aya sawatara dukun urang Yahudi anu sok ngider ka ditu ka dieu, wawanianan nyebut jenengan Gusti Yesus ka anu kasurupan roh jahat, pokna, ”Demi jenengan Yesus anu diuarkeun ku Paulus, maneh setan geura nyingkah!”


Kisah Para Rasul 19:15